AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX.

(1)

No. 661/FPBS/0251/2013

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

ku

Indah Purnama Cahyani NIM 0906053

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013


(2)

No. 661/FPBS/0251/2013

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

Oleh

Indah Purnama Cahyani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Indah Purnama Cahyani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

No. 661/FPBS/0251/2013

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

LEMBAR PENGESAHAN

Indah Purnama Cahyani NIM 0906053

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Agus Suherman, S. Pd., M.Hum.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001


(4)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX1)

Indah Purnama Cahyani2) ABSTRAK

Penelitian yang berjudul “Ajén Moral jeung Psikologi Perkembangan Rumaja dina Novelét Jamparing Karya Chye Retty Isnendes pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas IX”, dilatarbelakangi untuk mengetahui nilai-nilai moral dan psikologi perkembangan dalam novelet Jamparing. Tujuan dari penelitian ini adalah mendeskripsikan 1) unsur intrinsik dan ekstrinsik, 2) nilai moral, 3) psikologi perkembangan remaja, 4) alternatif bahan ajar bercerita untuk siswa SMP. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif. Teknik pengumpulan datanya menggunakan telaah pustaka dan teknik wawancara. Sumber datanya adalah novelét Jamparing dan pengarangnya yaitu Chye Retty Isnendes. Hasil dari penelitian ini berupa gambaran deskriptif tentang isi novelét Jamparing yang terdiri atas: 1) unsur-unsur novel Jamparing yang mempunyai tema sosial, seperti menceritakan persahabatan di antara remaja, 2) alur yang dipakai dalam novelét ini adalah alur maju, 3) latar yang terdapat dalam novelét ini yaitu latar tempat, latar waktu, dan latar sosial, 4) tokoh utama yang terdapat dalam novel ini berjumlah 5 orang ditambah tokoh tambahan lainnya. Nilai moral yang terdapat dalam novelét ini adalah nilai moral yang ada hubungannya dengan sesama manusia seperti peduli pada teman, bijaksana, dan harus hidup rukun. Secara psikologis, para tokoh remaja yang ditampilkan dalam novelet mengalami proses perkembangan psikososial. Hasil penelitian mengenai novelet Jamparing dapat dijadikan alternatif bahan pembelajaran bercerita di tingkat SMP.

Kata Kunci: nilai moral, psikologi perkembangan remaja, novelet, bahan ajar.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009.


(5)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX1)

Indah Purnama Cahyani2) ABSTRACT

This study wanted to know moral values and psychology development of Jamparing novel. The aim of this study describe 1) instrinsic and extrinsic, 2) moral values, 3) psychology development of teenagers, 4) as alternative learning materials for elementary students. Descriptive method was used in this study. Some data was taken by interviews and comprehending materials. The data source was Jamparing novel who was written by Chye Retty Isnendes. Some result of this study was about general descriptive of this novel consist of 1) social theme, for example teenagers friendship, 2) steps of the text were run, 3) place background, time background, and social background, 4) five main actors and others actor. Some moral values of this novel were related with relationship people each other for example care of friend, wisdom, and peaceful life with neighbour. Psichologycally, these some main actors had faced social-psychology development process. Exactly, this result of study could be recommended as one of alternative learning materials for Elementary School level.

Key Words : moral values, psychology development of teenagers, novel, learning materials.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009.


(6)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

DAFTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK.. ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI.. ... v

DAFTAR TABÉL .. ... ix

DAFTAR BAGAN ... x

DAFTAR SINGGETAN ... xi

BAB 1 BUBUKA.. ... 1

1.1Kasang Tukang Panalungtikan. ... 1

1.2Watesan Jeung Rumusan Masalah ... 6

1.2.1 Watesan Masalah ... 6

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 7

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5Raraga Tulisan... 7

BAB II TATAPAKAN TIORI, RARAGA MIKIR, ANGGAPAN DASAR……….....9

2.1 Tatapakan Tiori ... 9

2.1.1 Wangenan Novelét. ... 9

2.1.2 Unsur Intrinsik jeung Ékstrinsik ... 10

2.1.2.1 Unsur Intrinsik ... 10


(7)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

2. Palaku/Penokohan ... 11

3. Latar ... 13

4. Téma... 14

2.1.2.2Unsur Ékstrinsik ... 15

1. Subjéktivitas Pangarang ... 16

2. Psikologis Pangarang ... 16

3. Lingkungan Hirup Pangarang ... 16

4. Sawangan Hirup Pangarang ... 16

2.1.3 Ajén Moral ... 16

2.1.3.1 Ciri-Ciri Ajén Moral... 18

2.1.3.2 Unsur Moral dina Karya Fiksi ... 18

2.1.4 Psikologi Perkembangan ... 19

2.1.4.1 Psikologi Perkembangan Rumaja dina Psikososial. 21 1. Perkembangan Idéntitas jeung Individuasi ... 21

2. Perkembangan Hubungan jeung Kolot ... 22

3. Perkembangan Hubungan jeung Babaturan Sapantar 4. Perkembangan Séksualitas ... 23

5. Perkembangan Proakivitas ... 23

6. Perkembangan Résiliénsi ... 24

2.1.5 Bahan Pangajaran ... 24

2.1.5.1 Hakékat Bahan Pangajaran ... 24

2.1.5.2 Tujuan, Fungsi, jeung Prinsip Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 25

2.1.5.3 Pangajaran Nyarita ... 27

2.1.5.4 Kritéria Milih Bahan Pangajaran... 30

2.2 Raraga Mikir ... 32

2.3 Anggapan Dasar ... 34

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 35

3.1Desain Panalungtikan ... 35


(8)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

3.3Wangenan Operasional ... 37

3.4Instrumén Panalungtikan ... 37

3.5Sumber Data ... 39

(1) Déskripsi Novelét ... 40

(2) Biografi Singget Pangarang ... 41

3.6Tehnik Ngumpulkeun Data ... 41

3.7Analisis Data ... 43

BAB IV AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS XI ………..44

4.1Sinopsis Novelét ... 44

4.2 Unsur Intrinsik jeung Ékstrinsik ... 46

4.2.1 Unsur Intrinsik ... 46

1. Galur ... 46

2. Palaku/Penokohan ... 47

3. Latar ... 60

4. Téma ... 64

4.2.2 Unsur Ékstrinsik ... 64

1. Subjéktivitas Pangarang ... 64

2. Psikologis Pangarang ... 65

3. Lingkungan Hirup Pangarang ... 65

4. Sawangan Hirup Pangarang ... 65

4.3 Ajén Moral ... 66

4.4 Psikologi Perkembangan Rumaja dina Psikososial ... 72

1. Perkembangan Idéntitas jeung Individuasi ... 72

2. Perkembangan Hubungan jeung Kolot ... 74

3. Perkembangan Hubungan jeung Babaturan Sapantar ... 77

4. Perkembangan Séksualitas ... 78


(9)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

6. Perkembangan Résiliénsi ... 80

4.5Implikasi Hasil Analisis Novelét pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas IX ... 83

4.5.1 Panalungtikan Novelét Jamparing ... 83

4.5.2 Bahan Pangajaran Nyaritakeun Eusi Novel... 83

4.5.3 Conto RPP Pangajaran Nyaritakeun Eusi Novel di SMP Kelas IX (KTSP)... 87

4.5.4 Conto RPP Pangajaran Nyaritakeun Eusi Novel di SMP Kelas IX (Kurikulum 2013) ... 97

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 103

5.1Kacindekan ... 103

5.2Rékoméndasi ... 104

DAFTAR PUSTAKA ... 106

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 108


(10)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Ajén nya éta hiji hal anu sipatna abstrak jeung miboga harga (kualitas) ngeunaan hadé jeung goréng, éndah atawa teu éndah, jeung bener atawa salah. Hiji hal anu miboga harga tangtuna miboga fungsi jeung mangpaat pikeun kahirupan manusa. Nurutkeun M.Z.Lawang dina Rustadhie (http://rustadhie-m.blogspot.com/2011/10/manusia-nilai-moral-danhukum.html), ajén nya éta gambaran ngeunaan naon anu dipikahayang, anu pantes, miboga harga, jeung bisa mangaruhan paripolah sosial tina jalma anu miboga éta ajén. Fungsi ajén dina kahirupan manusa nya éta salah sahijina pikeun ngalelempeng paripolah nu ngawujud jadi norma atawa aturan. Ajén bisa ngajurung manusa dina paripolah ku sabab ajén téh aya tumalina jeung kayakinan hiji jalma dina hal bebeneran jeung kasaluyuan interaksi papada manusa. Manusa anu miboga ajén tangtuna miboga kawajiban pikeun nerapkeun éta ajén-ajén dina paripolah sapopoéna.

Ajén moral mangrupa salasahiji bagian tina ajén anu raket patalina jeung pasualan sosial papada manusa anu di jerona ngawengku ucapan, kalakuan, anu dipaké di masarakat, tur jadi kawajiban pikeun dilakonan ku hiji jalma dina kahirupanana. Kecap moral asalna tina kecap mos atawa morés tina basa Latin

anu hartina “tata cara” atawa “adat-istiadat”. (Suryalaga, 2007:10), ngungkarakeun yén moral mah leuwih nandeskeun kana kualitas tingkah laku manusa. Kudu kumaha manusa dina paripolah, kudu kumaha hadéna sikep manusa dina interaksi baris diatur ku ajén moral. Dipakéna moral anu jadi cukang lantaran manusa bisa diajénan jeung hirup tingtrim. Manusa dianggap miboga moral hadé saupama bisa ngaluyukeun diri jeung ajén-ajén anu dipaké di masarakat, ku lantaran ajén téh raket patalina jeung kabudayaan sarta masarakat. Unggal masarakat atawa kabudayaan miboga ajén-ajén nu mandiri. Sabalikna, lamun manusa teu ditarima ku masarakat lantaran ngarempak ajén-ajén anu


(11)

2

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

dipaké di hiji masarakat baris dianggap manusa nu teu boga moral atawa manusa teu nyakola jeung sajabana.

Kiwari réa kajadian anu ngalibetkeun para rumaja dina pasualan sosial tur aya patalina jeung ajén moral. Contona waé, rumaja anu meumeujeuhna sagala hayang nyaho, sagala dicobaan, geus kalibet pacogrégan jeung sakola séjénna. Éta hal bisa disababkeun ku kurangna apingan kulawarga dina ngatik ngeunaan moral, pangaruh babaturan, jeung alatan jaman anu geus sarwa modern, saperti

kamajuan téknologi dina media komunikasi jeung kurangna “filterisasi” di

lingkungan rumajana. Ku ayana ajén di lingkungan, rumaja bisa nyingkahan hal anu teu saluyu jeung aturan. Dina kaayaan samodél kieu bener-bener diperlukeun ajén moral pikeun ngalelempeng jeung méré watesan antara hadé jeung goréng dina paripolah. Paripolah rumaja anu méngpar tina aturan, teu bisa sagemblengna nyalahkeun diri rumajana pribadi, sabab aya hal séjén anu perlu diperhatikeun dina waktu ngabandungan perkembangan rumaja jaman kiwari.

Psikologi mangrupa élmu anu nalungtik ngeunaan jiwa atawa psikis. Ieu élmu bisa dijadikeun tinimbangan pikeun maham kana kajadian-kajadian dina kahirupan, utamana rumaja. Nurutkeun Syah (2010:10), psikologi nya éta élmu pangaweruh anu nalungtik paripolah terbuka jeung tertutup manusa, boh salaku individu boh salaku kelompok, dina hubunganana jeung lingkungan. Paripolah terbuka nya éta paripolah psikomotor anu ngawengku sikep nyarita, diuk, leumpang, jeung sajabana, sedengkeun paripolah tertutup ngawengku cara mikir, ngararasakeun jeung kayakinan. Hiji jalma ngalakukeun paripolah nu tangtu mangrupa bagian tina prosés perkembangan psikologina, sabab aya parobahan paripolah nu sacara wajar lumangsung dina umur nu tangtu. Ngeunaan nalungtik éta paripolah bisa diguar ku psikologi perkembangan remaja anu ngawengku perkembangan fisik, kognitif (kaasup perkembangan penalaran moral), jeung psikososialna.

Masih aya hubunganana jeung pasualan krisis moral, pangajaran moral sacara umum (di kulawarga, di luar imah, masarakat, jeung di sakola) masih kurang maksimal. Kitu deui di lembaga sakola nu jadi puseur atikan, loba anu tumanya,


(12)

3

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

malahan mah nyalahkeun kana prosés pembelajaran di sakola kaasup guruna anu milu tanggung jawab dina krisis moral anu karandapan ku pararumaja nu keur nyuprih élmu di sakola. Saéstuna éta fénoména krisis moral téh lain saukur tanggung jawab sakola atawa teu benerna guru ngatik siswa wungkul, tapi tanggung jawab saréréa. Mata pelajaran anu euyeub ku ajén tur miboga karakter saperti Pendidikan Kewarganegaraan jeung Pendidikan Agama leuwih museur kana aspék kognitif batan aspék aféktif jeung psikomotor. Dunya atikan ayeuna méré lolongkrang anu jembar ngeunaan pangaweruh paélmuan tapi kurang maksimal dina hal mekarkeun sikep jeung ajén dina pembelajaranana. Cindekna, kurang kénéh muatan ajén moral anu katepiken sacara praktis dina unggal mata pelajaran anu patalina jeung ngawangun karakter bangsa.

Basa Sunda minangka salah sahiji mata pelajaran di sakola (ti SD nepi ka SMA) anu euyeub ku ajén-ajén budaya bisa dijadikeun média pikeun ngaéksplorasi ajén moral ngaliwatan rupa-rupa karya sastra. Ku ngaliwatan karya sastra, teu saukur méré pangalaman ajén moral sacara téori wungkul, tapi aya lolongkrang pikeun siswa milu ancrub dina ngungkabkeun pangalaman ngeunaan ajén moralna. Dina mata pelajaran basa Sunda aya kompeténsi dasar anu ngawengku kaparigelan makéna basa, salah sahijina kaparigelan nyarita. Éta kagiatan nyarita salah sahiji aspék anu diajarkeun dina diajar basa Sunda tur bisa dijadikeun média ngaguar ajén moral siswa. Ieu hal geus aya katangtuanana dina

standar kompetensi di SMP kelas IX nu unina “nyaritakeun eusi novel”. Ku ayana kagiatan nyarita bisa jadi stimulus ka siswa pikeun ngaguar ajén-ajén anu aya dina eusi novel. Nyarita nya éta kamampuh ngucapkeun sora-sora artikulasi atawa kecap-kecap pikeun ngungkarakeun, ngawawarkeun, atawa nepikeun gagasan, pikiran, jeung rasa. Nyarita minangka salah sahiji aspék kaparigelan makéna basa anu sipatna aktip produktif, nu hartina aya kagiatan anu langsung dilakonan ku siswa tur ngahasilkeun sawangan-sawangan. Contona saupama siswa wanoh kana hiji karya sastra saperti novel, bisa ngahudang kamampuh siswa dina ngaguar eusi novel anu saluyu jeung pangalamanana tur ngarojong kana kaberhasilan pangajaran nyarita. Kaparigelan nyarita siswa ogé rupa-rupa, saperti karakter nyarita di SMP, maké basa anu has minangka bagian tina kawangunna idéntitas


(13)

4

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

diri. Siswa SMP kaasup rumaja, dina umur sakitu téh waktu anu “sensitif” pikeun

diajar basa, sabab geus boga cara mikir formal. Salaku implikasi atikan dina mangsa cara mikir anu formal, perlu disiapkeun apingan program atikan anu ngawadahan kamampuh rumaja dina perkembangan cara mikirna. Patali jeung éta hal, nurutkeun Yusuf (2001:196), tarékah anu bisa dilakukeun nya éta: (1) ngagunakeun métode ngajar anu ngarojong rumaja sangkan aktif nanya, ngébréhkeun pamadegan, (2) ngalaksanakeun dialog papada siswa ngeunaan pasualan sosial, atawa rupa-rupa aspék kahirupan, saperti agama, étika, pulitik, lingkungan hirup, jeung bahayana obat-obatan (narkoba). Saupama novel anu digunakeun dina bahan pembelajaran, tangtuna merlukeun waktu anu loba sedengkeun alokasi waktu pikeun pangajaran basa Sunda téh kawilang samporét. Ku lantaran kitu, pikeun ngungkulanana digunakeun karya sastra séjén anu bisa nyumponan kritéria saperti novel, nya éta ngagunakeun novelét.

Média pangajaran ajén moral di sakola, teu saukur ngandelkeun papatah ti guruna langsung, tapi bisa ngaliwatan pembelajaran sastra saperti carita nu aya dina novelét. Karya sastra teu saukur nyugemakeun diri jeung émosi dina wangun anggapan anu imajinatif. Ditilik tina eusina, karya sastra umumna ngandung ajén-ajén anu aya patalina jeung ajén-ajén moral sabab karya sastra téh mangrupa gambaran kahirupan manusa dina wangun fiksi, tur dirépréséntasikeun ngaliwatan watek tokoh-tokoh jeung kajadian anu aya dina karya sastra. Saperti ditétélakeun ku Nurgiyantoro (2010:321), yén:

“Karya sastra senantiasa menawarkan pesan moral yang

berhubungan dengan sifat luhur kemanusiaan, memperjuangkan hak dan martabat manusia.

Novelét mangrupa bagian tina karya sastra, ku kituna dina novelét bisa katepikeun gambaran kahirupan manusa tina hasil daya imajinasi pangarang. Wangun novelét méh sarua jeung novel nya éta pada-pada prosa, tapi eusi jeung jumlah kacana teu pati réa, tur konflik anu ditepikeunana ogé teu kompléks. Pangarang tangtuna miboga maksud atawa amanat dina novelét. Sabab karya sastra (anu hadé) sok ngandung ajén/niléy. Éta ajén téh diterapkeun dina wangun struktur karya sastra, anu sacara implisit nyampak dina alur, latar, tokoh, jeung


(14)

5

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

amanat. Ajén anu aya dina karya sastra di antarana: ajén hédonik (ajén nu méré rasa senang sacara langsung ka nu macana), ajén artistik (ajén anu ngandung seni atawa kaparigelan dina migawé hiji pagawéan), ajén kultural (ajén anu ngandung hubungan jeung masarakat, peradaban jeung kabudayaan), ajén étis, moral, jeung agama (ajén anu bisa méré papatah atawa ajaran anu aya hubunganana jeung étika, moral, atawa agama).

Novelét Jamparing téh mangrupa salasahiji karya sastrawati, Chye Retty Isnendes. Di jerona euyeub ku ajén moral anu aya patalina jeung pangalaman moral siswa SMP. Geus tinangtu, caritana kaalaman ku saumuran siswa SMP jeung saluyu pikeun diwanohkeun. Salian ti éta, ieu novelét téh medal dina taun 2012, anu can ditalungtik sacara akademis.

Panalungtikan ngeunaan ajén moral geus aya nu nalungtik dina wangun

skripsi, di antarana: skripsi Agus Suherman (1998) nu judulna “Ajén Moral dina Naskah Drama Sunda Modern karya R.Hidayat Suryalaga”, skripsi Mahyar Suryadi (2000) anu judulna “Ajén Moral dina Kumpulan Sajak Sasambat karya

Yayat Héndayana”, skripsi Muhamad Jaelani (2003) anu judulna “Ajén Moral

dina Wawacan Dén Atikah”, skripsi Lina Herlina (2005) anu judulna “Ajén Moral dina Novel Rusiah nu Goreng Patut Karya Soekria-Joehana pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMP”, skripsi Dadang Yulianto (2006) anu

judulna “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Béntang Pilem Karya

Duduh Durahman”, skripsi Hendi Perdiansyah (2007) anu judulna “Ajén Moral dina Naskah Drama Cucunguk Karya Yoseph Iskandar”, skripsi Arfan Falfariq

(2008) anu judulna “Ajén Moral Guguritan dina Buku 17 Sekar Pupuh Karya

Godi Suwarna”, jeung skripsi anu pangahirna nya éta skripsi Jajat Jatirasa (2011) anu judulna “Ajén Moral dina Novel Payung Butut Karya Ahmad Bakri”.

Nepi ka ayeuna can aya anu husus medar ngeunaan ajén moral tur dideudeulan ku pedaran psikologi anu aya dina novelét. Ku kituna, ieu panalungtikan nu

judulna: “Ajén Moral jeung Psikologi Perkembangan Rumaja dina Novelét

Jamparing karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP

Kelas IX”, perlu dilaksanakeun sangkan meunang kacindekan yén novelét téh


(15)

6

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

séjénna. Lian ti éta, sacara jembarna ieu panalungtikan ajén moral jeung psikologi dina novelét téh pikeun alternatif bahan pangajaran nyarita di SMP kelas IX. Ku kituna ieu panalungtikan dijudulan Ajén Moral jeung Psikologi Perkembangan Rumaja dina Novelét Jamparing Karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas IX.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, pasualan anu dipedar dina ieu panalungtikan diwatesanan, nya éta ngeunaan ajén moral dumasar cirina jeung psikologi perkembangan rumaja dina psikososial. Ajén moral dumasar kana cirina nya éta ajén moral anu patali jeung tanggungjawab, patali jeung ati nurani, sipatna ngawajibkeun, jeung anu sipatna formal. Psikologi perkembangan rumaja dina psikososial ngawengku perkembangan individuasi jeung idéntitas, perkembangan hubungan jeung kolot, perkembangan hubungan jeung babaturan sapantar, perkembangan séksualitas, perkembangan proaktivitas, jeung perkembangan résiliénsi anu aya dina novelét anu judulna Jamparing.

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah-masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan saperti ieu di handap:

1) Kumaha unsur intrinsik jeung ékstrinsik novelét Jamparing ? 2) Kumaha ajén moral nu nyangkaruk dina novelét Jamparing ? 3) Kumaha psikologi perkembangan rumaja dina novelét Jamparing ?

4) Kumaha bahan pangajaran anu luyu pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nyarita eusi novél di SMP Kelas IX dumasar hasil analisis ajén-ajén moral sarta psikologi perkembangan rumaja dina novelét Jamparing ?


(16)

7

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan ngaanalisis ajén-ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja anu aya dina novelét sangkan bisa dipikanyaho ku masarakat lianna, sarta pikeun ngeuyeuban hasanah sastra Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus tujuan ieu panalungtikan nya éta:

1) Ngadéskripsikeun unsur intrinsik jeung ékstrinsik nu aya dina novelét Jamparing.

2) Ngadéskripsikeun ajén-ajén moral nu nyangkaruk dina novelét Jamparing. 3) Ngadéskripsikeun psikologi perkembangan rumaja anu karandapan ku

parapalaku dina novelét Jamparing.

4) Medar tur nyieun bahan pangajaran anu saluyu pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nyarita eusi novél di SMP Kelas IX sabada ngaanalisis ajén-ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja anu aya dina novelét.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Dina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna pikeun ngeuyeuban hasanah kasundaan tina widang sastra, nya éta ngeunaan salasahiji wangun sastra anu mangrupa novelét, sarta ngeuyeuban bahan pangajaran dina pangajaran basa Sunda ngeunaan ringkesan novelét pikeun alternatif bahan pangajaran nyarita kelas IX.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Dina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna sacara praktis pikeun nambahan pangaweruh sarta dina tarékah ngaronjatkeun kaparigelan nyarita jeung minat maca kana sastra Sunda.


(17)

8

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

1.5 Raraga Nulis

Nyusun laporan mangrupa tahap pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu skripsi sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Sistematika dina nyusun ieu skripsi nya éta:

1) BAB I : bubuka medar kasang tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis.

2) BAB I : medar tiori anu aya dina ieu panalungtikan sacara leuwih jembar, raraga mikir, jeung anggapan dasar.

3) BAB III : ngawengku desain panalungtikan, métodé panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngolah data jeung analisis data.

4) BAB IV : medar dékripsi data jeung hasil analisis data.

5) BAB V :kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.


(18)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Saméméh ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik kudu nataharkeun sagala rupa kaperluan pikeun kalancaran prosés panalungtikan. Ku kituna, dina ngalaksanakeun panalungtikan diperlukeun hiji desain, sangkan dina prak-prakanana lumangsung sacara sistematis.

Desain panalungtikan téh nya éta mangrupa gambaran ngeunaan raraga panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun nya éta:

Desain Panalungtikan

Tujuan Panalungtikan Ngadéskripsikeun:

- unsur intrinsik jeung ekstrinsik nu aya dina novelét Jamparing. - ajén-ajén moral nu nyangkaruk dina novelét Jamparing.

- psikologi perkembangan rumaja, utamana dina psikososialna.

- bahan pangajaran anu saluyu pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nyaritakeun eusi novél di SMP Kelas IX.

Ngumpulkeun data tina buku-buku sumber ngeunaan struktur novelét, ajén moral, psikologi perkembangan rumaja jeung bahan pangajaran.

Ngayakeun panalungtikan ngaliwatan kajian teori anu aya dina buku jeung wawancara ka pangarang

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

Nyieun kacindekan tina hasil ngolah data Bagan 3.1


(19)

36

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

3.2 Métode Panalungtikan

Kecap métode mangrupa kecap serepan ti basa deungeun, nya éta basa Latén. Éta istilah téh asal kecapna tina methodos (meta: nyungsi, ngaliwatan, nurutan, atawa sanggeusna, jeung hodos: jalan, cara, atawa arah). Sacara umum métode dina panalungtikan dihartikeun minangka cara ilmiah pikeun meunangkeun data jeung tujuan sarta gunana nu tangtu. Disebut cara ilmiah téh hartina kagiatan panalungtikan didadasaran ku ciri-ciri paélmuan, saperti rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan dilakukeun ku cara-cara anu kaharti ku akal sangkan kahontal ku logika manusa. Émpiris hartina cara-cara anu dilakukeun téh bisa ditalungtik ku panca indra manusa. Sistematis hartina prosés anu digunakeun dina panalungtikan téh ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu nu sipatna logis. Data anu dicangking ngaliwatan panalungtikan nya éta data anu émpiris nu mibanda kritéria anu tangtu nya éta valid. Dumasar éta hal, métode panalungtikan bisa dihartikeun minangka cara ilmiah pikeun nyangking data anu valid sangkan bisa ditimukeun, dimekarkeun, jeung dibuktikeun, hiji pangaweruh nu tangtu sangkan dina waktuna bisa dipaké pikeun mahaman, ngaréngsékeun, jeung nyingkahan pasualan (Sugiyono, 2012:6). Dina raraga panalungtikan, saban panalungtik merlukeun métode pikeun ngahontal tujuan panalungtikanana. Ku kituna, métode anu digunakeun kudu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikanana.

Dina ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun neuleuman tur ngadadarkeun unsur intrinsik anu diwatesanan saukur téma, galur, tokoh katut penokohan, latar carita, jeung unsur ékstrinsik, ajén moral anu aya dina novelét, psikologi perkembangan rumaja dina hal psikososialna, jeung luyu henteuna ieu panalungtikan pikeun bahan pangajaran nyarita kelas IX di SMP. Ditilik tina wangun jeung sipatna, métode anu dianggap loyog pikeun digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode déskriptif, hartina data didadarkeun ngaliwatan kekecapan atawa gambar-gambar, lain dina wangun angka-angka (Semi, 1990:24). Tétéla dina ieu panalungtikan mah teu maké angka-angka anu kawengku ku wangun statistik. Dina prak-prakanana, métode


(20)

37

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

déskriptif téh henteu ukur ngumpulkeun jeung nyusun data wungkul, tapi dibarung ku analisa jeung interprétasi ngeunaan harti tina data (téks). Ku lantaran kitu, ieu métode sok disebut ogé métode analitik. Ratna (dina Meiwindra, 2011:57), nétélakeun yén métode déskriptif analitik téh nya éta salah sahiji métode panalungtikan anu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu aya dina téks, nu ditéma ku cara ngaanalisis atawa ngainterprétasi éta fakta.

3.3 Wangenan Operasional

1) Ajén nya éta gambaran ngeunaan naon anu dipikahayang, anu pantes, miboga harga, jeung bisa mangaruhan paripolah sosial tina jalma anu miboga éta ajén.

2) Moral nya éta pangajaran hadé jeung goréngna ngeunaan kalakuan (ahlak). 3) Psikologi Perkembangan Rumaja nya éta cabang tina psikologi perkembangan anu nalungtik perkembangan paripolah rumaja boh sacara fisik boh sacara mental jeung kognitifna.

4) Novelét nya éta wangun karya sastra Sunda mangrupa prosa anu panjangna antara novel jeung carpon tapi wengkuanana leuwih jembar tibatan carpon, saperti dina plot, téma jeung unsur-unsur séjénna.

5) Nyarita nya éta kamampuh ngucapkeun sora-sora artikulasi pikeun ngungkarakeun, nepikeun pikiran, gagasan, jeung perasaan.

6) Bahan pangajaran nyarita nya éta matéri pembelajaran anu sacara umum ngawengku pangaweruh, kaparigelan, sikep, nu kudu diteuleuman ku siswa dina raraga ngahontal standar kompeténsi anu geus ditangtukeun.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén digunakeun pikeun pakakas panalungtikan atawa pakakas ngumpulkeun data. Arikunto (2010:136) méré pamadegan yén anu disebut instrumén panalungtikan téh nya éta pakakas atawa fasilitas anu digunakeun panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan leuwih gampang, tur hasilna leuwih alus, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung ngéntép seureuh. Dina ieu


(21)

38

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

panalungtikan ngagunakeun tilu instrumén, nya éta kartu data, padoman wawancara, jeung kaméra digital.

3.4.1 Kartu Data

Kartu data digunakeun pikeun nimukeun data-data anu aya dina téks, jadi sumber data téh leuwih gampang diwilah-wilahna.

Conto Kartu Data

1. No ………

2. Ajén moral/psikologi perkembangan …………..

3. Cutatan carita ………..

4. Kaca ………....

3.4.2 Kaméra Digital

Kaméra digital mangrupa pakakas anu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun informasi-informasi salila prosés ngawawancara narasumber. Narasumber di dieu nya éta pangarang anu karyana jadi objék panalungtikan. Jadi, panalungtik teu kudu nyalin deui kana wangun tinulis informasi anu ditepikeun ku narasumber.

3.4.3 Padoman Wawancara

Dina prak-prakanana wawancara, saméméhna panalungtik kudu miboga padoman wawancara sangkan dina prosésna lumangsung kalayan lancar. Padoman dina ieu panalungtikan nya éta:

I. Data Narasumber Jenengan : Yuswa : Atikan : Pakasaban : II.Daptar Patalékan

1. Naon anu jadi inspirasi dina nulis carita ngeunaan rumaja?

2. Saupama ditilik tina eusi carita, naha teu pati midangkeun kahirupan rumaja anu sababaraha palakuna sakola di sakola anu islami?


(22)

39

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

3. Ditilik tina sampul hareupna, naha éta téh mangrupa réprésentasi rumaja anu ideal?

4. Kumaha kahirupan rumaja nalika ieu karya dikarang? 5. Kumaha kaayaan sosial nalika ieu karya dikarang?

6. Naon bédana kahirupan rumaja anu dicaritakeun dina novelét jeung kahirupan rumaja kiwari?

7. Kumaha sawangan ibu patali jeung moral anu hadé, anu kudu dipibanda ku pararumaja?

3.5 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010:172), sumber data nya éta subjék ti mana data bisa dimeunangkeun. Sumber data diklasifikasi jadi tilu bagian, nya éta:

1) Person, nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan, ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis ngaliwatan angkét.

2) Place, nya éta sumber data anu méré titingalian mangrupa kaayaan cicing (ruangan, kalengkepan pakakas, jsb), jeung anu gerak (kagiatan gawé, kagiatan diajar, jsb).

3) Paper, nya éta sumber data anu midangkeun tanda-tanda mangrupa aksara, angka, gambar, atawa simbol liana.

Dina ieu panalungtikan, anu dijadikeun sumber data anu mangrupa paper nya éta novelét Jamparing. Sedengkeun anu jadi sumber data mangrupa person nya éta pangarang novelét Jamparing.


(23)

40

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

3.5.1 Déskripsi Novelét

Novelét Jamparing mangrupa novelét katilu karya Chyé Rétty Isnéndés anu medal taun 2012. Katitén tina sampul hareup bukuna aya gambar lima wanoja maraké saragam sakola SMP. Unggal wanoja miboga ciri anu béda, utamana katingali tina ciri fisikna. Aya Érinawati anu buukna panjang saimbit, Élis anu buukna galing jeung awakna pendék, Lina anu jangkung leutik, Éla anu rarayna buleud, jeung Citra anu buukna satonggong jeung awakna jangkung begang. Éta kalima wanoja téh babaladan maké ngaran Jamparing (Jamparing Cinta lengkepna), nyapertikeun simbul gambar jamparing anu ngabelesat. Saeutikna bisa katebak kumaha eusi caritana dititén tina sampul bukuna, moal jauh tina dinamika jeung pasualan rumaja. Novelét pedalan Wisata Literasi ieu téh kandelna 44 kaca, pantes saupama kaasup novelét anu sakali maca bisa réngsé. Dina sampul tukangna, pamedal némbongkeun foto pangarang jeung nyieun ringkesan eusi novelétna. Nu diringkesna téh nya éta konflik antara géng “Jamparing” ti SMP Muhammadiyah jeung géng “Bangbara” ti SMP Negri. Anu jadi mimiti papaséanana téh tina hal nu teu pira, pédah sok pahina-hina sakola. Pernahna


(24)

41

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

SMP Muhammadiyah anu dilingkung ku sawah sok dipoyokan ku sora bangkong. Kitu deui, pernahna SMP Negri téh deukeut pisan jeung peternakan hayam, sok disebut ku sora hayam pepetok. Antukna, dua géng éta téh baris tepung di tegalan Ciganas minangka lajuning laku tina tangtangan.

3.5.2 Biografi Singget Pangarang

Chyé Rétty Isnéndés, pituin urang Nagrak-Sukabumi. Lahir ping 02 Désémber 1972. TK, SD, Madrasah, SMP, jeung SMA-na di Sukabumi. Taun 1993 kuliah S1 di IKIP Bandung, lulus taun 1998. Taun 2002 nuluykeun kuliah S2 di UGM, lulus taun 2004. Taun 2010 nuluykeun deui kuliah S3 di UPI. Taun 2011 kungsi mukim tilu bulan di Walanda lantaran meunang béasiswa Sandwich-Like KTL pikeun risét kepustakaan disertasina.

Mimiti resep nulis sajak ti SD kénéh (dina basa Indonésia), di SMP mimiti nulis sajak dina basa Sunda. Taun 1994 sajak jeung carponna mimiti dipublikasikeun dina Manglé. Satuluyna tulisan-tulisanana (utamana sajak-puisi) dimuat dina Turus, Galura, Kujang, Cupumanik, Pikiran Rakyat, Bandung Pos, jeung Galamédia. Nepi ka kiwari, nulis 200-an sajak, 75-an carpon, jeung tilu novelét. Novelét anu kahiji dikarang taun 1996, judulna “Gupay Tineung Gupay Ludeung”. Nu kadua, “Handeuleum „na Haté Beureum”, dikarang taun 1998. Nu katilu nya éta novelét “Jamparing” anu medal taun 2012.

Sanajan karyana leuwih loba anu mangrupa sajak, tapi dina nyieun karya anu mangrupa novelét ogé aya punjulna. Utamana dina novelét anu katilu, nya éta novelét Jamparing anu medal dina taun 2012. Dua novelét deui mah teu kungsi dibukukeun, mung jadi carita nyambung dina majalah Manglé.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Nurutkeun Suyatna (2002:18), téhnik panalungtikan nya éta mangrupa salasahiji tarékah atawa cara nu kudu dilakukeun dina métode nu tangtu,


(25)

42

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

sangkan tujuan anu dituju dina hiji panalungtikan bisa kahontal. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka, jeung téhnik wawancara.

1. Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka mangrupa cara pikeun nyangking tiori-tiori anu aya patalina jeung hal anu keur ditalungtik. Dina ieu talaah diperlukeun babanding atawa cecekelan dina ngalakukeun panalungtikan. Ieu studi pustaka bisa dilakukeun ku cara ngumpulkeun data-data nu sumberna ti pabukon nu mangrupa buku-buku, dokumén-dokumén, jeung sajabana pikeun dijadikeun pangdeudeul dina nyusun laporan.

Aya tilu kritéria dina studi pustaka (Sugiyono, 2012:398), nya éta relevansi (tiori nu digunakeun saluyu jeung masalah nu keur ditalungtik), kemutakhiran (tiori atawa référénsi anu digunakeun nya éta nu masih anyar), jeung kaaslian (sumber nu asli).

2. Téhnik Wawancara

Wawancara digunakeun minangka téhnik ngumpulkeun data lamun panalungtik hayang nyaho leuwih jero informasi ti réspondén. Ieu téhnik dumasar kana laporan ngeunaan diri sorangan (self-report), atau pangaweruh jeung kayakinan pribadi.

Wawancara anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta wawancara semiterstruktur. Dina lumangsungna ieu wawancara dilakukeun sacara leuwih bébas upama dibandingkeun jeung wawancara terstruktur. Réspondén dibéré patalékan anu geus disiapkeun, tapi lamun aya sawangan séjén saluareun patalékan bisa ditepikeun, asal masih aya patalina jeung pasualan utama. Tujuan dilaksanakeunana ieu wawancara nya éta sangkan bisa nimukeun data atawa informasi anu leuwih jero deui sarta narasumber bisa dipénta sawangan jeung ide-idena, utamana ngeunaan hal-hal anu patalina jeung pangarang sacara teu langsung dina hasil karya fiksi.


(26)

43

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

3.7 Analisis Data

Data anu geus kakumpul tuluy dianalisis sangkan ngahasilkeun kacindekan tina panalungtikan anu dilaksanakeun.

Nurutkeun Bogdan (Sugiyono, 2012:334), analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusun sacara sistematis data anu dicangking tina hasil wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi, ku cara ngaorganisasikeun data kana kategori, ngadadarkeun kana unit-unit, ngalakukeun sintésa, nyusun kana pola, milih mana nu penting jeung anu bakal diulik, jeung nyieun kacindekan sangkan gampang dipahaman ku sorangan atawa ku nu lian.

Dina tahap analisis data, anu jadi puseur garapanana nya éta: 1) Neuleuman data-data.

2) Ngawilah-wilah data.

3) Nyirian data anu nuduhkeun déskripsi ngeunaan ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja.

4) Ngadéskripsikeun data anu geus dianalisis.

5) Ngaimplikasikeun hasil analisis data kana pangajaran nyarita ku cara dijieun ringkesan novelét

6) Nyusun silabus jeung RPP dumasar kana SK-KD. 7) Nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan.


(27)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan struktur novelét, ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja, bisa dicindekan saperti ieu di handap:

1) Struktur novelét anu ditalungtik téh nya éta unsur instrinsik jeung unsur éksrinsikna. Dina ngaanalisis unsur intrinsik diwatesanan saukur galur, palaku/penokohan, latar, jeung téma.

Galur anu digunakeun dina novelét Jamparing nya éta galur mérélé atawa ngaguluyur saluyu jeung kronologi waktu. Palaku anu dipidangkeun dina novelét ogé némbongkeun ciri has watek pararumaja. Latar anu digunakeun nya éta latar taun 1980-an anu némbongkeun fenomena dina alam harita, yén pararumaja tumuwuh sacara alami jeung masih wanoh kana alam sabudeureunana. Tina hasil ngaanalisis unsur galur, palaku, jeung latar, katémbong téma anu dipidangkeun dina carita téh nya éta téma tingkat sosial. Téma anu leuwih hususna nya éta ngeunaan pangalaman sosobatan pararumaja.

Unsur intrinsik anu ngawangun carita, teu leupas tina pangaruh faktor saluareun karya sastrana, saperti pangarang. Pikeun ngaanalisis unsur ékstrinsik, panalungtik ngayakeun kagiatan wawancara ka pangarangna. Tina wawancara anu dilaksanakeun bisa katitén kumaha subjéktivitas, psikologis, lingkungan hirup, jeung sawangan pangarang anu mangaruhan kana gumelarna novelét Jamparing.

2) Ajén moral anu kasampak dina novelét lolobana ngeunaan ajén moral anu aya hubunganana jeung papada manusa, saperti nyaah ka sasama, wijaksana, jeung silih élingan. Ajén moral ditepikeun ngaliwatan paripolah palaku jeung latar anu dipaké. Contona, sawangan pangarang ngeunaan rumaja anu


(28)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

tumuwuh jeung wanoh kana alam sabudeureunana bakal numuwuhkeun rasa kamanusaan. Hadéna sikep kana alam, baris mangaruhan sikepna ka papada manusa.

3) Dina ngaanalisis psikologi perkembangan rumaja dina novelét Jamparing, dihususkeun ngeunaan perkembangan psikososial. Kacindekanana, perkembangan psikososial pararumaja anu aya dina novelét saluyu jeung téori-téori anu dipaké, saperti téori psikososial Érikson. Saupama téori psikososial anu diterapkeun pikeun ngaanalisis ieu novelét dibandingkeun jeung kaayaan psikososial rumaja kiwari mah aya bédana. Aya sabagéan téori anu teu saluyu deui saupama diterapkeun dina jaman ayeuna. Contona, dina téori perkembangan psikososial ngeunaan perkembangan séksual, rumaja dina novelét mah sarua jeung téorina, anu nyebutkeun yén rumaja mangsa anu mimiti can wani ngungkarakeun karesep jeung bobogohan sacara nembrak. Rata-rata mangsa rumaja awal di mimitian waktu umur 12-13 taun. Dibandingkeun jeung kiwari mah, mangsa rumaja anu ngajurus kana interaksi jeung lawan jenis téh bisa katitén waktu keur mangsa pra-rumaja. Tangtuna hal-hal saperti kitu téh loba pisan faktor anu mangaruhanana.

4) Hasil analisis novelét Jamparing bisa dipaké pikeun bahan pangajaran nyarita, nya éta mangrupa ringkesan novelét. Novelét anu euyeub ku ajén-ajén moral bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran nyarita. Salian ti éta, jejer carita novelét Jamparing anu ngeunaan pangalaman dina ngajalin sosobatan bisa ngirut siswa dina nyaritakeun ogé pangalamanana dina hal sosobatan.

Dina kurikulum KTSP, nyaritakeun eusi novel téh mangrupa salasahiji kompeténsi dasar. Sedengkeun dina kurikulum 2013 mah, nyaritakeun eusi novel téh mangrupa indikator.


(29)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

5.2 Rékoméndasi

Sabada diayakeun panalugtikan ngeunaan ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja dina novelét Jamparing, aya sababaraha rékoméndasi ti nu nyusun, di antarana nya éta:

1) Novelét Jamparing bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran dina nyarita.

2) Novelét Jamparing bisa jadi inspirasi paraguru dina milih bahan pangajaran anu ngirut, saluyu jeung karakter siswa, jeung euyeub ku ajén-ajén moral hadé pikeun picontoeun.

3) Aya panalungtikan kana novelét Jamparing anu garapanana bisa leuwih lega, sangkan bisa kaéksplorasi naon-naon anu can katepikeun dina ieu panalungtikan.


(30)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

DAFTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2011). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo

Arikunto, Suharsimi. (2010) Prosedur Penelitian.. Jakarta: Rineka Cipta Aunurrahman. (2009) Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Alfabeta Bertens, K. (2011). Etika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama

Desmita. (2010). Psikologi Perkembangan. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung. Hariyanto, (2011). “Pengertian Psikologi Menurut Para Ahli”. (online). Tersedia:

http://belajarpsikologi.com/pengertian-psikologi/ [5 april 2013] Harjanto. (2010). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Iskandarwassid & Dadang Sunendar (2011). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Sekolah PascaSarjana UPI dan PT Remaja Rosdakarya.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2013). “Silabus Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA”. (online). Tersedia: http://sunda.upi.edu/2013/07/silabus-mata-pelajaran-bahasa-dan-sastra-sunda-sdmi-smpmts-smama/ [5 Agustus 2013]

Nurgiyantoro, B. (2010) Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University.

Prastowo, Andi. (2012). Panduan Kreatif Membuat Bahan Ajar Inovatif. Yogyakarta: Diva Press.

Meiwindra, Rida (2011). Ulikan Psikologis kana Novel Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Rustadhie. (2011). “Manusia, Nilai, Moral, dan Hukum”. (online). Tersedia :


(31)

107

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

Saddam, Spk. (2012). Bentuk dan Jenis Bahan Ajar, Kriteria dan Cara Pemilihan

Bahan Ajar. (online). Tersedia:

http://anakpba.blogspot.com/2012/03/bentuk-dan-jenis-bahan-ajar-kriteria.html [20 Juni 2013]

Semi, Atar. (1990). Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa

Sudaryat, Yayat. (2009). Modél-Modél Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI.

Sumardjo, J. Jeung Saini K.M (1996). Aprésiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suryalaga, H. (2007). Étika jeung Tatakrama. Bandung: Geger Sunten.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional UPI FPBS.

Syah, Muhibbin. (2010). Psikologi Pendidikan dengan Pendekatan Baru. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya

Tarigan, HG. (1983). Berbicara sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Universitas Negeri Yogyakarta. “Dasar-dasar Pengertian Moral”. (online). Tersedia: http://staf.uny.ac.id/dasar-dasar0pengertianmoral.pdf [20 Juni 2013]

Yusuf, Syamsu. (2001). Psikologi Perkembangan Anak & Remaja. Bandung: PT Remaja Rosadakarya.


(1)

43

3.7 Analisis Data

Data anu geus kakumpul tuluy dianalisis sangkan ngahasilkeun kacindekan tina panalungtikan anu dilaksanakeun.

Nurutkeun Bogdan (Sugiyono, 2012:334), analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusun sacara sistematis data anu dicangking tina hasil wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi, ku cara ngaorganisasikeun data kana kategori, ngadadarkeun kana unit-unit, ngalakukeun sintésa, nyusun kana pola, milih mana nu penting jeung anu bakal diulik, jeung nyieun kacindekan sangkan gampang dipahaman ku sorangan atawa ku nu lian.

Dina tahap analisis data, anu jadi puseur garapanana nya éta:

1) Neuleuman data-data.

2) Ngawilah-wilah data.

3) Nyirian data anu nuduhkeun déskripsi ngeunaan ajén moral jeung

psikologi perkembangan rumaja.

4) Ngadéskripsikeun data anu geus dianalisis.

5) Ngaimplikasikeun hasil analisis data kana pangajaran nyarita ku cara dijieun ringkesan novelét

6) Nyusun silabus jeung RPP dumasar kana SK-KD.


(2)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan struktur novelét, ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja, bisa dicindekan saperti ieu di handap:

1) Struktur novelét anu ditalungtik téh nya éta unsur instrinsik jeung unsur éksrinsikna. Dina ngaanalisis unsur intrinsik diwatesanan saukur galur, palaku/penokohan, latar, jeung téma.

Galur anu digunakeun dina novelét Jamparing nya éta galur mérélé atawa ngaguluyur saluyu jeung kronologi waktu. Palaku anu dipidangkeun dina novelét ogé némbongkeun ciri has watek pararumaja. Latar anu digunakeun nya éta latar taun 1980-an anu némbongkeun fenomena dina alam harita, yén pararumaja tumuwuh sacara alami jeung masih wanoh kana alam sabudeureunana. Tina hasil ngaanalisis unsur galur, palaku, jeung latar, katémbong téma anu dipidangkeun dina carita téh nya éta téma tingkat sosial. Téma anu leuwih hususna nya éta ngeunaan pangalaman sosobatan pararumaja.

Unsur intrinsik anu ngawangun carita, teu leupas tina pangaruh faktor saluareun karya sastrana, saperti pangarang. Pikeun ngaanalisis unsur ékstrinsik, panalungtik ngayakeun kagiatan wawancara ka pangarangna. Tina wawancara anu dilaksanakeun bisa katitén kumaha subjéktivitas, psikologis, lingkungan hirup, jeung sawangan pangarang anu mangaruhan kana gumelarna novelét Jamparing.

2) Ajén moral anu kasampak dina novelét lolobana ngeunaan ajén moral anu aya

hubunganana jeung papada manusa, saperti nyaah ka sasama, wijaksana, jeung silih élingan. Ajén moral ditepikeun ngaliwatan paripolah palaku jeung latar anu dipaké. Contona, sawangan pangarang ngeunaan rumaja anu


(3)

Indah Purnama Cahyani, 2013

tumuwuh jeung wanoh kana alam sabudeureunana bakal numuwuhkeun rasa kamanusaan. Hadéna sikep kana alam, baris mangaruhan sikepna ka papada manusa.

3) Dina ngaanalisis psikologi perkembangan rumaja dina novelét Jamparing,

dihususkeun ngeunaan perkembangan psikososial. Kacindekanana,

perkembangan psikososial pararumaja anu aya dina novelét saluyu jeung téori-téori anu dipaké, saperti téori psikososial Érikson. Saupama téori psikososial anu diterapkeun pikeun ngaanalisis ieu novelét dibandingkeun jeung kaayaan psikososial rumaja kiwari mah aya bédana. Aya sabagéan téori anu teu saluyu deui saupama diterapkeun dina jaman ayeuna. Contona, dina téori perkembangan psikososial ngeunaan perkembangan séksual, rumaja dina novelét mah sarua jeung téorina, anu nyebutkeun yén rumaja mangsa anu mimiti can wani ngungkarakeun karesep jeung bobogohan sacara nembrak. Rata-rata mangsa rumaja awal di mimitian waktu umur 12-13 taun. Dibandingkeun jeung kiwari mah, mangsa rumaja anu ngajurus kana interaksi jeung lawan jenis téh bisa katitén waktu keur mangsa pra-rumaja. Tangtuna hal-hal saperti kitu téh loba pisan faktor anu mangaruhanana.

4) Hasil analisis novelét Jamparing bisa dipaké pikeun bahan pangajaran nyarita, nya éta mangrupa ringkesan novelét. Novelét anu euyeub ku ajén-ajén moral bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran nyarita. Salian ti éta, jejer carita novelét Jamparing anu ngeunaan pangalaman dina ngajalin sosobatan bisa ngirut siswa dina nyaritakeun ogé pangalamanana dina hal sosobatan.

Dina kurikulum KTSP, nyaritakeun eusi novel téh mangrupa salasahiji kompeténsi dasar. Sedengkeun dina kurikulum 2013 mah, nyaritakeun eusi novel téh mangrupa indikator.


(4)

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Rékoméndasi

Sabada diayakeun panalugtikan ngeunaan ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja dina novelét Jamparing, aya sababaraha rékoméndasi ti nu nyusun, di antarana nya éta:

1) Novelét Jamparing bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran dina nyarita.

2) Novelét Jamparing bisa jadi inspirasi paraguru dina milih bahan pangajaran anu ngirut, saluyu jeung karakter siswa, jeung euyeub ku ajén-ajén moral hadé pikeun picontoeun.

3) Aya panalungtikan kana novelét Jamparing anu garapanana bisa leuwih lega,

sangkan bisa kaéksplorasi naon-naon anu can katepikeun dina ieu panalungtikan.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2011). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo

Arikunto, Suharsimi. (2010) Prosedur Penelitian.. Jakarta: Rineka Cipta Aunurrahman. (2009) Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Alfabeta Bertens, K. (2011). Etika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama

Desmita. (2010). Psikologi Perkembangan. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung. Hariyanto, (2011). “Pengertian Psikologi Menurut Para Ahli”. (online). Tersedia:

http://belajarpsikologi.com/pengertian-psikologi/ [5 april 2013] Harjanto. (2010). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Iskandarwassid & Dadang Sunendar (2011). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Sekolah PascaSarjana UPI dan PT Remaja Rosdakarya.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2013). “Silabus Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA”. (online). Tersedia:

http://sunda.upi.edu/2013/07/silabus-mata-pelajaran-bahasa-dan-sastra-sunda-sdmi-smpmts-smama/ [5 Agustus 2013]

Nurgiyantoro, B. (2010) Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University.

Prastowo, Andi. (2012). Panduan Kreatif Membuat Bahan Ajar Inovatif. Yogyakarta: Diva Press.

Meiwindra, Rida (2011). Ulikan Psikologis kana Novel Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Rustadhie. (2011). “Manusia, Nilai, Moral, dan Hukum”. (online). Tersedia :


(6)

107

Indah Purnama Cahyani, 2013

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saddam, Spk. (2012). Bentuk dan Jenis Bahan Ajar, Kriteria dan Cara Pemilihan

Bahan Ajar. (online). Tersedia:

http://anakpba.blogspot.com/2012/03/bentuk-dan-jenis-bahan-ajar-kriteria.html [20 Juni 2013]

Semi, Atar. (1990). Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa

Sudaryat, Yayat. (2009). Modél-Modél Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI.

Sumardjo, J. Jeung Saini K.M (1996). Aprésiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suryalaga, H. (2007). Étika jeung Tatakrama. Bandung: Geger Sunten.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional UPI FPBS.

Syah, Muhibbin. (2010). Psikologi Pendidikan dengan Pendekatan Baru. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya

Tarigan, HG. (1983). Berbicara sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Universitas Negeri Yogyakarta. “Dasar-dasar Pengertian Moral”. (online). Tersedia: http://staf.uny.ac.id/dasar-dasar0pengertianmoral.pdf [20 Juni 2013]

Yusuf, Syamsu. (2001). Psikologi Perkembangan Anak & Remaja. Bandung: PT Remaja Rosadakarya.


Dokumen yang terkait

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FÉMINIS KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA KELAS XI.

38 238 35

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK).

0 12 28

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI.

1 49 28

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

0 32 39

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN RÉOG DONGKOL DI DESA KARYAMUKTI KACAMATAN PATARUMAN KOTA BANJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMP KELAS IX.

2 33 33

KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL).

35 658 49

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA - repository UPI S BD 1105648 Title

7 80 3

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK) - repository UPI S BD 1005827 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FÉMINIS KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1103201 Title

0 0 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN MORAL DINA KUMPULAN CARPON SANGGEUS UMUR TUNGGANG GUNUNG KARYA USÉP ROMLI H.M. PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP - repository UPI S BD 1103698 Title

18 83 3