Kumpulan Babasan Sunda
Kumpulan Babasan Sunda
A
Ambekna sakulit bawang
Gampang pisan ambek, jeung mun geus
ambek teu reureuh sakeudeung.
Adab lanyap
Jiga nu handap asor, daèk ngahormat ka
batur, tapi boga hatè luhur, tungtungna sok
ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur
loba nu teu resepeun.
Anak puputon
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara
dipikanyaah.
Adam lali tapel
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga
Adat nu hèsè digantina.
Adean ku kuda beureum
Agul ku payung butut
Ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja
Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan.
Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan
pilaksanaeun (mikahayang nu moal bakal
kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Naon baè nu mèrè hasil ka urang kudu
diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen
pecat sawed
Ari umur geus kolot tapi hatè ngongoraeun
kènèh.
Aki aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan.
Asa dijual payu
Ngungun dumèh nyorangan di panyabaan,
jauh ti indung bapa.
Aku aku angga
Ngaku barang batur kalawan ngandung
maksud hayang mibandangaku baraya batur
anu beunghar atawa jeneng, mamrih
kahormatan atawa kauntungan.
Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah nu gèdè, anu saenyana
teu diarep arep.
Aku panggung
Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal
ku ieu aing asa pangpunjulna,
pangbeungharna jstè.
Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa
pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan
nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul
Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna
jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hadè omè
Tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek
Ari napsu pohara gedèna, ngan masih bisa
meper diri napsu kapegung.
Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutangan budi anu pohara
gedèna.
Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma nu pohara hadè galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi
henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon
Sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal
Anu mustahil ogè bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat
Arèk meunang bagja atawa kauntungan tapi
teu tulus.
Kumpulan Babasan Sunda
Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegedèn dina aya
karerepet atawa kaperluan penting gampang
naker meunang pitulungna.
Aya hatè kadua leutik
Naksir.
Aya jalan komo meuntas
Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi
ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas
Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun
ngalaksanakeun atawa ngabulkeun
kahayang.
Aya jalan komo meuntas
Eukeur mah aya maksud, turug turug aya
pilantaraneun.
Aya peurah aya komara
Aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai
Aya nu diarep-arep atawa dihèroan.
Ayakan tara meunang kancra
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua
darajatna jeung panghasilanana.
ngajual barang nu aya pikeun ngabèla diri,
meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir
Boga pikiran gorèng ka papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Babarengan sok sanajan dina hina, rugi,
atawa cilaka.
Beurat birit
Hèsè jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat
narimakeunana
Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan
teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa
tulisan, anging gusti nu ningali.
Beunghar ku barang titipan atawa ginding
ku pakèan batur.
Adigung adiguna
Beureum paneureuy seuseut batan
neureuy keueus hèsè pisan, seuseut seuat
ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema
nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung
Bisi salah pokpokanana.
B
Balèg tampèlè
Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan
lamun papanggih jeung jelemana gedè
kènèh kaèra.
Bali geusan ngajadi
Tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting
teu eureun eureun nyeri hatè ti baheula nepi
ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat
belas, jalan gedè sasapuan
Bèak karep ku rido jeung bèrèsih hatè.
Banda tatalang raga
Lamun urang papanggih jeung karerepet,
gering upaman, euweuh halangan urang
Biwir nyiru rombèngeun
Resep mukakeun rasiah sorangan atawa
rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngacèh rasiah atawa kaaèban
boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung
lengkah
Henteu milu milu kana tanggung ajwabna
mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun
dumèh jadi utusan, ngemban timbalan tinu
lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar
kipayah.
Kumpulan Babasan Sunda
Bobo sapanon carang sapakan
Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana
atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan
Henteu rahayu, henteu salamet, meunang
kacilakaan atawa tiwas.
Bobot pangayun timbang taraju
kabèh anu dipigawè kudu pinuh tinimbangan.
Cangkir emas eusi delan
Omonganana mah alus nepi ka urang jadi
percaya jeung kataji, tapi hatèna jahat jeung
matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk
Ngeluk baè, teu lemèk teu carèk, euweuh
hojah, euweuh karep, euweuh kahayang
sabab èra tawa sieun.
Bontèng ngalawan kadu
Nu leutik ngalawan nu gèdè.
Cara gaang katincak
Anu tadina ramè kacida, ayeuna mah jadi
jempling pisan.
Buburuh nyatu diupah bèas
Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Cara jogjog mondok
Carekcok baè, mani gandèng nacer.
Budi santri, lègèg lebè, ari lampah euwah
euwah
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok
ceceremed.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung
beuheung
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa
ditipu ku batur.
Buluan belut, jangjangan oray
Pamohalan kajadian.
Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gèdè, nu miskin
nyaruaan nu beunghar.
Bungbulang tunda / tunda talatah
Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi
sok nitah deui ka batur.
Buntut kasiran
Korèt, medit, ngeupeul, tara pisan daèk
barangbèrè.
Bur beureum bur hideung, hurung
nagtung siang leumpang
Ginding, loba pakèan anu aralus dipakè.
Buruk buruk papan jati
Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang
ngahampura baè lamun aya kasalahan tèh.
C
Caang bulan dadamaran
Migawè nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun
Hanteu bèrès, hanteu rata, henteu
sampurna.
Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baè
anu kadèngè, turtaning tacan karuhan èta
bèja tèh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa
bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi
legok
Ku dileukeunan mah sakumaha hèsèna gè
lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun
diajarna lila lila ogè tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara, cecendet
mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun
harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa
Beda tempatna, bèda deui adat jeung
kabiasaanana.
Clik putih clak hèrang
Kaluar tian hatè anu bèrèsih, rido pisan, teu
aya geuneuk maleukmeuk.
Kumpulan Babasan Sunda
Congo congo ku amis, mun rek mais ogè
puhuna
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak,
lamun bapana henteu bageur.
D
Daèk macok embung dipacok
Daèk ngarah kana rejeki atawa pakaya
batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana
ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas
Ari modalna gedè kacida, ngan batina anu
diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas
Tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang mangsi
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Dèsa maca cara nagara mawa tata
Ngagambarkeun yèn kaayaan jeung adat
kabiasaan di dèsa jeung kota (nagara) tèh
bèda-bèda.
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug
Pada nongton, jadi tongtonan kulantaran
pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus
Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan
hanjakal teu nyaho tibareto yèn baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih
Baheula ditangtukeunana, ngan kakara
ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu
diparaban
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung
Disangka hadè jeung bageur tapi buktina
gorèng jeung jahat.
Disakompèt daunkeun, dihurun suluh
Dihijikeun baè, disaruakeun baè, teu dibèda
bèda.
Ditangtang ditengteng dijieun bontèng
sapasi
Dialak ilik lantaran dianggap anèh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang
lenjang, diteuteup ti hareup sieup
Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong
Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya
ogè teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gedè
dituar batur
Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik
kènèh, sugan diparengkeun ku nu kawasa
jadi pipamajikaneun, na ari geus gedè
dikawin batur, atuh hèsè capè taya gawè.
Dosa salaput hulu
Kacida loba dosana.
Dulang tinandè
Awèwè mah nurutkeun baè, kumaha
diaturna jeung diparèntahna ku nu jadi
salaki.
Duum tinggi
Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil
aya nu loba, aya nu saeutik.
E
Elmu ajug
Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku
sorangan henteu.
Elmu sapi
Samiuk (ngahiji) kana kagorèngan.
Elmu tumbila
Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baè.
Endog sapatarangan, peupeus hiji,
peupeus kabèh
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka
dulur, baraya atawa sobat, balukarna
ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka
sarèrèa.
Kumpulan Babasan Sunda
Endog tara megar kabèh
Najan saindung sabapa henteu sarua
milikna, rejekina atawa darajatna.
Galehgeh gado
Darèhdèh tapi henteu terus kana hatè.
Gancang pincang
Kulantaran digawèna buru buru jeung kurang
ati ati hasilna tèh teu nyugemakeun.
Gantung denge
Hanteu terus bisa ngadèngèkeun hiji perkara
jeung pohara hayangna neruskeun
ngadèngèkeun.
Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana
geus bèak atawa daharna kapaksa kudu
eureun heula ku lantaran aya dahareun nu
didagoan.
Gedè gedè kayu randu, dipakèke pamikul
bengkung, dipakè lincar sok anggang,
dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka
jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg
ngan hanjakal gawèna jeung karajinanana
gorèng.
Gedè gunung pananggeuhan
Adigung kulantaran boga kolot atawa baraya
baleunghar ataw jareneng.
Gedè gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar
atawa jadi gegedèn, dina urang aya
karerepet atawa butuh ku pitulung, èta jalma
bisa nulungan ka urang ku kabeungharan
atawa kakawasaan.
Gedè hulu
Boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku
lampahna jeung omonganana.
Getas harupateun, pingges harepan
Gampang pisan nyalahkeun atawa
ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun
meledug.
Gindi pikir belang bayah
Gorèng hatè, dolim, julig , dengki.
Ginding kakampis
Ari pakè mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua baè ulah
dihina.
Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan
sanajan hanteu di ondang, maksudna
hayang dititah gawè sangkan seubeuh
baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Euweuh anggeusna, euweuh bèakna.
Gurat batu
Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna
anu salah atawa boga dosa ka papada
kawula.
Hadè gogog hadè tagog
Hadè basa jeung hadè tingkah lakuna.
Hadè ku omong gorèng ku omong
Omongan nu hadè balukarna hadè jeung
omongan nu gorèng, gorèng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
Kahadèan anu sakitu gedèna tur lilana
leungit pisan ku kagorèngan atawa
kasalahan sapoè.
Hambur bacot murah congcot
Gorèng sungutna jeung sok mindeng
nyarèkan deuih tapi bèrèhan sok daèk
barangbèrè dahareun.
Hampang birit
Gampang jeung daèkan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Enya ari miskin tèa mah, ngan lumayan da
ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin ogè da boga salaki nu ngurus
jeung nangtayungan.
Kumpulan Babasan Sunda
teu purun hojah sorangan dina enggoning
nyiar kipayah.
Harewos bojong
Harèwos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku
jelema anu deukeut kalawan tetèla pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh
dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun
balukarna ieu tèh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong
Bèja tèh sasarina sok gampang jeung
gancang nerekab, kulantaran umumna sok
pabèja bèja.
Hayang untung jadi buntung
Teu papanggih ari jeung kauntungan mah,
papanggih sotèh jeung karugian anu sama
sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat
atawa pagawèan.
Hèrang caina beunang laukna
Maksud bisa kahontal kalawan bèrès teu aya
pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Hèrang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu
nganyenyeri batur.
Hèrang hèrang kari mata, teuas teuas kari
bincurang
Barèto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan baè henteu
terus jeung hatèna.
Heureut deuleu pondok lèngkah
Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab
henteu rèa babandingan da kurung batok.
Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabèjakeun hiji
perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karèmpan.
Hirup ku panyukup gedè ku pamèrè Hirup
samahi mahi ku pamèrè batur baè, sabab
Hirup nuhun paèh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang
naon naon.
Hirup ulah manggih tungtung, paèh ulah
manggih beja
Kudu bageur kudu hadè laku lampah supaya
alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur
untung tambah untung.
Hunyur nandèan gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna
atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang leumpang Ginding
karana makè papakèan atawa perhiasan anu
aralus.
Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh
ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga,
pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina, katinggang
pangpung dilebok maung, rambutna
salambar, getihna satètès, ambekanana
sadami, agamana darigamana, kaula
nyerenkeun
Masrahkeun sagalagalana hadèna
gorèngna, bagja cilakana (biasana sok
dipake dina seserahan).
Indung lembu bapa bantèng
Ti indung jeung bapa turunan mènak jeung
beunghar.
Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.
Inggis manan maut hinis, rempan batan
mesat gobang
Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut
Gedè kaèra.
Iwak nangtang sujen
Kumpulan Babasan Sunda
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa
pibahayaeun.
Jabung tumalapung sabda tumapalang
Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung
nèmpasan omongan batur, nyeta nyeta siga
nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang
Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu
ngahalangan pijodoeun hiji awèwè.
Jadi sabiwir hiji
Jadi carita jalma loba.
Jadi senèn kalemekan
Mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit
Jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti
Pribumi kaèlèhkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang gagang
Hanas jauh jauh ogè dijugjug, ngan hanjakal
ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh Dusun,
teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita,
duduga jeung peryoga.
Jauh ka bedug
Dusun, bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna, sacarana
sacarana
Unggal bangsa bèda adat jeung
kabiasaanana.
Jegjeg cèkèr
capè kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jejer pasar
lumrah baè, mun ka lalaki, kasep henteu,
gorèng henteu.
Jeung leweh mah mending waleh leuwih
hadè wakca balaka ngedalkeun kahayang ti
batan ngandung kabingung teu wani pok
nyarita.
Jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa
Milampah anu moal pihasileun.
Ka luhur teu sirungan kahandap teu
akaran
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal
jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan
pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun kawentar ka
janapria, kakoncara ka mancanagara
Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa,
katarik kana hiji perkara, keukeuh milu
susah, sanajan teu boga salah jeung henteu
milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong
Ku ayana barang titipan di urang, urang tèh
nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur
mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal
pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis manan amis
tungtung pait
Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadè
dicaritakeun ti heula naon anu matak
pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal tiis
beuteung
Kajeun teuing capè gawè asal bisa dahar
kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak
cilaka.
Kandel kulit beungeut
euweuh caerè.
Katempuhan buntut maung
Batur anu salahna atawa anu boga dosana,
tapi urang anu kudu nyanghareupan
balukarna.
Katumbukan catur kadatangan carita
Loba anu embung sabab ngagedèkeun
jeung ngagugulukeun panyerewedan.
Kumpulan Babasan Sunda
Kawas anjing kadempet lincar
Mere parentah ka batur teu kalawan sabar,
malah bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan
pisan.
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu
talangke deui harita kènèh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang
Laleutik kènèh pisan keur meujeuhna
bareuki dahar.
Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk
panon.
Keur meujeuhna hejo lembok rambay
carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung
loba rejeki.
Kawas hayam keur endogan cilingcingcat
baè, teu bisa cicing.
Keur nuju bentang surem
keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani
ku hama, lamun dagang terusterusan rugi
baè.
Kawas hayam panyambungan
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar
kènèh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang kajang
Ngomongna tarik tur gancang, biasana
ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari
nyarèkan.
Kawas kuda leupas ti gedogan
Bingung ku kamerdekaan, terus sakamakama nganteur kahayang, ngalajur napsu,
kulantaran euweuh anu ngageuing atawa
euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu
Gampang asupna kana pagawèan tapi
pohara hèsèna hayang kaluar ninggalkeun
eta pagawèan.
Kawas lauk asup kana bubu
gampang meunangna jeung asup kana hiji
pagawèan, tapi hèsè kaluarna jeung
negcagkeunana eta pagawèan (masalah).
Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok
nu lain lain, jeung hèsè ngayakeunana nu
dipikayang ku jelema nu tereh ajal,
kahayangna sabisabisa kudu dicumponan
baè, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/
kulawargana.
Kawas siraru jadi
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina
Ngeunaan jelema nu gorèng rupana.
Kejo asak angeun datang
Kiceupna sabedug sakali
Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu
balener, tangtu nu dihandapna ogè milu teu
bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa manggih
lebaran
Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji
waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa
rejeki anu gedè, sasarina sok kacemekanana
nepi ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu
meuncit hayam
Kacida miskina.
Kotok bongkok kumorolong,
kacingcalang kumarantang = Lauk buruk
milu mijah = Piritan milu endogan
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka gorèng
katenjona.
Kudu bisa kabulu kabale
Kudu bisa mawa awak.
Kudu bisa ngeureut neundeun
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala
anu saeutik.
Kudu bisa pindah cai pindah tampian
Kudu bisa nyaluyukeun manèh jeung
lingkungan anu anyar dicicingan.
Kumpulan Babasan Sunda
Kudu boga pikir kadua leutik
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir
rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kudu hadè gogod hadè tagog
Hadè basa jeung hadè tingkah lacuna.
Kudu nepi mèmèh indit
Kudu direncanakan kalawan asak.
Kujang dua pangadekna
Hiji pagawèan anu ngandung dua rupa
maksud.
Kulak canggeum bagja awak
Milik hadè atawa gorèng anu geus
ditangtukeun ti ajalina kènèh ku Gusti Nu
Maha Suci.
Kumaha bule hideungna baè
Kumaha engke baè buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina geletuk batuna
kumaha jadina baè, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana
awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit
Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan
sangkan junun.
Kurung batok
teu resep nyanyabaan, niat cicing diimah
baè.
Lain ku tulang munding kabeureuyan
mah, ku cucuk peda
arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogè
bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedè baè.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang
tanpa beja lain leumpang maladra
Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu
tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu
puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer aisan
Gedè timbanganana, gedè pangampurana.
Langsung saur bahe carek
Sok gampang ngagelendeng atawa
nyarèkan.
Lauk buruk milu mijah = piritan milu
endogan
pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka gorèng
katenjona.
Legok tapak genteng kadek
Loba luangna pangalamanana jeung
kanyahona.
Leubeut buah hejo daun
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali
pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara
beurat sabeulah, jeung loba
pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawèan.
Leutik burih
euweuh kawani.
Leutik cahak, gedè cohok
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran
mah gedè.
Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur
gedè, tapi leber ku wawanèn.
Leutik ringkang gedè bugang
Jelema mah teu beunang disapirakeun
sabab sanajan leutik warugana, dina aya
papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa
jadi kasusah sarerèa.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hatè
jelema najan deet teu kakobet
Hadè gorèngna pikiran jelema hèsè dikira
kirana.
Lieuk euweuh ragap taya
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon
naon.
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu
ngatur jeung mapatahan, balukarna matak
bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung
Kumpulan Babasan Sunda
Kalah ka loba omong baè, ari pangartina
mah euweuh.
Luhur kuta gedè dunya
Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang
Teu beunang dicekelan omonganana,
ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah
henteu.
Nyaho yen batur tèh salah atawa migawè
anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu
kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun
Embung pisan tutulung ka batur nu keur
susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang coet
Miceun nu gorèng kulantaran hayang
meunang anu alus, tapi tungtungna
meunang nu gorèng deui baè.
Malengpeng pakel ku munding, ngajul
bulan ku asiwung
Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya
pihasileunana.
Mindingan beungeut ku saweuy
ari hatè gorèng, ngan budi parangi
marahmay, perluna pikeun mindingan hatè
nu gorèng tèa maksudna supaya ulah kaciri
tèa.
Maliding sanak
Henteu adil, pilih kasih.
Mipit teu amit ngala teu mènta
Maling boga batur.
Mangpengkeun kuya ka leuwi
Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah
pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Miyuni hayam kabiri
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki
nu babari sumerah ka awewe.
Mapay ka puhu leungeun
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning
kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon
jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Moal ceurik mènta eusi
Keun baè mawa wadah anu gedè ogè da lain
hayang loba dibèrèna.
Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun
hiji perkara anu teu aya hasilna atawa
mangpaatna.
Maut nyere ka congona
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun
susah.
Melengkung bekas inhalan
Ari keur ngora kènèh bageur tapi
kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun
Mere naon naon anu bisa jadi aya
pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang
meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang
milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih
gedè.
Meungpeun carang ku ayakan
Moal nèangan jurig teu kadeuleu
arek nyekel jelema nu aya baè, moal
nèangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun
kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun
kahayang.
Monyet kapalingan jagong
Tukang maling kapalingan, tukang tipu
katipu, tukang ngarah nagrinah
karoroncodan.
Mopo mèmèh nanggung
Horèam, teu sanggup samèmèh prak.
Mun teu ngakal moal ngakeul
mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
pibekeleun hirup.
Kumpulan Babasan Sunda
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa
ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun
hasil (asiwung; kapas nu geus dibèrèsihan
sikina, biasana dipake keur mayit nutupan
liang-liangan).
Nete porot ngeumbing lesot
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa
akal tarekah tapi teu hasil baè.
Ngadu angklung di pasar
papaduan nguruskeun nu euweuh
mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Nete semplek nincak semplak
Ninggang dina salah jeung rugi baè, turug
turug kasusah nambahan deuih.
Ngadu ngadu rajawisuna
mawakeun omongan si a ka si b jeung
sabalikna, temahna si a jeung si b pasea,
parerèa omong.
Nete tarajè, nincak hambalan
Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun tèh
urang kudu datang ka nu handap heula,
kakara terus kaluhur.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu
ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah
moal ngarih
Lamun teu digawè niar kipayah tangtu
pisusaheun pikeun hirup.
Neukteuk curuk dina pingping
Ngadakwakeun nu lian, tapi nu
ngadakwakeunana meula susah, sabab milu
katarik kana perkara, milu adu hareupan
jeung hakim.
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih
pakandangan
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun
aya di pangumbaraan/ panyabaan.
Neukteuk mani anggeus, rokrok
pondokeun peunggas harupateun
Heuras hatèna teu sabar dina
nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung
babari luluasan.
Nete semplek nincak semplak
Kieu salah kitu salah.
Mupugkeun tai kanjut
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna
nyunatan atawa ngawinkeun anak anu
kacida dipikameumeutna.
Neundeun piheuleut nunda picela
Nèangan pilantaraneun supaya jadi gorèng
supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Naheun bubu pahareup hareup
dina pangabutuh silih injeuman duit.
Ngabèjaan bulu tuur
Ngabèjaan jalma nu geus nyahoeun.
Nangkeup mawa eunyeuh
mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung
jeung geus nulungan ka urang.
Ngabudi ucing
teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun
kahayang atawa kadeudeuh.
Nangtung kariung ngadeg karageman
Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji
perkara.
Ngadagoan kuah beukah
Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu
ngan wungkul tukang babantu di imah batur
baè, anu saenyana mah ayana tukang
babantu tèh henteu perlu).
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung
ngagogorèng batur, supaya batur tèh ragrag
ngarana jeung kawentar kagorènganana.
Nepakeun jurig pateuh
Puguh urang nu gorèng tapi kagorèngan
urang tèh ditamplokeun ka batur sangkan
urang sorangan salamet.
Ngadagoan uncal mabal
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki
tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun
eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang areuy
Kumpulan Babasan Sunda
pohara nineungna kana jaman nu geus
kasorang nepi ka matak waas pacampur
jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas saplasna
Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa
dikurangan.
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri
sorangan, supaya batur welaseun jeung
nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok sembah
gorèng hatè, teu satia ka anu jadi pamingpin
atawa dunungan.
Ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa
kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah
jeung diajak dahar.
Ngodok liang buntu hèsè capè taya gawè,
susah payah taya guna
sanajan tihothat ogè moal atawa henteu
beubeunangan.
Ngagandong kejo susah nyatu
loba ari titaheun mah boh anak boh bujang
ngan hanjakal ku hèsè nitah, euweuh nu
daekeun ari dititah tèh.
Ngodok liang jero
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu
kadieu luput baè.
Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang
tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen
urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api
geus nyaho baè.
Ngaliarkeun taleus ateul
ngabeja bejakeun kagorèngan atawa
kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorèngan batur atawa
kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang ragrag
Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal
kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida
banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun,
sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung
nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya
sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni
hayam kabiri
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe
kedah micarek
Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
Ngeupeul ngahuapan maneh
Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup,
pakan, pake jste disaluyukeun jeung
pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gedè sok
nyepak
Ngukut bujang anu tadina pohara
balangsakna, susak dahar susah make, tapi
ari geus mulya awak lintuh jeung pake hadè,
ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit
bari indit kulantaran ambek nyedek atawa
era paraa, leos baè indit, teu amit heula ka
anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur
pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua
pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna
Keur mah gorèng rupana, gorèng laku
lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe randa
dihiasan
Ngamahalkeun barang naon baè anu geus
ruksak.
Noong ka kolong
Leutik hatè, leutik pangharepan.
Kumpulan Babasan Sunda
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang
moha
nu hadè jeung loba jasana ka diri urang,
dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku
kalakuan anu gorèng.
nambahan kauntungan atawa kakayaan ka
anu geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra
Sugan tèh rek meunang kauntungan,
kamuliaan atawa bagja anu leutik
manahoreng meunang kauntungan atawa
bagja anu gedè.
Nu borok dirorojok = nu titeuleum
disimbeuhan
nu keur susah ditambah kasusahanana, nu
keur nyeri ditambah kanyerina.
Nyaliksik ka buuk leutik
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka
jelema anu sahandapeun darajatna jeung
pangabogana.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum
disimbeuhan
Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nu burung diangklungan, nu edan
dikendangan
ngahaminan omongan atawa carita batur,
sanajan ceuk hatè sorangan eta omongan
atawa carita tèh salah.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna,
euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nuturkeun indung suku
Leumpang sakaparan-paran, ku sabab
henteu puguh tujuan.
Nulungan anjing kadempet
nulungan jelema nu teu boga pisan rasa
tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup
Di unggal jelema ogè taya bedana, sarua
baè, mungguhing wiwirang atawa katugenah
hatè mah boh di menak boh disomah sarua
baè.
Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos,
pananya jeung jawaban pasalia, henteu
nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku
uyah
Nyanggakeun suku genteng belokeun,
beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit
kunyit, dicacag diwalang walang
Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek
dihideung kari kumaha didinya baè, dina
rumasa geus salah atawa rumasa boga
dosa.
Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun
harkatna atawa pangartina.
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di
unggang
Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
Nyeri beuheung sosonggeteun
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep
arep teu jol baè datang.
Nyeungeut damar di suhunan
mintonkeun kakayaan, atawa barangbèrè
supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh
buuk geus bodas huntu geus ompong,
tonggong geus bengkung turtaning ieu tèh
kahareup mah ku urang sarerèa bakal
kasorang.
Nyiar batuk piaraheun
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukeun lebu
turun cadu (cacaduan), pantang
ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku
luluhur.
Kumpulan Babasan Sunda
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji
dongeng nu teu aya galurna.
Paanteur-anteur julang
silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Nyieun heuleur jeroeun huma
Henteu raket jeung dulur pahare-hare baè.
Pacikrak ngalawan merak
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu
gedè.
Nyieun pucuk ti girang
pangheulana nèangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu
pait
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan
jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan
Pagawèan nu mubadir, moal ngahasilkeun
naon naon.
Nyium bari ngegel
Omongannana hadè ngan hatè jeung
maksudna gorèng . Salakina dipisobat ari
pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot
Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di
hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel
Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang
taraju
Mènta pangampura jeung mènta timbangan
da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa
mah.
Nyukcruk walungan mapay mapay
wahangan
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut
pisan pancakakina.
Omong harus batan goong
Beja tèh gancang naker nerekabna, malah
sasarina mah beja anu nerekab tèh leuwih
hebat batan aslina.
Owah gingsir
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti
pamadegan.
Pada rubak sisi samping
Sarua baè pada loba luangna, pada loba
pangalamanana.
Pagirang girang tampian
Paunggul unggul dina nèangan pangupa jira
(Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih
seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk leungeun
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang
Arang gering.
Pait daging pahang tulang
cageur teu keuna ku panyakit naon baè.
Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan,
pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk
pagedè gedè kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta karasa
Inget baè, teu bisa poho. Biasana mah lain
kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal
kasorang.
Pindah cai pindah tampian
Robahna tempat matuh robah adat jeung
kabiasaan.
Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur,
kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Kumpulan Babasan Sunda
Pipilih meunang nu leuwih koceplak
meunang nu pecak
Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran
hayang meunang nu leuwih hadè, ngan
ahirna meunang nu leuwih gorèng.
Sabobot sapihanèan
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja
sacilaka.
Piruruhan katengahimahkeun
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun ogè
ari laku lampah anu gorèng mah awal akhir
sok kudu kanyahoan baè.
Poèk mongklèng buta rajin (atawa buta
radin)
Poèk pisan.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
sanajan pohara bengisna nu jadi indungbapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Pondok jodo panjang baraya
Saha è jodoh urang silaturahmi kudu tetep
dijaga.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh
Hanteu cidra kana jangji.
Pupulur mèmèh mantun Mènta ganjaran
mèmèh aya jasa atawa mènta buruhan
mèmèh prak digawè.
Sahèrang hèrangna cai beas
Galibna hatè tèh hèsè pisan bèrèsihna ka
jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka
urang.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari
tunggak, tunggak kacuwatan daging
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu
katempuhan, kudu mayaran hutang anu
dipangnanggungkeun.
Sahèrang hèrangna cibeas, moal hèrang
cara cisumur
Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok
tara hadè deui cara bareto samèmèh aya
pacengkadan.
Puraga tamba kadengda
Migawè hiji pagawèan henteu jeung enya
enya. Henteu ngandung maksud supaya
hadè hasilna ieu mah pada ulah dipaido baè.
Sakecap kadua gobang
Gampang ngambek jeung gampang ngadek
deuih.
Raweuy beuweungeun rambay alaeun
Loba dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di buruan
dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga
teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun
Henteu lengkep, aya baè anu kurang nu
matak cua kana hatè.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban
ku taneuh beureum
Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu
satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka
maot.
Rusuh luput gancang pincang
Migawè naon baè anu rurusuhan, temahna
matak kaduhung sabab hasilna teu matak
nyugemakeun.
Sakiriciking duit sakocopoking bogo
Naon baè anu matak narik kana hatè urang.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan
hulu
Sapinter pinterna murid pangartina moal
ngaluhuran guru.
Samar polah samar rasa
Henteu puguh tingkah upamana ku sabab
tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi
kakara disidem dina hatè baè, tacan brukbrak
Sangsara di geusan betah
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan
kulantaran geus embung digawè nyiar
kipayah. Anehna tèh ari hirup mah hayang
kènèh.
Sapu nyèrè pegat simpay
Paturay papisahan.
Kumpulan Babasan Sunda
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean
sabata sarimbangan
Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satengah buah leunca
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang
saeundan.
Satungtung deuleu
Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
Saumur nyunyuhun hulu
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy
Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga
kènèh napsuna cara baheula keur ngora
kènèh, sasarina aya di jelema nu geus kolot,
nu tereh paeh.
Sentak badakeun
teu ceehan dina gawè, mimiti pohara
getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu
tungtungna tèh diantep teu dipigawè pisan.
Sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba,
sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaèra,
betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor diliang jarum
Kulantaran loba kasalahan atawa dosa,
embung cicing di nu rame, sabab sieun,
karesepna tèh di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu
loba mata-matana jeung pinter nyusud
perkara (keur pagawèan pulisi).
Seukeut tambang manan gobang
Sakumaha gagahna wanina jeung
ngalawana ogè jalma jahat mah awal ahir
tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan
pikakeuheuleun, tangtu baè ngambekna jadi
tambah.
Seungit angin-anginan
Seungit pisan meleber ka mana-mana
Seuseut batan neureuy keueus
Hèsè pisan.
Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa
saeutik eutik acan.
Silih jenggut jeung nu gundul
Mènta tulung ka papada anu sarua butuhna
atawa sarua papada henteu boga.
Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi
boro boro meunang kauntungan, kalahka
meunang wiwirang jeung karugian.
Tamiang meulit ka bitis
Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun Bèrèhan teuing nepi ka
urang mah susah.
Tarajè nangeuh dulang pinande
Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan
alus sarta bener.
Taya tangan pangawasa
Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
Taya halodo panyadapan
taya eureuna digelendeng atawa di
dicarekan (Terus baè digelendeng atawa
dicarekan).
Teng anak teng, anak merak
kukuncungan
sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu
hadèna, sasarina loba anu diturunkeun ku
kolotna.
Teu aya sarebuk samerang nyamu
Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu keked
Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu
butuh tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir rangkepan
Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Kumpulan Babasan Sunda
Teu busik bulu salambar
teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan
pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan teu dipikarisi, teu
dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir
teu dibuni buni, ditembrakeun baè, teu
dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik
acan.
Teu ditari teu ditakon
Teu dipalire diantep baè, teu ditanya tanya
acan.
Teu gugur teu angina
Samèmèh kajadian naon naon, teu aya pisan
beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti
tihang tengah
Nya gorèng rupana nya gorèng kalakuanana
sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum
teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun
nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung
anu haram ogè disaruakeun baè.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah
jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu
sakola.
Teu puguh alang ujurna
teu puguh entep seureuhna, teu bèrès lain
kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma
tambah paanggang
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna
alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi
teu aro aro acan
Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo
acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas
dampal
Mènta dihampura tina rumasa geus salah
atawa boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti beurang
kasayaban
Sababaraha kali karurugian atawa
karoroncodan.
Tiis ceuli hèrang mata
ngeunah hatè kulantaran ngeunah
deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum
atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen
teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris
pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo
atawa nipu.
Titip diri sangsang badan
Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh
sejana nyiar kasenangan, tapi jadina
pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedè.
Totopong heureut dibeber beber, tangtu
soeh
nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna,
tangtu baè matak jadi susah, lamun rejeki
atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung
pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang gantang
Ngajalankeun pagawèan pikeun Nagara,
babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang dirumpak
Euweuh anu dipikaserab, terus baè ngalajur
napsu.
Kumpulan Babasan Sunda
Tunggul sirungan, catang supaan
Aya kajadian anu gorèng atawa matak teu
genah ahirna.
Ulah pangkat mèmèh jeneng
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka
nu geus jeneng.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
junun nyanghareupan pagawèan anu
dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
Ulah tiis tiis jahè
kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah beunghar mèmèh boga
ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar,
turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara
ka picung
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan tèh,
hadèna mah ti keur ngora kènèh nepi ka
geus kolot tèh, lain beuki lila beuki bosen tapi
kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag
kaanginan
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa
kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur
nyanghareupan hiji maksud anu hadè.
Uncal tara ridu ku tanduk
Duduluran karumpul kabeh.
Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila
beuki nyaah.
Uyah tara tees kaluhur
Galibna sipat indung bapa anu haradè atawa
anu gorèng sok diturunkeun ka anak incuna.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa
ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig,
dedemit.
Waspada permana tingal
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal
kajadian.
Ulah keok mèmèh dipacok
Ulah sieun saacan ngalakonan.
Wiwirang di kolong catang nya gedè nya
panjang
wiwirang nau pohara gedèna.
Ulah leutik hatè
Ulah sieun atawa putus pangharepan.
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina
tali gadang, omat ulah lali tina
purwadaksina
Kudu nuturkeun ètika anu aya.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur
masing nyaah kana rejeki meunang hèsè
capè ladang kesang, pacuan arek dimonyah
monyah.
Ulah ngaliarkeun taleus ateul
Ulah nyeubarkeun fitnah.
Ulah ngukur baju sasereg awak
Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
Ulah pagiri-giri calik, pagirang- girang
tampian
Ulah rebutan kakawasaan
http://sdnciwangi-pwk.blogspot.co.id
A
Ambekna sakulit bawang
Gampang pisan ambek, jeung mun geus
ambek teu reureuh sakeudeung.
Adab lanyap
Jiga nu handap asor, daèk ngahormat ka
batur, tapi boga hatè luhur, tungtungna sok
ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur
loba nu teu resepeun.
Anak puputon
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara
dipikanyaah.
Adam lali tapel
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga
Adat nu hèsè digantina.
Adean ku kuda beureum
Agul ku payung butut
Ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja
Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan.
Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan
pilaksanaeun (mikahayang nu moal bakal
kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Naon baè nu mèrè hasil ka urang kudu
diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen
pecat sawed
Ari umur geus kolot tapi hatè ngongoraeun
kènèh.
Aki aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan.
Asa dijual payu
Ngungun dumèh nyorangan di panyabaan,
jauh ti indung bapa.
Aku aku angga
Ngaku barang batur kalawan ngandung
maksud hayang mibandangaku baraya batur
anu beunghar atawa jeneng, mamrih
kahormatan atawa kauntungan.
Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah nu gèdè, anu saenyana
teu diarep arep.
Aku panggung
Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal
ku ieu aing asa pangpunjulna,
pangbeungharna jstè.
Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa
pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan
nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul
Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna
jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hadè omè
Tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek
Ari napsu pohara gedèna, ngan masih bisa
meper diri napsu kapegung.
Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutangan budi anu pohara
gedèna.
Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma nu pohara hadè galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi
henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon
Sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal
Anu mustahil ogè bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat
Arèk meunang bagja atawa kauntungan tapi
teu tulus.
Kumpulan Babasan Sunda
Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegedèn dina aya
karerepet atawa kaperluan penting gampang
naker meunang pitulungna.
Aya hatè kadua leutik
Naksir.
Aya jalan komo meuntas
Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi
ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas
Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun
ngalaksanakeun atawa ngabulkeun
kahayang.
Aya jalan komo meuntas
Eukeur mah aya maksud, turug turug aya
pilantaraneun.
Aya peurah aya komara
Aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai
Aya nu diarep-arep atawa dihèroan.
Ayakan tara meunang kancra
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua
darajatna jeung panghasilanana.
ngajual barang nu aya pikeun ngabèla diri,
meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir
Boga pikiran gorèng ka papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Babarengan sok sanajan dina hina, rugi,
atawa cilaka.
Beurat birit
Hèsè jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat
narimakeunana
Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan
teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa
tulisan, anging gusti nu ningali.
Beunghar ku barang titipan atawa ginding
ku pakèan batur.
Adigung adiguna
Beureum paneureuy seuseut batan
neureuy keueus hèsè pisan, seuseut seuat
ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema
nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung
Bisi salah pokpokanana.
B
Balèg tampèlè
Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan
lamun papanggih jeung jelemana gedè
kènèh kaèra.
Bali geusan ngajadi
Tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting
teu eureun eureun nyeri hatè ti baheula nepi
ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat
belas, jalan gedè sasapuan
Bèak karep ku rido jeung bèrèsih hatè.
Banda tatalang raga
Lamun urang papanggih jeung karerepet,
gering upaman, euweuh halangan urang
Biwir nyiru rombèngeun
Resep mukakeun rasiah sorangan atawa
rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngacèh rasiah atawa kaaèban
boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung
lengkah
Henteu milu milu kana tanggung ajwabna
mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun
dumèh jadi utusan, ngemban timbalan tinu
lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar
kipayah.
Kumpulan Babasan Sunda
Bobo sapanon carang sapakan
Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana
atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan
Henteu rahayu, henteu salamet, meunang
kacilakaan atawa tiwas.
Bobot pangayun timbang taraju
kabèh anu dipigawè kudu pinuh tinimbangan.
Cangkir emas eusi delan
Omonganana mah alus nepi ka urang jadi
percaya jeung kataji, tapi hatèna jahat jeung
matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk
Ngeluk baè, teu lemèk teu carèk, euweuh
hojah, euweuh karep, euweuh kahayang
sabab èra tawa sieun.
Bontèng ngalawan kadu
Nu leutik ngalawan nu gèdè.
Cara gaang katincak
Anu tadina ramè kacida, ayeuna mah jadi
jempling pisan.
Buburuh nyatu diupah bèas
Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Cara jogjog mondok
Carekcok baè, mani gandèng nacer.
Budi santri, lègèg lebè, ari lampah euwah
euwah
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok
ceceremed.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung
beuheung
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa
ditipu ku batur.
Buluan belut, jangjangan oray
Pamohalan kajadian.
Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gèdè, nu miskin
nyaruaan nu beunghar.
Bungbulang tunda / tunda talatah
Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi
sok nitah deui ka batur.
Buntut kasiran
Korèt, medit, ngeupeul, tara pisan daèk
barangbèrè.
Bur beureum bur hideung, hurung
nagtung siang leumpang
Ginding, loba pakèan anu aralus dipakè.
Buruk buruk papan jati
Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang
ngahampura baè lamun aya kasalahan tèh.
C
Caang bulan dadamaran
Migawè nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun
Hanteu bèrès, hanteu rata, henteu
sampurna.
Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baè
anu kadèngè, turtaning tacan karuhan èta
bèja tèh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa
bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi
legok
Ku dileukeunan mah sakumaha hèsèna gè
lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun
diajarna lila lila ogè tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara, cecendet
mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun
harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa
Beda tempatna, bèda deui adat jeung
kabiasaanana.
Clik putih clak hèrang
Kaluar tian hatè anu bèrèsih, rido pisan, teu
aya geuneuk maleukmeuk.
Kumpulan Babasan Sunda
Congo congo ku amis, mun rek mais ogè
puhuna
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak,
lamun bapana henteu bageur.
D
Daèk macok embung dipacok
Daèk ngarah kana rejeki atawa pakaya
batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana
ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas
Ari modalna gedè kacida, ngan batina anu
diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas
Tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang mangsi
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Dèsa maca cara nagara mawa tata
Ngagambarkeun yèn kaayaan jeung adat
kabiasaan di dèsa jeung kota (nagara) tèh
bèda-bèda.
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug
Pada nongton, jadi tongtonan kulantaran
pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus
Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan
hanjakal teu nyaho tibareto yèn baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih
Baheula ditangtukeunana, ngan kakara
ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu
diparaban
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung
Disangka hadè jeung bageur tapi buktina
gorèng jeung jahat.
Disakompèt daunkeun, dihurun suluh
Dihijikeun baè, disaruakeun baè, teu dibèda
bèda.
Ditangtang ditengteng dijieun bontèng
sapasi
Dialak ilik lantaran dianggap anèh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang
lenjang, diteuteup ti hareup sieup
Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong
Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya
ogè teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gedè
dituar batur
Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik
kènèh, sugan diparengkeun ku nu kawasa
jadi pipamajikaneun, na ari geus gedè
dikawin batur, atuh hèsè capè taya gawè.
Dosa salaput hulu
Kacida loba dosana.
Dulang tinandè
Awèwè mah nurutkeun baè, kumaha
diaturna jeung diparèntahna ku nu jadi
salaki.
Duum tinggi
Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil
aya nu loba, aya nu saeutik.
E
Elmu ajug
Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku
sorangan henteu.
Elmu sapi
Samiuk (ngahiji) kana kagorèngan.
Elmu tumbila
Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baè.
Endog sapatarangan, peupeus hiji,
peupeus kabèh
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka
dulur, baraya atawa sobat, balukarna
ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka
sarèrèa.
Kumpulan Babasan Sunda
Endog tara megar kabèh
Najan saindung sabapa henteu sarua
milikna, rejekina atawa darajatna.
Galehgeh gado
Darèhdèh tapi henteu terus kana hatè.
Gancang pincang
Kulantaran digawèna buru buru jeung kurang
ati ati hasilna tèh teu nyugemakeun.
Gantung denge
Hanteu terus bisa ngadèngèkeun hiji perkara
jeung pohara hayangna neruskeun
ngadèngèkeun.
Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana
geus bèak atawa daharna kapaksa kudu
eureun heula ku lantaran aya dahareun nu
didagoan.
Gedè gedè kayu randu, dipakèke pamikul
bengkung, dipakè lincar sok anggang,
dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka
jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg
ngan hanjakal gawèna jeung karajinanana
gorèng.
Gedè gunung pananggeuhan
Adigung kulantaran boga kolot atawa baraya
baleunghar ataw jareneng.
Gedè gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar
atawa jadi gegedèn, dina urang aya
karerepet atawa butuh ku pitulung, èta jalma
bisa nulungan ka urang ku kabeungharan
atawa kakawasaan.
Gedè hulu
Boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku
lampahna jeung omonganana.
Getas harupateun, pingges harepan
Gampang pisan nyalahkeun atawa
ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun
meledug.
Gindi pikir belang bayah
Gorèng hatè, dolim, julig , dengki.
Ginding kakampis
Ari pakè mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua baè ulah
dihina.
Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan
sanajan hanteu di ondang, maksudna
hayang dititah gawè sangkan seubeuh
baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Euweuh anggeusna, euweuh bèakna.
Gurat batu
Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna
anu salah atawa boga dosa ka papada
kawula.
Hadè gogog hadè tagog
Hadè basa jeung hadè tingkah lakuna.
Hadè ku omong gorèng ku omong
Omongan nu hadè balukarna hadè jeung
omongan nu gorèng, gorèng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
Kahadèan anu sakitu gedèna tur lilana
leungit pisan ku kagorèngan atawa
kasalahan sapoè.
Hambur bacot murah congcot
Gorèng sungutna jeung sok mindeng
nyarèkan deuih tapi bèrèhan sok daèk
barangbèrè dahareun.
Hampang birit
Gampang jeung daèkan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Enya ari miskin tèa mah, ngan lumayan da
ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin ogè da boga salaki nu ngurus
jeung nangtayungan.
Kumpulan Babasan Sunda
teu purun hojah sorangan dina enggoning
nyiar kipayah.
Harewos bojong
Harèwos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku
jelema anu deukeut kalawan tetèla pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh
dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun
balukarna ieu tèh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong
Bèja tèh sasarina sok gampang jeung
gancang nerekab, kulantaran umumna sok
pabèja bèja.
Hayang untung jadi buntung
Teu papanggih ari jeung kauntungan mah,
papanggih sotèh jeung karugian anu sama
sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat
atawa pagawèan.
Hèrang caina beunang laukna
Maksud bisa kahontal kalawan bèrès teu aya
pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Hèrang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu
nganyenyeri batur.
Hèrang hèrang kari mata, teuas teuas kari
bincurang
Barèto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan baè henteu
terus jeung hatèna.
Heureut deuleu pondok lèngkah
Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab
henteu rèa babandingan da kurung batok.
Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabèjakeun hiji
perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karèmpan.
Hirup ku panyukup gedè ku pamèrè Hirup
samahi mahi ku pamèrè batur baè, sabab
Hirup nuhun paèh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang
naon naon.
Hirup ulah manggih tungtung, paèh ulah
manggih beja
Kudu bageur kudu hadè laku lampah supaya
alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur
untung tambah untung.
Hunyur nandèan gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna
atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang leumpang Ginding
karana makè papakèan atawa perhiasan anu
aralus.
Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh
ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga,
pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina, katinggang
pangpung dilebok maung, rambutna
salambar, getihna satètès, ambekanana
sadami, agamana darigamana, kaula
nyerenkeun
Masrahkeun sagalagalana hadèna
gorèngna, bagja cilakana (biasana sok
dipake dina seserahan).
Indung lembu bapa bantèng
Ti indung jeung bapa turunan mènak jeung
beunghar.
Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.
Inggis manan maut hinis, rempan batan
mesat gobang
Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut
Gedè kaèra.
Iwak nangtang sujen
Kumpulan Babasan Sunda
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa
pibahayaeun.
Jabung tumalapung sabda tumapalang
Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung
nèmpasan omongan batur, nyeta nyeta siga
nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang
Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu
ngahalangan pijodoeun hiji awèwè.
Jadi sabiwir hiji
Jadi carita jalma loba.
Jadi senèn kalemekan
Mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit
Jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti
Pribumi kaèlèhkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang gagang
Hanas jauh jauh ogè dijugjug, ngan hanjakal
ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh Dusun,
teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita,
duduga jeung peryoga.
Jauh ka bedug
Dusun, bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna, sacarana
sacarana
Unggal bangsa bèda adat jeung
kabiasaanana.
Jegjeg cèkèr
capè kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jejer pasar
lumrah baè, mun ka lalaki, kasep henteu,
gorèng henteu.
Jeung leweh mah mending waleh leuwih
hadè wakca balaka ngedalkeun kahayang ti
batan ngandung kabingung teu wani pok
nyarita.
Jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa
Milampah anu moal pihasileun.
Ka luhur teu sirungan kahandap teu
akaran
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal
jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan
pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun kawentar ka
janapria, kakoncara ka mancanagara
Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa,
katarik kana hiji perkara, keukeuh milu
susah, sanajan teu boga salah jeung henteu
milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong
Ku ayana barang titipan di urang, urang tèh
nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur
mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal
pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis manan amis
tungtung pait
Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadè
dicaritakeun ti heula naon anu matak
pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal tiis
beuteung
Kajeun teuing capè gawè asal bisa dahar
kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak
cilaka.
Kandel kulit beungeut
euweuh caerè.
Katempuhan buntut maung
Batur anu salahna atawa anu boga dosana,
tapi urang anu kudu nyanghareupan
balukarna.
Katumbukan catur kadatangan carita
Loba anu embung sabab ngagedèkeun
jeung ngagugulukeun panyerewedan.
Kumpulan Babasan Sunda
Kawas anjing kadempet lincar
Mere parentah ka batur teu kalawan sabar,
malah bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan
pisan.
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu
talangke deui harita kènèh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang
Laleutik kènèh pisan keur meujeuhna
bareuki dahar.
Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk
panon.
Keur meujeuhna hejo lembok rambay
carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung
loba rejeki.
Kawas hayam keur endogan cilingcingcat
baè, teu bisa cicing.
Keur nuju bentang surem
keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani
ku hama, lamun dagang terusterusan rugi
baè.
Kawas hayam panyambungan
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar
kènèh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang kajang
Ngomongna tarik tur gancang, biasana
ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari
nyarèkan.
Kawas kuda leupas ti gedogan
Bingung ku kamerdekaan, terus sakamakama nganteur kahayang, ngalajur napsu,
kulantaran euweuh anu ngageuing atawa
euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu
Gampang asupna kana pagawèan tapi
pohara hèsèna hayang kaluar ninggalkeun
eta pagawèan.
Kawas lauk asup kana bubu
gampang meunangna jeung asup kana hiji
pagawèan, tapi hèsè kaluarna jeung
negcagkeunana eta pagawèan (masalah).
Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok
nu lain lain, jeung hèsè ngayakeunana nu
dipikayang ku jelema nu tereh ajal,
kahayangna sabisabisa kudu dicumponan
baè, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/
kulawargana.
Kawas siraru jadi
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina
Ngeunaan jelema nu gorèng rupana.
Kejo asak angeun datang
Kiceupna sabedug sakali
Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu
balener, tangtu nu dihandapna ogè milu teu
bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa manggih
lebaran
Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji
waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa
rejeki anu gedè, sasarina sok kacemekanana
nepi ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu
meuncit hayam
Kacida miskina.
Kotok bongkok kumorolong,
kacingcalang kumarantang = Lauk buruk
milu mijah = Piritan milu endogan
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka gorèng
katenjona.
Kudu bisa kabulu kabale
Kudu bisa mawa awak.
Kudu bisa ngeureut neundeun
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala
anu saeutik.
Kudu bisa pindah cai pindah tampian
Kudu bisa nyaluyukeun manèh jeung
lingkungan anu anyar dicicingan.
Kumpulan Babasan Sunda
Kudu boga pikir kadua leutik
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir
rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kudu hadè gogod hadè tagog
Hadè basa jeung hadè tingkah lacuna.
Kudu nepi mèmèh indit
Kudu direncanakan kalawan asak.
Kujang dua pangadekna
Hiji pagawèan anu ngandung dua rupa
maksud.
Kulak canggeum bagja awak
Milik hadè atawa gorèng anu geus
ditangtukeun ti ajalina kènèh ku Gusti Nu
Maha Suci.
Kumaha bule hideungna baè
Kumaha engke baè buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina geletuk batuna
kumaha jadina baè, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana
awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit
Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan
sangkan junun.
Kurung batok
teu resep nyanyabaan, niat cicing diimah
baè.
Lain ku tulang munding kabeureuyan
mah, ku cucuk peda
arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogè
bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedè baè.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang
tanpa beja lain leumpang maladra
Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu
tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu
puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer aisan
Gedè timbanganana, gedè pangampurana.
Langsung saur bahe carek
Sok gampang ngagelendeng atawa
nyarèkan.
Lauk buruk milu mijah = piritan milu
endogan
pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka gorèng
katenjona.
Legok tapak genteng kadek
Loba luangna pangalamanana jeung
kanyahona.
Leubeut buah hejo daun
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali
pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara
beurat sabeulah, jeung loba
pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawèan.
Leutik burih
euweuh kawani.
Leutik cahak, gedè cohok
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran
mah gedè.
Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur
gedè, tapi leber ku wawanèn.
Leutik ringkang gedè bugang
Jelema mah teu beunang disapirakeun
sabab sanajan leutik warugana, dina aya
papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa
jadi kasusah sarerèa.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hatè
jelema najan deet teu kakobet
Hadè gorèngna pikiran jelema hèsè dikira
kirana.
Lieuk euweuh ragap taya
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon
naon.
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu
ngatur jeung mapatahan, balukarna matak
bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung
Kumpulan Babasan Sunda
Kalah ka loba omong baè, ari pangartina
mah euweuh.
Luhur kuta gedè dunya
Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang
Teu beunang dicekelan omonganana,
ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah
henteu.
Nyaho yen batur tèh salah atawa migawè
anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu
kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun
Embung pisan tutulung ka batur nu keur
susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang coet
Miceun nu gorèng kulantaran hayang
meunang anu alus, tapi tungtungna
meunang nu gorèng deui baè.
Malengpeng pakel ku munding, ngajul
bulan ku asiwung
Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya
pihasileunana.
Mindingan beungeut ku saweuy
ari hatè gorèng, ngan budi parangi
marahmay, perluna pikeun mindingan hatè
nu gorèng tèa maksudna supaya ulah kaciri
tèa.
Maliding sanak
Henteu adil, pilih kasih.
Mipit teu amit ngala teu mènta
Maling boga batur.
Mangpengkeun kuya ka leuwi
Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah
pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Miyuni hayam kabiri
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki
nu babari sumerah ka awewe.
Mapay ka puhu leungeun
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning
kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon
jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Moal ceurik mènta eusi
Keun baè mawa wadah anu gedè ogè da lain
hayang loba dibèrèna.
Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun
hiji perkara anu teu aya hasilna atawa
mangpaatna.
Maut nyere ka congona
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun
susah.
Melengkung bekas inhalan
Ari keur ngora kènèh bageur tapi
kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun
Mere naon naon anu bisa jadi aya
pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang
meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang
milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih
gedè.
Meungpeun carang ku ayakan
Moal nèangan jurig teu kadeuleu
arek nyekel jelema nu aya baè, moal
nèangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun
kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun
kahayang.
Monyet kapalingan jagong
Tukang maling kapalingan, tukang tipu
katipu, tukang ngarah nagrinah
karoroncodan.
Mopo mèmèh nanggung
Horèam, teu sanggup samèmèh prak.
Mun teu ngakal moal ngakeul
mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
pibekeleun hirup.
Kumpulan Babasan Sunda
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa
ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun
hasil (asiwung; kapas nu geus dibèrèsihan
sikina, biasana dipake keur mayit nutupan
liang-liangan).
Nete porot ngeumbing lesot
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa
akal tarekah tapi teu hasil baè.
Ngadu angklung di pasar
papaduan nguruskeun nu euweuh
mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Nete semplek nincak semplak
Ninggang dina salah jeung rugi baè, turug
turug kasusah nambahan deuih.
Ngadu ngadu rajawisuna
mawakeun omongan si a ka si b jeung
sabalikna, temahna si a jeung si b pasea,
parerèa omong.
Nete tarajè, nincak hambalan
Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun tèh
urang kudu datang ka nu handap heula,
kakara terus kaluhur.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu
ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah
moal ngarih
Lamun teu digawè niar kipayah tangtu
pisusaheun pikeun hirup.
Neukteuk curuk dina pingping
Ngadakwakeun nu lian, tapi nu
ngadakwakeunana meula susah, sabab milu
katarik kana perkara, milu adu hareupan
jeung hakim.
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih
pakandangan
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun
aya di pangumbaraan/ panyabaan.
Neukteuk mani anggeus, rokrok
pondokeun peunggas harupateun
Heuras hatèna teu sabar dina
nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung
babari luluasan.
Nete semplek nincak semplak
Kieu salah kitu salah.
Mupugkeun tai kanjut
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna
nyunatan atawa ngawinkeun anak anu
kacida dipikameumeutna.
Neundeun piheuleut nunda picela
Nèangan pilantaraneun supaya jadi gorèng
supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Naheun bubu pahareup hareup
dina pangabutuh silih injeuman duit.
Ngabèjaan bulu tuur
Ngabèjaan jalma nu geus nyahoeun.
Nangkeup mawa eunyeuh
mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung
jeung geus nulungan ka urang.
Ngabudi ucing
teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun
kahayang atawa kadeudeuh.
Nangtung kariung ngadeg karageman
Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji
perkara.
Ngadagoan kuah beukah
Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu
ngan wungkul tukang babantu di imah batur
baè, anu saenyana mah ayana tukang
babantu tèh henteu perlu).
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung
ngagogorèng batur, supaya batur tèh ragrag
ngarana jeung kawentar kagorènganana.
Nepakeun jurig pateuh
Puguh urang nu gorèng tapi kagorèngan
urang tèh ditamplokeun ka batur sangkan
urang sorangan salamet.
Ngadagoan uncal mabal
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki
tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun
eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang areuy
Kumpulan Babasan Sunda
pohara nineungna kana jaman nu geus
kasorang nepi ka matak waas pacampur
jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas saplasna
Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa
dikurangan.
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri
sorangan, supaya batur welaseun jeung
nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok sembah
gorèng hatè, teu satia ka anu jadi pamingpin
atawa dunungan.
Ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa
kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah
jeung diajak dahar.
Ngodok liang buntu hèsè capè taya gawè,
susah payah taya guna
sanajan tihothat ogè moal atawa henteu
beubeunangan.
Ngagandong kejo susah nyatu
loba ari titaheun mah boh anak boh bujang
ngan hanjakal ku hèsè nitah, euweuh nu
daekeun ari dititah tèh.
Ngodok liang jero
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu
kadieu luput baè.
Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang
tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen
urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api
geus nyaho baè.
Ngaliarkeun taleus ateul
ngabeja bejakeun kagorèngan atawa
kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorèngan batur atawa
kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang ragrag
Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal
kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida
banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun,
sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung
nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya
sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni
hayam kabiri
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe
kedah micarek
Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
Ngeupeul ngahuapan maneh
Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup,
pakan, pake jste disaluyukeun jeung
pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gedè sok
nyepak
Ngukut bujang anu tadina pohara
balangsakna, susak dahar susah make, tapi
ari geus mulya awak lintuh jeung pake hadè,
ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit
bari indit kulantaran ambek nyedek atawa
era paraa, leos baè indit, teu amit heula ka
anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur
pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua
pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna
Keur mah gorèng rupana, gorèng laku
lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe randa
dihiasan
Ngamahalkeun barang naon baè anu geus
ruksak.
Noong ka kolong
Leutik hatè, leutik pangharepan.
Kumpulan Babasan Sunda
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang
moha
nu hadè jeung loba jasana ka diri urang,
dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku
kalakuan anu gorèng.
nambahan kauntungan atawa kakayaan ka
anu geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra
Sugan tèh rek meunang kauntungan,
kamuliaan atawa bagja anu leutik
manahoreng meunang kauntungan atawa
bagja anu gedè.
Nu borok dirorojok = nu titeuleum
disimbeuhan
nu keur susah ditambah kasusahanana, nu
keur nyeri ditambah kanyerina.
Nyaliksik ka buuk leutik
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka
jelema anu sahandapeun darajatna jeung
pangabogana.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum
disimbeuhan
Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nu burung diangklungan, nu edan
dikendangan
ngahaminan omongan atawa carita batur,
sanajan ceuk hatè sorangan eta omongan
atawa carita tèh salah.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna,
euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nuturkeun indung suku
Leumpang sakaparan-paran, ku sabab
henteu puguh tujuan.
Nulungan anjing kadempet
nulungan jelema nu teu boga pisan rasa
tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup
Di unggal jelema ogè taya bedana, sarua
baè, mungguhing wiwirang atawa katugenah
hatè mah boh di menak boh disomah sarua
baè.
Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos,
pananya jeung jawaban pasalia, henteu
nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku
uyah
Nyanggakeun suku genteng belokeun,
beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit
kunyit, dicacag diwalang walang
Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek
dihideung kari kumaha didinya baè, dina
rumasa geus salah atawa rumasa boga
dosa.
Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun
harkatna atawa pangartina.
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di
unggang
Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
Nyeri beuheung sosonggeteun
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep
arep teu jol baè datang.
Nyeungeut damar di suhunan
mintonkeun kakayaan, atawa barangbèrè
supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh
buuk geus bodas huntu geus ompong,
tonggong geus bengkung turtaning ieu tèh
kahareup mah ku urang sarerèa bakal
kasorang.
Nyiar batuk piaraheun
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukeun lebu
turun cadu (cacaduan), pantang
ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku
luluhur.
Kumpulan Babasan Sunda
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji
dongeng nu teu aya galurna.
Paanteur-anteur julang
silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Nyieun heuleur jeroeun huma
Henteu raket jeung dulur pahare-hare baè.
Pacikrak ngalawan merak
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu
gedè.
Nyieun pucuk ti girang
pangheulana nèangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu
pait
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan
jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan
Pagawèan nu mubadir, moal ngahasilkeun
naon naon.
Nyium bari ngegel
Omongannana hadè ngan hatè jeung
maksudna gorèng . Salakina dipisobat ari
pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot
Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di
hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel
Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang
taraju
Mènta pangampura jeung mènta timbangan
da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa
mah.
Nyukcruk walungan mapay mapay
wahangan
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut
pisan pancakakina.
Omong harus batan goong
Beja tèh gancang naker nerekabna, malah
sasarina mah beja anu nerekab tèh leuwih
hebat batan aslina.
Owah gingsir
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti
pamadegan.
Pada rubak sisi samping
Sarua baè pada loba luangna, pada loba
pangalamanana.
Pagirang girang tampian
Paunggul unggul dina nèangan pangupa jira
(Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih
seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk leungeun
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang
Arang gering.
Pait daging pahang tulang
cageur teu keuna ku panyakit naon baè.
Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan,
pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk
pagedè gedè kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta karasa
Inget baè, teu bisa poho. Biasana mah lain
kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal
kasorang.
Pindah cai pindah tampian
Robahna tempat matuh robah adat jeung
kabiasaan.
Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur,
kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Kumpulan Babasan Sunda
Pipilih meunang nu leuwih koceplak
meunang nu pecak
Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran
hayang meunang nu leuwih hadè, ngan
ahirna meunang nu leuwih gorèng.
Sabobot sapihanèan
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja
sacilaka.
Piruruhan katengahimahkeun
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun ogè
ari laku lampah anu gorèng mah awal akhir
sok kudu kanyahoan baè.
Poèk mongklèng buta rajin (atawa buta
radin)
Poèk pisan.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
sanajan pohara bengisna nu jadi indungbapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Pondok jodo panjang baraya
Saha è jodoh urang silaturahmi kudu tetep
dijaga.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh
Hanteu cidra kana jangji.
Pupulur mèmèh mantun Mènta ganjaran
mèmèh aya jasa atawa mènta buruhan
mèmèh prak digawè.
Sahèrang hèrangna cai beas
Galibna hatè tèh hèsè pisan bèrèsihna ka
jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka
urang.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari
tunggak, tunggak kacuwatan daging
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu
katempuhan, kudu mayaran hutang anu
dipangnanggungkeun.
Sahèrang hèrangna cibeas, moal hèrang
cara cisumur
Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok
tara hadè deui cara bareto samèmèh aya
pacengkadan.
Puraga tamba kadengda
Migawè hiji pagawèan henteu jeung enya
enya. Henteu ngandung maksud supaya
hadè hasilna ieu mah pada ulah dipaido baè.
Sakecap kadua gobang
Gampang ngambek jeung gampang ngadek
deuih.
Raweuy beuweungeun rambay alaeun
Loba dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di buruan
dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga
teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun
Henteu lengkep, aya baè anu kurang nu
matak cua kana hatè.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban
ku taneuh beureum
Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu
satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka
maot.
Rusuh luput gancang pincang
Migawè naon baè anu rurusuhan, temahna
matak kaduhung sabab hasilna teu matak
nyugemakeun.
Sakiriciking duit sakocopoking bogo
Naon baè anu matak narik kana hatè urang.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan
hulu
Sapinter pinterna murid pangartina moal
ngaluhuran guru.
Samar polah samar rasa
Henteu puguh tingkah upamana ku sabab
tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi
kakara disidem dina hatè baè, tacan brukbrak
Sangsara di geusan betah
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan
kulantaran geus embung digawè nyiar
kipayah. Anehna tèh ari hirup mah hayang
kènèh.
Sapu nyèrè pegat simpay
Paturay papisahan.
Kumpulan Babasan Sunda
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean
sabata sarimbangan
Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satengah buah leunca
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang
saeundan.
Satungtung deuleu
Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
Saumur nyunyuhun hulu
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy
Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga
kènèh napsuna cara baheula keur ngora
kènèh, sasarina aya di jelema nu geus kolot,
nu tereh paeh.
Sentak badakeun
teu ceehan dina gawè, mimiti pohara
getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu
tungtungna tèh diantep teu dipigawè pisan.
Sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba,
sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaèra,
betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor diliang jarum
Kulantaran loba kasalahan atawa dosa,
embung cicing di nu rame, sabab sieun,
karesepna tèh di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu
loba mata-matana jeung pinter nyusud
perkara (keur pagawèan pulisi).
Seukeut tambang manan gobang
Sakumaha gagahna wanina jeung
ngalawana ogè jalma jahat mah awal ahir
tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan
pikakeuheuleun, tangtu baè ngambekna jadi
tambah.
Seungit angin-anginan
Seungit pisan meleber ka mana-mana
Seuseut batan neureuy keueus
Hèsè pisan.
Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa
saeutik eutik acan.
Silih jenggut jeung nu gundul
Mènta tulung ka papada anu sarua butuhna
atawa sarua papada henteu boga.
Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi
boro boro meunang kauntungan, kalahka
meunang wiwirang jeung karugian.
Tamiang meulit ka bitis
Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun Bèrèhan teuing nepi ka
urang mah susah.
Tarajè nangeuh dulang pinande
Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan
alus sarta bener.
Taya tangan pangawasa
Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
Taya halodo panyadapan
taya eureuna digelendeng atawa di
dicarekan (Terus baè digelendeng atawa
dicarekan).
Teng anak teng, anak merak
kukuncungan
sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu
hadèna, sasarina loba anu diturunkeun ku
kolotna.
Teu aya sarebuk samerang nyamu
Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu keked
Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu
butuh tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir rangkepan
Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Kumpulan Babasan Sunda
Teu busik bulu salambar
teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan
pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan teu dipikarisi, teu
dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir
teu dibuni buni, ditembrakeun baè, teu
dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik
acan.
Teu ditari teu ditakon
Teu dipalire diantep baè, teu ditanya tanya
acan.
Teu gugur teu angina
Samèmèh kajadian naon naon, teu aya pisan
beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti
tihang tengah
Nya gorèng rupana nya gorèng kalakuanana
sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum
teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun
nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung
anu haram ogè disaruakeun baè.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah
jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu
sakola.
Teu puguh alang ujurna
teu puguh entep seureuhna, teu bèrès lain
kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma
tambah paanggang
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna
alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi
teu aro aro acan
Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo
acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas
dampal
Mènta dihampura tina rumasa geus salah
atawa boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti beurang
kasayaban
Sababaraha kali karurugian atawa
karoroncodan.
Tiis ceuli hèrang mata
ngeunah hatè kulantaran ngeunah
deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum
atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen
teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris
pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo
atawa nipu.
Titip diri sangsang badan
Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh
sejana nyiar kasenangan, tapi jadina
pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedè.
Totopong heureut dibeber beber, tangtu
soeh
nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna,
tangtu baè matak jadi susah, lamun rejeki
atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung
pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang gantang
Ngajalankeun pagawèan pikeun Nagara,
babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang dirumpak
Euweuh anu dipikaserab, terus baè ngalajur
napsu.
Kumpulan Babasan Sunda
Tunggul sirungan, catang supaan
Aya kajadian anu gorèng atawa matak teu
genah ahirna.
Ulah pangkat mèmèh jeneng
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka
nu geus jeneng.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
junun nyanghareupan pagawèan anu
dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
Ulah tiis tiis jahè
kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah beunghar mèmèh boga
ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar,
turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara
ka picung
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan tèh,
hadèna mah ti keur ngora kènèh nepi ka
geus kolot tèh, lain beuki lila beuki bosen tapi
kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag
kaanginan
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa
kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur
nyanghareupan hiji maksud anu hadè.
Uncal tara ridu ku tanduk
Duduluran karumpul kabeh.
Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila
beuki nyaah.
Uyah tara tees kaluhur
Galibna sipat indung bapa anu haradè atawa
anu gorèng sok diturunkeun ka anak incuna.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa
ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig,
dedemit.
Waspada permana tingal
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal
kajadian.
Ulah keok mèmèh dipacok
Ulah sieun saacan ngalakonan.
Wiwirang di kolong catang nya gedè nya
panjang
wiwirang nau pohara gedèna.
Ulah leutik hatè
Ulah sieun atawa putus pangharepan.
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina
tali gadang, omat ulah lali tina
purwadaksina
Kudu nuturkeun ètika anu aya.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur
masing nyaah kana rejeki meunang hèsè
capè ladang kesang, pacuan arek dimonyah
monyah.
Ulah ngaliarkeun taleus ateul
Ulah nyeubarkeun fitnah.
Ulah ngukur baju sasereg awak
Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
Ulah pagiri-giri calik, pagirang- girang
tampian
Ulah rebutan kakawasaan
http://sdnciwangi-pwk.blogspot.co.id