RPP Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 2

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.
II.
III.

IV.
V.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 2 x 40 Menit

STANDAR KOMPETENSI
Mampu menyimak, memahami dan menanggapi berbsagai wacana percakapan, dongeng
dan pupujian

KOMPETENSI DASAR

Menyimak pembacaan Pupujian
INDIKATOR
• Dapat menyimak dengan sikap yang baik
• Dapat menyanyikan puisi pupujian dengan lagu yang sudah lazim, sendiri atau
bersama-sama
• Dapat memahami isi pupujian
• Dapat menceritakan isi pupujian dalam parafrase
• Dapat menanggapi berbagai aspek puisi pupujian dalam diskusi
MATERI POKOK
Pupujian

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Salah seorang siswa membacakan Pupujian / memutar kaset rekaman
 Bersama-sama menyimak pupujian yang dibacakan/diperdengarkan
 Bertanya jawab tentang topik pupujian yang disimak
 Bertanya jawab tentang isi pupujian

C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi Pupujian
 Siswa ditugaskan untuk membaca pupujian serta menelaah isinya
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Naskah Pupujian
 Buku pegangan
VII. PENILAIAN
1. Prak ku hidep regepkeun pupujian kalawan daria !
2. Jawab pananya nu patali jeung eta pupujian!
a. Pangaruh tina agama naon ari Pupujian teh ?
b. Naon wae tema/topik nu sok ditepikeun dina pupujian ?
c. Cing naon eusi pupujian nu bieu ku hidep dinadomkeun ?
d. Prafrasekeun pupujian nu ku hidep dinadomkeun!
e. Kumaha pamadegan hidep kana eusi pupujian ditilik tina aspek sosial?
Mengetahui

Kepala Sekolah,

............................., Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. 196810151990031005

.............................
.............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
PUPUJIAN

Pupujian asalna tina kecap puji, muji hartina ngagungkeun atawa ngucapkeun kecap-kecap
nu hadé. Pupujian mangrupa salasahiji karya sastra Sunda nu eusina puja-puji, do a, piwuruk,
jeung pangajaran nu dijiwaan ku agama Islam.
Pupujian sumebar sacara lisan di lingkungan pasantrén. Nembangkeun pupujian sok disebut
ogé nadoman. Nadom téh pupujian anu eusina atikan boh atikan agama boh atikan moral jeung
sopan santun. Biasana sok dihaleuangkeun saméméh adan atawa sanggeusna bari nungguan

jamaah.
Pupujian bisa disawang tina wangun lahiriahna, tina eusina jeung tina basa nu
digunakeunana.
1. Ditilik tina wangunna
a. Diwangun ku dua padalisan
Contona:
1. Eling-éling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka musholla
2. Supaya meunang darajatna berjamaah
berjamaah anu tujuh likur téa
b. Diwangun ku opat padalisan
Contona :
Allah anu Maha Akbar
Nu rohmatna Maha Jembar
Nu Maha Welas ngaganjar
Ka jalma nu to at sabar
c. Diwangun ku lima padalisan
Contona :
Lamun aya waktu lowong
énggal eusi ulah lowong

pilari élmu nu luhung
ulah embung-ulah embung
meungpeung umur acan nungtung
d. Diwangun ku dalapan padalisan
Contona:
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka kanjeng Nabi
Nyungkeun tulung jeung sapaat
Kanjeng Nabi teras nangis
Sujud ka Nu Maha Agung
Nyuhunkeun sapaat Gusti
Gusti Allah téh nimbalan
Pék ku anjeun sapaatan
2. Ditilik tina eusina
a. Muji kaagungan Alloh
b. Sholawat ka Rosululloh
c. Do a jeung tobat ka Alloh
d. Ménta sapa at ka Rosululloh
e. Naséhat
f. Pangajaran agama Islam

g. Etika
3. Ditilik tina basa (purwakanti)
Purwakanti téh nyaéta sora basa nu méh sarua tina kecap-kecap dina unggal padalisan atawa
unggal pada. Pikeun mikanyahona, tengetan sora engang panungtung unggal kecapna.
Contona:
Eling-éling dulur kabéh; ibadah ulah campoléh; beurang peuting ulah weléh;
bisina kaburu paéh.
Sora éh dina tungtung kecap kabéh, campoléh, weléh, jeung paéh disebutna murwakanti.

LEMBAR PERBAIKAN /PENGAYAAN
Regepkeun ku hidep ieu pupujian nu dinadomkeun !
1) Hayu urang babahanan
Pikeun bekel pangbalikan
Sing loba amal-amalan
Ibadah sing husu pisan

4) Mana sobat mana dulur
henteu maturan di kubur
sumawon nambihan umur
nu puguh loba kapaur

2) Mun waktuna ajal datang
Urang moal bisa mungpang
Mo bisa dihalang-halang
Geus waktuna jadi bugang

5) Hanjakal aduh hanjakal
teu getol sadia amal
padahal geuning padahal
ngan amal nu jadi bekel

3) Harta banda nu ngaleuya
Urang moal bisa mawa
Ngan amal anu dibawa
Batur urang anu béla

6) Teu guna hahanjakalan
pan teu kurang nu ngelingan
pék geura tunggu hisaban
geura jawab ku sorangan

Sabada hidep ngaregepkeun sarta nembangkeun pupujian bieu, jawab soal di handap !
1. Pupujian di luhur diwangun ku .
a. tilu pada
b. opat pada
c. lima pada
d. genep pada
2. Tina sapada diwangun ku
a. sapadalisan
b. dua padalisan c. tilu padalisan d. opat padalisan
3. Pupujian di luhur judulna Tauhid, maksudna
a. Muji Alloh
b. Ngagungkeun Alloh
c. Ibadah ngan ka Alloh
d. Syukuran ka Alloh
4. Maksud babahanan dina pupujian Tauhid pada kahiji nyaéta
a. bebekelan ku harta
b. bebekelan ku élmu
c. bebekelan ku amal ibadah
d. bebekelan ku pakean

5. Ditilik tina eusina, éta pupujian teh kaasup kana pupujian nu maksudna
a. nitah
b. ngajak
c. nyaram
d. Ngagungkeun
6. Upama ditilik tina itikad pangarangna, eusi éta pupujian mangrupa
a. dorongan kana kahadéan
b. kahanjakal
c. kaayaan jero kubur
d. papatah
7. Hirup jeung Sumebarna pupujian téh di
a. sakola umum
b. lingkungan pasantren
c. madrasah
d. kantor-kantor
8. Tujuan awal pangna para ulama/kiyai ngagunakeun pupujian nyaéta
a. pikeun ngirut jalma sangkan asup Islam
b. sangkan resep di masjid
c. pikeun hiburan
d. sangkan teu bosen ibadah

9. Biasana pupujian sok dinadomkeun ku parasantri dina mangsa
a. saméméh adzan
b. waktu adzan
c. sanggeus adzan
d. sabada sholat
10. Pupujian nu kaasup sholawat eusina netelakeun ngeunaan
a. Kaagungan Alloh
b. Sajarah paranabi
c. Riwayat Nabi Muhamad SAW
d. Sajarah sahabat
KABEUNGHARAN KECAP
1. ibadah

= pagawéan anu didadasaran karana miharep rido Alloh tur nyonto kana sunah

2. husu

= manteng, museur, teu malaweung

rosul.

3. amal

= kalakuan, pagawéan boh hadé boh goréng, amal-amalan = wiridan, babacaan

4. sobat

= deungeun-deungeun, batur sagulung sagalang, babaturan deukeut; nyobat

5. bugang

= bangké; cikal bugang = nu pangheulana maot dipangperangan; nanggung

sabada sholat; amal sholeh = amal hadé.

atawa sosobatan, hirup saperti jeung dulur atawa jeung baraya.

bugang = ditinggalkeun maot ku lanceuk; leutik ringkang gedé bugang = sipat
jelema, lamun maot loba urusanana, komo lamun maot di panyabaan.

6. mungpang = nolak, teu nurut
7. hisab

= balitungan, ngitung amal; dihisab, dibalitungkeun amalna (jaga di yaomil ahir);

8. bekel

= kadaharan atawa jeung duit nu dibawa nyaba keur kaberluan di jalan jeung di

9. ajal

= waktu maot, Nu gering téh cageur deui dan can tepi kana ajalna.

ahli hisab = ahli ngitung.

panyabaan

UJI KOMPETENSI

Jawab/lengkepan pananya ieu di handap !

1. Dumasar kana asal kecapna, nu disebut pupujian nyaéta

_____________________________________________________________________________

2. Kumaha prosés sumebarna pupujian di masyarakat ?

_____________________________________________________________________________

3. Nétélakeun ngeunaan hal naon baé pupujian téh ?

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________

4. Tulis conto pupujian nu ku hidep dipikanyaho anu eusina mangrupa atikan agama !

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

5. Paraprasekeun (tuliskeun dina wangun lancaran) maksud / eusi ieu pupujian !
Mun urang boga rumasa
Ngarasa jadi jelema
Sing emut ka nu Kawasa
Nu masihan pangabisa

Jalma nu aya sakadar
elmu sing sami ngababar
ulah sok padu kaluar
kedahna disasar-sasar

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
ISTILAH KAAGAMAAN

Dina Basa Sunda loba kecap-kecap nu patali jeung istilah kaagamaan utamana istilah dina

agama Islam. Eta hal teh lantaran ayana akulturasi antara budaya urang Sunda jeung budaya
Islam. Malah dina kahirupan sapopoe eta istilah kaagamaan teh geus teu asa tina basa agama, tapi
asa asli tina Basa Sunda asli. Contona bae dina pupujian, loba kapanggih istilah-istilah kaagamaan.
Titenan tabel asal usul kecap nu patali jeung istilah kaagamaan!

Istilah Kaagamaan
Sabar
Soleh

Asalna

Shobri
Sholihah

Kubur
Yakin
Subuh
Kupur
Pajar

Qubuuri
Yaqiin
Shubha
Kafaruu
Fajri

Harti atawa maksudna
Bisa nahan diri
Hade lampah luyu jeung parentah
Alloh tur conto rosululloh
Alam sabada maot/di jero taneuh
Bener-bener percaya
Waktu sholat mimiti bijil panonpoe
Nolah kana parentah Alloh
Waktu medal balebat

MATERI PANAMBAH :
1. Kecap Rajekan
2. Kalimah ngantet jeung kalimah bilangan
3. Ngarang ngeunaan obyek wisata

Sumber
Q.S. 103: 3
Q.S. 103: 3
Q.S. 100: 9
Q.S. 102: 5
Q.S. 100: 11
Q.S. 98: 6
Q.S. 97: 5

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.
II.
III.

IV.
V.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 4 x 40 Menit (2xPertemuan)

STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
menulis pengalaman, biografi, sajak, bahasan dan menulis berita.
KOMPETENSI DASAR
Menulis Sajak

INDIKATOR
• Dapat menulis sajak sederhana
• Dapat memilih kata-kata (diksi) dengan tepat
• Dapat menulis larik-larik (padalisan) yang bermakna
• Dapat menulis sajak yang mengandung gaya bahasa, irama (wirahma) dan purwakanti
dalam pembacaannya
• Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah sajakDapat merencanakan tulisan
dalam kerangka karangan

MATERI POKOK
Sajak

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menulis puisi
 Dengan bimbingan guru siswa menuliskan pengalamannya yang paling menarik ke
dalam bentuk puisi
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan penulisan puisi
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar
 Buku kumpulan sajak
VII. PENILAIAN
Prak ku hidep tulis pangalaman nu pangpentingna dina wangun puisi !
Mengetahui
Kepala Sekolah,

............................., Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. 196810151990031005

.............................
.............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Karya sastra séjénna salian ti dongeng jeung pupujian téh nyaéta sajak. Dina wangunna,
sajak jeung pupujian aya sasaruanana nyaéta dina cara nuliskeunana. Sajak téh kaasup kana
karya sastra wangun puisi.
Sajak bisa dibédakeun jadi dua nyaéta sajak kauger jeung sajak bebas. Disebut sajak
kauger sabab dina nuliskeunana kauger ku patokan-patokan saperti lobana jajaran, lobana
engang, jeung purwakanti. Pangna disebut sajak bébas sabab teu kauger ku patokan-patokan.
Hal nu ngabédakeun antara sajak jeung karangan séjénna nyaéta :
1. Kecap-kecap nu dipaké dina sajak mah pinilih sarta loba nu teu saujratna;
2. Cara nepikeun maksud atawa tujuan téh ku kalimah nu parondok;
3. Kecap-kecap dina sajak ngawirahma;
Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun lamun hidep rék nulis sajak.
1. Tangtukeun heula téma naon nu rék ditepikeun;
2. Pilih kecap-kecap nu merenah luyu jeung téma;
3. Pikirkeun naha éta sajak téh ngébréhkeun kabungah, kasedih, atawa hal séjénna;
4. Pikirkeun dina nyusun kalimah sangkan miboga makna;
5. Tangtukeun gaya basa, irama jeung purwakantina sangkan sajak téh resep lamun dibaca.
Sangkan hidep boga gambaran, tengetan sajak ieu di handap !
PIWURUK GURU
Heug regepkeun barudak
Pepeling ti paraguru
Nu baris ngeusian pikir
Nu bakal nyaangan rasa
Mun ku hidep digarugu
Pék turut Indung jeung Bapa
Laksanakeun parentahna
Ulah sok diajar melid
Anggur gé masing rapekan
Ngarah kolot henteu ngungun
Mun kolot ngungun ku urang
Matak sisah matak bingung
Sagala kahayang sulit
Anu dipénta ku urang
Ku kolot moal diwaro
Kaduana di sakola
Turutkeun piwuruk guru
Ngarah hidep bisa ngarti
Pinter dina pangajaran
Sopan santun dina laku
Katiluna kudu iman
Ka Gusti nu Maha Héman
Anu ngaping tur ngajaring
Boh beurang pon kitu peuting
UJI KOMPETENSI

Sabada hidep merhatikeun pedaran ngeunaan cara nulis sajak, sarta nitenan contona, prak

tulis ilustrasi ieu di handap kana wangun sajak, atawa hidep nyieun sajak bebas luyu jeung
kahayang hidep!

1. Pasosoré, sisi laut Pangandaran, ombakna éndah pisan tingborélak katojo cahya panonpoé
nu rék surup. Tangkal kalapa ngajajar sisi basisir, daunna aroyag katebak angin. Loba jalma
keur arulin silih udag jeung babaturanana bangun nu barungah pisan.

__________________________________________________________________________

2. Hidep kacida resepna ningal gunung Ciremai anu jangkung. Warna héjo, puncakna katutup
ku méga bodas nu maraju katebak angin.

__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________

__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________

__________________________________________________________________________

3. Pasawahan mani ngaplak lega pisan. Paréna geus karonéng tereh dipanén. Di tengah

sawah aya bebegig pikeun nyingsieunana manuk piit, dijieun tina kararas dikénca ku tali ka
saung. Manuk leutik ting geleber luhureun paré bangun suka bungah.

__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________

__________________________________________________________________________
Cing ayeuna hidep nyieun hiji sajak bébas. Eusina bisa ngagambarkeun ngeunaan kasedih,

kabungah, kabingung, kanyaah, kaéndahan alam, kaagungan Alloh, jeung sajabana nu kungsi
karasa, katempo jeung kaalaman ku hidep.

________________________________________________________________________

1. Harti konotatif
2. Harti denotatif

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.

II.
III.

IV.
V.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)

STANDAR KOMPETENSI

Mampu membaca, memahami dan menanggapi bentuk dan jenis wacana sejarah
lokal/babad, wacana percakapan, wacana dongeng dan carita pondok
KOMPETENSI DASAR

Membaca sejarah lokal/babad

INDIKATOR
Dapat memahami isi wacana atau cerita
Dapat memahami kedudukan dan peranan tokoh-tokoh
Dapat memahami hubungan kausalitas antarperistiwa kesejarahan
Dapat memahami pertautan antara tokoh, peristiwa dengan wilayah setempat

MATERI POKOK

Sejarah Lokal/Babad

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Secara bergantian siswa membacakan wacana sejarah/babad
 Bersama-sama menyimak wacana sejarah yang dibacakan
 Bertanya jawab tentang topik yang dibaca
 Bertanya jawab tentang isi bacaan
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana
 Siswa ditugaskan untuk mencari wacana sejarah lokal serta menelaah isinya
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Wacana tentang sejarah lokah/babad
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar
 Kaset
VII. PENILAIAN
1. Sebutkeun pikiran utama dina paragraf kahiji tina eta wacana !
2. Saha palaku utama dina eta wacana sajarah teh ?
3. Kumaha watek eta palaku nu kapanggih dina eta wacana ?
4. Naon jasa eta palaku pangna dianggap salaku palaku utama ?
5. Kumaha patalina eta tokoh jeung kajadian nu lumangsung ?
Mengetahui
Kepala Sekolah,

............................., Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. 196810151990031005

.............................
.............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
BABAD MAJALENGKA

Taun 2007 téh umur kota Majalengka nincak ka 517. Ditilik tina umurna bisa dicindekkeun

yén Majalengka téh lahir taun 1490 Maséhi.

Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982

tanggal 9 Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : Hari jadi Majalengka jatuh pada tanggal 7 Juni
1490 Masehi bertepatan dengan tanggal 10 Muharam .

Tatapakan ditetepkeunana éta perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan

Sindangkasih anu diratuan ku Ratu Rambut Kasih.

Kecap Majalengka téh asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna tina

basa Cirebon, maja, ngaran sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit muriang
(malaria), sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna Babad Majalengka téh saperti pedaran
ieu di handap.

Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg tilu karajaan Hindu. Cakraningrat

ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih ratu di
Sindangkasih.

Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé

komara, sarta jadi panutan rahayatna.

Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara

tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria
atawa muriang.

Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama kamashur,

Syéh Sarif Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba pisan anu
kaserang, malah anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.

Syéh Sarif Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah

maja. Nya terus éta dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh, Pangéran
Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan séjén, nyaéta rék nyebarkeun agama Islam.

Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut

Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek

kasakténna. Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa karana.
Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.

Majané langka, majané langka! ceuk eta utusan dina basa Cirebon, anu maksudna tangkal

maja téh euweuh. Nya nelah baé jadi majalengka .

Sanajan anu ditéanganana teu kapanggih, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu

terus mulang ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina hiji waktu mah bakal manggihan
tangkal maja. Jadi dua utusan téh terus néangan, bari sakalian nyebarkeun agama Islam ka
masarakat.

Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di Gunung

Margatapa. Ari Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan Nyi Rambut Kasih
tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.

Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon, sarta

saterusna mah dingaranan Majalengka.

LEMBAR PERBAIKAN /PENGAYAAN
KABEUNGHARAN KECAP

VIII. Langka = euweuh
Komara
= wibawa
Panutan

= nu dipikadeudeuh, nu dipikacinta

Ngawatek

= mapatkeun

Geledegan

= gerotan, (belantara: Ind.)

Matuh

= tetep renggenek, cicing di hiji tempat

Ngahiyang

= ngaleungit

Tagen

= teu pindah ti tempatna

UJI KOMPETENSI 1

Sabada maca Babad Majalengka, jawab pananya ieu di handap !
1.

Dumasar kana eusi perda, ayeuna milangkala Majalengka téh nincak taun kasabaraha ?

2.

Saha ngaran Ratu Sindangkasih téh ?

3.

Wewengkon karajaan mana anu katerap ku kasakit muriang ?

4.

Saha nu mingpin pamaréntahan di éta wewengkon ?

5.

Saha nu diutus ka Sindangkasih ku syéh ti Cirebon téh ?

6.

Naon baé tujuan dua utusan pangna ngajugjug ka Sindangkasih ?

_____________________________________________________________________

7.

Kumaha sikep Ratu Sindangkasih kana datangna éta utusan ?

8.

Naon nu kaalaman ku dua utusan nu dibalukarkeun ku tindakan Ratu Sindangkasih ?

9.

_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________

Naon nu diucapkeun ku dua utusan barang nu dimaksudna teu tinekanan, naon maksudna
?

10.

_____________________________________________________________________

Kumaha sikep Ratu Sindangkasih basa diajak ku Siti Armilah sangkan ngagem agama Islam
?

_____________________________________________________________________
UJI KOMPETENSI 2

Tulis ringkesan Babad Majalengka ku basa hidep sorangan !

___________________________________________________________________________

UJI KOMPETENSI 3

Tulis hiji Babad (sajarah hiji lembur) nu ku hidep dipikanyaho, tulis ku basa nu hadé !

___________________________________________________________________________

___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
Materi panambah :
1. Rarangken hareup barang2. Rarangken hareup pada3. Rarangken hareup sil- /silih-

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.

II.
III.

IV.
V.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)

STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
menulis pengalaman, biografi, sajak, bahasan dan menulis berita.
KOMPETENSI DASAR

Menulis biografi

INDIKATOR
• Dapat memilih tokoh dengan kriteria yang tepat
• Dapat merencanakan tulisan dalam kerangka karangan
• Dapat menunjukkan pentingnya tokoh yang ditulis
• Dapat memilih peristiwa penting dari kehidupan tokoh
• Dapat menceritakan (naratif) riwayat hidup tokoh secara kronologis
• Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah biografi

MATERI POKOK
Biografi

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menulis biografi
 Dengan bimbingan guru siswa menulis biografi seorang tokoh yang dikenalnya
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan tulisannya
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
 Siswa ditugaskan untuk melengkapi biografi yang telah ditulis
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar
 Contoh / buku biografi
 Photo tokoh/gambar
VII. PENILAIAN
Prak ku hidep tulis biografi hiji inohong/tokoh nu ku hidep dipikawanoh! Basana kumaha
hidep sarta ulah poho gunakeun basa Sunda nu merenah tur henteu matak pikaboseneun
nu maca !

Mengetahui
Kepala Sekolah,

............................., Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. 196810151990031005

.............................
.............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Karangan biografi nyaéta karangan anu eusina nyaritakeun kahirupan hiji jalma ti mimiti

lahir nepi ka maot. Eusi karangan tangtu bakal béda jeung karangan séjénna. Dina karangan
biografi mah kudu maké data anu bener sarta lengkep. Dipahing pisan aya eusi anu mangrupa

rékaan. Malah basa atawa kecap-kecap nu dipaké pikeun ngagambarkeunana ogé mangrupa kecap
atawa basa anu baku tur teu meunang dieuyeuban ku kecap atawa basa nu hésé kahartina ku nu
maca. Cindekna kudu gampang kaharti ku nu maca.

Sangkan meunang gambaran anu jelas ngeunaan karangan biografi, pék baca tur lenyepan

conto karangan biografi di handap !

BIOGRAFI Drs. H. KARNA SOBAHI, M.M.Pd.
Saha nu teu uninga ka Bapa Drs. H. Karna Sobahi, M.M.Pd. margi ti kawit diistrenan ping 13

Desember 2008, Anjeunna resmi lungguh salaku Wakil Bupati Majalengka periode 2008-2013.

Bapa Drs. H. Karna Sobahi, M.M.Pd. téh pituin urang Malausma Kacamatan Bantarujeg

Kabupatén Majalengka. Anjeunna putra kalima tina sabelas sadérék. Ramana Bapa Ruja i sareng

Ibuna nu nelah mah Ibu Siti Marminah. Kalintang bagja nu janten sepuhna parantos hasil ngatik
ngadidik putrana dugi ka janten jalmi anu masagi. Luhur ku élmu jembar ku panalar kawuwuh
leket ibadah tur nyaah ka sasama asih ka nu leutik. Estu teu kabilang barudak nu geus dibayuan

tur disakolakeun ku anjeunna. Kituna téh lain pédah jeneng Kepala Dinas Pendidikan, da ti
kapungkurna ogé kitu, di bumina teu weléh ramé ku anak asuh . Luyu pisan jeung pamadeganana
yén Hirup téh ibadah jeung jadi jalma anu resep méré mawéh.

Ayeuna Bapa Drs. H. Karna Sobahi, M.M.Pd.dijungjung lungguh ku masyarakat salaku Wakil

Bupati Kabupaten Majalengka. Mun niténan kahirupan sapopoéna Bapa Drs. H. Karna Sobahi,

M.M.Pd. asa teu aya reureuhna tina rupaning kasibukan. Hanca gawé anu numpuk, acara anu

padet, kagiatan anu teu suwung-suwung pikeun anjeunna teu matak jadi ngarasula. Sok komo
ayeuna mah, Anjeunna sering nohonan pangulem kanggo ceramah Islamiah, boh di nu syukuran

walimatunnikah, sepitan, ngistrénan masjid, walimatul Hajj, miéling hari besar Islam jeung

sajabana. Saurna Urang mah kudu syukuran, capé gé teu kudu tunggang-tanggung punggalpanggul atawa bebelokan cara di kampung. Saréngkak saparipolahna éstu picontoeun wungkul.

Suksés nu ayeuna kacangking téh lain hasil nyulap, tapi mangrupa buah tina katekunan tur

kadariaan enggoning nyuprih pangarti. Kalawan pinuh kasumanget anjeunna nungtut élmu
pangaweruh ti mimiti MIN (Madrasah Ibtidaiyah Negeri), PGAN Talaga, FKIP Bandung jeung

program Magister anu lulus taun 1999. Lian ti éta kasuksesan Anjeunna teu leupas tina pangrojong
garwana nyaéta Ibu Dra. Hj. Dedeh Nurhayati, M.Pd. katut palaputrana anu lima.

Ti mangsa rumaja kénéh anjeunna resep icikibung dina organisasi, diantarana baé PII, HMI,

PUI, GOLKAR jeung PGRI. Aktifna dina widang organisasi téh lain pédah aya nu dierong tapi
mangrupa pengabdian, pangalaman jeung pikeun ngadéwasakeun diri.

Taun 1976 Anjeunna jeneng guru SD, taun 1981 jeneng guru SPG, taun 1995 jeneng Kepala

SMA, taun 2001 jeneng Kabid Dikmen, ti taun 2003 jeneng Kadisdik Kabupaten Majalengka.

Buah tina kaparigelanana dina mancén gawé, anjeuna kénging sababaraha pangleler ti

Presiden diantarana baé: salami taun 2004 nampi Anugrah Widya Krama Pendidikan, Anugrah
Pemuda, sareng Anugrah Keaksaraan Fungsional dina raraga HAI ( Hari Keaksaraan Internasional).

Masih dina taun 2004 pancegna dinten Minggu 28 Maret di Grand Ballroom Hotel Aryaduta
Anjeunna nampi panglélér ti IHRDP (International Human Resourses Development Pragram)
Kharisma Indonesia The Internasional Foundation anu dipingpin ku Prof. Ir. Octavioanus

Rondonuwu, M.Ec., margi Anjeunna diajen kalebet inohong anu kalintang merhatoskeun widang
atikan jeung kamekaran sumberdaya manusia.
LEMBAR PERBAIKAN /PENGAYAAN
Jawab pananya ieu di handap !

1. Saha anu jeneng Wakil Bupatai Kabupaten Majalengka periode 2008-2013 téh?

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

2. Terangkeun deui asal muasal anjeunna !

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
3. Tuliskeun, di mana waé anjeunna sakola ?

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

4. Kumaha sikep H. Karna Sobahi, M.Pd. ka barudak nu teu mampuh sakola? Naon buktina ?

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________

5. Tuliskeun jujutan riwayat padamelanana !

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________

6. Tuliskeun, organisasi naon waé nu ku anjeunna diiluan !

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

7. Kumaha sikep hirup Pa H. Karna téh ? Naon buktina ?

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

8. Tuliskeun, kumaha motto hirup Pa H. Karna ?

_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

9. Jéntrékeun, anugrah naon waé nu dilélérkeun ka Pa Haji Karna boh ti presidén boh ti organisasi
séjénna ?

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

10. Ajén atikan naon nu kapanggih sabada hidep maca éta biografi ?

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
Sabada hidep nengetan conto karangan biografi Drs. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., katitén yén

hal-hal nu ditulis dina karangan biografi téh di antarana nyaéta :
1. tempat, poé, jeung tanggal dibabarkeunana;
2. indung, bapa jeung kulawargana;

3. kahirupan mangsa leutik kénéh nepi ka déwasa;
4. cita-citana;

5. pendidikan anu kungsi kaalamanna;

6. jabatan atawa kalungguhan anu kungsi kacangkingna;
7. pangajén/penghargaan anu kungsi katarima;
8. jeung sajabana.
UJI KOMPETENSI

Sangkan hidep bisa nulis karangan biografi, conto data ieu di handap ku hidep mekarkeun jadi
karangan biografi.
Jenengan
Lahir

:
:

DR. H. Syarifudin Hérdiana
Désa Mekarmulya Kacamatan Kertajati Kabupaten
Majalengka, Minggu 12 Méi 1964

Ngaran keur leutik

:

Dian

Sakola

:

Digawe

:

Pupus

:

SD Mekarmulya, taun 1971; SMP, taun 1977; SMA Negeri
Majalengka, 1980; ITB Jurusan Teknik Bangunan, 1983 lulus taun
1989 nilai rata-rata A.
- Direktur PT Jasa Utami, ti taun 1990 1995
- Kepala Badan Pengawas Pembangunan, taun 1995-2001
- Pingpinan Pondok Pesantrén Modéren Miftahul Khoér
Jumaah, 11 Agustus 2003
BIOGRAFI DR. H. SYARIFUDIN HERDIANA

________________________________________________________________________________

__________________________________________________
PANCEN ( PR )

Di bumi, prak hidep diajar nulis karangan biografi hiji tokoh masyarakat anu aya di lembur

hidep! Pilih tokoh masyarakat anu pangdipikareueus ku balaréa. Sangkan datana lengkep,

saméméh nulis tanyakeun heula ka indung atawa bapa hidep ngeunaan éta tokoh. Hal-hal anu
geus ditataan saméméhna bisa dipaké calecer (patokan).

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.

II.
III.

IV.
V.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)

STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bercerita
tentang penglaman, menyampaikan pengumuman, bertelepon, menyampaikan bahasan,
menceritakan tokoh, dan bercakap-cakap dengan teman.
KOMPETENSI DASAR

Menceritakan tokoh idola
INDIKATOR
• Dapat memilih tokoh idola dengan pertimbangan yang baik
• Dapat menjelaskan kelebihan tokoh idola
• Dapat menjelaskan makna kelebihan atau keunggulan itu
• Dapat menanggapi berbagai aspek terpuji dan keteladanan tokoh idola
• Dapat menjawab pertanyaan tentang tokoh idola
• Dapat memperbaiki atau menyempurnakan penceritaan

MATERI POKOK
Tokoh

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 Motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Siswa secara bergantian menceritakan tokoh yang disenanginya
 Bersama-sama menyimak pemaparan temannya dengan penuh perhatian
 Bertanya jawab tentang tokoh yang diceritakannya
 Bertanya jawab tentang alasan memilih tokoh tersebut sebagai idola
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar
VII. PENILAIAN
Cing caritakeun ku hidep hiji tokoh nu ku hidep dipikameumeut, sing jentre !

Mengetahui
Kepala Sekolah,

............................., Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................
NIP. 196810151990031005

.............................
.............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Dumasar kana karesep, minat jeung bakatna, hidep tangtu boga hiji tokoh nu jadi idola.

Biasana nu resep kana da wah bakal ngaidolakeun Bapa Zainudin MZ, Bapa Jujun atawa AA Gym.

Pikeun nu resep sépak bola tokoh idolana pasti tukang sépak bola saperti Maradona, Robby

Darwis, Dédé Iskandar jeung sajabana. Nu resep kana sinétron atawa film tangtu idolana ogé artis.
Tokoh séjénna nu sok jadi idola upamana baé politikus, negarawan, guru, sastrawan, agamawan,
jeung réa-réa deui.

Pangna dijieun idola pasti éta tokoh téh aya kaunggulanana ti nu séjén. Bisa lantaran

kasépna, geulisna, pinterna, atawa hadé laku lampahna. Eta kaunggulan tina tokoh nu jadi idola

téh gedé pisan pangaruhna ka éta jalma. Sagala réngkak paripolah éta tokoh sok diturutan. Boh
gaya leumpangna, modél buukna, pakéanana jeung kabiasaanana.
LEMBAR PERBAIKAN /PENGAYAAN
Prak ku hidep tuliskeun heula tokoh nu jadi idola (kareueus). Jéntrékeun kaunggulan éta

tokoh, naon alesanna pangna dijieun idola, hal positif naon nu bisa dipiconto ti éta tokoh idola.
Kadé poho tuliskeun ngaran, tempat, kabiasaan atawa kaahlian éta tokoh. Sing lengkep !
________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________
_____________________________________________________________________________

_____________________________________________________________________________
___________________________
Materi Panambah :

* Kecap serepan tina Basa Indonesia

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 2 x 40 menit

STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
menulis pengalaman, biografi, sajak, bahasan dan menulis berita.

II.

KOMPETENSI DASAR

Menulis karangan eksposisi (bahasan)

III.

INDIKATOR
• Dapat memilih topik (jejer) yang cocok untuk karangan eksposisi
• Dapat merencanakan tulisan dalam kerangka karangan
• Dapat menulis bagian pembukaan dengan jelas
• Dapat menerangkan prosedur, langkah-langkah atau proses secara sistematis
• Dapat menerangkan tiap prosedur, langkah atau proses dengan jelas dan singkat
• Dapat menggunakan bahasa yang lugas, kata yang tepat, dan kalimat-kalimat yang
efektif
• Dapat menulis bagian penutup dan kesimpulan dengan baik
• Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah bahasan

IV.
V.

MATERI POKOK
Bahasan

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menulis bahasan
(karangan eksposisi)
 Dengan bimbingan guru siswa menulis bahasan yang disenang oleh siswa
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan tulisannya
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
 Siswa ditugaskan untuk membaca karangan bahasan pada majalah atau koran
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar
VII. PENILAIAN
Prak ku hidep tulis hiji karangan eksposisi (bahasan)! Basana kumaha hidep sarta ulah
poho gunakeun basa Sunda nu merenah tur henteu matak pikaboseneun nu maca !

Mengetahui
Kepala Sekolah,

............................., Juli 2012
Guru Mata Pelajaran,

.............................

.............................

NIP. 196810151990031005

.............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Karangan éksposisi teh miboga maksud pikeun nétélakeun

ngeunaan hiji perkara

sangkan nu maca mikanyaho kana éta hal. Upamana baé nétélakeun harti atawa kajadian nepi
ka jéntré pisan, ngajéntrékeun naon rupa nu geus ditulis atawa dicaritakeun ku hiji tokoh. Bisa

ogé ngajéntrékeun lumangsungna hiji kajadian boh nu cikénéh lumangsung boh anu geus

heubeul. Hasan Shadily nétélakeun dina Kamus Inggris-Indonesia yén karangan éksposisi nyaéta
karangan anu nétélakeun hiji prosés atawa ngajéntrékeun gagasan hiji jalma. Pangajaran, eusi
ceramah, laporan jeung tajukrencana ogé biasana ditulis mangrupa
(éksposisi).

karangan bahasan

Dina karangan éksposisi, hal anu ditulis kudu jéntré ulah aya hal nu matak ragu-ragu.

Malah sangkan leuwih ngayakinkeun ka nu maca dina karangan bisa dilengkepan ku data anu
jelas.

Hidep kudu bisa nulis karangan éksposisi. Léngkah-léngkah nu kudu dipigawé diantarana:

Pilih jejer (topik) nu luyu;

Jieun heula rangkay karangan;

Robah rangkay karangan jadi karangan anu lengkep;

Gunakeun kecap-kecap anu jelas tur kalimah-kalimah anu éféktif;
Hal nu kudu ditulis nyaéta :

1. Bubuka; tulis bagian bubuka kalawan jelas;

2. Eusi; jéntrékeun kalawan jelas eusi karangan, prosédurna, jeung léngkah-léngkah (prosésna).

3. Panutup, tulis bagian panutup kalawan jelas.

Karangan eksposisi eusina bisa ngagambarkeun ngeunaan lengkah-lengkah atawa proses
produksi. Jejer nu rek ditulis upamana cara-cara nyieun kadaharan, proses nyieun hiji karya seni,
léngkah-lengkah ngoperasikeun hiji alat, jeung sajabana.

Sangkan leuwih jéntré, baca tur tengetan conto karangan éksposisi di handap !

Conto 1

Rangkay Karangan:
Bubuka
Eusi
Panutup

:

:

:

ngajéntrékeun ngeunaan nasi goréng sacara umum

ngajéntrékeun bahan, bungbu, panglengkep jeung cara ngolahna

mere motivasi sangkan nu maca hayang nyoba nyieun nasi goréng istimewa.
NASI GORENG ISTIMEWA

Urang geus teu anéh deui kana nasi goréng. Malah sigana mangrupa sarapan istiméwa

saméméh indit ka pagawean atawa ka sakola. Tapi lolobana lamun nyieun nasi goréng téh asal

sangu digoréng sarta cukup ukur dipurulukan ku uyah wungkul. Atuh rasana ogé kurang lezat.
Kudu kumaha atuh sangkan nasi goréng teh nikmat karasana ? Tangtu aya élmuna. Panasaran ?

Hal nu kudu diperhatikeun lamun urang rék nyieun nasi goréng istimewa nyaeta bahan-

bahanna, bungbuna, panglengkep, jeung cara nyieunna.

Bahan nu diperlukeun diantarana baé sangu tiis 450 gram, minyak sayur 3 séndok

makan, cai panas 200 mili, jeung daun konéng nu diiris sing lembut.

Sangkan lezat rasana tangtu kudu maké bungbu. Bungbu nu diperlukeun diantarana

bawang beureum 8 sihung, bawang bodas 2 sihung, konéng 5 cm jeung uyah saséndok entéh.
Bungbu nu ditataan tadi diréndos nepi ka lemes pisan.

Pikeun ngalengkepan nasi goréng istimewa nyaéta goréng emping, bonténg meunang

motongan aripis, jeung goréng jambal nu geus dipotong pasagi ½ séntian.

Ayeuna kumaha cara ngolahna sangkan hasilna nyugemakaeun ? Mimiti, bungbu nu geus

meunang ngaréndos téh ditumis nepi ka seungit. Tuluy asupkeun sangu nu tiis kana bungbu tadi,

aduk-aduk sing walatra sangkan bungbuna ngahiji tur nyerep. Tambahkeun daun konéng nu geus
lembut bari diaduk-aduk deui nepi ka asak.

Kumaha gampang pisan pan ? Tah sangkan leuwih nikmat, nasi goréng istiméwa téh

diawur ku goréng jambal. Sarta dilengkepan ku goréng emping jeung bonténg meunang
motongan.

Geura cobaan resép nasi goréng istiméwa khas Jawa Barat ieu. Pasti bakal deudeuieun.

Conto 2

Rangkay Karangan:
Bubuka
Eusi
Panutup

:

ngajéntrékeun ngeunaan kelenci

:

méré motivasi sangkan nu maca resép miara sato saperti kelenci.

:

ngajéntrékeun kandungan giji dina kelenci jeung kaistiméwaanana

KAISTIMEWAAN KELENCI

Sakur urang Sunda mah pasti moal bireuk kana sato nu disebut kelenci. Tapi sigana mah

aya ogé nu apal kana ngaran teu apal kana rupa. Kelenci téh sato nu kacida lucuna. Gedéna teu
béda ti ucing. Malah gibas mah leuwih gedé batan ucing.

Kelenci kaasup sato nu halal, dagingna loba pisan kandungan gizina. Atuh kokotorna, bisa

dijieun gemuk pikeun tutuwuhan. Hasilna alus pisan.

Ngukut kelenci teu susah, sabab sajaba ti parabna ukur ku jukut téh, kelenci mah jarang

katerap kasakit deuih. Lamun teu aya jukut bisa diparab ku kangkung atawa wortel, pokokna

sabangsa sayuran atawa dangdaunan anu seger. Ngan aya kaistiméwaanana, lamun keur nganak

sok ngali liang nepi ka aya saméterna. Atuh mun urang hayang néwak téh hésé kudu nungguan
bongohna.

Lamun ngajuru, kelenci sok leuwih ti dua. Malah sok aya nu nepi ka lima. Lamun kelenci

geus gede, sok dipeuncit tuluy dagingna diolah. Dibungbuan saperti masak daging domba atawa
daging hayam. Aya nu disaté, diopor, disop, digoréng jeung sajabana.

Di Réstoran mah daging kelenci téh leuwih loba nu disaté. Sabab, sajaba ti rasana gurih téh,

seungit deuih.

Ku sabab ieu sato téh loba kaunggulanana, urang bisa miara pikeun ngeusi waktu luang.

LEMBAR PERBAIKAN /PENGAYAAN
Prak hidep nulis hiji karangan éksposisi saperti conto di luhur. Eusina bisa milih kumaha hidep
baé. Saméméhna tulis heula rangkayna, tuluy mekarkeun jadi karangan anu lengkep.
Rangka karangan :

_______________________________________________________________________________

_______________________________________________________________________________
________________________________________________________________
JUDUL : ______________________________________

__

_______________________________________________________________________________
_______________________________________________________________________________
_______________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
Materi Panambah :
1. Kecap Kantetan Rakitan dalit
2. Kecap kantetan rakitan anggang

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN
(RPP)
Nama Sekolah
Mata pelajaran
Kelas / Semester
Alokasi Waktu
I.

II.
III.

: SMPN 2 .............................
: Bahasa Sunda
: VII / 2
: 4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)

STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bercerita
tentang pengalaman, menyampaikan pengumuman, bertelepon, menyampaikan
bahasan, menceritakan tokoh dan bercakap-cakap dengan teman
KOMPETENSI DASAR

Menyampaikan bahasan
INDIKATOR
• Dapat memilih topik bahasan yang penting atau berguna
• Dapat memulai bahasan dengan pembukaan yang baik
• Dapat menyajikan bagian-bagian bahasan dengan susunan yang sistematis
• Dapat menyajikan bahasan dengan bahasa, pilihan kata atau kalimat-kalimat efektif
• Dapat berbicara dengan penampilan yang baik
• Dapat mengakhiri bahasan dengan penutup yang baik
• Dapat menjawab pertanyaan-pertanyaan tentang isi bahasan

IV.

MATERI POKOK

V.

KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menyampaikan
bahasan serta hal-hal yang harus disampaikannya
 Secara bergantian siswa menyampaikan bahasan yang telah ditulisnya dengan
teknik dan bahasa yang baik
 Bersama-sama memperhatikan temannya yang sedang menyampaikan bahasan
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan kesalahan dalam
menyampaikan bahasan
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
 Siswa dimotivasi untuk berani mengemukakan gagasan atau hal lainnya
MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Tabloid

VI.

Bahasan

VII. PENILAIAN

Prak tepikeun ku hidep bahasan nu geus ditulis kalawan bener boh cara nyaritana boh
basa nu digunakeunnana !
Mengetahui
Kepala Sekolah,

...........