Kritik Sastra Ronggeng Sajajagat Karya A

Rini Anggraini
180210120033

Aya

Ahmad

Bakri
sajeroeun

Ua

Haji

Dulhamid

jeung

Ronggeng Sajajagat

Sastra téh gambaran kahirupan, jeung éta gambaran kahirupan téh

kanyataan sosial. Hartina naon boa lalakon nu karandapan dina karya
sastra, éta téh mangrupa refléksi tina hubungan pangarang jeung
masarakatna. Lalakona aya nu pribadi, individual, atawa personal. Aya
ogé nu ngagambarkeun réalitas nu leuwih lega, nu patali jeung
kamekaran sosial, kajadian politik, atawa kajadian budaya nu mawa
pangaruh dina hiji sélér bangsa, nagara, atawa dunya.
Lamun urang sumender kana teori Goldman, tangtu nu disebut
gambaran kahirupan sosial téh taya lian kahirupan jembar; kajadian nu
mawa pangaruh gedé kana kahirupan masarakat jeung nagarana, misalna
baé konflik politik, robahna tatanan kahirupan masarakat, budaya nu jadi
dasar kana kamekaran, nu mawa pangaruh badag dina unggal lini
kahirupan lain ngalalakonkeun pangalaman pribadi wungkul.
Di

tataran

sastra

sunda,


Ahmad

Bakri

(1917-1988)

mangrupa

sastrawan nu kahot jeung geus loba medarkeun buku, nyumbangkeun
kaparigelan nulisna dina kasundaan nu mangrupa carita pondok, carita
nyambung, novel, jrrd. Karya-karya Ahmad Bakri nu geus medal
mangrupa

buku

di

Pananjung, Sanghiang
Sudagar


Batik,

Mayit

antarana Payung

Lutung
dina

Butut,

Kasarung, Srangéngé
Dahan

Jéngkol,

Rajapati
Surup

Jurutulis


di

Mantén,

Malingping,
1

Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, jeung Ki Merebot, Kabandang ku
Kuda Lumping, Nu Seungit Dipulang Asih. Salian ti éta, carpon-carpona
ogé dikumpulkeun dina buku Dina Kalangkang Panjara

jeung Dukun

Lepus.
Ahmad Bakri lain waé kaasup kana pangarang Sunda produktif, tapi
deuih kungsi meunang jujuluk pangarang paporit dumasar kana hasil
angkét

majalah Manglé dina


taun

80-an. Tangtu

aya

dasarna

hasil

angkét Manglé téh, karangan Ahmad Bakri boh carpon boh carnyam anu
dimuat dina éta majalah loba nu mikaresep, malah sok kacida diareparepna. Lantaran

salian

ti

produktivitasna


dina

nyieun

karya,

kaparigelanana dina ngagambarkeun kahirupan masarakat leutik kacida
hirup tur seger pisan. Kritik-kritikna kana pamaréntahan nu teu adil loba
ditepikeun ku basa nu basajan tur nyantéi. Minangka karya hiji Guru,
karya-karyana

pinuh

ku

amanat

anu

nyamuni


dina

carita

nu

ditepikeunana.
Kaparigelana dina nulis nu diwangun ku gunem catur mangrupa
kapunjulan ti Ahmad Bakri. Tokoh-tokohna karasa hirup. Caritana gampil
ditarima, tapi gede pisan amanat nu bisa dijadikeun eunteung keur
kahirupan. Eusina teu pernah jauh tina kahirupan sapopoé di daérah
padésaan. Loba diantarana nu nyokot latar nalika jaman panjajahan
Walanda saacan Perang Dunia ka-2. Kusabab éta karya-karya Ahmad Bakri
ngandung nilai historis kultural.
Salah sahiji karya nu paling dipikaresep nyaéta serial Ua Haji
Dulhamid nu dimuat majalah manglé ti taun 1985. Penerbit kiblat
ngabukukeun serial nu mangrupa obrolan warung kopi nu geus lami pisan
teu kaluar di masarakat. Dina panganteurna direncanakeun buku dicitak
janten 3 jilid. Buku jilid kahiji diterbitkeun nganggo judul Ronggeng

Sajajagat nu dicokot tina salah sahiji obrolan. Sadayana ngamuat 17 judul.
Enya gé latar caritana jaman orde baru, mung téma-téma obrolanna
seueur nu diangkat tina fénoména sosial budaya masyarakat samasa
pamarentahan kolonial. Jadi, lian ti ngahibur buku ieu ogé buku nu
informatif.
2

Dina obrolan nu dijudulan Ki Madlani, Ronggéng Sajajagat, jeung
Tanjakan Cigaru, utamana ngaliwatan tokoh Ua Haji, Ahmad Bakri
ngagambarkeun poékna kahirupan jaman baheula. Ki Madlani, tokoh nu
dijadikeun judulna nyaéta bandar judi nu dilandi raja téga. Sedengkeun
dina Tanjakan Cigaru, nu dicaritakeun ku Ua Haji nyaéta Si Sabda. Saperti
Ki Madlani, Sabda ogé tukang rampok, maéhan jeung ngarogahala. Lian ti
Madlani jeung Sabda, aya oge Anis, ronggéng geulis sripanggung nu
ahirna paéh alatan rajasinga.
Dina carita Kariaan Dalem jeung Moro Maung, Ua Haji nyaritakeun
hiji sisi kahirupan ménak nu aya patalina jeung hal-hal mistis. Dina
Kariaan Dalem, lian ti nyaritakeun fénoména masarakat Ciamis dina
mangsa bupati ngayakeun kariaan, ogé dicaritakeun ngeunaan tamu
ondangan


ti Rawa Onom. Keur tamu-tamu nu teu lain nyaéta mahluk

halus, disadiakeun ténda husus. Mun tatamu éta mulang, ngadadak
balong pinuh ku lauk, nyampak munding sababaraha hiji, teuing timana
datangna, geus ditalian kana tatangkalan.
Pon kitu deui dina Moro Maung. Dina jaman harita, aya kalana
Bupati jeung masarakatna moro maung, nu mindeng ngalaan sato nu
diingu ku masarakat, leuweung ngadadak siga pasar malam. Lian ti éta,
Ua Haji nyaritakeun maung siluman nu dikaitkeun jeung mitos Prabu
Siliwangi.
Kajadian–kajadian nu gedé gé teu weléh dicaritakeun ku Ua Haji, dina
carita Nu Geulis, carita nu diangkat tina kajadian mahabuna hama beurit
nu ngaruksak rébuan héktar sawah. Teu tinggaleun dicaritakeun ogé adat
istiadat masarakat dina widang tatanén, sedengkeun dina Jaman Cacing
Saduit, nyaritakeun kisah ngeunaan tanam paksa di Jawa Barat, dina
jaman kopi keur jadi primadona harita. Nu masih kontékstual nyaéta
Rampog Kawasén. Obrolan na patali jeung jaman dimana pihak nu boga
kawasa ngarampas harta banda rahayat sangeunahna.
Aya nu jadi paporit kuring dina salah sahiji pagunemana,


3

“Lakuning kajurung nafsu, mesatna kana doraka, anggeusna dina
cilaka.”
Éta mangrupa salah sahiji ungkara basa tina carita Ronggéng Sajajagat.
Nu mibanda harti yén laku lampah manusa nu kajurung ku nafsu,
lumpatna kana pidorakaeun nu tungtungna matak picilakaeun jeung
ngadoréksakeun ka dirina sorangan. Mun sacara konsép konstektual,
carita éta téh masih aya dina kahirupan jaman ayeuna, tangtu baé.
Poékna sisi kahirupan nu ngawowoy hawa napsu pikeun minuhan eusi
peujit ku jalan milampah laku goréng dina ngalap rejeki ku jalan jual diri,
seueur kénéh kajadian,boh ronggéng tradisional nu nyamuni na kedok
seni atanapi nu kedokna medernitas dina wangunan diskotik jeung tempat
hiburan malam lianna.
Teu beunang dipungkiri ku urang sadayana, dina jaman ayeuna
panyakit masarakat siga kieu nu jadi hiji paktor ningkatna panyakit nu
tumali jeung prilaku séks bébas. Lamun dina carita Ronggeng Sajajagat
aya si Anis


ronggeng kahot nu panggeulisna dina jamanna

jadi

sripanggung tapi lalakon na maksiat wungkul, teu lila jayana, umur tilu
puluh taun gé, geus ruksak pisan awakna, irung sumpung, panon pécak,
jaba leungeun kémpréng sabeulah, keuna panyakit kotor sabangsa sipilis,
da tadina diobral teuing boga rasa payu, sagala bres waé. Dina jaman
ayeuna aya nu ngarana HIV/AIDS

anu tiap taun beuki nambahan baé

jalma nu kakeunaan ku panyakit eta. Lila sanggsarana si Anis téh,
malahan paéhna gé di saung sawah batur. Éta bisa dijadikeun eunteung
keur kahirupan urang, hadé rupa teu dibarengan ku haté nu hadé ogé,
lumpatna kana cilaka, nyangsarakeun awak sorangan.
“pan heueuh... paingan ceuk kolot, geulis rupa mah tara langgeng
katarajang ku umur gé ruksak... nu langgeng mah geulis ati kabawa
nepi ka ahérat.”
Kurang leuwih kitu nu katangkep ku kuring dina gunem catur nu
dicaritakeun ku Ua Haji Dulhamid dina judul Ronggéng Sajajagat, nu jadi
bangbaluh dina maca ieu carita nyaéta hiji carita nu ditulis dina wangun
paguneman nu teu make ngaran saha nu ngomongna, bagéan saha nu
ngomongna, enya gé Ahmad Bakri mangrupa hiji penulis nu piawai dina
4

ngadamel carita wangun paguneman, tapi dina carita nu diterbitkeun deui
ku Kiblat nu nyandak tina majalah manglé teu di revisi deui janten teu
disebatkeun saha nu keur nyarita dina paguneman éta téh, mung wangun
dialog nu dicirikeun ku kekenteng wungkul. Duka pédah ngudag kana
orisinalitas carita nu aya dina mangle, tapi di dinya justru nu jadi hiji
bangbaluhna pikeun nu maca ngarti kana eusi carita, jeung saha nu keur
nyarita na. Tapi onjoyna ieu karya téh nyaéta ngangkat carita nu
sumberna tina paguneman di warung kopi jadi teu karasa mapatahan
pisan kawas sakumna ngobrol wéh.
Dina teori sastra aya nu disebut estetika resepsi nyaéta tanggapan
pembaca terhadap karya salah sahiji kritik Jauss: horison harapan
pembaca. Lamun dipaluruh tina tiori Jauss, seueur pisan kritik nu tiasa
didugikeun kana ieu karya, mun ditaluntik maké teori estetika resepsi.
Tanggapan nu maca kana hiji karya pasti béda jauh jeung naon nu
dimaksud ku nu nulis, kusabab horison harapan na teu nepi perspektif
sinkronik jeung diakronik teu saluyu.
Serial Ua Dulhamid I nu judulna Ronggéng Sajajagat wedal munggaran
dina wangun novél ku Kiblat mangrupakeun novél anu munel ku naséhat
nu nyamuni dina eusi carita sanajan eusina mah lolobana geus bari
lantaran sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeun na
ku Ahmad Bakri ngaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur
ngobrolna di émpéran mesjid atawa di imahna diselapan ku heureuy anu
has pilemburan bari ngawangkong. Éta naséhat jeung patuah téh teu
karasa mapatahan kanu maca na. Ari bahan gunem caturna umumna
mangrupa pangalaman béh ditu nu kaalaman ku Ua Haji jeung anu
sapantaranana tapi teu kaalaman nu sejen nu sok milu ngawangkong. Nya
katapis ngadongéng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul
Ahmad Bakri dibanding jeung para pangarang sunda lianna. Ngan
hanjakal, hiji kakurangana numutkeun kamandang kuring nu geus maca
ieu karya nyaéta rada bingung ngabandungan saha nu ngomong kusabab
loba nu teu disebutkeun ngaran atawa jelema nu ngomong dina wangun
pagunemana ngan saukur dibéré ciri ku kekenteng wungkul.
5

Referensi:
http://www.klik-galamedia.com/memori-ahmad-bakri
http://kiblatbukusunda.blogspot.com/2013/10/ronggeng-sajajagat.html
http://chyeretty.wordpress.com/esai-budaya-sastra-sunda/piteuk-tongowalangtaga/
http://id.wikipedia.org/wiki/Ahmad_Bakri

6