MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITA : Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

(1)

No. 722/FPBS/0251/2014

MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN

KAMAMPUH NYARITA

(Studi Kuasi Éksperimen ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Neni Nur’alia

NIM 1002597

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2014


(2)

No. 722/FPBS/0251/2014

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) ini beserta isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 20 Februari 2014 Yang membuat pernyataan,


(3)

No. 722/FPBS/0251/2014

LEMBAR PENGESAHAN

NENI NUR’ALIA

NIM 1002597

MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITA

(Studi Kuasi Éksperimen ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Disaluyuan jeung disahkeun ku : Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 19590119198601101

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(4)

MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITA

(Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1)

NENI NUR’ALIA2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan siswa dalam pembelajaran berbicara, khususnya berbicara dengan Bahasa Sunda di depan umum. Salahsatu cara yang bisa digunakan untuk mengatasi permasalahan tersebut yaitu dengan menggunakan modél pembelajaran. Salah satunya yaitu modél Time Token Arend. Penelitian ini bertujuan untuk mengétahui tingkat modél Time Token Arend dalam kemampuan berbicara siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung taun ajaran 2013/2014. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan one-group pretést-posttést design. Tékniknya adalah téknik tés dan observasi. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah tés dan observasi. Berdasarkan hasil penelitian dikéta hui bahwa kemampuan berbicara siswa setelah menggunakan modél Time Token Arend meningkat dari 17,1 % menjadi 85,7% dan dari uji hipotésis didapatkan hasil thitung (10,63) > ttabel (2,44). Berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan

bahwa modél Time Token Arend bisa meningkatkan kemampuan berbicara siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung tahun ajaran 2013/2014.

Kata Kunci: modél Time Token Arend, kemampuan berbicara

1)

Skripsi dibimbing oleh Pembimbing I Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Pembimbing II Ade Sutisna, S.Pd.

2) Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia Bandung Angkatan 2010


(5)

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABEL ... viii

DAPTAR GRAFIK ... ix

DAPTAR SINGGÉTAN ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watésan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.5 Raraga Panulisan ... 5

BAB II MODÉL PANGAJARAN, TIME TOKEN AREND, JEUNG KAMAMPUH NYARITA ... 7

2.1 Ulikan Teori ... 7

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 7

2.1.2 ModélTime Token Arend ... 8

2.1.3 Kamampuh Nyarita ... 10

2.1.3.1 Wangenan Nyarita ... 10

2.1.3.2 Tujuan jeung Fungsi Nyarita ... 11

2.1.3.3 Mangpaat Nyarita ... 12

2.1.3.4 Ragam Nyarita ... 13

2.1.3.5 Bangbaluh Nyarita ... 14


(6)

2.1.3.8 Pangajaran Nyarita ... 20

2.1.3.9 Diskusi ... 21

2.1.4 Modél Time Token Arend dina Pangajaran Nyarita ... 25

2.2 Raraga Mikir ... 26

2.3 Asumsi jeung Hipotésis Panalungtikan ... 28

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 29

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan ... 29

3.2 Desain Panalungtikan ... 29

3.3 Metodé Panalungtikan ... 30

3.4 Variabel jeung Watésan Opersional ... 30

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 37

3.8 Uji Sipat Data ... 39

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 45

4.1 Hasil Panalungtikan ... 45

4.1.1Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung Samemeh Make ModélTime Token Arend ... 44

4.1.2 Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung Sanggeus Make ModélTime Token Arend ... 53

4.2 Bédana Antara Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus maké Modél Pangajaran Time Token Arend ... 60

4.3 Pedaran Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Time Token Arend pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 75

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI ... 78

5.1 Kacindekan ... 76

5.2 Saran ... 77

DAPTAR PUSTAKA ... 80


(7)

DAFTAR TABEL

Kaca

Tabel 3.1 Desain Panalungtikan ...30

Tabel 3.2 Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita ...33

Tabel 3.3 Ugeran Observasi ...36

Tabel 3.4 Format Ajen Kamampuh Nyarita ...38

Tabel 3.5 Kriteria Peunteun ...39

Tabel 3.6 Format Frekeunsi Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir3 ...40

Tabel 3.7 Frekuensi Observasi jeung Frekuensi Ekspéta si Pratés ...41

Tabel 3.8 Format Uji Gain ...43

Tabél 4.1Kamampuh Awal Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung ...45

Tabél 4.2 Hasil Pratés Caritaan S31 ...49

Tabél 4.3 Hasil Pratés Caritaan S12 ...50

Tabél 4.4 Hasil Pratés Caritaan S29 ...51

Tabél 4.5 Kamampuh Ahir Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung ...53

Tabél 4.6 Hasil Postés Caritaan S31 ...56

Tabél 4.7 Hasil Postés Caritaan S12 ...58

Tabél 4.8 Hasil Postés Caritaan S29 ...59

Tabél 4.9 Distribusi Frékuénsi Data Tés Awal ...62

Tabél 4.10 Hasil Chi Kuadrat Data Tés Awal...63

Tabél 4.11 Distribusi Frékuénsi Data Tés Ahir ...66

Tabél 4.12 Hasil Chi Kuadrat Data Tés Ahir ...67

Tabél 4.13 Uji Gain Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 Maké Modél Pangajaran Time Token Arend ...71


(8)

DAPTAR GRAFIK

Kaca Grafik4.1 Kamampuh Nyarita Siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2

Bandung taun ajaran 2013/2014 samemeh make Modél Time Token Arend ...52 Grafik4.2Kamampuh Nyarita Siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2

Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus make ModélTime Token Arend ...60 Grafik 4.3 Béda Rata-rata Patés jeung Postés ...73


(9)

DAPTAR SINGGÉTAN

DAMAS : Daya Mahasiswa Sunda

FPBS : Fakultas Pendidikan Bahasa Daerah

jrrd. : jeung rea-rea deui.

jst. : jeung saterusna.

kc. : kaca

KKM : Kriteria Ketuntasan Minimal

KUBS : Kamus Umum Basa Sunda

KTSP : Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan OSIS : Organisasi Siswa Intra Sekolah

PMR : Palang Merah Remaja

RPP : Rencana Pelaksanaan Pembelajaran

SAMBADA : Sanggar Mahasiswa Basa Sunda

SD : Sekolah Dasar

SKKD : Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar

SMP : Sekolah Menengah Atas

SMA : Sekolah Menengah Atas

spk. : saparakanca

TK : Taman Kanak-kanak

UKM : Unit Kegiatan Mahasiswa

UM : Ujian Mandiri


(10)

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 ...

Surat Kaputusan Ngesahkeun Judul jeung Nangtukeun Pangaping Skripsi ... 82

Surat Izin Ngalaksanakeun Panalungtikan ... 84

Surat Keterangan Ngalaksanakeun Panalungtikan ... 85

Lampiran 2 ... Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Pra-Panalungtikan ... 86

Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Panalungtikan ... 90

Lampiran 3 ... Transkrip Hasil Tés Awal Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung ...95

Transkrip Hasil Tés Ahir Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung ...104

Kamampuh Awal Nyarita Siswa Kelas ...117

Kamampuh Ahir Nyarita Siswa Kelas ... 119

Ugeran Obsérvasi ... 121

Lampiran 4 ... Poto-poto Kagiatan Pangajaran Ngagunakeun Modél Time Token Arend...122

Lampiran 5 ... Tabel Z ...125

Tabel Chi Kuadrat ...126

Tabel Distribusi Harga F ...127

Tabel Nilai Persentil Distribusi t ...130


(11)

1

BAB I BUBUKA

1.1Kasang tukang

Geus lain hal anu aneh deui nalika manggihan kecap-kecap samodél “bangor, teu disiplin,

teu kondusif nalika diajar jeung loba heureuy” napel dikalangan para siswa jurusan IPS. Ieu hal,

lain ngan saukur catur anu taya bukur tapi bukti nu kaalaman ku panalungtik nalika obsérvasi ka sawatara sakola. Salasahijina nya éta sakola anu jadi tempat Program Pangalaman Lapangan (PPL) panalungtik.

Pasualan-pasualan samodél kitu nyampak nalika proses diajar basa Sunda lumangsung. Kaayaan kelas henteu kondusif, siswa loba ngalakukeun hal sangeunahna, nyarita lain dina waktuna. Nalika guru nyarita siswa milu nyarita, nalika waktuna nyarita siswa loba cicing. Salian ti éta, siswa anu aya lain asli urang Sunda. Antukna anu loba nyarita di kelas ngan sawatara siswa anu bisa basa Sunda, anu liana jadi pasif dina proses diajar. Dumasar kana SKKD (Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar)dina Mata Pelajaran Basa Sunda salian ti ngarégépkeun, maca jeung nulis. Siswa dipiharep boga kamampuh dina nyarita ku basa Sunda. Siswa lain ngan saukur narima, tapi ogé bisa leuwih aktip dina pangajaran nyarita sarta bisa maham kana praktékna. Salasahijina bisa nepikeun naon kereteg haténa atawa pamadeganna.

Nyarita mangrupa salahsahiji aspék kaparigelan basa anu posisina ka dua sanggeus ngarégépkeun. Ieu pamadegan luyu jeung pamanggih Rivers (dina Iskandawassid 2004, kc. 156) yén umumna jalma dina maké waktuna 45% ngarégépkeun, 30% nyarita, 16 % maca jeung 9% nulis dina aktivitas sapopoéna. Ngaliwatan nyarita manusa bisa ngedalkeun naon anu aya dina kereteg haténa. Nyarita mangrupa kamampuh maké basa dina wangun lisan, pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran, kahayang atawa kereteg haté. Hal anu kacida pentingna dina nyarita nya éta ngalatih kamampuh uteuk dina mekarkeun pola pikir anu leuwih kritis jeung kréatif.

Dina sababaraha pasualan tadi, tarékah sangkan siswa alus dina pangajaran nyarita nya éta ayana modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran nyarita. Lantaran modél pangajaran miboga fungsi minangka pedoman pikeun guru dina ngararancang jeung ngalakukeun pangajaran. Dina milih modél pangajaran kudu diluyukeun jeung matéri anu rék diajarkeun, tujuan anu rék dihontal dina éta pangajaran sarta tingkat kamampuh siswa.


