KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ KARANGAN RISNAWATI: TILIKAN FÉMINISME.

(1)

KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA

DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ

KARANGAN RISNAWATI (TILIKAN FÉMINISME) SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Ujian Sarjana Pendidikan

ku

Damalia Suci Asihna 0906052

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

Kalungguhan Tokoh Wanoja

dina Kumpulan Carpon

Haté Awéwé

Karangan Risnawati (Tilikan Féminisme)

Oleh

Damalia Suci Asihna

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Damalia Suci Asihna 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

LEMBAR PENGESAHAN DAMALIA SUCI ASIHNA

0906052

KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA

DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ

KARANGAN RISNAWATI: TILIKAN FEMINISME Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(4)

(5)

KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA

DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ

KARANGAN RISNAWATI: TILIKAN FÉMINISME1)

oleh

Damalia Suci Asihna2)

ABSTRAK

Penelitian ini mengangkat permasalahan kehidupan wanita yang digambarkan dalam enam cerpen dari buku kumpulan cerpen Haté Awéwé yang selanjutnya diteliti melalui kritik sastra feminisme. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan struktur cerita yang terdiri dari tema dan fakta cerita yang berupa alur, latar, tokoh dan penokohan. Kemudian deskripsi struktur cerita tersebut diteliti melalui penelitian kritik sastra feminisme ideologis. Adapun enam judul cerita pendek yang diteliti adalah: 1) Santi, 2) Puasa, Bulan Puasa 3) Indung Téré, 4) Kidung na Haté Indung, 5) Samagaha, dan 6) Caleg. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan adalah studi pustaka dan analisis data. Dari hasil analisis enam cerita pendek berdasarkan struktur ceritanya, dapat disimpulkan bahwa terdapat tema seperti sosial, politik, hukum, ekonomi, keluarga, keagamaan, dan budaya. Alur yang digunakan dalam enam cerita pendek yang dianalaisis kebanyakan menggunakan alur maju disamping menggunakan alur campuran, tidak ditemukan alur mundur dalam enam cerita pendek. Tokoh yang dianalisis adalah tokoh utama dan tokoh tambahan, tokoh protagonis dan tokoh antagonis, tokoh sederhana dan tokoh bulat, tokoh statis dan tokoh berkembang, juga tokoh tipikal dan tokoh netral. Dalam penokohan tiap tokohnya, ada yang tokohnya merupakan tokoh pro féminis, dan ada yang kontra féminis. Latar dalam 6 cerita pendek yang telah dianalisis yakni: 1) latar tempat, 2) latar waktu, 3) latar sosial. Dari hasil kesimpulan analisis féminisme tiap cerita pendeknya, ditemukan tiga citra wanita sebagai janda, dua wanita sebagai pekerja seks komersial, adanya sebuah usaha untuk mengubah citra sebagai ibu tiri, adanya forum para ibu untuk menyalurkan aspirasi tentang KB melalui cerita kehidupan Bi Emin, dan adanya dukungan 30% wanita di sebuah partai untuk menjadi caleg di DPR.

Kata Kunci: kritik sastra feminisme ideologis, struktur cerita.

1) Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.


(6)

KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA

DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ

KARANGAN RISNAWATI: TILIKAN FÉMINISME1)

by

Damalia Suci Asihna2)

ABSTRACT

This research was raised the issue of a woman 's life which depicted from six short stories in Haté Awéwé short story collections book and analyzed through feminist literary criticism. The purpose of this research was to describe the structure from the whole six story consists of story theme and story fact which is part of the story facts are story plot, background setting, character and characterization. After describe all structure, the story are analyzed through the ideological feminist literary criticism. The six titles of short stories analyzed were: 1) Santi, 2) Puasa, Bulan Puasa 3) Indung Téré, 4) Kidung na Haté Indung, 5) Samagaha, and 6) Caleg. The method of this research is descriptive method, while the techniques are literature studies and data analysis. Analyzed result from each six short story based on the structure of the story can be concluded that the themes inside of six short story are social, politics, law, economy, family, religion, and culture. Result of the story plot analysis are mostly using the progressive plot besides using the mixture plot, regressive plot are not found in the six short stories. Result of the character analysis are finding main character and additional characters, protagonist and antagonist characters, simple and round characters, static and developing characters, also typical and neutral characters. In the characterizations of each character, there are characters whom pro feminist and against feminist. Backgrounds setting that have been analyzed are: 1) place setting, 2) time setting, and 3) social background. Conclusion of the ideological feminist analysis from each six short story has found three images of women as widows, the two women as commercial sex workers, the presence of an effort to change the image as a stepmother, the existence of a forum to convey the aspirations of mothers about family planning through Bi Emin's life story, and the presence of support 30 % of women at a party to be a candidate in DPR.

Keywords: ideological feminist literary criticism, structure of stories.

1) This undergraduate thesis under the guidance of Dr. Dedi Koswara, M.Hum. and Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.


(7)

PANGJAJAP

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana, parantos réngsé skripsi anu jejerna “Kalungguhan Tokoh Wanoja dina Kumpulan Carpon Haté Awéwé Karangan Risnawati: Tilikan Féminisme” nu disusun pikeun nyumponan sarat lulus ujian sidang S1 di Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI.

Skripsi ieu masih jauh kénéh tina kecap sampurna, seueur kénéh anu kedah dibebener. Ku kituna, panyusun neda pangampura tur miharep kana pangdeudeul pikeun ngaronjatkeun ajén tina ieu karya. Mugia ieu skripsi aya mangpaatna pikeun balaréa.

Bandung, Agustus 2013 Panyusun,


(8)

TAWIS NUHUN

Panyusun nyanggakeun tawis nuhun, utamana ka Gusti Allah Nu Mahakawasa anu parantos masihan berkah tur pitulung-Na ka panyusun dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan. Ieu panalungtikan tangtu moal kalaksana saupama henteu aya bantosan tur dukungan ti sawatara pihak. Ku kituna, panyusun baris nyanggakeun hatur sewu nuhun ka pihak-pihak anu baris ditataan ieu di handap.

1. Bapa Dr. Dedi Koswara, M.Hum. salaku Pangaping I anu parantos ngaping, ngarahkeun tur méré motivasi salila dilaksanakeunna ieu panalungtikan; 2. Bapa Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. salaku Pangaping II anu parantos

nuyun, ngaping tur ngajaring, ogé ngajeujeuhkeun tur niténan ieu panalungtikan;

3. Bapa Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. salaku Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah;

4. Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. salaku Sekretaris Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah;

5. Bapa miwah Ibu réngréngan Dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu parantos ngatik tur ngadidik salila opat taun kuliah, nya éta: Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., Dr. Ruhaliah, M.Hum., Dr. Yayat Sudaryat, M.Hum., Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd., Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd., Drs. Dede Kosasih, M.Si., Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum., Agus Suherman, S.Pd., M.Hum., Ade Sutisna, S.Pd., Hernawan, M.Pd., Dian Hendrayana, S.S., M.Pd., jeung Temmy Widiastuti, M.Pd;

6. Réngréngan jurusan anu teu bosen-bosenna diririweuh ku panyusun dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, utamana dina hal administrasi, nya éta Bapa Hermawan, Bapa Apan Kuswara tur Kang Dede. Teu hilap téh Herma Nur Aphisa salaku pangurus pabukon anu sabar ngantosan buku nu ditambut ku panyusun;

7. Ibu Risnawati, salaku pangarang carpon nu ditalungtik. Hatur nuhun parantos masihan pedaranna sanajan mung sakali, katampi pisan, Bu. Hatur nuhun;


(9)

8. Kulawarga nu dipikacinta; Pun Biang Dewi Damayanti, Pun Bapa M. Iqbal Mustafian, tur pun adi saparakanca; Kinanti Ligar Tresnami, Muhammad Damar Mugisatia, jeung Kirana Rayi Dantina, anu teu kendat nyumangetan, ngamalirkeun pangdunga jeung kanyaahna nu tan wates. Hatur nuhun karesa diririweuh salami ieu. Hatur nuhun ogé kasanggakeun ka dulur-dulur kulawarga besar Kabandungan sareng kulawarga besar Kawali anu parantos nyumangetan panyusun;

9. Sobat-sobat anu maturan, nyumangetan, silih babagi kabungah tur kasedih jeung panyusun; sobat jaman alit di Bekasi, Mba Cinta sareng Anissa Dea Elita; sobat jaman SD, Alvi, Syifa (Alm), Dewi, Annisa F, Cindy jeung Tiwi; jaman SMP, barudak Spring Iput, Lien, Mey, Eby jeung Hani; jaman SMA, barudak KKC Angel, Ghina, Ei, Echi, Chacha, jeung Upai; jeung jaman kuliah ayeuna, “bebep” Finger Princess Dea Ea, Teh Witwit, Neng Uci, Neng Anti. Mugia sosobatan urang tiasa salamina sanajan paanggang, teu hilap, diantos ondanganna nu teu acan ngondang;

10.Neng Mutiah Azzahra anu salembur, saalmamater deui, saentragan deuih. Sanajan langki patepang tapi tetep silih nyumangetan dina ngerjakeun skripsi, hatur nuhun. Ogé ka Akangna Muti anu saentragan sareng panyusun, hatur nuhun Kang MS Rabbani. Sukses kanggo sadayana;

11.Barudak kost pondokan Al-Fikri, ti ngawitan entragan Teh Ika, Teh Fina, Teteh kembar kuring Vina Vini, Teh Icha, Teh Devi, jeung Teh Intan. Entragan Fia, Asmi, Teh Nur, jeung Teh Dewi. Entragan Widi, Rere sareng Tika, teu hilap ogé “bebep” Dea Ea Apriani nu kungsi sa kost-an, dugi ka ayeuna entragan Teh Fina deui. Hatur nuhun parantos karesa diririweuh ti awal ngekost dugi ka ayeuna téréh lulus, pangpangna ka entragan akhir salami panyusun ngaréngsékeun skripsi, hatur nuhun pisan kana bantosanana, lur; 12.Rerencangan JPBD entragan 2009 nu Singer, Pinter, tur Parigel nu parantos

jadi sarjana, diwisuda, daramel, sarta nu masih kuliah kéneh atanapi nuju merjoangkeun skripsi, hayu lur, sumanget sadayana, wilujeng tandang makalangan di kahirupan nu saenyana;


(10)

13.Rerencangan KKN kelompok Kampung Muara Desa Kopo, Mamih Desti, Vivi Bungsu, Bunda Pusti, Téh Siti, Téh Altri, Emak Visi, Abah Hilman, Ali Fadli, jeung Udin. Mugia sukses sadayana;

14.Rerencangan PPL tur PLPG SMA Negeri 8 Bandung; Bu Ida, Bu Dila, Bu Nana Febriana, Pa Gilang, Pa Wisma, Pa Rendi, Pa Febri, Pa Fajar, Pa Aris, Pa Aries, Bu Wiwid, Pa Andi, jeung Pa Shoma. Wilujeng ngawulang, bapa-bapa, ibu-ibu;

15.Pihak séjén anu teu bisa ditataan hiji-hiji anu parantos ngarojong ieu panalungtikan;

Ka sakumna pihak anu ditataan di luhur, panyusun ngedalkeun tawis nuhunna. Hatur nuhun pisan kana sadaya pangdunga, pangrojong, katut pangdeudeulna.

Bandung, Agustus 2013 Panyusun,


(11)

KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA

DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ

KARANGAN RISNAWATI: TILIKAN FÉMINISME1)

oleh

Damalia Suci Asihna2)

ABSTRAK

Penelitian ini mengangkat permasalahan kehidupan wanita yang digambarkan dalam enam cerpen dari buku kumpulan cerpen Haté Awéwé yang selanjutnya diteliti melalui kritik sastra feminisme. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan struktur cerita yang terdiri dari tema dan fakta cerita yang berupa alur, latar, tokoh dan penokohan. Kemudian deskripsi struktur cerita tersebut diteliti melalui penelitian kritik sastra feminisme ideologis. Adapun enam judul cerita pendek yang diteliti adalah: 1) Santi, 2) Puasa, Bulan Puasa 3) Indung Téré, 4) Kidung na Haté Indung, 5) Samagaha, dan 6) Caleg. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan adalah studi pustaka dan analisis data. Dari hasil analisis enam cerita pendek berdasarkan struktur ceritanya, dapat disimpulkan bahwa terdapat tema seperti sosial, politik, hukum, ekonomi, keluarga, keagamaan, dan budaya. Alur yang digunakan dalam enam cerita pendek yang dianalaisis kebanyakan menggunakan alur maju disamping menggunakan alur campuran, tidak ditemukan alur mundur dalam enam cerita pendek. Tokoh yang dianalisis adalah tokoh utama dan tokoh tambahan, tokoh protagonis dan tokoh antagonis, tokoh sederhana dan tokoh bulat, tokoh statis dan tokoh berkembang, juga tokoh tipikal dan tokoh netral. Dalam penokohan tiap tokohnya, ada yang tokohnya merupakan tokoh pro féminis, dan ada yang kontra féminis. Latar dalam 6 cerita pendek yang telah dianalisis yakni: 1) latar tempat, 2) latar waktu, 3) latar sosial. Dari hasil kesimpulan analisis féminisme tiap cerita pendeknya, ditemukan tiga citra wanita sebagai janda, dua wanita sebagai pekerja seks komersial, adanya sebuah usaha untuk mengubah citra sebagai ibu tiri, adanya forum para ibu untuk menyalurkan aspirasi tentang KB melalui cerita kehidupan Bi Emin, dan adanya dukungan 30% wanita di sebuah partai untuk menjadi caleg di DPR.

Kata Kunci: kritik sastra feminisme ideologis, struktur cerita.

1) Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.


(12)

DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... ii

ABSTRAK ... v

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... x

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1Watesan Masalah ... 3

1.2.2Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1Tujuan Umum ... 4

1.3.2Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II CARPON JEUNG FÉMINISME 2.1 Carpon ... 7

2.1.1Sajarah Kamekaran Carpon... 7

2.1.2Wangenan Carpon ... 9

2.1.3Ciri-Ciri Carpon ... 9

2.1.4Unsur-Unsur Carpon ... 10


(13)

2.1.4.2Fakta Carita ... 11

2.1.4.3Sarana Carita ... 18

2.2 Féminisme ... 18

2.2.1Sajarah Kritik Sastra Féminisme ... 18

2.2.2Wangenan Kritik Sastra Féminisme... 19

2.2.3Ragam Féminisme ... 21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 24

3.2 Métode Panalungtikan ... 25

3.3 Wangenan Operasional ... 25

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 26

3.5 Téhnik Panalungtikan... 27

3.5.1Téhnik Talaah Pustaka ... 27

3.5.2Téhnik Analisis Data ... 27

3.6 Data Jeung Sumber Data ... 27

3.7 Populasi Jeung Sampel ... 27

3.7.1Populasi ... 27

3.7.2Sampel ... 28

3.8 Léngkah Garapan ... 28

BAB IV KALUNGGUHAN TOKOH WANOJA DINA KUMPULAN CARPON HATÉ AWÉWÉ KARANGAN RISNAWATI: TILIKAN FÉMINISME 4.1 Déskripsi Kumpulan Carpon ... 30

4.2 Biografi Singget Pangarang ... 32

4.3 Analisis Struktur Carita Kumpulan Carpon Haté Awéwé Karangan Risnawati: Tilikan Féminisme ... 33

4.3.1Santi ... 33

4.3.1.1Ringkesan Carita ... 33


(14)

4.3.1.3Fakta Carita ... 34

4.3.2Puasa, Bulan Puasa ... 40

4.3.2.1Ringkesan Carita ... 40

4.3.2.2Téma Carita ... 42

4.3.2.3Fakta Carita ... 43

4.3.3Indung Téré ... 50

4.3.3.1Ringkesan Carita ... 50

4.3.3.2Téma Carita ... 53

4.3.3.3Fakta Carita ... 53

4.3.4Kidung na Haté Indung ... 59

4.3.4.1Ringkesan Carita ... 59

4.3.4.2Téma Carita ... 61

4.3.4.3Fakta Carita ... 62

4.3.5Samagaha ... 68

4.3.5.1Ringkesan Carita ... 68

4.3.5.2Téma Carita ... 71

4.3.5.3Fakta Carita ... 72

4.3.6Caleg ... 78

4.3.6.1Ringkesan Carita ... 78

4.3.6.2Téma Carita ... 83

4.3.6.3Fakta Carita ... 83

4.4 Analisis Kumpulan Carpon Haté Awéwé Karangan Risnawati: Tilikan Féminisme ... 94

4.4.1Santi ... 94

4.4.2Puasa, Bulan Puasa ... 97

4.4.3Indung Téré ... 99

4.4.4Kidung na Haté Indung ... 101

4.4.5Samagaha ... 104

4.4.6Caleg ... 106


(15)

BAB VKACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan ... 113

5.2 Saran ... 116

DAPTAR PUSTAKA ... 118


(16)

DAPTAR SINGGETAN

Carpon: Carita pondok

KSF: Kritik Sastra Féminisme

FPBS: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni KKN: Kuliah Kerja Nyata

PPL: Program Pengalaman Lapangan

SD: Sekolah Dasar

SMP: Sekolah Menengah Pertama SMA: Sekolah Menengah Atas

UPI: Universitas Pendidikan Indonesia Caleg: Calon Legislatif

DPR: Dewan Perwakilan Rakyat

MPR: Majelis Permusyawarahan Rakyat KB: Keluarga Berencana


(17)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Isu seks jeung gender mangrupa isu nu masih kénéh haneut tur aktual nepika danget ayeuna. Seks nyaéta tangtungan biologis anu aya dina diri awéwé jeung lalaki, atawa disebut rarangan téa. Istilah gender leuwih kana pasipatanana nu nyangkaruk dina diri awéwé jeung lalaki anu diwangun sacara sosial atawa kultural, misalna sifat lalaki téh kuat, maskulin, sedengkeun awéwé mah lungguh, feminin (Fakih, 1999:7). Nu matak, ti leuleutik, boh lalaki boh awéwé geus diajarkeun sarta dididik ngeunaan jenderna.

Sabenerna, ideologi gender nu nganggap lalaki leuwih dominan tibatan awéwé téh mangrupa warisan sarta pasualan anu nyangkaruk salila mangabad-abad. Ideologi jender patali pisan jeung pangaruh sistem sosial, budaya, politik, ogé aya nu matalikeun jeung agama.

Pamadegan masarakat ngeunaan kalungguhan awéwé tangtuna rupa-rupa, salah sahiji contona aya anu nétélakeun yén awéwé mah teu butuh atikan nu luhur, cukup di dapur, di sumur, jeung di kasur upamana cunduk waktu rumah tangga. Awéwé mibanda hak pangabutuh atikan anu luhur, sarua jeung lalaki. Awéwé salaku indung saestuna kapapancenan ngadidik, ngatik, tur ngaping anak generasi turunanana. Awéwé mibanda hak meunangkeun atikan. Mangpaatna keur nataharkeun pikeun ngadidik anakna di mangsa ka hareup. Dina agama Islam téh jelas-jelas miboga prinsip yén teu ngabedakeun manusa dumasar kana jenis kelaminna, tapi amal ibadahna. Hal-hal saperti kitu téh sacara nyamuni ilaharna kagambar dina karya sastra wangun carpon.

Salah sahiji buku kumpulan carpon anu eusina aya patalina jeung hak katut martabat kaom wanoja nyaéta Haté Awéwé karya Risnawati. Ieu buku


(18)

kumpulan carpon téh medal taun 2012. Dijerona aya 20 carpon, dipilih 6 judul carpon nu bisa ditalungtik ngaliwatan pamarekan féminisme.

Ilaharna tema carita wanoja dipatalikeun ngaliwatan tilikan féminisme. Perspektif féminisme tangtuna baé leuwih museurkeun panitén kana hal ihwal wanoja. Ku lantaran kitu, dina panalungtikan ieu, teu sakabéh carpon nu aya bisa ditalungtik ngaliwatan pamarekan féminisme. Carpon-carpon pinilih nu baris ditalungtik téh luyu jeung opat ciri carpon nu bisa ditalungtik ngaliwatan tilikan féminisme, disebutkeun ku Cheri Register dina Egleton (Isnendes, 2010:49), ciri-cirina nya éta jadi forum pikeun wanoja dina ngedalkeun aspirasina, ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya (androginitas), nyadiakeun métode conto ku jalan éksplorasi (patualangan) pangalaman anyar, jeung solidaritas di antara tokoh wanojana (sisterhood).

Panalungtik miboga dasar pikiran luyu kana nu dijéntrékeun ku Rutven dina Isnendes (2010:122),

“Kritik Sastra Féminisme diharapkan mampu membuka pandangan baru, terutama yang berkaitan dengan bagaimana karakter-karakter perempuan diwakili dalam sastra. KSF juga membicarakan bagaimana perempuan dilukiskan dan bagaimana potensi perempuan diketengahkan di tengah kekuasaan patriarki di dalam karya sastra”.

Panalungtikan skripsi/tesis nu aya patalina jeung tokoh wanoja sarta féminisme diantarana:

1. “Karakteristik Tokoh Wanoja dina Kumpulan Carpon Mirah Dalima Karangan Kis WS,” (Tia Agustiani, 2002);

2. “Suara Perempuan dalam Novel Sunda Puputon „Buah Hati‟ Karya Aam Amilia: Kajian Feminis,” (Retty Isnendes, 2004);

3. “Wanoja jeung Inferioritas (Kajian Feminis Kana Novel Carios Agan Permas Karya Joehana),” (Tarlan, 2007);


(19)

4. “Tokoh dina Novel Pipisahan Karya RAF (Kajian Psikologi Humanistik),” (Gugun Dedi Guntara, 2008).

Tina sababaraha panalungtikan-panalungtikan di luhur, tilikan féminisme kana kalungguhan tokoh wanoja nu baris ditalungtik katitén masih kénéh aya lolongkrang pikeun dipedar dina panalungtikan skripsi. Sanajan ieu judul panalungtikan aya nu saperti disebutkeun di luhur, anu baris ditalungtik tangtuna aya bedana, nyaéta beda karya sastra nu di analisisna, dina panalungtikan ieu karya sastrana nyaéta kumpulan carpon Haté Awéwé, jeung ambahan analisisna, nyaéta tilikan féminisme nu museurkeun kana kalungguhan tokoh wanoja dina carpon nu baris ditalungtik.

Sawangan panalungtik sakaligus pamaca carpon dina panalungtikan ieu dipiharep bisa méré kontribusi kana karya-karya sastra nu miboga ajén féminis anu satuluyna ditalungtik ngaliwatan Kritik Sastra Féminisme, sarta dipiharep bisa méré pamahaman ka pamaca séjénna katut para mahasiswa nu baris nalungtik ngeunaan Kritik Sastra Féminisme.

Ku sabab kitu, perlu ngayakeun panalungtikan anu judulna “Kalungguhan Tokoh Wanoja dina Kumpulan Carpon Haté Awéwé karangan Risnawati: Tilikan Féminis” mangrupa tarékah pikeun ngajembarkeun kumaha kalungguhan wanoja nu kagambarkeun dina carpon-carpon nu baris ditalungtik. Salian ti éta, ogé hasil panalungtikanana bisa dijadikeun eunteung pikeun para pamaca carpon, utamana ka para wanoja bisa ditiron amanah tina kalunguhanana.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Aya rupa-rupa pamarekan sastra, diantarana pamarekan mimetik, ekspresif, pragmatik, objektif, struktural, semiotik, sosiologi sastra, resepsi sastra, psikologi sastra, moral, jeung féminisme. Numutkeun Djajanegara (2000:28),


(20)

féminisme miboga ragamna, di antarana ragam kritik sastra féminisme idéologis, ginokritik, sosialis (Marxis), psikoanalitik, lesbian, jeung étnik.

Anapon dina kasang tukang masalah jeung pamarekan sastra nu disebutkeun, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan ku masalah struktur carita dina buku kumpulan carpon nu ditilik tina jihat kritik sastra féminisme idéologis.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sangkan masalah leuwih nyoko, diurutkeun dina wangun patalékan saperti ieu di handap

1) Kumaha struktur carita dina kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati?

2) Kumaha kalungguhan tokoh wanoja dina kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati ditilik tina jihat pamarekan kritik sastra féminisme idéologis?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta ngadéskripsikeun carpon- carpon nu aya dina buku kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati anu satuluyna ditilik ngaliwatan pamarekan féminisme idéologis.


(21)

1.3.2 Tujuan Khusus

Tujuan khusus panalungtikan ieu nyaéta pikeun ngadéskripsikeun hal ieu dihandap.

1) Struktur carita (téma, galur, tokoh jeung panokohan, latar, amanat) dina kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati.

2) Kalungguhan tokoh wanoja dina kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati ditilik tina jihat pamarekan kritik sastra féminisme idéologis.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

Sacara teoritis mangpaat tina ieu panalungtikan téh nyaéta dipiharep bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan larapna karya sastra carpon kana Kritik Sastra Féminisme (KSF) nu nyampak dina carpon Haté Awéwé, lian ti éta sangkan bisa nambahan pangalaman sarta pamahaman ka para mahasiswa atawa jalma nu mikaresep karya sastra nu ditilik ngaliwatan kritik sastra umumna, KSF idéologis hususna.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sababaraha mangpaat praktis nu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan nyaéta:

1) Sacara akademis, panalungtik sorangan nambahan pangaweruh ngeunaan kumaha tata cara ngalarapkeun kritik sastra féminis;

2) Pikeun siswa, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngawanohkeun kumaha cara mikanyaho unsur intrinsik dina kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati;


(22)

3) Pikeun pamaca karya sastra, sangkan bisa nambahan pangalaman sarta pangaweruh larapna carpon kana Kritik Sastra Féminisme;

4) Pikeun mahasiswa, sangkan nambahan élmu dina nyieun kritik sastra, tur ngahudangkeun kahayang neuleuman kritik sastra umumna, KSF hususna.

1.5Raraga Tulisan

Hal nu dibahas dina Bab I mangrupa bagian munggaran atawa pamuka dina ieu skripsi, eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Dina Bab II dibahas ngeunaan kajian tiori nu dina panalungtikan ieu medar sajarah jeung kamekaran carpon, wangenan carpon, ciri-ciri carpon, unsur-unsur carpon, sajarah kritik sastra feminisme, wangenan kritik sastra féminisme, jeung ragam féminisme.

Bab III eusina téh nyaéta rupaning métode dina panalungtikan ieu skripsi. Komponen sub babna saperti desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, sumber data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. Bab IV mangrupa hasil panalungtikan skripsi nu dipedar tur dianalisis sagala hasil pamanggihan ngeunaan tilikan kalungguhan tokoh wanoja tina kumpulan carpon Haté Awéwé dumasar kana perspektif féminisme. Bab V mangrupa bab pamungkas medar kacindekan jeung saran tina sakabeh hasil panalungtikan nu dipedar dumasar kana hasil pamanggih ngeunaan tilikan kalungguhan tokoh wanoja tina kumpulan carpon Haté Awéwé nu ditalungtik ngaliwatan perspektif féminisme idéologis.


(23)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nyaéta rarancang dina ngayakeun panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh mangrupa acuan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan. Eusina ngeunaan léngkah-léngkah dina ngayakeun panalungtikan. Desain panalungtikan bisa ditingali dina bagan di handap

Téhnik Ngumpulkeun Data

Talaah Pustaka Analisis Data

Sumber Data

Kumpulan Carpon

Haté Awéwé

karangan Risnawati

Instrumen Panalungtikan

Kartu Data

Téhnik Ngolah Data

1) Deskriptif 2) Analisis 3) Evaluasi

Kumpulan Carpon Haté Awéwé karangan Risnawati: Tilikan

Féminisme


(24)

3.1 Bagan Desain Panalungtikan 3.2Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa hiji cara atawa prosedur anu digunakeun pikeun ngalaksanakeun panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif analisis. Ratna dina Irawan (2009:39) nétélakeun yén métode deskriptif analisis téh dilakukeun ku cara ngadeskripsikeun fakta-fakta, nu satuluyna disusul ku analisis.

Luyu jeung pamadegan Ratna ngeunaan métode deskriptif analisis tadi, panalungtikan ieu ngadeskripsikeun heula ngeunaan deskripsi, ringkesan, jeung gambaran sawatara tokoh wanoja anu aya dina kumpulan carpon Hate Awéwé karangan Risnawati. Tuluy dianalisis sakur data anu aya pakuat-pakaitna jeung féminisme.

Data nu dikumpulkeun dina panalungtikan ieu lain mangrupa angka-angka (kuantitatif), tapi mangrupa kutipan-kutipan kalimah (kualitatif). Indikasi nu spesifik ngeunaan panalungtikan kualitatif nya éta pamarekan anu ngumpulkeun data, nganalisis, jeung méré laporan tulisan (Creswell, 1994:146). Panalungtikan ieu ngadeskripsikeun para tokoh wanoja dina kumpulan carpon Hate Awéwé karangan Risnawati kana masalah nu geus diwatesanan di bab samemehna nu satuluyna dianalisis dumasar kana teori kritik sastra feminisme.

3.3Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir kana istilah nu dipaké dina judul ieu panalungtikan, ditétélakeun sababaraha wangenanana, nya éta:

1. Tokoh wanoja nya éta palaku wanoja nu jadi pemeran dina caritaan hiji karangan karya sastra.

2. Kumpulan carpon nya éta prosa anyar nu mangrupa kumpulan karangan carita pondok.


(25)

3. Féminisme nya éta idéologi ngeunaan kabébasan para wanoja dina nangtukeun pilihan atawa jalan hirupna anu miboga dadasar ku ayana fakta yén wanoja ngarandapan kateuadilan nu disababkeun ku jinis kelamin dina sagala widang kahirupan. Sedengkeun kritik sastra féminisme nya éta sawangan ngeunaan hiji karya sastra anu dtalungtik ngaliwatan pamadegan ideologi féminisme.

3.4Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas nu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikanana leuwih gampil nalika diolah (Arikunto, 2002:136). Instrumén anu dipaké dina panalungtikan ieu nyaéta kartu data. Analisis nu maké kartu data nyaéta tilikan féminismena.

Tabél 3.1 Kartu Data Analisis Féminisme

Data Analisis Féminisme Nomer Carpon:

Kaca Paragraf Baris Kontéks Kalimah Analisis Féminisme

Katerangan Kode Carpon 1: Santi

2: Puasa, Bulan Puasa

3: Indung Téré

4: Kidung na Haté Indung

5: Samagaha


(26)

3.5Téhnik Panalungtikan 3.5.1 Téhnik Talaah Pustaka

Téhnik talaah pustaka anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan tujuanana nyaéta sangkan manggihan sakur tiori tur informasi anu baris dilarapkeun dina nganalisis panalungtikanana. Pikeun ngahontal tujuanana, talaah pustaka tangtuna mangrupa tarékah anu penting kana larapna analisis dina panalungtikan ieu.

3.5.2 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data dipaké sangkan maluruh data anu mangrupa téks dina buku kumpulan carpon Haté Awéwé. Téks carpon pinilih tina kumpulan carpon Haté Awéwé baris dianalisis dumasar kana tilikan kritik sastra féminisme.

3.6Data Jeung Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan ieu nyaéta buku kumpulan carpon Haté

Awéwé karangan Risnawati, wedalan PT Kiblat Buku Utama taun 2011. Jumlah

kacana aya 209 kaca.

3.7Populasi Jeung Sampel 3.7.1 Populasi

Populasi nyaéta wilayah generalisasi mangrupa subyék/obyék nu miboga kualitas jeung karakteristik anu tangtu nu ditangtukeun ku panalungtik sangkan pikeun dipaluruh jeung dijieun kacindekanana (Sugiyono, 2008:117 dina Friansyah, 2011). Populasi dina panalungtikan ieu nyaéta buku kumpulan carpon Haté Awéwé karangan Risnawati anu jumlahna aya 20 carpon.


(27)

3.7.2 Sampel

Tina 20 carpon, dipilih 6 carpon anu minuhan kriteria salaku carpon nu baris ditalungtik ngaliwatan tilikan kritik sastra féminisme. Kriteria carpon-carpon pinilih nu baris ditalungtik téh luyu jeung opat ciri carpon nu bisa ditalungtik ngaliwatan tilikan féminisme, disebutkeun ku Cheri Register dina Egleton (Isnendes, 2010:48), ciri-cirina nya éta jadi forum pikeun wanoja dina ngedalkeun aspirasina, ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya (androginitas), nyadiakeun métode conto ku jalan éksplorasi (patualangan) pangalaman anyar, jeung solidaritas di antara tokoh wanojana (sisterhood). Carpon nu jadi sampel nyaéta: “Santi”; “Puasa, Bulan Puasa”; “Indung Téré”; “Kidung na Haté Indung”; “Samagaha”; jeung “Caleg”.

Ku kituna, téknik sampel dina ieu panalungtikan nyaéta téknik sampel purposif. Numutkeun Moleong (2007:224, dina Indaswari, 2012) Teknik sampel purposif nyaéta téknik sampel dumasar kana tujuan sarta tinimbangan anu tangtu. Tujuanna nyaéta nalungtik dumasar kana jihat pamarekan kritik sastra féminisme.

3.8Léngkah Garapan

Léngkah garapan lumangsungna ieu panalungtikan nyaéta:

1. Tatahar

Saméméh ngumpulkeun data, aya sababaraha nu kudu ditataharkeun, diantarana nyaéta:

a. Nataharkeun sumber data panalungtikan;

b. Nangtukeun masalah, judul, jeung nyieun rangkay panalungtikan; c. Konsultasi ka dosen pembimbing.


(28)

2. Ngumpulkeun Data

Lengkah-lengkah dina ngumpulkeun data nyaéta: a. Nyieun kartu data;

b. Maca carpon Haté Awéwé sacara tuluy tumuluy, tuluy sawaréh paguneman nu luyu jeung panalungtikan di inventariskeun kana kartu data;

c. Nganalisis hasil kartu data; d. Konsultasi ka dosén pembimbing.

3. Ngolah Data

Léngkah dina ngolah data dilaksanakeun maké léngkah-léngkah ieu dihandap:

a. Ngadeskripsikeun hasil inventaris kartu data;

b. Nganalisis deskripsi inventaris kartu data ngaliwatan tilikan féminisme; c. Nyindekkeun sakur data nu dianalisis.

4. Hasil Ahir


(29)

113 Damalia Suci Asihna, 2013

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kumpulan carpon Haté Awéwé mangrupa kumpulan carpon anu ditalungtik ngaliwatan kritik idéologis féminisme. Tina sababaraha kumpulan carpon, baris dijéntrékeun dumasar kana hasil analisis nu geus ditilik, saperti struktur carita anu ngawengku téma carita, fakta carita (alur, latar, tokoh jeung panokohan), jeung anu utamana mah nya éta tilikan féminismena.

5.1.1 Téma

Tina genep carpon, téma anu nyampak nya éta masalah sabudeureun imah (konvensional-doméstik) jeung leuwih jembar di luareun imah (inkonvensional-mutahir), di antarana patali jeung aspek agama, sosial, ekonomi, pulitik, hukum, budaya, jeung masalah kulawarga.

5.1.2 Fakta Carita 1. Galur

Galur dina kumpulan carpon Haté Awéwé aya anu mérélé jeung mobok téngah, teu kapanggih alur pandeuri tiheula dina carpon anu ditalungtik. Galur anu

mérélé nyaéta carpon “Santi”, “Puasa, Bulan Puasa”, “Indung Téré”, Kidung na

Haté Indung”, jeung “Caleg”. Sedengkeun “Samagaha” mah alurna mobok


(30)

Damalia Suci Asihna, 2013 2. Latar

Latar nu kapanggih dina unggal carpon nu aya dina kumpulan carpon Haté Awéwé nya éta latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial. Latar tempat nuduhkeun tempat kajadian hiji perkara, latar waktu nuduhkeun iraha lumangsungna kajadian, jeung latar sosial nuduhkeun kalungguhanana di masarakat.

3. Tokoh Jeung Panokohan 1) Tokoh

Tokoh anu aya dina unggal carpon nyaéta tokoh utama, tokoh tambahan, tokoh protagonis, tokoh antagonis, tokoh basajan, tokoh buleud, tokoh statis, tokoh mekar, tokoh tipikal, jeung tokoh nétral. Tokoh tipikal jeung tokoh nétral mah jarang kapanggih dina carpon nu ditalungtik.

2) Panokohan

Unggal tokoh dina unggal carpon miboga panokohan anu ngagambarkeun karakterna séwang-séwangan anu muncul dina paguneman jeung monolog carita. Dina unggal paguneman atawa monolog, katitén ayana paripolah anu nunjukkeun karakteristik pasipatan anu nyampak dina diri tokoh-tokoh. Ku sabab dipatalikeun jeung féminisme, aya tokoh anu ngarojong kana unsur féminisme tokoh atawa disebut pro féminis, aya ogé anu teu ngarojong kana unsur féminisme nu dipiboga ku tokohna nyaéta tokoh nu kontra kana féminis.

Tokoh anu pro féminis dina carpon Santi nyaéta Bu Marni, sésana kontra kana peran Bu Marni anu miboga niley féminis. Pro féminis dina carpon Puasa,


(31)

Damalia Suci Asihna, 2013

sabab pagawéan Marliah nu jadi PSK, kaasup Enung. Dina carpon Indung Téré anu pro kana féminisme nyaéta Tati nu miboga tarékah ngarobah citra indung téré, sésana kontra sabab nganggap yén indung téré téh galak.

Dina carpon Kidung na Haté Indung, tokoh anu karakterna kagambarkeun salaku pro féminis nyaéta sakabéh tokoh wanoja dina carpon ieu. Karakter anu kontra féminis nyaéta Mang Didin salakina Bi Emin anu dinilai teu tanggung jawab.

Tokoh dina carpon Samagaha anu pro féminis nya éta Romlah, Um Maman, jeung bapana Ita. Sésana ti pro féminis nyaéta tokoh anu kontra kana pagawéan Romlah salaku kontra féminis. Dina carpon Caleg, sakabéh tokoh pro kana féminisme, sabab ngarojong kana kuota 30% caleg awéwé.

5.1.3 Kalungguhan Tokoh Wanoja: Tilikan Féminisme

Tilikan féminisme anu nyampak mibanda citra jeung stereotipe wanoja anu béda-béda, gumantung kana carpon anu aya. Tina genep carpon, kapanggih ayana peran wanoja salaku randa dina Carpon Santi, Puasa, Bulan Puasa, jeung

Samagaha, nu unggal tokoh dina carpon nembongkeun sikep salaku randa jeung

kaputusan tina masalah agama, sosial, ekonomi nu nyampak dina kahirupanana nu ngabalukarkeun katugenah ka anggota kulawargana, pangpangna mah anak-anakna. Peran wanoja nu jadi PSK aya dina carpon Puasa, Bulan Puasa, jeung Samagaha anu ngabalukarkeun sikep apilain ti masarakat sakurilingna.

Dina carpon Indung Téré, kapanggih tarékah wanoja sangkan bisa ngarobah citra indung téré. Carpon Kidung na Haté Indung némbongkeun forum obrolan ibu-ibu ngeunaan KB ngaliwatan kahirupan Bi Emin. Sedengkeun carpon Caleg, katilik ayana rojongan tina sakabeh pihak partéy ngeunaan kuota 30%


(32)

Damalia Suci Asihna, 2013

caleg.

5.2 Saran

Saran dina panalungtikan ieu disusun pikeun pihak-pihak anu aya patalina jeung hasil panalungtikan, diantarana nyaéta pikeun para pamaca, pangarang, jeung panalungtik satuluyna.

5.2.1 Pamaca

Pikeun para pamaca dipiharep bisa leuwih apal kana karya sastra anu dilarapkeun kana kritik sastra, contona dina panalungtikan ieu anu matalikeun karya sastra jeung kritik sasta féminisme.

5.2.2 Pangarang

Pikeun pangarangna dipiharep bisa numuwuhkeun sumanget dina nyieun karyana, hususna anu aya patalina jeung kalungguhan wanoja sangkan bisa nepikeun pamaksudanana ka para pamaca ngeunaan wanoja ngaliwatan karya sastrana supaya bisa dijadikeun eunteung dina kahirupan.

5.2.3 Lembaga Paélmuan Sastra

Pikeun lembaga paélmuan sastra sangkan bisa ngahudangkeun deui kahayang pikeun nalungtik karya sastra ngaliwatan kajian sastra jeung kritik sastra, hususna dina panalungtikan ieu anu nalungtik ngaliwatan pamarekan kritik sastra féminisme.


(33)

Damalia Suci Asihna, 2013 5.2.4 Panalungtik

Pikeun panalungtik anu satuluyna dipiharep ieu panalungtikan bisa dijadikeun tatapakan pikeun nalungtik karya sastra nu leuwih jembar deui, hususna pikeun ulikan kritik sastra féminisme.


(34)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. 2002. Prosedur Suatu Penelitian: Pendekatan Praktek. Edisi Revisi Kelima. Jakarta: Penerbit Rineka Cipta.

Ahira, Anne. 2011. Short Story. [Online].Tersedia:

http://www.anneahira.com/short-story.htm [20 Agustus 2013]

Cresswell, John. 1994. Research Design: Qualitative & Quantitative Approaches. Sage Publications.

Djajanegara, Soenarjati. 2000. Kritik Sastra Feminis: Sebuah Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Fakih, Mansour. 1999. Analisis Gender dan Transformasi Sosial. Yogyakarta: INSISTPress.

Friansyah, Yudi. 2011. Proposal Pendidikan Biologi. [Online].Tersedia:

http://biologiberbagi.blogspot.com/2011/08/proposal-pendidikan-biologi.html [20 Agustus 2013]

Guntara, Gugun D. 2008. Tokoh dina Novel Pipisahan Karya RAF (Kajian Psikologi Humanistik). Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun. Indaswari, Marini. 2012. Teknik Sampling. [Online].Tersedia:

http://id.scribd.com/doc/107393960/Teknik-Sampling-Yang-Dipakai-Yaitu-Teknik-Purposive-Sampling [20 Agustus 2013]

Irawan, Yuda. 2009. Ajén-Ajén Féminis dina Novel Suminar Karangan Anna Mustikawati. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra Hand Out Teori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

---. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori dan Kritik. Bandung: Daluang.

---. 2012. Panyawangan Sastra Hand Out Kritik Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Koswara, Dedi. 2007. Handout Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.


(35)

Mudaim, Suci. 2013. Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturohman: Tilikan Psikologi Sastra. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun Nurgiyantoro, Burhan. 2007. Teori Pengkajian Sastra. Yogyakarta: Gadjah Mada

University Press.

---. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Ratna, Nyoman Kutha. 2004. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra; dari strukturalisme hingga postrukturalisme perspektif wacana naratif. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Risdiana, Lanlan. 2013. Makalah Novel Sunda. [Online].Tersedia:

http://lanlanrisdiana.blogspot.com/2013/02/makalah-novel-sunda.html [20 Agustus 2013]

Risnawati. 2011 (cit. ka-1). Haté Awéwé. Bandung: Kiblat.

Rokhyanto. 2009. Teori Féminisme. [Online].Tersedia: http://rochyanto.wordpress.com/2009/12/16/feminisme/ [19 Februari 2013]

Ruhaliah. 2002. Handout Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Ryuliana. 2012. Rangkuman Buku Teori Fiksi Karya Robert Stanton. [Online].Tersedia: http://ryuliana111.wordpress.com/tag/rangkuman-buku-teori-fiksi-karya-robert-stanton/ [19 Februari 2013]

Semi, Atar. 1989. Kritik Sastra. Bandung: Angkasa

Setiawan, Iwan. 2004. Karakteristik Wanoja dina Novel Kembang-Kembang Petingan Karangan Holisoh M.É (Tilikan Féminis). Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun

Sugihastuti & Suharto. 2002. Kritik Sastra Féminis: Teori dan Aplikasinya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sumardjo, Jacob. 2004. Kesusastraan Melayu Rendah. Yogyakarta: Galang Press. Sumardjo, Jacob & Saini KM. 1997. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Tarigan, Henry Guntur. 1984. Prinsip-Prinsip dasar Sastra. Bandung: Angkasa.


(36)

Yuanita, Tika. 2009. Kajian Sosiologi Sastra Kana Kumpulan Carpon Oknum Karangan Hadi AKS Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMA. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.


(37)

(1)

Damalia Suci Asihna, 2013 caleg.

5.2 Saran

Saran dina panalungtikan ieu disusun pikeun pihak-pihak anu aya patalina jeung hasil panalungtikan, diantarana nyaéta pikeun para pamaca, pangarang, jeung panalungtik satuluyna.

5.2.1 Pamaca

Pikeun para pamaca dipiharep bisa leuwih apal kana karya sastra anu dilarapkeun kana kritik sastra, contona dina panalungtikan ieu anu matalikeun karya sastra jeung kritik sasta féminisme.

5.2.2 Pangarang

Pikeun pangarangna dipiharep bisa numuwuhkeun sumanget dina nyieun karyana, hususna anu aya patalina jeung kalungguhan wanoja sangkan bisa nepikeun pamaksudanana ka para pamaca ngeunaan wanoja ngaliwatan karya sastrana supaya bisa dijadikeun eunteung dina kahirupan.

5.2.3 Lembaga Paélmuan Sastra

Pikeun lembaga paélmuan sastra sangkan bisa ngahudangkeun deui kahayang pikeun nalungtik karya sastra ngaliwatan kajian sastra jeung kritik sastra, hususna dina panalungtikan ieu anu nalungtik ngaliwatan pamarekan kritik sastra féminisme.


(2)

5.2.4 Panalungtik

Pikeun panalungtik anu satuluyna dipiharep ieu panalungtikan bisa dijadikeun tatapakan pikeun nalungtik karya sastra nu leuwih jembar deui, hususna pikeun ulikan kritik sastra féminisme.


(3)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. 2002. Prosedur Suatu Penelitian: Pendekatan Praktek. Edisi Revisi

Kelima. Jakarta: Penerbit Rineka Cipta.

Ahira, Anne. 2011. Short Story. [Online].Tersedia: http://www.anneahira.com/short-story.htm [20 Agustus 2013]

Cresswell, John. 1994. Research Design: Qualitative & Quantitative Approaches.

Sage Publications.

Djajanegara, Soenarjati. 2000. Kritik Sastra Feminis: Sebuah Pengantar. Jakarta:

PT Gramedia Pustaka Utama.

Fakih, Mansour. 1999. Analisis Gender dan Transformasi Sosial. Yogyakarta:

INSISTPress.

Friansyah, Yudi. 2011. Proposal Pendidikan Biologi. [Online].Tersedia:

http://biologiberbagi.blogspot.com/2011/08/proposal-pendidikan-biologi.html [20 Agustus 2013]

Guntara, Gugun D. 2008. Tokoh dina Novel Pipisahan Karya RAF (Kajian Psikologi Humanistik). Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun. Indaswari, Marini. 2012. Teknik Sampling. [Online].Tersedia:

http://id.scribd.com/doc/107393960/Teknik-Sampling-Yang-Dipakai-Yaitu-Teknik-Purposive-Sampling [20 Agustus 2013]

Irawan, Yuda. 2009. Ajén-Ajén Féminis dina Novel Suminar Karangan Anna Mustikawati. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra Hand Out Teori Sastra. Bandung:

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

---. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori dan Kritik. Bandung:

Daluang.

---. 2012. Panyawangan Sastra Hand Out Kritik Sastra. Bandung:

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Koswara, Dedi. 2007. Handout Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.


(4)

Mudaim, Suci. 2013. Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturohman:

Tilikan Psikologi Sastra. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun Nurgiyantoro, Burhan. 2007. Teori Pengkajian Sastra. Yogyakarta: Gadjah Mada

University Press.

---. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada

University Press.

Ratna, Nyoman Kutha. 2004. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra; dari strukturalisme hingga postrukturalisme perspektif wacana naratif.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Risdiana, Lanlan. 2013. Makalah Novel Sunda. [Online].Tersedia: http://lanlanrisdiana.blogspot.com/2013/02/makalah-novel-sunda.html [20 Agustus 2013]

Risnawati. 2011 (cit. ka-1). Haté Awéwé. Bandung: Kiblat.

Rokhyanto. 2009. Teori Féminisme. [Online].Tersedia: http://rochyanto.wordpress.com/2009/12/16/feminisme/ [19 Februari 2013]

Ruhaliah. 2002. Handout Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Ryuliana. 2012. Rangkuman Buku Teori Fiksi Karya Robert Stanton. [Online].Tersedia: http://ryuliana111.wordpress.com/tag/rangkuman-buku-teori-fiksi-karya-robert-stanton/ [19 Februari 2013]

Semi, Atar. 1989. Kritik Sastra. Bandung: Angkasa

Setiawan, Iwan. 2004. Karakteristik Wanoja dina Novel Kembang-Kembang Petingan Karangan Holisoh M.É (Tilikan Féminis). Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun

Sugihastuti & Suharto. 2002. Kritik Sastra Féminis: Teori dan Aplikasinya.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sumardjo, Jacob. 2004. Kesusastraan Melayu Rendah. Yogyakarta: Galang Press.

Sumardjo, Jacob & Saini KM. 1997. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.


(5)

Yuanita, Tika. 2009. Kajian Sosiologi Sastra Kana Kumpulan Carpon Oknum

Karangan Hadi AKS Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMA. Skripsi Mahasiswa UPI: henteu dipedalkeun.


(6)