S BD 1303756 Chapter5

1

BAB V
KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil jeung pedaran dina bab IV, ieu panalungtikan bisa
dicindekkeun saperti ieu di handap.
1) Kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun métodeu
mind mapping kagolong kana katégori can mampuh, rata-rata peunteunna
64,2 (76). Hartina siswa mampuh nepikeun laporan lalampahan kalayan hadé.
Ieu hal katitén tina unggal aspék anu teu béda jauh tina skor maksimal.
Aspék eusi laporan “eusi laporan saluyu jeung matéri pangajaran” kalayan
rata-rata 4,3; aspék cara nepikeun “gerak awak rada tegang tapi teu loba
ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa jeung teuteupan
ka audience museur tapi kurang komunikatif” kalayan rata-rata 4,3; aspék
Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu


2

tata basa “basa nu digunakeun rada bener jeung rada baku” kalayan rata-rata
4,1; gaya pilihan struktural “pilihan kecap nu digunakeun kurang merenah
atawa kurang keuna kana larapna” kalayan rata-rata 4,0; sarta aspék
kalancaran ucapan jeung lentong “nyaritakeun lalampahan lancar jeung
béntés

(henteu

arapap-eureupeup)

sarta lentong merenahna nepi ka

omonganana bisa dicangkem” kalayan rata-rata 4,5.
3) Ronjatna kamampuh siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métodeu
mind mapping katitén tina rata-rata peunteun awal (pretest) anu dicangking
siswa nya éta 64,2, sedengkeun rata-rata peunteun ahir (posttest) anu
dicangking siswa nya éta 84,7. Ieu hal ogé katitén tina aya béda kamampuh
nepikeun laporan lalampahan dina unggal aspék penilaian. Tina lima aspék

anu dipeunteun, aspék tata basa mangrupa aspék kahiji anu ronjatna leuwih
gedé, nya éta 24%.
4) Aya béda antara kamampuh siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
métodeu mind mapping dibuktikeun dina uji hipotésis. Katitén yén hasil
itungan nétélakeun

>

nya éta 13,65 > 2,42. Hartina dina taraf

kepercayaan 99% hipotésis ditarima. Ieu hal ngabuktikan yén aya béda anu
signifikan antara kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun métodeu mind mapping siswa kelas VIII-B SMP
Negeri 10 Bandung taun ajaran 2016/2017.

5.2 Implikasi
Métodeu mind mapping dina kamampuh nepikeun laporan lalampahan.
Larapna métodeu mind mapping miboga implikasi yén ieu métodeu bisa
ditarima ku siswa. Nalika prak-prakanana siswa jadi leuwih sumanget
diajar, siswa jadi leuwih wani dina nepikeun laporan sacara lisan di hareup

kelas, siswa ogé jadi leuwih aktif jeung kritis dina nyikepan babaturanana
anu keur nepikeun laporan lalampahan. Métodeu pangajaran mind mapping
dina bentuk lisan leuwih éféktif pikeun ngaronjatkeun kaparigelan nyarita
jeung ngaronjatkeun rasa percaya diri unggal siswa.
Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

3

5.3 Rékoméndasi
Sanggeus

dilaksanakeun

panalungtikan

ngeunaan


kamampuh

nepikeun

laporan lalampahan ngagunakeun métodeu mind mapping, aya sababaraha
rékoméndasi sangkan panalungtikan anu salajengna bisa langkung hadé
sarta aya kamajuan dina prosés belajar mengajar, di antarana nya éta ieu di
handap.
1) Métodeu mind

mapping

bisa ngaronjatkeun kamampuh nepikeun

laporan lalampahan. Ku kituna, métodeu mind mapping bisa dijadikeun
salah sahiji cara atawa alternatif pikeun guru dina pangajaran nepikeun
laporan lalampahan;
2) Dina panalungtikan nepikeun laporan lalampahan ngagunakeun métodeu
mind mapping aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, di antarana
nya éta: a) kudu maham kana oriéntasi jeung léngkah-léngkah métodeu

mind mapping, b) ngararancang pangajaran kalayan asak jeung bener, c)
kudu bisa nyiptakeun suasana kelas anu nyaman sangkan ngirut
perhatian siswa, sarta d) kudu bisa ngondisikeun waktu.
3) Dipiharep ayana panalungtikan métodeu mind mapping dina pangajaran
séjénna sangkan bisa leuwih ngabuktikeun kaéféktifan métodeu mind
mapping.

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016
MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN
LALAMPAHAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu