Ngajawab Pananya Ngadiskusikeun Kadaharan Has Daérah

42 42 2 42 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 2 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Véronika : Di imah Véronika wé. Keun wé rada jauh mah, nya? Yusuf : Kajeun ku sual jauh mah, da teu kudu kana ojég ieuh. Nu penting mah, Rahmi mawa oléh-oléh. Rahmi : Enya. Heug. Zaki : Jadi engké téh tulusna urang ngapalkeun di imah Véronika? Véronika : Enya. Zaki : Urang ngabahas naon waé engké téh? Rahmi : Apan pangajaran basa Sunda aya PR. Yusuf : Terus deuih urang kudu ngapalkeun susuratan tina Al-Quran. Véronika : Éh, enya. Isukan urang téh rék dités apanan. Untung Véronika mah geus apal Surat Al-Humazah jeung Al- Kafirun. Rahmi : Mun Yusuf jigana ukur karék apal Qulhu, nya? Yusuf : Is, henteu atuh. Surat Al-Zalzalah gé da geus apal. Apan di madrosah sok diajar ka Ustad Ahmad Maqbul.

B. Ngajawab Pananya

1. Saha anu nyangka ngapalkeun bareng moal tulus téh? 2. Tadina ngapalkeun bareng téh rék imah saha? 3. Tapi naon sababna maké teu tulus di dinya? 4. Ari Bi Winarsih téh saha, jeung di mana matuhna? 5. Mawa oléh-oléh naon datangna téh? 6. Rék ngabahas naon éta budak nu opatan téh? 7. Ari isukna, maranéhna di sakola rék dités naon? 8. Geus apaleun surat naon waé Véronika téh? 9. Saha nu geus apaleun Surat Al-Zalzalah? 10. Naon sababna urang kudu akur jeung babaturan? 43 43 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III

C. Ngadiskusikeun Kadaharan Has Daérah

Yu urang diskusi Dina bacaan ditétélakeun yén Bi Winarsih téh matuhna di Kuningan. Terus deuih disebutkeun yén oléh-oléh ti Kuningan anu dianggap has téh nyaéta peuyeum ketan jeung kiripik gadung. Peuyeum ketan téh nyaéta peuyeum anu dijieunna tina béas ketan. Ari kiripik gadung nyaéta kiripik anu dijieunna tina beuti gadung, teu béda ti kiripik taleus atawa kiripik sampeu. Gadung téh ngaran tatangkalan anu ngarambat, beutina sok dikiripik. Kadaharan has daérah séjénna di antarana waé: dodol tahu ladu wajit simping borondong taleus galéndo kurupuk udang endog penyu buah ulén kécap tauco hui Pék ayeuna hidep nyieun kelompok pikeun ngadiskusikeun rupa-rupa kadaharan has daérah. Carana mah hidep kari ngajawab pananya di handap. Jawabanana geus disadiakeun, sakumaha anu ditulis di luhur. Hidep ngan kari milih jawaban anu bener. Lamun geus didiskusikeun di kelompok, terus terangkeun di hareupeun batur sakelas. Kelompok 1 1. Naon ari kadaharan has ti Sumedang? 2. Naon ari kadaharan has ti Cililin? 3. Naon ari kadaharan has ti Cirebon? 4. Naon ari kadaharan has ti Purwakarta? 5. Naon ari kadaharan has ti Majaléngka? C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C C . 44 44 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 44 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 4 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas III Kelompok 2 1. Naon ari kadaharan has ti Garut? 2. Naon ari kadaharan has ti Ciamis? 3. Naon ari kadaharan has ti Sukabumi? 4. Naon ari kadaharan has ti Bogor? 5. Naon ari kadaharan has ti Cilembu? Kelompok 3 1. Naon ari kadaharan has ti Cianjur? 2. Naon ari kadaharan has ti Majalaya? 3. Naon ari kadaharan has ti Indramayu? 4. Naon ari kadaharan has ti Malangbong? 5. Naon ari kadaharan has ti Subang?

D. Ngalisankeun Kecap