TRADISI NGASEUK DI KAMPUNG ADAT SINAR RESMI DESA SIRNARESMI KECAMATAN CISOLOK KABUPATEN SUKABUMI SEBAGAI BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA ARTIKEL DI SMA.

(1)

No. 730/FPBS/0251/2014

TRADISI NGASEUK DI KAMPUNG ADAT SINAR RESMI DÉSA SIRNARESMI KACAMATAN CISOLOK

KABUPATÉNSUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA (Tilikan Struktural)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

ERIN PEBRIANTI NIM 1004549

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

TRADISI NGASEUK DI KAMPUNG ADAT SINAR RESMI DÉSA SIRNARESMI KACAMATAN CISOLOK

KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA (Tilikan Struktural)

Oleh Erin Pebrianti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Erin Pebrianti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Maret 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

(4)

LEMBAR PENGESAHAN ERIN PEBRIANTI

TRADISI NGASEUK DI KAMPUNG ADAT SINAR RESMI DÉSA SIRNARESMI KACAMATAN CISOLOK

KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA (Tilikan Struktural)

disaluyukeun jeung disahkeun ku pangaping:

Pangaping 1,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping 11,

Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni


(5)

Erin Pebrianti, 2014

Tradisi Ngaseuk D i Kampung Adat Sinar Resmi D esa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok TRADISI NGASEUK DI KAMPUNG ADAT SINAR RESMI

DESA SIRNARESMI KECAMATAN CISOLOK KABUPATEN SUKABUMI

SEBAGAI BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA ARTIKEL DI SMA (Kajian Struktural)1)

Erin Pebrianti2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Desa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi sebagai Bahan Pembelajaran Membaca Artikel di SMA (Kajian Struktural)”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh beberapa hal, salah satunya adalah kampung adat Sinar Resmi yang ada di Jawa Barat mempunyai berbagai ragam tradisi, di antaranya tradisi ngaseuk. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendapat gambaran mengenai tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi, bagaimana pelaksanaannya, serta struktur yang ada di dalam tradisi ngaseuk dijadikan bahan pembelajaran membaca artikel di SMA. Metode yang digunakan adalah deskriptif dengan teknik studi pustaka, wawancara, observasi, dan dokumentasi. Hasil penelitian adalah: a) tradisi ngaseuk yang berada di Kampung Adat Sinar Resmi ini merupakan suatu kegiatan pertanian di darat (huma) tepatnya di bukit Balandongan, b) kegiatan pertanian ini terdiri dari beberapa tahap, yaitu seperti mabay, narawas, nyacar, ngahuru, ngaduruk, ngerukan, dan syukuran; kegiatan inti yaitu ngaseuk; sesudah kegiatan seperti ngoréd, ngarambas, ngabérak, salametan padi nyiram atau mapag paré beukah (salamet pangjadian), salamet ngarawunan, negel atau mipit, ngalantay atau menjemur padi, mocong, dan puncak kegiatan pertanian yaitu Seren Taun. Seren Taun adalah syukuran bersama hasil pertanian, dipimpin oleh ketua adat, c) tradisi ngaseuk ini bisa dijadikan bahan pembelajaran membaca artikel di SMA. Kesimpulannya tradisi ngaseuk harus jaga dan dilestarikan. Saran ditujukan kepada guru, mahasiswa dan untuk kepentingan bahan pendidikan secara umum.


(6)

NGASEUK TRADITION IN KAMPUNG ADAT SIRNA RESMI SIRNARESMI VILLAGE CISOLOK SUBDISTRICT

SUKABUMI REGENCY

AS A LEARNING MATERIAL OF READING ARTICLE IN SENIOR HIGH SCHOOL

(Struktural Srudy)1)

Erin Pebrianti2)

ABSTRACT

This research was motivated by tradition in West Java which is less guarded and preserved. One of them is the tradition in Sinar Resmi village, which is the ngaseuk tradition. The purpose of this study was to obtain an overview of the ngaseuk tradition in Sinar Resmi Indigenous Village, how the implementation, and the existing structures in the ngaseuk tradition used as learning material of reading article in high school. The method used is descriptive technique literature review, interviews, observation, and documentation. The results of the study are : a) the ngaseuk tradition exsisted in Sinar Resmi Indigenous Village is an agricultural activity on land (huma,) precisely in Balandongan Hill, b) This agricultural activity consists of several stages, namely as

mabay, narawas, nyacar, ngahuru, ngaduruk, ngerukan, and syukuran (Expression of

gratitude to God); the core activities called ngaseuk; after that activity there are another activity such ngoréd, ngaramba , ngabérak, slametan paré nyiram or mapag paré beukah

(salamet pangjadian) , salamet ngarawunan, negel or mipit, ngalantay or drying a rice

plant , mocong , and peak agriculture activity namely Seren Taun. Seren Taun is a thanksgiving with agricultural products, led by traditional leaders, c) this ngaseuk tradition can be used as learning to read articles on high school class XII.


(7)

DAPTAR EUSI

kaca

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... viii

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR GAMBAR ... x

DAPTAR BAGAN ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II TRADISI, STRUKTURALISME, JEUNG BAHAN AJAR MACA ... 7

2.1 Tradisi ... 7

2.2 Strukturalisme... 11

2.2.1 Harti Strukturalisme ... 11

2.3 Bahan Ajar ... 12

2.3.1 Wangenan Bahan Ajar ... 12

2.3.2 Fungsi Bahan Pangajaran ... 13

2.3.3 Kritéria Milih Bahan Ajar ... 14

2.3.4 Nyusun Bahan Pangajaran ... 15

2.3.5 Bahan Pangajaran Maca ... 15

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN... 22

3.1 Sumber Data ... 22

3.1.1 Subjék Panalungtikan ... 22

3.1.2 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ... 23

3.2 Desain Panalungtika ... 25

3.3 Métode Panalungtikan ... 26

3.4 Wangenan Operasional... 27


(8)

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 31

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 31

3.6.2 Téhnik Ngolah Data... 31

3.6.3 Léngkah Nyusun Laporan ... 32

BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI TRADISI NGASEUK... 33

4.1 Déskripsi Tradisi Ngaseuk ... 33

4.1.1 Wangenan Tradisi Ngaseuk ... 33

4.1.2 Sajarah Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi ... 34

4.1.3 Prak-prakan Tradisi Ngaseuk ... 35

4.1.3.1 Prak-prakan Saméméh Kagiatan Lumangsung ... 35

4.1.3.2 Kagiatan Inti (Ngaseuk) ... 38

4.1.3.3 Prak-prakan Sanggeus Kagiatan Lumangsung ... 41

4.2 Struktur Tradisi Ngaseuk ... 52

4.2.1 Palaku ... 52

4.2.2 Pakakas ... 56

4.2.3 Kasenian ... 59

4.2.4 Busana ... 60

4.2.5 Sasajén ... 61

4.2.6 Kadaharan ... 61

4.3 Larapan Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA ... 63

4.3.1 Materi Bahan Pangajaran ... 63

4.3.2 Évaluasi Bahan Pangajaran ... 67

4.3.3 Silabus ... 70

4.3.4 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ...73

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 81

5.1 Kacindekan... 81

5.2 Saran ... 83

DAPTAR PUSTAKA ... 84

LAMPIRAN ... 86


(9)

viii

DAPTAR SINGGETAN

1. jsb. = jeung sajabana 2. jste. = jeung saterusna 3. jrrd. = jeung réa-réa deui 4. cm. = cénti méter 5. km. = kilo méter

6. KIKD = Kompetensi Inti dan Kompetensi Dasar

7. Ha. = Hektar

8. LKS = Lembar Kerja Siswa 9. Saw. = Solallahuaallaihiwassalan 10.SWT. = Subhanahu Wata’la

11.PAUD = Pendidikan Anak Usia Dini 12.SD = Sekolah Dasar

13.SMP = Sekolah Menengah Pertama 14.SMA = Sekolah Menengah Atas


(10)

DAPTAR TABÉL

Tabel kaca

2.1 KIKD Pangajaran di SMA/SMK/MA kelas XII ... 19

3.1 Data Informan... 28

3.2 Pedoman Patalékan dina Wawancara ... 29


(11)

x

DAPTAR GAMBAR

Gambar kaca

3.1 Péta Désa Sinarresmi ... 23

4.1 Abah keur Ngado’a ... 38

4.2 Ambu Nyokot Paré Dua Panon ... 39

4.3 Ngasupkeun Paré ... 39

4.4 Do’a Panutup ... 39

4.5 Ngaseuk Babarengan ... 40

4.6 Pupulur (Dahar Sangu Kabuli) ... 41

4.7 Bubur Sumsum ... 42

4.8 Ngalantay ... 46

4.9 Mocong ... 46

4.10 Ngadiukkeun Indung ... 47

4.11 Nutu Paré ... 47

4.12 Nyangu ... 48

4.13 Sangu ... 48

4.14 Balakécrakan jeung tatangga ... 48

4.15 Sérén Taun ... 49

4.16 Aseuk ... 56

4.17 Arit ... 56

4.18 Bedog ... 57

4.19 Garpuh ... 57


(12)

4.21 Koréd ... 58

4.22 Étém ... 58

4.23 Dogdog Lojor ... 59

4.24 Pakéan nu dipaké Ngaseuk ... 60

4.25 Menyan ... 61

4.26 Panglay ... 61

4.27 Masak Bubur Sumsum ... 61

4.28 Bubur Sumsum jeung Kinca ... 61

4.29 Sangu Kabuli ... 62

4.30 Congcot ... 62

4.31 Kuéh ... 62


(13)

xii

DAPTAR BAGAN

kaca

3.1 Bagan Desain Panalungtikan ... 26

4.1 Bagan Cara-cara Ngagarap Huma (Ladang)

di Kampung Adat Sinar Resmi ... 50

4.2 Bagan Cara Miara Paré ... 51


(14)

DAPTAR LAMPIRAN

kaca

1. Surat Pengesahan judul dan penunjukan pembimbing ... 87

2. Surat permohonan ijin obsérvasi/penelitian ... 89

3. Surat Balasan dari désa bahwa telah melaksanakan penelitian ... 90

4. Péta Désa Sirnaresmi ... 91

5. Pedoman Wawancara ... 92

6. Data Informan ... 95

7. Daftar Gambar ... 102


(15)

BAB 1 BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Di Jawa Barat aya kénéh masarakat anu ngalaksanakeun tradisi karuhun, salasahijina nya éta Kampung Sinar Resmi nu aya di wewengkon Sukabumi. Tradisi nu dilaksanakeunana nya éta tradisi ngaseuk.

Tradisi Ngaseuk mangrupa tradisi agraris Sunda geus dilakukeun turun- tumurun ti karuhun Kasepuhan Sinar Resmi. Ieu tradisi nya éta melak paré huma dina taneuh pangapungan (di luhur pasir) nu dilakukeun unggal taun. Nurutkeun Amir Bukhori anu kalungguhanana salaku sesepuh Kampung Adat Sinar Resmi, ieu tradisi téh miboga simbol yén kahirupan masarakat adat Sinar Resmi leuwih percaya kana ayana Nyi Pohaci Sanghyang Asri.

Anggapan di luhur nuduhkeun yén tradisi mangrupa salasahiji kabiasaan masarakat anu ngawujud adat-istiadat sarta kudu dipigawé sacara turun-tumurun. Tradisi mangrupa wujud hubungan antara manusa jeung pribadina, masarakatna, alamna, ogé Pangéranna. Éta hubungan téh mibanda tujuan ngahontal kasalametan pikeun kasampurnaan hirup, ngaliwatan kasadaran dirina sorangan, sabudeureunana, alam jeung kakawasaan nu ngaraksa kahirupan sakumna. Éta konsép bisa dipangaruhan ku paktor kapercayaan, sosial budaya, alam, anu

miboga ma’na sarta miboga pungsi anu pakuat pakitna jeung kahirupan masarakat

sarta alam. Tradisi ieu miboga tujuan mertahankeun kahirupan masarakat, alam sarta lingkunganna. Konsép kasaluyuan hirup jeung alam kasepuhan Sinar Resmi ieu nya éta konsép anu didasaran ku prosés pangalaman interaksi jeung lingkungan alam.

Kampung adat Sinar Resmi ngolah sistem tatanén kana ngaseuk anu nyoko kana ritual salaku ungkapan rasa hormat ka sanghyang Asri Nyi Pohaci. Tradisi ieu téh teu ngan saukur midangkeun kagiatan spiritual nu ngawengku patalina manusa jeung Pangéranna, tapi ogé antara manusa jeung mahluk séjénna, manusa jeung lingkungan tur alamna, boh ngaliwatan kagiatan kasenian, boh atikan, sosial, boh budayana.


(16)

2

Nurutkeun Ranjabar (dina Fitriyasih, 2012, kc. 2) unggal bangsa dina lingkungan nu tangtu miboga kabudayaan sorangan jeung simbol-simbol kabudayaan nu ngan bisa kaharti ku jalma dina dunya jeung lingkungan sorangan. Dina seuh-seuhanana, kabudayaan téh mangrupa réspon manusa kana lingkungan jeung pasualan hirup nu disanghareupan. Ku kituna, tradisi nu aya di Kampung adat Sinar Resmi ieu kudu diwanohkeun ka masarakat salaku wujud tina budaya.

Nurutkeun Herliana (dina Fitriyasih, 2012, kc. 3) antara atikan jeung kabudayaan téh mangrupa hiji hal nu teu bisa dipisahkeun sarta mangrupa hiji gunggungan pikeun kahirupan manusa. Atikan mangrupa kagiatan nu bisa ngaronjatkeun poténsi manusa sangkan mampuh ngalaksanakeun pancénna, sabab ngan manusa nu bisa dididik jeung ngadidik. Kabudayaan tangtu loba pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat nu nyekel éta budaya. Kitu deui bangsa Indonésia anu miboga rupa-rupa sélér bangsa, salasahijina nya éta Sunda.

Kiwari individu atawa komunitas miboga wewenang pikeun ngamekarkeun kabudayaan nu saluyu jeung poténsi daérahna. Éta poténsi téh misalna kaéndahan alam, kabeungharan budaya, ajén-inajén kahirupan masarakat, jeung poténsi basana. Nonoman nu nyuprih pangarti jeung ngalap élmu pangaweruh kudu wanoh kana kaayaan daérahna sorangan. Salian ti éta, dipiharep sangkan sikep jeung paripolahna teu pasalia jeung ajén-inajén nu diagem ku masarakatna. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep generasi ayeuna, hususna rumaja, bisa leuwih wanoh, jeung ngabogaan tarékah pikeun ngamumulé tradisi titinggal karuhunna.

Salasahiji tarékah pikeun ngawanohkeun tradisi karuhun nu aya di Kampung Adat Sinar Resmi, nya éta ngaseuk. Pikeun ngahontal éta tujuan, di antarana diwanohkeunana ngaliwatan pembelajaran di sakola. Pembelajaran di sakola ieu nya éta ngawanohkeun ajén-ajén nu nyangkaruk dina struktur radisi ngaseuk di antarana nilai-nilai sosial (kamasarakatan), sarta interaksi masarakat kana


(17)

3

pikeun ngirut siswa sangkan kataji pikeun mikareueus, ngariksa, ngamumulé kabudayaan, nu tujuanana sangkan mibanda sikep nu positip. Lian ti éta, salasahiji tarékah anu dilakukeun ku pamaréntah Jawa Barat dina raraga ngajaga, ngariksa tur ngamumulé tradisi jeung budaya Sunda téh diatur dina Perda No.7 Taun 2003, ngeunaan warisan budaya, sajarah, ajén tradisional sarta musieum

(http://harjokosangganagara.blogspot.com/2011/03/pelestarian-budaya-daerah-melalui.http).

Panalungtikan ngeunaan tradisi-tradisi anu aya di Jawa Barat saméméhna geus

aya nu nalungtik, saperti dina skripsi “Tradisi Gusaran di Désa Cimindi

Kecamatan Cigugur Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan

di SMA” (Siti Fitriyasih, 2012). Lian ti éta, Nuning Restiani Winarti (2010),

nalungtik ngeunaan “Simbol-Simbol nu Nyampak dina Upacara Adat Sérén Taun

di Désa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi”. Aya ogé “Fungsi

Simbol dina Upacara Labuh Saji Nelayan Kacamatan Palabuhan Ratu Kabupatén

Sukabumi” (Andika Nugraha, 2009), jeung dina disertasi “Struktur dan Fungsi

Upacara Ngalaksa di Kacamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang dalam

Perspektif Pendidikan Karakter” (Retty Isnendes, 2013).

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaseuk can kungsi aya nu ngaguar. Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaseuk téh dianggap penting pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII, anu tujuanana sangkan siswa bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di tatar Sunda. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi pikeun Pangajaran Maca Artikel di SMA (Tilikan Struktural)” perlu dilaksanakeun.


(18)

4

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 WatesanMasalah

Luyu jeung kasang tukang, masalah dina ieu panalungtikan téh ngeunaan tradisi ngaseuk. Sangkan pedaran teu méngpar jeung teu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan nya éta leuwih museur kana tradisi ngaseuk, struktur dina tradisi ngaseuk, sarta larapna hasil panalungtikan tradisi ngaseuk pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA.

1.2.2 Rumusan Masalah

Ngarumuskeun masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal nu penting. Ku kituna, éta rumusan masalah bakal jadi pituduh pikeun ngumpulkeun data. Dumasar kasang tukang jeung watesan masalah nu aya di luhur, di handap ieu aya sababaraha rumusan masalah nu dipidangkeun dina wangun patalékan.

1) Kumaha tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi? 2) Kumaha struktur dina tradisi ngaseuk?

3) Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngainformasikeun ka masarakat ngeunaan Tradisi Ngaseuk anu aya di Kampung Adat Sinar Resmi, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi, sarta wujud tina tarékah ngamumulé salasahiji budaya anu sumebar di tatar Sunda.


(19)

5

1.3.2 Tujuan Husus

Luyu jeung rumusan masalah anu geus ditepikeun, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngawanohkeun budaya, ngabeungharkeun budaya sarta bisa ngarojong kana kamangpaatan tradisi masarakat Sunda dina raraga ngabina ajén kamekaran budaya.

Salian ti éta, ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa ngadéskripsikeun: 1) tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi;

2) struktur dina tradisi ngaseuk;

3) larapan hasil panalungtikan kana bahan pangajaran maca artikel di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngalegaan élmu pangaweruh ngeunaan tradisi nu aya di masarakat Sunda hususna di daérah Jawa Barat, boh pikeun panalungtik, boh guru jeung siswa.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana pikeun:

1) Panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh kana tradisi lokal anu aya di masarakat Sunda, salasahijina ngeunaan tradisi ngaseuk sangkan bisa ancrub langsung dina usaha ngariksa budaya Sunda.

2) Pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran basa Sunda hususna di SMA kelas XII.

3) Pikeun siswa, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di masarakat Sunda. Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya Sunda.


(20)

6

1.5 Raraga Tulisan

Sistematika nyusun skripsi eusina ngeunaan rincian unggal bab jeung bagian bab, ti mimiti bab hiji nepi ka bab ahir. Sangkan leuwih jéntré dihandap kaunggel rarancang garapanana.

Bab I mangrupa bubuka, anu dijerona ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sarta raraga tulisan.

Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun téori-téori ngeunaan tradisi, struktur, jeung bahan ajar maca artikel.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun metodologi panalungtikan, anu dijerona ngawengku: sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsi jeung analisis hasil panalungtikan, anu di jerona ngawengku: déskripsi tradisi ngaseuk di kampung adat Sinar Resmi, struktur dina tradisi ngaseuk, sarta larapna hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaseuk pikeun pangajaran maca artikel di SMA.


(21)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data

Sumber data nya éta subjék ti mana éta data dicangking. Sacara gurat badag, sumber data ngawengku tilu rupa nya éta jalma, tempat, jeung kertas atawa dokumén (Arikunto, 2010, kc. 172).

1) Jalma, nya éta sumber data nu bisa méré data nu mangrupa jawaban sacara lisan ngaliwatan prosés wawancara atawa jawaban tinulis tina angket.

2) Tempat, nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Tempat di dieu mangrupa tempat obsérvasi panalungtikan nu rék ditalungtik.

3) Kertas atawa dokumén mangrupa nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén di dieu mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi.

Saluyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data perkara ngaseuk ti ketua adat jeung sesepuh kampung adat Sinar Resmi tina hasil rekaman wawancara jeung tina foto acara tradisi ngaseuk. Tempat nu jadi sumber datana nya éta Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.

3.1.1 Subjék Panalungtikan

Subjék panalungtikan, nurutkeun Spradley (dina Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 188) nya éta sumber informasi, sedengkeun nurutkeun Moleong subjék panalungtikan nya éta jalma dina latar panalungtikan atawa jalma nu dimangpaatkeun pikeun méré informasi ngeunaan situasi jeung kondisi latar panalungtikan.

Subjék panalungtikan dina ieu skripsi nya éta Tradisi Ngaseuk di Kampung Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi. Ku kituna, dina ngumpulkeun data panalungtikan ngeunaan Tradisi Ngaseuk.


(22)

23

Panalungtik ngalaksanakeun wawancara ka ketua adat jeung sesepuh di Kampung Sinar Resmi Désa Sirna Resmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.

3.1.2 Gambaran Umum Lokasi Tempat Panalungtikan 1) Lokasi

Gambar 3.1 Péta Désa Sirnaresmi

= Lokasi Panalungtikan

Nu jadi lokasi panalungtikan dina ieu skripsi nya éta Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi, Provinsi Jawa Barat. Sacara geogarfis, Désa Sirnaresmi aya di 6° 48' 54" BT dan 106° 33' 3"


(23)

24

kidul diwatesanan ku Désa Cicadas, béh wétan diwatesanan jeung Désa Cicadas jeung Kabupatén Lebak sarta béh kulon diwatesanan ku Kacamatan Kabandungan.

Kampung Adat Sinar Resmi salasahiji ti tujuh kampung nu aya di Désa Sirnaresmi. Wates Kampung Adat Sinar Resmi nya éta di béh kalér diwatesanan ku wahangan Cibaréno, béh kulon, diwatesanan ku Kampung Cibongbong, béh kidul diwatesanan ku Kampung Cikaret, béh wétan diwatesanan ku Désa Cicadas. Suhu di wilayah désa 21-28°C, curah hujan antara 2120-3250 mm/tahun sarta kelembaban udara 84%. Désa Sirnaresmi aya dina ketinggian 620-1200 M ti permukaan laut. Désa Sirna Resmi miboga opat cinyusu, nya éta Cipanengah, Cisodong, Cidongkap, jeung Cisolok, sedengkeun wahanganna nya éta wahangan Cidongkap, Cipanengah, Cisodong, dan Cibaréno.

Nurutkeun data di Désa Sirnaresmi taun 2013, jauhna ka kacamatan 28 km, jauhna ka kabupatén 32 km, jauhna ka provinsi 180 km, sarta jauhna ka ibu kota 150 km.

2) Warga

Hubungan antar masarakat kawilang alus pisan dina sapopoéna, sarta masarakatna soméah. Salian ti éta, lamun aya kapapaténan atawa gering sok silih bantuan, boh tanaga boh matérina. Terus aya deui kagiatan ngumpulkeun béas, ngumpulkeun paré hasil ti sawah atawa ti huma, kagiatan gotong-royong, réréongan dina acara salametan. Ieu nandakeun masarakat hirup kumbuh sauyunan, silih ajénan antara masakat hiji jeung séjénna.

3) Atikan

Kamekaran widang atikan di kampung adat Sinar Resmi kaasup alus, lantaran katémbong tina hasil atikan ti mimiti PAUD, TK, SD, SMP/MTS, SMA/SMK, jeung paguron luhur gé aya nu dihontal. Ki kituna, di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirna Resmi sacara umum masarakat téh geus wanoh kana hurup jeung angka, nya éta Latén jeung Arab. Salian ti éta aya sarana atikan anu kacida


(24)

25

ngarojong kana lumangsungna prosés diajar-ngajar di Désa Sirnaresmi. Sarana prasarana nya éta aya, SD, MD, SMP, TK/TPA, sarta pondok pesantren.

4) Agama

Agama jeung kapercayaan masarakat Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirna Resmi umumna ngagem agama Islam, tapi ogé masarakatna masih teguh kana kapercayaan titinggal karuhun, misalna tetep ngalaksanakeun upacara tradisional anu aya patalina jeung pakasaban, daur hirup, jeung réligi.

5) Basa

Basa nu digunakeun ku Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirna Resmi dina hirup kumbuhna sapopoé nya éta lolobana ngagunakeun basa Sunda. Tapi kiwari aya sawatara warga (biasana pendatang) anu ngagunakeun basa Indonésia.

6) Pakasaban

Pakasaban masarakat Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirna Resmi nya éta tani jeung ngahuma. Pakasaban séjén aya nu jadi pangrajin, tukang nyadap kawung, nu ngukir bedog (golok), jeung panday.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta prosés rarancang panalungtikan ti mimiti prak nepi ka patalékan bisa dijawab ku informan. Tujuanana sangkan bisa ngadéskripsikeun: 1) tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi, 2) struktur dina tradisi ngaseuk, jeung 3) bahan pangajaran maca artikel ngeunaan tradisi ngaseuk di SMA kelas XII.


(25)

26

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métodologi panalungtikan asal kecapna tina “metode”, nu hartina cara pikeun

ngalakukeun hiji hal, jeung logos nu hartina élmu pangaweruh. Jadi, métodologi hartina cara ngalakukeun hiji hal nu ngagunakeun pikiran pikeun ngahontal hiji tujuan. Panalungtikan nya éta kagiatan pikeun néangan, nyatet, ngarumuskeun jeung nganalisis sarta nyusun laporan. Nurutkeun Hadi (dina Nurbuko jeung

TUJUAN PANALUNGTIKAN Ngadéskripsikeun:

1. Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi

2. Struktur dina Tradisi Ngaseuk

3. Bahan pangajaran maca ngeunaan Tradisi Ngaseuk di SMA kelas XII

Ngayakeun Panalungtikan di Désa Sirnaresmi jeung ngawawancara ka sesepuh Kampung Adat Sinar Resmi

Nganalisis jeung ngadéskripsikeun data tradisi ngaseuk

Ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca ngeunaan tradisi ngaseuk di SMA kelas XII


(26)

27

Achmadi, 2007, kc. 2) panalungtikan nya éta pikeun nyangking, mekarkeun sarta nguji bebeneran hiji pangaweruh.

Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 203). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Nurutkeun Arikunto (2009, kc. 234) métode deskriptif nya éta métode nu digunakeun pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan hiji hal, tanpa nguji hipotésis. Tujuan métode déskriptif nya éta nyieun gambaran, sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal nu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.

3.4 Wangenan Operasional

Dina ieu panalungtikan, diperlukeun keterangan sangkan teu nimbulkeun rupa-rupa penapsiran. Ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtik, diwincik saperti ieu di handap.

1) Tradisi Ngaseuk nya éta tradisi ngahuma nu sok dilaksanakeun di Kampung Adat Sinar Resmi unggal taunna.

2) Kampung Adat Sinar Resmi nya éta salasahiji Kampung Adat nu aya di Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.

3) Bahan pangajaran maca nya éta salasahiji komponén nu aya dina KIKD basa Sunda kurikulum 2013, anu miboga tujuan sangkan siswa maham wacana artikel nu bakal jadi bahan pangajaran, sabab maca mangrupa kagiatan diajar-ngajar di sakola anu ngagunakeun média bacaan. Ieu bahan bacaan mangrupa artikel ngeunaan tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.


(27)

28

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara pikeun ngahontal tujuan panalungtikan saperti, handphone, kaméra digital, jeung pedoman wawancara.

1) Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data waktu wawancara

2) Camera digital

Camera digital digunakeun pikeun ngarékam kagiatan ngaseuk jeung dipaké ogé pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan ngaseuk. Salian ti éta, ieu pakakas digunakeun pikeun ngarékam prosés ngaseuk jeung wawancara ka para sesepuh Kampung Adat Sinar Resmi.

3) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun patokan ngawawancara ka para sesepuh jeung panitia Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi. Dina pedoman wawancara, aya runtuyan patalékan-patalékan nu patali jeung rumusan masalah dina ieu panalungtikan.

Tabel 3.1 Data Informan Data Informan

 No :  Wasta :  Umur :  Pakasaban :  Jenis kelamin :  Alamat :  Kalungguhan :


(28)

29

Tabél 3.2 Pedoman Patalékan dina Wawancara

No Masalah Panalungtikan Indikator Daptar Patalékan 1 Déskripsi Tradisi Ngaseuk

di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi

Wangenan Tradisi Ngaseuk

Naon ari tradisi ngaseuk? Naha disebut tradisi ngaseuk?

Sajarah Tradisi Ngaseuk

Ti iraha mimiti ayana tradisi ngaseuk? Di mana mimiti ayana tradisi ngaseuk? Iraha waktu dilaksanakeun tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi? Prak-prakan

Tradisi Ngaseuk

Kumaha prak-prakan tradisi ngaseuk?

Aya kagiatan naon saméméh

dilaksanakeun tradisi ngaseuk?

Aya sarat-saratna teu dina tradisi ngaseuk?

Kumaha unggal tahapan dilaksanakeun? Naon nu nandaan unggal prak-prakan dimimiti jeung réngsé?

Sabaraha lila kagiatan lumangsung? Di mana kagiatan lumangsung?

Sabaraha lila waktu nu diperlukeun mimiti persiapan nepi ka panutupan? 2 Struktur dina Tradisi

Ngaseuk di Kampung

Palaku Saha waé palaku dina tradisi ngaseuk? Saha nu mingpin dina tradisi ngaseuk?


(29)

30

ngaseuk?

Aya teu pakakas husus nu digunakeun dina tradisi ngaseuk? Naon ngaranna? Naon harti pakakas anu digunakeun dina tradisi ngaseuk?

Kasenian Aya teu kasenian nu mirig tradisi ngaseuk?

Kasenian naon nu mirig tradisi ngaseuk? Kumaha bentukna?

Sabaraha lagu nu dipintonkeun salila tradisi lumangsung?

Saha waé nu mirigna? Aya sarat husus teu pikeun jalma nu mintonkeun waditra dina tradisi ngaseuk?

Busana Baju naon nu dipaké dina tradisi ngaseuk?

Sasajén Aya teu sasajén dina tradisi ngaseuk? Lamun aya naon waé?

Naon pungsi sasajén éta?

Kadaharan Kadaharan naon nu disajikeun dina tradisi ngaseuk?

Kumaha cara nyieunna?

Jang saha waé kadaharan nu sajikeun dina tradisi ngaseuk?


(30)

31

3.6 Téhnik Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngawengku dua téhnik, nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ngumpulkeun data panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka, observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan panalungtik pikeun ngalaksanakeun hiji panalungtikan.

2) Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha déskripsi tradisi ngaseuk, struktur dina tradisi ngaseuk, sarta kumaha prak-prakan ngajarkeun matéri maca artikel ngeunaan tradisi ngaseuk.

3) Téhnik wawancara digunakeun pikeun nyangking data sacara langsung ti informan anu apal sarta kalibet dina tradisi ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi, pikeun nyangking bahan sacara lisan sangkan data-data anu kacangking bener-bener akurat.

4) Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina wangun vidéo, jeung gambar anu jadi patokan salaku naon waé nu ditalungtik ti mimiti nepi ka ahir.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus ngumpulkeun data, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Aya sababaraha téhnik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta analisis jeung déskripsi data hasil obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Data tina hasil obsérvasi téh dikumpulkeun sarta dipasing-pasing


(31)

(dikelompok-32

3.6.3 Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah nu pamungkas. Sabada data dipasing-pasing sarta dianalisis, tuluy éta data disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.


(32)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Nilik kana hasil panalungtikan ngeunaan Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Siranaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA, bisa dicindekkeun yén tradisi ngaseuk mangrupa salasahiji kabudayaan nu hirup kénéh di Tatar Sunda, pernahna di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi. Tujuan diayakeun tradisi ngaseuk, nya éta pikeun ngébréhkeun rasa hormat ka Sanghyang Asri Nyi Pohaci. Tradisi ngaseuk mangrupa tina tradisi lisan anu diteruskeun ti generasi ka generasi nu lumangsung kalawan manjang. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta déskripsi pikeun ngadéskripsikeun: (1) tradisi ngaseuk, (2) struktur tradisi ngaseuk, (3) larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA.

Nurutkeun Asep Nugraha, ketua adat di Sinar Resmi, tradisi ngaseuk di komunitas adat nu diutamakeun téh ngeunaan tatanén hususna melak paré huma, boh di luhur pasir lamping (lereng) boh di lebak (dataran rendah). Tradisi ngaseuk nya éta melak paré huma nu ayana di darat nu geus dilakukeun sacara turun-tinurun. Disebut ngaseuk sabab mimiti melak paré téh ku kai dicocogkeun kana taneuh. Éta pakakas téh disebutna aseuk. Ayana tradisi ngaseuk geus lumangsung 433 taun, berarti ieu tradisi nu geus aya di kampung adat Sinar Resmi ti taun 1581 atawa abad ka 16 M. Tradisi ngaseuk nu aya di kampung adat Sinar Resmi mangrupa kagiatan tatanén di darat (huma). Kagiatan tatanén ieu aya sababaraha tahap nya éta: (1) Saméméh kagiatan lumangsung, kagiatanana aya mabay, narawas, nyacar, ngahuru, ngaduruk, ngerukan, jeung sukuran, (2)


(33)

82

Erin Pebrianti, 2014

ngadiukkeun indung, salamet ngadiukkeun indung, nutu paré, nyangu, zakat, jeung puncakna kagiatan tatanén nya éta sérén taun sukuran babarengan hasil pertanian nu di pingpin ku ketua adat.

Dina hasil panalungtikan kapaluruh struktur dina tradisi ngaseuk nya éta: (1) palaku, (2) pakakas, (3) kasenian, (4) busana, (5) sasajén (média), jeung (6) kadaharan. Palaku dina tradisi ngaseuk nya éta sakabéh warga di kampung adat Sinar Resmi (pengikut), dipingpin ku ketua adat, nya éta Abah Asep Nugraha. Dina tradisi ngaseuk aya nu ngaseuk jeung anu ngabinihan; pakakas nu digunakeun dina tradisi ngaseuk nya éta aseuk, arit, bedog, garpuh, pacul, koréd, jeung étém; kasenian nu dipidangkeun dina tradisi ngaseuk ieu nya éta dogdog lojor, anu pungsina pikeun mirig tradisi ngaseuk; papakéan nu digunakeun dina tradisi ngaseuk pikeun ketua adat jeung jajaranana nya éta maké baju kamprét

jeung iket. Tapi, warga atawa anu miluan mah bébas; sasajén nu sok digunakeun dina tradisi ngaseuk nya éta menyan jeung panglay.

Nurutkeun narasumber Abah Asep Nugraha ketua adat Sinar Resmi, menyan jeung panglay ieu sabenerna salaku panghubung ka nu kagungan alam pikeun ménta kasalametan, jeung kaberkahan; sarta kadaharan nu sok aya dina kagiatan tradisi ngaseuk nya éta bubur sumsum, sangu kabuli, congcot, kuéh (dodol hideung, dapros, kakacangan, kembang goyang, jeung wajit), jeung angeun.

Hasil panalungtikan ngeunan tradisi ngaseuk bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Ngeunaan hasil atawa henteuna bahan pangajaran maca artikel, gumantung kana téhnik jeung métode nu dipaké ku guruna. Salian ti éta, guru kudu ngaluyukeun bahan pangajaran jeung kamampuh siswana sorangan sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran nu dimaksud.


(34)

83

5.2 Saran

Tradisi ngaseuk téh salasahiji kabudayaan Sunda hususna nu aya di Kampung Adat Sinar Resmi. Sangkan ieu tradisi teu tumpur, aya rékoméndasi pikeun guru jeung pelajar (mahasiswa, jeung murid), sarta masarakat umum.

1) Saran pikeun Guru, Mahasiswa, jeung Murid

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran budaya Sunda. Hususna pikeun mahasiswa, loba kénéh anu acan kaguar tina ieu tradisi. Kacida hadéna lamun seug ieu tradisi téh ditalungtik deui dina garapanana anu leuwih husus, sangkan kaguar deui hal-hal séjén anu acan katalungtik. 2) Saran pikeun Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh leuwih jembar ngeunaan tradisi ngaseuk, minangka tradisi has Sunda, anu antukna masarakat leuwih mikaresep, sarta terus ngamumulé tradisi ngaseuk. Salian ti éta, masarakat dipiharep bisa leuwih ngamumulé kabudayaan Sunda, hususna tradisi ngaseuk anu aya di Kampung Adat Sinar Resmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.


(35)

Erin Pebrianti, 2014

DAPTAR PUSTAKA Buku

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik . Yogyakarta: Rineka Cipta

Arikunto, S. (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta

Basrowi & Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta

Danadibrata, R.A (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran

Danandjadja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti Darpan, dkk. (2013). Kompendium Sistem Pertanian Tradisional Sunda.

Bandung: Pustaka Jaya

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). KIKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Isnendes, R. (2010). Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI

Kecamatan Cisolok. (2013). Monografi Kecamatan Cisolok Tahun 2013. Cisolok: Sukabumi.

Koentjaraningrat, (2009). Pengantar ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rhineka Cipta.

Kosawara, D (2011). Racikan Sastra. Jurusan Pendidikan Bahasa Daeraha FPBS UPI

Nurbuko & Achmadi. (2007). Metodologi Penelitian. Jakarta: Bumi Aksara Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Pers

Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra

Sudaryat, Y jeung Ruhiyati LN. (2006). Waruga Basa. Bandung: KARYA IPTEK Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2012). Kurikulum&Pembelajaran. Bandung.


(36)

85

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI

Karya Ilmiah

Fitriyasih, F. (2012). Tradisi Gusaran di Désa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupatén Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Hendrayana, D. (2011). Tradisi jeung Inovasi dina Cianjuran (Tilikan Struktural jeung Sosiologi kana Sekar Anyar). Tesis di PSPBBS Pasca Sarjana UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Isnendes, R. (2013). Struktur dan Pungsi Upacara Ngalaksa di Kecamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang dalam Perspektip Pendidikan Karakter. Disertasi di PSBI Pasca Sarjana UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Média Online

Harjoko. (2011). Pelestarian budaya daerah. (online). (

http://harjokosangganagara.blogspot.com/2011/03/pelestarian-budaya-daerah-melalui.http) [Diakses tanggal 3 Desember 2011]

... (Online). (http://id.wikipedia.org/wiki/Tradisi) [Diakses tanggal 2 November 2013]

... (Online). http://masguruonline.wordpress.com/2013/05/21/hakikat-bahan-ajar/#more-126. [Diakses tanggal 23 Desember 2013]

... (Online).http.//id.m.wikipedia.Org/wiki/pupuk.TSP. [Diakses tanggal 3 maret 2014]

...(Online).


(1)

32

Erin Pebrianti, 2014

Tradisi Ngaseuk D i Kampung Adat Sinar Resmi D esa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi Sebagai Bahan Pembelajaran Membaca Artikel D i SMA

3.6.3 Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah nu pamungkas. Sabada data dipasing-pasing sarta dianalisis, tuluy éta data disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.


(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Nilik kana hasil panalungtikan ngeunaan Tradisi Ngaseuk di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Siranaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA, bisa dicindekkeun yén tradisi ngaseuk mangrupa salasahiji kabudayaan nu hirup kénéh di Tatar Sunda, pernahna di Kampung Adat Sinar Resmi Désa Sirnaresmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi. Tujuan diayakeun tradisi ngaseuk, nya éta pikeun ngébréhkeun rasa hormat ka Sanghyang Asri Nyi Pohaci. Tradisi ngaseuk mangrupa tina tradisi lisan anu diteruskeun ti generasi ka generasi nu lumangsung kalawan manjang. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta déskripsi pikeun ngadéskripsikeun: (1) tradisi ngaseuk, (2) struktur tradisi ngaseuk, (3) larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA.

Nurutkeun Asep Nugraha, ketua adat di Sinar Resmi, tradisi ngaseuk di komunitas adat nu diutamakeun téh ngeunaan tatanén hususna melak paré huma, boh di luhur pasir lamping (lereng) boh di lebak (dataran rendah). Tradisi ngaseuk nya éta melak paré huma nu ayana di darat nu geus dilakukeun sacara turun-tinurun. Disebut ngaseuk sabab mimiti melak paré téh ku kai dicocogkeun kana taneuh. Éta pakakas téh disebutna aseuk. Ayana tradisi ngaseuk geus lumangsung 433 taun, berarti ieu tradisi nu geus aya di kampung adat Sinar Resmi ti taun 1581 atawa abad ka 16 M. Tradisi ngaseuk nu aya di kampung adat Sinar Resmi mangrupa kagiatan tatanén di darat (huma). Kagiatan tatanén ieu aya sababaraha tahap nya éta: (1) Saméméh kagiatan lumangsung, kagiatanana aya mabay, narawas, nyacar, ngahuru, ngaduruk, ngerukan, jeung sukuran, (2) Kagiatan inti ngaseuk, nya éta melak paré téh ku kai dicocogkeun kana taneuh. Ieu tradisi dipingpin ku ketua adat nya éta Abah Asép Nugraha, (3) Kagiatan satuluyna nya éta ngoréd, ngarambas, ngabérak, salametan paré nyiram/mapag paré beukah (salamet pangjadian), salamet ngarawunan, negel/mipit, ngalantay/moé paré, mocong atawa ngaganti tali anu ngabeungkeut paré,


(3)

82

Erin Pebrianti, 2014

Tradisi Ngaseuk D i Kampung Adat Sinar Resmi D esa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi Sebagai Bahan Pembelajaran Membaca Artikel D i SMA

ngadiukkeun indung, salamet ngadiukkeun indung, nutu paré, nyangu, zakat, jeung puncakna kagiatan tatanén nya éta sérén taun sukuran babarengan hasil pertanian nu di pingpin ku ketua adat.

Dina hasil panalungtikan kapaluruh struktur dina tradisi ngaseuk nya éta: (1) palaku, (2) pakakas, (3) kasenian, (4) busana, (5) sasajén (média), jeung (6) kadaharan. Palaku dina tradisi ngaseuk nya éta sakabéh warga di kampung adat Sinar Resmi (pengikut), dipingpin ku ketua adat, nya éta Abah Asep Nugraha. Dina tradisi ngaseuk aya nu ngaseuk jeung anu ngabinihan; pakakas nu digunakeun dina tradisi ngaseuk nya éta aseuk, arit, bedog, garpuh, pacul, koréd, jeung étém; kasenian nu dipidangkeun dina tradisi ngaseuk ieu nya éta dogdog lojor, anu pungsina pikeun mirig tradisi ngaseuk; papakéan nu digunakeun dina tradisi ngaseuk pikeun ketua adat jeung jajaranana nya éta maké baju kamprét

jeung iket. Tapi, warga atawa anu miluan mah bébas; sasajén nu sok digunakeun dina tradisi ngaseuk nya éta menyan jeung panglay.

Nurutkeun narasumber Abah Asep Nugraha ketua adat Sinar Resmi, menyan jeung panglay ieu sabenerna salaku panghubung ka nu kagungan alam pikeun ménta kasalametan, jeung kaberkahan; sarta kadaharan nu sok aya dina kagiatan tradisi ngaseuk nya éta bubur sumsum, sangu kabuli, congcot, kuéh (dodol hideung, dapros, kakacangan, kembang goyang, jeung wajit), jeung angeun.

Hasil panalungtikan ngeunan tradisi ngaseuk bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Ngeunaan hasil atawa henteuna bahan pangajaran maca artikel, gumantung kana téhnik jeung métode nu dipaké ku guruna. Salian ti éta, guru kudu ngaluyukeun bahan pangajaran jeung kamampuh siswana sorangan sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran nu dimaksud.


(4)

83

5.2 Saran

Tradisi ngaseuk téh salasahiji kabudayaan Sunda hususna nu aya di Kampung Adat Sinar Resmi. Sangkan ieu tradisi teu tumpur, aya rékoméndasi pikeun guru jeung pelajar (mahasiswa, jeung murid), sarta masarakat umum.

1) Saran pikeun Guru, Mahasiswa, jeung Murid

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran budaya Sunda. Hususna pikeun mahasiswa, loba kénéh anu acan kaguar tina ieu tradisi. Kacida hadéna lamun seug ieu tradisi téh ditalungtik deui dina garapanana anu leuwih husus, sangkan kaguar deui hal-hal séjén anu acan katalungtik. 2) Saran pikeun Masarakat Umum

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana pikeun masarakat umum mikawanoh leuwih jembar ngeunaan tradisi ngaseuk, minangka tradisi has Sunda, anu antukna masarakat leuwih mikaresep, sarta terus ngamumulé tradisi ngaseuk. Salian ti éta, masarakat dipiharep bisa leuwih ngamumulé kabudayaan Sunda, hususna tradisi ngaseuk anu aya di Kampung Adat Sinar Resmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi.


(5)

Erin Pebrianti, 2014

Tradisi Ngaseuk D i Kampung Adat Sinar Resmi D esa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi Sebagai Bahan Pembelajaran Membaca Artikel D i SMA

DAPTAR PUSTAKA Buku

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik . Yogyakarta: Rineka Cipta

Arikunto, S. (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta

Basrowi & Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta

Danadibrata, R.A (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran

Danandjadja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti Darpan, dkk. (2013). Kompendium Sistem Pertanian Tradisional Sunda.

Bandung: Pustaka Jaya

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). KIKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Isnendes, R. (2010). Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI

Kecamatan Cisolok. (2013). Monografi Kecamatan Cisolok Tahun 2013. Cisolok: Sukabumi.

Koentjaraningrat, (2009). Pengantar ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rhineka Cipta.

Kosawara, D (2011). Racikan Sastra. Jurusan Pendidikan Bahasa Daeraha FPBS UPI

Nurbuko & Achmadi. (2007). Metodologi Penelitian. Jakarta: Bumi Aksara Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Pers

Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra

Sudaryat, Y jeung Ruhiyati LN. (2006). Waruga Basa. Bandung: KARYA IPTEK Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2012). Kurikulum&Pembelajaran. Bandung.


(6)

85

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI

Karya Ilmiah

Fitriyasih, F. (2012). Tradisi Gusaran di Désa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupatén Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Hendrayana, D. (2011). Tradisi jeung Inovasi dina Cianjuran (Tilikan Struktural jeung Sosiologi kana Sekar Anyar). Tesis di PSPBBS Pasca Sarjana UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Isnendes, R. (2013). Struktur dan Pungsi Upacara Ngalaksa di Kecamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang dalam Perspektip Pendidikan Karakter. Disertasi di PSBI Pasca Sarjana UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Média Online

Harjoko. (2011). Pelestarian budaya daerah. (online). (

http://harjokosangganagara.blogspot.com/2011/03/pelestarian-budaya-daerah-melalui.http) [Diakses tanggal 3 Desember 2011]

... (Online). (http://id.wikipedia.org/wiki/Tradisi) [Diakses tanggal 2 November 2013]

... (Online). http://masguruonline.wordpress.com/2013/05/21/hakikat-bahan-ajar/#more-126. [Diakses tanggal 23 Desember 2013]

... (Online).http.//id.m.wikipedia.Org/wiki/pupuk.TSP. [Diakses tanggal 3 maret 2014]

...(Online).

http://3.bp.blogspot.com/-Pm-e2VzueFY/ToytXl-S7rl/AAAAAAAABRO/cOaygnPOBnw/s1600/obat+kentut+bengle.jpg. [Diakses tanggal 25 Januari 2014]


Dokumen yang terkait

Tradisi Masyarakat Desa Janji Mauli Kecamatan Sipirok Kabupaten Tapanuli Selatan (1900-1980)

3 83 104

Karakteristik Lanskap Kampung Tradisional di Halimun Selatan dan Faktor-Faktor yang Mempengaruhinya (Sebuah Studi pada Kampung Kasepuhan di Kesatuan Adat Banten Kidul, Kampung Sirnaresmi, Desa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi, Jawa Barat)

0 14 112

Struktur Penguasaan Tanah Masyarakat dan Upaya Membangun Kedaulatan Pangan (Kasus Kampung Sinar Resmi, Desa Sinar Resmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi, Propinsi Jawa Barat)

1 13 176

Analisis konflik sumberdaya hutan di kawasan konservasi: studi Kasus Kampung Sinar Resmi, Desa Sirna Resmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi, Provinsi Jawa Barat

0 21 260

Kepemimpinan Adat Dalam Kepatuhan Masyarakat Pada Norma Adat (Studi Kasus Di Kasepuhan SRI Desa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi Jawa Barat).

8 67 147

LEKSIKON ETNOFARMAKOLOGI DI KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR, DESA SIRNARESMI, KECAMATAN CISOLOK, KABUPATEN SUKABUMI (KAJIAN ETNOLINGUISTIK).

4 12 25

SIKAP KONSERVASI SISWA KAMPUNG TRADISIONAL CIKUPA DAN KAMPUNG ADAT SINAR RESMI KECAMATAN CISOLOK KABUPATEN SUKABUMI.

0 4 32

PENGARUH KEPEMIMPINAN KEPALA DESA TERHADAP PARTISIPASI MASYARAKAT DALAM PEMBANGUNAN DESA (Suatu Studi di Desa Sirnaresmi dan Desa Cisolok, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi).

1 1 8

TRADISI NGASEUK DI KAMPUNG ADAT SINAR RESMI DESA SIRNARESMI KECAMATAN CISOLOK KABUPATEN SUKABUMI SEBAGAI BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA ARTIKEL DI SMA - repository UPI S BD 1004549 Title

0 0 4

LEKSIKON ETNOFARMAKOLOGI DI KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR, DESA SIRNARESMI, KECAMATAN CISOLOK, KABUPATEN SUKABUMI (KAJIAN ETNOLINGUISTIK) - repository UPI S IND 1006287 Title

0 0 3