(12)

2

Joyce & Weil (dina Rahman, 2006, kc. 4) nétélakeun yén modél pangajaran nya éta hiji rarancang anu dipaké dina nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh ka pengajar di kelas dina setting pangajaran atawa settingan lianna. Sedengkeun numutkeun Kemp (Rahman, 2006, kc. 4), modél pangajaran nya éta hiji rarancang pangajaran nu dipaké dina nangtukeun maksud jeung tujuan unggal poko jeung jejer bahasan, nganalisis karakteristik siswa, nyusun tujuan instruksional khusus, milih eusi pangajaran, ngalakukeun kagiatan diajar-ngajar atawa sumber diajar, ngayakeun dukungan pelayanan, ngalakukeun evaluasi, jeung nyieun revisi. Dumasar wangenan diluhur, modél pangajaran miboga kalungguhan anu penting pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna pikeun ngungkulan pasualan-pasualan diluhur, perlu ayana modél pangajaran.

Modél pangajaran Time Token Arend nurutkeun Suprijono (2011,kc. 133), nya éta modél pangajaran anu tujuanna sangkan unggal siswa miboga kasempétan dina nepikeun pamadeganna sarta ngarégépkeun pamadegan ti siswa nu lian. Ngaliwatan ieu modél siswa dipiharep bisa nepikeun pamadeganna ngaliwatan nyarita, sarta bisa ngungkulan dominasi siswa anu loba nyarita sangkan siswa anu cicingeun atawa pasif dina nyarita miboga hak sarua dina nepikeun pamadeganna.

Modél pangajaran Time Token Arend lain mangrupa modél pangajaran anyar. Di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah can aya panalungtik anu nalungtik étamodél, boh pikeun pangajaran nyarita boh pangajaran nu lianna. Ari nu nalungtik perkara pangajaran nyarita kungsi dilakukeun. Sababaraha panalungtikan anu geus aya ngeunaan nyarita nya éta: Penerapan Téhnik Jigsaw pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Penelitian Tindakan Kelas ka Siswa SMA Negeri 1 Cicalengka Kabupaten Bandung Taun Ajaran 2009-2010) anu ditulis ku Siti Raeni Nisa, Éféktivitas Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara Siswa Kelas IX MTS Negeri Sukasari Cimahi anu ditulis ku Lilis Wahyu Winarni, Modél Debat pikeun Ngaronjatkeun Pangawéruh jeung Kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita anu ditulis ku Rahardian Mu’minati Dewi, ÉféktivitasModél Debat pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita anu ditulis ku Arif Firmansyah, ÉféktivitasModél Pangajaran Talking Stick dina Ngaronjatkeun Kamampuh nyarita anu ditulis ku Elliyawati Nurhayat, jrrd.

Nilik kana sababaraha panalungtikan nu geus aya, panalungtikan ngeunaan pangajaran nyarita dina modél Time Token Arend can kungsi aya nu nalungtik. Ku kituna, luyu jeung


(13)

3

pamadegan sarta pasualan-pasualan anu geus dijéntrékeun diluhur, ieu panalungtikan anu judulna Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung dianggap perlu dilakukeun.

1.2Watésan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watésan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, sangkan ieu panalungtikan bisa dilakukeun sacara sistematis jeung henteu mengpar tina pembahasan ieu panalungtikan baris diwatésanan.

Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kana cara nepikeun pangajaran nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung maké modél Time Token Arend . Éta pangajaran téh ditepikeun ku cara ngadiskusikeun hiji pasualan kalayan hiji tema anu tangtu, sangkan siswa bisa nyarita maké basa Sunda.Ku kituna, siswa dipiharep bisa leuwih parigel jeung ngaronjat dina nyarita ku basa Sunda.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watésan masalah di luhur, éta masalah dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?

2) Naha modél Time Token Arend bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung ?

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?


(14)

4

Unggal panalungtikan tangtu miboga tujuan séwang-séwangan anu rék dihontal. Kitu ogé dina ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung husus nu rék dihontal.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji naha aya pangaruh modél Time Token Arend pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nya éta hayang ngadeskripsikeun:

1) Kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend

2) Ngdeskripsikeun ngaronjat atawa henteu kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung nalika maké modél Time Token Arend.

3) Signifikan henteuna antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Salian ti miboga tujuan, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun nu maca. Anapon anu jadi mangpaat dina ieu panalungtikan nya éta:

1.4.1 Mangpaat Teoritis

Mangpaat teoritis dina ieu panalungtikan nya éta dipiharep méré sumbangan pikeun kamekaran modél-modél pangajaran anu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat praktis pikeun guru, siswa, nu nalungtik jeung panalungtik séjénna. Mangpaatna nya éta :

a. Pikeun Siswa

1) Ningkatkeun kamampuh nyarita siswa dina nepikeun pamadeganna sanggeusmaké ieu modél;

2) Ngaronjatkeun kawani siswa nyarita hareupeun balaréa; b. Pikeun Guru

1) Nambahan referensi guru dina maké modél-modél pangajaran anu luyu kana pangajaran nyarita;


(15)

5

c. Pikeun Panalungtik

1) Méré motivasi ka panalungtik séjén dina mekarkeun modél pangajaran basa Sunda; 2) Méré pangawéruh ka panalungtik kumaha kamampuh nyarita siswa saméméh jeung

sanggeus maké modél Time Token Arend ;

1.5Raraga Tulisan

Eusi ieu skripsi ngawéngku lima bab di antarana : bab I bubuka. Dina ieu bab dipedar sacara gurat badag ngeunaan pasualan anu rék ditalungtik, di jerona aya sub pokok anu dimimitian ku kasang tukang masalah, watésan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II ulikan tiori. Dina ieu bab medar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké jeung dijadikeun tatapakan ku panalungtik dina ngalakukeun panalungtikan. Tiori-tiori anu dipaké dumasar para ahli jeung panalungtik anu geus ngalakukeun panalungtikan anu leuwih tiheula ngeunaan pasualan anu sarua.

Bab III metedologi panalungtikan. Dina ieu bab medar ngeunaan téhnik-téhnik sarta tahap-tahapan panalungtikan anu rék dilakukeun ku panalungtik.

Bab IV hasil panalungtikan. Ieu bab eusina ngeunaan hasil panalungtikan anu geus dilakukeun ku panalungtik sarta ngeunaan data-data anu dikumpulkeun salila panalungtikan.

Bab V eusinangeunaan kacindekan anu dihasilkeun ku panalungtik minangka jawaban tina patalékan-patalékan panalungtik.


(16)

28

BAB III

METODÉ PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi atawa tempat ngalakukeun ieu panalungtikan di SMA Kartika XIX 2 Bandung jln. Pak Gatot Raya 73 S Tlp. 2011854 Kota Bandung.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjek anu ngahasilkeun éta data (Arikunto, 2010, kc. 129). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung anu jumlahna 35 siswa, ngawengku 20 lalaki jeung 15 awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Champbell jeung Stanley (dina Arikunto, 2010, kc. 123) desain panalungtikan dibagi dua dumasar kana sampurna atawa henteuna éta panalungtikan. Desain panalungtikan kahiji nya éta pre-examperimental design atawa disebut ogé ékspérimén anu can sampurna. Ku sabab kitu, sok disebut ogé quasi ékspérimén atawa ékspérimén semu. Desain anu kadua disebut true ékspériméntal design atawa ékspérimén murni.

Metodé panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén. Arikunto (2010, kc. 123) nétélakeun yén aya tilu jenis desain panalungtikan dina kategori pre ékspériméntal desain 1) One Shot Case Study, 2) Pre-Tést jeung Post-Pre-Tést, 3) Static Group Comparison. Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta Pre-Tést jeung Post-Téstanu maké dua kali tés, tés awal (tés saméméh perlakuan) jeung tés ahir (tés sanggeus perlakuan). Desain panalungtikan digambarkeun dina tabél ieu di handap.


(17)

29

Tabél 3.1 Desian Panalungtikan

O1 X O2

(Arikunto, 2010, kc. 123) Keterangan :

O1 = Pre-tés (tés awal saméméh perlakuan)

X = Tréatmen (perlakuan maké modél Time Token Arend ) O2 = Post-tést (tés ahir sanggeus perlakuan)

3.3 Metodé Panalungtikan

Metodé nya éta cara utama anu dipaké pikeun ngahontal tujuan. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metodé kuasi ékspérimén, nya éta metodé panalungtikan ékspérimén semu anu nyoko kana sebagian variabel, tujuanna pikeun nyangking informasi kalawan pratés jeung postést.

Metodé ékspérimén mangrupa metodé anu dipaké ku cara ngayakeun kagitan percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara variabel-varibel anu ditalungtik. Tujuan dipakéna metodé ékspérimén kuasi dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngukur jeung nguji kamampuh siswa dina nyarita.

3.4 Variabel jeung Watésan Opersional 3.4.1 Variabel

Variabel nya éta objek panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur perhatian dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 161). Variabel dibagi jadi dua nya éta variabel bebas (independent variabel) jeung varibael kauger (dependent


(18)

30

Variabel bebas (variabel X) dina ieu panalungtikan nya éta modél Time Token Arend , sabab mangrupa variabel nu mangaruhan kana varibel séjén. Sedengkeun kamampuh nyarita kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bebas.

3.4.2 Watésan Operasional

Nurutkeun Nurhayat (2011, kc. 38) watésan operasional nya éta rumusan ngeunaan ruang lingkup jeung ciri-ciri dina konsep anu jadi poko pedaran dina panalungtikan.

Sangkan ieu panalungtikan teu ngabalukarkeun rupa-rupa tafsiran jeung puguh udagannana, ieu di handap baris dijéntrékeun wangenan operasional tina ieu judul panalungtikan, nya éta:

1) Modél Time Token Arend dina pangajaran nyarita nya éta modél pangajaran anu maké kupon waktu minangka alat pangawatés pikeun siswa nyarita dimana tujuanna sangkan unggal siswa miboga hak sarua dina nyarita. Ieu modél pangajaran ngungkulan siswa anu dominasi dina nyarita atawa siswa anu cicingeun salila pangajaran nyarita lumangsung.

Léngkah-léngkah maké modél timen token Arend dina pangajaran nyarita nya éta:

1) guru ngajelaskeun tujuan pangajaran atawa kompetensi dasar;

2) guru ngakondisikeun kelas pikeun nyieun kelompok anu anggotana 4-6 siswa;

3) guru méré ka unggal siswa kupon nyarita anu waktuna 30 detik;

4) guru méré hiji topik pasualan nu kudu didiskusikeun ku unggal kelompok; 5) siswa ngadiskusikeun topik pasualan jeung kelompok diskusina, tuluy

ngadiskusikeun topik pasulan ka kelompok nu lian;

6) siswa nu rék nyarita atawa nepikeun pamadeganna maké kupon nyaritana; 7) saumpama rengse nyarita, kupon anu dicekel siswa dibérékeun ka guru.


(19)

31

8) siswa anu kuponna séép, henteu miboga hak pikeun nyarita. Siswa anu masih nyekel kupon kudu nyarita nepi ka kuponna séép. Sangkan unggal siswa miboga hak nyarita anu sarua;

9) unggal siswa dibéré nilai luyu jeung waktu anu dipakéna;jeung 10) guru jeung siswa nyindekeun hasil diskusina.

2) Kamampuh nyarita nya éta kamampuh anu dipimilik ku hiji jalma pikeun ngedalkeun naon anu aya dina pikiranna, kereteg haténa boh mangrupa ide atawa gagasan ku cara omongan atawa caritaan.

Dina ieu panaluntikan nu dijadikeun aspékdina kamampuh nyarita nya éta: (1) Akurat jeung aktualitas pedaran, (2) Hubungan antar eusi nu dipedar, (3) Adegan basa jeung kabeungharaan kecap, (4) Kalancaran, (5) Kawajaran urutan pedaram/eusi, jeung (6) Gaya.

Jadi anu dimaksud “Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun

Kamampuh Nyarita” nya éta pikeun maluruh sajauh mana signifikan atawa henteu modél Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan (Purnamasari, 2013, kc. 4). Instrumén nya éta komponen penting dina hiji panalungtikan anu fungsina pikeun ngahasilkeun data ngeunaan hal-hal anu ditalungtik. Data nu dihasilkeun tina instrumén panalungtikan dipaké pikeun ngajawab hipotésis jeung masalah anu aya dina panalungtikan. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta wangun tés jeung obsérvasi.

1) Tés

Instrumén tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés dilakukeun dua kali, nya éta tés awal anu dilakukeun saméméh maké modél Time Token Arend jeung tés ahir anu dilakukeun sanggeus maké modél Time Token Arend.


(20)

32

Data tina hasil tés lisan dipeunteun dumasar kana ugeran meunteun kamampuh nyarita anu ngawengku genep aspék, nya éta akurat jeung aktualitas pedaran, hubungan antar eusi nu dipedar, adegan basa jeung kabeungharan kecap, kalancaran, kawajaran urutan eusi, jeung gaya (Haerudin & Suherman, 2013, kc. 128-130). Ugeran meunteun kamampuh nyarita digambarkeun saperti ieu di handap.

Tabél 3.2

Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita

No Aspék nu Diajén Skor Tingkat

(1) (2) (3) (4)

1 Akurat jeung aktualitas pedaran (teu akurat – akurat pisan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan 2 Hubungan antar eusi nu dipedar

(saeutik pisan- sagemblengna aya hubungan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan 3 Adegan basa jeung kabeungharan kecap

(teu mérénah – mérénah pisan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan 4 Kalancaran

(teu lacar – lancar)

90 – 100 80 – 89

Alus pisan Alus


(21)

33

70 – 79 60 – 69 50 - 59

Cukup Kurang Kurang pisan 5 Kawajaran urutan pedaran/eusi

(teu normal – normal)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

(1) (2) (3) (4)

6 Gaya

(kaku- wajar/sopan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

Jumlah ajén/skor 300-600

Peunteun 50-100

Keterangan :

1) Akurat jeung aktualitas pedaran

a) 90 – 100 eusi caritaan akurat tur lengkep pisan luyu jeung topik;

b) 80 – 89 eusi caritaan akurat jeung topik, tapi aya sababaraha hal anu teu kacaritakeun;

c) 70 – 79 eusi caritaan cukup akurat jeung topik, aya sababaraha teu nyambung, jeung kurang lengkep;

d) 60 – 69 eusi caritaan kurang akurat jeung topik, jeung

e) 50 – 59 eusi caritaan teu akurat jeung topik, tur teu lengkep pisan. 2) Hubungan antar eusi nu dipedar


(22)

34

a) 90 – 100 pedaran kahiji jeung pedaran nu saterusna silihpakait, tur mibanda hubungan anu logis;

b) 80 – 89 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait;

c) 70 – 79 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait tapi henteu sagemblengna;

d) 60 – 69 pedaran eusi kahiji jeung pedaran eusi silihpakait, tapi teu aya kalimah anu ngahubungkeunnana; jeung

e) 50 – 59 pedaran eusi kahiji jeung pedaran saterusna teu silihpakait jeung teu logis.

3) Adegan basa jeung kabeungharaan kecap

a) 90 – 100 kekecapan nu dipaké mérénah jeung variatif, luyu jeung kaayaan sabudeureun, jeung kayaan paregep;

b) 80 – 89 kekecapan nu dipaké mérénah, variatif, tapi henteu luyu jeung kaayaan atawa konteks caritaan;

c) 70 – 79 kekecapan nu dipaké cukup mérénah tapi kurang variatif; d) 60 – 69 kekecapan nu dipaké kurang mérénah, kurang variatif sarta teu

luyu jeung kaayaan; jeung

e) 50 – 59 kekecapan nu dipaké teu mérénah tur teu payus jeung kaayaan. 4) Kalancaran dina nyarita

a) 90 – 100 caritaan lancar pisan, boh tina basana boh tina nyangking bahanna, jeung teu arapap-eureupeup;

b) 80 – 89 caritaan lancar tapi kadang ngarandeg;

c) 70 – 79 caritaan cukup lancar, kadang ngarandeg, jeung kekecapanana dibulak-balik;

d) 60 – 69 caritaan kurang lancar, loba ngarandeg, kekecapanana dibulak-balik, jeung loba cicing; jeung

e) 50 – 59 caritaan teu lancar, loba ngarandeg, loba cicing jeung kekecapanana parondok.


(23)

35

a) 90 – 100 caritaan sistematis pisan nurutkeun urutanana;

b) 80 – 89 caritaan sistematis tapi aya sababaraha hal anu teu kajéntrékeun sacara jéntré;

c) 70 – 79 caritaan cukup sistematis nurutkeun urutanana tapi kurang jéntré;

d) 60 – 69 caritaan kurang sistematis, jeung teu kaharti; jeung e) 50 – 59 caritaan teu sistematis, teu kaharti, jeung teu jéntré. 6) Gaya/pintonan

a) 90 – 100 pasemon, réngkak, jeung péta luyu pisan jeung eusi caritaan nepi ka ngajadikeun caritaan leuwih ngirut;

b) 80 – 89 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi masih keneh aya pasemon atawa péta anu teu payus jeung kaayaan;

c) 70 – 79 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi loba pasemon atawa péta anu kaleuleuwihi tur teu payus jeung kaayaan;

d) 60 – 69 pintonan, péta jeung pasemon henteu luyu boh jeung eusi caritaan boh jeung kaayaan; jeung

e) 50 – 59 pintonan, pasemon, réngkak jeung péta patukangtonggong jeung eusi caritaan ogé kaayaan.

(Nurhayat, 2011, kc. 41-43) 2) Obsérvasi

Instrumén obsérvasi dipaké pikeun niténan aktivitas siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran nyarita dina diskusi saméméh jeung sanggeusmaké modél Time Token Arend. Instrumén anu dipaké nya éta padoman obsérvasi ieu di handap.

Tabél 3.3 Ugeran Obsérvasi


(24)

36

Éféktif Teu Éféktif 1 Guru nepikeun matéri

pangajaran nyarita dina diskusi

2 Tés kamampuh siswa dina nyarita (Pratés)

3 Guru nepikeun cara-cara nyarita dina diskusi maké modél Time Token Arend 4 Tés kamampuh siswa dina

nyarita (postés)

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung obsérvasi.

1) Tés

Tés nya éta alat pikeun ngukur kamampuh hiji objek nu ditalungtik (Arikunto, 2006, kc. 223). Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés lisan dilakukeun dua kali, nya éta tés awal jeung tés ahir. Tés awal dilakukeun

saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nyarita

siswa saméméh maké modél Time Token Arend. Tés ahir dilakukeun sanggeus

dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus maké

modél Time Token Arend. 2) Obsérvasi


(25)

37

Obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sakabeh kagiatan-kagiatan salila proses panalungtikan lumangsung. Ieu téhnik dilakukeun sangkan panalungtik nyaksian jeung maham sacara gembleng kana jejer panalungtikan ti mimiti nepi ka ahir panalungtikan.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun ngajawab masalah-masalah dina ieu panalungtikan. Kagiatan pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha kagiatan, nya éta:

1) ngarobah caritaan siswa dina wangun lisan kana wangun tulisan; 2) mariksa hasil tés awal jeung tés ahir siswa; jeung

3) meunteun kana hasil tés awal jeung tés ahir caritaan siswa. Carana nya éta maké pedoman anu geus ditangtukeun saperti dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.4

Format Ajén Kamampuh Nyarita No Kode

Siswa

A B C D E F Kategori


(26)

38

B = hubungan antar eusi caritaan

C = basa jeung kabeungharan kecap caritaan D = kalancaran

E = kawajaran urutan pedaran F = gaya nyarita

Sanggeus kapanggih skorna, tuluy dipeunteun dumasar rumusna:

Keterangan :

P = peunteun

∑ skor siswa = jumlah peunteun siswa

∑ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal

Kategori :

Dumasar kana kritéria ketuntasan Minimal (KKM) nu geus ditangtukeun ku sakola, yén:

Peunteun 70, siswa dianggap tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener. Sabalikna,

Peunteun ≤ 70, siswa dianggap can tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener.

4) Ngasupkeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana ieu tabél di handap.

Tabél 3.5

No Kode

Siswa

Kritéria Peunteun ∑ P % Kategori

A B C D E F

P =


(27)

39

Data anu aya tuluy dianalisis maké analisis statistik. Léngkah-léngkahana ngawengku(1) uji normalitas;(2) uji homogénitas; (3) uji gain; jeung (4) uji hipotésis.

3.8 Uji Sipat Data a. Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data populasi nu dipaké dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji normalitas dilakukeun ku cara saperti:

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna. 2) Ngitung rentang (r) maké ieu rumus di handap.

3) Nangtukeun jumlaah kelas interval (k).

4) Nangtukeun panjang kelas interval.

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir No Kelas Interval

r = peunteun panggedena – peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log N


(28)

40

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké rumus di handap.

Keterangan :

X = rata-rata (mean)

∑ = jumlah

= jumlah data = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan maké rumus ieu di handap.

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspektasi. Carana nya éta: a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspétasi

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ekspétasi Pratés Interval Oi BK

Handap

BK Luhur

L

X =

sd = √


(29)

41

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

d) Ngitung (transformasi normal standar bebas kelas)

e) Nangtukeun

f) Ngitung legana unggal kelas interval (L) g) Ngitung frékuénsi ekspétasi (Ei)

h) Nangtukeun nilai (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273) 9) Nangtukeun derajat kabebasan (dk)

(Sudjana, 2005, kc. 293) 10) Nangtukeun harga

11) Nangtukeun normalitas maké kritéria ieu di handap.

a. Lamun > , hartina data atawa populasi distribusina normal. b. Lamun < , hartina data atawa populasi distribusina teu normal. Sanggeus dilakukeun uji normalitas, tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan nu satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji

Z =

̅

Ei = n x L


(30)

42

(Arikunto, 2006, kc. 320)

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu. Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:

1) Ngitung variasi unggal kelompok Variasi tés awal

Variasi tés ahir

(Sudjana, 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabebasan (dk)

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria di handap a) Lamun < hartina variasi sampel homogén.

b) Lamun > hartina variasi sampel henteu homoogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

=

=

F =


(31)

43

c. Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun gambaran ngeunaan pangaruh modél pangajran Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung taun ajaran 2013-2014. Léngkah dina nguji gain nya éta maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.8 No Ngaran Siswa Peunteun tés

awal

Peunteun tés ahir

D

d. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilakukeunngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir.

2) Ngitung derajat kabebasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.

4) Ngitung t, rumusuna nya éta:

Md =

dk = n - 1

d = ∑

-


(32)

44

Keterangan :

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina neda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑ d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria.

a) Lamun > hartina hipotésis kerja ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend mampu ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.

b) Lamun < hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis kerja ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend teu mampu dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.


(33)

78

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar tur diebrehkeun kacindekan hasil panalungtikan kuasi ékspérimen perkara modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS SMA Kartika XIX-2 Bandung. Sanggeus dicindekkeun, diebrehkeun saran-saran nu patali jeung panalungtikan.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nyarita siswa dina basa Sunda saméméhmaké modélTime Token Arend katingali masih kurang jeung jauh dina nyumponan kritéria katuntasan minimal (KKM). Hal éta kabuktian tina hasil tés lisan jeung obsérvasi salila pretés, masih loba siswa anu cicing jeung henteu nepikeun pamadeganna tur skorna masih kurang, hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntasaya 6 (17,1%) jeung nu can tuntas aya 29 (82,9%).

2) Kamampuh nyarita siswa siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung sanggeus maké modél Time Token Arend ,ngaronjat tur bisa nyumponan kritéria katuntasan minimal (KKM). Siswa anu tadina loba cicing jeung pasif dina nyarita mampu nepikeun pamadeganna sok sanajan masih keneh era dina nepikeunna. Kaayaan kelas dina pangajaran diskusi jadi leuwih tartib jeung hak dina nepikeun pamadegan atawa kereteg haténa sarua atawa samarata,euweh salahsahiji pihak anu ngadominasi. Hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntas aya 30 (85,7%) jeung siswa nu can tuntas aya 5 (14,3%).

3) Aya bédana sanggeusmaké modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, dumasar kana hasil peunteun rata-rata pretés jumlahna64,9jeung peunteu rata-rata postés


(34)

79

jumlahna 73,4 . Hal ieu dirojong ogé ku hasil uji hipotésis anu nétélakeunyéntitung

(10,63) > ttabel (2,44).

Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yénmodél pangajaran Time Token Arend éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung.

5.2 Saran

Sanggeus dilakukeun panalungtikan modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun nya éta :

1) Modél pangajaran Time Token Arend geus kabuktian kaéféktifann. Ku sabab kitu, disarankeun sangkan ieu modél dijadikeun salahsahiji alternatif pikeun guru-guru dina ngajar nyarita.

2) Sangkan leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modélTime Token Arend perlu diayakeun panalungtikan séjén dina pangajaran lianna.


(35)

80

DAPTAR PUSTAKA

Anonim. (2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Arend s. (2012) Pengertian Pembelajaran Kooperatif Time Token . Tersedia:http://kuliahpgsd.blogspot.com/2012/01/langkah-langkah-modél-pembelajaran.html. [11 09 2013]

Arikunto, S. (2006) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, M. dan Mukti, U.S. (1988) Pembinaan Kemampuan Berbahasa Bahasa Indonesia. Jakarta: PT Erlangga.

Firmansyah, A. (2011) ÉféktivitasModél Debat pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Studi Ékspérimen ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Haerudin, D. (2009) Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Haerudin, D. jeung Suherman, A. (2013) Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Iskandarwassid. (2004) Raksarasa Antologi Basa jeung Sastra Sunda Katut Pangajaranana. Bandung: CV. Geger Sunten.

Iskandarwassid, Spk. (2009) ModélModél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

LBBS. (1995) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nugriyantoro, B. (2009) Penilaian dalam Pengajaran Bahasa Dan Sastra. Yogyakarta: BDFE

Nurhayat, E. (2011) ÉféktivitasModél Pangajaran Talking Stick dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas


(36)

81

VII SMPN 19 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Purnamasari, E.L. (2013) Éféktivitas Media Audio-Visual Pikeun Pangajaran Maca Dongeng (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013). Skripsi Program Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Rahman. (2006) Teori Belajar Dan Pembelajaran. Bandung: -. Sudjana, N. (2005) Metode Statistik. Bandung: Tarsito.

Suprijono, A. (2011) Cooperative Learning: Teori dan Aplikasi PAIKEW. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.


(1)

c. Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun gambaran ngeunaan pangaruh modél pangajran Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung taun ajaran 2013-2014. Léngkah dina nguji gain nya éta maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.8

No Ngaran Siswa Peunteun tés awal

Peunteun tés ahir

D

d. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilakukeunngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir.

2) Ngitung derajat kabebasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.

4) Ngitung t, rumusuna nya éta:

Md =

dk = n - 1

d = ∑

-

t =


(2)

Keterangan :

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina neda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑ d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subjek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria.

a) Lamun > hartina hipotésis kerja ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend mampu ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.

b) Lamun < hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis kerja ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend teu mampu dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.


(3)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar tur diebrehkeun kacindekan hasil panalungtikan kuasi ékspérimen perkara modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS SMA Kartika XIX-2 Bandung. Sanggeus dicindekkeun, diebrehkeun saran-saran nu patali jeung panalungtikan.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nyarita siswa dina basa Sunda saméméhmaké modélTime Token

Arend katingali masih kurang jeung jauh dina nyumponan kritéria katuntasan

minimal (KKM). Hal éta kabuktian tina hasil tés lisan jeung obsérvasi salila pretés, masih loba siswa anu cicing jeung henteu nepikeun pamadeganna tur skorna masih kurang, hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntasaya 6 (17,1%) jeung nu can tuntas aya 29 (82,9%).

2) Kamampuh nyarita siswa siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung sanggeus maké modél Time Token Arend ,ngaronjat tur bisa nyumponan kritéria katuntasan minimal (KKM). Siswa anu tadina loba cicing jeung pasif dina nyarita mampu nepikeun pamadeganna sok sanajan masih keneh era dina nepikeunna. Kaayaan kelas dina pangajaran diskusi jadi leuwih tartib jeung hak dina nepikeun pamadegan atawa kereteg haténa sarua atawa samarata,euweh salahsahiji pihak anu ngadominasi. Hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntas aya 30 (85,7%) jeung siswa nu can tuntas aya 5 (14,3%).

3) Aya bédana sanggeusmaké modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun

kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, dumasar kana hasil peunteun rata-rata pretés jumlahna64,9jeung peunteu rata-rata postés


(4)

jumlahna 73,4 . Hal ieu dirojong ogé ku hasil uji hipotésis anu nétélakeunyéntitung

(10,63) > ttabel (2,44).

Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yénmodél pangajaran Time Token

Arend éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA

Kartika XIX-2 Bandung.

5.2 Saran

Sanggeus dilakukeun panalungtikan modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun nya éta :

1) Modél pangajaran Time Token Arend geus kabuktian kaéféktifann. Ku sabab kitu, disarankeun sangkan ieu modél dijadikeun salahsahiji alternatif pikeun guru-guru dina ngajar nyarita.

2) Sangkan leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modélTime Token Arend perlu


(5)

DAPTAR PUSTAKA

Anonim. (2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Arend s. (2012) Pengertian Pembelajaran Kooperatif Time Token . Tersedia:http://kuliahpgsd.blogspot.com/2012/01/langkah-langkah-modél-pembelajaran.html. [11 09 2013]

Arikunto, S. (2006) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, M. dan Mukti, U.S. (1988) Pembinaan Kemampuan Berbahasa Bahasa

Indonesia. Jakarta: PT Erlangga.

Firmansyah, A. (2011) ÉféktivitasModél Debat pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh

Nyarita (Studi Ékspérimen ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Bandung: Tidak Diterbitkan.

Haerudin, D. (2009) Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Haerudin, D. jeung Suherman, A. (2013) Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Iskandarwassid. (2004) Raksarasa Antologi Basa jeung Sastra Sunda Katut

Pangajaranana. Bandung: CV. Geger Sunten.

Iskandarwassid, Spk. (2009) ModélModél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra

Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

LBBS. (1995) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nugriyantoro, B. (2009) Penilaian dalam Pengajaran Bahasa Dan Sastra. Yogyakarta: BDFE

Nurhayat, E. (2011) ÉféktivitasModél Pangajaran Talking Stick dina


(6)

VII SMPN 19 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Purnamasari, E.L. (2013) Éféktivitas Media Audio-Visual Pikeun Pangajaran

Maca Dongeng (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013). Skripsi Program Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Rahman. (2006) Teori Belajar Dan Pembelajaran. Bandung: -. Sudjana, N. (2005) Metode Statistik. Bandung: Tarsito.

Suprijono, A. (2011) Cooperative Learning: Teori dan Aplikasi PAIKEW. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.