MODÉL PANGAJARAN EXPLICIT INSTRUCTION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA SAJAK : Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

(1)

MODÉL PANGAJARAN EXPLICIT INSTRUCTION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA SAJAK (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMPN 45 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Gian Hervyagi NIM 0906407

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG


(2)

MODÉL PANGAJARAN

EXPLICIT

INSTRUCTION

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH

MACA SAJAK

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa

Kelas VIII-F SMPN 45 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh

Gian Hervyagi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Gian Hervyagi 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

LEMBAR PENGESAHAN Gian Hervyagi

NIM 0906407

MODÉL PANGAJARAN EXPLICIT INSTRUCTION PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA SAJAK (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMPN 45 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013) Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping 1,

Drs. H. O. Solehudin, M.Pd NIP 195701011980021004

Pangaping II,

Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(4)

MODÉL PANGAJARAN EXPLICIT INSTRUCTION

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA SAJAK

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)1)

Gian Hervyagi 2) ABSTRAK

Skripsi yang berjudul “Modél Pangajaran Explicit Instruction pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Sajak (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” ini

mendeskripsikan model Explicit Intruction dalam pembelajaran membaca sajak. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya minat siswa dalam membaca sajak, serta kurangnya kompetensi guru dalam mendemonstrasikan tehnik pembacaan sajak. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode penelitian tindakan kelas (PTK). Penelitian ini menggunakan pendekatan kualitatif dan kuantitatif. Pendekatan kualitatif berupa data hasil dari wawancara dan observasi, sedangkan pendekatan kuantitatif berupa data tes hasil belajar siswa setelah melaksanakan kegiatan pembelajaran melalui dua tahapan siklus dalam PTK. Dari hasil analisis data yang dilakukan dalam dua siklus, dapat dideskripsikan sebagai berikut. Pada siklus ke satu proses kegiatan pembelajaran berlangsung kurang efektif karena perangkat pembelajaran yang digunakan sehingga hasil tes yang diperoleh siswa tidak memuaskan. Pada siklus ke dua kegiatan belajar-mengajar berlangsung lancar dan efektif, hal ini disebabkan oleh beberapa faktor di antaranya media pembelajaran yang digunakan dan observer yang membantu dalam proses pembelajaran, sehingga dapat memicu siswa untuk giat dan aktif dalam pembelajaran. Hal ini dapat dilihat dari hasil observasi aktivitas siswa selama proses pembelajaran. Sementara itu, hasil tes menunjukkan peningkatan dari rata-rata tes awal (pretest) sebesar 67,3 meningkat menjadi rata-rata 73,5 pada tes siklus ke-1 dan meningkat secara signifikan pada tes siklus ke-2 yaitu rata-rata menjadi 80,1. Sedangkan peningkatan pemahaman siswa meningkat dari siklus ke-1 yaitu 0,19 yang termasuk kategori rendah dimana G<0,30, mengalami peningkatan pada siklus ke-2 menjadi 0,39 yang termasuk kategori sedang dimana 0,70 >(G)>0,30. Sedangkan aktivitas kinerja guru selama proses pembelajaran berlangsung mengalami peningkatan, pada siklus ke-1 mendapat predikat baik dan mengalami peningkatan pada siklus ke-2 mendapat predikat sangat baik. Aktivitas kinerja guru ini berdasarkan tahapan dalam kegiatan belajar-mengajar yaitu mencakup kegiatan awal pembelajaran, kegiatan inti pembelajaran, dan kegiatan akhir pembelajaran. Dalam hal ini pelaksanaan penelitian siklus ke-1 dan siklus ke-2 dapat disimpulkan bahwa Modél Pangajaran Explicit Instruction dapat meningkatkan kemampuan membaca Sajak Siswa Kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. dan Drs. Ruswendi Permana, M.Hum.


(5)

DAFTAR EUSI

Kaca

LEMBAR PENGESAHAN i

INSKRIPSI ii

PERNYATAAN iii

ABSTRAK iv

PANGJAJAP v

TAWIS NUHUN vi

DAFTAR EUSI ix

DAFTAR TABÉL xii

DAFTAR GRAFIK xiii

DAFTAR LAMPIRAN xiv

BAB I BUBUKA 1

1.1Kasang Tukang 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 2

1.2.1Watesan Masalah 2

1.2.2Rumusan Masalah 3

1.3Tujuan Panalungtikan 3

1.3.1Tujuan Umum 3

1.3.2Tujuan Husus 3

1.4Mangpaat Panalungtikan 4

1.4.1Mangpaat Tioritis 4

1.4.2Mangpaat Praktis 4

1.5Anggapan Dasar jeung Hipotesis 4

1.5.1Anggapan Dasar 4

1.5.2Hipotesis Tindakan 4

1.6Metode Panalungtikan 5

1.7Sumber Data 6

1.7.1Populasi 6

1.7.2Sampel 6

1.8 Raraga Tulisan 6

BAB II MACA, SAJAK, JEUNG MODÉL PANGAJARAN 7

2.1 Maca 7

2.1.1 Wangenan Maca 7

2.1.2 Tujuan Maca 8

2.1.3 Maca Salaku Hiji Kaparigelan 8


(6)

x

2.1.5 Wanda Maca 10

2.2 Sajak 14

2.2.1 Watesan Sajak 14

2.2.2 Wangun Sajak 16

2.2.3 Unsur Batin jeung Unsur Fisik Sajak 17

2.3 Modél Pangajaran 20

2.3.1Watesan Modél Pangajaran 16

2.3.2 Rumpun Modél Pangajaran 21

2.4 Modél Pangajaran Explicit Instruction 22 2.4.1 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Explicit Instruction 22 2.4.2 Ciri-ciri Modél Pangajaran Explicit Instruction 23 2.4.3 Kaonjoyan Modél Explicit Instruction 23 2.4.4 Kahéngkéran Modél Explicit Instruction 23

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 24

3.1 Métode Panalungtikan 24

3.2 Desain Panalungtikan 24

3.3 Téknik Panalungtikan 26

3.4 Instrumen Panalungtikan 27

3.5 Analisis Data 33

3.6 Setting Panalungtikan 34

3.6.1 Lokasi Panalungtikan 34

3.6.2 Subjék Panalungtikan 34

3.6.3 Waktu Panalungtikan 34

3.7 Prosedur Panalungtikan 34

3.8 Prosedur Ngolah Data 35

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL PANGAJARAN MACA SAJAK NGAGUNAKEUN MODÉL PANGAJARAN

EXPLICIT INSTRUCTION 38

4.1 Siklus ka hiji 38

4.1.2 Prak-prakan Tindakan Siklus ka hiji 42

4.1.3 Analisis Ngaronjatna Pamahaman Siswa 49

4.1.4 Analisis Aktivitas Siswa 49

4.1.5 Analisis Kinerja Guru 50

4.2 Siklus ka dua 52

4.2.1 Tatahar 52

4.2.2 Prak-prakan Tindakan Siklus ka dua 53

4.2.3 Analisis Ngaronjatna Pamahaman Siswa 58

4.2.4 Analisis Aktivitas Siswa 58


(7)

BAB V KACINDEKKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 61

5.1 Kacindekkan 61

5.2 Rékoméndasi 62

DAPTAR PUSTAKA 63

LAMPIRAN-LAMPIRAN 65


(8)

BAB 1 BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Dina taun 1961 gelar salasahiji karya sastra nya éta sajak. Sajak mémang lain barang anyar dina sastra Sunda. Sabada Indonésia merdéka, kahirupan sastra Sunda geus mimiti némbongkeun mekarna sajak. Ti harita ka dieunakeun sajak Sunda leuwih mekar deui, lantaran sajaba ti sok dimuat dina surat kabar jeung majalah, ogé medal buku kumpulan sajak Sunda. Pon kitu deui dina bahan pangajaran, utamana dina buku ajar, ogé dina kurikulum aya matéri anu medar ngeunaan sajak.

Dina KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) pangajaran Basa Sunda di SMP ngawengku opat kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Iwal opat kaparigelan basa téa dina pangajaran basa di sakola kudu diajarkeun kalayan saimbang. Kalungguhan maca geus jéntré mangrupa bagian tina opat kaparigelan basa. Hubungan antara opat kaparigelan basa téh kacida raketna. Upamana waé, maca anu mangrupa kamahéran basa produktif téh jadi resiprokal lamun dipatalikeun jeung kamahéran nyarita. Dina ieu hal mah nu nyarita jeung nu diajak nyarita téh bisa baganti peran. Nya kitu deui hubungan nyarita jeung nu nulis sarta maca dina pangajaran basa silih lengkepan pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

Sajak mangrupa salasahiji wangun sastra nu kudu diajarkeun di sakola. Pangajaran sajak aya dina KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) widang studi basa Sunda pikeun siswa SMP hususna SMP kelas VIII, kalungguhan pangajaran sajak aya dina aspék kaparigelan maca nya éta dina kompeténsi

membacakan puisi, dina ieu hal mangrupa sajak. Sababaraha aspék nu bisa

dipeunteun dina pangajaran maca sajak nya éta, penjiwaan, lafal jeung intonasi. Neuleuman karya sastra sajak mémang leuwih hésé tibatan karya sastra dina

wangun prosa. Can karasa ni’matna, moal panggih maksud dina éta sajak jeung moal kapanggih ajén-ajén naon waé nu rék ditepikeun ku hiji pangarang sajak saupama macana ngan ukur saliwatan.


(9)

Bangbaluh nu kiwari aya di lapangan téh nya éta héséna siswa dina ngaaprésiasi sajak, utamana dina maca jeung neuleuman ma’nana. Dina salasahiji artikel (https://www.google.co.id/#hl=en&tbo=d&sclient=psy-ab&q=artikel) dise-butkeun yén éta hal bisa jadi lantaran kurangna minat siswa kana sajak, siswa teu dibéré kasempetan miluan pasanggiri maca sajak, jeung guru anu kurang alus dina ngadémonstrasikeun maca sajak. Tétéla dina ieu hal katitén perlu ayana kasaluyuan antara matéri, modél pangajaran, siswa, jeung guru dina prosés diajar ngajar.

Panalungtikan ngeunaan maca sajak geus kungsi ogé dilaksanakeun ku sababaraha urang, diantarana ku:

a) Galuh Permana Saputra anu judulna “Modél Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) Pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca

Sajak.”

b) Nurwita “Sajak dina Manglé Alit anu Medal dina Taun 2009 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajak di SMP Kelas VIII: Analisis Unsur Instrinsik.” Sanajan geus loba anu ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan maca sajak, dirasa perlu ayana panalungtikan deui ngeunaan modél pangajaran anu bisa ngaronjatkeun pangajaran maca sajak dumasar konsép panalungtikan Tindakan Kelas. Dina ieu hal, panyusun ngagunakeun modél pangajaran explicit instruction lantaran dina ieu modél pangajaran aya hubungan langsung antara guru jeung siswa dina prak-prakan prosés diajar-ngajar, guru nyontoan langsung maca sajak anu hadé di hareupeun siswa, sarta prosésna bertahap, antukna siswa dipiharep jadi bisa maca sajak ngagunakeun lafal, intonasi, jeung penjiwaan anu hadé. Panyusun nalungtik ieu permasalahan kalayan judul “Modél Pangajaran Explicit Instruction Pikeun

ngaronjatkeun Kamampuh Maca Sajak” (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)”


(10)

3

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Watesan masalah dina panalungtikan kacida diperlukeunana sangkan bisa nangtukeun arah panalungtikan sarta leuwih museur kana udagan anu rék dihontal. Sangkan teu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan baris diwatesanan. Nu nyusun ngawatesanan lingkup ieu panalungtikan kana kagiatan ngaaprésiasi sajak para siswa Kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung dina pangajaran maca anu ngagunakeun modél pangajaran Explicit Instruction.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.

a) Kumaha prak-prakan modél pangajaran Explicit Instruction nu éféktif pikeun pangajaran maca sajak?

b) Kumaha kamampuh maca sajak siswa kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung ngagunakeun model pangajaran Explicit Instruction?

c) Naha aya béda anu signifikan antara hasil pangajaran maca sajak antara saacan jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Explicit Instruction?

1.3Tujuan Panalungtikan

a) Tujuan Umum

Sacara umum tujuan dina ieu panalungtikan nya éta hayang ngaronjatkeun kualitas atikan utamana dina prosés diajar-ngajar ngaliwatan pangajaran maca sajak nu ngagunakeun inovasi pangajaran dina wangun modél pangajaran Explicit

Instruction pikeun dijadikeun salasahiji tarékah dina menerkeun atawa

ngaréngsékeun masalah pangajaran sajak. b) Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadeskripsikeun (a) Éféktifitas modél pangajaran Explicit Instruction kana pangajaran maca sajak.


(11)

(b) Kamampuh maca sajak siswa kelas VIII-F SMP Negeri 45 Bandung ngagunakeun modél pangajaran Explicit Instruction; sarta

(c) Béda anu signifikan antara hasil pangajaran maca sajak antara saacan jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Explicit Instruction.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta sangkan leuwih jero neuleuman rupa-rupa modél pangajaran basa sunda hususna dina pangajaran maca sajak.

1.4.2 Mangpaat Praktis

a) Pikeun prosés diajar-ngajar, ieu panalungtikan méré sumbangan pikeun ngaronjatkeun ajén pangajaran basa Sunda.

b) Pikeun guru, bisa dijadikeun alternatif dina modél pangajaran maca sajak sangkan prosés pangajaran bisa leuwih variatif jeung teu monoton.

c) Pikeun siswa, bisa leuwih aktif dina kagiatan prosés diajar-ngajar sangkan miboga kamampuh maca sajak anu hadé nepi ka bisa nyangking eusi sajak.

d) Pikeun nu nulis, bisa ngaronjatkeun kualitas pangaweruh jeung ngaimpleméntasikeun modél Explicit Instruction dina pangajaran maca sajak. e) Pikeun lembaga, bisa dijadikeun bahan alternatif dina pangajaran Basa jeung

Sastra Sunda.

1.5 Anggapan Dasar jeung Hipotésis 1.5.1 Anggapan Dasar

Anggapan dasar mangrupa tatapakan mikir anu gunana pikeun dasar panalungtikan salaku cecekelan utama. Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap:


(12)

5

a) Maca mangrupa salasahiji kaparigelan basa salian ti ngaregepkeun, nulis jeung nyarita dina kaparigelan basa.

b) Sajak mangrupa karya sastra anu hésé diteuleuman ma’nana.

c) Modél pangjaran mangrupa hiji rencana pangajaran anu digunakeun dina prosés ngajar.

1.5.2 Hipotésis Tindakan

Hipotésis tindakan mangrupa dugaan ngeunaan parobahan nu bisa jadi kajadian nalika hiji tindakan dilaksanakeun. Panyusun méré hipotésis yén nalika guru ngagunakeun modél Éxplicit Instruction dina ngajarkeun maca sajak ka siswa, siswa miboga peran aktif dina prosés diajar-ngajar, tangtuna waé pamahaman siswa kana prosés pangajaran leuwih ngaronjat.

1.6 Sumber Data 1.6.1 Populasi

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakumna siswa SMP 45 Bandung taun ajaran 2012/2013.

1.6.2 Sampel

Anu jadi sampel dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VIII-F SMP 45 Bandung taun ajaran 2012/2013.

1.7 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I eusina ngeunaan bubuka, nu medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar jeung hipotesis, métode panalungtikan, sumber data jeung raraga tulisan;


(13)

Bab II eusina ngeunaan ulikan tiori, nu ngawengku wangenan maca, wangenan sajak, wangenan modél pangajaran Éxplicit Instruction;

Bab III eusina ngeunaan métodologi panalungtikan, medar nu ngawengku sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik nganalisis data;

Bab IV eusina ngeunaan data jeung pembahasan hasil panalungtikan, medar ngeunaan déskripsi, prak-prakan, jeung hasil data panalungtikan ngeunaan Modél

Éxplicit Instruction Pikeun Ngaronjatkeun kamampuh Maca Sajak, jeung

Bab V eusina ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi. Dina ieu bab, panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtikan ka hareupna.


(14)

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan

Dumasar kana tujuan anu hayang dihontal, ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode Panalungtikan Tindakan Kelas (PTK). Numutkeun Ebbut (dina skripsi Barliani, 2013) panalungtikan tindakan kelas mangrupa kajian sistematis tina upaya pikeun ngaropéa praktik atikan ku guru ku cara ngalakukeun tindakan–tindakan dina kagiatan pembelajaran dumasar kana refleksi ngeunaan hasil tina tindakan kasebut. Aya tilu kecap anu ngawangun PTK, nya éta saperti ieu di handap.

a) Panalungtikan, hiji kagiatan anu nalaah hiji objék ku cara ngagunakeun cara jeung aturan métodologi anu tangtu pikeun nyangkem data atawa informasi anu miboga mangpaat dina ngaronjatkeun kualitas hiji hal anu ngirut minat.

b) Tindakan, kagiatan anu ngahaja dilakukeun sarta miboga tujuan anu tangtu. c) Kelas, dina ieu hal teu ngawengku ruangan kelas, tapi dina hal ieu nu dimaksud

kelas téh nya éta sakelompok siswa dina waktu anu sarua, narima pangajaran anu sarua ti guru anu sarua ogé.

3. 2 Desain Panalungtikan

Numutkeun Kemmis jeung Mc Taggart (dina Barliani, 2013) panalungtikan tindakan bisa ditingali salaku hiji siklus spiral tina penyusunan perencanaan, pelaksanaan tindakan, pengamatan (observasi), jeung refleksi anu saterusna bisa ogé diiluan ku siklus spiral.


(15)

Gambar 3.1 Diagram alur PTK

Kemmis & MC Taggart (Rafi’udin 1997)

Numutkeun diagram diluhur, tahap – tahap panalungtikan bisa katitén dina katerangan ieu di handap.

a) Refleksi awal. Tahap ieu dimaksudkeun salaku kagiatan penjajakan nu dimangpaatkeun pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan situasi-situasi nu rélevan jeung téma panalungtikan.

b) Rancangan tindakan. Tahap ieu dadasar tina hasil réfléksi awal. Lamun dirinci, rarancang tindakan téh ngawengku tindakan anu rék dilakukeun pikeun menerkeun, ngaronjatkeun anu dipikahayang salaku solusi tina masalah anu sipatna fleksibel dina harti bisa robah saluyu kana situasi jeung kondisi.

c) Pelaksanaan tindakan. Tahap ieu nyoko kana naon anu dilakukeun ku panalungtik salaku upaya pikeun menerkeun, ningkatkeun atawa ngarobah dumasar kana rarancang tindakan.


(16)

26

d) Observasi. Tahap observasi ieu nyoko kana instrumen panalungtikan. Dina kagiatan ieu panalungtik nalungtik hasil atawa dampak tina tindakan anu dilakukeun ka siswa.

e) Refleksi. Tahap refleksi ieu mangrupa kagiatan analisis sarta interpretasi kana sakabéh informasi hasil tina kagiatan tindakan. Dina kagiatan ieu, panalungtik neuleuman sarta miboga tinimbang hasil – hasil tina tindakan. Ngaliwatan refleksi anu jero, bisa ditarik kacindekan. Réfleksi mangrupa bagian anu penting dina panalungtikan tindakan kelas, nya éta pikeun maham kana prosés jeung hasil anu aya, anu mangrupa parobahan salaku akibat tina tindakan anu geus dilakukeun.

3. 3 Téknik Panalungtikan 3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku tés kamampuh siswa, observasi, jeung catetan lapangan.

a) Tés Kamampuh Siswa

Tés kamampuh siswa dilaksanakeun pikeun mikanyaho jeung ngukur hasil diajar siswa dina pangajaran maca sajak kalayan ngagunakeun modél explicit

instruction. Tés ieu dilaksanakeun ngaliwatan tés penampilan diunggal tahap

pangajaran pikeun mikanyaho jeung ngukur kamampuh siswa dina maca sajak, ti mimiti pra-panalungtikan, siklus I, jeung siklus II.

b) Observasi

Observasi dina ieu panalungtikan dilakukeun pikeun nalungtik éféktifitas modél pangajaran explicit instruction dina prosés pangajaran maca sajak. Daryanto (2012:15) nétélakeun yén nu jadi objek observasi téh nya éta kajadian-kajadian nu lumangsung sacara alami. Format observasi dina ieu panalungtikan ngawengku lembar observasi ka guru jeung lembar observasi ka siswa, anu langsung dieusian ku observer.


(17)

c) Catetan Lapangan

Catetan lapangan mangrupa instrumen pikeun nyatet sagala kajadian anu karandapan dumasar kana tindakan anu dilakukeun ku guru, anu gunana pikeun nempo kamekaran tindakan jeung perkembangan siswa dina ngalakukeun prosés pangajaran (Sanjaya, 2009:98). Dina catetan lapangan ieu, dieusian ku hasil observasi, réaksi, jeung refleksi panalungtikan nalika lumangsungna prosés pangajaran.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina ieu panalungtikan, nya éta lembar obsérvasi, jeung catetan lapangan.

a) Lembar Obsérvasi

Lembar obsérvasi mangrupa salasahiji instrumen anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan.dina observasi ieu aya dua hal anu ditalungtik, nya éta lambar obsérvasi aktivitas guru jeung lambar obsérvasi aktivitas siswa.

b) Lembar Observasi Aktivitas Guru

Observer niténan langsung jeung ngaévaluasi panalungtik (guru) nalika keur ngajar salila lumangsungna prosés KBM.

Lembar Observasi Aktivitas Guru Wasta Obsérver :

Poé, Kaping :

Tabuh :

Standar Kompetensi : Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana puisi sawer, cerita wawacan, sajak, dan karangan argumentasi.


(18)

28

No. Aktivitas Ya Tidak Komentar

1. Kagiatan Awal a. Nuliskeun topik

pangajaran, ngabsén. b. Ngajelaskeun ngeunaan

tujuan pembelajaran c. Méré apersepsi jeung

motivasi.

d. Ngainstruksikeun siswa sangkan ngaregepkeun materi nu rék diajarkeun.

2. Kagiatan Inti

a. Méré materi pangajaran ngeunaan ngaregepkeun maca sajak.

b. Mapagahan siswa sangkan bisa ngaregepkeun video maca sajak anu rék disetél.

c. Nyetél video maca sajak. d. Ngabimbing siswa

sangkan bisa

ngaregepkeun kalayan daria.

e. Nyontoan langsung maca sajak.

f. Méré kasempetan ka siswa pikeun nanya.


(19)

2. Kagiatan ahir

a. Negeskeun deui matéri pangajaran anu geus ditepikeun

b. Ngalaksanakeun tés. c. Mungkas kagiatan

pangajaran.

Jumlah

Catatan Obsérver :

Bandung, Nopémber 2012

Observer Nu Nalungtik

_______________________________ Gian Hervyagi


(20)

30

c) Lembar Observasi Aktivitas Siswa

Observer niténan aktivitas siswa salila lumangsungna prosés pangajaran anu aya patalina jeung motivasi anu tumuwuh salila prosés pangajaran.

Lembar Obsérvasi Aktivitas Siswa

Wasta Obsérver :

Poé, Kaping :

Tabuh :

Standar Kompetensi : Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana puisi sawer, cerita wawacan, sajak, dan karangan argumentasi.

Kompetensi Dasar : Pembacaan puisi.

No. Aktivitas Ya Tidak Komentar

1. Kagiatan Awal a. Nurut nalika

dikondisikeun

b. Ngarti kana apersépsi materi anu rék

diterangkeun c. Sumanget jeung

ngabogaan motivasi diajar d. Ngarti kana tujuan jeung

léngkah-léngkah pangajaran anu kudu dihontal salila pangajaran

2. Kagiatan Inti

a. Ngabandungan materi ngeunaan maca sajak. b. Siswa kalibet kana


(21)

pangajaran maca sajak nu ngagunakeun modél pangajaran explicit instruction

c. Segep dina ngabandungan pangajaran ngagunakeun modél explicit instruction. d. Siswa nanyakeun

ngeunaan kekecapan anu kurang dipikaharti.

2. Kagiatan ahir

a. Siswa ngalaksanakeun tés. b. Mungkas kagiatan

pangajaran.

Jumlah

Catetan Observer :

Bandung, Nopémber 2012

Observer Nu Nalungtik

Gian Hervyagi NIM 0906407


(22)

32

d) Catetan Lapangan

Catetan lapangan dieusian ku observer salaku catetan salila prosés pangajaran lumangsung anu mangrupa catetan kajadian dina pangajaran anu henteu nyampak dina lembar obsérvasi.

Lembar Catetan Lapangan

Wasta Observer : ... Poé, Kaping : ... Tabuh : ...

Catetan Lapangan Refleksi jeung Analisis

Bandung, Nopémber 2012

Observer,

_______________________ NIP/NIM.


(23)

3.5 Analisis Data

Analisis data dilakukeun dina unggal siklus, salaku refleksi pikeun parobahan dina siklus satuluyna. Aya sababaraha tahapan dina analisis data, diantarana :

a) Ngawilah – wilah data saluyu jeung fokus masalah. Dina tahapan ieu panalungtik ngawilah – wilah data mana anu rék dipaké dina panalungtikan pikeun ngumpulkeun data, tuluy dikumpulkeun dumasar fokus masalahna. b) Napsirkeun data nu geus diwilah – wilah dina wangun pernyataan.

c) Nganalisis data anu mangrupa hasil tés maca sajak dina unggal tindakan pikeun mikanyaho hasil panalungtikan anu geus ditangtukeun. Kriteria ketuntasan minimal (KKM) mata pelajaran basa Sunda di SMP Negeri 45 Bandung nya éta 75. Siswa dianggap tuntas lamun bisa ngahontal KKM atawa leuwih ti 75, sedengkeun anu disebut can tuntas nya éta siswa anu can ngahontal 75 atawa peunteunna kurang ti 75.

d) Nganalisis hasil observasi aktivitas guru jeung siswa ku cara ngitung unggal presentasi tiap kategori dina unggal tindakan anu dilakukeun ku panalungtik jeung ngitung presentasi ti observer.

e) Nganalisis hasil catetan lapangan salaku hasil refleksi panalungtik kana prosés pangajaran anu teu ditepikeun jeung teu dijelaskeun observasi ku sabab muncul kalawan teu direncanakeun saméméhna salaku bahan tinimbangan pikeun ngalakukeun refleksi anu baris dilarapkeun dina kagiatan pangajaran.

f) Ngalakukeun analisis kualitatif, nya éta nyindekkeun ngaronjat henteuna hasil pangajaran anu geus dilaksanakeun dumasar tina hasil observasi kalawan babarengan jeung observer.

g) Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana analisis hasil observasi anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan anu dijelaskeun dina kalimah pernyataan.


(24)

34

3.6 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, subjék panalungtikan, jeung waktu pelaksanaan panalungtikan.

3.6.1 Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan tindakan kelas ieu dilakukeun di SMP Negeri 45 Bandung Jl. Yogyakarta No. 1 Bandung.

3.6.2 Subjek Panalungtikan

Subjek dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII I anu jumlahna 38 urang, ngawengku 16 siswa lalaki jeung 22 siswa awéwé.

3.6.3 Waktu Panalungtikan

Panalungtikan ieu dilaksanakeun kurang leuwih sabulan, nya éta bulan Nopémber tepi ka Desember 2012.

Tabél 3.1 Waktu Panalungtikan

No. Kagiatan Waktu

1. Pra panalungtikan 6 Nopémber 2012

2. Siklus I 13 Nopémber 2012

3. Siklus II 27 Nopémber 2012

3.7 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan ieu ngawengku sababaraha kagiatan anu dilaksanakeun salila kagiatan panalungtikan, ti mimiti kagiatan awal tepi ka kagiatana ahir, diantarana saperti ieu di handap.

a) Réfleksi awal tina pangajaran maca sajak anu geus diajarkeun.

b) Ngaidéntifikasi pasualan di kelas anu ngabalukarkeun munculna pasualan anu karandapan ku siswa dina pangajaran maca sajak.

c) Netepkeun modél pangajaran anu baris digunakeun dina pangajaran maca sajak. Ngaliwatan media anu dipilih dina prosés pangajaran, dipiharep dina


(25)

maca sajak kamampuh siswa bisa ngaronjat. Ku kituna media anu dipilih pikeun ngungkulan masalah anu aya nya éta media audio visual.

d) Netepkeun jumlah siklus salila pelaksanaan PTK, nya éta dua siklus. e) Nganalisis Standar Kompetensi (SK), jeung Kompetensi Dasar (KD). f) Nyusun Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

g) Nyieun instrumen panalungtikan pikeun masing-masing siklus anu ngawengku lambar observasi guru, lambar observasi siswa, jeung catetan lapangan.

h) Ngajukeun proposal panalungtikan i) Nyusun bab I, bab II, jeung bab III. j) Prak – prakan pra panalungtikan. k) Prak – prakan siklus I.

l) Refleksi tindakan siklus I, anu hasilna digunakeun pikeun parobahan dina nagtukeun perbaikan tindakan dina siklus II.

m)Prak – prakan siklus II.

n) Refleksi tindakan siklus II, anu hasilna digunakeun salaku kacindekan panalungtikan. Dina siklus II mangrupa siklus pamungkas jeung siklus perbaikan anu pamungkas pikeun mikanyaho ngaronjat atawa henteuna KBM salila diajar ngagunakeun modél pangajaran explicit instruction, jeung siswa bisa ngahontal KKM anu geus ditangtukeun.

o) Nyusun bab IV jeung bab V. p) Ujian sidang skripsi panalungtikan.

3.8 Prosedur Ngolah Data

Ngolah data jeung analisis data dilaksanakeun salila panalungtikan lumangsung sacara tuluy tumuluy ti mimiti nepi ka tungtung pelaksanaan tindakan. Ngolah data panalungtikan téh ngagunakeun cara nganalisis data sacara kualitatif jeung kuantitatif. Data kualitatif mangrupa informasi anu méré gambaran hiji masalah panalungtikan ngeunaan katégori abstrak jeung hubunganana anu ngaéksprésikeun siswa ngeunaan prosés jeung hasil diajarna. Sedengkeun data kuantitatif mangrupa angka-angka ngeunaan tés hasil diajar siswa sanggeus pangajaran.


(26)

36

Léngkah-léngkah nganalisis data anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku cara méré skor tés awal jeung tés ahir, nganalisis pamahaman siswa, jeung analisis aktivitas siswa jeung kinerja guru.

a) Cara méré skor Tés awal jeung Tés ahir

Kritéria ketuntasan minimal (KKM) pelajaran basa Sunda di SMP Negeri 45 bandung nya éta 76. Siswa anu disebut tuntas nya éta siswa anu meunang peunteun ≥76, sedengkeun anu disebut can tuntas nya éta siswa anu meunang peunteun <76. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.2 Konvérsi Peunteun

Peunteun Katerangan

≥76 Tuntas

<76 Can Tuntas

b) Analisis Ngaronjatna Pamahaman Siswa

Ngaronjatna pamahaman siswa bisa dikatégorikeun dumasar indéks gain. Harga indéks gain bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Hubungan Indéks Gain jeung Katégori Ngaronjatna Pamahaman

Rentang Indéks Gain Katégori

(G) < 0,30 Handap

0,70>(G)>0,30 Sedeng


(27)

Téhnik analisis data nu dilaksanakeun pikeun nuduhkeun ngaronjatna pamahaman siswa ditangtukeun dumasar preséntase normalisasi gain ngagunakeun rumus:

NGain=

Katerangan:

NGain : Preséntasi normalisasi gain

Xpostes : Nilai tés ahir

Xpretes : Nilai tés awal

Xideal : Nilai idéal (100)

c) Analisis Aktivitas Siswa jeung Kinerja Guru

Analisis aktivitas siswa jeung kinerja guru bisa diitung ngagunakeun rumus:

p =

Katerangan:

P : Persentase aktivitas

∑ni : Check list unggal indikator aktivitas


(28)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan ngagunakeun métode panalungtikan tindakan kelas (PTK) bisa dicindekkeun yén:

a) Modél pangajaran explicit instrution dilaksanakeun dumasar pola saléngkah-saléngkah ti mimiti nepi ka tungtung pangajaran. Rarancang anu dilakukeun ti mimiti nyiapkeun matéri pangajaran jeung ngawengku (a) Format Penilaian Tés Maca Sajak Siswa, (b) Format Wawancara, (c) Format Aktivitas Kinerja Guru, (d) Nyiapkeun Observer, jeung (e) Nyiapkeun Dokuméntasi;

b) Prak-prakan lumangsungna pangajaran dilaksanakeun ti mimiti muka pangajaran, medar matéri pangajaran ngeunaan maca sajak, jeung mungkas pangajaran. Bubuka pangajaran ngawengku kagiatan (a) ngabsén, (b) ngondisikeun siswa sangkan siap narima pangajaran, (c) ngayakeun apersépsi, jeung (d) ngamotivasi siswa sangkan aktif nalika pangajaran lumangsung. Panutup dina kagiatan diajar-ngajar nya éta (a) nyindekkeun matéri pangajaran, (b) méré pancén ka siswa pikeun latihan di Imahna, jeung (c) mungkas pangajaran;

c) Évaluasi dilaksanakeun dina wangun tés anu luyu jeung kompeténsi dasar nya éta ku cara maca sajak, kaasup dijerona salaku pangajar ngaping sangkan siswa bisa maca sajak kalayan hadé;

d) Modél pangajaran explicit instruction bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa pikeun maca sajak. Ieu hal bisa katitén tina rata-rata hasil peunteun siswa ti mimiti tés awal 67,3, tés siklus ka hiji 73,5, jeung tés siklus ka dua 80,1;

e) Faktor anu ngarojong kana pangajaran maca sajak ngagunakeun modél pangajaran explicit instruction nyaéta guru anu sacara tuluy-tumuluy méré conto sacara langsung ka siswa sangkan siswa nyangkem kumaha maca sajak anu alus;

f) Dilarapkeunana modél pangajaran explicit instruction dina matéri maca sajak bisa nyiptakeun suasana diajar anu dipikaresep ku siswa, siswa bisa maham kana matéri anu ditepikeun, sarta bisa ngaréngsékeun tés kalayan hasil nu nyugemakeun.


(29)

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kacindekan di luhur, ieu di handap aya sababaraha rékoméndasi.

a) Modél explicit instruction tétéla dipikaresep ku siswa, ku kituna gedé peluangna sangkan kagiatan diajar-ngajar bisa éféktif.

b) Lian kagiatan diajar-ngajar si sakola ogé modél pangajaran explicit instrution bisa dipaké di luar kelas, misalna waé nalika ngajarkeun siswa anu rék miluan pasanggiri maca sajak.

c) Modél pangajaran explicit instruction dipiharep dipaké nalika kagiatan diajar-ngajar di sakola sangkan bisa ngaronjatkeun kamampuh maca sajak.


(30)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. Suhardjono jeung Supardi. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Bumi Aksara.

Rahman. 2007. Model mengajar dan Bahan Pengajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdelta.

Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Makaya Basa. Bandung: sonagar Press.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Durrahman, Duduh. 2011. Sastra Sunda Saulap Saulas. Bandung: Geger Sunten. Waluyo, Herman J. (1995). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT. Gelora Aksara

Pratama.

Mustappa, Abdullah. (1985). Wirahma Sajak Panganteur Apresiasi Sajak Sunda

Pikeun Murid Sakola Lanjutan. Bandung: Medal Agung.

Daryanto. 2012. Panduan Operasional Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Prestasi Putrakaya.

Sanjaya, Wina. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.


(31)

Karya Ilmiah:

Permana Saputra, Galuh. 2010. Modél Cooperative Integrated Reading and

Composition (CIRC) Pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Sajak. Bandung:

JPBD UPI

Nurwita. 2009. Sajak dina Manglé Alit anu Medal dina Taun 2009 Pikeun Bahan

Pangajaran Maca Sajak di SMP Kelas VIII: Analisis Unsur Instrinsik.

Bandung: JPBD UPI

Barliani, Karina. 2013. Media Audio Visual Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh

Ngaregepkeun Tembang Pupuh Sekar Ageung (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XI-B SMPN 14 Bandung Taun Ajaran 2012-2013). Bandung:

JPBD UPI

On-Line:


(1)

Gian Hervyagi, 2013

Modél Pangajaran Explicit Instruction Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Sajak

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Léngkah-léngkah nganalisis data anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku cara méré skor tés awal jeung tés ahir, nganalisis pamahaman siswa, jeung analisis aktivitas siswa jeung kinerja guru.

a) Cara méré skor Tés awal jeung Tés ahir

Kritéria ketuntasan minimal (KKM) pelajaran basa Sunda di SMP Negeri 45 bandung nya éta 76. Siswa anu disebut tuntas nya éta siswa anu meunang peunteun ≥76, sedengkeun anu disebut can tuntas nya éta siswa anu meunang peunteun <76. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.2 Konvérsi Peunteun

Peunteun Katerangan

≥76 Tuntas

<76 Can Tuntas

b) Analisis Ngaronjatna Pamahaman Siswa

Ngaronjatna pamahaman siswa bisa dikatégorikeun dumasar indéks gain. Harga indéks gain bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Hubungan Indéks Gain jeung Katégori Ngaronjatna Pamahaman

Rentang Indéks Gain Katégori

(G) < 0,30 Handap

0,70>(G)>0,30 Sedeng


(2)

37

Téhnik analisis data nu dilaksanakeun pikeun nuduhkeun ngaronjatna pamahaman siswa ditangtukeun dumasar preséntase normalisasi gain ngagunakeun rumus:

NGain= Katerangan:

NGain : Preséntasi normalisasi gain Xpostes : Nilai tés ahir

Xpretes : Nilai tés awal Xideal : Nilai idéal (100)

c) Analisis Aktivitas Siswa jeung Kinerja Guru

Analisis aktivitas siswa jeung kinerja guru bisa diitung ngagunakeun rumus:

p =

Katerangan:

P : Persentase aktivitas

∑ni : Check list unggal indikator aktivitas


(3)

Gian Hervyagi, 2013

Modél Pangajaran Explicit Instruction Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Sajak (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan ngagunakeun métode panalungtikan tindakan kelas (PTK) bisa dicindekkeun yén:

a) Modél pangajaran explicit instrution dilaksanakeun dumasar pola saléngkah-saléngkah ti mimiti nepi ka tungtung pangajaran. Rarancang anu dilakukeun ti mimiti nyiapkeun matéri pangajaran jeung ngawengku (a) Format Penilaian Tés Maca Sajak Siswa, (b) Format Wawancara, (c) Format Aktivitas Kinerja Guru, (d) Nyiapkeun Observer, jeung (e) Nyiapkeun Dokuméntasi;

b) Prak-prakan lumangsungna pangajaran dilaksanakeun ti mimiti muka pangajaran, medar matéri pangajaran ngeunaan maca sajak, jeung mungkas pangajaran. Bubuka pangajaran ngawengku kagiatan (a) ngabsén, (b) ngondisikeun siswa sangkan siap narima pangajaran, (c) ngayakeun apersépsi, jeung (d) ngamotivasi siswa sangkan aktif nalika pangajaran lumangsung. Panutup dina kagiatan diajar-ngajar nya éta (a) nyindekkeun matéri pangajaran, (b) méré pancén ka siswa pikeun latihan di Imahna, jeung (c) mungkas pangajaran;

c) Évaluasi dilaksanakeun dina wangun tés anu luyu jeung kompeténsi dasar nya éta ku cara maca sajak, kaasup dijerona salaku pangajar ngaping sangkan siswa bisa maca sajak kalayan hadé;

d) Modél pangajaran explicit instruction bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa pikeun maca sajak. Ieu hal bisa katitén tina rata-rata hasil peunteun siswa ti mimiti tés awal 67,3, tés siklus ka hiji 73,5, jeung tés siklus ka dua 80,1;

e) Faktor anu ngarojong kana pangajaran maca sajak ngagunakeun modél pangajaran explicit instruction nyaéta guru anu sacara tuluy-tumuluy méré conto sacara langsung ka siswa sangkan siswa nyangkem kumaha maca sajak anu alus;

f) Dilarapkeunana modél pangajaran explicit instruction dina matéri maca sajak bisa nyiptakeun suasana diajar anu dipikaresep ku siswa, siswa bisa maham kana matéri anu ditepikeun, sarta bisa ngaréngsékeun tés kalayan hasil nu nyugemakeun.


(4)

62

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kacindekan di luhur, ieu di handap aya sababaraha rékoméndasi.

a) Modél explicit instruction tétéla dipikaresep ku siswa, ku kituna gedé peluangna sangkan kagiatan diajar-ngajar bisa éféktif.

b) Lian kagiatan diajar-ngajar si sakola ogé modél pangajaran explicit instrution bisa dipaké di luar kelas, misalna waé nalika ngajarkeun siswa anu rék miluan pasanggiri maca sajak.

c) Modél pangajaran explicit instruction dipiharep dipaké nalika kagiatan diajar-ngajar di sakola sangkan bisa ngaronjatkeun kamampuh maca sajak.


(5)

Gian Hervyagi, 2013

Modél Pangajaran Explicit Instruction Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Sajak (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VIII-F SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. Suhardjono jeung Supardi. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Bumi Aksara.

Rahman. 2007. Model mengajar dan Bahan Pengajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdelta.

Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Makaya Basa. Bandung: sonagar Press.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Durrahman, Duduh. 2011. Sastra Sunda Saulap Saulas. Bandung: Geger Sunten. Waluyo, Herman J. (1995). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT. Gelora Aksara

Pratama.

Mustappa, Abdullah. (1985). Wirahma Sajak Panganteur Apresiasi Sajak Sunda Pikeun Murid Sakola Lanjutan. Bandung: Medal Agung.

Daryanto. 2012. Panduan Operasional Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Prestasi Putrakaya.

Sanjaya, Wina. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.


(6)

64

Karya Ilmiah:

Permana Saputra, Galuh. 2010. Modél Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) Pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Sajak. Bandung: JPBD UPI

Nurwita. 2009. Sajak dina Manglé Alit anu Medal dina Taun 2009 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajak di SMP Kelas VIII: Analisis Unsur Instrinsik. Bandung: JPBD UPI

Barliani, Karina. 2013. Media Audio Visual Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngaregepkeun Tembang Pupuh Sekar Ageung (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XI-B SMPN 14 Bandung Taun Ajaran 2012-2013). Bandung: JPBD UPI

On-Line: