Maca Bedas Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 3 PDF 2014

2 2 2 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Hidep sok niténan kaayaan alam? Tong waka jauh-jauh, anu aya di sabudeureun hidep wé. Saenyana loba nu nyababkeun urang kataji. Geura mun urang nempo taman, apan sakitu éndahna. Tangtu waé éta téh ku sabab dipiara. Tah ayeuna urang diajar ngeunaan alam sabudeur. Ieu téh penting pisan, sangkan urang wanoh kana kaayaan anu nyampak, tur teu jauh tina kahirupan urang sapopoé. Mun urang mikawanoh alam, engkéna bakal wanoh ka anu ngadamelna, nyaéta Gusti Alloh.

A. Maca Bedas

Yu urang maca bedas Pék baca, sing bener lentongna, jeung ulah rusuh. Ku saurang baé macana mah, anu séjén kudu ngabandungan. Taman Hareupeun Imah A A A A A A A A A A A A A . Sumber: daftarinfoterbaru.com 3 3 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Hareupeun imah Farida aya taman. Teu lega, tapi mani resik, sabab hadé piara. Saban poé tara elat diberesihan. Éta taman sakurilingna dipager. Malah anu adek ka sisi jalan mah ngahaja dipelakan tangkal puring, dijajarkeun sapanjang pager. Tara diantep tepi ka jangkung, da matak ngahalangan pamandangan. Anu dipiara di éta taman téh lolobana kekembangan. Dipelakna diatur henteu asal ceb. Di juru, aya sedep malem, kembangna barodas. Lantaran ngaranna ogé sedep malem, seungitna téh ari ti peuting wungkul. Kembang eros aya sababaraha rupa. Aya nu kelirna beureum, bodas, kayas, jeung biru. Lamun keur usum kembangan téh matak nambahan hégar. Salian ti eros, kembang malati gé aya deuih. Kembangna laleutik, barodas, tur seungit. Anu dipelakna dina pot mah kembang angkrék. Dijajarkeun dina téras, sawaréh deui digantungkeun. Aya dua rupa, nyaéta angkrék bulan jeung angkrék japati. Farida jeung ibuna rajin ngurus éta taman. Lamun keur usum halodo, tara elat dicéboran, isuk-isuk jeung pasosoré. Farida mah biasana giliran nyéborna téh pasosoré. Cai keur nyéborna diwadahan kana émbrat, sangkan taneuh anu dicébor baseuhna rata. Sajaba ti dicébor, tatangkalan anu aya di dinya sok digemuk, ngarah morontod. Jukutna dipiceunan ku koréd. Sawaktu-waktu sok disemprot, sangkan hama anu ngagangguna paraéh. Hama anu sok ngaruksak téh hileud. Teu kaop diantep, tatangkalan téh gancang pisan rigil. Tatangkalan di taman sok dipangkas, sabab lamun diantep sajadina mah jadi ngurangan kaéndahan. Aya pakakas husus parantina, disebutna gunting pangkas. Sajaba ti nyébor tatangkalan, Farida kabagian sasapu di buruan. Di luareun pager téh aya tangkal flamboyan jeung 4 4 4 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III mahoni pikeun iuh-iuh jalan. Lamun keur muguran bari gedé angin, sok ngabalaan buruan. Kalakay anu marurag ku Farida gancang disapukeun, terus diasupkeun kana lombang, sina buruk. Engkéna bisa dijieun kompos, alus pisan keur ngagemuk pepelakan. Miara tatangkalan téh kaasup ibadah sarta réa gunana pikeun kalurupan balaréa.

B. Ngalisankeun Jawaban