Medar Paguneman Buku BSE bahasa sunda kurikulum 2013 SMP/MTs Kelas 7

4 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII “Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya. “Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu. “Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna. “Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.

B. Medar Paguneman

Wacana “Indung jeung Anak” di luhur téh mangrupa paguneman dialog antara Atia, lanceukna Tétéh, jeung indungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaéta ngeunaan tatakrama dina kahirupan sapopoé nu kapanggih waktu piknik ka Maribaya. Lamun seug dibaca kalawan lentong anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun. Dina paguneman, lentong luhur handapna sora jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé. Salian ti lentong, dina paguneman kudu diperhatikeun ogé tatakrama basana nu ngawengku basa lemes jeung basa loma. Basa atawa kekecapan nu dipaké dina wacana di luhur sagemblengna ngagunakeun basa lemes. Naha kudu salilana dina guneman atawa obrolan ngagunakeun basa lemes? Ah nya henteu, gumantung jeung saha urang ngobrolna. Ari ngobrol jeung babaturan nu geus dalit mah meunang maké basa loma saperti indit, saré, dahar ogé. Dina harti, sok sanajan tatakrama basa téh tujuanana pikeun silihajénan, lain hartina maké basa loma teu ngajénan. Di unduh dari : Bukupaket.com 5 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VII Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basa undak-usuk basa, dina paguneman ogé kudu dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah. Ieu ogé diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna, jeung saha urang ngobrol babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah. Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna bakal béda upama dibandingkeun jeung situasi séjén, upamana waé dina diskusi. Ngajawab pananya. 1. Nanyakeun naon Atia ka indungna téh? 2. Ari nu dipikareueus ku indungna saha? 3. Saha waé anu kalibet dina éta paguneman? 4. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh? 5. Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun 6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha? 7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan? 8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

C. Metakeun Paguneman