CAMPUR KODE DALAM MENULIS KARANGAN ESAI SISWA KELAS XII SMK NEGERI 15 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013.

(1)

Nanang Suhendar, 2013

CAMPUR KODE DINA NULIS KARANGAN ÉSÉY SISWA KELAS XII SMK NEGERI 15 BANDUNG

TAUN AJARAN 2012/2013

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Nanang Suhendar 0902332

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013


(2)

Nanang Suhendar, 2013

CAMPUR KODE DINA NULIS KARANGAN ÉSÉY SISWA KELAS XII SMK NEGERI 15 BANDUNG

TAUN AJARAN 2012/2013

Oleh Nanang Suhendar

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Nanang Suhendar 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

Nanang Suhendar, 2013

LEMBAR PENGESAHAN

Nanang Suhendar 0902332

CAMPUR KODE DINA NULIS KARANGAN ÉSÉY SISWA KELAS XII SMK NEGERI 15 BANDUNG

TAUN AJARAN 2012/2013

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum NIP. 196302101987031001

Pangaping II,

Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001


(4)

Nanang Suhendar, 2013

CAMPUR KODE DALAM MENULIS KARANGAN ESAI SISWA KELAS XII SMK NEGERI 15 BANDUNG

TAUN AJARAN 2012/2013 1) Nanang Suhendar2)

ABSTRAK

Campur kode dalam karangan esai siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung dalam penelitian ini meliputi bentuk, wujud, dan faktor yang mempengaruhinya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif dengan teknik tes, angket, dan studi dokumentasi. Data dikumpulkan dengan instrumen tes tertulis, angket, dan kartu data. Campur kode merupakan fenomena yang terjadi akibat adanya kontak bahasa, kontak bahasa yang terjadi bukan hanya pada komunikasi lisan saja, tetapi juga pada komunikasi dalam bentuk tulisan. Hasil penelitian menemukan 482 campur kode dengan frekuensi sebanyak 1027 kali. Bentuk campur kode dari bahasa Indonesia (inner code-mixing) ditemukan sebanyak 446 campur kode dengan frekuensi 869 kali (84,62 %), dan campur kode dari bahasa asing (outer code-mixing) ditemukan sebanyak 36 campur kode dengan frekuensi 158 kali (15,39 %). Campur kode yang sifatnya murni ditemukan 476 campur kode dengan frekuensi 1011 kali (98,44 %), dan campur kode yang sifatnya serapan ditemukan 6 campur kode dengan frekuensi 16 kali (1,56 %). Wujud campur kode yang berupa serpihan kata ditemukan 360 campur kode dengan frekuensi 873 kali (85,00 %), serpihan frasa ditemukan 116 campur kode dengan frekuensi 148 kali (14,41 %), dan serpihan klausa ditemukan 6 campur kode dengan frekuensi 6 kali (0,58 %). Faktor utama yang mempengaruhi adanya campur kode yaitu kedwibahasaan, selain itu situasi komunikasi dan kebiasaan sehari-hari menggunakan bahasa campuran baik itu di lingkungan keluarga, sekolah, maupun di lingkungan masyarakat juga turut mempengaruhi.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum, dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.


(5)

Nanang Suhendar, 2013

CODE MIXED IN ESSAYS WRITE BY STUDENT OF CLASS XII SMK 15 BANDUNG TEACHING YEAR 2012/20131)

Nanang Suhendar2) ABSTRACT

Code mix in the essays write by students of class XII SMK Negeri 15 Bandung in this study include the shape, form, and the factors that influence it. The method used in this study is a descriptive technique tests, questionnaires, and study documentation. Data collected by the instrument written test, questionnaire, and data cards. Code mix is a phenomenon that occurs as a result of language contact, language contact that occurs not only in verbal communication, but also the communication in writing. The study result found 482 mixed code with a frequency of 1027 times. The shape code mix form Indonesian language (inner code-mixing) found as many as 446 interference codes with frequency 869 times (84,62%), and the mix of foreign language code (outer code-mixing) found a total of 36 code mix with a frequency 158 times ( 15,39%). Code mix found 476 pure nature mixed with a frequency code 1011 times (98,44%), and code mix that are interfering absorptions found 6 code with a frequency of 16 times (1,56%). Being code mix in the form of flakes found 360 code mix word with a frequency 873 times (85,00%), debris was found 116 phrases mixed code with a frequency 148 times (14,41%), and flake phrase was found clause 6 code mix with frequency 6 times (0,58%). The main factors that affecting the presence of interfering code mix is bilingualism, in addition to the communication situation and habits of everyday use mixed-language environments both in the family, school, and in society also influences.

1) This thesis supervised by Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum, and Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.


(6)

Nanang Suhendar, 2013

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR SINGGETAN ... ix

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 Kadwibasaan ... 6

2.1.1.1 Wangenan Kadwibasaan ... 7


(7)

Nanang Suhendar, 2013

2.1.1.3 Wanda Kadwibasaan ... 9

2.1.1.4 Aspék-aspék Kadwibasaan ... 9

2.1.1.5 Cara Ngukur Tingkat Kadwibasaan ... 10

2.1.2 Campur Kode ... 11

2.1.2.1 Wangenan Campur Kode ... 11

2.1.2.2 Faktor anu Ngalantarankeun Ayana Campur Kode ... 12

2.1.2.3 Prosés Campur Kode ... 12

2.1.2.4 Wanda Campur Kode ... 13

2.1.2.5 Wujud Campur Kode ... 14

2.1.3 Tata Basa ... 15

2.1.3.1 Kecap ... 15

2.1.3.2 Frasa ... 19

2.1.3.3 Klausa ... 21

2.1.4 Nulis ... 22

2.1.4.1 Wangenan Nulis ... 22

2.1.4.2 Sifat Tulisan ... 22

2.1.4.3 Papasingan Tulisan... 23

2.1.4.4 Hal-Hal anu Perlu Diperhatikeun nalika Nulis ... 23

2.1.4.5 Faktor-faktor anu Mangaruhan Kamampu Nulis ... 25

2.1.5 Karangan Éséy ... 26

2.1.5.1 Wangenan Éséy ... 26

2.1.5.2 Jenis Éséy ... 26

2.1.5.3 Ciri-ciri Éséy ... 27

2.1.5.4 Léngkah-léngkah Nulis Éséy ... 28

2.2 Anggapan Dasar ... 28

2.3 Raraga Mikir ... 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 30


(8)

vii

Nanang Suhendar, 2013

3.3 Wangenan Operasional ... 32

3.4 Métode Panalungtikan ... 32

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 33

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 38

BAB IV DESKRIPSI JEUNG ANALISIS KARANGAN ÉSÉY SISWA 4.1 Data Campur Kode ... 40

4.2 Wanda Campur Kode ... 41

4.2.1 Campur Kode tina BI ... 41

4.2.2 Campur Kode Tina BA ... 42

4.3 Sipat Campur Kode ... 43

4.3.1 Campur Kode Murni ... 43

4.3.2 Campur Kode Serepan ... 44

4.4 Wujud Campur Kode ... 45

4.4.1 Campur Kode Kecap ... 46

4.4.1.1 Campur Kode Kecap Asal ... 46

4.4.1.2 Campur Kode Kecap Rundayan ... 52

4.4.1.3 Campur Kode Kecap Rajékan ... 58

4.4.1.4 Campur Kode Kecap Kantétan ... 61

4.4.1.5 Campur Kode Kecap Wancahan ... 63

4.4.2 Campur Kode Wujud Frasa ... 65

4.4.2.1 Campur Kode Frasa Barang ... 66

4.4.2.2 Campur Kode Frasa Pagawéan ... 69

4.4.2.3 Campur Kode Frasa Sipat ... 71

4.4.2.4 Campur Kode Frasa Pangantét ... 73

4.4.3 Campur Kode Wujud Klausa ... 74

4.4.3.1 Campur Kode Klausa Kauger ... 74

4.5 Faktor anu Mangaruhan Campur Kode dina Karangan Éséy Siswa ... 76


(9)

Nanang Suhendar, 2013

4.5.2 Basa anu Digunakeun jeung Kulawarga ... 77

4.5.3 Basa anu Digunakeun di Sakola ... 78

4.5.4 Basa anu Digunakeun di Masarakat ... 79

4.5.5 Basa anu Digunakeun dina Media Elektronik jeung Media Sosial ... 81

4.5.6 Sikep jeung Kabiasaan ... 82

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 84

5.2 Saran ... 85

DAPTAR PUSTAKA ... 86

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 88


(10)

Nanang Suhendar, 2013

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina hubungan komunikasi, basa miboga fungsi pikeun ngébréhkeun pikiran sarta kahayang. Basa minangka pakakas komunikasi, sakumaha nu diébréhkeun ku Sudaryat (2004:6) yén:

Basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsinal) antar anggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.

Wangun basa kabagi kana dua, nya éta basa lisan jeung basa tinulis. Wangun basa lisan dipaké antara nu nyarita jeung nu diajak nyarita, ari wangun basa tinulis dipaké antara nu nulis jeung nu maca.

Basa hiji jalma patula patali jeung lingkungan hirup kumbuh masarakatna. Salian ti éta, kamekaran jaman ogé bakal mangaruhan kana basa anu aya di masarakat. Sabab salian ti miboga sifat sistematis tur konvensional, basa ogé miboga sifat dinamis. Ieu téh luyu jeung pamadegan Alwasilah (1990:33) dina Hartati (2004:2) anu nétélakeun yén:

Bahasa sebagai gejala kekayaan sosial tak akan pernah berhenti melaju sejalan dengan perkembangan pemakainya. Pemikiran manusia, tingkah laku manusia, tentunnya mencakup tingkah laku atau kegiatan berbahasa ditandai suatu gejala alami ialah perubahan. Oleh karenanya bahasa tak pernah hadir dalam kehampaan, ia selalu diwarnai perubahan-perubahan sosial.

Bangsa Indonésia hususna masarakat Jawa Barat mangrupa masarakat dwibahasawan, nu ngawasa basa kahiji (B1) basa Daérah (Sunda), jeung basa kadua (B2) basa Indonesia. Tangtuna dina hal ieu bakal muncul kontak basa nu silih pangaruhan waktu lumangsungna prosés komunikasi, nya éta kandaga kecap atawa pola makéna basa jadi pacampur. Kajadian atawa fénoména siga kitu, dina élmu sosiolinguistik disebut campur kode. Ieu luyu jeung pamadegan Kachru (1978:28) dina Nursintawati (2008:15) anu nétélakeun yén campur kode nya éta makéna dua unsur basa atawa leuwih dina hiji omongan, dimana antara unsur basa


(11)

Nanang Suhendar, 2013

nu hiji jeung nu lianna silih pangaruhan sacara konsistén. Salaku gejala, campur kode ogé bisa lumangsung dina basa lisan jeung basa tinulis.

Sakola kaasup hiji lembaga nu ngajarkeun basa kalawan formal. Ari tujuanana sangkan siswana parigel dina widang basa, ku cara nagajarkeun sababaraha basa, kayaning basa Indonesia, basa Sunda, jeung basa asing. Siswa salaku peserta didik, salian meunang pangaweruh dina hal kabasaan nu diajarkeun sacara formal di sakola, ogé meunang pangaweruh kabasaan sacara non formal ngaliwatan komunikasi di masarakat. Ieu hal biasana nimbulkeun sawatara masalah kabasaan, balukar ayana kontak basa anu silih pangaruhan antara basa nu hiji jeung nu lian.

Sakola miboga sababaraha jenjang, nya éta ti SD nepi ka PT. Jenjang sakola tingkat SMK miharep siswana sangkan parigel dina sagala widang, boh dina widang kaparigelan gawé (keterampilan kerja) boh dina widang kaparigelan basa (ketrampilan berbahasa). Siswa dipiharep parigel dina hal komunikasi nu sakumaha ngajanggélék dina rumusan Standar Kompetensi nya éta “Siswa diharapkan mampu berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk kegiatan bercakap-cakap, memandu acara, memimpin diskusi, berdiskusi/berseminar, dan berpidato.” pon kitu deui “Siswa diharapkan mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam

bentuk puisi, esai, serta teks drama.” Tina éta rumusan Standar Kompetensi bisa dicindekkeun yén dina ngedalkeun kahayangna siswa lain waé kudu parigel dina aspék nyarita, tapi dina aspek nulis ogé siswa dipiharep sangkan parigel. Sabab dina emprona mah opat aspék kaparigelan basa nu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis téh silih pangaruhan, sata binarung kana widang kaweruh basa.

Ku lantaran di sakola téh diajarkeun rupa-rupa basa, nya éta basa Indonesia, basa Sunda, jeung basa asing. Atuh teu nutup kamungkinan makéna basa Sunda di sakola téh bakal silih pangaruhan, malah bisa kajadian campur kode.

Panalungtikan ngeunaan campur kode kungsi dilaksanakeun, di antarana waé ku Kamilah Intan Hartati (2004) “Campur Kode Basa Indonesia kana Basa


(12)

3

Nanang Suhendar, 2013

Sunda dina Naskah Khutbah Juma’ah Ditilik tina segi Morfologi”, Sri Supartini

(2007) “Tilikan Morfologi Campur Kode Sunda-Indonesia dina Pagelaran Seni

Banyolan Longsér di STV Bandung”, Lesi Nursintawati (2008) “Campur Kode

Basa Indonesia kana Basa sunda dina Naskah Biantara Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung”, Karsim (2010) “Campur Kode Basa Jawa kana Basa Sunda di Wewengkon Tangkolo Desa Tegalurung Kecamatan Cilamaya Kulon Kabupaten Karawang”, Rahmasari Aulia Khotimah (2010) “Campur Kode Basa Sunda jeung Basa Indonesia dina Kagiatan Diajar Kelas II SDN Gentra Masekdas II Kelurahan Suka Asih Kecamatan Bojongloa Kaler Kota Bandung”, Risma Dwi Arumi (2011) “Campur Kode dina Paguneman Siswa RSBI Kelas X SMA

Pasundan 1 Bandung”, Ade Herni Nurkolbi (2011) “Campur Kode dina Karangan

Pangalaman Siswa Kelas VII SMPN 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012”, jeung Nita Novita Permatasari (2012) “Campur Kode dina Siaran Tarucing Salasa Naker (Tarsan) I-Radio105,1 FM Bandung pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP”.

Panalungtikan nu ayeuna rék dilaksanakeun intina mah sarua, medar ngeunaan masalah kabasaan nya éta campur kode. Ari bédana, panalungtikan nu kungsi dilaksanakeun lolobana medar campur kode dina basa lisan, tapi teu loba nu nalungtik campur kode dina basa tinulis.

Campur kode awalna muncul tina basa lisan, gelar dina wangun kecap nu turun kana basa tinulis. Campur kode dina basa tinulis bisa katitén di atarana nya éta dina wangun karangan, nu mangrupa hasil pamikiran nu nulisna. Salasahiji wangun karangan anu diajarkeun di sakola nya éta karangan éséy, nu mangrupa karangan wangun lancaran (prosa) nonfiksi anu ngabahas hiji pasualan kalawan singget tur saules tina puser panyawang pribadi nu nulisna. Ku lantaran mangrupa puseur panyawang pribadi nu nulisna, karangan éséy ngarefleksikeun kaweruh basa nu nulisna.

Sanajan campur kode dina basa tinulis kawilang saeutik, tapi lain hartina teu penting, sabab basa nu silih pangaruhan bisa ngalantarankeun basa aslina leungit, kaganti ku basa nu mangaruhanana. Kabiasaan basa lisan bisa kababawa kana basa tinulis.


(13)

Nanang Suhendar, 2013

Indit tina éta pasualan, panalungtikan anu judulna “Campur Kode dina Nulis Karangan Éséy Siswa Kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013” perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Campur kode bisa lumangsung dina basa lisan jeung basa tinulis. Sangkan ambahanana teu lega teuing jeung masalah nu rék ditalungtik bisa diguar leuwih jéntré, ku kituna masalah anu dibahas dina ieu panalungtikan téh diwatesanan, nya éta ngeunaan campur kode dina wangun tinulis nu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013. Campur kode dina ieu panalungtikan ditilik tina wanda, warna, jeung faktor anu ngalantarankeunana.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang sarta watesan masalah nu geus diébréhkeun di luhur, ieu masalah diwangun ku sababaraha patalékan ieu di handap.

(1) Wanda campur kode naon anu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013?

(2) Wujud campur kode anu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013?

(3) Faktor naon anu mangaruhan lumangsungna campur kode dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun maluruh jeung ngadeskripsikeun masalah kabasaan nu lumangsung di lingkungan sakola (lingkungan rumaja), nu salian meunang pangaweruh kabasaan anu diajarkeun sacara formal, ogé meunang pangaweruh kabasaan sacara non formal ngaliwatan komunikasi di sabudereunana (masarakat).


(14)

5

Nanang Suhendar, 2013

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panaluingtikan nya éta pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun:

(1) wanda campur kode naon waé anu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013;

(2) wujud campur kode anu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013; jeung

(3) faktor nu mangaruhan lumangsungna campur kode dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1.4 Mangpaat panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat sacara tioritis anu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan nya éta pikeun paélmuan (sosiolinguistik jeung kaparigelan basa). Ku kituna, panalungtikan ieu dipiharep bisa méré mangpaat di antarana:

(1) méré pangaweruh elmu ngeunaan campur kode jeung kaparigelan nulis; (2) bisa mikanyaho kana kaayaan dwibasawan di lingkungan sakola; jeung (3) bisa méré sumbangan référénsi pikeun panalungtik saterusna, nu resep ngulik

ngeunaan basa.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis panalungtikan bisa pikeun guru, siswa, bahan pangajaran, jeung umum.

(1) Pikeun guru, bisa méré informasi pikeun kalumangsungan jeung kalancaran prosés diajar ngajar.

(2) Pikeun siswa, dipiharep sangkan bisa leuwih merhatikeun kandaga kecap nu rék dipakéna jeung bisa leuwih ngeuyeuban kandaga kecap nu dipikanyaho. (3) Pikeun pangajaran, bisa digunakeun minangka bahan pangajaran di sakola

ngeunaan nulis, hususna dian nulis karanagan éséy, jeung

(4) Pikeun umum, dipiharep bisa ngahudang kasadaran balaréa pikeun maké basa Sunda anu hadé nu saluyu jeung kaédah katata basaan. Sakumaha anu


(15)

Nanang Suhendar, 2013

dititétélakeun dina paribasa yén “Hirup Basana Hurip Budayana, Dipaké

Basana Waluya Budayana.” Éta hal nétélakeun yén saupama urang maké basa

Sunda nu saluyu jeung kaédahna, hartina sarua jeung ngamumulé basa katut budaya Sunda.

1.5 Raraga Tulisan

Hasil tina ieu panalungtikan dipidangkeun dina lima Bab. Bab I Bubuka, ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung galur tulisan.

Dina Bab II Ulikan Tiori, dipidangkeun tiori-tiori ngeunaan kadwibasaan, campur kode, tiori nulis, jeung karangan éséy.

Pikeun ngayakeun panalungtikan nu puguh galurna, dina Bab III Metode Panalungtikan, dipidangkeun métode nu digunakeun dina panalungtikan, wangenan operasional, téhnik panalungtikan, sumber data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

Data-data, analisis, jeung pedaran data panalungtikan dipidangkeun dina Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran

Bab V Kacindekan jeung Saran, eusina mangrupa kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran.


(16)

Nanang Suhendar, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panlungtikan

Sumber data mangrupa subjék anu bisa dipaké pikeun meunangkeun data. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung kelas XII AP 5 (Akomodasi Perhotelan) anu jumlahna 19 urang siswa lalaki jeung 19 urang siswa awéwé, sarta XII PS 4 (Pekerja Sosial) anu jumlahna 3 urang siswa lalaki jeung 26 urang siswa awéwé, jadi jumlahna aya 67 urang siswa.

Senggeus maluruh karangan éséy siswa anu jumlah 67, pikeun nyingkahan data anu loba/ dianalisis ditangtukeun kelas ganjil jeung jangkep, kelas ganjil nya éta kelas XII AP 5 sedengkeun kelas jangkep nya éta kelas XII PS 4.

Hasil karangan éséy dicokot tina nomer absen dumasar kana kelas anu geus ditangtukeun, maksudna ti kelas ganjil dicokot hasil karangan éséy ti siswa anu nomer absenna ganjil, kitu deui ti kelas jangkep. Ku kituna ti kelas ganjil dicokot 19 hasil karangan éséy, jeung ti kelas jangkep dicokot 14 hasil karangan esey, totalna ti kelas ganjil jeung jangkep éta aya 33 hasil karangan éséy pikeun dianalisis.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh disusun dumasar kana léngkah-léngkah: (1) nangtukeun masalah, (2) studi pendahuluan, (3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, (4) ngarumuskeun anggapan dasar, (5) milih pamarekan, (6) nangtukeun sumber data, (7) nangtukeun jeung nyusun instrumén, (8) ngumpulkeun data, (9) analisis data, (10) nyieun kacindekan, jeung (11) nyusun laporan (Arikunto, 2010:61).

Desain panalungtikan anu dilakukeun ku panalungtik didasarkeun ku léngkah-léngkah panalungtikan anu sakumaha ditétélakeun ku Arikunto di luhur. Desain panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap.


(17)

Nanang Suhendar, 2013

Nangtukeun Masalah

Studi Pendahuluan

Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Milih Pamarekan

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén

Ngumpulkeun Data

Analisis Data

Nyieun Kacindekan

Nyusun Laporan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan


(18)

32

Nanang Suhendar, 2013

3.3 Wangenan Operasional

Pikeun nyingkahan ayana salah tafsir ti pamaca, judul tina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap.

(1) Campur Kode

Campur kode dina ieu panalungtikan nya éta campur kode tina basa Indonesia atawa basa séjénna kana basa Sunda anu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung ditilik tina wanda, wujud, jeung faktor anu ngalantarankeunana.

(2) Karangan Éséy

Karangan éséy dina ieu panalungtikan nya éta téks tulisan anu dijieun ku siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung.

Ku kituna bisa dicindekkeun yén maksud tina panalungtikan nu judulna “Campur Kode Dina Nulis Karangan Éséy Siswa Kelas XII SMK Negeri 15 Bandung.” téh nya éta ngadéskripsikeun campur kode anu aya dina téks karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung ditilik tina wanda, wujud, jeung faktor anu ngalantarankeunana.

3.4 Metode panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta jeung sifat-sifat data di lapangan sacara faktual, sistematis, tur akurat (Suyatna, 2002:14).

Métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta jeung sipat-sipat campur kode dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung utamana dina wanda, wujud, jeung faktor anu ngalantarankeun ayana campur kode sacara faktual, sistematis, tur akurat.

Ngaliwatan ieu métode, panalungtik baris ngadéskripsikeun data-data anu dikumpulkeun dumasar hasil analisis nepi ka bisa nyieun kacindekkan tina ieu panalungtikan.


(19)

Nanang Suhendar, 2013

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta insrtumén tés, kartu data, jeung angkét.

(1) Instrumén tés, tés anu digunakeun nya éta mangrupa paréntah. Siswa dititah nyieun karangan éséy, témana diwatesanan nya éta bisa milih salah sahiji tema nu geus ditangtukeun nu ngawengku kasehatan, patalimarga (lalu lintas) jeung téhnologi.

(2) Kartu data, digunakeun pikeun kalancaran klasifikasi jeung déskripsi data. Dina kartu data aya nomer data, paragraf, prosés campur kode, jeung conto kalimahna.

Tabél 3.1 Conto Kartu Data

Tabél 3.2

Conto Ngalarapkeun Data

(E.AP5.1.2.8)

Nomer/kode data : ……….

Paragraf ka : ……….

Prosés campur kode : ………. Conto kalimah : ……….

Nomer/kode data : E.AP5.1

Paragraf ka : 2

Prosés campur kode : meskipun


(20)

34

Nanang Suhendar, 2013 Ket : Karangan éséy

Nomer urut siswa Paragraf

Proses CK

(3) Angkét, digunakeun pikeun maluruh kasangtukang basa siswa jeung pikeun mikanyaho faktor anu mangaruhan kana lumangsungna prosés campur kode anu aya dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung.

Conto angkét:

ANGKET

Wasta : ………..

Kelas : ………..

Jenis kelamin : (Istri / Pameget*)

Alamat Asal : ………..

Alamat Ayeuna : ………..

Basa anu Dikawasa : ………..

Asal Bapa : ………..

Asal Indung : ………..

Basa anu Digunakeun

A.Di Imah (Anggota Kulawarga)

1. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung Indung...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

2. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung Bapa...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

3. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung lanceuk atawa adi...


(21)

Nanang Suhendar, 2013

b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

4. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung anggota keluarga séjén ... a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

B.Di Sakola (Waktu Istirahat)

1. Basa nu digunakeun waktu ngobrol jeung babaturan di sakola (di luar jam pelajaran basa Sunda)...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

2. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung guru di sakola (di luar jam pelajaran basa Sunda)...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

3. Basa nu sok biasa digunakeun waktu istirahat sakola...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

C.Di Masarakat (Babaturan/Tatangga)

1. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung tatangga...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

2. Basa nu digunakeun lamun nyarita jeung babaturan ulin nu saumuran... a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)


(22)

36

Nanang Suhendar, 2013

Alesan : ………..

3. Basa nu digunakeun lamun nyarita jeung jalma nu umurna leuwih kolot...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

4. Basa nu digunakeun lamun nyarita jeung jalma nu umurna leuwih ngora...

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

5. Basa nu digunakeun waktu balanja....

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...) Alesan : ………..

D.Dina Média Sosial

1. Basa nu digunakeun lamun SMSan....

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

2. Basa nu digunakeun lamun Chatting....

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

3. Basa nu digunakeun waktu Facebookan....

a. Basa Sunda c. Basa Campuran (Indonesia-Sunda) b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

4. Basa nu digunakeun waktu twitteran....


(23)

Nanang Suhendar, 2013

b. Basa Indonesia d. Nu Séjénna (...)

Alesan : ………..

Bacaan di Imah

A. Majalah : ………..

B. Koran : ………..

C. Bacaan Séjénna : ………..

Acara Radio/TV

A. Warta : ………..

B. Seni Sunda : ……….. C. Acara Séjénna : ………..

Géngsi atawa Henteu Maké Basa Sunda : ……….. Alesan : ………..

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan kabagi dua nya éta téhnik tés, jeung angkét.

(1) Téhnik tés digunakeun pikeun meunangkeun data karangan éséy ku cara méré tugas karangan éséy ka siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung.

(2) Téhnik angkét digunakeun pikeun maluruh kasangtukang basa siswa ku cara méré sawatara patalékan ngaliwatan angkét anu dibagikeun, téhnik angkét ieu miboga fungsi pikeun pangdeudeul dina ngadéskripsikeun data campur kode anu kapanggih dina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung. Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dilaksanakeun saperti ieu dihandap, nya éta:

(a) guru nitah siswa nyieun karangan éséy dumasar kana tema anu geus ditangtukeun, nya éta ngeunaan kasehatan, lalu lintas atawa téknologi;


(24)

38

Nanang Suhendar, 2013

(b) karangan éséy ditulis ku siswa dina lembar kertas HVS anu geus dibéré saméméhna;

(c) saenggeus bérés nyieun karangan éséy, siswa diéré lembar angkét pikeun dieusian.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Saenggeus data anu diperlukeun dina panalungtikan kakumpul, satuluyna data diolah pikeun didéskripsikeun. Téhnik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta téknik analisis “kesalahan berbahasa”. Data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

(1) Data Karangan Éséy

Tina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung biasa dipaluruh wanda jeung wujud campur kode ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap:

(a) maca karangan siswa kalawan gemet; (b) nganomeran unggal paragraf;

(c) nandaan unggal kasalahan sarta ngasupkeunana kana kartu data; (d) milah data kasalahan dumasar kana klasifikasina;

(e) nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntase. Rumus nu dipakéna nya éta:

Katerangan:

ECK = jumlah CK dina karangan éséy

CK = jumlah total CK dina sakabéh karangan éséy (2) Data Angkét

Data angkét siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung diolah ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap:

(a) angkét dianalisis dumasar kana aspék jeung kategorina;

(b) hasil analisis diitung frékuénsina dumasar kana aspék anu ditalungtik; jeung (c) nyieun kacindekan dina wangun perséntase.


(25)

Nanang Suhendar, 2013

Rumus anu digunakeunna nya éta:

Katerangan:

f = frékuénsi aspék nu ditalungtik = jumlah siswa


(26)

Nanang Suhendar, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana watesan jeung rumusan masalah, sarta tujuan panalungtikan jeung hasil analisis data ngeunaan campur kode dina nulis karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

(1) Tina data campur kode nu kapanggih dina karangan éséy siswa, nya éta 482 campur kode anu frekuensina 1027 kali. Ditilik tina wandana, wanda campur kode tina BI (inner code-mixing) leuwih onjoy tibatan campur kode tina BA (outer code-mixing). Dina campur kode tina BI kapanggih aya 446 campur kode anu frekuensina 869 kali, upama dipersentasekeun aya (84,62 %), sedengkeun dina wanda campur kode tina BA ngan kapanggih aya 36 campur kode anu frekuensina 158 kali, upama dipersentasekeun aya (15,39 %). Ditilik tina sipatna, campur kode murni leuwih onjoy tibatan campur kode serepan. Dina campur kode murni kapanggih aya 476 campur kode anu frekuensina 1011 kali, upama dipersentasekeun aya (98,44 %), sedengkeun dina campur kode serepan ngan kapanggih aya 6 campur kode anu frekuensina 16 kali, upama dipersentasekeun aya (1,56 %).

(2) Ditilik tina wujudna kapanggih aya tilu wujud campur kode dina karangan éséy siswa nya éta: 1. Seselan unsur nu ngawujud kecap kapanggih aya 360 campur kode anu frekuensina 873 kali, upama dipersentasekeun aya (85,00 %), kabagi kana 139 kecap asal nu frekuensina 443 kali (43,13 %), 122 kecap rundayan nu frekuensina 171 kali (16,65 %), 32 kecap rajékan nu frekuensina 41 kali (3,99%), 55 kecap kantétan nu frekuensina 112 kali (10,90 %), jeung 12 kecap wancahan nu frekuensina 106 kali (10,32 %), 2. Seselan unsur nu ngawujud frasa kapanggih aya 116 campur kode anu frekuensina 148 kali, upama dipersentasekeun aya (14,41 %), kabagi kana 63 frasa barang nu frekuensina 82 kali (7,98 %), 44 frasa pagawéan nu frekuensina 56 kali (5,45 %), 8 frasa sipat nu frekuensina 9 kali (0,78 %), jeung 1 frasa pangantét nu


(27)

Nanang Suhendar, 2013

frekuensina (0,10 %), jeung 3. Seselan unsur nu ngawujud klausa kapanggih aya 6 campur kode anu frekuensina 6 kali, upama dipersentasekeun aya (0,39 %), kabagi kana 6 klausa kauger nu frekuensina 6 kali (0,39 %).

(3) Faktor-faktor anu mangaruhan kana lumangsungna campur kode dina karangan éséy siswa di antarana kadwibasaan, lingkungan siswa, jeung situasi komunikasi. Siswa SMK Negeri 15 Bandung (58 %) ngawasa BS jeung BI. Dina lumangsungna kagiatan komunikasi siswa lolobana maké basa campuran boh éta di lingkungan kulawarga, lingkungan sakola, atawa lingkungan masarakat. Salian ti éta dina sababaraha situasai siswa ogé sok ngarasa kagok atawa sieun salah lamun nyarita maké basa Sunda, misalna lamun nyarita jeung guru atawa nyarita jeung jalma anu kakarak wawuh.

5.2 Saran

Nilik kana hasil panalungtikan campur kode dina nulis karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung, panalungtik miboga sawatara saran sangkan pangajaran basa Sunda leuwih hadé deui. Saran anu patali jeung ieu panalungtikan nya éta:

(1) guru bisa ngagunakeun media pikeun ngaminimalkeun ayana campur kode, misalna dina kagitan nulis, siswa dirojong ku kamus;

(2) guru kudu bisa milih bahan, media, jeung metode pangajaran nu leuwih variatif jeung inovatif deui nu bisa ngahudang minat diajar siswa kana basa Sunda;

(3) siswa kudu boga karep pikeun diajar maké basa Sunda anu hadé nu saluyu jeung kaédah katata basaan;

(4) perlu diperhatikeun ku urang yén basa téh mangrupa salasahiji produk budaya nu kudu dimumulé, sabab basa mangrupa cicirén bangsa.


(28)

Nanang Suhendar, 2013

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul & Leonie Agustina. (2004). Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Gustiana, Risma Dwi Arumi. (2011). “Campur Kode dina Paguneman Siwa RSBI Kelas X SMA Pasundan 1 Bandung”. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

Hartati, Kamilah Intan. (2004). “Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Naskah Khutbah Juma’ah Ditilik tina segi Morfologi”. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Kridalaksana, Harimurti. (2009). Kamus linguistik. Jakarta: PT. Gramedia.

Kuswari, Usep & Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.

Mar’at, Samsunuwiyati. (2005). Psikolinguistik Suatu Pengantar. Bandung: Refika Aditama.

Nababan. (1993). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: PT. Gramedia. Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Nurkolbi, Ade Herni. (2011). “Campur Kode dina Karangan Pangalaman Siswa

Kelas VII SMPN 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012”. Skripsi Sarjana di

JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

Nursintawati, Lesi. (2008). ”Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Naskah Biantara Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung”. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak


(29)

Nanang Suhendar, 2013

CAMPUR KODE DALAM MENULIS KARANGAN ESAI SISWA KELAS XII SMK NEGERI 15 BANDUNG

Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gempita Pendidikan. Bandung: CV. Dipenogoro.

Sudaryat, Yayat. (2004). Elmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Yayat. (2007). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat, Yayat spk. (2007). Tata Basa sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sunarno. (2008). Esai [Online]. Tersedia: http://www.sunarno5.wordperss.com

/esai-drs-sunarno-info.2011.html [27 Februari 2013]

Suyatna, Amir. (2000). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: FPBS UPI.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Ketrampilan Berbhasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung.


(1)

(b) karangan éséy ditulis ku siswa dina lembar kertas HVS anu geus dibéré saméméhna;

(c) saenggeus bérés nyieun karangan éséy, siswa diéré lembar angkét pikeun dieusian.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Saenggeus data anu diperlukeun dina panalungtikan kakumpul, satuluyna data diolah pikeun didéskripsikeun. Téhnik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta téknik analisis “kesalahan berbahasa”. Data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

(1) Data Karangan Éséy

Tina karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung biasa dipaluruh wanda jeung wujud campur kode ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap:

(a) maca karangan siswa kalawan gemet; (b) nganomeran unggal paragraf;

(c) nandaan unggal kasalahan sarta ngasupkeunana kana kartu data; (d) milah data kasalahan dumasar kana klasifikasina;

(e) nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntase. Rumus nu dipakéna nya éta:

Katerangan:

ECK = jumlah CK dina karangan éséy

CK = jumlah total CK dina sakabéh karangan éséy (2) Data Angkét

Data angkét siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung diolah ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap:


(2)

39

Rumus anu digunakeunna nya éta:

Katerangan:

f = frékuénsi aspék nu ditalungtik = jumlah siswa


(3)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana watesan jeung rumusan masalah, sarta tujuan panalungtikan jeung hasil analisis data ngeunaan campur kode dina nulis karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2012/2013, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

(1) Tina data campur kode nu kapanggih dina karangan éséy siswa, nya éta 482 campur kode anu frekuensina 1027 kali. Ditilik tina wandana, wanda campur kode tina BI (inner code-mixing) leuwih onjoy tibatan campur kode tina BA (outer code-mixing). Dina campur kode tina BI kapanggih aya 446 campur kode anu frekuensina 869 kali, upama dipersentasekeun aya (84,62 %), sedengkeun dina wanda campur kode tina BA ngan kapanggih aya 36 campur kode anu frekuensina 158 kali, upama dipersentasekeun aya (15,39 %). Ditilik tina sipatna, campur kode murni leuwih onjoy tibatan campur kode serepan. Dina campur kode murni kapanggih aya 476 campur kode anu frekuensina 1011 kali, upama dipersentasekeun aya (98,44 %), sedengkeun dina campur kode serepan ngan kapanggih aya 6 campur kode anu frekuensina 16 kali, upama dipersentasekeun aya (1,56 %).

(2) Ditilik tina wujudna kapanggih aya tilu wujud campur kode dina karangan éséy siswa nya éta: 1. Seselan unsur nu ngawujud kecap kapanggih aya 360 campur kode anu frekuensina 873 kali, upama dipersentasekeun aya (85,00 %), kabagi kana 139 kecap asal nu frekuensina 443 kali (43,13 %), 122 kecap rundayan nu frekuensina 171 kali (16,65 %), 32 kecap rajékan nu frekuensina 41 kali (3,99%), 55 kecap kantétan nu frekuensina 112 kali (10,90 %), jeung 12 kecap wancahan nu frekuensina 106 kali (10,32 %), 2. Seselan unsur nu ngawujud frasa kapanggih aya 116 campur kode anu frekuensina 148 kali,


(4)

85

frekuensina (0,10 %), jeung 3. Seselan unsur nu ngawujud klausa kapanggih aya 6 campur kode anu frekuensina 6 kali, upama dipersentasekeun aya (0,39 %), kabagi kana 6 klausa kauger nu frekuensina 6 kali (0,39 %).

(3) Faktor-faktor anu mangaruhan kana lumangsungna campur kode dina karangan éséy siswa di antarana kadwibasaan, lingkungan siswa, jeung situasi komunikasi. Siswa SMK Negeri 15 Bandung (58 %) ngawasa BS jeung BI. Dina lumangsungna kagiatan komunikasi siswa lolobana maké basa campuran boh éta di lingkungan kulawarga, lingkungan sakola, atawa lingkungan masarakat. Salian ti éta dina sababaraha situasai siswa ogé sok ngarasa kagok atawa sieun salah lamun nyarita maké basa Sunda, misalna lamun nyarita jeung guru atawa nyarita jeung jalma anu kakarak wawuh.

5.2 Saran

Nilik kana hasil panalungtikan campur kode dina nulis karangan éséy siswa kelas XII SMK Negeri 15 Bandung, panalungtik miboga sawatara saran sangkan pangajaran basa Sunda leuwih hadé deui. Saran anu patali jeung ieu panalungtikan nya éta:

(1) guru bisa ngagunakeun media pikeun ngaminimalkeun ayana campur kode, misalna dina kagitan nulis, siswa dirojong ku kamus;

(2) guru kudu bisa milih bahan, media, jeung metode pangajaran nu leuwih variatif jeung inovatif deui nu bisa ngahudang minat diajar siswa kana basa Sunda;

(3) siswa kudu boga karep pikeun diajar maké basa Sunda anu hadé nu saluyu jeung kaédah katata basaan;

(4) perlu diperhatikeun ku urang yén basa téh mangrupa salasahiji produk budaya nu kudu dimumulé, sabab basa mangrupa cicirén bangsa.


(5)

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul & Leonie Agustina. (2004). Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Gustiana, Risma Dwi Arumi. (2011). “Campur Kode dina Paguneman Siwa RSBI Kelas X SMA Pasundan 1 Bandung”. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI

Bandung: teu dicitak

Hartati, Kamilah Intan. (2004). “Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Naskah Khutbah Juma’ah Ditilik tina segi Morfologi”. Skripsi

Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Kridalaksana, Harimurti. (2009). Kamus linguistik. Jakarta: PT. Gramedia.

Kuswari, Usep & Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.

Mar’at, Samsunuwiyati. (2005). Psikolinguistik Suatu Pengantar. Bandung: Refika Aditama.

Nababan. (1993). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: PT. Gramedia. Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Nurkolbi, Ade Herni. (2011). “Campur Kode dina Karangan Pangalaman Siswa

Kelas VII SMPN 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012”. Skripsi Sarjana di


(6)

87

Nanang Suhendar, 2013

Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gempita Pendidikan. Bandung: CV. Dipenogoro.

Sudaryat, Yayat. (2004). Elmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Yayat. (2007). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat, Yayat spk. (2007). Tata Basa sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sunarno. (2008). Esai [Online]. Tersedia: http://www.sunarno5.wordperss.com

/esai-drs-sunarno-info.2011.html [27 Februari 2013]

Suyatna, Amir. (2000). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pengajaran Bahasa. Bandung: FPBS UPI.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Ketrampilan Berbhasa.

Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung.