KAMAMPUH NULIS GUGURITAN SISWA KELAS VIII H MTS YPPA CIPULUS TAUN AJARAN 2012/2013.

(1)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KAMAMPUH NULIS GUGURITAN

SISWA KELAS VIII H MTS YPPA CIPULUS

TAUN AJARAN 2012/2013

JURNAL

Disusun pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Purwanti Indra Sumantri 0900310

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PERNYATAAN

Saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013 ini sepenuhnya karya saya sendiri. Tidak ada bagian di dalamnya yang merupakan plagiat dari karya orang lain dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, februari 2013 Yang membuat pernyataan,

Purwanti Indra Sumantri NIM. 0900310


(3)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI PURWANTI INDRA SUMANTRI

NIM 0900310

KAMAMPUH NULIS GUGURITAN SISWA KELAS VIII H MTS YPPA CIPULUS

TAUN AJARAN 2012/2013 Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr.Ruhaliah, M.Hum. NIP. 196411101989032002

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP. 196707101991022001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, MPd. NIP. 196408221989031001


(4)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

PURWANTI INDRA SUMANTRI 0900310

Abstrak

Penelitian ini bertujuan untuk mendéskripsikan sejauh mana kemampuan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus menulis guguritan.Lokasi diadakannya penelitian ini adalah di MTs YPPA Cipulus Desa Nagrog Kecamatan Wanayasa Kabupaten Purwakarta. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif, yaitu suatu metode untuk menggambarkan suatu objek secara sistematis, faktual, dan akurat mengenai fakta-fakta yang diteliti. Teknik yang dipakai untuk pengumpulan data adalah teknik tes. Dari teknik tes inilah diperoleh data yang menggambarkan kemampuan siswa menulis guguritan.Dalam mendéskripsikan kemampuan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus menulis guguritan, digunakan kategori-kategori penilaian sebagai berikut. 1) kemampuan siswa menulis guguritan berdasarkan kesesuaian kualitas dengan lingkup isi, 2) kemampuan siswa menulis guguritan berdasrkan gaya bahasa, 3) kemampuan siswa menulis guguritan berdasarkan ejahan, 4) kemampuan siswa menulis guguritan berdasarkan watak pupuh, 5) kemampuan siswa menulis guguritan berdasarkan guru lagu, dan 6) kemampuan siswa menulis guguritan berdasarkan guru wilangan. Kemampuan siswa menulis guguritan dilihat dari kesesuaian kualitas dan lingkup isi hasilnya baik dengan nilai 78, dilihat dari kesesuaian dengan gaya bahasa hasilnya baik yaitu 74, dilihat dari ejahan hasilnya baik sekali yaitu 85, dilihat dari kesesuaian dengan watak pupuh hasilnya baik sekali yaitu 99, dilihat dari kesesuaian dengan guru lagu hasilnya baik sekali yaitu 94, dan dilihat dari kesesuaian dengan guru wilangan hasilnya baik sekali yaitu 91.Diperoleh kesimpulan bahwa siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus telah mempunyai kemampuan dalam menulis guguritan. Rata-rata kemampuan menulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus tahun ajaran 2012/2013 dilihat dari kesesuaian aspék kulitas dan lingkup isi, gaya bahasa, ejaan, watak, guru lagu dan guru wilangan yaitu baik sekali (87) dilihat dari skala 100.


(5)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Abstract

This research aims to describe the extent to ability of eighth grade students of MTs YPPA H Cipulus write guguritan. Location of this research is on MTs YPPA Cipulus sub Desa Nagrog Wanayasa Purwakarta district.This research uses descriptive method, namely method to describe an object in a systematic, factual, and accurate about the facts under investigation. The techniques used for data collection was a test techniques. From the data obtained by this test technique that describes the ability of students to write guguritan.In describing the ability of eighth grade students of MTs YPPA H Cipulus write guguritan, the categories of the following assessment. 1) the ability of students to write guguritan based conformance with the scope of quality content, 2) the ability of students to write guguritan by style, 3) the ability of students to write guguritan based spelling, 4) the ability of students to write guguritan based character pupuh, 5) the ability of students to write guguritan by guru lagu, and 6) the ability of students to write guguritan by guru wilangan.The ability of students to write guguritan views of conformance quality and scope of the content of the results both to the value of 78, seen from the result of compliance with a style that is both 74, seen from the excellent results spelling 85, seen from character conformity with good results so that stanza 99, see of compliance with the teacher so that the results are good tracks 94, and the views of guru wilangan compliance with good results once the 91.The conclusions are that the eighth grade students of MTs YPPA Cipulus H has had the ability to write guguritan. Average writing skills guguritan eighth grade students of MTs YPPA Cipulus academic year 2012/2013 views of aspects of quality of their suitability and scope of content, style, spelling, character, guru lagu and guru wilangan very well (87) the scale of 100.


(6)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

Pangjajap ... i

Tawis Nuhun ... ii

Abstrak ... iii

Daptar Eusi ... iv

Daptar Tabél ... vi

Daptar Lampiran ... viii

Daptar Singgetan ... ix

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi ... 6

BAB II KAJIAN PUSTAKA 2.1 Nulis 2.1.1 wangenan Nulis ... 8

2.1.2 Fungsi Nulis ... 8

2.1.3 Tujuan Nulis ... 9

2.1.4 Mangpaat Nulis ... 9

2.2 Guguritan 2.2.1 Wangenan Guguritan ... 10

2.2.2 Ciri-ciri Guguritan ... 10

2.2.3 Eusi Guguritan ... 11

2.2.4 Conto Guguritan ... 11

2.3 Pupuh dina Guguritan 2.3.1 Wangenan Pupuh ... 13

2.3.2 Wanda Pupuh jeung Watekna ... 13

2.3.3 Guru Wilangan jeung Guru Lagu ... 14


(7)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.4 Kategori Meunteun Guguritan ... 22

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ... 23

3.2 Léngkah-léngkah Panalungtikan ... 23

3.3 Métode Panalungtikan ... 24

3.4 Wangenan Operasional ... 24

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 24

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 27

3.7 Analisis Data ... 28

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEMBAHASAN 4.1 Data Nulis Guguritan 4.1.1 Judul Guguritan Siswa ... 29

4.1.2 Kamampuh Nulis Guguritan ... 32

4.2 Analisis Hasil Siswa Nulis Guguritan ... 43

4.3 Analisis Kamampuh Siswa Nulis Guguritan ... 49

BAB V KACINDEKAN 5.1 Kacindekan ... 58

5.2 Saran ... 59

DAPTAR PABUKON LAMPIRAN ... 60 RIWAYAT HIDUP


(8)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR TABÉL

Tabél Kaca

3.1 Pedoman Meunteun Kamampuh Nulis Guguritan 25

4.1 Judul, Topik, jeung Téma Guguritan Siswa 29

4.2 Kamampuh Nulis Guguritan Ditilik tina Kasaluyuan Kualitas jeung Lingkup Eusi

33

4.3 Analisis Kamampuh Nulis Guguritan Ditilik tina Kasaluyuan jeung Watek Pupuh

35

4.4 Kamampuh Nulis Guguritan Ditilik tina Kasaluyuan jeung Guru Lagu

37

4.5 Kamampuh Nulis Guguritan Ditilik tina Kasaluyuan jeung Guru Wilangan

39

4.6 Skor kamampuh Nulis Guguritan Ditilik tina Aspék nu Diajén

41


(9)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR LAMPIRAN

SK Pembuatan Skripsi ... 52

Surat Ijin Penelitian dari Jurusan ... 54

Surat Keterangan Telah Melakukan Penelitian ... 55

Daftar Skor Akumulasi ti pamariksa ka hiji jeung ka dua ... 56

Instrumén Penelitian ... 68


(10)

1

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa nya éta hiji sistem komunikasi ku sora ngaliwatan alat ucap katut pangdéngé di antara anggota kelompok atawa hiji kumpulan masarakat nu tangtu kalawan maké lambang sora nu boga harti arbitrér tur konvénsional (Pei & Gaynor, 1954:119 dina Sudaryat, 2000: 5).

Nurutkeun Sudaryat (1991: 1 dina Sudaryat, 2000: 6), basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) tur ragem (konvensional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patalimarga atawa komunikasi.

Tina dua wangenan basa di luhur, tangtu waé dina kahirupan manusa, basa mangrupa salasahiji komponén primér nu kawilang penting, sabab patali jeung komunikasi nu ngawangun rupa-rupa kode nu bisa kaharti ngaliwatan lambang sora atawa tulisan. Sora atawa tulisan dijadikeun alat pikeun nepikeun kereteg haté, maksud, atawa kahayang hiji jalma atawa panyatur sangkan kaharti ku jalma lian atawa pangregep.

Basa salaku lambang sora disebut komunikasi sacara langsung, sabab antara panyatur jeung pangregep paamprok dina prosés komunikasina. Sedengkeun basa salaku lambang tinulis disebut komunikasi sacara teu langsung, sabab antara nu nulis jeung nu maca merlukeun heula waktu saacan informasi tepi ka nu maca.

Basa salaku lambang tinulis merlukeun kasiapan méntal dina prak-prakanana. Nulis téh lain hal nu babari sarta teu bisa disaruakeun jeung kaparigelan nyarita, sanajan sarua pada-pada ngébréhkeun kereteg haté. Kaparigelan nulis dipigawé ku cara dihaja, boh dina mikirkeun naon nu rék ditulis boh organisasi makéna basa éta sorangan dina wangun lambang tulisan. Teu cara nyarita, nu mayoritas dipigawé sacara spontan saupama aya rangsangan tangtu aya


(11)

2

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tarigan (1994: 4) nétélakeun yén, kaparigelan nulis mibanda kalungguhan anu penting nya éta mangrupa alat pikeun nyatet atawa ngarékam, ngayakinkeun, ngalaporkeun atawa méré nyaho jeung mangaruhan jalma lian. Prosés komunikasi teu langsung bisa jadi hiji média pikeun nepikeun gagasan dina wangun tinulis. Salian ti éta, informasi nu aya dina wangun tinulis, bisa dijadikeun hiji rékaman anu salawasna moal bisa robah, tepi ka hal-hal anu pangleutikna, saperti titik jeung koma. Béda deui saupama ngaliwatan prosés komunikasi langsung, nalika nyaritakeun hal nu sarua di sababaraha tempat anu béda, basa nu dicaritakeun sok robah-robah, kadang mah sok poho aya nu teu kacaritakeun.

Dideudeulan deui ku sawangan Tarigan (1994:3) anu netelakeun yén nulis téh nya éta salasahiji kaparigelan ngagunakeun basa nu dipaké pikeun komunikasi sacara teu langsung. Nulis mangrupa hiji kagiatan nu produktif jeung eksprésif. Hartina, kagiatan nulis bisa jadi hiji kagiatan anu pikaresepeun, kagiatan anu bisa mawa nu nulis ka dunya anu dipikahayang ku manéhna, tur bisa mawa jalma lian milu ancrub ka dunya imajinasi nu nulis ngaliwatan tulisanana.

Nulis mangrupa salasahiji kaparigelan ngagunakeun basa tina opat aspék kaparigelan ngagunakeun basa nu diajarkeun di sakola, saluyu jeung Kurikulum KTSP pangajaran basa Sunda, disagédéngeun ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Opat kaparigelan ngagunakeun basa ieu téh mangrupa hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun antara kaparigelan nu hiji jeung kaparigelan nu séjénna, disebutna gé kaparigelan basa téh mangrupa catur tunggal.

Dumasar kana pamadegan Tarigan (1994: 4), kaparigelan nulis mangrupa hiji kaparigelan basa anu teu bisa kapimilik kalawan otomatis, tapi butuh waktu, prosés, pangalaman, jeung butuh latihan nu intensif. Saupama kitu, tangtu kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan anu panghéséna tina opat kaparigelan ngagunakeun basa. Ku sabab saacan ngamimitian nulis, nu nulis kudu ngaliwatan tilu kaparigelan heula, nya éta ngaregepkeun, nyarita, jeung maca, kakara bisa nulis.

Kaparigelan nulis penting pisan pikeun murid SMP. Saupama murid SMP geus mimiti diwanohkeun kana nulis, sacara otomatis uteukna bakal mibutuh rupa-rupa élmu pangaweruh nu dicangking alatan hasil macaan rupa-rupa


(12)

3

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

référénsi tina buku, sabab kaparigelan nulis moal bisa lumangsung kalayan maksimal lamun teu dirojong ku maca buku. Lamun geus kitu, bakal ngajadikeun hiji kumpulan masarakat anu literat, halabhab ku rupa-rupa pangaweruh nu dicangking tina buku.

Ku kituna, cara pikeun mikanyaho sakumaha kamampuh siswa nulis dina basa Sunda, salasahijina nya éta ku cara nulis guguritan. Guguritan nya éta karya sastra dina wangun puisi heubeul, mangrupa karangan déskriptif nu kauger ku aturan pupuh.

Pangna dipilih guguritan salaku objék pikeun mikanyaho kamampuh nulis, alatan can aya calon sarjana strata hiji nu nalungtik ieu hal. Anapon objék panalungtikanana sarua ogé, lolobana leuwih museur kana ajén, jeung uji coba modél pangajaran dina ngajarkeun guguritan. Ngarang guguritan merlukeun prosés mikir nu leuwih jero tibatan ngarang tulisan nu séjénna. Ku sabab, dina prak-prakanana kudu milu kana aturan pupuh, nu nulis teu bisa sagawayah nuliskeun ide, kereteg haté, atawa gagasan, lantaran kudu tuhu kana aturan nu aya. Gaya basa anu dipilihna ogé kudu sambung-sinambung ngawangun hiji tulisan anu bisa kaharti ku nu maca.

Aya opat kaunggulan dina pangajaran nulis guguritan, salian ti siswa diajar ngabiasakeun nulis, siswa ogé bisa diajar nembang pupuh, tur bisa wanoh kana salasahiji akultularisasi kabudayaan urang Sunda hususna guguritan, jeung diajar ngagunakeun basa Sunda kalayan tarapti.

Ieu hasil panalungtikan bisa nambahan pangaweruh pikeun sakabéh masyarakat akademis anu mibutuh informasi ngeunaan kamampuh nulis guguritan, tur bisa dijadikeun salasahiji bahan référénsi pikeun mekarkeun deui panalungtikan ngeunaan nulis guguritan.

Dina SK jeung KD pangajaran nulis guguritan téh diajarkeun pikeun murid SMP kelas VIII. Ku sabab kitu, ieu panalungtikan dilaksanakeun di kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Purwakarta. Pangna ieu MTs dipilih pikeun dijadikeun lokasi panalungtikan ku sabab, sanajan sakola swasta, tapi ieu sakola téh jadi pangjugjugan orangtua murid pikeun mihapékeun budakna sabab, daérah Cipulus mangrupa daérah pasantrén anu gedé. Nepi ka ieu sakola téh jadi sakola anu


(13)

4

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

miboga rombel panglobana sakabupatén Purwakarta. Murid anu sakola di ieu MTs ogé lolobana urang luar Cipulus, diantarana nya éta urang Karawang, Subang, Bekasi, Bandung, Cianjur, malah mah aya anu ti luar pulau ogé.

Ku majemukna siswa nu aya di MTs YPPA Cipulus, tangtuna bakal aya rupa-rupa basa wewengkon jeung lentong nu dipaké. Ieu hal bakal mangaruhan ogé kana prosés makéna basa dina wangun tulisan unggal-unggal siswa. Pangna dipilih kelas VIII H salaku objék panalungtikan sabab, numutkeun guruna sorangan kelas VIII H téh kelas pangdariana saupama diajar basa Sunda.

Dumasar kana pedaran di luhur, ieu skripsi dibéré judul, ”Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013.”

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah a. Watesan Masalah

Dumasar kana kompléksna permasalahan nu aya patalina jeung pangajaran nulis guguritan, diwatesan masalah panalungtikan sangkan teu méngpar tina tujuan. Masalah anu ditalungtik nya éta hayang mikanyaho kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus dumasar kana kasaluyuan nulis guguritan jeung kualitas sarta lingkup eusi, watek, guru lagu, jeung guru wilangan, ngagunakeun pupuh maskumambang.

b. Rumusan Masalah

Sakumaha nu dipedar di luhur yén masalah dina ieu panalungtikan téh nya éta nganalisis kamampuh siswa nulis guguritan siswa. Ku kituna, rumusan masalah ditepikeun dina wangun patalékan saperti ieu di handap. 1. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H,

dumasar kana kualitas jeung lingkup eusi?

2. kumaha kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H, dumasar kana watek pupuh?

3. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H, dumasar kana guru lagu?


(14)

5

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H, dumasar kana guru wilangan?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, tujuan anu dihontal sabada diayakeun ieu panalungtikan téh pikeun mikanyaho kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus.

1.3.2 Tujuan Husus

Luyu jeung rumusan masalah anu geus diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho gambaran ngeunaan:

1. kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H ditilik tina kualitas jeung lingkup eusi.

2. kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H ditilik tina watek pupuh.

3. kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H ditilik tina guru lagu.

4. kamampuh nulis guguritan siswa MTs YPPA Cipulus kelas VIII H ditilik tina guru wilangan.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun salasahiji référénsi pikeun mekarkeun deui panalungtikan anu leuwih jero ngeunaan maluruh kamampuh siswa kelas VIII dina nulis guguritan, tur méré sumbangan dina kamekaran bahan ajar dina kaparigelan nulis hususna nulis guguritan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré „gambaran‟ atawa pangaweruh ngeunaan kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus anu antukna bakal jadi hiji tatapakan pikeun para pangatik dina néangan inovasi ngajarkeun nulis guguritan ka murid-muridna di MTs/SMP kelas VIII.


(15)

6

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

Raraga tulisan dina panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-lengkahna. Anapon raraga tulisan dina ieu panalungtikan nya éta:

BAB I: BUBUKA

Bab 1 mangrupa bagéan awal dina ieu karya tulis wangun skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

Dina ieu panalungtikan, Bab I medar kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, sarta tujuan jeung mangpaat panalungtikan anu patali jeung jejer panalungtikan nya éta “Kamapuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013.”

BAB II: Kajian Pustaka

Kajian pustaka miboga fungsi salaku dadasar tioritis anu ngarojong kana masalah anu dipedar dina hiji panalungtikan, anu eusina nya éta konsep-konsep/tiori-tiori/dalil-dalil tur hukum-hukum ngeunaan widang anu ditalungtik.

Dina ieu panalungtikan, kajian pustaka anu dipedar patali jeung jejer panalungtikan anu ditalungtik, nya éta ngeunaan nulis, guguritan, jeung pupuh.

BAB III: Métode Panalungtikan

Bab III eusina mangrupa pertélaan ngeunaan métode panalungtikan, kaasup sababaraha komponén ieu di handap, nya éta: a) subjék populasi jeung sampel panalungtikan; b) desain panalungtikan; c) métode panalungtikan; d) wangenan operasional; e) instrumén panalungtikan; f) téhnik ngumpulkeun data; jeung g) analisis data.

BAB IV: Hasil Panalungtikan jeung Pembahasan

Bab hasil panalungtikan jeung pembahasan eusina nya éta ngeunaan: a) ngolah atawa nganalisis data pikeun meunangkeun hasil anu patali jeung masalah


(16)

7

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan, pertanyaan panalungtikan, tujuan panalungtikan; jeung b) pembahasan atawa analisis hasil anu kapanggih.

Dina ieu panalungtikan, dipedar tur dianalisis sakur hasil anu kapanggih ngeunaan kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus.

BAB V Kacindekan jeung Saran

Bab kacindekan jeung saran nétélakeun tafsiran tur pema‟naan panalungtik ngeunaan hasil analisis panalungtikan. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar kana hasil analisis kana kamampuh siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus dina nulis guguritan.

Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan anu geus dicangking. Dina ieu panalungtikan, saran ditulis pikeun guru, jeung siswa.


(17)

23

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi diayakeunana ieu panalungtikan téh di MTs YPPA Cipulus jalan Nagrog Kecamatan Wanayasa Kabupatén Purwakarta. Subjék anu ditalungtik nya éta murid kelas VIII H MTs YPPA Cipulus anu jumlahna 40 urang awéwé hungkul.

3.2 Lengkah-lengkah Panalungtikan

Lengkah-lengkah dina ieu panalungtikan nya éta tahap tatahar, tahap uji coba instrumén, tahap ngumpulkeun data, tahap ngolah data, jeung tahap nyusun laporan panalungtikan.

NYUSUN LAPORAN NGOLAH DATA NGUMPULKEUN DATA

Post Test "One Shot" UJI COBA INSTRUMEN


(18)

24

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu nalungtik status kelompok manusa, objék, kaayaan, sistem pikiran, atawa kelas peristiwa jaman kiwari. Anapon tujuanna nya éta pikeun nyieun déskripsi, gambaran, atawa lukisan sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta, sifat-sifat, sarta hubungan antarfénoména anu ditalungtik (Nazir, 2011:54).

Métode déskriptif ieu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus, anu ngawengku kamampuh siswa dina nyaHadékeun kualitas jeung lingkup eusi. Gaya basa, éjahan, watek pupuh, guru lagu jeung guru wilangan.

3.4 Wangenan Operasional

Aya sawatara wangenan operasional dina ieu panalungtikan.

1. Kamampuh nya éta kabisa anu datangna ti diri sorangan pikeun ngungkulan hiji hal.

2. Nulis téh nya éta salasahiji kaparigelan ngagunakeun basa nu dipaké pikeun komunikasi sacara teu langsung, lain ku cara paamprok jeung batur. Nulis mangrupa hiji kagiatan nu produktif jeung eksprésif (Tarigan,1994:3).

3. Guguritan téh nya éta karya sastra dina wangun puisi heubeul, mangrupa karangan déskriptif nu kauger ku aturan pupuh.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén atawa alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés nulis guguritan. Anapon pupuh nu dipaké dina ieu tés téh nya éta pupuh maskumambang anu miboga watek nalangsa. Pangna dipilih pupuh makumambang ku sabab, ditilik tina kaayaan siswa nu aya di MTs YPPA Cipulus, pupuh anu Hadé pikeun ngukur kamampuh nulis guguritan téh nya éta pupuh maskumambang. Téma anu dipaké dina nulis guguritan nya éta ngeunaan


(19)

25

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lingkungan hirup. Topik nu dipakena nya éta bencana alam nu tumiba ka nagara Indonésia.

Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés pikeun ngukur kamampuh hiji jalma sabada diajar hiji hal. Dina nulis guguritan, jejer jeung topik geus ditangtukeun.

Kriteria meunteun hasil karangan guguritan siswa diHadékeun dumasar kana aspék ieu di handap.

1. Kamampuh nulis guguritan dumasar kualitas jeung lingkup eusi

Kamampuh nulis guguritan dumasar kana kualitas jeung lingkup eusi nya éta meunteun guguritan anu ditulis ku siswa dumasar kana kasaHadéan gagasan anu ditulis ku siswa jeung téma guguritan.

2. Kamampuh nulis guguritan dumasar watek pupuh

Kamampuh nulis guguritan dumasar watek pupuh nya éta meunteun hasil nulis guguritan siswa dumasar kana kasaHadéan jeung watek nu dipiboga ku pupuh nu ditulis.

3. Kamampuh nulis guguritan dumasar guru lagu

Kamampuh nulis guguritan dumasar guru lagu nya éta meunteun hasil nulis guguritan siswa dumasar kana kasaHadéan jeung guru lagu unggal padalisan nu dipiboga ku pupuh nu ditulis.

4. Kamampuh nulis guguritan dumasar guru wilangan

Kamampuh nulis guguritan dumasar guru wilangan nya éta meunteun hasil nulis guguritan siswa dumasar kana kasaHadéan jeung guru wilangan unggal padalisan nu dipiboga ku pupuh.

Tabél 3.1

Pedoman Meunteun Kamampuh Nulis Guguritan Kamampuh Nulis Skor Tingkat Katerangan

Kualitas jeung

lingkup eusi 4 Hadé Pisan

Téma jeung gagasan hadé pisan


(20)

26

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2 Kurang Hadé Téma hadé, gagasan kurang

Hadé

1 Kurang Pisan Téma jeung gagasan teu hadé

Watek pupuh 4 Hadé Pisan Hadé pisan jeung watek pupuh

3 Hadé Hadé jeung watek pupuh

2 Kurang Hadé Kurang hadé jeung watek

pupuh

1 Kurang Pisan Teu hadé jeung watek pupuh

Guru lagu 4 Hadé Pisan Hadé pisan jeung guru lagu

3 Hadé Hadé jeung guru lagu, aya

sapada nu teu Hadé

2 Kurang Hadé

Kurang hadé jeung guru lagu, aya sababaraha pada nu teu hadé

1 Kurang Pisan

Teu hadé pisan jeung guru lagu, nulisna teu gugon kana ugeran guru lagu

Guru Wilangan 4 Hadé Pisan Hadé pisan jeung guru wilangan

3 Hadé Hadé jeung guru wilangan,

aya sapada nu teu hadé

2 Kurang Hadé

Kurang hadé jeung guru wilangan, aya sababaraha pada nu teu hadé

1 Kurang Pisan

Teu hadé pisan jeung guru wilangan, nulisna teu gugon kana ugeran guru wilangan


(21)

27

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Jumlah skor total

minimal 4

Jumlah skor total

maksimal 16

Kacindekan Skor total

Hadé pisan : 16 hadé : 12 - 15 Kurang hadé : 8 - 11 Kurang Pisan : 4 – 7

Conto instrumén tés keur siswa: Wasta:

Kelas:

Tés Nulis Guguritan

1. Tulis guguritan dina wangun pupuh maskumambang, témana ngeunaan lingkungan hirup, nu dimekarkeun jadi hiji topik nya éta bencana alam nu tumiba ka nagara Indonésia, panjangna paling saeutik 2 pada, judulna bébas!

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Arikunto (1996: 81) nétélakeun yén one shot model nya éta pamarekan anu ngagunakeun sakali ngumpulkeun data dina saharitaeun. Dina ieu panalungtikan, pamarekan ngumpulkeun data dina wangun nulis guguritan ogé dikumpulkeun dina waktu saharitaeun. Jadi ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan one shot, sedengkeun téhnik ngumpulkeun datana ngaliwatan téhnik tés kamampuh nulis guguritan.


(22)

28

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tés nya éta sababaraha rangsangan (stimuli) nu katarima ku hiji jalma dina meunangkeun jawaban pikeun dijadikeun tatapakan nangtukeun skor angka (Margono, 2007: 270).

Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés dina wangun tinulis. Tés dina wangun tinulis merlukeun jawaban dina wangun tinulis ogé. Ku sabab, data anu bakal jadi objék panalungtikanana dibeunangkeun tina data tinulis. Tés dina wangun tinulis nu dimaksud téh nya éta tés pancén nu mikahayang sangkan jawabanna ditulis dina wangun karangan nu dijieun ku sorangan.

Téhnik tés dina ieu panalungtikan gunana pikeun ngukur tingkat kamampuh siswa kelas VIII H salaku subjék panalungtikan nulis guguritan. Tés nu dilaksanakeun mangrupa tés nulis guguritan. Di handap lengkah-lengkah ngumpulkeun datana.

1. Ngabagikeun lambar tés guguritan ka siswa;

2. Siswa nulis téks guguritan dina lambar tés guguritan; 3. Ngumpulkeun jawaban tés guguritan.

3.7 Analisis Data

Data téks guguritan anu geus dikumpulkeun téh mangrupa data anu masih olaheun kénéh. Ku kituna, data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun néangan jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan. Data dina ieu panalungtikan nya éta data tina hasil tés siswa anu nangtukeun hasil ahir. Téknik analisis data dina ieu panalungtikan ditataan ieu di handap.

1. Nganalisis hasil nulis guguritan siswa saHadé jeung aspék nu dipeunteun. 2. Pikeun nangtukeun jumlah skor nulis guguritan siswa, pedoman nu dipaké

meunteun sakumaha nu kaunggel dina tabél 3.1 Skor anu kahontal siswa dirobah jadi skor ahir kalayan ngagunakeun rumus

n= skor nu kahontal x 100%

skor ideal 3. Nafsirkeun data dumasar kana format pengolahan data. Nyieun kacindekan


(23)

29

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lamun peunteunna teu kurang ti 67, ieu peunteun dumasar kana KKM pangajaran nulis guguritan nu geus ditangtukeun ku Guru Basa Sunda kelas VIII di MTs YPPA Cipulus. Ku kituna, skor ahir siswa nu kurang ti 67 dianggap can mampuh.


(24)

58

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil pedaran bab IV, kacindekan tina ieu panalungtikan téh nya éta kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus taun ajaran 2012/2013 hasilna hadé tur nyugemakeun lantaran siswa nu geus mampuh nulis guguritan lobana 94,8% tina jumlah 39 urang siswa nu ditalungtik.

1. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina kualitas jeung lingkup eusi nya éta3,02.

2. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina watek pupuh nya éta 3,95.

3. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina guru lagu nya éta 3,70.

4. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina guru wilangan nya éta 3,60.

Jadi, skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus taun ajaran 2012/2013 ditingali tina kasaluyuan aspék kulitas jeung lingkup eusi, watek, guru lagu jeung guru wilangan nya éta14,38. Saupama dirobah ieu skor rata-rata jadi peunteun, unggal siswa ngabogaan peunteun 89,87.


(25)

59

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu mudah-mudahan mangpaat pikeun guru, siswa, jeungpanalungtiksatuluyna dina ngaronjatkeun kualitas pendidikan, hususna dina ngajar jeung diajar basa Sunda pangajaran nulis guguritan saperti ieu di handap.

1. Guru kudu mikanyaho kamampuh siswa dina nulis guguritan.

2. Siswa bisa nyangking pangalaman jeung ngalatih kamampuan nulis guguritan.


(1)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2 Kurang Hadé Téma hadé, gagasan kurang

Hadé

1 Kurang Pisan Téma jeung gagasan teu hadé

Watek pupuh 4 Hadé Pisan Hadé pisan jeung watek pupuh

3 Hadé Hadé jeung watek pupuh

2 Kurang Hadé Kurang hadé jeung watek

pupuh

1 Kurang Pisan Teu hadé jeung watek pupuh

Guru lagu 4 Hadé Pisan Hadé pisan jeung guru lagu

3 Hadé Hadé jeung guru lagu, aya

sapada nu teu Hadé

2 Kurang Hadé

Kurang hadé jeung guru lagu, aya sababaraha pada nu teu hadé

1 Kurang Pisan

Teu hadé pisan jeung guru lagu, nulisna teu gugon kana ugeran guru lagu

Guru Wilangan 4 Hadé Pisan Hadé pisan jeung guru wilangan

3 Hadé Hadé jeung guru wilangan,

aya sapada nu teu hadé

2 Kurang Hadé

Kurang hadé jeung guru wilangan, aya sababaraha pada nu teu hadé

1 Kurang Pisan

Teu hadé pisan jeung guru wilangan, nulisna teu gugon kana ugeran guru wilangan


(2)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Jumlah skor total

minimal 4

Jumlah skor total

maksimal 16

Kacindekan Skor total Hadé pisan : 16 hadé : 12 - 15 Kurang hadé : 8 - 11 Kurang Pisan : 4 – 7

Conto instrumén tés keur siswa: Wasta:

Kelas:

Tés Nulis Guguritan

1. Tulis guguritan dina wangun pupuh maskumambang, témana ngeunaan lingkungan hirup, nu dimekarkeun jadi hiji topik nya éta bencana alam nu tumiba ka nagara Indonésia, panjangna paling saeutik 2 pada, judulna bébas!

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Arikunto (1996: 81) nétélakeun yén one shot model nya éta pamarekan anu ngagunakeun sakali ngumpulkeun data dina saharitaeun. Dina ieu panalungtikan, pamarekan ngumpulkeun data dina wangun nulis guguritan ogé dikumpulkeun dina waktu saharitaeun. Jadi ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan one shot, sedengkeun téhnik ngumpulkeun datana ngaliwatan téhnik tés kamampuh nulis guguritan.


(3)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tés nya éta sababaraha rangsangan (stimuli) nu katarima ku hiji jalma dina meunangkeun jawaban pikeun dijadikeun tatapakan nangtukeun skor angka (Margono, 2007: 270).

Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés dina wangun tinulis. Tés dina wangun tinulis merlukeun jawaban dina wangun tinulis ogé. Ku sabab, data anu bakal jadi objék panalungtikanana dibeunangkeun tina data tinulis. Tés dina wangun tinulis nu dimaksud téh nya éta tés pancén nu mikahayang sangkan jawabanna ditulis dina wangun karangan nu dijieun ku sorangan.

Téhnik tés dina ieu panalungtikan gunana pikeun ngukur tingkat kamampuh siswa kelas VIII H salaku subjék panalungtikan nulis guguritan. Tés nu dilaksanakeun mangrupa tés nulis guguritan. Di handap lengkah-lengkah ngumpulkeun datana.

1. Ngabagikeun lambar tés guguritan ka siswa;

2. Siswa nulis téks guguritan dina lambar tés guguritan; 3. Ngumpulkeun jawaban tés guguritan.

3.7 Analisis Data

Data téks guguritan anu geus dikumpulkeun téh mangrupa data anu masih olaheun kénéh. Ku kituna, data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun néangan jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan. Data dina ieu panalungtikan nya éta data tina hasil tés siswa anu nangtukeun hasil ahir. Téknik analisis data dina ieu panalungtikan ditataan ieu di handap.

1. Nganalisis hasil nulis guguritan siswa saHadé jeung aspék nu dipeunteun. 2. Pikeun nangtukeun jumlah skor nulis guguritan siswa, pedoman nu dipaké

meunteun sakumaha nu kaunggel dina tabél 3.1 Skor anu kahontal siswa dirobah jadi skor ahir kalayan ngagunakeun rumus

n= skor nu kahontal x 100%

skor ideal 3. Nafsirkeun data dumasar kana format pengolahan data. Nyieun kacindekan


(4)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lamun peunteunna teu kurang ti 67, ieu peunteun dumasar kana KKM pangajaran nulis guguritan nu geus ditangtukeun ku Guru Basa Sunda kelas VIII di MTs YPPA Cipulus. Ku kituna, skor ahir siswa nu kurang ti 67 dianggap can mampuh.


(5)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil pedaran bab IV, kacindekan tina ieu panalungtikan téh nya éta kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus taun ajaran 2012/2013 hasilna hadé tur nyugemakeun lantaran siswa nu geus mampuh nulis guguritan lobana 94,8% tina jumlah 39 urang siswa nu ditalungtik.

1. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina kualitas jeung lingkup eusi nya éta3,02.

2. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina watek pupuh nya éta 3,95.

3. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina guru lagu nya éta 3,70.

4. Skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus ditilik tina guru wilangan nya éta 3,60.

Jadi, skor rata-rata kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII H MTs YPPA Cipulus taun ajaran 2012/2013 ditingali tina kasaluyuan aspék kulitas jeung lingkup eusi, watek, guru lagu jeung guru wilangan nya éta14,38. Saupama dirobah ieu skor rata-rata jadi peunteun, unggal siswa ngabogaan peunteun 89,87.


(6)

Purwanti Indra Sumantri, 2013

Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTs YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu mudah-mudahan mangpaat pikeun guru, siswa, jeungpanalungtiksatuluyna dina ngaronjatkeun kualitas pendidikan, hususna dina ngajar jeung diajar basa Sunda pangajaran nulis guguritan saperti ieu di handap.

1. Guru kudu mikanyaho kamampuh siswa dina nulis guguritan.

2. Siswa bisa nyangking pangalaman jeung ngalatih kamampuan nulis guguritan.


Dokumen yang terkait

PERBEDAAN KEMAMPUAN KOGNITIF DAN KETERAMPILAN KOOPERATIF DALAM PEMBELAJARAN KOOPERATIF MODEL JIGSAW DAN COOPERATIV SCRIPT SISWA KELAS VIII MTS MUHAMMADIYAH 1 MALANG

0 6 1

PENGGUNAAN PENDEKATAN CLIENT CENTERED DALAM MENINGKATKAN KONSEP DIRI PADA SISWA KELAS VIII H MTS NEGERI KEDONDONG TAHUN PELAJARAN 2011/2012

1 18 82

PENGGUNAAN PENDEKATAN CLIENT CENTERED DALAM MENINGKATKAN KONSEP DIRI PADA SISWA KELAS VIII H MTS NEGERI KEDONDONG TAHUN PELAJARAN 2011/2012

1 9 61

MENINGKATKAN KOMUNIKASI INTERPERSONAL MENGGUNAKAN TEKNIK ASSERTIVE TRAINING PADA SISWA KELAS VII MTS NEGERI 2 BANDAR LAMPUNG TAHUN AJARAN 2012/2013

2 23 58

PENINGKATAN MOTIVASI BELAJAR SISWA DENGAN MENGGUNAKAN LAYANAN KONSELING KELOMPOK PADA SISWA KELAS VIII SMP MUHAMMADIYAH 3 METRO TAHUN AJARAN 2013/2014

0 6 69

MENINGKATKAN MOTIVASI BELAJAR SISWA MENGGUNAKAN LAYANAN KONSELING KELOMPOK PADA SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 SUKADANA KABUPATEN LAMPUNG TIMUR TAHUN AJARAN 2012/2013

0 7 59

View of MENINGKATKAN PRESTASI BELAJAR SISWA MELALUI STRATEGI GIVING QUESTION AND GETTING ANSWER (GQGA) PADA MATERI ZAKAT SISWA KELAS VIII MTS MASLAHIYAH KRECEK

0 0 24

PERBEDAAN HASIL BELAJAR DENGAN MENGGUNAKAN MODEL DISCOVERY LEARNING DAN QUANTUM LEARNING PADA SISWA KELAS VIII MATERI KUBUS DAN BALOK DI MTS DARUL FALAH TAHUN AJARAN 2017/2018 - Institutional Repository of IAIN Tulungagung

0 0 17

PEMBELAJARAN MENULIS PUISI PADA SISWA KELAS VIII F DAN VIII G SMP NEGERI 1 JATEN TAHUN AJARAN 20122013

0 1 17

PENGARUH PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE STUDENT TEAMS ACHIEVEMENT DIVISION(STAD) TERHADAP PEMAHAMAN KONSEP DAN KOMUNIKASI MATEMATIS SISWA KELAS VIII MTS NEGERI PEKANBARU

1 1 14