CITRA WANOJA SUNDA DINA NU KAUL LAGU KALÉON JEUNG 40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN KARYA R.A.F : Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis.

(1)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

No. 631/FPBS/025/2013 CITRA WANOJA SUNDA DINA NU KAUL LAGU KALÉON JEUNG

40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN KARYA R.A.F

(KAJIAN STRUKTURAL JEUNG KRITIK FÉMINISME IDÉOLOGIS) Skripsi

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku Anisa Rahma

0908814

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONÉSIA 2013

(2)

CITRA WANOJA SUNDA DINA

NU KAUL LAGU KALÉON

JEUNG

40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN

KARYA R.A.F

(KAJIAN STRUKTURAL JEUNG KRITIK

FÉMINISME IDÉOLOGIS)

Oleh Anisa Rahma

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Anisa Rahma 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

ANISA RAHMA NIM 0908814

CITRA WANOJA SUNDA DINA NU KAUL LAGU KALÉON JEUNG

40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN KARYA R.A.F (KAJIAN STRUKTURAL JEUNG KRITIK SASTRA

FÉMINISME IDÉOLOGIS)

Disaluyuan jeung disahkeun ku Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP. 195906141986011002

Pangaping II,

Retty Isnendes, S. Pd, M. Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

CITRA WANOJA SUNDA DINA NU KAUL LAGU KALÉON JEUNG 40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN KARYA R.A.F

(KAJIAN STRUKTURAL JEUNG KRITIK SASTRA FÉMINISME IDÉOLOGIS) 1)

Anisa Rahma 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Citra Wanoja Sunda dina Nu Kaul Lagu Kaléon jeung 40

Dongéng Énténg ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis. Tujuan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan struktur intrinsik dan citra tokoh perempuan yang terdapat dalam novel Nu Kaul Lagu Kaléon dan kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Sumber data dalam penelitian ini adalah novel Nu Kaul Lagu Kaléon dan kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif-analitik dengan teknik telaah pustaka dan analisis data serta menggunakan instrumen dokumentasi. Hasil penelitian menunjukan bahwa novel Nu Kaul Lagu Kaléon dan kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén disusun oleh tiga unsur pembangun yaitu tema, fakta cerita (alur; latar; tokoh) dan sarana sastra (sudut pandang; gaya bahasa; amanat). Masing-masing cerita memiliki unsur pembangun yang berbeda. Dalam kedua karya sastra ini terdapat empat kajian pokok feminis yaitu (1) citra fisik perempuan yang menunjukan bahwa keseluruhan tokoh digambarkan memiliki citra fisik yang cantik; (2) citra psikis perempuan yang menunjukan bahwa setiap tokoh memiliki citra psikis masing-masing dengan karakter yang berbeda yang dilihat dari sikap tokoh tersebut menghadapi berbagai situasi dan masalah; (3) citra di keluarga yang menunjukan bahwa sebagian besar tokoh perempuan yang ada secara tingkat ekonomi mereka belum bisa hidup mandiri dan sebagian kecil dari mereka sudah bisa hidup mandiri; (4) citra di masyarakat menunjukan bahwa sebagian tokoh wanita memiliki peranan yang penting di masyarakat dan sebagian yang lainnya tidak terlalu berperan penting di masyarakat. Jadi, dari keempat citra perempuan yang dijadikan kajian pokok bisa dilihat bahwa dalam novel Nu Kaul Lagu Kaléon dan kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén citra perempuan secara sosial, ekonomi, dan politik sudah cukup baik. Hal itu tidak terlepas dari citra fisik dan psikis mereka. Hasil penelitian ini dapat dimanfaatkan, untuk memperkaya khasanah sastra dan dapat dijadikan sebagai bahan pembelajaran sastra, khususnya sastra feminis.

Kata kunci: Kajian struktural, feminisme ideologis, citra perempuan, Nu Kaul Lagu Kaléon, dan 40 Dongéng Enténg ti Pasantrén.

1) Skripsi di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Retty

Isnendes, S,Pd. M.Hum

(5)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

CITRA WANOJA SUNDA DINA NU KAUL LAGU KALÉON

JEUNG 40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN KARYA R.A.F (KAJIAN STRUKTURAL JEUNG KRITIK SASTRA

FÉMINISME IDÉOLOGIS) Anisa Rahma

Abstract: This paper entitled “Citra Wanoja Sunda dina Nu Kaul Lagu Kaléon jeung 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis”. The purpose of this research is to describe women image in Nu Kaul Lagu Kaleon and 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. This research used the descriptive-analytical method. To collect all of informations used literature technique, data analysis, and study documentation. Data source of this research are

Nu Kaul Lagu Kaleon and 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. The result showed us that Nu Kaul Lagu Kaleon and 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén arranged by three components. They are topic, story fact (plot; setting; character and characterization), means of literature (point of view; literary style; message). The each story had different constituent element. Both of this literary work had four feminism topic are women’s physical image, women’s psychological image, women’s image in family, and women’s image in society. The women had beautiful face and different characteristic seen from their attitude when faced the problems in their life. The majority of women in an economy level couldn’t stand alone and still depend on to the other people especially their husbands and their parents in the family. Beside it, some of them had important role in the society. So, from four feminism topic can conclude that image women in

Nu Kaul Lagu Kaleon and 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén in a social level, economy level and political level are good enough . The result of this research can useful for enrich literature treasure especially feminism literature.

Key word: Nu Kaul Lagu Kaléon, 40 Dongéng Enténg ti Pasantrén, and feminism literature.

(6)

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR BAGAN ... xii

DAPTAR SINGGETAN ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 5

1.3 TujuanPanalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Struktur Organisasi Skripsi ... 7

BAB II NOVEL, CARPON, KRITIK SASTRA FEMINISME JEUNG CITRA WANOJA 2.1 Novel ... 9

2.1.1 Wangenan Novel ... 9

2.1.2 Gelar jeung Kamekaran Novel... 11

2.1.3 Papasingan Novel ... 14

2.2 Carita Pondok (Carpon) ... 16

2.2.1 Wangenan Carita Pondok ... 16

(7)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2.2.3 Papasingan Carita Pondok ... 19

2.2.4 Bédana jeung Sasaruaan Novel jeung Carpon ... 19

2.3 Struktur Novel jeung Carita Pondok ... 21

2.3.1 Téma ... 22

2.3.2 Fakta Carita ... 24

2.3.2.1 Palaku jeung Watekna (Panokohan) ... 24

2.3.2.2 Latar atawa Sétting ... 27

2.3.2.3 Galur atawa Plot ... 27

2.3.3 Sarana Carita (Sastra) ... 29

2.3.3.1 Puseur Panitén ... 30

2.3.3.2 Gaya Basa ... 23

2.3.3.3 Amanat ... 30

2.4 Kritik Sastra Feminisme ... 31

2.4.1 Wangenan Kritik Sastra Feminisme ... 31

2.4.2 Sajarah jeung Kamekaran Kritik Sastra Feminisme ... 33

2.4.3 Ragam Kritik Sastra Feminisme ... 35

2.4.3.1 Kritik Idéologis ... 35

2.4.3.2 Ginokritik. ... 36

2.4.3.3 Kritik Sastra Féminis Sosialis-Marxis ... 36

2.4.3.4 Kritik Sastra Féminis Psikoanalitik ... 36

2.4.3.5 Kritik Sastra Féminis Lésbian ... 36

2.4.3.6 Kritik Sastra Féminis Ras (Étnik) ... 37

2.5 Citra Wanoja ... 37

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 38

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 38

3.3 InstruménPanalungtikan... 39

3.4 DesainPanalungtikan ... 40

(8)

viii

3.5.1 Déskripsi Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon

40Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 42

3.5.1.1 Déskripsi Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 42

3.5.1.2 Déskripsi Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 44

3.6 Wangenan Operasional ... 46

3.7 Analisis Data ... 47

3.7.1 Tatahar ... 47

3.7.2 Tabulasi ... 47

3.7.3 Dilarapkeunana Data Luyu jeung Pamarekan Panalungtikan .... 48

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Analisis Struktural Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 49

4.1.1 Analisis Struktural Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 49

4.1.2 Analisis Struktural Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 69

4.2 Analisis Citra Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 DongéngÉnténg Ti Pasantrén ... 132

4.2.1 Analisis Citra Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 132

4.2.1.1 Analisis Citra Pisik/WarugaWanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 133

4.2.1.2 Analisis Citra Psikis Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 136

4.2.1.3 Analisis Citra Wanoja di Kulawarga dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 139

4.2.1.4 Analisis Citra Wanoja di Masarakat dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ... 142

4.2.2 Analisis Citra Wanoja dina Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 144

(9)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4.2.2.1 Analisis Citra Pisik/Waruga Wanoja dina Kumpulan Carpon

40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 144

4.2.2.2 Analisis Citra Psikis Wanoja dina Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. ... 147

4.2.2.3 Analisis Citra Wanoja di Kulawarga dina Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 153

4.2.2.4 Analisis Citra Wanoja di Masarakat dina Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 157

4.3 Hubungan Citra Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 DongéngÉnténg ti Pasantrén ... 162

4.3.1 Hubungan Citra Pisik/Waruga Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 162

4.3.2 Hubungan Citra Psikis Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40Dongéng Énténg ti Pasantrén. ... 164

4.3.3 Hubungan Citra Wanoja di Kulawarga dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 166

4.3.4 Hubungan Citra Wanoja di Masarakat dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ... 168

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 172

5.2 Saran ... 176

DAPTAR PUSTAKA ... 177

LAMPIRAN... 179

(10)

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Karya sastra mangrupa hasil gambaran kahirupan manusa minangka salasahiji réalitas sosial budayana. Gelarna sastra dina hirup-huripna manusa lantaran aya dorongan dasar ti dirina pikeun ngébréhkeun naon-naon nu jadi kahayangna. Ngaliwatan karya sastra bisa témbong kumaha kahirupan sosial jeung budaya hiji masarakat. Salasahijina nya éta kahirupan masarakat Sunda nu diébréhkeun dina karya sastra nu mangrupa eunteung tina kahirupan sarta karakter urang Sunda.

Karya sastra mangrupa hiji sisi (bagian) tina seni anu mibanda ciri mandiri, ngandung kaartistikan, ngandung kaéndahan, ngandung kajujuran, ngandung kaorisinilan, jeung ngandung bebeneran anu salawasna nungtun panganutna kana sipat anu lemes, malahan nganteur kana tujuan pangjugjugan kahirupan manusa anu leuwih wijaksana (Koswara, 2009:8). Hiji karya sastra bisa dipaké pikeun nyeukeutan uteuk sarta ngalemesan budi hiji jalma lantaran dina sastra ngandung ajén-inajén kahirupan nu henteu nembrak sacara langsung.

Salasahiji hasil karya sastra Sunda nu nyampak kiwari nya éta novel jeung carpon. Sakumaha anu ditétélakeun ku Iskandarwassid (1992:91) novel nya éta prosa rékaan (fiksi) nu naratip (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi. Carita pondok (carpon) nya éta karangan (tinulis) rékaan atawa (fiksi) dina wangun lancaran, prosa naratif (Koswara, 2009:97). Galur carita carpon relatif basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana kajadian utama, palakuna ogé ukur dua tilu sarta mangrupa hiji épisodeu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh relatif pondok.

(11)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Ngabahas ngeunaan karya sastra tangtuna waé sarua jeung nyaritakeun ngeunaan saha nu nyiptakeun éta karya sastra sarta saha anu migandrungna. Sastra nu diciptakeun ku salah saurang pangarang can tangtu bisa ditarima ku nu maca. Hal ieu lantaran ayana pasualan ngeunaan ajén karya sastra nu kawilang rélatif béda sarta pamahaman hiji karya sastra nu béda-béda ti masing-masing jalma.

Sakumaha nu ditétélakeun ku Semi (1989:20) yén tiap jalma miboga kasempetan pikeun méré tafsiran kana hiji karya sastra lantaran hakékat sastra téh

poliinterpretable. Ku lantaran éta, unggal jalma bisa nangtukeun ajén, harti, ma’na, sarta hakékat tina salasahiji karya sastra nu bisa disebut minangka kagiatan kritik sastra.

Karya sastra bisa dijadikeun hiji média pikeun ngawakilan rupa-rupa hal dina kahirupan, salasahijina pikeun ngawakilan kaéndahan wanoja. Loba babasan jeung paribasa nu ngagambarkeun kumaha éndahna wanoja. Malah dina Al-Quran ogé aya salasahiji surat nu husus museurkeun bahasanana ngeunaan wanoja, nya éta surat An-Nisa. Kitu ogé jeung karya sastra nu nyampak dina hirup kumbuh masarakat Sunda loba nu medar ngeunaan pasualan wanoja boh ditilik ti sisi positifna boh ti sisi négatifna.

Karakter wanoja dina unggal karya sastra nu nyampak biasana digambarkeun salaku tokoh nu lemah lembut, nurut kana sagala aturan, sarta cenderung pasif. Karakter ieu patukang tonggong pisan jeung gambaran karakter lalaki nu biasa digambarkeun salaku mahluk nu boga kapunjulan, kuat, cerdas, sarta aktif. Singgetna dina karya sastra nu nyampak wanoja miboga darajat nu leuwih handap ti batan lalaki.

Sugihastuti jeung Suharto (2010:15) nétélakeun yén tina résépsi nu maca karya sastra di Indonesia, sacara umum bisa dititénan yén tokoh wanoja dina karya sastra tinggaleun ti batan tokoh lalaki, misalna waé dina hal latar sosial, atikanana, pacabakanana, kalungguhanana di masarakat, sarta darajat wanoja salaku bagéan integral dina susunan masarakat. Ku kituna, tarékah pikeun maham kana karya-karya sastra nu aya patalina jeung pasualan jénder kalintang penting pisan sakumaha nu katingali dina réalitas kahirupan masarakat sapopoé.

(12)

3

Pangarang mangrupa bagian tina anggota masarakat nu teu bisa leupas jeung budaya masarakatna lantaran kauger ku status sosial sarta kalungguhanana di masarakat. Dina kamekaran sastra Sunda, loba pangarang-pangarang nu ngahasillkeun sawatara karya sastra. Unggal pangarang miboga ciri atawa warna karya séwang-séwangan. Salasahijina nya éta Rahmatullah Ading Affandie atawa nu leuwih kasohor ku sebutan R.A.F. Karya-karya R.A.F loba nu nyaritakeun ngeunaan pasualan jéndér.

Djajanegara (2000:51) nétélakeun yén dina umumna karya sastra anu midangkeun tokoh wanoja biasana bisa ditalungtik dina segi féminismena. Boh carita prosa boh carita puisi tangtuna bisa ditalungtik unsur féminisitasna, kalayan sarat yén kudu aya tokoh wanoja dina éta karya sastra.

Anu jadi dasar pamikiran panalungtikan sastra ngagunakeun pamarekan feminisme nya éta ayana hiji tarékah sangkan maham kana kalungguhan jeung peran wanoja sakumaha nu témbong dina karya sastra (Sugihastuti jeung Suharto, 2010:15). Ku kituna anu jadi puseur panalungtikan dina pamarekan feminisme nya éta peran jeung kalungguhan wanoja dina karya sastra boh éta peranna sacara individu boh sacara mahluk sosial nu hirup di masarakat.

Salian ti pamarekan féminisme nu mangrupa adegan batin dina ieu panalungtikan, dipaké ogé pamarekan struktural minangka adegan lahirna. Dina pamarekan struktural karya sastra mangrupa hiji struktur nu otonom nu raket patalina jeung unsur-unsur pangwangunna.

Nilik kana sawatara pamadegan di luhur, tétéla novel jeung carpon bisa méré ambahan anu kawilang lega dina unsur féminismena saperti dina novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nu nyaritakeun kumaha perjuangan wanoja-wanoja Sunda jaman kiwari dina nyanghareupan kahirupan nu sakitu rumpilna. Ajén inajén féminis ieu ngébréhkeun kumaha para wanoja ngagunakeun hak-hakna sarta ngalaksanakeun kawajibanana boh salaku wanoja nu hirup di lingkungan kulawarga boh salaku wanoja nu hirup di lingkungan masarakat (sosial). Tokoh lalaki dina dua novel ieu digambarkeun salaku tokoh nu miboga kakuatan jeung kapunjulan

(13)

séwang-Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

séwangan nu dirojong ku kamotékaran sarta kakuatan para wanoja nu aya di sabudeureunana.

Anapon dadasar novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nya éta dina dua karya éta nyangkaruk ajén-inajén féminis idéologis nu dicirian ku ayana ciri-ciri téks féminis. Ciri-éta téks féminis aya opat nya éta: 1) jadi forum pikeun wanoja dina ngedalkeun aspirasina, 2) ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya (androginitas), 3) nyadiakeun metode conto ku jalan éksplorasi pangalaman anyar, jeung 4) mromosikeun solidaritas di antara tokoh wanojana (sisterhood) (Register dina Isnendes, 2010:48). Salian ti éta dina éta dua karya sastra, tokoh wanojana digambarkeun salaku tokoh nu miboga pribadi séwang-séwangan, tangtuna waé bakal miboga pamikiran séwang-séwangan.

Aya sawatara panalungtikan ngeunaan kritik sastra feminisme nu kacatet ti mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS-UPI dina wangun skripsi, di antarana:

1) Munisa Ambarina. 2004. “Unsur-unsur Feminis dina Novel Kembang-kembang Petingan Karangan Holisoh M.E”;

2) Siti Saribanon Nurjanah. 2004. “Karakteristik Tokoh Wanoja dina Kumpulan Carpon Jurig Paséa jeung Nyi Karsih Karangan Tini Kartini”; 3) Dedi Taopik. 2006. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra

Féminis Idéologis kana Novel Sunda Saméméh Perang”;

4) Tarlan. 2007. “Wanoja jeung Inférioritas (Kajian Féminis kana Novel

Carios Agan Permas karya Joehana”;

5) Ai Rohmawati. 2008. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis Idéologis kana Novel Pipisahan Karangan R.A.F”.

Salian ti éta aya tésis nu medar perkara feminisme dina sastra Sunda nya éta “Suara Perempuan dalam Novel Sunda Puputon “Buah Hati” Karya Aam Amilia: Kajian Feminisme”. Ieu tésis disusun ku Rétty Isnendes, salasaurang mahasiswi Program Pascasarjana Universitas Gadjah Mada dina taun 2004.

Ku lantaran can aya panalungtikan nu nalungtik ngeunaan citra wanoja dina karya-karya beunang R.A.F hususna novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan

(14)

5

carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén, perlu diayakeun panalungtikan nu patali jeung gambaran (citra) wanoja sarta aspék-aspék idéologisna. Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan lianna aya lebah objék panalungtikanana sarta pamarekan nu digunakeun nya éta didadasaran ku analisis struktural heula. Ku lantaran hal éta, ieu panalungtikan dijudulan Citra Wanoja Sunda dina Nu Kaul Lagu Kaléon jeung 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural jeung Kritik Sastra Feminisme Idéologis).

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Paham ngeunaan citra wanoja dina unggal karya sastra masih kénéh nganggap yén wanoja téh mahluk nu lemah lembut, gugon kana aturan/paréntah, sarta pasif (teu miboga pamikiran sorangan). Sabalikna ti dinya, citra lalaki digambarkeun salaku mahluk nu kuat, pinter, sarta aktif. Hal éta némbongkeun yén lalaki miboga darajat nu leuwih luhur daripada wanoja.

Dina enas-enasna, ieu pasualan aya dina wengkuan pasualan jéndér nu mana dina hubungan sosialna ayana bébédaan antara lalaki jeung wanoja. Sanajan karya sastra mangrupa imajinasi pangarang, tapi hal ieu bisa jadi salasahiji cara pikeun nalungtik kumaha hiji pangarang ngagambarkeun tokoh wanoja jeung tokoh lalaki dina hiji karya sastra ngaliwatan pamikiran-pamikiran individu éta tokoh sarta kalungguhanana di masarakat,

Salasahiji wangun karya sastra anu aya patalina jeung pasualan jénder nya éta karya sastra beunang R.A.F. Dina karya-karyana boh wangun novel boh wangun carpon, R.A.F ngagambarkeun ayana hiji hubungan nu raket antara tokoh lalaki jeung tokoh wanoja. Hal ieu témbong dina salasahiji karyana nya éta novel

Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Luyu jeung idéntifikasi masalah nu geus diébréhkeun, rumusan masalah dina ieu panalungtikan baris diwujudkeun dina wangun patalékan.

1) Kumaha struktur intrinsik novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon

40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita?

(15)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2) Kumaha citra wanoja dina éta dua karya sastra anu ngawengku citra pisik, citra psikis, citra di kulawarga, jeung citra di masarakat?

3) Kumaha hubungan citra wanoja dina éta dua karya sastra? 1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan dibagi jadi dua nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngungkab gambaran umum citra wanoja dina karya sastra beunang R.A.F nu dipiharep bisa ngeuyeuban kabeungharan karya sastra Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan miboga tujuan husus pikeun ngadéskripsikeun hal-hal ieu di handap.

1) Struktur intrinsik novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita.

2) Citra wanoja dina éta dua karya sastra anu ngawengku citra pisik, citra psikis, citra di kulawarga, jeung citra di masarakat.

3) Hubungan citra wanoja dina éta dua karya sastra. 1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan dibagi jadi dua nya éta mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Teoritis

Mangpaat teoritis tina ieu panalungtikan nya éta hasilna bisa dipaké pikeun salasahiji pangrojong dina pangajaran sastra di sakola jeung di paguron luhur.

(16)

7

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat sacara praktis tina ieu panalungtikan nya éta: 1) ngungkab gambaran umum karakter wanoja Sunda dina sastra, hususna dina karya sastra beunang R.A.F nu diwakilan ku novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén; 2) ngeuyeuban pangaweruh sarta pamahaman dina ngaprésiasi karya sastra, hususna ngeunaan kajian kritik sastra feminisme sarta; 3) bisa dijadikeun bahan kamekaran hasanah karya sastra Sunda dina widang kritik sastra.

1.5 Raraga Tinulis

Ieu skripsi disusun jadi lima bab nya éta Bab I, Bab II, Bab III, Bab IV, jeung Bab V.

Bab I. Medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu dibagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, jeung struktur organisasi skripsi.

Bab II. Medar ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta posisi masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Ieu bab disebut minangka kajian pustakana. Kajian pustaka miboga fungsi minangka landasan téoritik dina nyusun rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan. Dina kajian pustaka, panalungtik ngabandingkeun sarta matalikeun masalah nu keur ditalungtik jeung tiori-tiori sarta hasil panalungtikan nu geus dilakukeun ku para ahli.

Bab III. Medar ngeunaan metode panalungtikan nu diwincik deui jadi metode panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, jeung analisis data.

BAB IV. Dina ieu bab dibagi jadi dua bagian nya éta analisis data nu patali jeung rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan, jeung pedaran intina atawa analisis temuan nu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab II.

Bab V. Medar ngeunaan kumaha panalungtik nafsirkeun hasil analisis panalungtikan. Kacindekan mangrupa jawaban tina daftar patalékan nu aya dina rumusan masalah. Saran atawa rékoméndasi ditujukeun ka nu nyieun kawijakan,

(17)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ka nu ngagunakeun éta hasil panalungtikan, jeung ka para panalungtik lianna nu rék nalungtik masalah nu sarua minangka lajuning lakuna tina hasil panalungtikan.

(18)

38

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data

Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta karya sastra karangan R.A.F. Anapon karya sastra nu dimaksud nya éta karya sastra nu jadi milik koléksi pribadi. Jumlah karya sastra beunang R.A.F aya 5 nya éta: 1) kumpulan carpon Carita Biasa medal taun 1959; 2) kumpulan carpon Dongéng Énténg ti Pasantrén medal taun 1961; 3) novel Pipisahan medal taun 1975; 4) novel Nu Kaul Lagu Kaléon medal taun 1990; 5) novel Béntang Lapang medal taun 1991.

Tina lima karya sastra nu geus ditataan, dipilih dua karya sastra anu baris dianalisis, nu hiji dina wangun novel nu hiji dina wangun kumpulan carpon. Dua karya sastra éta dianggap bisa ngawakilan sumber data citra wanoja Sunda dina karya sastra karangan R.A.F. Dua karya sastra nu rék dianalisis nya éta: 1) novel

Nu Kaul Lagu Kaléon; jeung 2) kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén.

Anapon nu jadi alesan dipilihna dua karya sastra nu geus disebutkeun di luhur lantaran éta karya sastra kalintang presentatif pikeun kajian féminis. Hal éta dicirian ku ayana ciri téks féminis dina éta karya sastra nya éta 1) ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya (androginitas), 2) nyadiakeun metode conto ku jalan éksplorasi (patualangan) pangalaman anyar, jeung 3) mromosikeun solidaritas di antara tokoh wanojana (sisterhood). Salian ti éta, dina éta karya sastra gambaran-gambaran ngeunaan tokoh wanoja didéskripsikeun kalawan jéntré. Tangtuna waé, ieu hal baris ngarojong panalungtik pikeun nyumponan tujuan panalungtikan nya éta ngungkab citra wanoja dina karya sastra Sunda beunang R.A.F.

(19)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.1.1 Déskripsi Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén

3.1.1.1 Déskripsi Novel Nu Kaul Lagu Kaléon

Novel Nu Kaul Lagu Kaléon ditulis ku R.A.F nu jenengan lengkepna Rahmatullah Ading Affandie. R.A.F dibabarkeun ping 2 Oktober 1929 di Banjarsari, Ciamis. Kiwari R.A.F parantos mulih ka alam kalanggengan dina dinten Kemis ping 7 Pébruari 2008. Katineungna kana kasusastraan Sunda kalintang ageungna.

Novel Nu Kaul Lagu Kaléon mimiti dipedalkeun ku Rahmat Cijulang Bandung taun 1900. Tuluy dicitak ulang ku PT Kiblat Buku Utama, Bandung, nepi ka 4 kali citakan. Citakan terakhirna aya dina bulan Pébruari taun 2008. Lobana citakan ulang nandakeun yén ieu novel kawilang novel nu alus nu mibanda ajén sastra anu luhung sarta dipikaresep ku masarakat nepi ka payu dijual. Salian ti éta ieu novel ogé kungsi dilélér Hadiah Rancagé taun 1991.

Rarancang ilustrasi gambar jilid dijieun ku Tim Kréatif Kiblat. Dina jilid novel Nu Kaul Lagu Kaléon, aya gambar hiji wanoja rumaja. Buukna panjang ngaombak banyu dibeulah sisi, dibeungkeut saeutik, sawaréhna deui dirumbaykeun ka tukang jeung ka hareup ngaliwatan lebah beuheung jeung dadana. Halisna kandel ngajélér paéh. Tina paromanna nu keur imut, bisa kagambarkeun yén éta wanoja téh kacida amis budina. Dangdananana kawilang basajan tapi matak ngirut ati. Teu béda jeung novel-novel lianna nu midangkeun ilustrasi gambar jalma dina jilidna, biasana éta gambar téh aya patalina jeung tokoh nu rék dicaritakeun ku pangarang. Kitu deui jeung gambar nu aya dina jilid novel Nu Kaul Lagu Kaléon, éta gambar téh mangrupa gambaran tokoh nu rék dicaritakeun ku pangarang.

Warna dasar jilid héjo jeung coklat. Di sisi beulah katuhu aya tulisan Nu Kaul Lagu Kaléon minangka judul ieu novel, warna huruf nu dipaké nya éta héjo. Di juru luhur beulah kénca aya tulisan kiblat belajar sepanjang hayat nu dipulas ku warna wungu kalawan dasar pasagi warna bodas minangka pamedal ieu buku. Di juru handap beulah kénca aya tulisan R.A.F nu hurufna maké warna konéng salaku pangarang ieu novel.

(20)

40

Format ukuran novél nya éta 20,5cm x 14cm. Dina kaca kahiji aya biografi singget R.A.F ti mimiti gubrag ka alam dunya, riwayat atikanana jeung karya-karyana. Dina kaca kadua aya tawis nuhun ka Ki Atjé Hasan Su‟éb, Ki Apung S.Wiratmaja, jeung H.Rahmat Sukmasaputra (Alm). Artina ieu novel téh teu leupas tina bantuan tilu urang éta boh dina méré ide jeung bongbolongan boh dina ngaropéana saméméh medal. Dina kaca katilu aya judul novel, pangarang jeung pamedalna. Dina kaca kaopat aya idéntitas novel. Dina kaca kalima aya bagian nu dijudulan „Narangtang‟ nu mangrupa bubuka jeung panganteur ti pangarang.

Eusi novel diwangun ku dua bagian, kandelna 100 kaca. Bagian kahiji dijudulan Kahudang jeung bagian kadua dibéré judul Meunang Raratan. Bagian „Kahudang‟ dimimitian ti kaca 9 nepi ka 59, gurat badagna nyaritakeun tokoh Pendi nu kahudang deui ingetanana ka hiji wanoja lantaran ngadéngékeun sora nu kaul lagu kaléon dina hiji riungan tembang. Bréh tembong deui lambaran-lambaran kahirupan Pendi dina mangsa katukang waktu manéhna keur namu ka imah Kang Atma, rék niténan latihan nembangna Yati tuluy nepi ka panggihna jeung Nani, adina Yati. Nani teu apal-apal acan manéhna boga bakan kasidem dina widang tembang, nepi ka dititah ngahaleuangkeun tembang ku Pendi. Nani boga inghak nu béda ti batur, nu ngabalukarkeun sora manéhna has bisa dibédakeun jeung sora-sora tukang nembang nu lianna. Ti saprak harita, Nani nu tadina ngan ukur nganteur lanceukna latihan nembang, jadi sok ilubiung latihan nembang ogé. Beuki lila beuki dieu Nani jeung Pendi beuki deukeut, lain ngan saukur deukeut antara nu ngalatih jeung nu dilatih, tapi leuwih deukeu ti éta. Aya rasa deudeuh jeung nyaah nu nyaliara dina haté maranéhanana. Ngadéngé sora nu nembang peuting harita, Pendi kacida panasaran ka wanoja nu kaul lagu kaléon, naha bener éta Nani atawa lain. Pendi bingung lantaran manéhna inget yén Nani kungsi kedal jangji moal nembang-nembang deui kalah kumaha ogé. Lantaran kapanasaran éta, Péndi panceg rék ngadatangan deui imah Pa Sadikin nu basa peuting harita ngayakeun riungan tembang.

Bagian „Meunang Raratan‟ dimimitian ti kaca 60 nepi ka 100, nyaritakeun kumaha tokoh Pendi meunang raratan yén wanoja nu kaul lagu kaléon peuting harita éstuning Nani. Sanajan nepi ka ahirna, Péndi teu kungsi panggih jeung

(21)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Nani, tapi di bagian ieu Péndi jadi apal kumaha kahirupan Nani salila ieu. Ti mimiti ditinggalkeun ku Pendi nepi ka pepegatan jeung salakina nu ayeuna.

Dina jilid bagian tukang pangluhurna aya gambar buku novel Nu Kaul Lagu Kaléon kalawan ditambahan ku potongan carita ieu novel saperti kieu:

Da siga nu kawisaya atuh. Basa mangkatna nu kaul numbu hulu Kaléon, siga nu mayat. Henteu ngejat! Mimitina lemes sari-sari ngagerentes, tuluy ngabedasan, tapi tukuh dina latar buludru, lemes!

Naha téga-téga teuing Teu sangka taya ras-rasan

Kekejatan hayang nénjo jirimna nu kaul, hayang ningal ulatna. Sabab siga nu asa-asa kedal padalisan Kaléon téh. Siga nu lalungsé, cék tadi gé awalna mah siga ngagerentes.

Di handapeunana aya sinopsis singget kumaha gurat badagna carita dina ieu novel sarta digambarkeun kumaha cara pangarang nepikeun caritana kalawan basa Sunda nu éndah jeung alur nu matak ngahudang kapanasaran (teu bruk-brak).

Di handap juru beulah katuhu aya gambar wangun beulah ketupat nu di jerona aya wangun pasagi opat minangka miniatur tina gambar ka‟bah sarta di handapna aya tulisan kiblat (belajar sepanjang hayat) minangka penerbit ieu novel.

3.1.1.2 Déskripsi Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén

Kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén mangrupa citakan ulang tina kumpulan carpon Dongéng Énténg ti Pasantrén. Bédana téh dina 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén mah caritana ditambahan deui, nu tadina ngan ukur 20 carita ditambahan jumlah caritana jadi 40 carita sangkan leuwih leubeut dereseunana.

Kumpulan carpon Dongéng Énténg ti Pasantrén dipedalkeun ku Penerbit Taraté Bandung taun 1961 tepi ka citakan kaopat taun 1984. Tuluy dicitak ulang deui ku CV Geger Sunten Bandung taun 1998 kalawan jumlah carita nu ditambahan sarta judulna robah jadi 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Nepi ka ayeuna can aya deui citakan ulang, padahal geus sakitu lilana, ti taun 1998-2013. Kawilang hésé néangan ieu buku téh, sabab di pasaran geus euweuh nu nyésa. Padahal mah, lamun ieu kumpulan carpon dicitak deui moal burung payu sabab karya R.A.F kaasup kana karya sastra nu miboga ajén sastra anu luhung.

(22)

42

Ilustrasi gambar dijieun ku Dédé Rahmat. Dina jilid kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén aya gambar kumpulan barudak pasantrén keur suka bungah ngadulag. Jumlah barudakna aya 7 urang, nu saurang nangtung bari ngadulag, saurang deui nangtung nakolan kohkol, nu duaan nangtung milu éyak-éyakan ngareuah-reuah, nu tiluan deui dariuk naringalikeun babaturanana nu keur ngadulag. Ilustrasi gambar dina jilidna tangtuna waé mangrupa gambaran tokoh-tokoh nu aya dina carita. Papakéan barudakna nu digambarkeun maraké kopéah, kaos jeung calana pangsi sarta sarung nu disolémpangkeun na taktak kacida idéntikna jeung kahirupan di dunya pasantrén. Paroman barudak nu digambarkeun barungah saruka senang ngadulag mangrupa gambaran kumaha kahirupan di dunya pasantrén.

Warna dasar jilid héjo. Di sisi pangluhurna beulah katuhu aya tulisan RAF pulas konéng salaku pangarang ieu carita. Handapeun tulisan RAF, aya tulisan 40 DONGÉNG ÉNTÉNG TI PASANTRÉN minangka judul ieu buku. Angka 40 maké pulas warna konéng sedengkeun tulisan dongéng énténg ti pasantrén na maké pulas beureum. Di panghandapna beulah tengah aya tulisan Penerbit CV GEGER SUNTEN Bandung dipulas warna beureum, anu medalkeun ieu buku kumpulan carpon.

Format ukuran novel nya éta 21cm x 14,7cm. Dina kaca kahiji aya judul bukuna 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Dina kaca katilu ditulis deui judul 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén lengkep jeung ngaran pangarangna RAF sarta nu medalkeunana Geger Sunten. Dina kaca kaopat aya identitas buku jeung alamat penerbit. Kaca kalima mangrupa kekecapan panganteur ti pangarang kana kumpulan carpon Dongéng Énténg ti Pasantrén nu mangrupa cikalna tina ayana

40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Salian ti éta, dina kaca katujuh ogé aya bubuka ti pangarang. Dina bagian ieu, pangarang ngajéntrékeun kumaha kasang tukangna kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén bisa medal.

Luyu jeung judulna, jumlah carpon nu aya dina 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nya éta 40 carita. Judul-judul 40 carita éta diantarana (1) “Ajengan”; (2) “Ibu Ajengan”; (3) “Masantrén”; (4) “Pasantrén”; (5) “Poé Kahiji”; (6) “Élmu Ajug”; (7) “Niat”; (8) “Ngupat”; (9) “Tunil”; (10) “Ngadulag”; (11) “Maén Bal”;

(23)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

(12) “Ka Kota”; (13) “Al-Kadzib”; (14) “Dang Engkos Putra Camat”; (15) “Ngaran”; (16) “Man Syabba‟ala Syaein”; (17) “Aya Jurig Sisi Balong”; (18) “Hutang”; (19) “Cita-cita”; (20) “Panghulu”; (21) “Merebot”; (22) “Mang Mad Ahya”; (23) “Tukang Cukur”; (24) “Jadi Tukang Cukur”; (25) “Jihadun Nafsi”; (26) “Baékot”; (27) “Seinanden”; (28) “Fuku Sotaico”; (29) “Hukuman”; (30) “Tsamanan Kolilan”; (31) “Surat Maryam”; (32) Arab, Onta, jeung Korma”; (33) “Handeueul”; (34) “Peristiwa Bekong”; (35) “Perjalanan”; (36) “Tas Kameumeut Ajengan”; (37) “Kikiriman”; (38) “Sémah”; (39) “Ngabedahkeun”; (40) “Papanggih Deui”.

40 carita éta nyaritakeun kumaha kahirupan tokoh kuring salila nyuprih élmu di pasantrén. Ti mimiti dianteurkeun ku kolotna ka pasantrén tepi ka kaluarna ti pasantrén lantaran rék nuluykeun deui sakola. Dina 40 carita ieu dicaritakeun ogé kumaha susah senangna tokoh kuring jeung sobat-sobatna salila masantrén, sarta kisah cintana antara tokoh kuring jeung Nyi Halimah, putra ajengan nu boga pasantrén.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain nya éta rarancang. Desain panalungtikan nya éta bagan guluyuran tahap panalungtikan anu ngagambarkeun lengkah-lengkah panalungtikan. Desain dina rarancang panalungtikan miboga tujuan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan, antukna bisa meunangkeun hiji logika.

Desain panalungtikan dina ieu panalungtikan baris digambarkeun dina bagan di handap:

NGARUMUSKEUN TUR NGAWATESAN MASALAH

STUDI PUSTAKA

NGUMPULKEUN DATA IDÉNTIFIKASI MASALAH

(24)

44

3.3 Metode Panalungtikan

Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku metode-metode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Metode bisa dihartikeun cara mikir numutkeun aturan atawa sistem anu tangtu. Metode naon anu dipaké tangtuna waé mangaruhan kana léngkah-léngkah panalungtik dina ngumpulkeun data, pituduh kumaha hiji panalungtikan dilaksanakeun, alat naon waé nu dipaké dina ngumpulkeun, sakumaha lobana data anu diperlukeun sarta kumaha ngolah datana.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode deskriptif analitik. Ieu metode deskriptif analitik digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sarta ngadadarkeun gambaran-gambaran tokoh wanoja dina téks sastra (novel jeung carpon) sarta gambaran-gambaran tokoh wanoja anu nyampak téh baris dianalisis dumasar kana wangun interprétasi/ surahan. Ieu metode nyoko kana panalungtikan kualitatif. Dina panalungtikan kualitatif métode nu dipaké nya éta métode kualitatif nu prosedur panalungtikanana dumasar data-data déskriptif sarta ngahasilkeun data-data dina wangun kekecapan tinulis (Bogdan & Taylor dina Isnendes, 2010:124).

3.4Wangenan Operasional

Dina ieu panalungtikan diperlukeun katerangan anu jéntré sangkan teu nimbulkeun rupa-rupa panapsiran, ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtikan. Di handap ieu mangrupa tapsiran harti tina judul panalungtikan.

NGOLAH DATA HASIL PANALUNGTIKAN

(25)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 1) Citra

Citra nya éta gambaran nu dipiboga ku hiji jalma. Jadi citra wanoja Sunda mangrupa wujud gambaran pola tingkah laku wanoja Sunda dina hirup kumbuh sapopoéna nu némbongkeun gambaran jeung ciri has wanoja.

2) Novel

Novel nya éta prosa rékaan anu panjang, jalan caritana kompléks (ngarancabang) tapi gumulung jadi hiji kalawan susunan nu ngéntép seureuh.

3) Carita Pondok (carpon)

Carita pondok téh nya éta tulisan atawa karangan dina wangun prosa anu sifatna rékaan tur galur caritana rélatif pondok tur basajan.

4) Kritik Sastra

Kritik sastra nya éta usaha ngajén hiji karya sastra dina wangun méré pujian, ngébréhkeun kasalahan, méré tinimbangan ngaliwatan pamahaman jeung tafsiran nu sistematik.

5) Feminisme Ideologis

Feminis ideologis nya éta kritik sastra nu museurkeun paniténna kana citra, gambaran, cara mikir, jeung laku lampah wanoja dina kahirupanana. 3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta pakakas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Numutkeun Arikunto (2010, 193-201) aya sababaraha instrumén panalungtikan nu bisa digunakeun di antarana nya éta (1) tés; (2) angkét; (3) interview; (4) observasi; (5) skala bertingkat (rating) jeung; (6) dokumentasi. Sangkan leuwih sistematis instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta instrumén dokuméntasi. Hal ieu luyu jeung métode panalungtikan nu dipaké nya éta métode talaah pustaka, dokumentasi, jeung analisis.

Instrumén dokuméntasi nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta slip data nu dipaké sangkan babari dina ngumpulkeun data panalungtikan. Éta slip data ngawengku opat hal nya éta citra fisik wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di masarakat. Di handap ieu mangrupa gambaran tina slip data nu digunakeun.

(26)

46

Slip Data NKLK

Slip Data dina DÉTP

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta talaah pustaka, jeung analisis data.

Téhnik talaah pustaka digunakeun pikeun nyangkem tiori-tiori jeung sumber lianna nu baris dijadikeun tatapakan dina ieu panalungtikan. Buku anu dijadikeun objek panalungtikan nya éta novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon

Slip Data 1

Citra Fisik Wanoja dina NKLK (cutatan-cutatan fisik wanoja)

(kaca)

Slip Data 2

Citra Psikis Wanoja dina NKLK (cutatan-cutatan psikis wanoja)

(kaca)

Slip Data 3

Citra Wanoja di Kulawarga dina NKLK

(cutatan-cutatan wanoja di kulawarga)

(kaca)

Slip Data 4

Citra Wanoja di Masarakat dina NKLK

(cutatan-cutatan wanoja di masarakat)

(kaca)

Slip Data 3

Citra Wanoja di kulawarga dina DÉTP

(cutatan-cutatan wanoja di kulawarga)

(kaca) Slip Data 1

Citra Fisik Wanoja dina DÉTP (cutatan-cutatan fisik wanoja)

(kaca)

Slip Data 2

Citra Psikis Wanoja dina DÉTP (cutatan-cutatan psikis wanoja)

(kaca)

Slip Data 4

Citra Wanoja di Masarakat dina DÉTP

(cutatan-cutatan wanoja di masarakat)

(27)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

40 Dongéng Énténg ti Pasantrén sarta dideudeul ku buku-buku lianna nu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis data-data anu aya dina novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nepi ka ngahasilkeun data anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal.

Léngkah-léngkahna nya éta: 1) maca sagemblengna karya sastra beunang R.A.F (anu kapanggih); 2) maca karya sastra beunang R.A.F kalawan daria bari dilenyepan nepi ka meunangkeun ajén anu nyangkaruk dina téks nu rék ditalungtik sangkan babari dina milih sampel; 3) nangtukeun sumber data tina karya sastra beunang R.A.F pikeun bahan analisis. Karya sastra nu dipilih nya éta karya sastra nu dianggap pangpunjulna dina hal ngagambarkeun tokoh jeung penokohan wanoja.

3.7Téhnik Ngolah Data

Sabérésna data kakumpul, tuluy kudu dilaksanakeun analisis data sangkan bisa aya kacindekan tina panalungtikan. Arikunto (2010: 278) nyebutkeun sacara gurat badag, analisis data ngawengku tilu hal, nyaéta tatahar, tabulasi, jeung pamakéan data luyu jeung pamarekan panalungtikan.

3.7.1 Tatahar

Tatahar mangrupa kagiatan mimiti anu dilaksanakeun dina analisis data. Kagiatan dina tatahar ieu nya éta mariksa deui kalawan gemet data anu geus dikumpulkeun.

3.7.2 Tabulasi

Tabulasi nyéta prosés ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih. Satuluyna data diolah dumasar gundukan. Kagiatan dina tabulasi di antarana nya éta: 1) ngumpulkeun sakabéh data anu kapanggih hasil studi pustaka; 2) ngumpulkeun masing-masing data kana gundukan, gundukan data primer nyaéta anu patalina langsung jeung subjek panalungtikan sedengkeun gundukan data sekunder nya éta data pangrojong liana; 3) nyieun pengkodean data sangkan data leuwih gampang diolah jeung leuwih alus hasilna.

(28)

48

3.7.3 Dilarapkeunana Data Luyu jeung Pamarekan Panalungtikan Data anu geus ditabulasi tuluy diolah dumasar kana pamarekan struktural jeung kritik sastra féminis idéologis. Léngkah-léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan ngawengku: 1) nyirian sakabéh unsur nu ngandung gambaran tokoh wanoja (gambaran pisik, psikis, wanoja di lingkungan kulawarga, jeung wanoja di lingkungan masarakat) sarta strukturalna (téma, fakta carita, jeung sarana carita) dina novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén; 2) mindahkeun sakabéh unsur anu ngandung gambaran tokoh wanoja kana wangun tabél/instrumén; 3) napsirkeun sakabéh data anu kapanggih dina novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén; 4) nyindekkeun hasil analisis data.

(29)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu BAB V

PANUTUP 5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis data dina bab IV, aya sababaraha hal anu bisa dicindekkeun.

a. Struktur Intrinsik novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén

Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén minangka salasahiji karya sastra tangtuna waé bisa dianalisis unsur instrinsikna. Analisis struktural nu digunakeun nya éta téori Stanton nu nganalisis unsur intrinsik carita dumasar téma, fakta carita (galur, palaku, jeung latar), jeung sarana carita (puseur panitén, gaya basa, jeung amanat).

Téma dina novél Nu Kaul Lagu Kaléon nya éta cinta/asmara nu museur dina fénoména hubungan sosial kamasarakatan. Galur dina ieu carita nya éta mobok tengah lantaran carita henteu dipérélékeun ti awal nepi ka ahir tapi nu maca langsung dibawa ka tengah-tengah carita. Dina ieu novel kacatet aya 28 palaku nu ngawengku 2 palaku utama nya éta Nani jeung Péndi, 6 palaku tambahan nu marengan palaku utama, jeung 10 palaku piguran katambah masarakat sabudeureunana. Latar nu aya dina ieu carita nya éta 20 latar tempat, 18 latar waktu jeung latar sosial lingkungan masarakat menengah ka luhur. Puseur panitén nu digunakeun dina ieu novel nya éta métode carita kuring (Ich-Erzahlung). Posisi pangarang dina carita nya éta salaku tokoh kuring nu boga carita nu hayang ditepikeun ka nu maca. Carita ngaguluyur éstuning ti diri pribadi pangarang. Gaya basa nu digunakeun dina ieu novél nya éta kadalon, mijalma, sinéstésia, ngupamakeun, rautan, ngasor, ngomong dua, jeung lalandian. Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang dina ieu carita nya éta pentingna ngajaga tali silaturahmi.

Dina kumpulan carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén, aya 10 carpon nu dianalisis unsur instrinsikna. Masing-masing carita tangtuna waé miboga unsur-unsur pangwangun anu béda. Téma tina masing-masing carita diantarana waé ngeunaan atikan agama jeung moral, sportivitas, pentingna ngajaga amanat ti

(30)

173

batur, sipat adigung, kulawarga, pentingna nyuprih élmu, pentingna ngajaga tali silaturahmi, étika nyémah, suka bungah gawé bareng, jeung takdir Gusti nu moal bisa disingkahan. Tina 10 carita nu aya, 4 galur kaasup kana galur mobok tengah jeung 6 galur lianna asup kana galur mérélé. Jumlah palakuna nya éta 14 palaku ditambah barudak pasantrén. Tina 14 palaku éta 4 di antarana nyicingan posisi palaku utama dina masing-masing carita nu béda. Opat palaku éta nya éta tokoh kuring, Nyi Halimah, Ibu Ajengan, jeung Mang Mad Ahya. Jumlah latar nu aya dina 10 carita ieu nya éta 52 latar waktu, 57 latar tempat, jeung latar sosial nu museur dina kahirupan di dunya pasantrén. Dina unggal carita biasana aya nu miboga latar nu sarua jeung carita lianna. Puseur panitén nu digunakeun ku pangarang nya éta métode carita kuring (Ich Erzahlung) atawa caturan jalma kahiji. Gaya basa nu aya dina 10 carita éta nya éta lalandian, rarahulan, ngupamakeun, ngomong seukeut, ngasor, sindir, jeung babasan paribasa. Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang saluyu sarta raket patalina jeung téma nu diangkat ku pangarang.

b. Citra Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén

Gambaran nu aya dina dua karya sastra R.A.F, Nu Kaul Lagu Kaléon jeung

40 Dongéng Énténg ti Pasantrén nya éta citra pisik, citra psikis, citra di kulawarga jeung citra di masarakat. Citra pisik wanoja dina dua karya sastra ieu teu pati diimeutan ku pangarangna. Dititénan sacara gamblang, tokoh-tokoh wanoja boh nu dina novel boh nu dina carpon digambarkeun miboga citra pisik kalawan rupa nu hadé tur alus. Dua di antarana digambarkeun boga pisik nu héngkér nya éta Nani jeung Ibu Ajengan.

Dina dua karya sastra beunang R.A.F, unggal tokoh tangtuna waé miboga citra psikis nu béda jeung tokoh lianna. Maranéhna hirup dina carita kalawan pasipatan jeung kaayaan psikisna masing-masing nu ngarojong kana alur carita. Ragemna citra psikis nu diciptakeun ku pangarang méré hiji kesan nu leuwih anteb ka nu maca. Lamun dititénan leuwih imeut, bisa témbong yén pangarang ngagambarkeun citra psikis tokoh-tokohna kalawan citra nu positif. Sanajan aya

(31)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

citra positif nu miboga sisi négatifna, tapi jumlahna teu pati loba. Tokoh-tokoh wanoja nu aya dina dua karya sastra beunang R.A.F miboga citra psikis nu alus tur hadé saluyu jeung karakter tokohna séwang-séwangan. Contona waé palaku utama dina masing-masing karya nya éta Nani jeung Nyi Halimah. Nani jeung Nyi Halimah miboga citra psikis nu sarua lebah dina pinterna jeung teu pati loba caritana. Nani jeung Nyi Halimah nya éta wanoja anu cerdas dina widangna séwang-séwangan. Nani nu parigel mamaos sedengkeun Nyi Halimah mah pinter ngajina, pinter élmu agamana. Jadi dina hal ieu, pangarang hayang némbongkeun yén palaku utama dina karya-karyana miboga citra psikis nu positif.

Citra wanoja di kulawarga dina dua karya sastra beunang R.A.F miboga sasaruaan ditilik tina posisina di kulawarga. Nani digambarkeun jadi anak bungsu ti hiji kulawarga nu cukup bandana sedengkeun Nyi Halimah anak hiji-hijina nu boga pasantrén. Nilik kana hal éta, biasana anak bungsu jeung anak hiji-hijina téh anak nu diwowoy ku kolotna. Salian ti éta, Nani jeung Nyi Halimah ogé digambarkeun jadi anak nu salawasna tumut ka kolotna nepi ka aya kesan yén maranéhna siga nu teu boga kawasa nanaon di kulawargana. Sagala téh éstuning kumaha nu jadi kolot. Ditilik tina sisi ékonomina, Nani jeung Nyi Halimah ogé miboga citra négatif lantaran manéhna teu bisa hirup sacara mandiri. Ti keur leuleutik nepi ka rumaja gumantung ka nu jadi kolot. Sanggeus kawin gumantung ogé ka salakina. Kahirupan rumah tangga Nani jeung Nyi Halimah henteu mulus kitu waé. Nani nu kawin ka lalaki pilihan indungna nu ku manéhna teu dipikacinta tungtungna kudu pipisahan jeung salakina. Kitu ogé Nyi Halimah, manéhna nepi ka ninggalkeun Ajengan jeung Ibu Ajengan lantaran dibawa ku salakina. Tina hal ieu katitén kumaha Nyi Halimah teu boga kawasana ka nu jadi salaki nepi ka daék ninggalkeun indung bapana.

Ditilik tina sisi politik di masarakatna, tokoh utama dina dua karya sastra digambarkeun salaku wanoja biasa nu teu boga kalungguhan penting. Masarakat ngan nyaho yén Nyi Halimah téh anak nu boga pasantrén. Kitu ogé jeung Nani, manéhna ngan dipikawanoh salaku anak bungsu kulawarga Kang Jamhari. Salian ti éta, di masarakat maranéhna duaan teu boga citra nanaon deui. Tina dua karya sastra ieu aya bébédaan nu bisa diimeutan leuwih jero. Dina 40 Dongéng Énténg ti

(32)

175

Pasantrén pangarang ngagambarkeun palaku tambahan miboga kalungguhan nu penting di masarakatna. Misalna waé Ibu Ajengan, Mbok Isoh, jeung Juragan Camat Istri. Maranéhna tiluan kawilang tokoh wanoja nu boga peranan di masarakatna saluyu jeung widangna séwang-séwangan. Ibu Ajengan jadi guru ngaji nu mana bakal mangaruhan kana pangwangunan ahlak masarakatna. Mbok Isoh dipikawanoh salaku istri nu jembar pangaweruhna ngeunaan dongéng sasakala. Santri-santri nu hayang apal ngeunaan sakabéh sasakala pasti nepungan Mbok Isoh. Dina kontéks éta, Mbok Isoh méré pangaweruh sacara teu langsung ka para santri. Kitu ogé jeung juragan Camat istri nu bisa disebut pamingpin nu hadé. Manéhna pamingpin nu akur jeung masarakatna sarta dipikaresep lantaran sipatna nu daréhdéh. Juragan Camat istri ogé bisa dijadikeun hiji conto ku masarakatna dina hal ngayakeun hubungan sosial jeung papadana. Béda jeung dina novel Nu Kaul Lagu Kaléon, kalungguhan para palaku tambahan di masarakatna digambarkeun sacara implisit ku pangarangna.

c. Hubungan Citra Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén

Hubungan citra wanoja nu aya antara Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ngabalukarkeun ayana hiji sasaruaan jeung bébédaan. Sasaruaan jeung bébédaan éta dipangaruhan ku unsur-unsur pangwangunna (unsur-unsur instrinsik) anu béda. Sasaruaan citra wanoja nu aya dina dua karya sastra nya éta dina citra pisik/warugana jeung citra di kulawarga sedengkeun bébédaanana aya dina citra psikis jeung citra di masarakat.

Tina dua karya sastra nu geus dianalisis dumasar kana tokoh-tokoh wanojana bisa témbong kumaha citra wanoja Sunda jaman harita. Citra pisik wanoja Sunda nu kagambar nya éta geulis, aya nu dangdanan jeung papakéanana basajan aya ogé nu dangdananana gombrés, bayuhyuh, berséka, jeung resep dangdan. Citra psikis wanoja Sunda nu témbong nya éta soléhah, pinter, panjang ingetan, soméah, peka, tigin kana jangji, henteu égois, tawekal, hadé ka sémah, resep heureuy, lemes budina, bisa dipercaya, jujur, amanah, cicingeun, teu pati réa carita, hésé percaya ka batur, dusun, jeung timburuan. Citra wanoja Sunda di

(33)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

kulawarga nya éta aya nu jadi anak hiji-hijina aya ogé nu anak bungsu, teu boga kawasa éstuning tumut kana sagala kahayang kolot, teu boga kawasa ti salaki, pamajikan nu nyaah ka anakna sarta bisa ngatik kalawan bener, pamajikan nu tuhu ka salaki sarta bisa ngarojong salakina, jeung sacara ékonomi teu bisa hirup mandiri. Citra wanoja Sunda di masarakat nya éta bageur, soléhah, tegas, dipikahormat tur dipikasérab ku masarakat sabudeureunana, amanah, soméah henteu umaing, daréhdéh, pamingpin nu akur jeung masarakatna jeung nyaah kana seni daérahna, sarta sacara politik aya nu boga kalungguhan penting di masarakat aya ogé nu henteu.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngaronjatkeun hasil aprésiasi karya sastra hususna novel jeung carita pondok pikeun nu nalungtik, para sastrawan ngora, jeung kritikus karya sastra nya éta:

1) pikeun nu nalungtik kudu nambahan pangaweruh ngeunaan karya sastra hususna novel jeung carpon sarta pangaweruh ngeunaan féminis jeung stukturalisme. Saméméh nganalisis maké péso féminis, analisis strukturalna ogé kacida pentingna minangka dadasar analisis. Salian ti éta, panalungtik ogé kudu bisa ngagambarkeun kumaha citra wanoja dina karya sastra Sunda sacara gembleng nepi ka hal-hal nu pangleutikna sarta ieu panalungtikan téh can dipatalikeun jeung widang pangajaran. Ku kituna dina panalungtikan kahareupna dipiharep aya nu matalikeun ieu panalungtikan jeung pangajaran sangkan bisa dijadikeun pangdeudeul (matéri) pangajaran di sakola.

2) Pikeun para sastrawan ngora dipiharep bisa ngeuyeuban deui khasanah karya sastra nu miboga ajén-inajén féminisme lantaran dunya féminisme tuluy ngalaman parobahan luyu jeung kamekaran jaman.

3) Pikeun para kritikus karya sastra hususna kritikus féminisme kudu nambahan pangaweruhna dina widang sastra jeung sagala hal nu aya patalina jeung dunya féminis.

(34)

177

(35)

Anisa Rahma, 2013

Citra Wanoja Sunda Dina Nu Kaul Lagu Kaléon Jeung 40 Dongéng Énténg Ti Pasantrén Karya R.A.F (Kajian Struktural Jeung Kritik Sastra Féminisme Idéologis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Affandie, Rahmatullah Ading. (2008). Nu Kaul Lagu Kaléon. Bandung: Kiblat. ---, (1998). 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén. Bandung: CV Geger Sunten. Anwar, Ahyar. (2009). Geneologi Feminis. Jakarta: Republika.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1991). Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Kedua. Jakarta: Balai Pustaka.

Djajanegara, Soenarjati. (2000). Kritik Sastra Feminis: Sebuah Pengantar. Jakarta: Gramedia.

Faturohman, Taufik. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Humm, Magie. (2002). Ensiklopedia Feminisme. Yogyakarta: Fajar Pustaka Baru. Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten

Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing. ---, (2004). „Suara Perempuan dalam Novel Sunda Puputon „Buah Hati‟ Karya

Aam Amilia: Kajian Feminisme‟. Tesis. Yogyakarta: Program Pascasarjana Universitas Gajah Mada.

---, (2010). Teori Sastra. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika. Jabrohim. (1994). Pengajaran Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Keraf, Gorys. 2010. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia

Koswara, Dedi. (2009). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Nurgiyantoro, Burhan. (2002). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

(36)

178

Prabasmoro, Aquarini Priyatna. (2006). Kajian Budaya Feminis. Yogyakarta: Jalasutra.

Ratna, Nyoman Kutha. (2004). Penelitian Sastra: Teori, Metode, dan Tehnik. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. (1965). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. Ruhaliah. (2010). “Sajarah Sastra Sunda Modern” (Diktat Kuliah). Bandung:

JPBD.

Rusyana, Yus. (1992). Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang. Salmun, M.A. (1958). Kandaga Kasusastraan. Jakarta: Ganaco. Semi, Atar. (1989). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Sopia, Adib & Sugihastuti. (2003). Feminisme dan Sastra: Menguak Citra Perempuan dalam Layar Terkembang. Bandung: Katarcis.

Sudjiman, Panuti. (1990). Kamus Istilah Sastra. Jakarta: Universitas Indonesia Press.

Sugihastuti & Suharto. (2010). Kritik Sastra Feminis: Teori dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Tarigan, Henry Guntur. (1986). Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Teeuw, A. (1984). Sastra dan Ilmu Sastra: Pengantar Teori Sastra. Jakarta: PT

Dunia Pustaka Jaya.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

(1)

citra positif nu miboga sisi négatifna, tapi jumlahna teu pati loba. Tokoh-tokoh wanoja nu aya dina dua karya sastra beunang R.A.F miboga citra psikis nu alus tur hadé saluyu jeung karakter tokohna séwang-séwangan. Contona waé palaku utama dina masing-masing karya nya éta Nani jeung Nyi Halimah. Nani jeung Nyi Halimah miboga citra psikis nu sarua lebah dina pinterna jeung teu pati loba caritana. Nani jeung Nyi Halimah nya éta wanoja anu cerdas dina widangna séwang-séwangan. Nani nu parigel mamaos sedengkeun Nyi Halimah mah pinter ngajina, pinter élmu agamana. Jadi dina hal ieu, pangarang hayang némbongkeun yén palaku utama dina karya-karyana miboga citra psikis nu positif.

Citra wanoja di kulawarga dina dua karya sastra beunang R.A.F miboga sasaruaan ditilik tina posisina di kulawarga. Nani digambarkeun jadi anak bungsu ti hiji kulawarga nu cukup bandana sedengkeun Nyi Halimah anak hiji-hijina nu boga pasantrén. Nilik kana hal éta, biasana anak bungsu jeung anak hiji-hijina téh anak nu diwowoy ku kolotna. Salian ti éta, Nani jeung Nyi Halimah ogé digambarkeun jadi anak nu salawasna tumut ka kolotna nepi ka aya kesan yén maranéhna siga nu teu boga kawasa nanaon di kulawargana. Sagala téh éstuning kumaha nu jadi kolot. Ditilik tina sisi ékonomina, Nani jeung Nyi Halimah ogé miboga citra négatif lantaran manéhna teu bisa hirup sacara mandiri. Ti keur leuleutik nepi ka rumaja gumantung ka nu jadi kolot. Sanggeus kawin gumantung ogé ka salakina. Kahirupan rumah tangga Nani jeung Nyi Halimah henteu mulus kitu waé. Nani nu kawin ka lalaki pilihan indungna nu ku manéhna teu dipikacinta tungtungna kudu pipisahan jeung salakina. Kitu ogé Nyi Halimah, manéhna nepi ka ninggalkeun Ajengan jeung Ibu Ajengan lantaran dibawa ku salakina. Tina hal ieu katitén kumaha Nyi Halimah teu boga kawasana ka nu jadi salaki nepi ka daék ninggalkeun indung bapana.

Ditilik tina sisi politik di masarakatna, tokoh utama dina dua karya sastra digambarkeun salaku wanoja biasa nu teu boga kalungguhan penting. Masarakat ngan nyaho yén Nyi Halimah téh anak nu boga pasantrén. Kitu ogé jeung Nani, manéhna ngan dipikawanoh salaku anak bungsu kulawarga Kang Jamhari. Salian ti éta, di masarakat maranéhna duaan teu boga citra nanaon deui. Tina dua karya sastra ieu aya bébédaan nu bisa diimeutan leuwih jero. Dina 40 Dongéng Énténg ti

(2)

175

Pasantrén pangarang ngagambarkeun palaku tambahan miboga kalungguhan nu penting di masarakatna. Misalna waé Ibu Ajengan, Mbok Isoh, jeung Juragan Camat Istri. Maranéhna tiluan kawilang tokoh wanoja nu boga peranan di masarakatna saluyu jeung widangna séwang-séwangan. Ibu Ajengan jadi guru ngaji nu mana bakal mangaruhan kana pangwangunan ahlak masarakatna. Mbok Isoh dipikawanoh salaku istri nu jembar pangaweruhna ngeunaan dongéng sasakala. Santri-santri nu hayang apal ngeunaan sakabéh sasakala pasti nepungan Mbok Isoh. Dina kontéks éta, Mbok Isoh méré pangaweruh sacara teu langsung ka para santri. Kitu ogé jeung juragan Camat istri nu bisa disebut pamingpin nu hadé. Manéhna pamingpin nu akur jeung masarakatna sarta dipikaresep lantaran sipatna nu daréhdéh. Juragan Camat istri ogé bisa dijadikeun hiji conto ku masarakatna dina hal ngayakeun hubungan sosial jeung papadana. Béda jeung dina novel Nu Kaul Lagu Kaléon, kalungguhan para palaku tambahan di masarakatna digambarkeun sacara implisit ku pangarangna.

c. Hubungan Citra Wanoja dina Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén

Hubungan citra wanoja nu aya antara Novel Nu Kaul Lagu Kaléon jeung Kumpulan Carpon 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén ngabalukarkeun ayana hiji sasaruaan jeung bébédaan. Sasaruaan jeung bébédaan éta dipangaruhan ku unsur-unsur pangwangunna (unsur-unsur instrinsik) anu béda. Sasaruaan citra wanoja nu aya dina dua karya sastra nya éta dina citra pisik/warugana jeung citra di kulawarga sedengkeun bébédaanana aya dina citra psikis jeung citra di masarakat.

Tina dua karya sastra nu geus dianalisis dumasar kana tokoh-tokoh wanojana bisa témbong kumaha citra wanoja Sunda jaman harita. Citra pisik wanoja Sunda nu kagambar nya éta geulis, aya nu dangdanan jeung papakéanana basajan aya ogé nu dangdananana gombrés, bayuhyuh, berséka, jeung resep dangdan. Citra psikis wanoja Sunda nu témbong nya éta soléhah, pinter, panjang ingetan, soméah, peka, tigin kana jangji, henteu égois, tawekal, hadé ka sémah, resep heureuy, lemes budina, bisa dipercaya, jujur, amanah, cicingeun, teu pati réa

(3)

kulawarga nya éta aya nu jadi anak hiji-hijina aya ogé nu anak bungsu, teu boga kawasa éstuning tumut kana sagala kahayang kolot, teu boga kawasa ti salaki, pamajikan nu nyaah ka anakna sarta bisa ngatik kalawan bener, pamajikan nu tuhu ka salaki sarta bisa ngarojong salakina, jeung sacara ékonomi teu bisa hirup mandiri. Citra wanoja Sunda di masarakat nya éta bageur, soléhah, tegas, dipikahormat tur dipikasérab ku masarakat sabudeureunana, amanah, soméah henteu umaing, daréhdéh, pamingpin nu akur jeung masarakatna jeung nyaah kana seni daérahna, sarta sacara politik aya nu boga kalungguhan penting di masarakat aya ogé nu henteu.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngaronjatkeun hasil aprésiasi karya sastra hususna novel jeung carita pondok pikeun nu nalungtik, para sastrawan ngora, jeung kritikus karya sastra nya éta:

1) pikeun nu nalungtik kudu nambahan pangaweruh ngeunaan karya sastra hususna novel jeung carpon sarta pangaweruh ngeunaan féminis jeung stukturalisme. Saméméh nganalisis maké péso féminis, analisis strukturalna ogé kacida pentingna minangka dadasar analisis. Salian ti éta, panalungtik ogé kudu bisa ngagambarkeun kumaha citra wanoja dina karya sastra Sunda sacara gembleng nepi ka hal-hal nu pangleutikna sarta ieu panalungtikan téh can dipatalikeun jeung widang pangajaran. Ku kituna dina panalungtikan kahareupna dipiharep aya nu matalikeun ieu panalungtikan jeung pangajaran sangkan bisa dijadikeun pangdeudeul (matéri) pangajaran di sakola.

2) Pikeun para sastrawan ngora dipiharep bisa ngeuyeuban deui khasanah karya sastra nu miboga ajén-inajén féminisme lantaran dunya féminisme tuluy ngalaman parobahan luyu jeung kamekaran jaman.

3) Pikeun para kritikus karya sastra hususna kritikus féminisme kudu nambahan pangaweruhna dina widang sastra jeung sagala hal nu aya patalina jeung dunya féminis.

(4)

177

(5)

DAFTAR PUSTAKA