ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA: Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif.

(1)

No. 694/FPBS/0251/2014

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

ACARA GOLÉMPANG

PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA

(Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Sarah Gilang Permatasari NIM 1006149

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

ACARA GOLÉMPANG

PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA

(Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

Oleh

Sarah Gilang Permatasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Sarah Gilang 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)


(4)

Ii

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

ACARA GOLÉMPANG

PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA

(Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)1 Sarah Gilang Permatasari2

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan konteks wacana, aspek-aspek pragmatik, macam-macam tindak komunikatif dalam acara Golempang, serta hasil penelitian sebagai alternatif bahan pembelajaran menyimak di SMA. Hal ini dilatarbelakangi oleh adanya fakta bahwa bahan pembelajaran biasanya hanya diambil dari buku saja. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif dengan teknik telaah pustaka dan dokumentasi. Berdasarkan hasil analisis, percakapan pada lima video acara Golempang berlangsung pada malam hari di Studio Bandung TV dalam situasi formal dan semi-formal dengan menggunakan bahasa hormat yang bertujuan untuk membahas hal-hal yang berkaitan dengan Sunda. Dalam lima video acara Golempang juga ditemukan aspek pragmatik yaitu aspek sosialisasi bahasa, aspek intelektual, aspek emosional, aspek menyelesaikan satu hal, aspek informasi faktual, dan aspek moral. Tindak komunikatif yang ditemukan ada 15 macam yaitu meminta maaf, menyapa, mengomentari, menasehati, mengharapkan, memotong pembicaraan, memuji, menegaskan, memperbaiki, mengucapkan selamat, menyakinkan, mengingatkan, mengundang, menyetujui, dan menanyakan. Bahan pembelajaran menyimak dipilih dari salah satu judul acara Golempang yang ditampilkan dalam bentuk video. Dari penelitian ini dapat disimpulkan bahwa video acara Golempang dapat dijadikan alternatif bahan pembelajaran menyimak percakapan dalam berbagai situasi di SMA kelas XII.

Kata Kunci: golempang, bahan pangajaran ngaregepkeun, aspék pragmatik jeung tindak Komunikatif

1

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Retty Isnendes, M.Hum., dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

2


(5)

Iii

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

GOLEMPANG SHOW

AS AN ALTERNATIVE OF LISTENING LEARNING MATERIAL AT SENIOR HIGH SCHOOL

(Study of Pragmatic Aspect And Communicative Act)1 Sarah Gilang Permatasari2

ABSTRACT

This research was aimed to describe discourse context, pragmatic aspects,types of communicative act in Golempang show, and Golempang show as an alternative of learning material at senior high school. The research based on fact learning material is only taken from the book. The research used descriptive method with reviewing literature technique and documentation. Based on the result of analysis, the conversation on five Golempang used formal language for discussing many things related to sundanese, it was held in formally and semi formally situation. In those videos was also found pragmatic aspect such as language socialization aspect, intelectual aspect, emotional aspect, solving problem aspects, factual information aspect, and morality aspect. There are 15 types of communicative act found in the show: asking forgiveness, greeting, giving a comment, giving an advice, expecting, cutting a conversation, adulating, insisting, repairing, congratulating, convincing, remind, inviting, approving, and asking. Learning material of listening from Golempang show is presented in video. The conclusion of the research is Golempang shows can be used as an alternative of listening learning material in any situation at XII class of senior high school.

Keywords: golempang, learning material of listening, and pragmatic aspect, and communicative act

1

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Retty Isnendes, M.Hum., dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

2


(6)

Vi

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

DAPTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2. Identifikasi Masalah ... 3

1.3 Rumusan Masalah ... 3

1.4 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4.1 Tujuan Umum ... 4

1.4.2 Tujuan Husus ... 4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.5.2 Mangpaat Praktis... 4

1.6 Raraga Nulis ... 5

BAB II PRAGMATIK, GOLÉMPANG, JEUNG BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN ... 6

2.1 Pragmatik ... 6

2.1.1 Wangenan Pragmatik ... 6

2.1.2 Aspék-aspék Pragmatik ... 6

2.1.3 Kontéks Wacana dina Pragmatik ... 9

2.1.4 Rupa-rupa Tindak Komunikatif ... 12

2.1.4.1 Paguneman ... 12

2.1.4.2 Klasifikasi Tindak Komunikatif... 14


(7)

vii

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

2.2 Golémpang ... 33

2.3 Bahan Pangajaran Ngaregepkeun ... 33

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 33

2.3.2 Wangenan Ngaregepkeun ... 34

2.3.2.1 Tujuan Ngaregepkeun ... 34

2.3.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran Ngaregepkeun ... 35

2.3.4 Pangajaran Ngaregepkeun dina SKKD di SMA ... 35

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 37

3.1 Sumber Data ... 37

3.2 Desain Panalungtikan ... 37

3.3 Métode Panalungtikan ... 38

3.4 Wangenan Operasional ... 38

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 39

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 40

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data... 41

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 41

BAB IV HASIL ANALISIS JEUNG PEDARAN ... 42

4.1 Hasil Analisis Kontéks Wacana dina Acara Golémpang ... 42

4.1.1 Video 1 ... 42

4.1.2 Video 2 ... 46

4.1.3 Video 3 ... 49

4.1.4 Video 4 ... 52

4.1.5 Video 5 ... 55

4.2 Hasil Analisis Aspék-aspék Pragmatik dina Acara Golémpang ... 59

4.2.1 Video 1 ... 59

4.2.2 Video 2 ... 64

4.2.3 Video 3 ... 71

4.2.4 Video 4 ... 75


(8)

viii

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

4.2.6 Rekapitulasi Hasil Analisis Aspék-aspék Pragmatik

dina Acara Golémpang ... 86

4.3 Hasil Analisis Rupa-rupa Tindak Komunikatif dina Acara Golémpang . 87 4.3.1 Video 1 ... 87

4.3.2 Video 2 ... 90

4.3.3 Video 3 ... 93

4.3.4 Video 4 ... 96

4.3.5 Video 5 ... 99

4.3.6 Rékapitulasi Hasil Analisis Rupa-rupa Tindak Komunikatif dina Acara Golémpang ... 104

4.4 Larapna Hasil Panalungtikan Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMA ... 105

4.4.1 Pangajaran Ngaregepkeun paguneman dina Rupa-rupa Situasi ... 105

4.4.2 Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Paguneman dina Rupa-rupa Situasi . 106 4.4.3 Evaluasi ... 111

4.4.4 Konci Jawaban ... 112

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 113

5.1 Kacindekan ... 113

5.2 Saran ... 114


(9)

1

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kaparigelan ngagunakeun basa (language arts, language skills) dina kurikulum sakola ilaharna ngawengku opat komponén, nyaéta kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), kaparigelan nyarita (speaking skills), kaparigelan maca (reading skills) jeung kaparigelan nulis (writing skills) (Tarigan, 1986, kc. 1). Kaparigelan ngaregepkeun nyaéta hiji kamampuh maham basa anu sipatna reseptif ku cara ngaregepkeun sora-sora basa. Salian ti éta, ngaregepkeun mangrupa hiji kaparigelan anu gembleng tur niténan sacara gemet, konséntrasi, sikep mental nu aktif jeung kamampuh nyangking katut ngalarapkeun unggal gagasan (Hermawan, 2012, kc. 30). Kaparigelan nyarita mah nyaéta kamampuh ngaluarkeun lambang-lambang sora atawa kekecapan pikeun ngébréhkeun gagasan, pikiran, jeung perasaan. Anapon kaparigelan maca nyaéta kamampuh reseptif basa tinulis, sedengkeun kaparigelan nulis nyaéta kamampuh nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun gemblengan basa hiji jalma.

Tina opat komponén anu geus ditétélakeun, anu bakal dikokojokeun dina ieu panalungtikan nyaéta komponén ngaregepkeun. Ébréh yén ngaregepkeun téh mangrupa salah sahiji komponén tina kaparigelan basa. Salian ti éta, ngaregepkeun ogé mangrupa hiji kaparigelan basa anu pangmimitina kacangking ku hiji jalma.

Dina kanyataanna, aspék kaparigelan ngaregepkeun tara pati dipaliré, malah sok disapirakeun, pangpangna dina pangajaran. Loba sakola anu teu pati maliré kana pangajaran ngaregepkeun tinimbang kaparigelan-kaparigelan séjénna. Ti mimiti TK nepi ka SMU, umumna siswa narima pangajaran sarta latihan dina hal maca jeung nulis, kitu ogé dina hal nyarita. Anapon kaparigelan ngaregepkeun mah kacida kurangna (Hermawan, 2012, kc. 35). Éta hal katitén tina pangajaran ngaregepkeun paguneman.


(10)

2

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

Sudaryat (2010, kc. 6) nétélakeun yén paguneman téh nyaéta unit pangjembarna kagiatan makéna basa antara dua urang panyatur atawa leuwih, boh lisan boh tulisan, tur sipatna interaksional (timbal balik). Paguneman téh mangrupa kagiatan komunikasi anu kawilang penting, ku sabab dina kahirupan sapopoé manusa moal leupas tina ieu kagiatan anu miboga kagunaan pikeun patali marga antara jalma nu hiji jeung nu lianna.

Dina widang atikan, paguneman téh mangrupa salah sahiji kompeténsi dasar anu diajarkeun boh di SMP boh di SMA. Pasualan anu kapanggih dina milih bahan pangajaran, bahan pangajaran anu digunakeunna téh sok tina buku pakét atawa tina LKS (Vita, 2012, kc. 3), padahal loba sumber séjén anu bisa digunakeun pikeun ngeuyeuban matéri paguneman. Paguneman téh bisa kapanggih dina rupa-rupa média, salah sahijina dina média elektronik saperti televisi, anu bisa digunakeun salaku sumber pikeun bahan ajar di sakola.

Bahan pangajaran téh mangrupa salah sahiji komponén penting dina prosés diajar ngajar. Ku kituna, dina milih jeung nepikeun bahan pangajaran, hususna bahan pangajaran basa Sunda, guru basa Sunda kudu boga kamampuh jeung pangaweruh anu euyeub ngeunaan basa Sunda sangkan bisa ngaronjatkeun kualitas siswa dina diajar basa Sunda. Salian ti éta, bahan ajar ogé kudu ngahudang minta siswa pikeun diajar. Ku sabab kitu, dina ieu panalungtikan dipilih acara Golémpang di Bandung TV nu mangrupa acara dialog (paguneman) basa Sunda, pikeun ngeuyeuban matéri basa Sunda, ngamekarkeun basa jeung budaya Sunda, sarta ngirut minat siswa.

(http://media.kompasiana.com/mainstreammedia/2013/10/05/bandung-tvbandung-pisan-euy-595820.html).

Saenyana panalungtikan ngeunaan analisis paguneman téh geus aya nyaéta

“Analisis Pragmatis Paguneman dina Barakatak Manglé Édisi Juli-Agustus 2010

pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” (Vita, 2012) jeung “Struktur Pragmatis Bahasa Sunda pada Acara Golémpang di Bandung TV” (Ai Nurhayati, 2011). Sanajan judulna ampir sarua ngeunaan pragmatik dina paguneman, tapi anu dianalisisna mah béda. Dina “Analisis Pragmatis Paguneman dina Barakatak


(11)

3

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

dianalisisna téh ngeunaan cara mekarkeun topik jeung jenis topikna, sedengkeun

judul “Struktur Pragmatis Bahasa Sunda pada Acara Golémpang di Bandung TV”

mah nu dianalisisna maksimna. Ari dina ieu panalungtikan mah nganalisis kontéks wacana, aspék pragmatik, rupa-rupa tindak komunikatif jeung bahan ajar ngaregepkeun. Anapon pedaran ngeunaan kontéks wacana anu ditétélakeun ku Sudaryat (2010, kc. 25), kontéks wacana mangrupa ciri-ciri alam luareun basa (lingkungan non-linguistik) anu numuwuhkeun ma’na omongan atawa wacana waktu komunikasi. Aspek-aspék pragmatik ngawengku: 1) aspék sosialisasi basa, 2) aspék intelektual, 3) aspék emosional, 4) aspék informasi faktual, 5) aspék ngaréngsékeun hiji hal, jeung 6) aspék moral. Rupa-rupa tindak komunikatif nyaéta rupa-rupa komunikasi anu dilakukeun dina kahirupan sapopoé, contona waé aya ngalaporkeun, ngalawan, ngahina, nyaluyuan jsb.

Jadi, ieu panalungtikan anu dijudulan “Acara Golémpang pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)” téh acan aya. Ku kituna, kudu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu geus ditétélakeun, bisa diidentifikasi sababaraha masalah. Idéntifikasi masalahna ngawengku: 1) kontéks wacana dina acara Golémpang; 2) aspék-aspék pragmatik dina acara Golémpang; 3) rupa-rupa tindak komunikatif dina acara Golémpang; jeung 4) larapna hasil panalungtikan pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.

1.3 Rumusan Masalah

Masalah anu baris diréngsékeun dina ieu panalungtikan téh bisa dirumuskeun dina wangun pananya di handap.

1) Kumaha kontéks wacana dina acara Golémpang?

2) Naon waé aspék-aspék pragmatik dina acara Golémpang? 3) Naon waé rupa-rupa tindak komunikatif dina acara Golémpang?

4) Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA?


(12)

4

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta hayang maluruh paguneman tina acara Golémpang pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.

1.4.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nu hayang dihontal, nyaéta ngadeskripsikeun acara Golémpang. Déskripsina ngawengku:

1) kontéks wacana dina acara Golémpang;

2) aspék-aspék pragmatik nu kapaluruh dina acara Golémpang;

3) rupa-rupa tindak komunikatif nu kapaluruh dina acara Golémpang; jeung 4) larapna hasil panalungtikan pikeun alternatif bahan pangajaran

ngaregepkeun di SMA.

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan paguneman katut tiorina nu patalina jeung kagiatan pangajaran basa Sunda di SMA. Salian ti éta, bisa ngeuyeuban ulikan pragmatik, umumna dina paélmuan basa.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Dina ieu panalungtikan miboga sababaraha mangpaat praktis saperti ieu di handap.

1) Siswa

Siswa dianggap bakal leuwih kairut ku pangajaran ngaregepkeun tina acara Golémpang.

2) Guru

Guru dianggap bakal meunang gambaran dina milih bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.


(13)

5

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

1.6 Raraga Nulis

Ieu laporan panalungtikan ngawengku lima bab. Bab I eusina ngawengku kasang tukang, identifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga nulis.

Bab II eusina ulikan tiori anu miboga fungsi pikeun jadi dadasar tioritis dina nganalisis data, anu eusina mangrupa konsép-konsép, tiori-tiori anu patali jeung widang anu ditalungtik. Tiori dina ieu panalungtikan ngawengku pragmatik, Golémpang, jeung bahan pangajaran ngaregepkeun.

Bab III mangrupa métode panalungtikan. Dina métode panalungtikan ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

Bab IV mangrupa hasil panalungtikan jeung pedaran. Dina ieu bab dipedar sakur hasil analisis anu kapanggih ngeunaan acara Golémpang pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA (tilikan aspék pragmatik jeung tindak komunikatif)

Bab V mangrupa kacindekan jeung saran. Dina ieu bab dipedar kacindekan tina panalungtikan kana acara Golémpang anu dijadikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun ditilik tina aspék pragmatik jeung tindak komunikatifna sarta saran pikeun pihak-pihak anu aya patalina jeung hasil panalungtikan.


(14)

37

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta video acara Golémpang di Bandung TV salila 5 episode. Tina éta sumber data ditangtukeun sakabéh téks anu ngarojong tur nuduhkeun kontéks wacana, aspék pragmatik jeung tindak komunikatif.

3.2Desain Panalungtikan

Desain Panalungtikan nyaéta bag-bagan prosés panalungtikan. Desain ieu panalungtikan ngawengku: 1) nangtukeun masalah, 2) ngaidentifikasi jeung ngarumuskeun masalah, 3) ngumpulkeun data, 4) nganalisis data, 5) ngadeskripsikeun data, sarta 6) nyindekkeun.

Bagan 3.1 Ngadeskripsikeun data

Ngumpulkeun data Nangtukeun masalah

Ngaidentifikasi jeung ngarumuskeun masalah

Nganalisis data


(15)

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data (Arikunto, 2010, kc. 262).

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode deskriptif.

Istilah „deskriptif‟ asalna tina basa Inggris „to describe’ hartina ngagambarkeun

hiji kaayaan, kajadian, kagiatan, jsb (Arikunto, 2010, kc. 3). Métode déskriptif ogé sok disebut non-éksperimen sabab teu dilaksanakeunna kontrol jeung manipulasi variabel. Hal-hal anu didéskripsikeun téh nyaéta kontéks wacana, aspék-aspék pragmatik, rupa-rupa tindak komunikatif sarta hasil panalungtikan pikeun alteratif bahan ajar ngaregepkeun di SMA.

3.4Wangenan Operasional

Pikeun mahing ayana kasalahpahaman, ieu di handap dijéntrékeun sacara operasional istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.

1) Acara Golémpang

Acara Golémpang mangrupa salah sahiji acara anu aya di Bandung TV, midang unggal poé kemis jam 21.00 WIB. Acarana mangrupa dialog basa Sunda ngeunaan téma-téma anu aya patalina jeung basa katut budaya sunda. Contona, ngaruat, pasanggiri sajak, sarta problematika basa Sunda.

2) Bahan Pangajaran Ngaregepkeun

Bahan pangajaran ngaregepkeun nyaéta matéri anu ditepikeun ka siswa dina prosés pangajaran ngaregepkeun.

3) Aspék-aspék Pragmatik

Pragmatik miboga aspék-aspék nu ngawengku: a) aspék intelektual, b) aspék émosional, c) aspék moral, d) aspék sosialisasi basa, e) aspék ngaréngsékeun hiji hal, jeung f) aspék informasi faktual.

4) Tindak Komunikatif


(16)

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

3.5Instrumén Panalungtikan

Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun instrumen panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan migawéna leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, hartina leuwih gemet, lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari diolah. Anapon instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta mangrupa kartu data.

Tabél 3.1

Format Kartu Data Analisis Kontéks Wacana dina Acara Golémpang

Kode data: V1/1

Kontéks wacana nu dianalisis: Cutatan:

Katerangan:

V1 : kode pikeun urutan video. V1 hartina video kahiji 1 : kode pikeun urutan obrolan

Tabél 3.2

Format Kartu Data Analisis Aspék-aspék Pragmatik dina Acara Golémpang

Kode data: V2/15/3 Aspek pragmatik nu

kapaluruh: Cutatan:


(17)

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

Katerangan:

V2 : kode pikeun urutan video. V2 hartina video kadua 15 : kode pikeun urutan obrolan, hartina obrolan ka-15

Tabél 3.3

Format Kartu Data Analisis Rupa-rupa Tindak Komunikatif

Kode data: V3/17

Tindak komunikasi nu kapaluruh: Cutatan:

Katerangan:

V3 : kode pikeun urutan video. V3 hartina video kahiji 17 : kode pikeun urutan obrolan, hartina obrolan ka-17

Anapon urutan videona disusun dumasar kana jejerna sacara alfabet saperti di handap.

V1: “Basa Sunda di Masarakat jeung di Paguron Luhur” V2: “Gotong Domba Kaparigelan Masarakat Kiarabérés”

V3: “Mapag Milangkala STIEPAR Yapari Aktripa nu ka-50 Taun” V4: “Mapag Pasanggiri Sajak PP-SS”

V5: “Ruat Bumi Tarékah Miara Karaharjaan Lembur”

3.6 Téhnik panalungtikan

Téhnik panalungtikan nyaéta salah sahiji usaha, kumaha cara (prosedure anu kudu dilakukeun kalawan ngagunakeun metode nu tangtu sangkan tujuan nu dipiharep dina panalungtikan bisa kahontal (Suyatna dina Sutrisno, 2012, kc. 40).


(18)

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

Téhnik panalungtikan aya dua nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik dokuméntasi sarta tala‟ah pustaka. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu sumberna mangrupa dokumén atawa rékaman (Vismaya,

2011, kc.108). Ari téhnik tala‟ah pustaka mah digunakeun pikeun ngumpulkeun

data ku cara nala‟ah tiori-tiori anu aya patalina jeung panalungtikan. Téhnik

ngumpulkeun dina dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha léngkah. Léngkah-léngkahna:

1) ngumpulkeun video acara Golémpang ka Bandung TV;

2) nyieun transkrip tina video acara Golémpang ka Bandung TV;

3) macaan literatur-literatur ngeunaan kontéks wacana, aspék pragmatik jeung rupa-rupa tindak komunikatif pikeun nyangking dadasar tiori anu patali jeung panalungtikan;

4) nyirian data anu aya patalina jeung kontéks wacana, aspék pragmatik jeung tindak komunikatif; sarta

5) ngasupkeun data nu geus dicirian kana kartu data.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data, sanggeus data kakumpul, tuluy dianalisis ngaliwatan sababaraha léngkah. Léngkah-léngkahna:

1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) nganalisis kontéks wacana dina acara Golémpang;

3) nganalisis aspék-aspék pragmatik dina acara Golémpang;

4) nganalisis rupa-rupa tindak komunikatif dina acara Golémpang;

5) nyusun conto bahan pangajaran ngaregepkeun paguneman dina rupa-rupa situasi tina acara Golempang di SMA; jeung


(19)

113

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Hasil analisis dina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun jadi opat, ngawengku: kontéks wacana, aspék-aspék pragmatik, tindak komunikatif, sarta larapna hasil panalungtikan pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun tina acara Golémpang. Éta kacindekan didadarkeun di handap.

Hasil analisis kontéks wacana dina lima video Golémpang kalawan jejer anu béda-béda, bisa dicindekkeun yén latar waktu, tempat, jeung situasina sarua nyaéta ti peuting di Studio Bandung TV dina situasi semi formal jeung formal. Ari pamilon dina pagunemanna mah béda-béda gumantung kana jejer acara. Anapon udaganna nyaéta pikeun medar hiji perkara anu dipadungdegkeun dina éta acara. Tuluy media basa nu digunakeun dina ieu paguneman nyaéta media lisan ku cara pateuteup langsung, aya ogé nu ngagunakeun media telepon waktu jirangan telepon interaktif, sedengkeun basa nu digunakeunna sacara umum basa lemes. Pamungkas, jenis paguneman dina acara Golémpang téh eksposisi, ku sabab medar hiji perkara nepi ka bubuk leutikna.

Tina lima video acara Golémpang kapaluruh sakabéh aspék pragmatik. Aspék pragmatikna nyaéta aspék sosialisasi basa, aspék intelektual, aspék emosional, aspék ngaréngsékeun hiji hal, aspék informasi faktual, jeung aspék moral. Anapon video anu nyangkaruk sakabéh aspék pragmatik nyaéta dina video 2 jeung 5, ari aspék pragmatik nu pangsaeutikna mah dina video 3.

Dumasar kana hasil analisis tina lima video Golémpang kapanggih 15 tindak komunikatif nyaéta ménta hampura, menyapa, méré koméntar, méré naséhat, miharep, motong omongan, muji, negeskeun, ngaropéa, ngawilujengkeun, ngayakinkeun, ngingetan, ngondang, nyaluyuan jeung nanyakeun. Rupa-rupa tindak komunikatif anu panglobana aya dina video 5. Ari tindak komunikatif anu pangsaeutikna dina video 2 jeung video 3.

Dumasar kana hasil analisis yén dina acara Golémpang nyangkaruk aspék pragmatik jeung tindak komunikatif. Éta aspék pragmatik jeung tindak


(20)

114

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

komunikatif bisa diajarkeun ka siswa sacara nyamuni. Tina lima video acara Golémpang ditilik tina eusina sarta wangunna, ukur tilu anu saluyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun dina rupa-rupa situasi di SMA kelas XII.

5.2Saran

Ieu panalungtikan nu maluruh aspék pragmatik jeung tindak komunikatif tina acara Golémpang geus bisa ngeuyeuban kana dunya atikan boh panalungtikan saméméhna, tapi ieu panalungtikan masih jauh tina kecap sampurna. Ku kituna, aya saran pikeun panalungtik saterusna sangkan dilaksanakeun deui panalungtikan kana paguneman-paguneman séjénna dina rupa-rupa acara anu disaluyukeun jeung kabutuhan siswa sarta dijerona nyangkaruk aspék-aspék pragmatik nu bisa diajarkeun ka siswa sacara nyamuni.


(21)

115

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

A. R. Syamsudin & Vismaia S. D. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Bakri, A. (1991). Payung Butut. Bandung: Rahmat Cijulang.

Brown, D. (2007). Prinsip Pembelajaran dan Pengajaran Bahasa. Jakarta: Pearson Education Inc.

Budiman, E. (2008). Kumpulan Carpon Hileud Katumbiri. Bandung: Gaza Publishing.

Chaer, A & Leoni, A. (2010). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Basa Sunda.

Djajasudarma, F. T. (2010). Wacana Pemahaman dan Hubungan Antarunsur. Bandung: Refika Aditama.

Haerudin, D. (2008). Tiori Ngaregepkeun. FPBS UPI: JPBD.

Hermawan, H. (2012). Menyimak Keterampilan Berkomunikasi yang Terabaikan. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Iskandarwassid (editor). (2004). Raksarasa. Bandung: JPBD FPBS UPI & CV. Geger Sunten.

Isnendes, R. (2012). Jamparing. Bandung: Wisata Literasi.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Nababan, W. J. (1987). Ilmu Pragmatik, Teori dan Penerapannya. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.


(22)

116

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdelta.

Rusyana, E. (2009). Pustaka Basa VIII. Bogor: CV. Bina Pustaka. Samsoedi. (2005). Carita Nyi Halimah. Bandung: Kiblat.

Samsoedi. (2012). Surat Wasiat. Bandung: Kiblat.

Sudaryat, Y. (2009). Makna dalam Wacana. Bandung: CV. Yrama Widya. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sutisna, D. (2010). Misteri Haur Geulis. Bandung: Girimukti.

Tamsyah, B. R. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H. G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H. G. (1986). Menyimak sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Umbara. (1995). Maju Jurang Mundur Jungkrang. Bandung: Rahmat Cijulang. Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung.

Uno, B. Satria, K. (2012). Assesment Pembelajaran. Jakarta: Bumi Aksara. Sutrisno, N. (2012). “Analisis Pagelaran Carita Wayang Lalakon Golek Lalakon

Dorna Gugur Giriharja”. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: henteu

diterbitkeun.

Vita, N. (2012) “Adegan Pragmatis Paguneman dina Barakatak Manglé Édisi Juli- Agustus 2010 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun.

Abah. (2012). “Budak Soléh”. Manglé, 6-12 September, kc. 56.

