AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA.

(1)

No. 660/FPBS/0251/2013

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Mona Monica NIM 0902413

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2013

(2)

No. 660/FPBS/0251/2013

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA

Oleh

Mona Monica

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Mona Monica 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

No. 660/FPBS/0251/2013

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

MONA MONICA NIM 0902413

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP. 19641110 198903 2 002

Pangaping II,

Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

i

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT

DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA1

oleh Mona Monica2

ABSTRAK

Penelitian yang berjudul “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di SMA” dilatarbelakangi untuk mengetahui nilai-nilai estetika yang terkandung dalam kebudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) nilai kepercayaan, (2) nilai agama, (3) nilai social, (4) nilai estetis yang terkandung dalam kebudayaan Hajat Laut yang ada di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, dan (5) sebagai bahan ajar dalam pembelajaran membaca untuk siswa SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, dengan menggunakan tehnik studi pustaka, observasi dan wawancara. Dari hasil penelitian ini ditemukan bahwa selain nilai estetika yang terkandung dalam kebudayaan Hajat Laut ini meliputi nilai kepercayaan, nilai agama dan nilai sosial. Hasil penelitian mengenai upacara adat Hajat Laut di Palabuanratu efektif dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca di seluruh tingkatan sekolah, khususnya SMA.

Kata kunci: nilai estetika, fungsi dan makna dari simbol-simbol, bahan ajar

1. Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 2. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Angkatan 2009

(5)

i

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

THE REVIEW OF AESTHETIC VALUES WITHIN SEA-THANKSGIVING CULTURE AT PELABUHAN RATU BEACH, SUKABUMI REGENCY FOR ONE OF ALTERNATIVE READING SOURCES OF HIGH SCHOOL

STUDENTS1 by Mona Monica2

ABSTRACT

This study entitled “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di

Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di

SMA” is conducted to find out the aesthetic values within sea-thanksgiving culture at Pelabuhan Ratu beach in the regency of Sukabumi. This study is also aimed to describe (1) belief value, (2) religion value, (3) social value, (4) aesthetic value, and (5) as one alternative source of instructional materials, specifically in the form of reading for high school students. Descriptive methods using literature review, observation and interviews are employed in this study to answer the research questions. From the analysis, it can be concluded that sea-thanksgiving culture

doesn’t only contain aesthetic value, but also belief value, religion value and social

value. Therefore, the result of the study is effective to be designed as an alternative reading source for high school.

Keywords: aesthetic value, function and meaning of the symbols, teaching materials

1. This study is guided by Dr. Ruhaliah, M.Hum. and Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 2. Student of Regional Language Education, batch 2009.

(6)

vi

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK i

PANGJAJAP ii

CATUR PANUHUN iii

DAFTAR EUSI vi

DAFTAR SINGGETAN x

DAFTAR TABÉL xii

DAFTAR FOTO xiii

DAFTAR GAMBAR xiv

DAFTAR BAGAN xv

DAFTAR LAMPIRAN xvi

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 2 1.2.1Watesan Masalah 2

1.2.2Rumusan Masalah 3

1.3Tujuan Panalungtikan 3 1.3.1Tujuan Umum 3

1.3.2Tujuan Husus 3

1.4Mangpaat Panalungtikan 4

1.4.1Mangpaat Tioritis 4 1.4.2Mangpaat Praktis 4 1.5Asumsi Dasar………....5

(7)

vii

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB II ÉSTÉTIKA, BUDAYA, UPACARA TRADISI HAJAT LAUT JEUNG BAHAN AJAR MACA DI SMA

2.1 Éstétika ...7

2.1.1 Wangenan Éstétika ...7

2.1.2 Ruang Lingkup Éstétika ...8

2.1.3 Kamekaran Éstétika ...8

2.1.4 Éstétika jeung Seni ...10

2.2 Budaya ...11

2.2.1 Wangenan Budaya ...11

2.2.2 Wujud Budaya ...12

2.2.3 Unsur-unsur Kabudayaan ...13

2.3 Upacara Tradisi ...13

2.3.1 Wangenan Upacara Tradisi ...13

2.4 Upacara Hajat Laut di Kecamatan Palabuanratu Kabupatén Sukabumi ...14

2.4.1 Ngaran Upacara ...14

2.4.2 Tujuan Upacara ...15

2.4.3 Waktu Upacara ...16

2.4.4 Tempat Upacara ...17

2.4.5 Bahan-bahan dina Upacara ...17

2.4.6 Pihak-pihak anu Kalibet dina Acara ...18

2.5 Sémiotika dina Kabudayaan ...18

2.6 Bahan Ajar Maca ……….………...20

2.6.1 Wangenan Bahan Ajar ...20

2.6.2 Wangenan Maca ...21

2.6.3 Pangajaran Maca dina SKKD Basa jeung Sastra Sunda ………. 21

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Désain Panalungtikan ...26

(8)

viii

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan ...27

3.4 Téhnik Panalungtikan ...27

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ...27

3.4.2 Téhnik Ngolah Data ...28

3.5 Wangenan Operasional ...28

3.6 Instrumén Panalungtikan ...29

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ...31

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI SARTA IMPLIKASINA PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA 4.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ...32

4.1.1 Letak Géografis ...………...…………..………32 4.1.2 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Palabuanratu ...……….……….33

4.1.2.1 Démografi ...33

4.1.2.2 Sistem Pakasaban ...33

4.1.2.3 Pendidikan ...34

4.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ...35

4.1.2.5 Pariwisata ...36

4.1.2.6 Basa ...41

4.2 Kasang Tukang Upacara Hajat Laut di Palabuanratu ...41

4.2.1Gelarna Upacara Adat Hajat Laut ………41

4.3Déskripsi Upacara Adat Hajat Laut ………43

4.3.1Pra Upacara ………..………... 43

4.3.2Prak-prakan Upacara Hajat Laut ……… 46

4.3.3Pasca Upacara ………. 51

4.4Déskripsi Simbol-simbol jeung Ajén-ajén Éstétika nu Nyampak dina Upacara Adat Hajat Laut ………. 51

(9)

ix

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.4.1Simbol-simbol dina Pakakas Upacara ………. 52

4.4.2Ajén Éstétika dina Upacara Hajat Laut ………... 56

4.4.3Babacaan dina Upacara ………..………. 61

4.4.4Waktu dina Upacara ………... 61

4.4.5Tempat Upacara ……….. 61

4.4.6Jalma nu Mingpin jeung Kalibet dina Upacara ………..………. 62

4.5Implikasi Ajén Éstétika dina Upacara Adat Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di SMA.. 62

4.5.1Bahan Pangajaran “Maca Artikel Kabudayaan” ………. 62

4.5.2Silabus Pangajaran “Maca Artikel Kabudayaan”………... 72

4.5.3Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Standar Kompeténsi “Maca Artikel Kabudayaan”………... 74

4.5.4Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) jeung Silabus (Kurikulum 2013)..85

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ...89

5.2 Rékoméndasi ...91

DAPTAR PUSTAKA ...92

LAMPIRAN-LAMPIRAN ...94

(10)

1 Mona Monica, 2013

Model Pengajaran Word Square Dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongeng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Indonesia mangrupa nagara multikultural anu kasohor beunghar ku sélér bangsa sarta budaya. Beungharna budaya nu nyampak di Indonesia kayaning adat istiadat, kasenian, jeung sajabana minangka cicirén bangsa nu utama. Ku kituna sakabéh kabeungharan budaya éta perlu dimumulé, diriksa sarta dimekarkeun sangkan bisa manjang.

Budaya mangrupa kabiasaan manusa jeung alamna nu aya dina kahirupan sapopoé, anu dipibanda ku unggal daérah sarta ngandung ajén-inajén boh anu sifatna

idealistik (imajinasi, cipta, rasa), normatif (aturan, kaédah, adat istiadat), boh

wangun fisik (aya wujudna). Koentjaraningrat (2011: 80) nétélakeun yén sacara

universal, kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya nya éta: (1) basa, (2) sistem

pangaweruh, (3) organisasi social, (4) sistem téhnologi, (5) sistem pakasaban, (6) sistem kapercayaan, jeung (7) sistem kasenian (éstétika).

Tina éta tujuh unsur, sistem kasenian (éstétika) ngajanggélék di antarana dina upacara adat atawa ritual boh anu sipatna rutin boh anu sipatna kakapeungan. Éstétika éta sorangan mangrupa téori-téori ngeunaan kaéndahan atawa seni, anu ngawengku panalungtikan ngeunaan hal anu éndah, panalungtikan ngeunaan prinsip-prinsip landasan seni, sarta pangalaman anu aya patalina jeung seni, penciptaan seni, ngajén atawa refleksi kana karya seni.

Dina kasenian, Hajat Laut mangrupa salasahiji seni tradisional anu geus rutin dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, Jawa Barat, tapi can loba masarakat umum atawa ti luar daérah Jawa Barat anu mikanyaho kana tradisi ieu. Hal ieu dipangaruhan ku ayana budaya deungeun nu asup ka masarakat Indonesia ngaliwatan modernisasi.

Dumasar kana hal éta manusa miboga poténsi anu gedé pikeun mekarkeun sagala hal anu aya di sabudeureunana kaasup ngamekarkeun budaya. Pikeun ngajaga tur

(11)

2

ngariksa budaya éta, tangtu kudu aya perhatian ti sababaraha pihak, boh ti pamaréntah boh ti lembaga-lembaga séjénna. Pamaréntah daérah, sakola, guru katut réngrénganna miboga wewenang pikeun ngajaga tur ngamekarkeun budaya-budaya luyu jeung pangabutuhna, salila teu papalingpang jeung tujunanana. Poténsi nu aya di daérah saperti kabeungharan budaya, kaéndahan alam, ajén-inajén kahirupan masarakat sarta poténsi-poténsi daérah séjénna saperti basa daérah, salasahijina basa Sunda.

Ku kituna panalungtik boga kawajiban pikeun ngawanohkeun deui yén di Kabupatén Sukabumi, hususna Palabuanratu téh miboga hiji tradisi nya éta Hajat Laut.

Hasil panalungtikan nu kungsi dilaksanakeun, di antarana:

1) “Ajén Falsafah dina Upacara Nadran di Desa Blanakan Kecamatan Blanakan Kabupatén Subang pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas 7”, (Skripsi, Ayu Wahyuni, 2012);

2) “Fungsi Simbol dina Upacara Labuh Saji Kecamatan Palabuanratu Kabupatén

Sukabumi”, (Skripsi, Andika Nugraha, 2009);

3) “Ajén Éstétika dina Upacara Sérén Taun di Cigugur Kuningan”, (Skripsi, Nova Scorviana , 2007).

Dumasar kana sawatara masalah di luhur, pangaweruh ngeunaan budaya-budaya lokal sarta diimplikasikeun kana pangajaran maca kacida pentingna, ku

kituna perlu diayakeun panalungtikan anu judulna “Ajén Éstétika dina Kabudayaan

Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan

Ajar Maca di SMA”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Kabudayaan nu aya di tatar Sunda téh loba pisan. Pedaran ngeunaan kabudayaanana ogé lega, boh ajén falsafah boh ajén éstétikana. Kitu ogé pedaran

(12)

3

ngeunaan kabudayaan Hajat Laut, loba pisan ambahanna. Ku kituna panalungtik baris ngawatesanan ieu pedaran, ngeunaan prak-prakan, ajén éstétika nu nyampak dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, sarta ngalarapkeunana dina bahan pangajaran basa Sunda nya éta “maca artikel

kabudayaan” di SMA kelas XII. 1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha sajarah upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh? 2) Kumaha prak-prakanana upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén

Sukabumi téh?

3) Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh?

4) Kumaha implikasi ajén éstétika dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu

Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di

SMA kelas XII?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh ajén éstétika dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun bahan

pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII. 1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun: 1) Sajarah ayana tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. 2) Kumaha prak-prakanna tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén

(13)

4

3) Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi.

4) Nyusun bahan pangajaran ngeunaan ajén éstétika dina tradisi upacara Hajat Laut

di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu aya di masarakat Sunda, hususna di Kabupatén Sukabumi, boh keur nu nalungtik boh keur masarakat lianna.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya lokal pikeun diaplikasikeun dina kahirupan sapopoé, ngamumulé budaya lokal pikeun dipikawanoh deui ka masarakat séjén atawa luar daérah, ngeuyeuban kabudayaan lokal di daérah Jawa Barat, jeung bisa dijadikeun bahan pikeun wisata kabudayaan.

Salian ti éta, hasil panalungtikan ieu ogé bisa dipaké pikeun bahan ajar maca di SMA sangkan nambahan pangaweruh siswa ngeunaan budaya-budaya nu aya di wilayah Jawa Barat.

1.5Asumsi Dasar

Asumsi dasar mangrupa dasar pamikiran anu gunana salaku cecekelan utama pikeun panyusun, anu bebeneranana kudu bisa ditarima ku balaréa. Suyatna (2002: 7) nétélakeun yén asumsi dasar nya éta sakumna bebeneran téori atawa pamadegan anu dijadikeun dadasar dina hiji panalungtikan.

(14)

5

Luyu jeung pamadegan di luhur, nu jadi asumsi dasar dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Kabudayaan mangrupa hasil karya, rasa, tur cipta masarakat nu ngawengku sakabéh aspék kahirupan manusa dina hirup kumbuhna sacara turun-tumurun nu dijaga tur dimumulé;

2) Unggal daérah di Jawa Barat miboga ciri has, boh kasenian boh upacara adat; 3) Upacara Hajat Laut dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Palabuanratu,

salaku ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada panén sarta dipercaya pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng, ieu hal miboga ajén kapercayaan. Dilaksanakeunana nya éta dina tanggal 6 April;

4) Loba ajén-inajén anu nyangkaruk dina upacara Hajat Laut, salasahijina nya éta ajén éstétika;

5) Pentingna ngajaga jeung ngamekarkeun kabudayaan Sunda ku cara ngawanohkeun ka generasi ngora; jeung

6) Panalungtikan ajén éstétika dina upacara Hajat Laut bisa dijadikeun salasahiji bahan pangajaran basa Sunda, hususna ngeunaan kabudayaan.

1.6Raraga Nulis

Raraga nulis dina ieu skripsi nya éta:

1) BAB I: Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, asumsi dasar, wangenan operasional, métode jeung téhnik panalungtikan, sarta raraga nulis. Eusi dina bab ieu nya éta ngeunaan kontéks tina masalah nu baris ditalungtik. 2) BAB II: Kajian téori, eusina ngeunaan éstétika, budaya, upacara Hajat Laut,

jeung bahan pangajaran maca. Dina bab ieu eusina nya éta ngeunaan tatapakan tiori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan.

3) BAB III: Métodologi panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan, sumber data, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung léngkah-léngkah panalungtikan.

(15)

6

4) BAB IV: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan, eusina ngeunaan déskripsi, prak-prakan, jeung ajén éstétika anu nyampak dina tradisi Hajat Laut, sarta implikasina dina bahan pangajaran maca di SMA.

5) BAB V: Kacindekan jeung saran. Dina bab ieu panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtik kahareupna.

(16)

26 Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan nya éta peta konsép, atawa rancangan sangkan panalungtikanana bisa nyumponan kana tujuan anu dimaksud. Désain panalungtikan nu dipaké digambarkeun saperti di handap ieu:

Nangtukeun Masalah  Ngarumuskeun masalah

 Ngarumuskeun anggapan

dasar

 Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan

 Nangtukeun sumber data

Ngumpulkeun Data  Studi pustaka

 Observasi langsung

 Wawancara

 Dokuméntasi

Ngolah Data

Nyieun Kacindekan

(17)

27

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta tradisi Hajat Laut. Dermaga II PPNP (Pelabuhan Perikanan Nusantara Pelabuhan Ratu/Pasar Pelelangan Ikan) Palabuanratu di Kabupatén Sukabumi anu mangrupa tempat dilaksanakeunana upacara tradisi Hajat Laut, sarta narasumber anu kalungguhanna salaku girang serat dina panata acara Hajat Laut 2013, data-data online anu aya patalina jeung upacara Hajat Laut di Palabuanratu, sarta tina sababaraha buku anu medar ngeunaan data-data anu ditalungtik.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode déskriptif ieu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ngeunaan ajén éstétika anu aya dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu, garapanna museur kana runtuyan upacarana, sarta ajén éstétika dina prak-prakkan upacara tuluy dijadikeun

bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII.

3.4 Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

1) Téhnik Ulikan Pustaka

Téhnik ulikan pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun data-data tulisan pikeun nangtukeun dasar-dasar téori nu aya patalina jeung objék panalungtikan.

2) Téhnik Observasi

Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpukeun data ku cara langsung niténan kaayaan daérah nu rék ditalungtik katut kahirupan masarakatna, sarta bisa niténan langsung prak-prakan upacara adatna.

(18)

28

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara ngawawancara narasumber/informan anu miboga informasi atawa ngeunaan upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi.

4) Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, ku cara ngumpulkeun data anu mangrupa gambar (foto).

3.4.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data nya éta nganalisis data-data anu geus dikumpulkeun tina hasil panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Anu didéskripsikeunana nya éta prak-prakan upacara Hajat Laut, ajén éstétika anu nyampak dina runtuyan kagiatan dina upacara Hajat Laut, sarta dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran maca

di SMA kelas XII nya éta ”maca artikel kabudayaan”. 3.5 Wangenan Operasional

Sangkan aya gambaran dina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, di antarana :

1. Ajén éstétika

Ajén éstétika nya éta nilai atawa pangaji nu dihasilkeun tina pamikiran anu diulik bebeneranna pikeun ngungkap hiji pasualan penting ngeunaan seni jeung kaéndahanana sarta pamadegan manusa dina éta kabudayaan Hajat Laut misalna ajén éstétika nu aya patalina jeung agama.

2. Budaya

Budaya mangrupa kabiasaan manusa jeung alamna nu aya dina kahirupan sapopoé, anu dipibanda ku unggal daérah sarta ngandung ajén-inajén boh anu

(19)

29

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sifatna idealistik (imajinasi, cipta, rasa, karsa) normatif (aturan, kaédah, adat istiadat), boh wangun fisik (aya wujudna).

3. Hajat Laut

Hajat Laut nya éta mangrupa budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu dilaksanakeun di Palabuanratu, Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun sataun sakali anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada panén, sarta dipercaya pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng, hal ieu miboga ajén kapercayaan.

4. Bahan Ajar

Bahan ajar nya éta sakabéh bahan atawa komponén pangajaran anu rék ditepikeun dina kagiatan ngajar, mangrupa élmu pangaweruh nu kudu dikawasa ku guru jeung murid.

5. Maca

Maca mangrupa salasahiji pangajaran anu aya dina SKKD jeung KIKD Basa Sunda.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kaméra foto,

handphone jeung pedoman wawancara.

1. Kaméra Foto

Kaméra digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan upacara Hajat Laut, sarta hal-hal anu aya patalina jeung upacara Hajat Laut.

2. Ponsel

Ponsel digunakeun pikeun ngarékam obrolan-obrolan atawa wawancara

(20)

30

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3. Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngabantu panalungtik ngumpulkeun data ku cara wawancara jeung narasumber, kalayan ngagunakeun patokan mangrupa daftar patalékan anu patali jeung masalah nu rék ditalungtik. Tujuanna sangkan obrolan museur kana tujuan anu baris dihontal. Daftar patalékanana nya éta:

1) Biodata Narasumber/Informan:

a. Wasta:………...

b. Tempat, ping gumelar:………...

c. Kalungguhan:………

d. Atikan:………..

2) Daftar Patalékan:

a. Kumaha sajarah upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh?

b. Iraha dilaksanakeunna upacara Hajat Laut di Palabuanratu téh?

c. Hal-hal naon waé anu kudu disiapkeun nalika rék ngalaksanakeun upacara Hajat Laut?

d. Pakakas naon waé anu digunakeun dina éta upacara? e. Saha/pihak mana waé anu kalibet dina éta kagiatan?

f. Kumaha prak-prakanana upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh?

g. Amanat naon waé anu aya dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh?

h. Ajén éstétika naon waé anu nyampak boh dina runtuyan kagiatan boh dina palengkep kagiatan?

(21)

31

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.7Léngkah-léngkah Panalungtikan

1) Léngkah Tatahar

Léngkah tatahar mangrupa léngkah anu mimiti dilaksanakeun dina panalungtikan, léngkah tatahar ngawengku:

a) Ngajukeun judul panalungtikan; b) Nyusun rarancang panalungtikan;

c) Survey ka tempat anu baris dipaké panalungtikan;

d) Ngadamel surat ijin panalungtikan; e) Konsultasi ka dosén pangaping 2) Léngkah Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha léngkah dina ngumpulkeun data, nya éta: a) Talaah pustaka;

b) Observasi lapangan;

c) Wawancara ka narasumber;

d) Ngarékam wawancara jeung ngadokumentasikeun data nu kacangking; e) Konsultasi ka dosén pangaping.

3) Léngkah Ngolah Data

Data anu geus ngumpul tuluy dianalisis. Aya sababara hal anu dilakukeun dina ngolah data nya éta:

a) Nganalisis data anu geus ngumpul; b) Milihan data-data anu dianggap penting;

c) Ngadéskripsikeun sarta nyieun kacindekan tina data anu geus ngumpul. 4) Léngkah Nyusun Laporan

Nyusun laporan mangrupa léngkah anu pamungkas dina ieu panalungtikan. Data hasil panalungtikan dianalisis, tuluy disusun dumasar kana sistematika nulis karya ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia dina wangun skripsi.

(22)

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Panalungtikan ngeunaan “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di

Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di

SMA”, ngahasilkeun sababaraha kacindekan nya éta:

Hajat Laut nya éta budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu dilaksanakeun di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun sataun sakali pikeun ngedalkeun rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabab geus dipaparin kalancaran nalika ngala lauk sarta hasilna nyugemakeun. Kagiatan Hajat Laut dilaksanakeun ti tanggal 17 Maret 2013 nepi ka 14 April 2013, sedengkeun puncak acara anu mangrupa upacara adat dilaksanakeun dina tanggal 6 April 2013. Tempat anu digunakeun pikeun lumangsungna upacara adat nya éta dimimitian ku arak-arakan karnaval anu biasana dimimitian ti pendopo Palabuanratu nepi ka Dermaga II PPNP (Pelabuhan Perikanan Nusantara Pelabuhan Ratu/Pasar Pelelangan Ikan), anu mangrupa puseur lumangsungna acara inti upacara adat. Bahan-bahan nu rék digunakeun dina upacara nya éta sasajén anu eusina tukik (anak penyu), alat rias, rampé, rurujakan, bubuahan, dangdaunan, tumpeng, kopi amis jeung pait, téh amis jeung pait, kabuli, udud bako kabiri, apel jin, beuleum sampeu, menyan, madat, pakakas dapur anu kabéh tina kai, bubur beureum bubur bodas, jeung cai kembang. Éta bahan anu geus disebutkeun pikeun prosési ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. Dina upacara Hajat Laut aya sababaraha tahapan, nya éta: 1) Pra Upacara: Kagiatanana ngawengku pertandingan saperti catur, maén bola, volley, jsb. Salian ti pertandingan ogé aya bakti sosial, salasahiji kagiatanna nya éta sunatan masal. 2)

(23)

90

89 Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Prak-prakan Upacara: Kagiatanana ngawengku arak-arakan ti alun-alun ka Dermaga TPI II, bubuka upacara ku para inohong, prosési upacara adat Hajat Laut, ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. 3) Pasca Upacara: Kagiatanana ngawengku kagiatanana anu sipatna pangreuah atawa hiburan saperti Lomba

Tradisional Bahari (néwak soang, ngarias parahu, dayung blong, dsb), Pagelaran

Seni Réog, Gebyar Dangdut Pesisir, Lomba Fashion Show dan Mewarnai (TK), karoké, Wayang Golék, jeung Tabligh Akbar.

2) Aya sababaraha ajén anu nyangkaruk dina runtuyan kagiatan, saperti ajén sosial budaya, ajén atikan, ajén agama, jeung ajén kasenian kaasup ajén éstétika. Ditilik tina aspék kasenian, upacara adat Hajat Laut di Palabuanratu ngandung kaéndahan (ajén éstétika). Dina ieu upacara, salian ti ébréhan rasa sukur masarakat Sunda kana naon anu geus ditarimana, ogé dibarung ku ayana unsur-unsur kaéndahan boh dina lumangsungna kagiatan boh dina pakakas jeung bahan-bahan anu digunakeun. Ayana acara-acara kasenian dina éta upacara némbongkeun luhurna sikep masarakat Palabuanratu kana ngajénan warisan seni katut budaya anu diwariskeun ti para karuhunna, dibarengan ku étika jeung éstétika dina lumangsungna kaharmonisan antar warga.

3) Ajén éstétika nu nyampak dina Upacara Adat Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya, nya éta “Maca Artikel Kabudayaan”. Ieu matéri saluyu pikeun pangajaran siswa SMA kelas XII.

(24)

91

89 Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran

Sanggeus nalungtik ajén éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, karasa pisan mangpaatna pikeun panalungtik. Panalungtik perlu nepikeun saran pikeun kahadéan balaréa, di antarana:

1) Bangsa anu hade nya éta bangsa anu ngamumulé tur ngeuyeuban tradisi kabudayaan titinggal karuhunna (budaya local). Hajat Laut mangrupa budaya local anu geus sakuduna dimumulé. Ku kituna, penting pikeun balaréa hususna generasi anyar, sangkan leuwih nyaah kana tradisi kabudayaan titinggal karuhun sangkan terus nanjeur, minimal apal kana sajarahna.

2) Hasil panalungtikan ngeunaan upacara Hajat Laut bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.

3) Ngaraketkeun tali duduluran papada urang Sunda jeung jalma réa, hususna antar warga Palabuanratu. Hal-hal anu aya patalina jeung luar logika bisa diguar sacara logis dina ieu panalungtikan. Ku kituna, mudah-mudahan ieu upacara mawa barokah ka balaréa, lain sabalikna matak nyasabkeun jalma kana hal-hal anu tahayul. Tapi lamun diteuleuman deui, loba pisan ajén-ajén anu luhung, sarta

ma’na jeung fungsi tina simbol-simbol dina upacara adat Hajat Laut anu sipatna papatah sangkan jalma terus inget ka nu nyiptakeunana nya éta Alloh SWT.

(25)

92

Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Matius. 2011. Estetika Pengantar Filsafat Seni. Karang Mulya: Sanggar Luxor, Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat,

Dharsono. 2007. Estetika. Bandung: Rekayasa Sains,

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. 2011. “Wisata Provinsi Jawa

Barat”. (online). Tersedia:

http://www.disparbud.jabarprov.go.id/wisata/dest-det.php?id=282&lang=id [16 Mei 2011],

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV Geger

Sunten,

Herimanto, Winarno. 2011. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara, Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra (Handout Perkuliahan Téori Sastra).

Bandung,

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2013). “Silabus Mata Pelajaran Bahasa dan

Sastra Sunda SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA”. (online). Tersedia:

http://sunda.upi.edu/2013/07/silabus-mata-pelajaran-bahasa-dan-sastra-sunda-sdmi-smpmts-smama/ [25 Juli 2013],

Koentjaraningrat. 2011. Pengantar Antropologi I. Jakarta: Rineka Cipta,

Liske, Octoviany Virginia. 2012. Ajén Falsafah dina Upacara Sérén Taun di

Kelurahan Cigugur Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: teu

dipedalkeun.

Soelaeman, Munandar. 2010. Ilmu Budaya Dasar – Suatu Pengantar. Bandung: PT. Refika Aditama,

Suryalaga, Hidayat. 2010. Filsafat Sunda – Sekilas Interpretasi -. Bandung: Yayasan

Nur Hidayah,

Tarigan, Henry Guntur. 2008. MEMBACA Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Percetakan Angkasa,

(26)

93 Mona Monica, 2013

Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung,

Tim Penyusun Kamus Besar Bahasa Indonesia. 1989. Kamus Besar Bahasa

Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka,

UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI,

Widyosiswoyo, Supartono. 2009. Ilmu Budaya Dasar. Bogor: Ghalia Indonesia,

(1)

31

3.7Léngkah-léngkah Panalungtikan

1) Léngkah Tatahar

Léngkah tatahar mangrupa léngkah anu mimiti dilaksanakeun dina panalungtikan, léngkah tatahar ngawengku:

a) Ngajukeun judul panalungtikan; b) Nyusun rarancang panalungtikan;

c) Survey ka tempat anu baris dipaké panalungtikan;

d) Ngadamel surat ijin panalungtikan; e) Konsultasi ka dosén pangaping 2) Léngkah Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha léngkah dina ngumpulkeun data, nya éta: a) Talaah pustaka;

b) Observasi lapangan;

c) Wawancara ka narasumber;

d) Ngarékam wawancara jeung ngadokumentasikeun data nu kacangking; e) Konsultasi ka dosén pangaping.

3) Léngkah Ngolah Data

Data anu geus ngumpul tuluy dianalisis. Aya sababara hal anu dilakukeun dina ngolah data nya éta:

a) Nganalisis data anu geus ngumpul; b) Milihan data-data anu dianggap penting;

c) Ngadéskripsikeun sarta nyieun kacindekan tina data anu geus ngumpul. 4) Léngkah Nyusun Laporan

Nyusun laporan mangrupa léngkah anu pamungkas dina ieu panalungtikan. Data hasil panalungtikan dianalisis, tuluy disusun dumasar kana sistematika nulis karya ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia dina wangun skripsi.

(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Panalungtikan ngeunaan “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di

Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di

SMA”, ngahasilkeun sababaraha kacindekan nya éta:

Hajat Laut nya éta budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu dilaksanakeun di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun sataun sakali pikeun ngedalkeun rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabab geus dipaparin kalancaran nalika ngala lauk sarta hasilna nyugemakeun. Kagiatan Hajat Laut dilaksanakeun ti tanggal 17 Maret 2013 nepi ka 14 April 2013, sedengkeun puncak acara anu mangrupa upacara adat dilaksanakeun dina tanggal 6 April 2013. Tempat anu digunakeun pikeun lumangsungna upacara adat nya éta dimimitian ku arak-arakan karnaval anu biasana dimimitian ti pendopo Palabuanratu nepi ka Dermaga II PPNP (Pelabuhan Perikanan Nusantara Pelabuhan Ratu/Pasar Pelelangan Ikan), anu mangrupa puseur lumangsungna acara inti upacara adat. Bahan-bahan nu rék digunakeun dina upacara nya éta sasajén anu eusina tukik (anak penyu), alat rias, rampé, rurujakan, bubuahan, dangdaunan, tumpeng, kopi amis jeung pait, téh amis jeung pait, kabuli, udud bako kabiri, apel jin, beuleum sampeu, menyan, madat, pakakas dapur anu kabéh tina kai, bubur beureum bubur bodas, jeung cai kembang. Éta bahan anu geus disebutkeun pikeun prosési ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. Dina upacara Hajat Laut aya sababaraha tahapan, nya éta: 1) Pra Upacara: Kagiatanana ngawengku pertandingan saperti catur, maén bola, volley, jsb. Salian ti pertandingan ogé aya bakti sosial, salasahiji kagiatanna nya éta sunatan masal. 2)

(3)

90

Prak-prakan Upacara: Kagiatanana ngawengku arak-arakan ti alun-alun ka Dermaga TPI II, bubuka upacara ku para inohong, prosési upacara adat Hajat Laut, ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. 3) Pasca Upacara: Kagiatanana ngawengku kagiatanana anu sipatna pangreuah atawa hiburan saperti Lomba

Tradisional Bahari (néwak soang, ngarias parahu, dayung blong, dsb), Pagelaran

Seni Réog, Gebyar Dangdut Pesisir, Lomba Fashion Show dan Mewarnai (TK), karoké, Wayang Golék, jeung Tabligh Akbar.

2) Aya sababaraha ajén anu nyangkaruk dina runtuyan kagiatan, saperti ajén sosial budaya, ajén atikan, ajén agama, jeung ajén kasenian kaasup ajén éstétika. Ditilik tina aspék kasenian, upacara adat Hajat Laut di Palabuanratu ngandung kaéndahan (ajén éstétika). Dina ieu upacara, salian ti ébréhan rasa sukur masarakat Sunda kana naon anu geus ditarimana, ogé dibarung ku ayana unsur-unsur kaéndahan boh dina lumangsungna kagiatan boh dina pakakas jeung bahan-bahan anu digunakeun. Ayana acara-acara kasenian dina éta upacara némbongkeun luhurna sikep masarakat Palabuanratu kana ngajénan warisan seni katut budaya anu diwariskeun ti para karuhunna, dibarengan ku étika jeung éstétika dina lumangsungna kaharmonisan antar warga.

3) Ajén éstétika nu nyampak dina Upacara Adat Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya, nya éta “Maca Artikel Kabudayaan”. Ieu matéri saluyu pikeun pangajaran siswa SMA kelas XII.

(4)

5.2 Saran

Sanggeus nalungtik ajén éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, karasa pisan mangpaatna pikeun panalungtik. Panalungtik perlu nepikeun saran pikeun kahadéan balaréa, di antarana:

1) Bangsa anu hade nya éta bangsa anu ngamumulé tur ngeuyeuban tradisi kabudayaan titinggal karuhunna (budaya local). Hajat Laut mangrupa budaya local anu geus sakuduna dimumulé. Ku kituna, penting pikeun balaréa hususna generasi anyar, sangkan leuwih nyaah kana tradisi kabudayaan titinggal karuhun sangkan terus nanjeur, minimal apal kana sajarahna.

2) Hasil panalungtikan ngeunaan upacara Hajat Laut bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.

3) Ngaraketkeun tali duduluran papada urang Sunda jeung jalma réa, hususna antar warga Palabuanratu. Hal-hal anu aya patalina jeung luar logika bisa diguar sacara logis dina ieu panalungtikan. Ku kituna, mudah-mudahan ieu upacara mawa barokah ka balaréa, lain sabalikna matak nyasabkeun jalma kana hal-hal anu tahayul. Tapi lamun diteuleuman deui, loba pisan ajén-ajén anu luhung, sarta

ma’na jeung fungsi tina simbol-simbol dina upacara adat Hajat Laut anu sipatna papatah sangkan jalma terus inget ka nu nyiptakeunana nya éta Alloh SWT.

(5)

92

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Matius. 2011. Estetika Pengantar Filsafat Seni. Karang Mulya: Sanggar Luxor, Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat,

Dharsono. 2007. Estetika. Bandung: Rekayasa Sains,

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. 2011. “Wisata Provinsi Jawa Barat”. (online). Tersedia: http://www.disparbud.jabarprov.go.id/wisata/dest-det.php?id=282&lang=id [16 Mei 2011],

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV Geger

Sunten,

Herimanto, Winarno. 2011. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara, Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra (Handout Perkuliahan Téori Sastra).

Bandung,

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2013). “Silabus Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA”. (online). Tersedia: