Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas
XI IPS 2 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto 2010:129 sumber data tina panalungtikan nya éta subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta
hasil diajar nulis résénsi novél ngagunakeun model Mind Mapping siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 20122013 anu jumlahna
aya 26 siswa, ngawengku 19 urang awéwé jeung 7 urang lalaki dina pangajaran basa Sunda semester 2 taun ajaran 20122013.
3.2 Desain Panalungtikan
Dina ieu prosés panalungtikan, kamampuh murid ngeunaan pangaweruh ngarésénsi novél diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa dibéré
perlakuan ngagunakeun model Mind Mapping. Cara ngukur kamampuh siswa nu dilakukeun saméméh dibéré perlakuan disebut tés awal pratés. Sedengkeun
ngukur kamampuh siswa sanggeus dibéré perlakuan tés ahir postés. Pola desain panalungtikan bisa dititénan dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.1
Desain Panalungtikan
O1 X
O2
Arikunto, 2010:123
Katerangan:
O1 = Pratés hasil obsérvasi saméméh perlakuan. O2 = Postés hasil obsérvasi sabada perlakuan.
X = Perlakuan ngajar nulis résénsi novél ngagunakeun modél Mind Mapping.
27
Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas
XI IPS 2 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.
3.3 Metode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén nya éta métode anu nyokot sabagian
variable, tujuanana pikeun meunangkeun informasi kalawan maké métode ékspérimén Suyatna, 2002:17 kalawan desain pratés jeung postés.
Jadi, tujuan dipakéna métode kuasi ékspérimén dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngukur atawa nguji kamampuh siswa dina pangajaran nulis résénsi
novel.
3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan