NGALARAPKEUN MÉDIA PANGAJARAN SKETSA PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS ÉSÉY SISWA KELAS XII-IPS.1 DI SMA YAYASAN ATIKAN SUNDA (YAS) BANDUNG.

(1)

Nurhayati, 2013

NGALARAPKEUN MÉDIA PANGAJARAN SKETSA

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS ÉSÉY SISWA KELAS XII-IPS.1 DI SMA YAYASAN ATIKAN SUNDA (YAS)

BANDUNG SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku NURHAYATI

0906123

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NGALARAPKEUN MÉDIA PANGAJARAN SKETSA

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS ÉSÉY SISWA KELAS XII-IPS.1 DI SMA YAYASAN ATIKAN SUNDA (YAS)

BANDUNG

oleh Nurhayati

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salasatu syarat memeperoleh gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

© Nurhayati 2013

Universitas Pendidikan Indonesia Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

Nurhayati, 2013

LEMBAR PENGESAHAN Nurhayati

NIM. 0906123

NGALARAPKEUN MÉDIA PANGAJARAN SKETSA

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS ÉSÉY SISWA KELAS XII-IPS.1 DI SMA YAYASAN ATIKAN SUNDA (YAS)

BANDUNG

Disaluyukeun jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd NIP.196707101991022001

Pangaping II,

Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. NIP. 195701011980021004

Kauning ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia


(4)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


(5)

ABSTRAK

NGALARAPKEUN MÉDIA PANGAJARAN SKETSA PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS ÉSÉY SISWA KELAS XII-IPS.1 DI SMA YAYASAN ATIKAN SUNDA (YAS)

BANDUNG

Penelitian ini merupakan penelitian tindakan kelas (PTK). Subjek dalam penelitian ini adalah siswa kelas XII.IPS-1 di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung, sedangkan objeknya yaitu proses pembelajaran menulis karangan esai dengan menggunakan media pembelajaran sketsa. Tujuan dari dilaksanakannya penelitian ini adalah untuk meningkatkan kemampuan siswa dalam menulis karangan esai. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode penelitian tindakan kelas (PTK) yang terbagi ke dalam dua siklus yakni siklus I dan siklus II. Hasilnya menunjukan bahwa media pembelajaran sketsa mampu meningkatkan kemampuan siswa dalam menulis karangan esai. Hal ini terlihat dari peningkatan skor rata-rata pada setiap aspek yang dinilai. Selain itu juga terjadi peningkatan pada jumlah persentase siswa yang telah mencapai Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) pada setiap siklus penelitian. Jumlah persentase siswa yang telah mencapai KKM pada pra-penelitian hanya 15,4%, pada siklus I 40%, dan pada siklus II 96%.


(6)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

ABSTRACT

APPLYING SKETCHES AS LEARNING MEDIA TO IMPROVE XII-IPS.1 STUDENTS’ ABILITY IN WRITING AN ESSAY IN

SMA YAYASAN ATIKAN SUNDA (YAS) BANDUNG

This research is an action research, which determines XII IPS 1 students in SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung as the subject. Meanwhile, the learning process in writing an essay, which use sketches as learning media is determined as the object of the research. The main purpose of the research is to improve students’ ability in writing an essay. The research uses action research as

the method, which consist of two cycles, namely cycle I and cycle II. Data collection techniques used in this research are testing and observation. The results

show sketches are able to improve students’ ability in writing an essay. This can

be seen from an increase in average scores for each aspect tested. Besides that, the increases also occur in the percentage number of students achieving KKM in every cycle. The percentage of total students achieving KKM is 15,4% in pre-research, 40 % in cycle I, and 96 % in cycle II. Consistent with this result, it can

be conclude sketches as learning media are able to improve students’ ability in

writing an essay.


(7)

DAFTAR EUSI

Abstrak ... i

Pangjajap ... ii

Catur Panuhun ... iii

Daftar Eusi ... v

Daftar Tabel ... vii

Daftar Gambar ... viii

Dafrar Lampiran ... ix

BAB I BUBUKA ... 1

1.1.Kasang Tukang Masalah Panalungtikan ... 1

1.2.Watesan sareng Rumusan Masalah ... 4

1.2.1.Watesan Masalah ... 4

1.2.2.Rumusan Masalah ... 4

1.3.Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4.Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1.Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2.Mangpaat Praktis ... 5

1.5.Raraga Tulisan ... 6

BAB II LANDASAN TIORI ... 7

2.1. Hakikat Diajar ... 7

2.2. Nulis ... 10

2.3. Éséy ... 11

2.4. Média Pangajaran ... 15

2.5. Média Pangajaran Visual ... 17

2.6. Média Pangajaran Sketsa ... 22

2.7. Hipotésis Tindakan ... 24

BAB III MÉTODE SARENG HASIL PANALUNGTIKAN ... 25


(8)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

3.1.1. Lokasi ... 25

3.1.2. Subjék Panalungtikan... 25

3.1.3. Waktu... 25

3.2. Desain Panalungtikan ... 26

3.3. Métode Panalungtikan ... 28

3.4. Wangenan Operasional ... 28

3.5. Instrumen Panalungtikan ... 29

3.6. Prosedur Panalungtikan ... 37

3.7. Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.8. Analisis Data ... 38

BAB IV DÉSKRISI SARENG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN ... 39

4.1. Pangajaran nulis éséy dina pra-panalungtikan ... 39

4.2. Prak-prakan Pangajaran Nulis Éséy Ngagunakeun Média Pangajaran Sketsa ... 41

4.1.1. Siklus I ... 42

4.1.2. Siklus II ... 45

4.3. Hasil Diajar Nulis Éséy Ngagunakeun Média Pangajaran Sketsa ... 49

4.2.1. Siklus I ... 49

4.2.2. Siklus II ... 54

4.4. Ngaronjatna Hasil diajar dina Pra-Panalungtikan, Siklus I, jeung Siklus II ... 59

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI ... 65

5.1. Kacindekan ... 65

5.2. Rekomendasi ... 66

DAFTAR PABUKON ... 67 vi


(9)

DAFTAR TABEL

2.1. Waktu Panalungtikan ... 26

3.3. Lambar Observasi Aktivitas Guru ... 30

3.4. Lambar Observasi Aktivitas Siswa ... 32

3.5. Lambar Catetan Lapangan ... 33

3.8. Format Penilaian ... 36

4.1. Hasil Diajar Nulis Éséy Dumasar Aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan ... 39

4.3. Hasil Diajar Nulis Éséy Dumasar Aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan jeung Siklus I ... 49

4.5. Peunteun Diajar Nulis Éséy Dumasar Aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan jeung Siklus I ... 52

4.7. Hasil Diajar Nulis Éséy Dumasar Aspék nu Diajén dina Siklus I jeung Siklus II ... 55

4.9. Peunteun Diajar Nulis Éséy Dumasar Aspék nu Diajén dina Siklus I jeung Siklus II ... 57

4.12. Peunteun Diajar Nulis Éséy Dumasar Aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan, Siklus I, sareng Siklus II ... 61


(10)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

DAFTAR GAMBAR

2.1. Pelaksanaan Ibadah Qurban ... 19

2.2. Bagan Organisasi ... 20

2.3. Grafik Batang... 22

2.4. Kasenian Jaipongan ... 23

3.2. Bagan Léngkah-léngkah PTK... 27

3.6. Sketsa Kabanjiran... 34

3.7. Format Panulisan Éséy ... 35

4.2. Grafik Rata-rata Peunteun Dumasar kana Aspék-aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan ... 41

4.4. Grafik Rata-rata Peunteun Dumasar kana Aspék-aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan jeung Siklus I ... 51

4.6. Grafik Persentasi Rata-rata Peunteun Dumasar kana Aspék-aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan jeung Siklus I ... 54

4.8. Grafik Rata-rata Peunteun Dumasar kana Aspék-aspék nu Diajén dina Siklus I jeung Siklus II ... 56

4.10.Grafik Persentase Rata-rata Peunteun Dumasar kana Aspék-aspék nu Diajén dina Siklus I jeung Siklus II ... 59

4.11.Grafik Rata-rata Peunteun Dumasar kana Aspék-aspék nu Diajén dina Pra-Panalungtikan, Siklus I, jeung Siklus II ... 60

4.13.Grafik Rata-rata Hasil Diajar Dumasar Peunteun dina Pra-Panalungtikan, Siklus I, jeung Siklus II... 63


(11)

DAFTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 Surat Keputusan Lampiran 2 Surat Izin Observasi

Lampiran 3 Surat Keterangan Observasi Lampiran 4 Lambar Observasi Siklus I Lampiran 5 Lambar Observasi Siklus II Lampiran 6 Silabus Siklus I

Lampiran 7 Silabus Siklus II Lampiran 8 RPP Siklus I Lampiran 9 RPP Siklus II

Lampiran 10 Conto Karangan Éséy Siswa Siklus I sareng Siklus II Lampiran 11 Absén Siswa


(12)

1

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan

Nulis mangrupa hiji tina opat kaparigelan basa nu kudu dikawasa ku unggal jalma kaasup peserta didik. Ieu kaparigelan téh pernahna aya di runtuyan kaopat sanggeus ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Hartina, ieu kaparigelan téh mangrupa kaparigelan nu miboga tingkat kasukaran nu pangluhurna, sabab salian ti mikabutuh mikabutuh daya imajinasi ogé aya sababaraha aspék nu kudu dikawasa ku hiji panulis. Hal ieu saluyu jeung pamadegan Heaton (Rahman, 2006: 2-3).

Keterampilan yang bersifat kompleks dan kadang-kadang sulit untuk dipelajari, karena menulis tidak saja menghendaki penguasaan aspek ketatabahasaan dan perangkat keretorikaan, tapi juga unsur-unsur konseptual dan pertimbangan lainnya.

Pangajaran nulis utamana di sakola-sakola dipikabutuh pikeun ngaronjatkeun kamampuh komunikasi siswa. Ku kituna, dina unggal jenjang pendidikan ti mimiti SD nepi ka mahasiswa kudu diayakeun pangajaran nulis. Salasahiji conto tina pangajaran nulis nu aya dina tingkat SMA nya éta pangajaran nulis éséy.

Éséy nya éta karangan pondok dina wangun lancaran atawa prosa nu eusina medar perkara hiji pasualan numutkeun pamanggih jeung pamadegan nu nulisna. Pasualan nu dipedar dina karangan éséy bisa ngeunaan naon baé, misalna ngeunaan olahraga, kasenian, sastra, politik, ekonomi, jeung sajabana.

Ayana pangajaran nulis éséy di tingkat sakola téh malah nimbulkeun masalah dina pangajaran, utamana dina pangajaran basa. Anu jadi cukang lantaran tina ieu pasualan téh nya éta lantaran nulis mangrupa kagiatan nu sifatna kompleks jeung mikabutuh pangawasaan sababaraha aspék.


(13)

2

Bangbaluh anu kiwari disanghareupan ku para siswa hususna di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung nya éta aspek nu patali jeung retorika jeung aspek nu patali jeung konseptual. Bangbaluh nu patali jeung retorika upamana nya éta réa siswa nu ngarasa bingung nangtukeun kekecapan nalika baris ngamimitian nulis. Sedengkeun bangbaluh anu patali jeung konseptual upamana baé nya éta réa siswa nu bingung nalika kudu matalikeun antara hiji kajadian jeung kajadian séjénna. Salian ti kurangna kamampuh retorika jeung konseptual atawa daya imajinasi, motivasi siswa kana diajar nulis ogé kurang.

Motivasi nya éta hiji usaha pikeun ngahontal hiji tujuan nu tangtu. Dina kontéks pangajaran, motivasi nya éta sagala rupa nu bisa nyumangetan siswa sangkan leuwih sumanget pikeun diajar. Ku kituna, ayana motivasi dina

pangajaran ogé mangaruhan kana tingkat keberhasilan diajar siswa. Kurangna

motivasi diajar siswa dipangaruhan ku sababaraha hal salasahijina nya éta pamilihan jeung pamakéan média pangajaran anu kurang pas nu pamustunganana ieu média téh teu bisa ngirut jeung ngahudang karep siswa kana diajar.

Média pangajaran téh nya sabangsaning alat-alat anu bisa méré informasi ngeunaan hiji hal atawa hiji kajadian. Média nu digunakeun dina prosés pangajaran mangka disebut média pangajaran. Média pangajaran téh réa wangunna diantarana 1) média berbasis manusa, 2) média berbasis cetakan, 3) média berbasis visual, 4) média berbasis audio-visual, jeung 5) média berbasis komputer.

Média pangajaran berbasis visual nya éta alat-alat fisik nu digunakeun dina prosés pangajaran pikeun ngagambarkeun hiji hal nu aya patalina jeung prosés pangajaran. Ieu média pangajaran téh bisa méré stimulus ka alat indra siswa. Alat indra nu dimaksud di dieu nya éta indra panénjo, nepi ka siswa bisa matalikeun antara matéri pangajaran jeung dunya nyata. Salasahiji conto média pangajaran berbasis visual nya éta sketsa atawa gambar garis.

Sketsa (stick figure) nya éta gambar garis basajan atawa draf kasar pikeun

memvisualisasikeun konsép atawa ide-ide nu baris ditepikeun ka siswa. Salaku média gambar, mangka sketsa miboga kaonjoyan ti média-média lianna diantarana 1) sifatna konkret nepi ka bisa ngajadikeun média gambar leuwih


(14)

3

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

realistis dina némbongkeun poko pasualan tinimbang média verbal; 2) bisa ngungkulan wates ruang jeung waktu; 3) bisa ngungkulan tina kawatesanana kamampuh indra panénjo urang; 4) murah jeung teu mikabutuh alat-alat husus; sarta 5) média gambar garis (sketsa) bisa dijieun langsung di hareupeun kelas nalika guru nerangkeun.

Dina prosés pangajaran, guru bisa ngajelaskeun sacara lisan atawa verbal. Sangkan pedaran leuwih jentré jeung leuwih ngirut karep siswa mangka leuwih hadé guru nuduhkeun barang-barang nu saenyana lain ngan ukur titironna hungkul. Tapi, saupama guru teu bisa nuduhkeun barang atawa kajadian nu saenyana di hareupeun kelas mangka alternatif nu kudu dipilih nya éta ngagunakeun média gambar garis atawa sketsa. Sabab, salian ti miboga kaonjoyan saperti nu geus didadarkeun di luhur ogé média sketsa bisa méré stimulus kana daya imajinasi siswa ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal kalawan écés, tapi teu nimbulkeun kasalahan penafsiran ti siswa. Ku kituna, ieu média téh asa payus upama digunakeun pikeun média pangajaran di sakola enggoning ngungkulan pasualan-pasualan nu patali jeung pangajaran utamana pangajaran nulis.

Saméméhna ogé kungsi aya anu ngulik ngeunaan Média visual dina pangajaran nulis, tapi pangajaran nulisna nya éta nulis guguritan ka siswa kelas VIII SMPN 15 Bandung nu dilaksanakeun ku Haat Rahmawati (2011). Hasil tina panalungtikanana nya éta média visual éféktif pikeun pangajaran nulis. Bédana éta panalungtikan jeung ieu panalungtikan nya éta dina panalungtikan sateuacana mah média visual gambar nu digunakeun sifatna masih kénéh umum. Padahal wanda média gambar téh rinéka di antarana baé aya foto, lukisan/ gambar jadi, jeung sketsa (gambar garis). Upama ditalungtik, éta gambar téh tinangtu miboga tingkat kaéféktifan nu teu sarua. Sedengkeun média nu digunakeun dina ieu panalungtikan leuwih spesifik nya éta média gambar dina wanda sketsa. Ku kituna, panulis kataji pikeun ngalaksanakeun panalungtikan nu judulna

“Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis


(15)

4

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Média pangajaran mangrupa bagian integral nu kacida pentingna dina prosés pangajaran nu kudu disaluyukeun jeung kamekaran jaman. Hal ieu dilakukeun sangkan leuwih bisa ngirut karep siswa pikeun diajar.

Média pangajaran téh réa wangunna ti mimiti média nu berbasis manusa nepi ka média nu berbasis visual. Média berbasis visual ngawengku 1) gambar, 2) bagan jeung chart, 3) grafik, jeung 4) transfaransi. Média gambar kabagi kana tilu wanda, diantarana gambar jadi, gambar garis (sketsa), jeung fotografi. Tapi, dina ieu panalungtikan diwatesanan kana média berbasis visual gambar dina wangun

sketsa atawa gambar garis.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, mangka nu jadi rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina ieu sawatara kalimah pananya di handap.

1) Kumaha gambaran kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPS.1 di SMA

Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung nalika pra-panalungtikan?

2) Kumaha aktivitas siswa salila pangajaran nulis éséy ngagunakeun média

pangajaran sketsa dina siklus I jeung siklus II?

3) Kumaha ngaronjatna kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPS.1 di SMA

Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung dina pra-panalungtikan ka siklus I jeung dina siklus I ka siklus II?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan panalungtikan mangrupa jawaban tina pasualan nu geus dirumuskeun tur nyoko kana kasang tukang jeung rumusan masalah. Tujuan tina ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.

Tujuan umum nu baris dihontal dina ieu panalungtikan nya éta baris ngawanohkeun média pangajaran sketsa sarta méré gambaran kamampuh média


(16)

5

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

pangajaran sketsa pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XII dina nulis éséy. Sedengkeun tujuan husus nu baris dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPS.1 di SMA Yayasan Atikan

Sunda (YAS) Bandung dina pra-panalungtikan;

2) aktivitas siswa dina pangajaran nulis éséy ngagunakeun média pangajaran

skétsan dina siklus I jeung siklus II; jeung

3) ngaronjatna kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPS.1 di SMA Yayasan

Atikan Sunda (YAS) Bandung dina pra-panalungtikan ka siklus I jeung dina siklus I ka siklus II.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Dipiharep tina ieu panalungtikan téh bisa méré mangpaat hususna pikeun panulis jeung umumna pikeun nu maca. Mangpaat tina ieu panalungtikan dibagi dua nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, dipiharep ieu panalungtikan téh bisa nambahan pangaweruh jeung kaélmuan dina widang pangajaran utamana pikeun pangajaran nulis.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaan praktis tina ieu panalungtikan, di antarana:

1) méré gambaran sarta rujukan pikeun guru ngeunaan média pangajaran

sketsa dina pangajaran nulis;

2) jadi bahan pertimbangan pikeun guru dina nangtukeun média

pangajaran nu luyu jeung tujuan pangajaran nu baris dihontal, sangkan siswa mampuh ngahontal éta tujuan kalayan maksimal; jeung

3) saran pikeun lembaga-lembaga pendidikan sangkan ngaronjatkeun


(17)

6

1.5 Raraga Tulisan

Sistematika panulisan dina ieu skripsi, ngawengku:

1) BAB I: Bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

2) BAB II: Tatapakan tiori, eusina ngawengku hakikat diajar, nulis, éséy,

média pangajaran, média pangajaran berbasis visual, média pangajaran

sketsa (stick figure), jeung hipotesis tindakan.

3) BAB III: Métode panalungtikan, eusina ngawengku setting panalungtikan,

desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, prosedur panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

4) BAB IV: Hasil panalungtikan jeung pedaran, eusina ngadeskripsikeun

ngeunaan hasil analisis data jeung analisis temuan.


(18)

25

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

BAB III

MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar dalapan hal nya éta setting panalungtikan, desain

panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, prosedur panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

3.1. Setting Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan setting dibagi jadi tilu nya éta lokasi, subjék, jeung

waktu.

3.1.1.Lokasi

Lokasi nya éta tempat lumangsungna kagiatan panalungtikan. Dina ieu panalungtikan lokasi anu dipilih nya éta SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung. Anapon alamatna nya éta di Jl. P. H. H. Mustapa No. 115 Telp./Fax. (022) 7102200 Bandung 40125.

3.1.2.Subjék Panalungtikan

Subjék panalungtikan nya éta pihak-pihak anu dijadikeun bahan pikeun ditalungtik dina hiji panalungtikan.

Dumasar kana pamadegan di luhur, mangka nu jadi subjék dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XII-IPS.1 di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung. Jumlahna nya éta 37 siswa kalawan rincian 15 siswa lalaki jeung 22 siswa awéwé.

3.1.3.Waktu

Kagiatan panalungtikan dilaksanakeun salila dua minggu. Dina ieu panalungtikan baris dilaksanakeun dua siklus nya éta siklus I jeung siklus II. Anapon rincian jadwalna saperti tabel ieu di handap.


(19)

26

Tabel 3.1

Waktu Panalungtikan

No Siklus Poe, Tanggal

1 Siklus I Salasa, 22 Januari 2013

2 Siklus II Salasa, 29 Januari 2013

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta rarancang pikeun milih sumber-sumber jeung jenis informasi nu digunakeun pikeun méré jawaban tina rupa-rupa pananya dina panalungtikan. Lantaran métode nu digunakeun PTK mangka desain nu digunakeunana ogé desain PTK.

Nurutkeun Suharsini dina Mulyasa (2011: 10), ngabagi PTK kana tilu kecap nya éta penelitian, tindakan, jeung kelas.

Penelitian nya éta kagiatan pikeun ngamutolaah hiji objék kalawan ngagunakeun cara jeung métodologi nu tangtu pikeun meunangkeun data jeung informasi nu tangtuna bakal miboga mangpaat pikeun ngaronjatkeun mutu hiji hal.

Tindakan nya éta hiji kagiatan nu sangaja dilaksanakeun kalayan tujuan anu

tangtu. Sedengkeun kelas nya éta sakelompok peserta didik dina waktu nu sarua

tur narima pangajaran nu sarua ti guru nu sarua ogé.

Tina pedaran di luhur bisa dicendekkeun yén nu dimaksud Penelitian tindakan kelas (PTK) nya éta kagiatan nalungtik sakelompok peserta didik pikeun ngaronjatkeun mutu hiji hal ku cara ngayakeun prosés perlakuan. Hal ieu ogé luyu jeung pamadegan Mulyasa (2011: 11).

“Penelitian tindakan kelas merupakan suatu upaya untuk mencermati kegiatan belajar sekelompok peserta didik dengan memberikan sebuah tindakan (treatment) yang sengaja dimunculkan.”

Tujuan tina dilaksanakeunna PTK nya éta pikeun ngaropéa, ngaronjatkeun, jeung ngayakeun parobahan ka arah nu leuwih hadé minangka upaya pikeun


(20)

27

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

ngungkulan pasualan sarta nangtukeun modél jeung prosedur tindakan nu méré jaminan kana usaha ngungkulan pasualan nu sarua atawa méh sarua.

Saenyana modél nu digunakeun dina PTK téh loba pisan, tapi anu umum digunakeun nya éta modél Kemmis jeung Mc Taggart. Ieu model téh dibagankeun kawas ieu di handap.

Gambar 3.2. Bagan Léngkah-léngkah PTK

Saenyana dina modél Kemmis jeung Mc Taggart téh aya opat komponén penting nya éta rarancang, pelaksanaan, pengamatan, jeung refleksi.

Dina tahap rarancang disusun skénario tindakan atawa aksi pikeun ngaropéa, ngaronjatkeun, jeung ngarobah ka arah nu leuwih hadé. Ieu skénario téh ngawengku naon, kunaon, iraha, dimana, ku saha, jeung kumaha éta tindakan dilaksanakeun.

Tahap pelaksanaan mangrupa implementasi tina rarancang nu geus disusun. Dina ieu tahapan, kagiatan kudu dilaksanakeun kalawan enya-enya sangkan tujuan tina kagiatan bisa tinekanan.

Perencanaan Siklus I

Refleksi Pelaksanaan

Pengamatan

Siklus II Refleksi

Pengamatan

Pelaksanaan Perencanaan


(21)

28

Tahap pengamatan nya éta kagiatan niténan dampak nu ditimbulkeun tina tindakan nu geus dilaksanakeun. Tina ieu kagiatan bisa méré jawaban ngeunaan hasil henteuna tindakan nu geus dilaksanakeun.

Réfleksi nya éta medar deui ngeunaan naon nu geus dilaksanakeun. Hal ieu dilaksanakeun pikeun mikaweruh kakurangan, kahéngkéran, jeung kagagalan tindakan nu geus dilaksanakeun nu satuluyna bakal dijadikeun bahan pikeun nyusun rékoméndasi jeung saran-saran pikeun ngalaksanakeun siklus salanjutnya.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina kagiatan panalungtikan pikeun meunangkeun data nu diperlukeun. Hal ieu luyu

jeung pamadegan Arikunto (2006: 222), nu nyebutkeun yén “metode observasi

adalah suatu usaha sadar untuk mengumpulkan data secara sistematis, dengan prosedur yang terstandar.”

Dumasar kana pamadegan di luhur, mangka métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode Penelitian Tindakan Kelas (PTK). Hal ieu dilantarankeun ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngaronjatkeun hasil diajar siswa dina hiji pangajaran.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional miboga tujuan sangkan teu nimbulkeun kasalahan dina diri pamaca nalika nafsirkeun istilah-istilah nu patali jeung judul panalungtikan. Ku kituna, ieu istilah-istilah téh kudu dijelaskeun ku nu nalungtikna.

Sawatara Istilah nu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa diwincik saperti ieu di handap.


(22)

29

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

1) Média pangajaran nya éta alat-alat grafis, photografis, atawa elektronis

pikeun nyangking, memproses, jeung nyusun deui informasi visual atawa verbal.

2) Sketsa nya éta média pangajaran dina wangun gambar basajan atawa

draf kasar nu bisa ngagambarkeun konsép-konsép atawa ide-ide poko nu baris ditepikeun ka siswa.

3) Éséy nya éta karangan pondok dina wangun lancaran atawa prosa nu

eusina medar perkara hiji pasualan nurutkeun pamanggih jeung pamadegan nu nulisna.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan nya éta alat anu digunakeun dina kagiatan panalungtikan pikeun meunangkeun data nu dipikabutuh. hal ieu luyu jeung pamadegan Arikunto (2006: 160).

Instrumen penelitian adalah alat atau fasilitas yang digunakan oleh peneliti dalam mengumpulkan data agar pekerjaannya lebih mudah dan hasilnya lebih baik, dalam arti lebih cermat, lengkap, dan sistematis sehingga lebih mudah diolah.

Instrumen nu digunakeun dina ieu panalungtikan disaluyukeun jeung métode nu digunakeun dina panalungtikan nya éta tés, jeung pedoman observasi.

1) Lambaran Observasi

Lambar observasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan aya tilu macem nya éta lambar observasi aktivitas guru, lambar observasi aktivitas siswa, jeung lambar catetan lapangan.

Lambar obsérvasi guru digunakeun pikeun nyatet kagiatan guru salila ngalaksanakeun prakték PTK. Ieu lambaran téh dieusian ku observer. Anapon wangunna saperti ieu di handap.


(23)

30

Tabel 3.3

Lambar Observasi Aktivitas Guru

Wasta Observer :... Poé, Ping :...

Jam :...

Standar Kompetensi :... Kompetensi Dasar :...

No Aktivitas Ya Tidak Koméntar

1.  Ngabsén

 Pengkondisian kelas

 Nepikeun tujuan

pangajaran

2.  Nugaskeun siswa

pikeun maca conto éséy

 Nugaskeun siswa

pikeun nulis karangan éséy

 Nugaskeun siswa

sangkan nukeurkeun

éséyna jeung babaturan sabangkuna

 Nugaskeun siswa

pikeun saling

ngoméntaran éséy nu ditulis ku babaturana


(24)

31

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

pangajaran

 Nepikeun kagiatan

satuluyna

 Nutup pangajaran

Jumlah Perséntase

Katerangan: Béré tanda chek list (√) dina kolom ‘Ya’ lamun kagiatan

dilaksanakeun atawa dina kolom ‘Tidak’ lamun kagiatan teu

dilaksanakeun.

Catetan Observer :... ... ...

Bandung, ... Januari 2013

Observer Panalungtik

___________________ __________________

NIP/NIM. NIP.

Teu béda jeung lambaran observasi guru, lambar aktivitas siswa ogé dieusian ku observer. Bédana dina lambar observasi aktivitas siswa mah dicatet ngeunaan kagiatan siswa salila lumangsungna kagiatan PTK. Anapon lambaranna saperti ieu di handap.


(25)

32

Tabel 3.4

Lambar Observasi Aktivitas Siswa

Wasta Observer :... Poé, Ping :...

Jam :...

Standar Kompetensi :... Kompetensi Dasar :...

No Aktivitas Ya Tidak Koméntar

1.  Pengkondisian kelas

2.  Maca conto karangan

éséy

 Nyusun raraga

karangan

 Nyieun karangan éséy

3.  Nukeurkeun karangan

éséyna jeung

babaturan sabangkuna

 Ngoméntaran éséy nu

dijieun ku babaturan sabangkuna

Jumlah Perséntase

Katerangan: Béré tanda chek list (√) dina kolom ‘Ya’ lamun kagiatan

dilaksanakeun atawa dina kolom ‘Tidak’ lamun kagiatan teu


(26)

33

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

Catetan Observer :... ... ...

Bandung, ... Januari 2013

Observer, Panalungtik,

___________________ __________________

NIP/NIM. NIP.

Béda jeung lambar-lambar sateuacanna, lambar catetan bisa dieusian ku observer atawa ku guru nu ngalaksanakeun kagiatan PTK. Ieu di handap mangrupa lambar catatan lapangan nu digunakeun dina ieu panalungtikan.

Tabel 3.5

Lambar Catetan Lapangan

Wasta Observer :... Poé, Ping : ... Jam : ...

Catetan Lapangan Réfléksi jeung Analisis

Bandung, ... Januari 2013 Observer,

_______________ NIP.


(27)

34

2) Tés

Instrumén tés nya éta instrumén nu eusina mangrupa soal-soal nu gunana pikeun ngukur pangaweruh atawa kaparigelan boh individu boh kelompok.

Instrumén tés nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés tulis. Ieu

tés téh dilaksanakeun dua kali nya éta pretest jeung posttest.

Pretest digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis éséy

saméméh dilaksanakeun refleksi atawa perlakuan, sedengkeun posttest

digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis éséy sabada dilaksanakeunna kagiatan refleksi atawa perlakuan. ieu dihandap mangrupa soal-soal nu baris digunakeun dina instrumén tés.

Gambar 3.6 Sketsa Kabanjiran Soal

 Pilih hiji jejer nu aya patalina jeung gambar di luhur!

 Tangtukeun judul tina éta raraga karaga karangan!

 Susun raraga karangan tina éta jejer!


(28)

35

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

Sangkan karangan éséy nu dijieun luyu jeung aturan-aturan nu geus ditangtukeun, mangka format panulisanana kawas ieu di handap.

Lambar Format Panulisan Éséy

Gambar 3.7 Format Panulisan Éséy Wasta :...

Kelas : ...

Bubuka... ... ...

... ... ... Eusi... ... ...

...

... ... Panutup... ... ...

...

... ...


(29)

36

Sangkan kamampuh siswa bisa diukur, mangka dipikabutuh patokan-patokan nu dijadikeun acuan dina méré pangajén. Éta potokan-patokan-patokan téh ditulis dina wangun tabél saperti ieu di handap.

Tabel 3.8 Format Penilaian

Ngaran Siswa :... Kelas :...

No Aspék nu diajén Skala Penilaian Bobot Skor/

Ajén

5 4 3 2 1

1. 2. 3.

4. 5.

Pamilihan jejer

karangan

Runtuyan sistematika raraga karangan

Kamampuh

ngamekarkeun raraga karangan

Kasaluyuan antara eusi jeung jejer karangan Pamilihan kecap atawa diksi

Jumlah Skor/ Ajén

Catetan :

 Bobot Ideal maksimal 25


(30)

37

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

Rumus pikeun ngitung skor:

3.6 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan mangrupa léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun kagiatan panalungtikan.

Anapon léngkah-léngkah tina ieu panalungtikan saperti ieu di handap.

1) Réfléksi awal ngeunaan pangajaran nulis éséy nu geus diajarkeun.

2) Ngaidentifikasi pasual-pasualan nu timbul tina pangajaran nulis éséy.

3) Nangtukeun métode nu baris digunakeun dina panalungtikan.

4) Nangtukeun lobana tindakan nu baris dilaksanakeun dina panalungtikan.

5) Nangtukeun tahapan-tahapan dina unggal siklus nu ngawengku tahap

rarancang, prak-prakan, pengamatan, jeung refleksi.

6) Nyieun Rencana Pelaksanaan Pangajaran (RPP) jeung silabus.

7) Nyieun instrumén pikeun masing-masing siklus.

8) Prak-prakan tindakan siklus I nu hasilna bakal dijadikeun bahan pikeun

ngalaksanakeun siklus II.

9) Prak-prakan tindakan Siklus II.

10) Evalusi.

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Prosedur pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ku cara dilaksanakeunna kagiatan tés jeung observasi.

Kagiatan tés dilaksanakeun pikeun mikaweruh tingkat kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy. Sedengkeun kagiatan observasi dilaksanakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan aktivitas jeung kréativitas siswa dina kagiatan pangajaran nulis éséy.

� ��= �� ��


(31)

38

3.8. Analisis Data

Analisis data nu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha tahap. Éta tahap-tahap téh saperti ieu di handap.

1) Ngawilah-wilah data luyu jeung focus masalah sangkan babari pikeun

dianalisis.

2) Nafsirkeun data nu geus meunang ngawilah-wilah dina wangun

pernyataan.

3) Nganalisis data anu mangrupa hasil tés nulis éséy siswa dina unggal

tindakan. Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) pangajaran basa Sunda di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung nya éta 75. Hartina nu nilaina kurang ti 75 mangka dianggap can tuntas.

4) Analisis kualitatif kana hasil observasi, eusina nya éta ngaronjat atawa

henteu kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy.


(32)

65

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan dua hal nya éta kacindekan tina sakabéh kagiatan panalungtikan, jeung saran tina hasil panalungtikan ngeunaan

“Ngalarapkeun média pangajaran sketsa pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis

éséy siswa kelas XII-IPS.1 di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung.”

Anapon pedaranana saperti ieu di handap.

5.1. Kacindekan

Kacindekan dina ieu panalungtikan nyoko kana tujuan panalungtikan, hasil panalungtikan, jeung pedaran panalungtikan nu geus didadarkeun dina bab saméméhna. Anapon kacindekkanana saperti ieu di handap.

1) Kamampuh siswa kelas XII-IPS.1 dina siklus I masih kénéh handap,

jumlah persentase siswa nu geus tuntas Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) jeung nu can tuntas KKM bédana ganjor pisan.

2) Digunakeunana média pangajaran sketsa dina pangajaran nulis

ngajadikeun siswa leuwih sumanget pikeun diajar. Hal ieu ditandaan ku beuki lobana siswa nu migawé éséy, dina pra-panalungtikan siswa nu teu migawé tugas 10 urang, sedengkeun dina siklus I jeung siklus II sakabéh siswa nu hadir migawé éséy. Salian ti éta, waktu nu dipikabutuh ku siswa pikeun migawé tugas beuki sakeudeung.

3) Média pangajaran sketsa mampu ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas

XII-IPS.I dina nulis karangan éséy. Hal ieu ditandaan ku beuki ngaronjatna peunteun nu dihontal ku unggal siswa dina unggal siklus panalungtikan.


(33)

66

5.2. Rekomendasi

Tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun ka sababarah pihak. Anapon saran-sanaranna saperti ieu di handap.

1) Pikeun siswa kelas XII-IPS.1, sangkan bisa ngamangpaatkeun

pangaweruh nu geus dicangking ti sakola pikeun diaplikasikeun boh dina kahirupan sapopoé boh dina hirup kumbuh jeung lingkungan masarakat. Salian ti éta ogé siswa kudu rajin ngalatih diri sangkan poténsi nu aya dina dirina bisa muncul jeung dipiharep siswa miboga rasa percaya diri sahingga bisa ngamotivasi diri pikeun ngahontal cita-citana.

2) Pikeun para guru, hasil tina ieu panalungtikan ngabuktikeun yén média

pangajaran sketsa mampu ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy. Ku kituna, ieu média téh bisa digunakeun ku para guru nalika ngajarkeun pangajaran nulis boh nulis karangan éséy boh nulis karangan lianna.

3) Pikeun mahasiswa lianna nu baris ngalaksanakeun panalungtikan

ngeunaan média pangajaran sketsa, mangka pilih média skétsa nu luyu jeung perkembangan siswa.

4) Perlu diayakeun publikasi ka para guru hususna guru basa ngeunaan

pamakéan média sketsa dina prosés pangajaran boh dina pangajaran nulis boh dina pangajaran nyarita.


(34)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

DAFTAR PABUKON

Arikunto, dkk. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta:

Rineka Cipta.

Arsyad, Azhar. 2006. Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Effendy, Akip. 2012. Hakikat Keterampilan Menulis. Tersedia:

http://bahasa.kompasiana.com/2012/03/25/hakikat-keterampilan-menulis-449101.html

Indriana, Dina. 2001. Ragam Alat Bantu Media Pengajaran. Jakarta: Diva Press.

Mulyasa, E. 2011. Praktik Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Rosdakarya.

Muslich, Masnur. 2009. Melaksanakan PTK Penelitian Tindakan Kelas Itu

Mudah. Jakarta: Bumi Aksara.

Nazir, Mohammad. 1988. Metode penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia.

Nurjanah, Nunuy. 2009. Tiori Nulis. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah.

Prawira, Purwa Atmaja. 2012. Psikologi Pendidikan dalam perspektif Baru.

Jogjakarta: Ar-Ruzz Media

Pribadi, A. Benny. 2010. Model Desain Sistem Pembelajaran. Jakarta: Dian

Rakyat.

Purba, Antilan. 2008. Esai Sastra Indonesia Teori & Penulisan. Yogyakarta:

Graha Ilmu.

Rahman. 2006. Teori Belajar dan Pembelajaran. Bandung: _____

Sadiman, Arief S. 2011. Media Pendidikan Pengertian, Pengembangan, dan

pemanfaatannya. Jakarta: Rajawali Pers.

Syah, Muhibbin. 2008. Psikologi Pendidikan dengan Pendekatan Baru. Bandung:

Rosdakarya

Universitas Pendidikan Indonesia. 2009. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.


(35)

Wiriaatmaja, 2008. Metode Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Rosdakarya.

___________. 2011. Pengertian Esai dan Ciri-cirinya. Tersedia:

http://www.pemustaka.com/pengertian-esai-dan-ciri-cirinya.html 68


(1)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

Rumus pikeun ngitung skor:

3.6 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan mangrupa léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun kagiatan panalungtikan.

Anapon léngkah-léngkah tina ieu panalungtikan saperti ieu di handap. 1) Réfléksi awal ngeunaan pangajaran nulis éséy nu geus diajarkeun. 2) Ngaidentifikasi pasual-pasualan nu timbul tina pangajaran nulis éséy. 3) Nangtukeun métode nu baris digunakeun dina panalungtikan.

4) Nangtukeun lobana tindakan nu baris dilaksanakeun dina panalungtikan. 5) Nangtukeun tahapan-tahapan dina unggal siklus nu ngawengku tahap

rarancang, prak-prakan, pengamatan, jeung refleksi.

6) Nyieun Rencana Pelaksanaan Pangajaran (RPP) jeung silabus. 7) Nyieun instrumén pikeun masing-masing siklus.

8) Prak-prakan tindakan siklus I nu hasilna bakal dijadikeun bahan pikeun ngalaksanakeun siklus II.

9) Prak-prakan tindakan Siklus II. 10) Evalusi.

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Prosedur pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ku cara dilaksanakeunna kagiatan tés jeung observasi.

Kagiatan tés dilaksanakeun pikeun mikaweruh tingkat kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy. Sedengkeun kagiatan observasi dilaksanakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan aktivitas jeung kréativitas siswa dina kagiatan pangajaran nulis éséy.

� ��= �� ��


(2)

38

3.8. Analisis Data

Analisis data nu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha tahap. Éta tahap-tahap téh saperti ieu di handap.

1) Ngawilah-wilah data luyu jeung focus masalah sangkan babari pikeun dianalisis.

2) Nafsirkeun data nu geus meunang ngawilah-wilah dina wangun pernyataan.

3) Nganalisis data anu mangrupa hasil tés nulis éséy siswa dina unggal tindakan. Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) pangajaran basa Sunda di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung nya éta 75. Hartina nu nilaina kurang ti 75 mangka dianggap can tuntas.

4) Analisis kualitatif kana hasil observasi, eusina nya éta ngaronjat atawa henteu kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy.


(3)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan dua hal nya éta kacindekan tina sakabéh kagiatan panalungtikan, jeung saran tina hasil panalungtikan ngeunaan “Ngalarapkeun média pangajaran sketsa pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPS.1 di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung.” Anapon pedaranana saperti ieu di handap.

5.1. Kacindekan

Kacindekan dina ieu panalungtikan nyoko kana tujuan panalungtikan, hasil panalungtikan, jeung pedaran panalungtikan nu geus didadarkeun dina bab saméméhna. Anapon kacindekkanana saperti ieu di handap.

1) Kamampuh siswa kelas XII-IPS.1 dina siklus I masih kénéh handap, jumlah persentase siswa nu geus tuntas Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) jeung nu can tuntas KKM bédana ganjor pisan.

2) Digunakeunana média pangajaran sketsa dina pangajaran nulis ngajadikeun siswa leuwih sumanget pikeun diajar. Hal ieu ditandaan ku beuki lobana siswa nu migawé éséy, dina pra-panalungtikan siswa nu teu migawé tugas 10 urang, sedengkeun dina siklus I jeung siklus II sakabéh siswa nu hadir migawé éséy. Salian ti éta, waktu nu dipikabutuh ku siswa pikeun migawé tugas beuki sakeudeung.

3) Média pangajaran sketsa mampu ngaronjatkeun kamampuh siswa kelas XII-IPS.I dina nulis karangan éséy. Hal ieu ditandaan ku beuki ngaronjatna peunteun nu dihontal ku unggal siswa dina unggal siklus panalungtikan.


(4)

66

5.2. Rekomendasi

Tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun ka sababarah pihak. Anapon saran-sanaranna saperti ieu di handap.

1) Pikeun siswa kelas XII-IPS.1, sangkan bisa ngamangpaatkeun pangaweruh nu geus dicangking ti sakola pikeun diaplikasikeun boh dina kahirupan sapopoé boh dina hirup kumbuh jeung lingkungan masarakat. Salian ti éta ogé siswa kudu rajin ngalatih diri sangkan poténsi nu aya dina dirina bisa muncul jeung dipiharep siswa miboga rasa percaya diri sahingga bisa ngamotivasi diri pikeun ngahontal cita-citana.

2) Pikeun para guru, hasil tina ieu panalungtikan ngabuktikeun yén média pangajaran sketsa mampu ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy. Ku kituna, ieu média téh bisa digunakeun ku para guru nalika ngajarkeun pangajaran nulis boh nulis karangan éséy boh nulis karangan lianna.

3) Pikeun mahasiswa lianna nu baris ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan média pangajaran sketsa, mangka pilih média skétsa nu luyu jeung perkembangan siswa.

4) Perlu diayakeun publikasi ka para guru hususna guru basa ngeunaan pamakéan média sketsa dina prosés pangajaran boh dina pangajaran nulis boh dina pangajaran nyarita.


(5)

Nurhayati, 2013

Ngalarapkeun Média Pangajaran Sketsa Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII-IPS.1 Di SMA Yayasan Atikan Sunda (YAS) Bandung

DAFTAR PABUKON

Arikunto, dkk. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, Azhar. 2006. Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Effendy, Akip. 2012. Hakikat Keterampilan Menulis. Tersedia: http://bahasa.kompasiana.com/2012/03/25/hakikat-keterampilan-menulis-449101.html

Indriana, Dina. 2001. Ragam Alat Bantu Media Pengajaran. Jakarta: Diva Press. Mulyasa, E. 2011. Praktik Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Rosdakarya. Muslich, Masnur. 2009. Melaksanakan PTK Penelitian Tindakan Kelas Itu

Mudah. Jakarta: Bumi Aksara.

Nazir, Mohammad. 1988. Metode penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia.

Nurjanah, Nunuy. 2009. Tiori Nulis. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Prawira, Purwa Atmaja. 2012. Psikologi Pendidikan dalam perspektif Baru. Jogjakarta: Ar-Ruzz Media

Pribadi, A. Benny. 2010. Model Desain Sistem Pembelajaran. Jakarta: Dian Rakyat.

Purba, Antilan. 2008. Esai Sastra Indonesia Teori & Penulisan. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Rahman. 2006. Teori Belajar dan Pembelajaran. Bandung: _____

Sadiman, Arief S. 2011. Media Pendidikan Pengertian, Pengembangan, dan pemanfaatannya. Jakarta: Rajawali Pers.

Syah, Muhibbin. 2008. Psikologi Pendidikan dengan Pendekatan Baru. Bandung: Rosdakarya

Universitas Pendidikan Indonesia. 2009. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.


(6)

Wiriaatmaja, 2008. Metode Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Rosdakarya. ___________. 2011. Pengertian Esai dan Ciri-cirinya. Tersedia:

http://www.pemustaka.com/pengertian-esai-dan-ciri-cirinya.html 68