26 26
6 6
6 6
6 6
6 6
6 26
6 6
6 6
6 6
6 6
6 6
6 6
6 6
6 6
6 6
6 6
6
Pamekar Diajar
Basa Sunda
Pikeun Murid SDMI Kelas III
12. Hujan lila pisan tepi ka buruan imah kakeukeum ku _________.
l. sawah 13. Tina solobong pabrik, ________ ngelun
ka awang-awang.
m. cileuncang
14. Sanggeus béak tanjakan, saterusna mah panggih
jeung _______.
n. girimis
15. Ayeuna mah ________ anu sakitu legana téh dipaké perumahan.
o. haseup
G. Nyaritakeun Pangalaman
Dilarapkeun ku IbuBapa Guru Yu urang nyaritakeun pangalaman
Pangalaman Ratna piknik ka Kawah Putih, jeung pangalaman Gilang ka kebon binatang, dituliskeun ku dirina sorangan. Anu
matak dina éta karangan téh Ratna jeung Gilang ngabasakeun dirina abdi.
Pangalaman anu karandapan téh bisa ditulis jadi karangan, bisa deuih dicaritakeun. Tangtu waé teu hésé, komo nuliskeun
pangalaman anu matak nineung mah. Hidep ogé tangtu kungsi boga pangalaman anu ninggalkeun
kesan. Éta pangalaman téh bisa waé kajadianana di sakola, upamana waé waktu meunang hadiah tina kajuaraan. Bisa deuih
éta pangalaman téh kajadianana waktu hidep keur ulin atawa keur nyaba ka hiji tempat.
Pék ayeuna ku hidep caritakeun pangalaman diri sorangan anu kungsi karandapan. Éta mah naha pangalaman nu matak
bungah atawa matak jadi sedih, atawa bisa waé anu pikalucueun. Carana mah gampang, hidep ngan kari nyonto kana pangalaman
anu karandapan ku Ratna atawa ku Gilang sakumaha dina bacaan anu kungsi dibaca atawa dibandungan ku hidep.
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
G G
.
P an
gajara n
USUM-USUMAN
28 28
8 8
8 8
28 8
8 8
8 8
8 8
8 8
8 8
8 8
8 8
8 8
8 8
8 8
Pamekar Diajar
Basa Sunda
Pikeun Murid SDMI Kelas III
Di urang mah ukur aya usum halodo jeung usum hujan. Éta téh disebutna usum-usuman, dina saban taun bagilir. Usum hujan
sok disebut usum ngijih, ari usum halodo sok disebut usm katiga. Usum hujan biasana dina bulan-bulan ahir taun. Ti dinya
disambung ku usum halodo. Ku hidep tangtu kaalaman jeung kurasa, kumaha ari keur usum hujan, jeung kumaha ari keur
usum halodo.
Ayeuna urang diajar ngeunaan usum-usuman. Engké dina ahir pangajaran, hidep bakal diajar ngarang. Resep geura. Hayu
urang mimitian.
A. Maca Bedas
Yu urang maca bedas
Pék ku hidep baca sing bedas. Ulah rurusuhan, sing alus lentongna.
Usum Halodo jeung Usum Hujan
Hawa karasa tiris, komo mun geus peuting mah. Rék asup ka usum halodo pangna kitu gé. Geus aya kana samingguna teu
turun hujan.
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A A
A .
Sumber: afi qrasyid.blogspot.com
29 29
Pamekar Diajar
Basa Sunda
Pikeun Murid SDMI Kelas III
Di urang mah apan ukur aya dua usum, nyaéta usum halodo jeung usum hujan. Dina sataun téh, sakapeung usum halodona
leuwih panjang. Dina taun séjénna, usum hujan anu leuwih panjang.
Dina keur usum halodo, susukan jeung walungan sok orot caina, malah sakapeung mah sok saat. Sarua sumur gé, ari keur
usum halodo mah caina sok ngurangan. Sok rajeun kadéngé aya wewengkon anu kakurangan cai ari keur usum halodo téh,
komo mun leuwih ti genep bulan mah.
Dina keur usum halodo, urang kudu leuwih ati-ati, sabab sok aya kahuruan. Seuneu ngaduruk imah jeung wawangunan
séjénna. Malah sakapeung mah imah anu kaduruk téh sok loba. Éta téh biasana di tempat anu imahna gegek jeung padédémpét.
Urang kudu hémat kana cai. Mana komo mun caina meunang meuli mah. Lamun rék nyébor buruan, teu kudu ku cai
beresih. Ku cai urut nyeuseuhan gé teu nanaon. Nu penting asal di buruan tong réa kebul.
Lamun keur usum halodo, datangna hujan téh diarep-arep pisan. Komo lamun sumur geus saraat mah.
Dina geus datang usum hujan, sarua waé urang kudu leuwih ati-ati. Lamun hujan ngecrek teu eureun-eureun, biasana
di sawatara tempat mah sok aya caah. Susukan jeung walungan caina limpas. Jalan, gang, buruan, imah, jeung wawangunan
lianna kakeueum.
Datangna caah téh mimindengna mah salah urang kénéh. Got mengpet, tepi ka caina mudal. Kitu deui susukan jeung
walungan caina kacandet, tepi ka majuna teu lancar. Pangna mendet atawa kapengpet téh lantaran urang sok miceun runtah
sangeunahna. Anu matak urang dipahing pisan miceun runtah ka susukan atawa ka walungan téh. Pagawéan kitu sarua jeung
ngaruksak alam. Gusti Alloh bakal bendu mun urang ngaruksak alam.
30 30
30
Pamekar Diajar
Basa Sunda
Pikeun Murid SDMI Kelas III
B. Ngajawab Pananya