AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN TOLÉAT DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NULIS ÉSSÉY DI SMA KELAS XII.

(1)

DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku Rita Rahayu NIM 0902447

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAÉRAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013


(2)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN TOLÉAT DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NULIS ÉSSÉY

DI SMA KELAS XII

Oleh Rita Rahayu

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Rita Rahayu 2013

Universitas Pendidikan Indonesia Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

RITA RAHAYU NIM 0902447

AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN TOLÉAT DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NULIS ÉSSÉY

DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001

Pangaping II,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(4)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN TOLÉAT DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NULIS ÉSSÉY

DI SMA KELAS XII1)

RITA RAHAYU2) 0902447

ABSTRAK

Penelitian ini mengambil objek tentang kesenian Toleat yang ada di Kabupaten Subang tepatnya di sanggar seni Émpér Paré Toléatter. Hal ini dilatarbelakangi oleh beberapa hal, salah satunya yaitu kesenian Toleat merupakan kesenian asli masarakat agraris Pantura Subang yang kurang dikenal oleh masyarakat. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui: 1)bagaimana sejarah tumbuh dan berkembangnya kesenian toléat, 2) unsur-unsur seni apa saja yang terdapat pada kesenian toléat, 3) bagaimana proses pertunjukan kesenian toléat, 4) nilai estetika apa saja yang terdapat dalam kesenian toleat, dan 5) sesuai tidaknya nilai keindahan kesenian Toléat dijadikan alternative bahan pembelajaran menulis esai di SMA kelas XII. Cara yang digunakan untuk menganalisis datanya yaitu menggunakan teori Kant mengenai nilai keindahan. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan menggunakan teknik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, sadap rekam dan studi dokuméntasi. Dalam penelitian ini ditemukan hal-hal atau data, yaitu Toléat pada awalnya merupakan alat musik yang tumbuh dan berkembang di kabupaten Subang yang terbuat dari bamboo tamiang yang dimainkan dengan cara ditiup. Fungsi kesenianToleat adalah sebagai hiburan, pertujukan dan kreasi/ kontemporer. Unsur-unsur seni yang mendukung kesenian Toleat adalah unsure alat musik (waditra), unsur suara (lagu), dan unsur seni rupa/ busana. Nilai keindahan (estetika) pada kesenian ini dilihat dari: 1) unsur waditra (karawitan), 2) unsur suara (Lagu), 3) unsur seni rupa dan seni busana, dan 4) prosés pertunjukan kesenian toléat. Penelitian ini bermanfaat untuk menambah pengetahuan tentang nilai estetika (keindahan) yang terkandung dalam kesenian Toleat dan menambah alternative bahan pembelajaran menuli sesai di SMA kelas XII.

Kata Kunci: Ajén Éstétika, Kasenian Toléat, Bahan Pangajaran

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Drs. Ruswéndi Permana, M.Hum selakupembimbing Idan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. selaku Pembimbing II

2)

Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Angkatan 2009, Universitas Pendidikan Indonesia


(5)

AESTHETICS VALUE TOLÉAT ART IN SUBANG DISTRICT FOR WRITING AN ESSAY MATERIALS LEARNING

IN CLASS XII HIGH SCHOOL1)

RITA RAHAYU2) 0902447

ABSTRACT

This study takes the object of art Toleat's in Subang regency precisely in Toléatter Paré art gallery porch. This is motivated by several things, one of which art is original art masarakat Toleat agrarian Pantura Subang less known by the public. This study aims to determine: 1) how the growth and development of art history toléat, 2) the elements of the art of what is contained in toléat arts, 3) how the process of cultural shows toléat, 4) any aesthetic value contained in toleat arts, and 5) the suitability of the value of artistic beauty Toléat be alternative learning materials to write essays in high school class XII. Methods used to analyze the data is to use Kant's theory about the value of beauty. The method used in this research is descriptive method using the techniques of literature review, observation, interviews, tapping records and documentation. In this study found the things or data, which was originally a Toléat musical instrument that grows and develops in Subang district made of tamiang bamboo which is played by blowing. Toleat function is as entertainment, show and creation / contemporary. The elements of art in favor of art Toleat is unsure of musical instruments, elements of the sound (song), and the elements of art / fashion. Value of beauty (aesthetics) is seen on the art of: 1) waditra elements (musical), 2) sound elements (songs), 3) elements of art and the art of fashion, and 4) the process of performing arts toléat. This research to increase knowledge about the aesthetic value (beauty) is contained in the arts Toleat and add alternative learning materials to write an essay in high school class XII.

Keywords: Aesthetics Value, Toléat Art, materials learning 1)

Skripsi ini dibimbing oleh Drs. Ruswéndi Permana, M.Hum selakupembimbing Idan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. selaku Pembimbing II

2)

Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Angkatan 2009, Universitas Pendidikan Indonesia


(6)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

LEMBAR PENGESAHAN ... ii

ABSTRAK ... iii

PANGJAJAP ... iv

CATUR PANUHUN ... vi

DAFTAR EUSI ... ix

DAFTAR SINGGETAN ... xii

DAFTAR TABÉL ... xiii

DAFTAR GAMBAR ... xiv

DAFTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 4

BAB II ÉSTÉTIKA, KASENIAN TOLÉAT JEUNG BAHAN PANGAJARAN 2.1 Kabudayaan ... 6

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 6

2.1.2 Unsur-Unsur Kabudayaan ... 6

2.1.3 Wujud Kabudayaan ... 7

2.2 Kasenian ... 7

2.3 Toléat... 8

2.4 Éstétika ... 9

2.5 Kasenian Dumasar Kana Pamarekan Éstétika ... 11

2.6 Bahan Pangajaran Maca ... 14

2.6.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 14


(7)

2.6.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 15

2.6.4 Standar Kompetensi Kompetensi Dasar (SKKD) ... 16

2.6.5 Pangajaran Nulis ... 17

2.6.6 Pangajaran Nulis Éséy di SMA ... 17

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan ... 20

3.1.1 Lokasi Géografis ... 20

3.1.2 Kondisi Sosial, Budaya, jeung Ekonomi ... 22

3.1.2.1 Penduduk ... 22

3.1.2.2 Pakasaban ... 22

3.1.2.3 Pendidikan ... 23

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ... 23

3.1.2.5 Basa ... 23

3.2 Sumber Data Panalungtikan ... 24

3.2 Desain Panalungtikan ... 25

3.3 Métode Panalungtikan ... 26

3.4 Wangenan Operasional ... 26

3.4.1 Ajén Éstétika ... 27

3.4.2 Kasenian Toléat ... 27

3.4.3 Kabupaten Subang ... 27

3.4.4 Bahan Pangajaran Nulis ... 27

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 28

3.5.1 Pedoman Wawancara ... 28

3.5.2 Alat Rékam Audio... 29

3.5.3 Alat Rékam Vidio ... 29

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 29

3.6.1 Studi Pustaka ... 30

3.6.2 Obsérvasi ... 30

3.6.3 Wawancara ... 30

3.6.4 Sadap Rekam ... 31

3.6.5 Studi Dokuméntasi ... 31

3.7 Téhnik Nganalisis Data ... 31

3.7.1 Tatahar... 31

3.7.2 Tabulasi ... 32


(8)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB IV ANALISIS AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN TOLÉAT DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY DI SMA KELAS XII

4.1 Déskripsi Kasenian Toléat di Kabupaten Subang ... 33

4.1.1 Sajarah Tumuwuh jeung Mekarna Kasenian Toléat di Kabupatén Subang ... 33

4.2.2 Pungsi Toléat ... 35

4.3 Unsur- unsur Seni dina Kasenian Toléat ... 37

4.3.1 Unsur Waditra (Karawitan) ... 37

4.3.2 Unsur Sora (Lalaguan) ... 44

4.3.3 Unsur Seni Rupa jeung Seni Busana ... 50

4.4 Prak-prakkan Kasenian Toléat ... 58

4.5 Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat dumasar kana Tiori Ajén Kant ... 59

4.5.1 Ajén éstétika dina unsur waditra ... 59

4.5.2 Ajén éstétika dina unsur sora ( Lalaguan) ... 61

4.5.3 Ajén éstétika dina unsur seni rupa jeung seni busana ... 67

4.5.4 Ajén éstétika dina prak-prakkan kasenian Toléat ... 68

4.6 Rarancang Pangajaran Nulis Ésséy di SMA kelas XII ... 70

4.6.1 Silabus ... 70

4.6.2 Rencana Pelaksanaan Program Pembelajaran (RPP) ... 71

BAB V KACINDEKKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekkan ... 75

5.2 Saran ... 78

DAFTAR PUSTAKA ... 79

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 83


(9)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran manusa anu asalna tina kabiasaanana nu aya di hiji masarakat. Luyu jeung pamadegan Koentjaraningrat (1978: 19), budaya téh nya éta sakabéh gagasan jeung karya manusa nu kudu dibiasakeun ku cara diajar ngeunaan hasil budi jeung karyana.

Unggal bangsa miboga kabudayaan, kitu deui urang Sunda salaku salasahiji sélér bangsa miboga kabudayaan anu ngajanggélék dina rupa-rupa sistem diantarana sistem réligi, sistem kasenian, sistem kamasarakatan, jeung sistem pakasaban. Dina sistem religi contona aya upacara adat nadran jeung upacara mapag Déwi Sri. Kitu ogé dina sistem kasenian, unggal wewengkon tangtu miboga kasenian has sewang-séwangan luyu jeung kaayaan geografis sarta sosial budayana, contona kasenian lais ti Garut, kasenian sampyong ti Majaléngka, kasenian kuda kosong ti Cianjur, jeung kasenian parebut sééng ti Sukabumi. Dina sistem kamasarakatan aya kabudayaan gotong royong kitu ogé dina sistem pakasaban aya kabudayaanna sorangan.

Kasenian mangrupa alat pikeun ngaéksprésikeun rasa jeung kahayang manusa nu dibarengan ku kréatifitas. Nurutkeun Raga (2007: 38), kasenian mangrupa alat pikeun ngébréhkeun idé-idé, ajén, kahayang, jeung rasa. Kasenian téh mangrupa hasil tina prosés cipta anu patali jeung unsur kréatifitas manusa nu mangrupa konsumsi psikologis. Kasenian téh aya sababaraha rupa diantarana nya éta: seni rupa, seni tari, seni lukis, seni sastra, jeung seni musik.

Kabudayaan tumuwuh jeung mekar di hiji komunitas masarakat. Di Kabupatén Subang aya rupa-rupa kasenian tradisional diantarana: sisingaan, genjring bonyok, dogér kontrak, genjring rudat, pantun, gembyung, jeung toléat.

Toléat mangrupa waditra anyar anu tumuwuh tur mekar di Kabupatén Subang nu kaasup kana waditra tiup. Toléat mimitina dijieun ku tukang angon nu ngaranna Parman ti daérah Pantura Subang. Waditra toléat salaku hasil kréatifitas


(10)

2

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

masarakat agraris. Dina ieu kasenian nyangkaruk ajén-inajén nu acan kapesék naon eusi nu aya dijerona, boh patali jeung sajarah boh patali jeung pintonan.

Kiwari, para nonoman Sunda leuwih migandrung kasenian anu asalna ti bangsa deungeun saperti band jeung akustik. Teu loba nonoman anu mikawanoh komo nepi ka migandrung kasenian tradisional anu jadi cirina sorangan téh nepi ka dianggap kampungan. Padahal éta kasenian mangrupa idéntitasna sorangan anu kudu diriksa. Lian ti éta, aya nu mikaresep seni ngan saukur kana senina hungkul teu maliré kana ajén-inajén anu nyangkaruk dina éta kasenian.

Sakola salaku salasahiji tempat méré jeung narima informasi sarta ngawanohkeun rupa-rupa hal pikeun ngamumulé kabudayaan anu kagambar dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD). Bahan ajar atawa materi ajar nya éta materi anu ditepikeun ka siswa salaku sarana pikeun ngahontal Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) (Depdiknas, 2003). Materi pangajaran (instructional materials) nya éta pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep anu kudu diulik pikeun ngahontal SKKD. Bahan pangajaran anu ditepikeun ku guru méh sarua ti waktu ka waktu. Ku kituna dibutuhkeun kaparigelan pikeun ngajembaran bahan pangajaran.

Panalungtikan nu geus dilaksanakeun ngeunaan kasenian Toléat, nya éta “Teknik Permainan Toleat Gaya Asep Nurbudi di Kabupatén Subang” ku Silvia

Novianti jurusan Seni Musik UPI Bandung taun 2007 nalungtik ngeunaan téhnik mintonkeun toléat, jeung “Repertoar Lagu Enko, Rincik manik, Waru Doyong pada Alat Musik Toleat” ku Asep Nurbudi jurusan Karawitan STSI Bandung taun 2008 nalungtik ngeunaan repertoar lagu dina toléat patali jeung seni penciptaan waditra toléatna.

Tina pedaran di luhur tétéla yén ambahan kabudayaan lega pisan. Kiwari, loba masarakat anu teu wanoh kana kabudayaanana sarta ajén-inajén anu nyampak di jerona, nepi ka loba kabudayaan anu leungit lantaran taya regenerasi. Ku ayana éta pasualan sarta pentingna ngainventarisir kabudayaan, nu nulis miharep ieu panalungtikan téh bisa jadi bahan ajar pikeun ngawanohkeun tur nambahan pangaweruh sangkan para nonoman mikawanoh tur mikareueus kana kabudayaanana. Ku kituna panalungtikan anu judulna “Ajén Éstétika Kasenian


(11)

Toléat di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy di SMA kelas XII ” dianggap perlu diayakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di Kabupatén Subang, tempat tumuwuh jeung mekarnana ieu kasenian. Pedaran ngeunaan kasenian di Tatar Sunda téh lega pisan ambahanana ti mimiti ajén falsafah, ajén éstétika, ajén sosial, ajén moral, ajén agama, jeung ajén atikan. Ku kituna sangkan puguh pedaranana tur teu lega teuing, ieu panalungtikan baris diwatesanan nalungtik ngeunaan ajén éstétika nu nyampak dina kasenian toléat ku lantaran hiji karya seni pasti miboga kaéndahan di jerona, lain ngan saukur téhnik atawa répertoar lagu pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nulis esai di SMA kelas XII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung pedaran di luhur, sangkan anu dianalisis jeung dipedar dina ieu panalungtikan puguh bahasanna, ieu di handap diébréhkeun rumusan masalahna, dina wangun patalékan:

1. Kumaha tumuwuh jeung mekarna kasenian toléat di Kabupatèn Subang? 2. Unsur-unsur Seni naon waé nu aya dina kasenian toléat?

3. Kumaha prak-prakkan magelarkeun kasenian toléat? 4. Ajén éstétika naon waé nu nyampak dina kasenian toléat?

5. Luyu henteuna ajén éstétika kasenian toléat pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nulis ésséy di SMA kelas XII ?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum diayakeunna ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho ajén éstétika anu aya dina kasenian toléat di Kabupatén Subang, sangkan bisa dipikawanoh deui ku masarakat, nu dipiharep bisa numuwuhkeun jeung ngariksa budaya tur kasenian nu geus nyampak di masarakat sangkan teu leungit.


(12)

4

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 1.3.2 Tujuan Husus

Anu jadi tujuan dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1. tumuwuh jeung mekarna kasenian toléat.

2. unsur-unsur seni naon waé nu aya dina kasenian toléat. 3. kumaha prak-prakanana kasenian toléat.

4. ajén éstétika anu nyampak dina kasenian toléat.

5. mikanyaho luyu henteuna ajén éstétika kasenian toléat pikeun dipaké alternatif bahan pangajaran nulis ésséy di SMA kelas XII?

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan bisa ngawuwuhan paélmuan budaya Sunda, boh ngeunaan pangaweruh kabudayaan boh pikeun nambahan bahan pangajaran nulis ésséy.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan pikeun ngaronjatkeun pangaweruh masarakat ngeunaan ajén éstétika nu nyampak dina kasenian Toléat sangkan bisa ngariksa kasenian Toléat salaku warisan ti karuhun pikeun mikawanoh jati dirina sorangan, Ogé diinventarisir salaku hasil kabudayaan daérah Subang.

1.5 Raraga Tulisan

Raraga skripsi, nya éta:

1. BAB 1: Bubuka medar ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis. Dina ieu bab, eusina ngeunaan kontéks tina masalah anu baris ditalungtik.

2. BAB II: Kajian Tiori medar ngeunaan tiori-tiori anu dijadikeun dadasar dina ieu panalungtikan.


(13)

3. BAB III: Métode panalungtikan ngabahas ngeunaan sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung analisis data.

4. BAB IV: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan. 5. BAB V: Kacindekan jeung Saran.


(14)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografis

Kabupatén Subang nya éta salasahiji wilayah di Tatar Sunda nu perenahna aya di posisi 107”31- 107”59 Bujur Timur jeung 6”11-6”49 Lintang Selatan. Lega wilayah kabupatén Subang nya éta 205.176,95 ha atawa 1.888.79 km2.Kabupatén Subang téh lega wilayahna 6,43% ti legana wilayah Jawa Barat. Dumasar kana Undang-undang Nomor 4 tahun 1968 (Disbudpar kabupatén Subang, 2007: 2) wates kabupatén Subang nya éta:

- Beulah kidul: kabupatén Bandung Barat;

- Beulah kulon: kabupatén Purwakarta jeung kabupatén Karawang; - Beulah wetan: kabupatén Sumedang jeung kabupaten Indramayu; - Beulah kalér: Laut Jawa.

Kabupatén Subang miboga kapunjulan ku ayana tilu zona géografi jeung topografi , nya éta:

1) Dataran tinggi/ pagunungan luhurna 500-1.500 mdpl, anu lega wilayahna 20%;

2) Daratan anu luhurna nepi ka 50-500 meter, legana 34,85% wilayah;

3) Zona basisir jeung laut anu luhurna 0-50 meter, legana 45,15% wilayah (Meinanda jeung Rudiono, 2008: 2 ).

Sacara alamiah wilayah kabupaten Subang bisa dipasing-pasing jadi tilu bagian wilayah nya éta:

1) Daérah basisir di belah kalér ngawengku Kec. Pamanukan 81,71 km2, Kec. pusakanagara 103,52 km2; Kec. Ciasem 117,19 km2; Kec. Balanakan 97,15km2; Kec. Legonkulon 85,22 km2;

2) Daérah padataran di bagian tengah ngawengku Kec. Subang 54,67 km2; Kec. Kalijati 129,14 km2; Kec. Cikaum 92,80 km2; Kec. Cipeundeuy 111,14 km2; Kec. Purwadadi 87,89 km2; Kec. Pabuaran 99,51 km2; Kec. Patokbeusi 80,62 km2; Kec. Pagaden 82,94 km2; Kec. Cipunagara 100,73


(15)

km2; Kec. Compreng 68,66 km2; Kec. Binong 105,56 km2; jeung Kec. Cibogo 54, 27 km2; jeung

3) Daérah pagunungan di beulah kidul ngawengku Kec. Cijambe 108,25 km2; Kec. Jalancagak 103, 05 km2; Kec. Sagalaherang 102,24 km2; Kec. Cisalak 102,81 km2; jeung Kec. Tanjungsiang 82,69 km2 (Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupatén Subang, 2007:3).

Nurutkeun Meinanda jeung Rudiono (2008: 8 ), Di Kabupatén Subang aya 30 Kecamatan nya éta Kec. Subang, Kec. Cijambe, Kec. Cibogo, Kec. Jalancagak, Kec. Serangpanjang, Kec. Sagalaherang, Kec. Cisalak, Kec. Kasomalang, Kec. Ciater, Kec. Tanjungsiang, Kec. Pagaden Barat, Kec. Pagaden, Kec. Binong, Kec. Compreng, Kec. Cipunagara, Kec. Pusakanagara, Kec. Pamanukan, Kec. Legon Kulon, Kec. Blanakan, Kec. Ciasem, Kec. Patokbeusi, Kec. Pabuaran, Kec. Cikaum, Kec. Purwadadi, Kec. Kalijati, Kec. Cipeundeuy, jeung Kec. Dawuan.

Gambar 4.1 Peta Kabupaten Subang

Sacara umum wilayah kabupatén Subang ngabogaan iklim tropis anu

curah hujan rata-rata per taun 1.593 mm anu rata-rata hujanna 91 poé. Iklim éta

dirojong ku taneuh anu subur jeung loba walungan anu ngajadikeun daérah Subang cocog dipaké tatanén.


(16)

22

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3.1.2 Kondisi Sosial, Budaya, jeung Ékonomi 3.1.2.1Penduduk

Ti taun ka taun jumlah pendudukna ngalaman parobahan. Usaha pikeun ngatur ieu hal nya éta ngaliwatan program Keluarga Berencana (KB) jeung

transmigrasi. Ngaliwatan éta hal tingkat tumuwuhna penduduk bisa dikurangan ti

1,91% per taun jadi 1,25%. Penduduk Kabupatén Subang taun 2008 (dina Meinanda jeung Rudiono, 2008: 15) aya 1.379.534 urang anu komposisina 698.077 lalaki jeung 681.457 awéwé. Masarakat Subang ngawengku sababaraha étnis nya éta Sunda, Jawa, jeung Cina. Sunda mangrupa masarakat mayoritas anu perenahna di daérah pagunungan nya éta di wilayah Kidul. Étnis Jawa aya tapi mangrupa masarakat keturunan Mataram anu cicingna di daérah Kalér. Étnis Cina disebut étnis minoritas lantaran ngan saukur aya disababaraha kecamatan.

3.1.2.2Pakasaban

Ditilik tina pungsi lahan atawa cara ngamangpaatkeunana, lahan pikeun tatanén masih jadi komoditas utama dibandingkeun lahan anu teu dipaké tatanén. Ieu hal jadi bukti yén tatanén di Kabupatén Subang mangrupa kagiatan utama masarakatna, atawa disebut ogé daérah agraris. Pamaréntah geus ngarahkeun masarakat pikeun swasembada pangan, nepi ka Subang kaasup daérah agraris anu ngabogaan pungsi salaku lumbung padi nasional. Lian ti ngagarap sawah, poténsi séjénna nya éta tanah perkebunan. Perkebunan ieu geus aya ti jaman baheula utamana ti jaman pausahaan Pamanoekan en Tjiasem Landen nu dipiboga ku urang Walanda jeung Inggris. Éta perkebunan ngamangpaatkeun lahan pikeun melak entéh, karét, sisal, kina, sampeu, kapuk jeung coklat. Poténsi séjénna ogé anu jadi unggulan nya éta séktor perikanan di wilayah basisir Subang.

Poténsi pariwisata di Subang ogé jadi salasahiji primadona wisata di Jawa Barat boh objék wisata alam boh objék wisata budaya. Objék wisata alam dibagi dua nya éta objék wisata laut jeung objék wisata pagunungan. Objék wisata budayana gé kaitung beunghar nya éta kasenian Sisingaan, kasenian Gembyung, Toléat, Beluk jeung kasenian séjénna nu masih kénéh hirup dimasarakat . Lian ti beunghar ku kasenian, aya ogé objék wisata budaya nya éta kampung adat


(17)

Banceuy tempat diayakeunana acara ruwatan bumi (Meinanda jeung Rudiono, 2008: 13).

Masarakat Subang pakasabanana rupa-rupa, luyu jeung wilayah géografi tur topografina sewang-séwangan. Kabupatén Subang ngawengku tilu wilayah daérah nya éta pagunungan, pedataran, jeung basisir. Pakasaban masarakat di wilayah pagunungan lolobana tatanén jeung perkebunan. Di daérah pedataran mah rupa-rupa aya supir, PNS, pagawé kantor, buruh, jeung jasa. Anapon pakasaban di daérah basisir lolobana jadi pamayang .

3.1.2.3Pendidikan

Ditilik ti sisi atikan, dina taun 2002 kurang leuwih 12,17% warga Subang teu bisa maca, tingkatan rata-rata sakolana nepi ka 6,17 taun. Tina éta data némbongkeun yén kasadaran atikan di kabupatén Subang kaasup kana tingkat handap jeung loba kénéh masarakat anu sakolana teu tamat SD-SD acan, nepi ka aya nu teu sakola pisan. Pangwangunan manusa di kabupatén Subang masih aya bangbaluh nya éta kurangna kasadaran masarakat kana kasehatan hususna di désa-désa (Meinanda jeung Rudiono, 2008: 16).

3.1.2.4Agama jeung Kapercayaan

Ku ayana rupa-rupa étnis di kabupatén Subang, aya sababaraha agama nu hirup babarengan nya éta Islam jeung Kristen. Mayoritas masarakat Subang ngagem agama Islam.

3.1.2.5Basa

Di kabupatén Subang aya sababaraha étnis nu hirup kumbuh babarengan nya éta Sunda, Jawa, jeung Cina. Sanajan aya sababaraha étnis tapi basa nu dipaké sapopoé nya éta basa indungna sorangan. Urang Sunda maké basa Sunda, urang Jawa maké basa Jawa (Meinanda jeung Rudiono, 2008: 14).


(18)

24

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3.2 Sumber Data Panalungtikan

Arikunto (2010: 172) nétélakeun yén sumber data panalungtikan nya éta subjék timana meunangkeun data. Lamun nu nalungtik maké kuésionér atawa wawancara dina ngumpulkeun datana, éta sumber data disebut réspondén. Réspondén nya éta jalma anu ngajawab patalékan-patalékan nu nalungtik, boh sacara tinulis boh sacara lisan. Lamun nu nalungtik maké téhnik obsérvasi, sumber datana bisa mangrupa barang, gerak, atawa prosés hiji hal. Lamun nu nalungtik maké dokuméntasi, éta dokumén atawa catetan anu jadi sumber data, eusina catetan subjék panalungtikan atawa variabel panalungtikan. Nurutkeun Sukmadinata (2012: 285), sarat nangtukeun sumber data nya éta benerna sumber anu dipaké boh lembaga boh manusa. Dina ieu panalungtikan anu jadi sumber data disebut informan. Tapi teu sakabéh jalma nu aya dina lembaga anu ditalungtik jadi informan, sabab anu ditalungtik ngan saukur informan ekspert. Anapon Informan ekspert nya éta jalma-jalma anu tanggung jawab, bener-bener nyaho, ngawasa, jeung kalibet dina kagiatan anu ditalungtik. Tina pedaran di luhur, anu jadi sumber data téh bisa mangrupa jalma (person), tempat (place), jeung kertas (paper) atawa dokumén.

Sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta data ti grup kasenian Émpér Paré “Toleatter” pingpinan Téh Siti jeung seniman Toléatna Asep Nurbudi,S.Sn. di RSS. Sidodadi Blok A No.76, RT 49 RW 15, Kelurahan Pasirkareumbi, Kecamatan Subang, Kabupatén Subang. Anapon cara meunangkeun datana nya éta ku téhnik obsérvasi, wawancara, sadap rékam, dokuméntasi foto jeung video, katerangan ti masarakat sabudeureun, sarta tina buku-buku sumber anu aya pakuat-pakaitna kana judul panalungtikan.


(19)

3.3Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nyusun Laporan TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Tumuwuh jeung mekarna kasenian Toléat.

2. Unsur-unsur seni naon waé nu aya dina kasenian Toléat.

3. Kumaha prak-prakanana kasenian Toléat.

4. Ajén éstétika anu nyampak dina kasenian Toléat.

5. Luyu henteuna ajén éstétika kasenian toléat pikeun dipaké alternatif bahan pangajaran maca karangan bahasan di SMA kelas XII

Ngayakeun Panalungtikan Di Kabupatén Subang jeung Ngawawancara Seniman Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat

Nyieun Kacindekkan tina Hasil Ngolah Data Ngumpulkeun Data Tina Buku-Buku atawa Sumber

Lianna Ngeunaan Kasenian Toléat

Nyusun Laporan Nyusun Laporan

Nyieun Kacindekkan tina Hasil Ngolah Data

Nyusun Laporan

Nyieun Kacindekkan tina Hasil Ngolah Data Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina

Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat

Ngayakeun Panalungtikan Di Kabupatén Subang jeung Ngawawancara Seniman Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat

Ngayakeun Panalungtikan Di Kabupatén Subang jeung Ngawawancara Seniman Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat

Ngayakeun Panalungtikan Di Kabupatén Subang jeung Ngawawancara Seniman Kasenian Toléat

Ngolah jeung Ngadéskripsikeun Data Ajén Éstétika dina Kasenian Toléat


(20)

26

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3.4 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa runtuyan cara atawa kagiatan nalika panalungtikan anu didadasaran ku asumsi-asumsi dasar, sawangan-sawangan filosofis jeung idiologis, pertanyaan jeung isu-isu anu disanghareupan (Sukmadinata, 2012: 52). McMillan jeung Schumacher (dina Sukmadinata, 2012:53) ngabédakeun métode panalungtikan jadi dua, nya éta panalungtikan kualitatif jeung panalungtikan kuantitatif. Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu tujuanna ngadéskripsikeun jeung nganalisis fenomena, kajadian, aktivitas sosial, sikep, kapercayaan, persepsi, pamikiran boh sacara individual boh sacara kelompok (Sukmadinata, 2012: 60). Panalungtikan kualitatif boga dua tujuan utama nya éta: nu kahiji ngagambarkeun jeung ngungkabkeun (to describe and

explore); jeung nu kadua ngagambarkeun jeung ngécéskeun (to describe and explain). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode

panalungtikan deskriptif. Métode panalungtikan déskriptif nya éta métode panalungtikan anu tujuanana pikeun ngagambarkeun fenomena-fenomena anu aya, boh fenomena anu sipatna alamiah boh rékayasa manusa, anu lumangsungna ayeuna atawa baheula (Sukmadinata 2012: 72).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sajarah, prak-prakkan, unsur-unsur seni, ajén éstétika anu aya dina kasenian Toléat, jeung luyu henteuna ajén éstétika kasenian Toléat pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nulis ésséy di SMA kelas XII.

3.5 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Di SMA Kelas XII”. Dina ieu panalungtikan diperlukeun katerangan anu jéntré sangkan teu némbongkeun rupa-rupa tapsiran, ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtikan.


(21)

3.5.1 Ajén Éstétika

Ajen éstétika nya éta cabang élmu filsafat anu museur kana kaéndahan hiji hal. Luyu jeung pamadegan Sumardjo (2000: 33) yén éstétika téh nya éta filsafat ngeunaan kaéndahan anu aya di alam ogé rupa-rupa barang seni hasil jieunan manusa.

3.5.2 Kasenian Toléat

Kasenian Toléat nya éta kasenian anu tumuwuh jeung mekar di Pantura Kabupatén Subang. Mimitina mah Toléat téh mangrupa waditra tina empét-empétan anu jadi kaulinan tukang angon salaku kalangenan. Kadieunakeun ngalaman inovasi jadi olé-oléan anu dijieun tina palapah daun gedang jeung létahna tina daun kalapa. Kadieunakeun deui kacipta toléat tina congo awi, létahna tina kai berenuk. Toléat asalna tina kecap torotot olé-oléan.

3.5.3 Kabupatén Subang

Kabupatén Subang nya éta salasahiji kabupatén beulah kaléreun Bandung anu kaasup wengkuan Provinsi Jawa Barat tempat tumuwuh jeung mekarna Kasenian Toléat.

3.5.4 Bahan Pangajaran Nulis

Bahan pangajaran nya éta matéri anu kudu diteuleuman ku siswa salaku sarana pikeun ngahontal Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (Depdiknas, 2003). Nulis nya éta nurunkeun jeung ngagambarkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun hiji basa nu dipikapaham ku salasaurang, nepi ka nu séjén bisa maca lambang-lambang grafik éta lamun maranéhna maham bahasa séjén dina gambaran grafik éta (Tarigan dina skripsi Yeni, 2008: 10). Bahan pangajaran nulis nya éta matéri anu ditepikeun pikeun ngarojong kamampuh siswa dina ngahontal SKKD.


(22)

28

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu dipaké ku nu nalungtik dina ngumpulkeun data pikeun mantuan panalungtikan sangkan leuwih babari jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis nepi ka babari diolah. Anapon rupa-rupa instrumén panalungtikan nya éta angkét, céklis (check list), pedoman wawancara, jeung pedoman panalungtikan (Arikunto, 2010: 203).

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara, Alat rékam audio (Handphone), jeung alat rékam vidio nu mangrupa kaméra digital jeung kaméra DSLR (Digital Single-Lens Reflex).

3.6.1 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara nya éta rumusan pananya anu bakal ditanyakeun ka narasumber nalika prosés wawancara.

Tabel 3.1 Pedoman Wawancara

No. Pananya

1. Data narasumber

a. Wasta : b. Umur : c. Alamat : d. Jenis kelamin : e. Padumukan : f. Pakasaban : g. Kalungguhan : h. Atikan :

2. Data pananya

1. Kumaha sajarah ayana kasenian Toléat di Kabupatèn Subang? 2. Naon waé pungsi kasenian toléat téh?

3. Unsur-unsur seni naon waé nyampak dina kasenian Toléat? 4. Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian?


(23)

5. Kumaha prak-prakanana kasenian Toléat?

6. Waditra naon waé anu dipaké dina kasenian toléat? 7. Kostum naon anu dipaké nalika minton?

8. Lagu-lagu naon waé anu sok dipintonkeun ku kasenian toléat? 9. Saha waé seniman toléat di kabupatén Subang?

10.Ajén éstétika naon waé nu nyampak dina kasenian Toléat?

3.6.2 Alat Rékam Audio

Alat rékam audio nya éta alat pikeun ngarékam audio, dina ieu panalungtikan alat anu dipaké nya éta Handphone. Hal ieu dilaksanakeun sangkan data anu dimeunangkeun leuwih akurat.

3.6.3 Alat Rékam Vidio

Alat rékam video nya éta alat pikeun ngarékam vidio (kaméra digital jeung kaméra DSLR), utamana kagiatan wawancara medar ngeunaan toléat. Hal ieu dilaksanakeun sangkan data nu dimeunangkeun akurat tur jadi dokuméntasi. Ku kituna diperlukeun rékaman sangkan hasil wawancara bisa ditranskripsi kana wangun tinulis.

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Data asalana tina basa latin “Datum”, artina hiji simpunan “hiji hal” (angka) anu asalna tina hasil panalungtikan atawa pengukuran (Suyatna, 2002: 9). Nurutkeun Fathoni (2005: 104), Data nya éta informasi anu dimeunangkeun ngaliwatan pengukuran-pengukuran anu tangtu, pikeun dijadikeun landasan dina nyusun arguméntasi logis jadi fakta. Sedengkeun fakta nya éta kanyataan anu geus diuji bebeneranana sacara émpiris, diantarana ngaliwatan analisis data.

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka, obsérvasi, wawancara, sadap rékam jeung studi dokuméntasi.


(24)

30

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3.7.1 Studi Pustaka

Studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan (Suyatna, 2002: 19). Lian ti éta pakait jeung kajian tioritis, studi pustaka patali jeung ajén, budaya, norma anu mekar di situasi sosial anu ditalungtik. Studi pustaka iéu dipaké pikeun nalaah sumber-sumber dina wangun tinulis.

3.7.2 Obsérvasi

Obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara nalungtik anu dibarengan ku nuliskeun kaayaan atawa paripolah objék sasaran. Jalma anu ngaobsérvasi disebut observer jeung anu diobsérvasi disebut observee.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina ngalaksanakeun obsérvasi :

1) Diarahkeun kana tujuan anu tangtu, lain spekulatif, tapi sistematis jeung direncanakeun;

2) Nyieun catetan tong nepi ka ngandelkeun daya inget; 3) Diusahakaeun catetanana sacara kuantitatif; jeung

4) Hasilna kudu bisa dipariksa deui pikeun diuji bebeneranana.

Téhnik obsérvasi dipaké pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan kasenian toléat. Gambaran nu dipiharep lian ti kasenianana ogé ngeunaan gambaran sosial masarakatna.

3.7.3 Wawancara

Wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data ngaliwatan prosés tanya jawab sacara lisan anu lumangsungna saarah, maksudna patalékan ti pihak anu ngawawancara jeung jawaban ti pihak anu diwawancara (Fathoni, 2005: 105).

Interviewe dibagi dua nya éta réspondén jeung informan. Réspondén nya

éta sumber data primer, data ngeunaan dirina sorangan salaku objék sasaran panalungtikan, sedengkeun informan nya éta sumber data sékundér, data ngeunaan pihak séjénna, ngeunaan réspondén. Kusabab éta, informan sakuduna dipilih ti jalma anu mikanyaho atawa mikawanoh kaayaan réspondén. Data ti


(25)

informan ieu bisa mangrupa subjék panalungtikan atawa hal-hal anu ngarojong kana panalungtikan.

3.7.4 Sadap Rékam

Sadap rékam mangrupa téhnik dokumentasi vidio anu maké alat rékam (kaméra digital jeung kaméra DSLR) jeung dokuméntasi audio maké alat rékam

Handphone. Hal ieu dilaksanakeun sangkan data nu dimeunangkeun akurat tur

jadi dokuméntasi. Ku kituna diperlukeun rékaman sangkan hasil wawancara bisa ditranskripsi kana wangun tinulis.

3.7.5 Studi Dokuméntasi

Studi dokuméntasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara ngulik jeung nganalisis dokumén-dokumén nu mangrupa dokumén tinulis, gambar jeung éléktronik. Studi dokuméntasi ieu diperlukeun pikeun meunangkeun data dina wangun arsip, gambar, vidio jeung data séjénna anu dianggap perlu pikeun ngarojong ieu panalungtikan.

3.8 Téhnik Nganalisis Data

Sabada data kakumpul tina hasil ngumpulkeun data, data kudu buru-buru digarap ku nu nalungtik. Dina tahapan analisis data atawa ngolah data mangrupa léngkah katalitian dina ngalaksanakeunnana. Nu nalungtik dipiharep bisa objéktif kana data anu geus dikumpulkeunna, teu ngamanipulasi data pikeun tujuan-tujuan anu tangtu (Suyatna, 2002: 25). Nurutkeun Arikunto (2010: 278), sacara umum analisis data ngawengku tilu léngkah nya éta 1). Tatahar; 2). Tabulasi; jeung 3) Dipakéna data luyu jeung pamarekan panalungtikan.

3.8.1 Tatahar

Nu kaasup kana kagiatan tatahar nya éta:

1) Mariksa ngaran jeung kalengkepan idéntitas narasumber. Hal ieu patali jeung validitas data.


(26)

32

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2) Mariksa kalengkepan data, maksudna mariksa eusi intsrumén ngumpulkeun data sangkan nalika aya kakurangan bisa buru-buru dilengkepan.

3) Mariksa rupa-rupa eusi data bisi aya data anu teu luyu jeung nu dipiharep ku nu nalungtik.

3.8.2 Tabulasi

Tabulasi nya éta prosés ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih nalika panalungtikan. Satuluyna data diolah dumasar gundukanna. Kagiatan dina tabulasi di antarana nyaéta:

1) Ngumpulkeun sakabéh data anu kapanggih hasil studi pustaka, wawancara, observasi, sadap rékam jeung studi dokuméntasi;

2) Masing-masingkeun data kana dua gundukan. Nu kahiji gundukan data primer nyaéta anu patalina langsung jeung subjek panalungtikan saperti sadap rékam, wawancara jeung studi dokuméntasi. Nu kadua gundukan data sekunder nyaéta gundukan data pangrojong liana nu kapanggih nalika panalungtikan;

3) Ngarobah data, diluyukeun atawa dimodifikasi maké téhnik analisis anu rék dipaké; jeung

4) Nyieun pengkodean data ka sakabéh variabel ngarah data leuwih gampang diolah jeung hasilna leuwih alus.

3.8.3 Dipakéna Data Luyu jeung Pamarekan Panalungtikan.

Data-data anu geus ditabulasi satuluyna diolah dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan 1) tumuwuh jeung mekarna kasenian Toléat; 2) unsur-unsur seni naon waé nu aya dina kasenian toléat, waditra pangrojong, kostum, lagu-laguna, jrrd; 3) prak-prakan kasenian toléat; 4) satuluyna dipedar ajén éstétika anu nyampak dina kasenian toléat; jeung 5) nyieun bahan pangajaran anu mangrupa vidio kasenian toléat.


(27)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Toléat nya éta kasenian atawa waditra anu tumuwuh jeung mekar di Kabupatén Subang anu dijieunna tina awi tamiang anu dimaénkeun ku cara ditiup. Toléat mimiti tumuwuh di daérah Pantura Subang anu mangrupa daérah agraris. Toléat jadi hiji kesenian nalika asup kana pementasan. Toléat dijieun maké ukuran nada dasar A=da. Ayana toléat mimitina tina empét-empétan, nya éta waditra tiup anu dimaénkeun ku budak angon dijieunna tina jarami nalika usum panén kadieunakeun aya inovasi dijieun Olé-oléan (aerophpne single reed). Toléat asalna tina kecap torotot olé-oléan. Toléat dijieun tina awi tamiang. Toléat ngabogaan dalapan liang sora, anu hiji dibagian handap, nu tujuh dibagian luhur, nada dasarna da saléndro. Nada-nada anu dihasilkeun ku toléat mangrupakeun adaptasi tina waditra tarompét. Kadieunakeun toléat jadi hiji kasenian nu digabungkeun maké waditra séjén. Anapon pungsi toléat nya éta salaku kalangenan, pintonan, jeung kréasi/kontémporér.

Unsur-unsur seni nu ngarojong kasenian toléat nya éta aya unsur waditra (karawitan), unsur sora (lalaguan), jeung unsur seni rupa/busana. Toléat salaku kasenian anu dirojong ku sababaraha waditra nya éta : 1) toléat, 2) kolotok, 3) celempung, 4) calung rénténg, 5) angklung, 6) béas jeung kacang héjo dina nyiru, 7) buyung, 8) cérélék atawa water shaker, jeung 9) ketug. Seni sora dina ieu kasenian mangrupa lalaguan atawa kakawihan. Lagu-lagu anu dipintonkeun nya éta lagu buhun jeung lagu modern. Lagu buhunna nya éta lagu “Éngko”. Sedengkeun lagu-lagu modernna diantarana nya éta “Toléat”, “Adem Ayem”,

“Awi Ngarambat”, “Siuh”, “Géboy”, “Kopi Lambada”, “Cintaku”, jsb. Lian ti

waditrana, seni rupa ogé nyampak tina kostum anu dipaké ku para nayaga. Baju nu dipaké ku panayagan toléat kalengkepanana nya éta pangsi warna krém atawa warna hideung. Éta warna dipilih kusabab ngadeukeutan kana warna paré anu semu krém, warna hideung mangrupa baju anu sok dipaké ku tukang angon salaku jalma anu nyiptakeun jeung maénkeun waditra toléat. Kalengkepan pakéan


(28)

76

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

séjénna nya éta iket, dudukuy cetok anu biasana dipaké ku patani lamun rék ka sawah, jeung sarung anu dipakéna disalémpangkeun dina awak panayagan. Unsur busana ieu nilik kana pakéan tukang angon jeung masarakat tani tempat asal tumuwuh jeung mekarna kasenian toléat.

Dina prak-prakkan pagelaran kasenian toléat salaku kasenian murni, bisa dipagelarkeun dimana baé luyu jeung kahayang nu boga acara, boh waktu mintonna boh lagu-lagu anu dipintonkeunna. Lumangsungna éta pagelaran ogé gumantung kana kaayaan lokasina. Dina pagelaran toléat teu kudu aya juru kawih waé, gumantung paménta ti nu boga hajat. Urutan lalaguan anu dikawihkeun ogé teu aya aturan anu tangtu.

Kaéndahan nu nyampak dina waditra aya dina sora nu dihasilkeun ku waditra toléat nu leuwih deukeut kana sora waditra saxophone. Waditra toléat ngabogaan kaonjoyan nya éta nalika nadana luhur teuing, bisa dirobah ku cara pindah liang sora ka nu leuwih handap. Lian ti sora toléat dina ieu kasenian ogé aya kaéndahan tina waditra pangrojong séjénna, nya éta ku teu biasana pakakas agraris dipaké waditra contona kolotok jeung buyung. Aya ogé waditra panambah sora jeung suasana nya éta cérélék atawa water shaker jeung béas jeung kacang héjo dina nyiru. Ketug kaasup waditra anu teu biasa lantaran di Subang ogé ngan aya di sanggar émpér paré Toléatter hungkul pikeun nambahan suasana ketukan (senggak).

Kaéndahan tina rumpaka lagu “Éngko” nya éta eusina sisindiran ngeunaan

papatah kahirupan urang dipatalikeun kana kaagungan Gusti Alloh. Ieu lagu maksudna pikeun pangéling-ngéling para pamiarsa jeung nayaga nu

ngadangukeunna. Rumpaka lagu “Éngko” diwangun ku sababaraha pada anu

eusina winangun sisindiran, unggal pada aya opat padalisan. Ajén éstétika tina

rumpaka lagu “Toléat” nya éta nyaritakeun asal-muasal sajarah kasenian toléat

sacara singkat. Ditilik tina rumpakana lagu “Kembang Gadung” eusina mangrupa

sanduk-sanduk ka karuhun utamana ka Ki Lapidin anu dianggap pahlawan ku masarakat Subang.

Ditilik tina ajén éksprési, ajén éstétika nu nyampak dina kasenian toléat témbong dina unsur seni rupa jeung seni busana nu aya dina kasenian Toléat.


(29)

Unsur seni rupa kasenian toléat terus mekar, boh dina ukuran toléat, boh dina wangun toléat ogé waditra pangrojong séjénna. Awi anu dipaké jang bahan toléat ogé ngalaman parobahan lantaran ayana inovasi ti seniman, asalna awi tamiang kadieunakeun dijieun tina awi hideung, awi nu sok dipaké jang popoéan, jeung awi nu sok dipaké jadi gagang sapu. Ditilik tina unsur busana anu dipaké ku panayagan Toléat nalika minton, nya éta: Dudukuy cetok, pangsi, sarung, jeung iket. Ditilik tina ajén éksprési unsur busana nayaga toléat téh ngaéksprésikeun masarakat tempat nimukeun ieu kasenian, nya éta tukang angon di daérah masarakat agraris. Warna baju nu dipaké aya nu warna krém atawa warna hideung. Warna krém dipilih kusabab ngadeukeutan kana warna paré anu semu krém, warna hideung mangrupa baju anu sok dipaké ku tukang angon.

Ditilik tina ajén ekstrinsik dina magelarkeun kasenian Toléat gumantung

kana kaayaan lokasina tapi aya lagu bubukana nya éta lagu “Toléat. Adu manis

unsur-unsur nu ngarojong kasenian toléat nyiptakeun hiji pintonan anu harmonis, selaras sarta kesatuan. Dina pagelaranana nayaga nu maénkeun toléat diriung ku nayaga séjénna, hal ieu mintonkeun yén toléat salaku waditra utama dina ieu kasenian. Biasana baju nayaga nu maénkeun toléat béda jeung baju nayaga anu séjénna tina segi warna leuwih sering maké baju warna hideung lantaran hayang ningalikeun kaaslian ieu kasenian anu diciptakeun ku tukang angon anu bajuna sarua jeung nu dipaké ku nayaga nu maénkeun toléat. Dina pagelaran kasenian toléat teu salawasna aya juru kawih nu ngahaleuangkeun lagu-laguna. Kaéndahan éksprési jeung katarsis témbong ti pamiarsa nalika pintonan sok aya nu ngibingan, lantaran dina ieu kasenian taya penari husus. Dina pintonan kasenian toléat aya ogé hiburan nya éta saurang nayaga aya nu nyekel dua waditra.

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran nulis esai pikeun SMA kelas XII kusabab luyu jeung nu matéri anu rék dihontal dina SKKD nya éta 12.4.2 Menulis esai berdasarkan topik tertentu. Ngeunaan hasil atawa henteuna bahan pangajaran nulis ésséy , gumantung kana téhnik jeung métode nu dipaké ku guru nalika ngajar. Lian ti éta, guru kudu nyaluyukeun bahan pangajaran jeung kamampuh siswana sorangan sangkan bisa ngahontal kana tujuan pangajaran nu dimaksud.


(30)

78

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 1.2 Saran

Aya rasa bungah jeung reueus nalika nalungtik salasahiji kabudayaan hususna anu aya di Kabupatén Subang nya éta kasenian toléat. Sangkan ieu seni teu tumpur, aya saran pikeun lembaga kasenian, tenaga pengajar jeung pelajar (guru, mahasiswa jeung murid), jeung masarakat umum.

1) Saran kanggo lembaga kasenian

Lembaga kasenian dipiharep sangkan leuwih ngainvéntarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di tatar Sunda, kaasup kasenian Toléat. Lian ti éta lembaga kasenian ogé dipiharep bisa ngasosialisasikeun ieu kasenian sangkan leuwih dipigandrung tur ahirna aya régénerasi pikeun neruskeun ieu kasenian.

2) Saran kanggo guru, mahasiswa jeung murid

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda dina pangajaran basa Sunda. Husus pikeun mahasiswa, loba kénéh nu acan kaguar tina ieu kasenian. Kahareupna, kacida hadéna lamun ieu kasenian téh ditalungtik deui dina garapan séjén anu leuwih husus, sangkan ajén-inajén anu aya dina ieu kasenian bisa kaguar deui ajén inajén nu geus nyampak dina ieu kasenian.

3) Saran kanggo masarakat umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh leuwih jembar ngeunaan kasenian toléat, minangka kasenian tradisional has Sunda anu hirup tur mekar dilingkungan masarakat agraris. Leuwih jauhna masarakat bisa leuwih mikaresep kana kasenian toléat. Disagigireun éta aya hal nu leuwih penting nya éta masarakat dipiharep bisa ngamumulé kabudayaan nu geus nyampak di masarakat urang salaku cicirén bangsa jeung budaya Sunda hususna kasenian Toléat anu jadi gambaran kahirupan masarakat agraris di Kabupatén Subang.


(31)

DAFTAR PUSTAKA

Achmadi, Asmoro. 1997. Filsafat Umum. Jakarta: PT. Raja Grafindo Persada.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Bakker,J.M.W. 1984. Filsafat Kebudayaan Sebuah Pengantar. Jakarta:BPK Gunung Mulia.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas kebudayaan pariwisata pemuda dan olahraga Kabupatén Subang. 2008. Ragam

Budaya Kabupatén Subang (Pendokumentasian Seni dan Budaya). Subang:

Dinas Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga Kabupatén Subang. Dinas Kebudayaan Dan Pariwisata Kabupatén Subang. Sejarah Kabupaten

Subang.2007. Subang: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupatén Subang.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi Dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan

Provinsi Jawa Barat.

Djelantik, A.A.M. 1990. Pengantar Dasar Ilmu Estetika Jilid 1 Estetika Instrumental. Denpasar: STSI Denpasar.

Efendi, Ridwan. & Elly Malihah. 2007. Pendidikan Lingkungan, Sosial Budaya dan

Teknologi. Bandung: CV.Yasindo Multi Aspek.

Fathoni, Abdurrahmat. 2005. Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda Edisi


(32)

80

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Kartika, Sony Darsono & Nanang Ganda Prawira. 2004. Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kabupaten Subang. 2013. Peta Kabupaten Subang. [Online].

http://www.google.com/imgres?imgurl=http://4.bp.blogspot.com/_MgfFnb8nlk

U/S6vqB_b3vOI/AAAAAAAAC0A/9Sfffkuyz5s/s1600/Gambar-Peta- Kabupaten-Subang.jpg&imgrefurl=http://indonesia-

peta.blogspot.com/2010/10/gambar-peta-kota-subang.html&h=319&w=400&sz=31&tbnid=nNtEG9A7g7mKQM:&tbnh=91 &tbnw=114&prev=/search%3Fq%3Dpeta%2Bkabupaten%2Bsubang%26tbm %3Disch%26tbo%3Du&zoom=1&q=peta+kabupaten+subang&usg=__chJx5C tEesMVvAXAR1I7k_5BMVs=&docid=EzOt0WXbsi1oFM&hl=id&sa=X&ei =z08aUY60KIrRrQf43oCgCA&ved=0CC0Q9QEwAQ&dur=5002 [12 Februari 2013]

Kattsoff, Louis. 2004. Pengantar Filsafat. Yogyakarta: Tiara Wacana Yogya.

Koentjaraningrat. 1978. Kebudayaan, Mentalitet dan pembangunan .Jakarta: P.T. Gramedia .

Kutha Ratna, Nyoman. 2011. Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Kubarsah, Ubun. 1994. Waditra. Bandung: CV. Sampurna.

Meinanda, Teguh jeung Beni Rudiono. 2008. Subang Dalam Dimensi Jaman. Subang: Yayasan Buku Anak Desa (YBAD).

Padepokan Dangiang Dongdo. 2007. Buku Panduan Nyukcruk Enas-Enasna Seni Buhun Gembyung. Subang: Tidak diterbitkan.

Raga,R.M 2007. Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

Rochaedi, Ayat. Dkk. 1994. Metode Penelitian Seni Budaya. Jakarta: Dinas Kebudayaan.


(33)

Rosidi, Ajip dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda alam, manusia, dan budaya termasuk

Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.

Sumardjo, Jakob. 2000. Filsafat Seni. Bandung: Penerbit ITB .

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2012. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran

Bahasa. Bandung : Departemen Pendidikan Nasional. Universitas Pendidikan

Indonesia.

SKRIPSI:

Gunawan, Yopi. 2009. Skripsi : Carita Rakyat Anu Aya Di Kacamatan Talaga

Kabupaten Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Di SMP. Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Novianti, Silvia. 2007. Skripsi: Teknik Permainan Toleat Gaya Asep Nurbudi di

Kabupaten Subang. Bandung: Program Studi Pendidikan Seni Musik. Jurusan

Pendidikan Sendratasik. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Purwati, Eka. 2011. Ajén Éstétika Dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Sopandi, Andi. 2012. Analisis Struktur Semiotik Dongéng-Dongéng di Desa Panjalu

Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca. Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Yuniawati, Tresna. 2012. Skripsi ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di

Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XI. Bandung:

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Yeni, Ai. 2008. Skripsi Pangajaran Nulis Éséy Ngagunakeun Métode Démonstrasi

(Studi ékspérimén ka Siswa Kelas VIII SMP Lab School UPI Bandung).

Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.


(34)

82

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Proposal:

Nurbudi, Asep. 2008. Proposal Ujian Akhir Karya Seni : Dibuat. Bandung: Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI).


(1)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Unsur seni rupa kasenian toléat terus mekar, boh dina ukuran toléat, boh dina wangun toléat ogé waditra pangrojong séjénna. Awi anu dipaké jang bahan toléat ogé ngalaman parobahan lantaran ayana inovasi ti seniman, asalna awi tamiang kadieunakeun dijieun tina awi hideung, awi nu sok dipaké jang popoéan, jeung awi nu sok dipaké jadi gagang sapu. Ditilik tina unsur busana anu dipaké ku panayagan Toléat nalika minton, nya éta: Dudukuy cetok, pangsi, sarung, jeung iket. Ditilik tina ajén éksprési unsur busana nayaga toléat téh ngaéksprésikeun masarakat tempat nimukeun ieu kasenian, nya éta tukang angon di daérah masarakat agraris. Warna baju nu dipaké aya nu warna krém atawa warna hideung. Warna krém dipilih kusabab ngadeukeutan kana warna paré anu semu krém, warna hideung mangrupa baju anu sok dipaké ku tukang angon.

Ditilik tina ajén ekstrinsik dina magelarkeun kasenian Toléat gumantung kana kaayaan lokasina tapi aya lagu bubukana nya éta lagu “Toléat. Adu manis unsur-unsur nu ngarojong kasenian toléat nyiptakeun hiji pintonan anu harmonis, selaras sarta kesatuan. Dina pagelaranana nayaga nu maénkeun toléat diriung ku nayaga séjénna, hal ieu mintonkeun yén toléat salaku waditra utama dina ieu kasenian. Biasana baju nayaga nu maénkeun toléat béda jeung baju nayaga anu séjénna tina segi warna leuwih sering maké baju warna hideung lantaran hayang ningalikeun kaaslian ieu kasenian anu diciptakeun ku tukang angon anu bajuna sarua jeung nu dipaké ku nayaga nu maénkeun toléat. Dina pagelaran kasenian toléat teu salawasna aya juru kawih nu ngahaleuangkeun lagu-laguna. Kaéndahan éksprési jeung katarsis témbong ti pamiarsa nalika pintonan sok aya nu ngibingan, lantaran dina ieu kasenian taya penari husus. Dina pintonan kasenian toléat aya ogé hiburan nya éta saurang nayaga aya nu nyekel dua waditra.

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran nulis esai pikeun SMA kelas XII kusabab luyu jeung nu matéri anu rék dihontal dina SKKD nya éta 12.4.2 Menulis esai berdasarkan topik tertentu. Ngeunaan hasil atawa henteuna bahan pangajaran nulis ésséy , gumantung kana téhnik jeung métode nu dipaké ku guru nalika ngajar. Lian ti éta, guru kudu nyaluyukeun bahan pangajaran jeung kamampuh siswana sorangan sangkan bisa ngahontal kana tujuan pangajaran nu dimaksud.


(2)

78

1.2 Saran

Aya rasa bungah jeung reueus nalika nalungtik salasahiji kabudayaan hususna anu aya di Kabupatén Subang nya éta kasenian toléat. Sangkan ieu seni teu tumpur, aya saran pikeun lembaga kasenian, tenaga pengajar jeung pelajar (guru, mahasiswa jeung murid), jeung masarakat umum.

1) Saran kanggo lembaga kasenian

Lembaga kasenian dipiharep sangkan leuwih ngainvéntarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di tatar Sunda, kaasup kasenian Toléat. Lian ti éta lembaga kasenian ogé dipiharep bisa ngasosialisasikeun ieu kasenian sangkan leuwih dipigandrung tur ahirna aya régénerasi pikeun neruskeun ieu kasenian.

2) Saran kanggo guru, mahasiswa jeung murid

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda dina pangajaran basa Sunda. Husus pikeun mahasiswa, loba kénéh nu acan kaguar tina ieu kasenian. Kahareupna, kacida hadéna lamun ieu kasenian téh ditalungtik deui dina garapan séjén anu leuwih husus, sangkan ajén-inajén anu aya dina ieu kasenian bisa kaguar deui ajén inajén nu geus nyampak dina ieu kasenian.

3) Saran kanggo masarakat umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh leuwih jembar ngeunaan kasenian toléat, minangka kasenian tradisional has Sunda anu hirup tur mekar dilingkungan masarakat agraris. Leuwih jauhna masarakat bisa leuwih mikaresep kana kasenian toléat. Disagigireun éta aya hal nu leuwih penting nya éta masarakat dipiharep bisa ngamumulé kabudayaan nu geus nyampak di masarakat urang salaku cicirén bangsa jeung budaya Sunda hususna kasenian Toléat anu jadi gambaran kahirupan masarakat agraris di Kabupatén Subang.


(3)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Achmadi, Asmoro. 1997. Filsafat Umum. Jakarta: PT. Raja Grafindo Persada.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Bakker,J.M.W. 1984. Filsafat Kebudayaan Sebuah Pengantar. Jakarta:BPK Gunung Mulia.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas kebudayaan pariwisata pemuda dan olahraga Kabupatén Subang. 2008. Ragam Budaya Kabupatén Subang (Pendokumentasian Seni dan Budaya). Subang: Dinas Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga Kabupatén Subang. Dinas Kebudayaan Dan Pariwisata Kabupatén Subang. Sejarah Kabupaten

Subang.2007. Subang: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupatén Subang. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi Dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djelantik, A.A.M. 1990. Pengantar Dasar Ilmu Estetika Jilid 1 Estetika Instrumental. Denpasar: STSI Denpasar.

Efendi, Ridwan. & Elly Malihah. 2007. Pendidikan Lingkungan, Sosial Budaya dan Teknologi. Bandung: CV.Yasindo Multi Aspek.

Fathoni, Abdurrahmat. 2005. Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda Edisi Revisi. Bandung: Sonagar Press.


(4)

80

Kartika, Sony Darsono & Nanang Ganda Prawira. 2004. Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kabupaten Subang. 2013. Peta Kabupaten Subang. [Online].

http://www.google.com/imgres?imgurl=http://4.bp.blogspot.com/_MgfFnb8nlk

U/S6vqB_b3vOI/AAAAAAAAC0A/9Sfffkuyz5s/s1600/Gambar-Peta- Kabupaten-Subang.jpg&imgrefurl=http://indonesia-

peta.blogspot.com/2010/10/gambar-peta-kota-subang.html&h=319&w=400&sz=31&tbnid=nNtEG9A7g7mKQM:&tbnh=91 &tbnw=114&prev=/search%3Fq%3Dpeta%2Bkabupaten%2Bsubang%26tbm %3Disch%26tbo%3Du&zoom=1&q=peta+kabupaten+subang&usg=__chJx5C tEesMVvAXAR1I7k_5BMVs=&docid=EzOt0WXbsi1oFM&hl=id&sa=X&ei =z08aUY60KIrRrQf43oCgCA&ved=0CC0Q9QEwAQ&dur=5002 [12 Februari 2013]

Kattsoff, Louis. 2004. Pengantar Filsafat. Yogyakarta: Tiara Wacana Yogya.

Koentjaraningrat. 1978. Kebudayaan, Mentalitet dan pembangunan .Jakarta: P.T. Gramedia .

Kutha Ratna, Nyoman. 2011. Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Kubarsah, Ubun. 1994. Waditra. Bandung: CV. Sampurna.

Meinanda, Teguh jeung Beni Rudiono. 2008. Subang Dalam Dimensi Jaman. Subang: Yayasan Buku Anak Desa (YBAD).

Padepokan Dangiang Dongdo. 2007. Buku Panduan Nyukcruk Enas-Enasna Seni Buhun Gembyung. Subang: Tidak diterbitkan.

Raga,R.M 2007. Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

Rochaedi, Ayat. Dkk. 1994. Metode Penelitian Seni Budaya. Jakarta: Dinas Kebudayaan.


(5)

Rita Rahayu, 2013

Ajén Éstétika Kasenian Toléat Di Kabupatén Subang Pikeun Bahan Pangajaran Nulis Ésséy Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Rosidi, Ajip dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda alam, manusia, dan budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.

Sumardjo, Jakob. 2000. Filsafat Seni. Bandung: Penerbit ITB .

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2012. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung : Departemen Pendidikan Nasional. Universitas Pendidikan Indonesia.

SKRIPSI:

Gunawan, Yopi. 2009. Skripsi : Carita Rakyat Anu Aya Di Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Di SMP. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Novianti, Silvia. 2007. Skripsi: Teknik Permainan Toleat Gaya Asep Nurbudi di Kabupaten Subang. Bandung: Program Studi Pendidikan Seni Musik. Jurusan Pendidikan Sendratasik. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Purwati, Eka. 2011. Ajén Éstétika Dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Sopandi, Andi. 2012. Analisis Struktur Semiotik Dongéng-Dongéng di Desa Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca. Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Yuniawati, Tresna. 2012. Skripsi ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XI. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.

Yeni, Ai. 2008. Skripsi Pangajaran Nulis Éséy Ngagunakeun Métode Démonstrasi (Studi ékspérimén ka Siswa Kelas VIII SMP Lab School UPI Bandung).

Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni. Universitas Pendidikan Indonesia.


(6)

82

Proposal:

Nurbudi, Asep. 2008. Proposal Ujian Akhir Karya Seni : Dibuat. Bandung: Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI).


Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX.

0 35 27

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 14 21

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1105440 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN GÉSRÉK DI DÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1201939 Title

0 0 4