Ngajawab Pananya Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 3 PDF 2014

86 86 6 6 6 6 6 6 6 6 6 86 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 6 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III jadi gancang béak. Mun geus béak téh apan kudu meuli deui. Hartina duit keur meuli pulsa listrik gé jadi hambur. Urang téh apan kudu ngahémat. Jadi ngahémat listrik téh sarua waé jeung ngahémat duit. Anu kudu dihémat téh lain ngan ukur listrik. Cai gé sarua waé ulah dihambur-hambur. Lamun urang ngocorkeun cai tina keran, ulah terus sina ngocor, tepi ka cai téh kapiceun teu puguh. Lamun urang geus anggeus wudu atawa mandi upamana, keran téh kudu gancang ditutup deui, sangkan caina teu terus ngocor kapiceunan.

B. Ngajawab Pananya

Pék ku hidep pilih jawaban anu merenah. 1. Naon sababna di jalan atawa gang nu poék kudu dilampuan? a. sabab lamun poék mah bisi nu ngaliwat cilaka b. sabab ngahurungkeun lampu téh maké énergi c. sabab lampu anu hurung mah kudu di jalan 2. Iraha kuduna urang nyaangkeun lampu di jero imah? a. beurang peuting lampu kudu dihurungkeun b. ti tabuh genep soré tepi ka tabuh genep isuk-isuk c. peuting wungkul, tapi mun rék saré mah teu kudu kabéh sina hurung 3. Pakakas naon waé di antarana anu butuh ku énergi listrik? a. istrikaan, erak sapatu, jeung kompor gas b. kulkas, televisi, jeung kompa cai c. blénder, komputer, jeung erak piring 4. Bakal kumaha lamun énergi listrik terus-terusan dipaké? a. kakuatanana bakal terus nambahan b. bakal jadi alus jeung dipikabutuh c. bakal ngurangan, ahirna béak B B B B B B B B . 87 87 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III 5. Kumaha contona urang ngahémat énergi listrik téh? a. lamun geus teu dilalajoan, televisi gancang pareuman b. ngahurungkeun televisi kudu bareng jeung kipas angin c. ulah neundeun istrikaan dina tumpukan baju 6. Naon sababna urang kudu ngahémat énergi listrik? a. sabab lamun dihambur-hambur bisi terus nyetrum b. sabab énergi listrik téh kudu dibeuli atawa dibayar c. sabab énergi listrik téh ukur aya di PLN 7. Bakal kumaha lamun televisi terus hurung padahal euweuh nu lalajona? a. bakal hambur listrik jeung televisina téréh ruksak b. bakal ngagandéngan jeung ngaganggu ka nu keur saré c. bakal pareum sorangan da euweuh nu lalajona 8. Naon akibatna mun istrikaan terus hurung padahal geus teu dipaké? a. hawa bakal panas tepi ka karasa hareudang b. moal aya akibat nanaon c. bisa nimbulkeun kahuruan 9. Naon sababna ngahémat listrik téh sarua jeung ngahémat duit? a. sabab lamun ngahambur-hambur listrik urang moal boga duit b. sabab lamun ngagambur-hambur listrik tangtu bakal hambur duit c. sabab listrik mah teu apaleun kana duit 10. Kumaha contona mun urang ngahémat cai? a. lamun mandi cukup asal baseuh awak b. lamun urang mandi kudu bari huhujanan c. cai ukur dipaké saperluna ulah dipiceunan 88 88 8 8 8 8 88 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 8 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III

C. Ngajéntrékeun Tatacara Rikrik Gemi