Nyebutan Gunana Parabot Dapur Nataan Ngaran Poé

80 80 80 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III

F. Nyebutan Gunana Parabot Dapur

kastrol panci sééng katél coét jeung mutu talenan jeung péso parud blénder Pék ku hidep sebutan: Naon ari gunana kastrol, panci, sééng, katél, coét jeung mutu, talenan, parud, jeung blénder? Terangkeun sing jéntré. F F F F F F F F F F F F F F F F F F F F F F F F . k t l coét je ng m t 81 81 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III

G. Nataan Ngaran Poé

Dina carpon anu judulna “Lalajo Lumba-lumba” aya kalimah kieu: Kuring mah lalajo téh poé Senén. Lamun ayeuna poé Senén, kamari téh poé Ahad atawa Minggu mundur sapoé, ari isukan poé Salasa maju sapoé. Kamari maksudna sapoé saméméh ayeuna, ari isukan mah sapoé sanggeus ayeuna. Aya deui sesebutn séjénna, nyaéta pagéto jeung mangkukna. Pagéto nyaéta dua poé sanggeus ayeuna. Ari mangkukna mah dua poé saméméh ayeuna. Jadi lamun ayeuna poé Senén, pagéto téh poé Rebo maju dua poé, ari mangkukna poé Saptu mundur dua poé Pancén Pék ku hidep sebutkeun. 1. Lamun ayeuna poé Jumaah, ari isukan poé naon, jeung ari kamari poé naon? 2. Lamun ayeuna poé Ahad, ari kamari poé naon, jeung ari isukan poé naon? 3. Lamun ayeuna poé Rebo, ari isukan poé naon, jeung ari kamari poé naon? 4. Lamun ayeuna poé Saptu, ari kamari poé naon, jeung ari mangkukna poé naon? 5. Lamun ayeuna poé Salasa, ari kamari poé naon, jeung ari pagéto poé naon? G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G G . 82 82 2 82 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III 6. Lamun ayeuna poé Kemis, ari isukan poé naon, jeung ari pagéto poé naon? 7. Lamun ayeuna poé Ahad, ari pagéto poé naon, jeung ari mangkukna poé naon? 8. Lamun ayeuna poé Rebo, ari mangkukna poé naon, jeung ari pagéto poé naon? HÉMAT ÉNERGI P an gajara n GI 84 84 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 84 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Urang kudu hémat, ulah sok awuntah. Hémat téh lain hartina ukur kana duit wungkul, tapi deuih di antarana hémat kana listrik. Hémat kana duit maksudna duit anu dipiboga ku urang ulah dipaké pikeun hal-hal anu teu perlu, mana komo anu matak bahaya mah. Ari hémat kana listrik maksudna ngagunakeun listrik ukur lamun keur perlu. Ari listrik téh kaasup kana énergi. Dina pangajaran ayeuna, hidep bakal diajar ngeunaan hal- hal nu patali jeung hémat énergi. Geura urang mimitian.

A. Maca Dina Jero Haté