Maca Paguneman Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 3 PDF 2014

60 60 60 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III

D. Maca Paguneman

Pék ku hidep baca paguneman di handap. Nugraha : Nu nuju maén téh mana sareng mana, Uwa? Uwa Angga : Jerman ngalawan Walanda. Tapi da geus ti tatadi maénna gé atuh, Nug. Mani elat atuh lalajo maén bal marengan Uwa téh. Sakeudeung deui gé istirahat. Nugraha : Abdina dipiwarang heula ka apoték ku Mamah. Sabaraha sekorna, Wa? Uwa Angga : Kosong-kosong kénéh. Tapi ari bal mah nyedekna loba ka Walanda. Haradé tuda pamaén Jerman mah. Operan-operan balna leuwih merenah. Komo tah anu jadi sénterpur, mani sagilek-gilek norobos kana pertahanan lawan téh .... Euh, wasit geus niup piriwit panjang. Istirahat heula, Nug. Geus waé tong ka mamana, baturan Uwa di dieu. Nugraha : Naon ari sénterpur téh, Wa? Uwa Angga : Éta tah, pamaén anu posisina di tengah. Nugraha : Oh, kitu? Tapi dina maén bal ayeuna mah tara disebat kitu, da. D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D D . 61 61 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Uwa Angga : Enya. Éta mah sesebutan dina maén bal jaman baréto, Nug. Nugraha : Uwa mah ti kapungkur seneng kana maén bal téh, nya? Uwa Angga : Is atuh puguh waé resep mah. Henteu ngan saukur lalajo wungkul, tapi Uwa mah resep jeung maénna deuih. Baréto mah kieu-kieu gé Uwa téh béntang lapang. Dina umur wewelasan taun téh geus maké bal baliter. Nugraha : Bal baliter? Uwa Angga : Enya. Bal baliter téh bal kulit atuh. Jaman Uwa keur budak mah, bal baliter téh kaasup méwah, da langka anu bogaeun. Manasina ayeuna, budak karék apal nyépak wungkul gé geus maké bal kulit. Jaman baréto mah boro-boro. Nugraha : Da ayeuna gé sanés tina kulit, Wa. Uwa Angga : Enya, lain tina kulit, tapi tina bahan imitasi. Tapi baréto mah tina kulit bal téh, Nug. Bagian luarna maksud Uwa mah anu tina kulit téh. Bagian jerona tina karét. Teu béda ti ban sapéda, anu disebut bal kulit jaman Uwa keur sok maén kénéh mah. Apan dina ban sapéda gé, aya nu disebut ban luar jeung ban jero. Weuh, mahal hargana gé bal kulit mah, Nug. Anu matak disebutna gé méwah mun maén maké bal kulit téh. Nugraha : Ari kapungkur seuseueurna sok nganggo bal naon atuh, Wa? Uwa Angga : Paling gé bal karét. Éta téh geus kaasup kelas lumayan, da ari mimindengna mah ukur maké bal jeruk. Nugraha : Bal tina jeruk, Wa? Uwa Angga : Heueuh. 62 62 2 62 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Nugraha : Ah, piraku, Uwa, aya maén bal nganggo jeruk. Uwa Angga : Ih, enyaan. Enya, nu dijieun bal téh jeruk gedé, atawa nu sok disebut jeruk bali téa. Milihan heula jeruk anu ngora kénéh, terus dibubuy ngarah jadi hipu. Nugraha : Panginten beurat sareng moal ngancul, Wa. Uwa Angga : Nya heueuh. Ngaranna gé jeruk, waktu disépak téh kalah ngagepluk. Jeung barina gé tara disebut maén bal harita mah, tapi sedekan atawa sesedekan. Nugraha : Sok diwasitan, Wa? Uwa Angga : Wah, tara. Pokona mah asal geus aya sababaraha urang, der waé dimimitian. Tampolana mah tara puguh baladna, jeung tara maké gul-gul acan. Nugraha : Har, teu puguh atuh pami kitu mah. Kumaha ari nangtoskeun sekorna? Uwa Angga : Tara maké sekor. Nu penting mah asal bisa nyépak sahabekna. Tampolana lain kana bal nyépakna téh, tapi kana suku batur. Geus lain maén bal deui saenyana mah, da bakal leuwih keuna mun disebut ngadu bincurang. Nugraha : Tapi angger wé capé nya, Uwa? Uwa Angga : Nya heueuh. Lain capé wungkul, tapi bari nyareri awak ari enggeusna téh, urut tibabaradug atawa ditigrig ku batur. Nugraha : Dupi tempatna di lapang maén bal, Wa? Uwa Angga : Ah, lain. Aya di sawah garing, aya di tegal pang- angonan, atawa di buruan mun aya nu lega mah. Pokona mah asal aya tempat rada lega bari datar, prung wé. Nugraha : Dupi sesedekan kalebet kana olahraga kénéh, Wa? Uwa Angga : Nya meureun heueuh. 63 63 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III

E. Ngapalkeun Harti Kecap