Apriliany, N. (2012). “Ngancam”. Manglé, 6-12 September, kc. 56.

Mulyana, A. (2012. “Iteuk”. Manglé. 27September - 3 Oktober, kc.56.

Rohiman, T. (2012). “Nataan”. Manglé, 20-26 September ,kc. 56.

Rusmana, C. (2012). “Jenderal Saliwang”. Manglé, 13-19 September, kc. 56.

Johandi. (t.t). “Kumpulan carpon Manglé”. [online]. Dina: http://dendijohandi.yolasite.com. [diundeur 1 Desember 2013].

Nurhayati, A. “Struktur Pragmatis Bahasa Sunda pada Acara Golémpang di Bandung TV”. [online]. Dina: Jurnal UPI/Sonagar/


(23)

Struktur-pragmatis-117

Sarah Gilang Permatasari, 2014

ACARA GOLÉMPANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA (Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif)

bahasa-sunda-pada-Acara-Golémpang-diBandung-TV. [diundeur 1 Desember 2013].

(t.n.). “Bandung TV, Bandung Pisan Euy”. [online]. Dina:


(1)

Téhnik panalungtikan aya dua nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik dokuméntasi sarta tala‟ah pustaka. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu sumberna mangrupa dokumén atawa rékaman (Vismaya,

2011, kc.108). Ari téhnik tala‟ah pustaka mah digunakeun pikeun ngumpulkeun

data ku cara nala‟ah tiori-tiori anu aya patalina jeung panalungtikan. Téhnik

ngumpulkeun dina dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha léngkah. Léngkah-léngkahna:

1) ngumpulkeun video acara Golémpang ka Bandung TV;

2) nyieun transkrip tina video acara Golémpang ka Bandung TV;

3) macaan literatur-literatur ngeunaan kontéks wacana, aspék pragmatik jeung rupa-rupa tindak komunikatif pikeun nyangking dadasar tiori anu patali jeung panalungtikan;

4) nyirian data anu aya patalina jeung kontéks wacana, aspék pragmatik jeung tindak komunikatif; sarta

5) ngasupkeun data nu geus dicirian kana kartu data.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data, sanggeus data kakumpul, tuluy dianalisis ngaliwatan sababaraha léngkah. Léngkah-léngkahna:

1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) nganalisis kontéks wacana dina acara Golémpang;

3) nganalisis aspék-aspék pragmatik dina acara Golémpang;

4) nganalisis rupa-rupa tindak komunikatif dina acara Golémpang;

5) nyusun conto bahan pangajaran ngaregepkeun paguneman dina rupa-rupa situasi tina acara Golempang di SMA; jeung


(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Hasil analisis dina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun jadi opat, ngawengku: kontéks wacana, aspék-aspék pragmatik, tindak komunikatif, sarta larapna hasil panalungtikan pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun tina acara Golémpang. Éta kacindekan didadarkeun di handap.

Hasil analisis kontéks wacana dina lima video Golémpang kalawan jejer anu béda-béda, bisa dicindekkeun yén latar waktu, tempat, jeung situasina sarua nyaéta ti peuting di Studio Bandung TV dina situasi semi formal jeung formal. Ari pamilon dina pagunemanna mah béda-béda gumantung kana jejer acara. Anapon udaganna nyaéta pikeun medar hiji perkara anu dipadungdegkeun dina éta acara. Tuluy media basa nu digunakeun dina ieu paguneman nyaéta media lisan ku cara pateuteup langsung, aya ogé nu ngagunakeun media telepon waktu jirangan telepon interaktif, sedengkeun basa nu digunakeunna sacara umum basa lemes. Pamungkas, jenis paguneman dina acara Golémpang téh eksposisi, ku sabab medar hiji perkara nepi ka bubuk leutikna.

Tina lima video acara Golémpang kapaluruh sakabéh aspék pragmatik. Aspék pragmatikna nyaéta aspék sosialisasi basa, aspék intelektual, aspék emosional, aspék ngaréngsékeun hiji hal, aspék informasi faktual, jeung aspék moral. Anapon video anu nyangkaruk sakabéh aspék pragmatik nyaéta dina video 2 jeung 5, ari aspék pragmatik nu pangsaeutikna mah dina video 3.

Dumasar kana hasil analisis tina lima video Golémpang kapanggih 15 tindak komunikatif nyaéta ménta hampura, menyapa, méré koméntar, méré naséhat, miharep, motong omongan, muji, negeskeun, ngaropéa, ngawilujengkeun, ngayakinkeun, ngingetan, ngondang, nyaluyuan jeung nanyakeun. Rupa-rupa tindak komunikatif anu panglobana aya dina video 5. Ari tindak komunikatif anu pangsaeutikna dina video 2 jeung video 3.

Dumasar kana hasil analisis yén dina acara Golémpang nyangkaruk aspék pragmatik jeung tindak komunikatif. Éta aspék pragmatik jeung tindak


(3)

114

komunikatif bisa diajarkeun ka siswa sacara nyamuni. Tina lima video acara Golémpang ditilik tina eusina sarta wangunna, ukur tilu anu saluyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun dina rupa-rupa situasi di SMA kelas XII.

5.2Saran

Ieu panalungtikan nu maluruh aspék pragmatik jeung tindak komunikatif tina acara Golémpang geus bisa ngeuyeuban kana dunya atikan boh panalungtikan saméméhna, tapi ieu panalungtikan masih jauh tina kecap sampurna. Ku kituna, aya saran pikeun panalungtik saterusna sangkan dilaksanakeun deui panalungtikan kana paguneman-paguneman séjénna dina rupa-rupa acara anu disaluyukeun jeung kabutuhan siswa sarta dijerona nyangkaruk aspék-aspék pragmatik nu bisa diajarkeun ka siswa sacara nyamuni.


(4)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

A. R. Syamsudin & Vismaia S. D. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Bakri, A. (1991). Payung Butut. Bandung: Rahmat Cijulang.

Brown, D. (2007). Prinsip Pembelajaran dan Pengajaran Bahasa. Jakarta: Pearson Education Inc.

Budiman, E. (2008). Kumpulan Carpon Hileud Katumbiri. Bandung: Gaza Publishing.

Chaer, A & Leoni, A. (2010). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Basa Sunda.

Djajasudarma, F. T. (2010). Wacana Pemahaman dan Hubungan Antarunsur. Bandung: Refika Aditama.

Haerudin, D. (2008). Tiori Ngaregepkeun. FPBS UPI: JPBD.

Hermawan, H. (2012). Menyimak Keterampilan Berkomunikasi yang Terabaikan. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Iskandarwassid (editor). (2004). Raksarasa. Bandung: JPBD FPBS UPI & CV. Geger Sunten.

Isnendes, R. (2012). Jamparing. Bandung: Wisata Literasi.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Nababan, W. J. (1987). Ilmu Pragmatik, Teori dan Penerapannya. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.


(5)

116

Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdelta.

Rusyana, E. (2009). Pustaka Basa VIII. Bogor: CV. Bina Pustaka. Samsoedi. (2005). Carita Nyi Halimah. Bandung: Kiblat.

Samsoedi. (2012). Surat Wasiat. Bandung: Kiblat.

Sudaryat, Y. (2009). Makna dalam Wacana. Bandung: CV. Yrama Widya. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sutisna, D. (2010). Misteri Haur Geulis. Bandung: Girimukti.

Tamsyah, B. R. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H. G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H. G. (1986). Menyimak sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Umbara. (1995). Maju Jurang Mundur Jungkrang. Bandung: Rahmat Cijulang. Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung.

Uno, B. Satria, K. (2012). Assesment Pembelajaran. Jakarta: Bumi Aksara. Sutrisno, N. (2012). “Analisis Pagelaran Carita Wayang Lalakon Golek Lalakon

Dorna Gugur Giriharja”. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: henteu

diterbitkeun.

Vita, N. (2012) “Adegan Pragmatis Paguneman dina Barakatak Manglé Édisi Juli- Agustus 2010 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: henteu diterbitkeun.

Abah. (2012). “Budak Soléh”. Manglé, 6-12 September, kc. 56.

Apriliany, N. (2012). “Ngancam”. Manglé, 6-12 September, kc. 56.

Mulyana, A. (2012. “Iteuk”. Manglé. 27September - 3 Oktober, kc.56.

Rohiman, T. (2012). “Nataan”. Manglé, 20-26 September ,kc. 56.

Rusmana, C. (2012). “Jenderal Saliwang”. Manglé, 13-19 September, kc. 56.

Johandi. (t.t). “Kumpulan carpon Manglé”. [online]. Dina: http://dendijohandi.yolasite.com. [diundeur 1 Desember 2013].

Nurhayati, A. “Struktur Pragmatis Bahasa Sunda pada Acara Golémpang di Bandung TV”. [online]. Dina: Jurnal UPI/Sonagar/


(6)

Struktur-pragmatis-bahasa-sunda-pada-Acara-Golémpang-diBandung-TV. [diundeur 1 Desember 2013].

(t.n.). “Bandung TV, Bandung Pisan Euy”. [online]. Dina: