S BD 1303756 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Kurangna rojongan pikeun siswa dina mekarkeun kamampuh mikirna
mangrupa salah sahiji masalah dina prosés pangajaran. Dina kanyataan kiwari
siswa dipaksa pikeun nginget rupa-rupa informasi, lain pikeun paham kana éta
informasi dina réalisasi kahirupan sapopoéna. Balukarna, waktu siswa lulus ti
sakola, siswa pinter sacara tioritis, tapi siswa miskin aplikasi (Sanjaya, 2006, kc.
1).
Éta masalah téh jadi salah sahiji tanggung jawab guru di kelas. Guru kudu
bisa

nyiptakeun

siswa

sangkan

loba pangaweruhna jeung beunghar cara


ngalarapkeunana. Saluyu jeung pamadegan Syamsu Yusuf, anu nyebutkeun yén
guru jadi palaku utama dina impleméntasi atawa pamakéan program pendidikan di
sakola jeung miboga peran anu strategis dina ngahontal tujuan pendidikan anu
dipiharep (Yusuf & Nani, 2011, kc. 139). Ieu hal ogé dirojong ku Hasbullah anu
nétélakeun yén prosés pendidikan museur kana métodologi ngajar sabab dina diri
peserta didik kudu diwewegan ku konci diajar, motivasi diajar, jeung kapribadian
anu kuat (Hasbullah, 2008, kc. 8).
Salian ti guru, média ogé jadi salah sahiji peran anu penting dina prosés
pangajaran. Sakumaha anu ditétélakeun ku Syaiful jeung Aswan, média miboga
fungsi méré jalan pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ieu hal didasaran ku
kayakinan yén prosés diajar ngagunakeun bantuan média ngarojong kagiatan
diajar siswa dina waktu anu lila. Hartina, kagiatan diajar siswa anu dirojong ku
média bisa ngahasilkeun prosés jeung hasil diajar anu leuwih hadé (Djamarah &
Aswan, 2002, kc. 138). Masalahna sumber daya manusa ayeuna loba anu teu
miboga kamampuh ngahasilkeun ide kréatif anu dipiharep jadi solusi anu luyu
keur masalah anu aya (VanGundy, 2011, kc. 8)
Dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) pangajaran
Bahasa

jeung


Sastra

Sunda,

di

antarana

aya

matéri

1
Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

nepikeun


2

laporan lalampahan. Ieu hal katingal dina SK jeung KD pangajaran basa Sunda,
nya éta:
(SK) 8.1 Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keingina n secara lisan
dalam

berwawancara,

berdiskusi,

menyampaikan

informasi,

menyampaikan laporan perjalanan, memandu acara, dan memandu
diskusi.

(KD) 8.1.1 Menyampaikan laporan perjalanan

Cara nepikeun laporan lalampahan teu cukup dina wangun tulisan tapi ogé
siswa kudu bisa nepikeun ku cara lisan. Hartina siswa kudu ngalaporkeun atawa
nyaritakeun lalampahanana ka hiji tempat ka babaturan sakelasna. Pentingna
ngalatih kamampuh nyarita siswa téh saluyu jeung pamadegan Izzaty spk. dina
Jurnal Istianingsih nétélakeun yén nyarita mangrupa alat komunikasi anu penting
di lingkungan kelompok, siswa diajar kumaha nyarita anu hadé dina komunikasi
jeung jalma séjén (Jurnal Pendidikan Anak, Vol. II (1), 2014).
Arsjad jeung Mukti nétélakeun yén teu jarang pokok caritaan anu
ditepikeun ku hiji jalma geus hadé, tapi sabab cara nepikeunana kurang ngirut
balukarna hasil anu dihasilkeun teu maksimal. Ku sabab éta, kaparigelan nyarita
kudu terus dilatih. Tarigan dina jurnal anu sarua ogé nétélakeun yén nyarita
mangrupa kaparigelan anu mékanistis. Beuki dilatih nyaritana beuki dikawasa
kaparigelan nyaritana (Jurnal Penelitian Pascasarjana UNDIKSHA, Vol. I (2),
2012).

Tina

dua pamadegan di luhur bisa dicindekkeun yén anu kudu

diperhatikeun dina kamampuh nyarita téh lain ngan saukur eusi caritaanana

hungkul tapi ogé kumaha cara nepikeun caritana. Nyarita ogé kudu terus dilatih
sangkan kaparigelan nyarita bisa dikawasa kalayan maksimal.
Mind Mapping dianggap salah sahiji métodeu pangajaran bisa dipaké dina

pangajaran basa Sunda, sabab Mind Mapping miboga sababaraha kaonjoyan nya
éta ngirut kana panon jeung uteuk (Buzan, 2006, kc. 35). Éta hal ogé dirojong ku
Said jeung Budimanjaya anu nétélakeun yén Mind Mapping atawa anu sok
disebut péta pikiran nya éta hiji métodeu anu ngamaksimalkeun poténsi pikiran
manusa ngagunaeun uteuk katuhu jeung uteuk kénca sacara saimbang (Said &
Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

3

Budimanjaya, 2015, kc. 172). Salian ti éta loba pisan pamadegan ahli anu
ngarojong métodeu Mind Mapping jadi salah sahiji métodeu anu cocog pikeun
pangajaran siswa.
Nesbit & Adesope (2006) dina Jones, nyebutkeun Mind maps help

students learn information by forcing them to organize it and add imagesand
color to it. These maps have been shown to lower extrinsic cognitive load because
students are creating a two-dimensional space to tie in ideas and concepts that
relate together. Using mind maps also helps teachers vary their teaching methods
which may be more likely to reach diverse learners. Anu hartina Mind Mapping

ngabantu siswa diajar atawa meunangkeun informasi ku cara ngatur jeung
nambahan warna ku cara ngagunakeun mind mapping , siswa geus ngabuktikeun
nurunkeun beban kognitif sabab siswa nyiptakeun ruang dua diménsi pikeun
ngabeungkeut ide jeung konsép anu silih pakait. Ngagunakeun péta pikiran ogé
ngabantu guru sangkan leuwih variasi dina métodeu pangajaranana anu bisa jadi
leuwih bisa ngarangkul rupa-rupa cara diajar siswa.

(International Journal for the

Scholarship of Teaching and Learning,Vol VI (1), 2012).
Panalungtikan anu geus aya ngeunaan Mind Mapping salah sahijina
panalungtikan anu dilakukeun ku

Lia Marliah di taun 2014 anu judulna “Modél


Mind Mapping pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman
(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 3 Lembang
Taun Ajaran 2013/2014). Ieu hasil panalungtikan ogé dijadikeun salah sahiji

acuan penulisan karya tulis ilmiah ku panalungtik, sanajan aya dua hal anu
ngabédakeun nya éta dina métodeu panalungtikan jeung matéri pangajaranana tapi
maksud sarta tujuan mah sarua, nya éta nalungtik naha métodeu Mind Mapping
bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa atawa henteu.
Métodeu panalungtikan anu saluyu jeung masalah anu rék dipedar nya éta
métodeu panalungtikan kuantitatif sabab dina nganalisis ieu hasil panalungtikan
ngagunakeun élmu statistika. Salah sahiji métodeu panalungtikan kuantitatif anu
miboga fungsi medar jeung ngaramalkeun naon anu bakal kajadian dina hiji
variabel lamun dibéré hiji perlakuan anu tangtu nya éta ékspérimén (Wina
Sanjaya, 2013, kc. 37).
Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu


4

Cindekna,

nangtukeun modél pangajaran anu kréatif dipiharep bisa

ngaronjatkeun kamampuh nyarita dina pangajaran nepikeun laporan lalampahan.
Luyu jeung pamadegan sarta masalah-masalah anu geus dipedar di luhur, yén
panalugtikan dina wangun skripsi anu dijudulan, “Mind Mapping (Peta Pikiran)
dina

Pangajaran

Nepikeun

Laporan

Lalampahan

(Panalungtikan


Kuasi

Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-B SMP Negeri 10 Bandung Taun Ajaran
2016/2017)”

1.2

Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1

Idéntifikasi Masalah
Dumasar kasang tukang masalah anu dipedar di luhur, aya sababaraha

masalah anu

perlu diidentifikasi. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu

panalungtikan ogé perlu diwatesanan, ngawengku kana sababaraha hal anu patali

jeung métodeu pangajaran Mind Mapping . Panalungtik ngaidentifikasi sababaraha
masalah, nya éta ieu di handap.
1) Pangajaran

nepikeun

laporan

lalampahan

umumna

ngan

ditepikeun

ngaliwatan media tulis, siswa teu ngalaporkeun sacara langsung di kelas. Ku
kituna

pangajaran


nyarita,

dipiharep

nepikeun

laporan

lalampahan

ngaliwatan kaparigelan

bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita dina nepikeun

laporan lalampahan. Dina nepikeun laporan lalampahan aya dua aspék poko
anu jadi bahan penilaian, nya éta linguistik jeung non-linguistik. Dina bagéan
linguistik anu bakal dipaluruh kontéks basana. Contona, kekecapan, kalimah,
jeung ucapan atawa eusi caritaan, sedengkeun non-lingustik nya éta: kontéks
non-basa anu eusina kontéks anu teu kaasup kana unsur kabasaan, contona,
cara nepikeunana atawa kalancaran ucapan jeung lentongna.
2) Métodeu Mind mapping can loba diterapkeun dina pengajaran nyarita.
Lolobana ieu metode téh dipaké dina pangajaran anu hubunganana jeung
kamampuh nulis. Mind mapping dianggap bisa jadi salah sahiji métodeu
pikeun ngalatih kamampuh nyarita siswa, sabab cara anu dipaké dina ieu
métodeu téh nyiptakeun suasana diajar anu dipikaresep ku siswa. Ieu métodeu
Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

5

moal nyiptakeun suasana diajar anu kitu-kitu waé (membosankan ) sabab dina
ieu

métodeu

ngagunakeun

imajinasi jeung

kréativitas

siswa

anu

teu

diwatesan. Siswa bébas milih warna-warni jeung gambar-gambar saluyu
jeung kahayang siswa éta sorangan. Alat jeung bahan anu dipaké dina ieu
métodeu ogé teu hésé meunangkeunana, nya éta keretas bodas jeung
spidol/pensil warna/ krayon. Cara nyieunna ogé teu hésé, dimimitian ku nulis
matéri pokok atawa judul matéri di tengah-tengah keretas tuluy jieun cabangcabang anu ahirna bakal minuhan di unggal sisi tulisan matéri pokok.

1.2.2

Rumusan Masalah
Dumasar identifikasi masalah anu tos dipedar, jadi rumusan masalah ieu

panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah tanya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun
Mind Mapping siswa kelas VIII-B SMP Negeri 10 Bandung?

2) Kumaha kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun
Mind Mapping siswa kelas VIII-B SMP Negeri 10 Bandung?

3) Naha ngaronjat atawa henteu kamampuh nepikeun laporan lalampahan
sanggeus ngagunakeun Mind Mapping siswa kelas VIII-B SMP Negeri 10
Bandung?
4) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nepikeun laporan lalampahan
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Mind Mapping siswa kelas VIII-B
SMP Negeri 10 Bandung?

1.3

Tujuan Panalungtikan

1.3.1

Tujuan Umum Panalungtikan
Sacara umum, tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji ngaronjat

atawa henteuna kamampuh nyarita dina nepikeun laporan lalampahan ku cara
ngagunakeun métodeu Mind Mapping dina diajar Basa Sunda siswa kelas
VIII-B SMP Negeri 10 Bandung.

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

6

1.3.2

Tujuan Husus Panalungtikan
Sacara

husus

ieu

panalungtikan

téh

miboga

tujuan

pikeun

ngadéskripsikeun:
1) kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun métodeu
Mind Mapping;

2) kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun métodeu
Mind Mapping;

3) ngaronjatna kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun
métodeu Mind Mapping ; jeung
4) béda anu signifikan kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun métodeu Mind Mapping.

1.4

Mangpaat Panalungtikan

1.4.1

Mangpaat Tioritis
Sacara

tioritis,

mangpaat

tina

hasil

panalungtikan

nya

éta

bisa

ngajembaran khasanah pengembangan paélmuan hususna dina hal pangajaran
basa Sunda materi laporan lalampahan, sarta bisa dijadikeun bahan référénsi jeung
rujukan pikeun panalungtikan anu séjén.
1.4.2

Mangpaat Praktis
Sacara praktis, mangpaat tina hasil panalungtikan nya éta:

1) pikeun siswa, jadi resep kana pangajaran basa Sunda. Sarta ngaronjatna
kamampuh nyarita di hareupeun kelas,
2) pikeun guru, jadi bahan référén pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita di
hareupeun kelas,
3) pikeun nu nalungtik, ngajembaran paélmuan anu keur ditalungtik.

1.5

Raraga Tulisan

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

7

Eusi ieu skripsi disusun ku lima bab, anu dina unggal bab medar pasualan
jeung pedaran ngeunaan naon-naon waé anu saluyu jeung judul bab sacara
sistematis. Dina bab kahiji nya éta bab bubuka medar ngeunaan kasang tukang
panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan umum jeung tujuan
husus panalungtikan, mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, dipungkas ku
sistematika penulisan. Dina bab kadua nya éta bagéan ulikan pustaka anu medar
métodeu pangajaran, métodeu mind mapping , kaparigelan nyarita dina pangajaran,
laporan lalampahan, jeung métodeu mind mapping dina pangajaran nepikeun
laporan

lalampahan.

Tuluy

pedaran

ti panalungtik

ngeunaan panalungtikan

saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtikan dipungkas ku raraga mikir jeung
hipotésis panalungtik.
Bab katilu nya éta métodologi panalungtikan. Eusi ieu bab ngawengku
desain panalungtikan, sumber data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah
data. Dina bab kaopat medar ngeunaan hasil panalungtikan nya éta kamampuh
nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun métodeu Mind Mapping ,
kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun métodeu Mind
Mapping,

ngaronjatna

kamampuh

nepikeun

laporan

lalampahan

sanggeus

ngagunakeun métodeu mind mapping jeung uji gain, sarta bédana kamampuh
nepikeun laporan lalampahan saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métodeu
mind mapping anu ngagunakeun

uji sifat data, uji homogénitas, jeung uji

hipotésis. Anu pamungkas dina bab kalima dipedar ngeunaan kacindekan,
implikasi, jeung rékoméndasi.

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu