UNSUR LINGKUNGAN DALAM BABASAN DAN PARIBASA SUNDA UNTUK BAHAN PENGAJARAN PAKEMAN BASA DI KELAS XI SMA.

(1)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa téh hiji hal anu unik, anu dipaké pakakas komunikasi ku manusa. Sanajan basa téh sipatna arbitrer atawa manasuka, tapi éta basa dipakéna henteu sambarangan, sabab nyoko kana karageman atawa konvensional (Chaer jeung Agustina, 2010, kc. 13). Contona hiji hal moal disebut suku saupama masarakat anu ngagunakeun éta basa teu sapuk yén anu aya dina bagian handap awak manusa nu pungsina pikeun leumpang atawa pindah ti hiji tempat ka tempat séjénna disebut suku. Kitu ogé karuhun urang Sunda baheula dina ngagunakeun basa téh teu asal pok baé, tapi didadasaran ku akal atawa logika (Sudaryat, 2003, kc. 97). Saupama dilenyepan deui mah, kolot urang baheula bisa disebut romantis atawa deuheus pisan jeung lingkunganana, utamana dina nyiptakeun basa. Ieu hal bisa dibuktikeun ku kabeungharan kecap anu dipibanda ku basa Sunda.

Salah sahiji titinggal karuhun urang Sunda baheula téh di antarana nya éta babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa Sunda téh salah sahiji wanda tina pakeman basa atawa sok disebut ogé idiom. Dina babasan jeung paribasa Sunda bisa kagambar rupa-rupa informasi, salah sahijina nya éta informasi ngeunaan unsur lingkungan. Saenyana mah babasan jeung paribasa téh sarua baé, ngan Nurutkeun Prawirasumantri (dina Hidayat, spk., 2007, kc. 197) mah bédana babasan jeung paribasa téh nya éta babasan mah geus ngawangun hiji kecap (kantétan), sedengkeun paribasa mah méh mirupa kalimah. Sudaryat ogé nétélakeun yén bédana babasan jeung paribasa téh lebah hartina, ari babasan mah ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa mah ngandung harti babandingan (Sudaryat, 2003, kc. 118).

Urang Sunda biasana tara ngungkarakeun hiji hal sacéréwélna, tapi sok dibalibirkeun heula sangkan maksud omonganana katepi jeung teu matak nyentug kana haté. Babasan jeung paribasa jadi salah sahiji cara urang Sunda dina nepikeun pamaksudanana. Kekecapan anu dipaké dina nyusun babasan jeung paribasa ogé teu jauh tina naon anu katingali, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung naon anu kapikir. Sacara umum urang sunda méré ngaran hiji hal téh biasana


(2)

nurutkeun sorana, sasaruanana, bahanna, tempat asalana, nu nyieunna, nu nimuna, sipatna, atawa sabagian anggapanana (Sudaryat, 2003, kc. 93).

Generasi ngora ayeuna geus ngésér jauh tina sipat nyaah ka lingkunganana. Éta hal ditandaan ku loba teu apalna kana kekecapan nu ngagambarkeun unsur lingkungan, saperti unsur manusa, sato, tutuwuhan, jeung kaayaan alam. Pikeun ngungkulan éta pasualan, penting di dieu numuwuhkeun deui sipat nyaah ka lingkungan, nu salah sahiji carana nya éta ku ngawanohkeun deui babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan. Ngawanohkeun deui babasan jeung paribasa Sunda, bisa ngaliwatan kurikulum nu aya di sakola, sabab nurutkeun Vigotksy (dina Yusuf jeung Sugandhi, 2011, kc. 83), sakola téh mangrupa salah sahiji agén budaya anu milu nangtukeun kamekaran pola pikir rumaja, dina ieu hal, nya éta pikeun ngarahkeun pola pikir rumaja kana kasadaran mikanyaah lingkunganana ngaliwatan babasan jeung paribasa Sunda. Salian ti éta ogé, babasan jeung paribasa Sunda téh kaasup kana salah sahiji ambahan bahan kabasaan pangajaran bahasa Sunda di sakola (Haerudin jeung Kardana, 2013, kc. 84-89). Pakait jeung éta hal, dina KI-KD pangajaran bahasa Sunda kelas XI SMA, aya salah sahijina pangajaran pakeman basa. Pangajaran pakeman basa téh eusina nya éta bahasan ngeunaan pakeman basa, anu salah sahiji eusina nya éta medar babasan jeung paribasa Sunda. Ningali éta hal, teu salah saupama pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA dideudeulan ku pedaran babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan, saperti unsur manusa, sato, tutuwuhan jeung kaayaan alam. Salian ti bisa numuwuhkeun deui rasa nyaah ka lingkunganana, ogé ieu panalungtikan bisa jadi alternatif bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA.

Saacanna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu nalungtik babasan jeung paribasa Sunda, tapi dina ulikan anu béda-béda. Dina taun 2004 aya tiluan nu nalungtik ngeunaan babasan jeung paribasa nya éta Sudesti Permata Sari dina skripsi anu judulna Unsur Gaya Basa dina 700 Paribasa Sunda Karangan R. Maskar Ganda Sudirdja Pikeun Bahan Pangajaran di SMA, jeung skripsi Demaswati anu judulna Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonesia Disawang tina Maksud anu Dikandungna jeung Bahan anu Dibandingkeunana, ogé Erni Kurniawati anu


(3)

ngajudulan skripsina Unsur Purwakanti dina Babasan jeung Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran di SLTP. Satuluyna dina taun 2012 Nining Novianti ngaréngsékeun skripsi anu judulna Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis). Ari dina taun 2013 mah, Siska Pertiwi nyusun skripsi anu judulna Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda). Sedengkeun nu anyar-anyar ieu aya skripsi anu judulna Gaya Basa Métafora dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Stilistika jeung Semantik) ku Anita Nurul Fauziah.

Sanajan babasan jeung paribasa Sunda geus réa nu nalungtik, tapi aya bédana jeung ieu panalungtikan. Dina ieu panalungtikan mah nu diulik téh perkara aspék lingkungan dina babasan jeung paribasa. Jaba ti éta, hasil tina ieu panalungtikan bisa diajangkeun pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Ku sabab éta, perlu ayana panalungtikan babasan jeung paribasa Sunda anu ngulik tina jihat unsur lingkunganana sarta hasilna jadi bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Dumasar kana pedaran saacanna, ieu panalungtikan dibéré judul “Unsur Lingkungan dina Babasan jeung Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran Pakeman Basa di Kelas XI SMA”.

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan teu ka mana karep ambahanana, perlu ayana watesan masalah. Dina ieu panalungtikan, unsur lingkungan téh diwangun ku dua komponén nya éta komponén biotik jeung komponén abiotik (Dwidjoseputro, 1987, kc. 59). Komponén biotik téh ngawengku tutuwuhan, sato jeung mahluk hirup séjénna kaasup manusa. Ari komponén abiotik mah nya éta ngawengku komponén alam saperti taneuh, cai, hawa, jeung panon poé. Jadi dina ieu panalungtikan, anu didéskripsikeun téh nya éta unsur manusa, sato, tutuwuhan, jeung kaayaan alam nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda. Jadi, rumusan masalah dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Naon waé babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan? 2) Naon waé unsur lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda? 3) Kumaha babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan mun


(4)

1.3 Tujuan Panalungtikan

Hiji hal moal sagawayah dilaksanakeun saupama euweuh tujuanana, kitu deui jeung ieu panalungtikan. Tujuan dina ieu panalungtikan téh aya dua, nya éta (1) tujuan umum jeung (2) tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar saacanna, tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun unsur lingkungan anu kapanggih dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA.

1.3.2 Tujuan Husus

Salian tujuan umum anu disebutkeun di luhur, ieu panalungtikan ogé miboga tujun husus, nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Ari anu didéskripsikeunna nya éta:

1) babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan; 2) unsur lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda; sarta

3) bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA nu medar babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan téh ngawengku dua aspék, nya éta (1) mangpaat tioritis jeung (2) mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan élmu pangajaran basa utamana pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA, sarta nambahan alternatif bahan ajarna.


(5)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan bisa digunakeun pikeun murid, guru, masarakat, jeung panalungtik sorangan.

1) Pikeun murid

Dipiharep tina ieu panalungtikan, murid bisa mikawanoh tur paham kana babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan. Salian ti éta, ogé dipiharep murid sakola bisa tumuwuh kasadaranana pikeun mikanyaah lingkunganana.

2) Pikeun guru

Dipiharep ku ayana ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh guru dina nerangkeun babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan, hususna dina pangajaran pakeman basa kelas XI SMA. Salian ti éta, ogé dipiharep guru bisa leuwih numuwuhkeun deui rasa nyaah tur ngahargaan kana lingkungan ka muridna.

3) Pikeun masarakat

Dipiharep ogé masarakat bisa leuwih nyaah tur ngahargaan lingkungan sabudeureunana ku cara mikawanoh babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan.

4) Pikeun panalungtik

Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa nambahan informasi ngeunaan unsur lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan téh dipidangkeun dina lima bab. Bab I medar kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan ngawengku tujuan husus jeung tujuan umumna, mangpaat tina panalungtikan, jeung raraga tulisan. Sedengkeun bab II mangrupa ulikan pustaka anu medar unsur lingkungan, babasan jeung paribasa Sunda sarta bahan ajar pangajaran pakeman basa. Salian ti ulikan tiorina,


(6)

dina ieu bab ogé dipedar panalungtikan saacanna katut kalungguhan tiori. Satuluyna dina bab III dipedar métode panalungtikan anu ngawengku désain panalungtikan, data jeung sumber data, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Bab IV dina ieu panalungtikan mangrupa hasil analisis data jeung pedaran panalungtikan. Pamungkas, bab V mangrupa kacindekan jeung saran.


(7)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data anu geus ditepikeun dina bab IV, ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Tina sumber data kapanggih aya 200 babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan, anu ngawengku 104 babasan jeung 96 paribasa. Sedengkeun babasan anu ngandung unsur manusa kapanggih aya 83 ungkara. Babasan jeung paribasa anu ngandung unsur sato kapanggih aya 49 ungkara, babasan jeung paribasa anu ngandung unsur tutuwuhan kapanggih aya 31 ungkara, sarta babasan jeung paribasa anu ngandung unsur kaayaan alam kapanggih aya 52 ungkara.

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur manusa kapanggih dua rupa unsur, nya éta unsur lahir jeung batin manusa. Dina unsur lahir manusa, bisa diwincik deui jadi dua golongan, nya éta wujud jeung bagian badan manusa. Dina bagian badan manusa ogé bisa diwincik deui jadi lima golongan, nya éta bagian luhur badan manusa, bagian tengah badan manusa, bagian handap badan manusa, bagian jero badan manusa, jeung sakujur badan manusa.

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur sato kapanggih dua rupa unsur, nya éta ngaran sato jeung bagian badan sato. Dina golongan ngaran sato, bisa diwincik deui dumasar tempatna, wujudna, jeung dumasar jenisna. Dina bagian ngaran sato dumasar tempatna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato nu aya di alam, jeung ngaran sato nu aya di sabudeur imah jeung lembur. Dina bagian ngaran sato dumasar wujudna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato ngarayap, jeung ngaran sato leutik. Dina bagian ngaran sato dumasar jenisna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato sabangsa lauk, jeung ngaran sato sabangsa manuk.

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur tutuwuhan kapanggih dua rupa unsur, nya éta ngaran tutuwuhan jeung bagian tutuwuhan. Dina golongan ngaran sato, bisa diwincik deui jadi opat rupa, nya éta ngaran tatangkalan, ngaran sasayuran, ngaran bungbuahan, jeung ngaran beubeutian.


(8)

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur kaayaan alam kapanggih tilu rupa unsur, nya éta wujud alam, unsur alam jeung kajadian alam. Dina golongan unsur alam, bisa diwincik deui jadi tujuh rupa, nya éta unsur langit, taneuh, cai, angi, waktu, seuneu, jeung hawa.

Bahan pangajaran babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan dina pangajaran pakeman basa kelas XI SMA, didadarkeun dina runtuyan bahan ajar anu mangrupa teks déskripsi ngeunaan babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan.

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda, aya saran-saran anu hayang ditepikeun di antarana:

a. Ieu panalungtikan karék ngabahas opat unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda, acan nepi kana ngabahas barang-barang nu aya di sabeudeureun lingkungan.

b. Dina ieu panalungtikan kapanggih kecap-kecap anu ngébréhkeun unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa, dipiharep satuluyna aya buku nu ngadéskripsikeun tiap babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan.

c. Tina hasil panalungtikan kagambar aya sababaraha ungkara babasan jeung paribasa anu ungkarana méh sarua, dipiharep ogé satuluyna aya panalungtikan ngeunaan variasi ungkara babasan jeung paribasa Sunda.

d. Kecap-kecap nu nuduhkeun unsur lingkungan kudu terus dipaké. e. Babasan jeung paribasa Sunda kudu terus dipaké dina omongan

sapopoé sarta diwanohkeun terus ka nonoman Sunda lianna.

f. Bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA kudu bisa leuwih variatif sarta ngirut karep diajar siswa.


(9)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A & Agustina, L. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta. Danadibrata. (2009). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Demaswati. (2004). Babandingan paribasa Sunda jeung paribasa Indonesia disawang tina maksud anu dikandungna jeung bahan anu

dibandingkeunanan. Bandung: henteu medal.

Dwidjoseputro, D. (1987). Manusia dengan lingkungannya buku teks untuk perguruan tinggi. Jakarta: Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan Direktorat Jendral Pendidikan Tinggi Departemen Pendidikan dan Pengajaran.

Fauziah, A. N. (2014). Gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa Sunda (tilikan stilistik jeung semantik). Bandung: henteu medal.

Haerudin, D. & Kardana, K. (2013) Panganteur talaah buku ajar. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Hidayat, R. T., spk. (2007). Peperenian urang Sunda. Bandung: Kiblat.

Iskandarwassid & Sunendar, D. (2011). Strategi pembelajaran bahasa. Bandung: Rosda

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran éjahan basa Sunda édisi révisi. Bandung: Rahmat Cijulang.

Kurniawati, E. (2004). Unsur puwakanti dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun bahan pangajaran di SLTP. Bandung: henteu medal.

Nasution. (2001). Asas-asas kurikulum. Jakarta: PT Bumi Aksara. Novianti, N. (2012). Babasan jeung paribasa Sunda (tilikan linguistik antropologis). Bandung: henteu medal.

Pertiwi, S. (2013). Aspék psikolinguistik sosial dina babasan jeung paribasa Sunda (ulikan gambaran watek urang Sunda). Bandung: henteu medal.


(10)

Ganda Sudirdja pikeun bahan pangajaran di SMP. Bandung: henteu medal. Satjadibrata. (2008). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Sudaryat, Y. (2004a). Élmuning basa. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Y. (2004b). Modél pangajaran kompetensi basa Sunda. Tanggerang: CV Pamulang

Sudaryat, Y. (2003). Ulikan semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2015). Wawasan kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan

Indonesia.

Sudjana, N. (2011). Tuntunan penyusunan karya ilmiah makalah-skripsi-tesis disertasi. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Soerdjani, M., Ahmad, T., & Munir, R. (1987). Lingkungan sumber daya alam dan kependudukan dalam pembangunan. Jakarta: Universitas

Indonesia-Press

Supardi. (1994). Lingkungan hidup dan kelestariannya. Jakarta: Penerbit Alumni. Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman penulisan karya ilmiah UPI tahun akademik 2014/2015. Bandung. Henteu medal.

Yusuf, S. jeung Sugandhi, N. M. (2011). Perkembangan peserta didik. Jakarta: PT RajaGrafindo Persada.


(1)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan bisa digunakeun pikeun murid, guru, masarakat, jeung panalungtik sorangan.

1) Pikeun murid

Dipiharep tina ieu panalungtikan, murid bisa mikawanoh tur paham kana babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan. Salian ti éta, ogé dipiharep murid sakola bisa tumuwuh kasadaranana pikeun mikanyaah lingkunganana.

2) Pikeun guru

Dipiharep ku ayana ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh guru dina nerangkeun babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan, hususna dina pangajaran pakeman basa kelas XI SMA. Salian ti éta, ogé dipiharep guru bisa leuwih numuwuhkeun deui rasa nyaah tur ngahargaan kana lingkungan ka muridna.

3) Pikeun masarakat

Dipiharep ogé masarakat bisa leuwih nyaah tur ngahargaan lingkungan sabudeureunana ku cara mikawanoh babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan.

4) Pikeun panalungtik

Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa nambahan informasi ngeunaan unsur lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan téh dipidangkeun dina lima bab. Bab I medar kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan ngawengku tujuan husus jeung tujuan umumna, mangpaat tina panalungtikan, jeung raraga tulisan. Sedengkeun


(2)

dina ieu bab ogé dipedar panalungtikan saacanna katut kalungguhan tiori. Satuluyna dina bab III dipedar métode panalungtikan anu ngawengku désain panalungtikan, data jeung sumber data, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Bab IV dina ieu panalungtikan mangrupa hasil analisis data jeung pedaran panalungtikan. Pamungkas, bab V mangrupa kacindekan jeung saran.


(3)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data anu geus ditepikeun dina bab IV, ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Tina sumber data kapanggih aya 200 babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan, anu ngawengku 104 babasan jeung 96 paribasa. Sedengkeun babasan anu ngandung unsur manusa kapanggih aya 83 ungkara. Babasan jeung paribasa anu ngandung unsur sato kapanggih aya 49 ungkara, babasan jeung paribasa anu ngandung unsur tutuwuhan kapanggih aya 31 ungkara, sarta babasan jeung paribasa anu ngandung unsur kaayaan alam kapanggih aya 52 ungkara.

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur manusa kapanggih dua rupa unsur, nya éta unsur lahir jeung batin manusa. Dina unsur lahir manusa, bisa diwincik deui jadi dua golongan, nya éta wujud jeung bagian badan manusa. Dina bagian badan manusa ogé bisa diwincik deui jadi lima golongan, nya éta bagian luhur badan manusa, bagian tengah badan manusa, bagian handap badan manusa, bagian jero badan manusa, jeung sakujur badan manusa.

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur sato kapanggih dua rupa unsur, nya éta ngaran sato jeung bagian badan sato. Dina golongan ngaran sato, bisa diwincik deui dumasar tempatna, wujudna, jeung dumasar jenisna. Dina bagian ngaran sato dumasar tempatna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato nu aya di alam, jeung ngaran sato nu aya di sabudeur imah jeung lembur. Dina bagian ngaran sato dumasar wujudna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato ngarayap, jeung ngaran sato leutik. Dina bagian ngaran sato dumasar jenisna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato sabangsa lauk, jeung ngaran sato sabangsa manuk.

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur tutuwuhan kapanggih dua rupa unsur, nya éta ngaran tutuwuhan jeung bagian tutuwuhan. Dina golongan


(4)

Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur kaayaan alam kapanggih tilu rupa unsur, nya éta wujud alam, unsur alam jeung kajadian alam. Dina golongan unsur alam, bisa diwincik deui jadi tujuh rupa, nya éta unsur langit, taneuh, cai, angi, waktu, seuneu, jeung hawa.

Bahan pangajaran babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan dina pangajaran pakeman basa kelas XI SMA, didadarkeun dina runtuyan bahan ajar anu mangrupa teks déskripsi ngeunaan babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan.

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda, aya saran-saran anu hayang ditepikeun di antarana:

a. Ieu panalungtikan karék ngabahas opat unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda, acan nepi kana ngabahas barang-barang nu aya di sabeudeureun lingkungan.

b. Dina ieu panalungtikan kapanggih kecap-kecap anu ngébréhkeun unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa, dipiharep satuluyna aya buku nu ngadéskripsikeun tiap babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan.

c. Tina hasil panalungtikan kagambar aya sababaraha ungkara babasan jeung paribasa anu ungkarana méh sarua, dipiharep ogé satuluyna aya panalungtikan ngeunaan variasi ungkara babasan jeung paribasa Sunda.

d. Kecap-kecap nu nuduhkeun unsur lingkungan kudu terus dipaké. e. Babasan jeung paribasa Sunda kudu terus dipaké dina omongan

sapopoé sarta diwanohkeun terus ka nonoman Sunda lianna.

f. Bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA kudu bisa leuwih variatif sarta ngirut karep diajar siswa.


(5)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A & Agustina, L. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta. Danadibrata. (2009). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Demaswati. (2004). Babandingan paribasa Sunda jeung paribasa Indonesia

disawang tina maksud anu dikandungna jeung bahan anu dibandingkeunanan. Bandung: henteu medal.

Dwidjoseputro, D. (1987). Manusia dengan lingkungannya buku teks untuk

perguruan tinggi. Jakarta: Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan

Direktorat Jendral Pendidikan Tinggi Departemen Pendidikan dan Pengajaran.

Fauziah, A. N. (2014). Gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa Sunda

(tilikan stilistik jeung semantik). Bandung: henteu medal.

Haerudin, D. & Kardana, K. (2013) Panganteur talaah buku ajar. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Hidayat, R. T., spk. (2007). Peperenian urang Sunda. Bandung: Kiblat.

Iskandarwassid & Sunendar, D. (2011). Strategi pembelajaran bahasa. Bandung: Rosda

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran éjahan basa Sunda édisi

révisi. Bandung: Rahmat Cijulang.

Kurniawati, E. (2004). Unsur puwakanti dina babasan jeung paribasa Sunda

pikeun bahan pangajaran di SLTP. Bandung: henteu medal.

Nasution. (2001). Asas-asas kurikulum. Jakarta: PT Bumi Aksara. Novianti, N. (2012). Babasan jeung paribasa Sunda (tilikan linguistik

antropologis). Bandung: henteu medal.


(6)

Ganda Sudirdja pikeun bahan pangajaran di SMP. Bandung: henteu medal.

Satjadibrata. (2008). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat. Sudaryat, Y. (2004a). Élmuning basa. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Y. (2004b). Modél pangajaran kompetensi basa Sunda. Tanggerang: CV Pamulang

Sudaryat, Y. (2003). Ulikan semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2015). Wawasan kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan

Indonesia.

Sudjana, N. (2011). Tuntunan penyusunan karya ilmiah makalah-skripsi-tesis

disertasi. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Soerdjani, M., Ahmad, T., & Munir, R. (1987). Lingkungan sumber daya alam

dan kependudukan dalam pembangunan. Jakarta: Universitas

Indonesia-Press

Supardi. (1994). Lingkungan hidup dan kelestariannya. Jakarta: Penerbit Alumni. Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman penulisan karya ilmiah UPI

tahun akademik 2014/2015. Bandung. Henteu medal.

Yusuf, S. jeung Sugandhi, N. M. (2011). Perkembangan peserta didik. Jakarta: PT RajaGrafindo Persada.