AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII.

(1)

No. 659/FPBS/0251/2013

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa daerah

ku

Rindi Vaivti Melandi NIM 0900837

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013

(2)

No. 659/FPBS/0251/2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Oleh

Rindi Vaivti Melandi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Rindi Vaivti Melandi 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

No. 659/FPBS/0251/2013

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

RINDI VAIVTI MELANDI NIM. 0900837

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

DISALUYUAN JEUNG DISAHKEUN KU : Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP. 195906141986011002

Pangaping II,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP. 195901191986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001

(4)

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI

PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII1)

Rindi Vaivti Melandi 2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk memahami isi teks dan mendeskripsikan nilai-nilai agama dalam wawacan untuk dijadikan bahan ajar membaca di SMA kelas XII. Untuk mencapai hal itu, digunakan metode deskriptif dan metode edisi teks standar yang diharapkan bisa mendapatkan gambaran secara obyektif. Hasil penelitian ini menyimpulkan bahwa wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri merupakan sebuah naskah yang ditulis menggunakan huruf Arab Pegon dan ditransliterasi ke dalam huruf Latin. Wawacan ini dibagi ke dalam 2 jilid, terdiri atas 128 halaman dan 8 pupuh yang bercerita mengenai kehidupan sosial seorang pemuda yang sangat taat pada ajaran agama yang dianutnya. Alur dari cerita wawacan ini adalah maju dan tokoh utamanya adalah Hasan Shoig Bashri. Secara umum, latar tempat yang digunakan adalah tempat-tempat yang erat hubungannya dengan agama Islam. Dalam penulisannya, pengarang menggunakan sudut pandang orang ketiga karena pengarang berada di luar cerita, selain itu pengarang juga menggunakan beberapa gaya bahasa, pribahasa Sunda, dan syair-syair Arab. Nilai agama yang terkandung dalam wawacan ini terdiri atas aqidah, akhlak, dan fiqih. Hasil temuan ini direkomendasikan untuk dijadikan bahan ajar sesuai SKKD mata pelajaran bahasa dan sastra Sunda.

Kata Kunci : wawacan, struktur intrinsik, ajén agama, dan bahan ajar

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum dan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.

(5)

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI

PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII1)

Rindi Vaivti Melandi 2)

ABSTRACT

This study basically aimed to know text content and describe religion values because it is used as reading materials in the class of XII Senior High School. To reach the aim, this study deeply has used descriptive method and general text method that is expected to get objective view. In fact, this study concluded that the text of Hikayat Hasan Shoig Bashri is a text that was written through Arab Pegon words and it also was translated into Aphabetical letters. The text consists of two chapters, 128 pages and 8 pupuh. It told that a life of moslem young man who obeyed his religion rules. Steps of the text were run and a main actor of it was Hasan Shoig Bashri. Generally, place backgrounds of the text are some places that are related with Islamic religion. In its writing, exactly a writer of the text was as third person of view side because he was outside a story of the text; in addition the writer of the text has used some language styles, Sundanese idioms, even Arabic poetries. Some religion values of the text consist of Akidah, Akhlaq, and Fikih. The results of this study are recommended as learning materials that are suitable with standard competencies, basic competencies of Sundanese lesson and Sundanese literature.

Keywords: wawacan, religion values, and learning materials.

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum dan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.

(6)

(7)

v

DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP ... i

CATUR NUHUN ... ii

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR GAMBAR ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR 2.1 Wawacan ... 7

2.1.1 Wangenan Wawacan ... 7

2.1.2 Kamekaran Wawacan ... 7

2.1.3 Pungsi Wawacan ... 8

2.1.4 Papasingan Wawacan ... 9

2.2 Transliterasi Naskah ... 13

2.2.1 Wangenan Transliterasi Naskah jeung Aksara-aksara Naskah Sunda ... 13

(8)

vi

2.2.2 Sistem Transliterasi Arab Pégon ... 13

2.3 Struktur Carita Wawacan ... 14

2.3.1 Téma jeung Masalah ... 14

2.3.2 Pakta-pakta Carita ... 15

2.3.3 Sarana-sarana Carita ... 19

2.3.4 Pupuh nu Digunakeun dina Wawacan ... 23

2.4 Ajén Agama ... 25

2.4.1 Wangenan Ajén Agama ... 25

2.4.2 Aqidah ... 26

2.4.3 Ahlak ... 28

2.4.3.1 Ahlak ka Gusti Alloh ... 29

2.4.3.2 Ahlak ka papada jalma ... 33

2.4.3.3 Ahlak ka lingkungan (mahluk) ... 35

2.4.4 Fiqih ... 35

2.5 Bahan Pangajaran Sastra ... 37

2.5.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 37

2.5.2 Ambahan jeung Runtuyan Bahan Pangajaran Sastra ... 38

2.5.3 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 38

2.5.4 Standar Kompeténsi Lulusan SMA/SMK/MA ... 40

2.5.5 Kriteria Milih Bahan Ajar ... 41

2.5.6 Léngkah-léngkah Nangtukeun Bahan Ajar ... 41

2.5.7 Modél Pembelajaran ... 42

2.6 Anggapan Dasar ... 43

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 45

3.2 Desain Panalungtikan ... 45

3.3 Métode Panalungtikan ... 46

3.4 Wangenan Operasional ... 46

(9)

vii

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 49

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 49

BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN 4.1 Transliterasi Naskah Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri .... 50

4.1.1 Raratan Naskah ... 50

4.1.2 Aksara nu Digunakeun dina Wawacan ... 51

4.1.3 Transliterasi Wawacan ... 52

4.2 Wangun Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri ... 189

4.2.1 Pupuh Anu Digunakeun ... 189

4.2.2 Ringkesan Carita Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri... 190

4.3 Struktur Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri ... 207

4.3.1 Téma ... 207

4.3.2 Palaku ... 207

4.3.3 Galur ... 208

4.3.4 Latar ... 209

4.3.5 Puseur Sawangan ... 247

4.3.6 Gaya Basa ... 249

4.4 Wujud Ajén Agama dina Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri ... 262

4.4.1 Aqidah ... 262

4.4.2 Ahlak ... 271

4.4.3 Fiqih ... 289

4.5 Bahan Pangajaran Maca Wawacan di SMA Kelas XII ... 296

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 307

5.2 Saran ... 309

DAPTAR PUSTAKA ... 310

(10)

viii

(11)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Nagara Indonesia beunghar ku rupa-rupa kabudayaan, boh dina hasil karajinan boh dina kasenianana. Di unggal daerah di Nusantara, miboga kabudayaan anu béda-béda dijadikeun ciri has masing-masing. Dina jaman ayeuna loba budaya bangsa deungeun ogé anu mangaruhan para nonoman bangsa Indonesia. Éta hal ngajadikeun lobana kabudayaan nusantara téh kasilih ku kabudayaan bangsa deungeun. Tapi sanajan kitu, masih loba kénéh kabudayaan anu nyésa tur dimumulé ku masarakatna. Ku kituna geus jadi kawajiban sakumna masarakat Indonesia kaasup para nonoman anu masih maliré kana kabudayaan, ngamumulé sakabéh kabudayaan anu masih aya.

Kabudayaan nya éta pikiran, karya, jeung hasil karya manusa anu nyumponan hasratna ngeunaan kaéndahan (Koentjaraningrat, 1985: 1). Karya sastra mangrupa bagian dina kabudayaan, lantaran karya sastra mangrupa éksprési pikiran dina wangun basa. éksprési pikiran di dieu, maksudna nya éta sawangan, ideu, rasa, jeung kagiatan méntal manusa nu diéksprésikeun kana hiji wangun kaéndahan pikeun ngahontal tujuan bebeneran moral, anu eusina bisa méré kanikmatan jeung rasa éndah keur anu macana (Hernawati, 2007: 4).

Kahirupan sastra Sunda mimiti gelarna dina wangun lisan. Sabada aya kagiatan tinulis, loba karya sastra anu ditulis dina wangun naskah. Naskah mangrupa salasahiji wangun sastra tinulis nu kaasup ulikan filologi. Di Indonesia hususna di Tatar Sunda, saeutik pisan jalma anu ngabogaan karep pikeun nalungtik widang filologi. Padahal dina naskah mibanda informasi ngeunaan kahirupan masarakat dina mangsa éta naskah ditulis.

Naskah ditulis dina rupa-rupa bahan, aya nu dina kai saéh, daun lontar, kulit kai, hoé, daun nipah, daluang, kulit, pandan, daun kawung, jeung keretas. Sedengkeun aksara nu dipaké nya éta cacarakan, Arab Pégon, Latén, aksara Sunda buhun jeung jawa kuna.

(12)

2

Dumasar kana eusina, naskah diklasifikasikeun jadi sababaraha kelompok, kayaning kaagamaan, basa, hukum/adat istiadat, kamasarakatan, mitologi/sasakala, atikan, pangaweruh, paririmbon, sastra, sastra sajarah, jeung seni (Ekadjati, 1988 dina Situs UPI). Sakapeung eusi naskah téh teu sarupa. Upamana waé naskah sajarah, teu sagemblengna sajarah, tapi dicampur jeung sastra. Salasahiji naskah sastra anu sagemblengna sastra nya éta wawacan (Ruhaliah, 2007: 14).

Dina kahirupan mangsa bihari, naskah teu leupas tina kahirupan masarakat Sunda anu dijadikeun tradisi kaagamaan atawa salaku papagon dina kahirupan sapopoé. Dina mangsa kiwari, éta naskah ngan sakur ditunda dijadikeun jimat atawa pusaka, dipusti-pusti sabab sipatna sakral.

Sabenerna di Tatar Sunda téh loba pisan naskah-naskah anu can kaguar, padahal éta téh mangrupa salasahiji karya sastra tradisional anu bakal mangaruhan kana kamajuan kabudayaan. Éta hal katitén yén naskah-naskah heubeul bisa méré sumbangan pikeun studi ngeunaan hiji bangsa atawa hiji kelompok sosial budaya anu ngalahirkeun éta naskah-naskah, lantaran dina dasarna éta naskah-naskah téh mangrupa dokumén anu eusina ngeunaan pikiran, rasa, jeung pangaweruh ti bangsa atawa kelompok sosial budaya éta (Ekadjati, 1988:1, dina situs UPI). Tapi dina kanyataanana karya sastra tradisional utamana naskah teu loba anu maliré, lantaran geus kasilih ku karya sastra modérn anu gampang dibaca jeung dipikahartina. Salasahiji nu ngabalukarkeun kurang dipaliréna naskah ku masarakat dina mangsa kiwari téh nya éta tulisan jeung basana anu geus teu pati kaharti.

Dina ieu panalungtikan, dipedar ngeunaan analisis naskah wawacan ditilik tina ajén agamana. Naskah wawacan anu digunakeun nya éta wawacan anu judulna Hikayat Hasan Shoig Bashri. Di jerona loba ngagambarkeun kahirupan kaagamaan dina jamanna. Agama nu aya dina ieu wawacan téh nya éta agama Islam. Saméméh ieu wawacan dianalisis, kudu dilakukeun heula prosés transliterasi lantaran ieu wawacan ditulis dina aksara Arab Pégon. Ieu hal dilakukeun sangkan téks gampang dianalisisna tur bisa dibaca ku nu séjén.

(13)

3

Ieu di handap aya sababaraha skripsi anu nalungtik ngeunaan ajén agama dina naskah, di antarana waé:

1) Ajén religi yang terkandung dalam amanat Naskah Wawacan Sifat Dua

Puluh Melalui Analisis Struktural dan Pengkajian Filologis ku Erni Irmawati Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia taun 2003

2) Ajén kaagamaan dina Wawacan Syéh Abdul Kodir Jaélani ku Ai Saidah taun

2006

3) Struktur jeung Ajén Agama dina Wawacan Bin Étam ku Nenden Adilah taun

2006

4) Karakteristik Palaku jeung Ajén Kaagamaan dina Wawacan Sajarah

Lampahing Perwali Kabéh ku Erna Hernawati taun 2007

Skripsi-skripsi di luhur nalungtik wawacan ditilik tina ajén agama jeung strukturalna wungkul. Can aya panalungtikan wawacan nu nganalisis ajén agama tuluy diasupkeun kana bahan ajar. Lian ti éta, wawacan anu rék ditalungtik téh can pernah aya nu nalungtik. Ku kituna ieu wawacan alus pikeun ditalungtik jeung perlu diasupkeun kana bahan ajar.

Sastra Sunda jadi salasahiji bahan ajar di sakola (SD, SMP, SMA), anu pangajaranana diatur dina kurikulum nu ditetepkeun ku pemerintah dina GBPP pangajaran sastra Sunda di sakola. Dumasar kana SKKD, maca wawacan jadi salasahiji Kompetensi Dasar anu kudu diajarkeun di SMA kelas XII. Ku lantaran dina ieu wawacan téh eusina loba élmu pangaweruh anu bisa jadi conto atawa pieunteungeun pikeun nu macana, ku kituna perlu diasupkeun jadi bahan pangajaran di sakola. Jadi dina ieu panalungtikan dibéré judul: AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHRI PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan diwatesanan sangkan puguh pedaranana tur ambahanana teu lega teuing. Watesan masalah dina ieu panalungtikan nya éta ngaanalisis struktur intrinsik (ngawengku téma, palaku,

(14)

4

galur, latar, puseur sawangan, jeung gaya basa) jeung ajén agama dina wawacan. Ajén agama anu ditalungtik téh nya éta ajén agama Islam. Sacara umum, anu jadi dasar dina agama Islam nya éta aqidah, ahlak, jeung fiqih (Hernawati, 2007: 7). Ku kituna, dina ieu panalungtikan ngaanalisis ajén agama Islam sacara umum nya éta dina aspék aqidah, ahlak, jeung fiqihna.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sangkan pedaran dina ieu panalungtikan jadi jelas tur ngéntép seureuh perlu ayana rumusan masalah. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Kumaha Transliterasi naskah Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri? 2) Kumaha deskripsi wangun Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri?

3) Kumaha struktur intrinsik anu ngawangun Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri?

4) Kumaha wujud ajén agama Islam dina Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri?

5) Naha Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri bisa dijadikeun bahan pangajaran maca atawa henteu?

1.3Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum nya éta pikeun ngungkab ajén-ajén agama anu aya dina wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) hasil transliterasi wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri;

2) wangun wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri;

3) struktur anu ngawangun wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri; 4) wujud ajén agama islam dina wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri; 5) bahan pangajaran maca wawacan di SMA kelas XII.

(15)

5

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun:

a. nambahan pangaweruh ngeunaan wangun wawacan jeung bisa ngajéntrékeun tur ngajembaran pangaweruh ngeunaan analisis struktur jeung ajén kaagamaan dina naskah wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri.

b. ngabeungharkeun khasanah élmu sastra pikeun mahasiswa jurusan sastra jeung pamaca dina umumna sarta bisa ngeuyeuban bahan kajian filologi atawa widang séjénna anu aya hubunganana jeung filologi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:

a. méré motivasi jeung kontribusi pikeun mahasiswa jurusan sastra, apresiator sastra, jeung masarakat umum dina ngaekspresikeun kasusastraan Sunda. b. bisa numuwuhkeun karep jeung karesep pikeun ngamumulé sastra heubeul

tur mikanyaho kahirupan mangsa katukang.

1.5Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I ngawengku bubuka, nu medar kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Dina ieu bab, eusina ngeunaan konteks tina masalah anu ditalungtik;

Bab II dipedar kajian tiori, medar ngeunaan naskah wawacan, struktur wawacan, ajén agama islam, bahan pangajaran maca, jeung anggapan dasar. Dina ieu bab, eusina ngeunaan tatapakan tiori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan;

Bab III ngawengku métode panalungtikan, medar ngeunaan sumber data, populasi jeung sampel panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data;

(16)

6

Bab IV dipedar data jeung pedaran hasil panalungtikan, medar ngeunaan déskripsi, struktur, jeung ajén agama anu nyampak dina wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri, sarta implikasina dina bahan pangajaran maca di SMA; jeung

Bab V dipedar ngeunaan kacindekan jeung saran. Dina ieu bab, panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtikan kahareupna.

(17)

45

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri karya Haji Muhyidin jeung sumber tinulis lianna. Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri téh asalna ti ibu Hj. Nénéng Nani Sumarni anu padumukanana di Jl.Cigadung Raya Timur No.63 RT 05/02 Kelurahan Cigadung, Kecamatan Cibeunying Kalér. Ieu naskah mangrupa warisan turun tumurun anu baheula mah fungsina dipaké pikeun marhabaan sanggeus ngalahirkeun, nalika muludan sarta dongéng keur barudak pangajian. Sedengkeun ayeuna, pungsi ieu naskah téh ngan sakur jadi dokumén jeung arsip.

3.2Desain Panalungtikan

Desain dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun saperti ieu di handap:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun masalah

Ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah

Nangtukeun jeung nyieun instrumén

Ngumpulkeun data

Nganalisis data

Ngadéskripsikeun data

(18)

46

3.3Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Métode ieu dipaké lantaran dipiharep bisa ngadéskripsikeun hasil transliterasi, analisis struktur jeung ajén agama anu ngawengku akidah, ahlak, jeung fikih dina wawacan “Hikayat Hasan Shoig Bashri”. Ku cara ngagunakeun métode déskriptif, dipiharep bisa meunangkeun gambaran nu saayana sacara objéktif.

Dina ieu panalungtikan ogé dipaké métode édisi standar pikeun ngagarap naskah anu ditulis dina aksara Arab Pégon. Métode édisi standar nya éta transliterasi naskah kalayan menerkeun kasalahan-kasalahan leutik jeung anu teu ajeg, éjahanana ogé disaluyukeun jeung katangtuan anu anyar.

Dina métode édisi standar diayakeun papasingan kecap, papasingan kalimah, digunakeun aksara gedé, pungtuasi, ogé ayana koméntar ngeunaan kasalahan-kasalahan téks.

Métode édisi standar digunakeun sangkan panalungtik hususna jeung nu maca umumna bisa babari neuleuman kana maca éta naskah/hasil transliterasi.

3.4Wangenan Operasional

1) Ajén agama nya éta ajén anu mibanda aturan atawa undang-undang anu kaungel jero kitab suci (ngawengku tata kaimanan, tata kaidah, jeung tata peribadahan) anu bisa méré pituduh atawa piwuruk ka manusa.

2) Wawacan téh nya éta karya sastra naratif anu digelarkeun dina wangun puisi pupuh, biasana sok ditembangkeun atawa didangdingkeun.

3) Hikayat Hasan Shoig Bashri nya éta hiji wawacan nu ditulis maké aksara Arab Pégon, eusina mangrupa lalampahan hirup jalma nya éta Hasan Shoig Bashri anu leket pisan kana agamana nya éta Islam.

4) Bahan ajar maca nya éta sagala wangun bahan pikeun sarat prosés ngajar jeung diajar maca, sangkan bisa ngabantuan guru/dosén/instruktur sarta murid dina ngalaksanakeun kagiatan pembelajaran maca.

(19)

47

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 3.5Instrumén Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, dipaké instrumén nu mangrupa kartu data anu fungsina pikeun nyimpen data-data nu dianalisis.

Gambar 3.1

Conto Kartu Data Analisis Struktur Intrinsik

Gambar 3.2

Conto Kartu Data Analisis Ajén Agama

Dina pengkodean data, dilakukeun dumasar unsur nu dianalisis. Data nu ditulis dina pengkodean nya éta struktur/ajén agama, urutan data, jilid, kaca jeung pada data anu aya dina sumber data. Contona dina pengkodean analisis struktur intrinsik aya kode 4/5/1/2/8. 4 mangrupa kode pikeun latar, 5 mangrupa kode

urutan data, 1 mangrupa kode jilid, 2 mangrupa kode kaca, sarta 8 mangrupa kode pada. Kode pikeun analisis unsur intrinsik nya éta (1) téma; (2) palaku; (3) galur; (4) latar; (5) puseur sawangan; jeung (6) gaya basa.

Kitu ogé dina pengkodean ajén agama dina wawacan. Contona nya éta 1/5/2/42/462. 1 mangrupa kode pikeun aqidah, 5 mangrupa kode urutan data, 2

Kode data : 4/5/1/2/8

Struktur nu dianalisis : Latar Cutatan : Urang Ajam dongkap deui

Ka warung madep ka Hasan Barang jol téh tuluy ngomong Hé alo anjeun téh bujang Nu kasép anu utama Ari amang téh teu gaduh Anak lalaki tapisan

Kode data : 1/5/2/42/462 Unsur nu dianalisis : Aqidah Cutatan : Teu aya panginten teuing

Moal aya nu tiasa

Nyalametkeun ka abdi téh Anging ku Allah taala Ari akang kedah énggal Nyiar pigeusaneun nyumput Ulah ngaragragkeun nyawa

(20)

48

mangrupa kode urutan jilid, 42 mangrupa kode kaca, sarta 462 mangrupa kode pada. Kode pikeun nganalisis ajén agama nya éta (1) Aqidah; (2) Ahlak; jeung (3) Fiqih.

Salian ti ngagunakeun kartu data, dina ieu panalungtikan digunakeun sistem tabél atawa sistem tabulasi pikeun nganalisis unsur-unsur karya sastra dina wawacan Hikayat Hasan Shoigh Bashri. Udaganana nya éta sangkan gampang dina nganalisis data sarta gampang nyieun kacindekanana.

Tabél 3.1

Sistem Papasingan Struktur dina Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

No. Unsur Intrinsik Data

1 2 3

1. Téma 2. Galur

3. Palaku (utama, kadua, jeung tambahan) 4. Latar (tempat, waktu,

jeung sosial) 5. Puseur Sawangan

(Point of view) 6. Gaya Basa

Tabél 3.2

Sistem Papasingan Ajén Agama dina Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

No

Ajén Agama

Kode Data

Aqidah Ahlak Fiqih

1 2 3 4 5

1. 2. 3. 4.

(21)

49

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Luyu jeung métode anu digunakeun, dina ieu panalungtikan ngagunakeun téknik studi pustaka pikeun ngumpulkeun data kalawan maké cara nalaah sababaraha pustaka sangkan bisa neuleuman tiori-tiori anu aya patalina jeung garapan panalungtikan. Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data:

1) ngumpulkeun bahan anu aya patalina jeung panalungtikan;

2) maca buku-buku ngeunaan sastra, tiori filologi, ajén agama, jeung bahan pangajaran maca; jeung

3) ngayakeun konsultasi ka dosén pangaping.

3.7Téhnik Ngolah Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis data. Téhnik analisis data dilakukeun pikeun ngaanalisis nepi ka kapanggih naon-naon anu jadi rumusan masalah nya éta ngaanalisis struktur jeung ajén agama dina nsakah “Hikayat Hasan Shoig Bashri”. Léngkah-léngkah dina ngolah data, nya éta:

1) niténan data anu geus dikumpulkeun;

2) nyusun transliterasi naskah wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri;

3) nganalisis wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri sakumaha anu geus kaunggel dina rumusan masalah;

4) nyusun bahan pangajaran maca kelas XII; jeung 5) nyindekkeun data.

(22)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, aya sababaraha hal anu bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

a. Transliterasi Naskah Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

Hikayat Hasan Shoig Bashri mangrupa naskah anu ditulis maké aksara Arab Pégon anu ditransliterasikeun kana aksara Latén, basa anu digunakeunna nya éta basa Sunda. Ieu wawacan dikarang ku Haji Muhyidin, eusina dibagi kana 2 jilid. Masing-masing tina éta 2 jilid, dibagi kana 64 kaca. Jilid kahiji aya 723 pada pupuh, sedengkeun jilid kadua aya 668 pada pupuh.

b. Wangun Naskah Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

Ieu wawacan jumlah pupuhna aya 8. Pupuh anu digunakeunna nya éta pupuh Asmarandana digunakeun 7 kali, Sinom 8 kali, Kinanti 6 kali, Dangdanggula 5 kali, Pangkur 4 kali, Gurisa 1 kali, Magatru 1 kali, jeung Maskumambang 1 kali.

c. Struktur intrinsik Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

Struktur intrinsik nu dianalisis dina ieu panalungtikan nya éta téma, galur, palaku, latar, puseur sawangan, jeung gaya basa.

Téma dina wawacan Hikayat Hasan Shoigh Bashri nya éta ngeunaan kahirupan sosial hiji pamuda anu leket pisan kana agama nu diagemna. Galurna kaasup kana galur mérélé atawa maju.

Dina ieu wawacan kacatet aya 33 palaku. Nu jadi palaku utama dina ieu wawacan nya éta Hasan Soigh Bashri. Hasan Shoigh Bashri mangrupa puseur dina carita, manéhna nu ngalalakon ti mimiti nepi ka ahirna. Palaku kadua dina ieu wawacan aya 10 palaku. Sakabéh palaku kadua mangrupa palaku nu raket patalina jeung Hasan Shoigh Bashri sarta mangaruhan kana jalan carita. Palaku tambahan dina ieu novel 22 urang.

(23)

308

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

Dina ieu wawacan, latar tempat jeung latar waktu anu kagambarna loba pisan lantaran mindengna palaku utama ngalaksanakeun lalampahan. Sedengkeun latar sosial dina ieu wawacan aya 5 kalangan, nya éta kalangan jalma biasa, para raja, para jin, pandita, jeung para ponggawa.

Puseur sawangan nu digunakeun dina ieu wawacan nya éta caturan jalma katilu jeung jalma kahiji. Caturan jalma katilu anu digunakeunna nya éta nu teu kawatesanan atawa sarwa terang. Dina caturan jalma katilu sarwa terang ieu, pangarang nyoko kana kabéh karakter sarta nempatkeun karakterna di jalma katilu lantaran sok disebutkeun ngaranna langsung atawa maké kecap sulur manéhna. Pangarang ogé bisa nyieun karakter-karakterna sarwa nempo, sarwa ngadéngé, jeung sarwa nyaaho. Pangarang bisa nempo kana alam pikiran palaku sarta nyaho naon eusi batinna para palaku. Sedengkeun gaya basa nu dipaké nya éta basa anu kauger dina wangun puisi pupuh, teu jiga carita prosa. Dina ieu wawacan loba ngagunakeun kekecapan anu aya patalina jeung kaagamaan (agama islam), misalna waé syiir-syiir Arab. Sanajan dina ieu wawacan téh loba ngagunakeun syiir-syiir Arab, tapi dina pupuh lianna sok dihartikeun kana basa Sunda. Dina wawacan ieu ogé kapanggih paribasa-paribasa Sunda. Lian ti éta, digunakeun ogé gaya basa mijalma (personifikasi), babandingan (ngumpamakeun/simile), hiperbola/kaleuleuwihi, jeung mindoan/ purwakanti.

d. Ajén Agama dina Wawacan

Ajén agama anu dianalisis dina ieu wawacan ngawengku kana akidah, ahlak, jeung fiqih.

Akidah anu kapanggih dina ieu wawacan nya éta iman ka Alloh, sipat-sipat

Alloh, qada’ jeung qadar (takdir), jalma kapir bakal rugi, jeung ayana jin-jin anu

diciptakeun sarua jeung jalma nya éta taya lian pikeun ibadah ka Alloh. Ngeunaan ahlak nu kapanggih tina para palakuna nya éta aya ahlak anu hadé jeung ahlak anu goréng.

Salian ti akidah jeung ahlak, dina ieu wawacan dianalisis ogé unsur fiqihna. Fiqih anu kapanggih dina ieu wawacan nya éta perkara warisan, waktu dina sholat fardhu, nikah, solat jenazah, jeung perkara pamajikan anu doraka ka salakina.

(24)

309

e. Bahan Ajar Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Wawacan

Ieu wawacan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca di tingkat SMA dumasar kana SKKD pangajaran basa sunda di SMA ngeunaan maca carita buhun. Dina maca carita buhun, siswa diperedih pikeun maham lain ngan saukur wawacan nu dibacana wungkul, tapi ogé jeung struktur intrinsik sarta ajén agamana.

5.2 Saran

Naskah wawacan mangrupa karya sastra buhun nu masih dianggap anéh ku sawatara masarakat kaasup siswa sakola. Saupama nanya ka masarakat atawa ka siswa ngeunaan naskah, maranéhna bakal mikir yén éta naskah téh naskah drama. Padahal nu dimaksud naskah didieu nya éta naskah anu eusina karya sastra buhun anu ditulis dina wangun pupuh. Ku kituna pangajaran maca ngeunaan wawacan téh penting pisan, lantaran pikeun ngawanohkeun naskah Sunda anu eusina ngeunaan karya sastra, lain nu mangrupa naskah drama. Aya sababaraha saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana:

1) Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri dipiharep bisa dijadikeun bahan panalungtikan satuluyna, sangkan ieu wawacan téh pada apal jeung bisa numuwuhkeun minat masarakat kana maca naskah Sunda

2) Perlu aya tarékah pikeun ngawanohkeun karya sastra sunda buhun ka para siswa. Tapi nu jadi guru kudu bisa ngaping murid-muridna sangkan teu salah kaprah dina ngartikeun karya sastra Sunda buhun. Ku kituna, dipiharep guru-guru téh bisa ngawasa matéri nu rék diajarkeun ka muridna.

3) Dilarapkeunna hasil ieu panalungtikeun pikeun bahan ajar dina widang sastra, basa, agama, jeung seni di sakola.

(25)

310

DAPTAR PUSTAKA

Anshari, H. Endang Saifuddin. (2004). Wawasan Islam (Pokok-Pokok Tentang Paradigma dan Sistem Islam). Jakarta: Gema Insani.

Baried, Siti Baroroh., (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta. Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: CV. Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa Barat.

Haerudin, D., spk. (2010). Peperenian Urang Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Hernawati, Erna. (2007). Karakteristik Palaku jeung Ajén Kaagamaan dina Wawacan Sajarah Lampahing Perwali Kabéh. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, C. R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya

Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT. Gramedia.

Koswara, D. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Lubis, H. Mukhlis., dan Lubis, H. Zulfahmi. (2009). Akhlak Islam. Medan: Pesantren Al-Manar.

Muhyidin, Haji. Hikayat Hasan Shoig Bashri. Batawi: Tidak diterbitkan. Rasjid, H. Sulaiman. (2009). Fiqh Islam. Bandung: PT. Sinar Baru Algensindo. Rohayani, Winda. (2013). Struktur Intrinsik Jeung Unsur Budaya Dina Novél

Tanjeur Na Juritan Jaya Di Buana Karangan Yoséph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

(26)

311

Ruhaliah., Iskandarwassid. (2007). (Diktat) Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Ruhaliah. (2011). Wawacan: Sebuah Genrre Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas: Transeliterasi, Edisi, dan Terjemahan: Aksara Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Shaleh, Q., Dahlan, H.A.A., & Rusamsi, Yus. (1995). Al-Amin Al-Qur’an Tarjamah Sunda. Bandung: CV. Diponegoro.

Stanton, R. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Yayat., spk. (2007). Makaya Basa (Pangdeudeul Pangajaran Basa

jeung Sastra Sunda). Bandung: SONAGAR Press.

Sumardjo, Jakob., K.M., Saini. (1986). APRESIASI KESUSASTRAAN. Jakarta: PT. Gramedia.

Suryalaga, R. Hidayat. (1997). Étika jeung Tatakrama (Panuyun Pangaweruh kanggo Guru Sakola Dasar). Bandung: CV. Geger Sunten.

Tamsyah, B. R., An’ Nur, dan Purmawati, T. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tamsyah, B. R., Purmasih, dan Purmawati, T. (1999). Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: universitas Pendidikan Indonesia.

Http://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/19641110

1989032-RUHALIAH/materi_kuliah_teks/analisis_struktur_%26_nilai_budaya.pdf (22 Februari 2012)

Http://annadewigalery.blogspot.com/2011/11/nilai-nilai-yang-terkandung-dalam-novel.html. (04 Februari 2013)

(27)

312

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

Http://thesaltasin.wordpress.com/2011/09/13/pengertian-aqidah-secara-bahasa-etimologi/. (22 Juli 2013)

Httpstorage.kopertis6.or.idkelembagaanApplied%20ApproachMATERIDrs.%20S uwarno,%20M.Sipenulisan%20bahan%20ajar%20rev.ppt. (26 Agustus 2013) Httpfile.upi.eduDirektoriFPBSJUR._PEND._BAHASA_DAERAH195901011986 011-RUSWENDI_PERMANAPembelajaran_sastraModel_Pembelajaran.pdf. (12 Agustus 2013)

Httpfayyad.googlecode.comfilesKRITERIA%20PEMILIHAN%20MATERI%20 PELAJARAN.pdf (08 Agustus 2013)

(1)

307

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, aya sababaraha hal anu bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

a. Transliterasi Naskah Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

Hikayat Hasan Shoig Bashri mangrupa naskah anu ditulis maké aksara Arab Pégon anu ditransliterasikeun kana aksara Latén, basa anu digunakeunna nya éta basa Sunda. Ieu wawacan dikarang ku Haji Muhyidin, eusina dibagi kana 2 jilid. Masing-masing tina éta 2 jilid, dibagi kana 64 kaca. Jilid kahiji aya 723 pada pupuh, sedengkeun jilid kadua aya 668 pada pupuh.

b. Wangun Naskah Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

Ieu wawacan jumlah pupuhna aya 8. Pupuh anu digunakeunna nya éta pupuh Asmarandana digunakeun 7 kali, Sinom 8 kali, Kinanti 6 kali, Dangdanggula 5 kali, Pangkur 4 kali, Gurisa 1 kali, Magatru 1 kali, jeung Maskumambang 1 kali.

c. Struktur intrinsik Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri

Struktur intrinsik nu dianalisis dina ieu panalungtikan nya éta téma, galur, palaku, latar, puseur sawangan, jeung gaya basa.

Téma dina wawacan Hikayat Hasan Shoigh Bashri nya éta ngeunaan kahirupan sosial hiji pamuda anu leket pisan kana agama nu diagemna. Galurna kaasup kana galur mérélé atawa maju.

Dina ieu wawacan kacatet aya 33 palaku. Nu jadi palaku utama dina ieu wawacan nya éta Hasan Soigh Bashri. Hasan Shoigh Bashri mangrupa puseur dina carita, manéhna nu ngalalakon ti mimiti nepi ka ahirna. Palaku kadua dina ieu wawacan aya 10 palaku. Sakabéh palaku kadua mangrupa palaku nu raket patalina jeung Hasan Shoigh Bashri sarta mangaruhan kana jalan carita. Palaku tambahan dina ieu novel 22 urang.

(2)

Dina ieu wawacan, latar tempat jeung latar waktu anu kagambarna loba pisan lantaran mindengna palaku utama ngalaksanakeun lalampahan. Sedengkeun latar sosial dina ieu wawacan aya 5 kalangan, nya éta kalangan jalma biasa, para raja, para jin, pandita, jeung para ponggawa.

Puseur sawangan nu digunakeun dina ieu wawacan nya éta caturan jalma katilu jeung jalma kahiji. Caturan jalma katilu anu digunakeunna nya éta nu teu kawatesanan atawa sarwa terang. Dina caturan jalma katilu sarwa terang ieu, pangarang nyoko kana kabéh karakter sarta nempatkeun karakterna di jalma katilu lantaran sok disebutkeun ngaranna langsung atawa maké kecap sulur manéhna. Pangarang ogé bisa nyieun karakter-karakterna sarwa nempo, sarwa ngadéngé, jeung sarwa nyaaho. Pangarang bisa nempo kana alam pikiran palaku sarta nyaho naon eusi batinna para palaku. Sedengkeun gaya basa nu dipaké nya éta basa anu kauger dina wangun puisi pupuh, teu jiga carita prosa. Dina ieu wawacan loba ngagunakeun kekecapan anu aya patalina jeung kaagamaan (agama islam), misalna waé syiir-syiir Arab. Sanajan dina ieu wawacan téh loba ngagunakeun syiir-syiir Arab, tapi dina pupuh lianna sok dihartikeun kana basa Sunda. Dina wawacan ieu ogé kapanggih paribasa-paribasa Sunda. Lian ti éta, digunakeun ogé gaya basa mijalma (personifikasi), babandingan (ngumpamakeun/simile), hiperbola/kaleuleuwihi, jeung mindoan/ purwakanti.

d. Ajén Agama dina Wawacan

Ajén agama anu dianalisis dina ieu wawacan ngawengku kana akidah, ahlak, jeung fiqih.

Akidah anu kapanggih dina ieu wawacan nya éta iman ka Alloh, sipat-sipat Alloh, qada’ jeung qadar (takdir), jalma kapir bakal rugi, jeung ayana jin-jin anu diciptakeun sarua jeung jalma nya éta taya lian pikeun ibadah ka Alloh. Ngeunaan ahlak nu kapanggih tina para palakuna nya éta aya ahlak anu hadé jeung ahlak anu goréng.

Salian ti akidah jeung ahlak, dina ieu wawacan dianalisis ogé unsur fiqihna. Fiqih anu kapanggih dina ieu wawacan nya éta perkara warisan, waktu dina sholat fardhu, nikah, solat jenazah, jeung perkara pamajikan anu doraka ka salakina.

(3)

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

e. Bahan Ajar Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Wawacan

Ieu wawacan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca di tingkat SMA dumasar kana SKKD pangajaran basa sunda di SMA ngeunaan maca carita buhun. Dina maca carita buhun, siswa diperedih pikeun maham lain ngan saukur wawacan nu dibacana wungkul, tapi ogé jeung struktur intrinsik sarta ajén agamana.

5.2 Saran

Naskah wawacan mangrupa karya sastra buhun nu masih dianggap anéh ku sawatara masarakat kaasup siswa sakola. Saupama nanya ka masarakat atawa ka siswa ngeunaan naskah, maranéhna bakal mikir yén éta naskah téh naskah drama. Padahal nu dimaksud naskah didieu nya éta naskah anu eusina karya sastra buhun anu ditulis dina wangun pupuh. Ku kituna pangajaran maca ngeunaan wawacan téh penting pisan, lantaran pikeun ngawanohkeun naskah Sunda anu eusina ngeunaan karya sastra, lain nu mangrupa naskah drama. Aya sababaraha saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana:

1) Wawacan Hikayat Hasan Shoig Bashri dipiharep bisa dijadikeun bahan panalungtikan satuluyna, sangkan ieu wawacan téh pada apal jeung bisa numuwuhkeun minat masarakat kana maca naskah Sunda

2) Perlu aya tarékah pikeun ngawanohkeun karya sastra sunda buhun ka para siswa. Tapi nu jadi guru kudu bisa ngaping murid-muridna sangkan teu salah kaprah dina ngartikeun karya sastra Sunda buhun. Ku kituna, dipiharep guru-guru téh bisa ngawasa matéri nu rék diajarkeun ka muridna.

3) Dilarapkeunna hasil ieu panalungtikeun pikeun bahan ajar dina widang sastra, basa, agama, jeung seni di sakola.

(4)

DAPTAR PUSTAKA

Anshari, H. Endang Saifuddin. (2004). Wawasan Islam (Pokok-Pokok Tentang

Paradigma dan Sistem Islam). Jakarta: Gema Insani.

Baried, Siti Baroroh., (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta. Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: CV. Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Jawa Barat.

Haerudin, D., spk. (2010). Peperenian Urang Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Hernawati, Erna. (2007). Karakteristik Palaku jeung Ajén Kaagamaan dina

Wawacan Sajarah Lampahing Perwali Kabéh. Skripsi Sarjana FPBS UPI

Bandung: tidak diterbitkan.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, C. R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya

Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT. Gramedia.

Koswara, D. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Lubis, H. Mukhlis., dan Lubis, H. Zulfahmi. (2009). Akhlak Islam. Medan: Pesantren Al-Manar.

Muhyidin, Haji. Hikayat Hasan Shoig Bashri. Batawi: Tidak diterbitkan. Rasjid, H. Sulaiman. (2009). Fiqh Islam. Bandung: PT. Sinar Baru Algensindo. Rohayani, Winda. (2013). Struktur Intrinsik Jeung Unsur Budaya Dina Novél

Tanjeur Na Juritan Jaya Di Buana Karangan Yoséph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA. Skripsi Sarjana FPBS UPI

(5)

Rindi Vaivti Melodi, 2013

AJÉN AGAMA DINA WAWACAN HIKAYAT HASAN SHOIG BASHR PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

Ruhaliah., Iskandarwassid. (2007). (Diktat) Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Ruhaliah. (2011). Wawacan: Sebuah Genrre Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas: Transeliterasi, Edisi, dan Terjemahan:

Aksara Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Shaleh, Q., Dahlan, H.A.A., & Rusamsi, Yus. (1995). Al-Amin Al-Qur’an

Tarjamah Sunda. Bandung: CV. Diponegoro.

Stanton, R. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Yayat., spk. (2007). Makaya Basa (Pangdeudeul Pangajaran Basa

jeung Sastra Sunda). Bandung: SONAGAR Press.

Sumardjo, Jakob., K.M., Saini. (1986). APRESIASI KESUSASTRAAN. Jakarta: PT. Gramedia.

Suryalaga, R. Hidayat. (1997). Étika jeung Tatakrama (Panuyun Pangaweruh

kanggo Guru Sakola Dasar). Bandung: CV. Geger Sunten.

Tamsyah, B. R., An’ Nur, dan Purmawati, T. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka

Setia.

Tamsyah, B. R., Purmasih, dan Purmawati, T. (1999). Kamus Istilah Tata Basa

jeung Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: universitas Pendidikan

Indonesia.