Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ari sababna, ngaliwatan basa manusa bisa ngébréhkeun sagala pamaksudan. Basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna sistematis tur ragem konvensional antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi Sudaryat, 2004, kc. 6. Dina kahirupan sapopoé di imah ilaharna maké basa indung, lebah dieu basa Sunda. Kitu deui, di lingkungan masarakat Sunda dipaké basa Sunda. Ngan, aya ogé nu dicampur jeung basa Indonésia. Ku kituna, saméméh asup sakola, barudak téh maké basa Sunda, ari geus asup sakola maraké basa Indonésia minangka basa kadua. Tina katerangan di luhur, barudak Sunda téh sakurang-kurangna maké dua basa, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonésia. Bisa disebutkeun yén barudak Sunda téh dwibasa. Suwito 1983, kc. 39 nétélakeun yén masalah kadwibasaan moal leupas tina kontak budaya, sabab basa téh mangrupa ragam nu digunakeun sacara terus- terusan nu mangaruhan ayana unsur-unsur basa nu hiji kana basa nu séjénna. Dimana kontak sarupa baris ngabalukarkeun fénoména kabasaan. Kontak basa Sunda pohara dalitna. Basa Sunda dipangaruhan ku basa Indonesia alatan ayana kontak budaya. Kontak budaya nu ngawengku kontak basa mangrupa salah sahiji faktor baris lumangsungna campur basa di masarakat. Campur basa téh lumangsung dina wangun basa lisan jeung wangun basa tinulis. Jaba ti dwibasaan, barudak Sunda ogé bisa jadi multibasa atawa multilingual. Ari sababna, bisa waé barudak Sunda téh bisa basa Sunda, basa Indonésia, atawa basa asing saperti basa Inggris. Ku ayana masarakat multilingual pasti baris aya interferensi, integrasi, sarta alih kode jeung campur kode. Éta opat peristiwa tutur téh gejalana sarua, nya éta ayana unsur basa séjén nu digunakeun dina tulisan atawa omongan tapi konsép pasualanana béda. Campur kode mangrupa salah sahiji masalah dina lumangsungna kagiatan nyarita. Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Nurutkeun Chaer 2003, kc. 151, campur kode téh nyaéta: “Pemakaian kode utama atau kode dasar yang digunakan dan memiliki fungsi keotonomiannya. Dimana kode lain yang ikut terlibat hanyalah berupa serpihan tanpa fungsi .” Nurutkeun Pfaff 1979 dina Jendra 2012, kc. 32, campur kode téh nyaéta: “Conversational code-mixing involves the deliberate mixing of two languages without an associated topic or situation change. ” Ayana campur kode téh bisa jadi lantaran ayana kamajuan téhnologi, informasi jeung komunikasi TIK. Ku ayana kamajuan téknologi ngabalukarkeun rupa-rupa kajadian dina widang komunikasi, éta kajadian téh bisa dihaja atawa teu karasa ayana. Kiwari basa Sunda geus loba kapangaruhan ku basa séjén samodél basa Indonesia jeung basa Asing. Wujud kamekaran nu teu karasa nyampakna nyaéta dina wangun basa nu ditempo tina média sosial saperti facebook, twitter, path, tumblr , jrrd. Di antara éta kabéh média sosial téh, twitter nu pangdipigandrungna ku rumaja ayeuna. Loba nu geus wanoh kana ieu média sosial sabab méh kabéh rumaja teu bisa leupas dina nu ngaranna gadget atawa handphone anu miboga aksés internet pikeun ngagampangkeun komunikasi. Dina taun 2014 nurutkeun enciety.co hasil panalungtikan PeerReach, Indonesia kaasup pamaké twitter katilu panglobana saalam dunya. Salian ti éta, Kota Bandung kaasup kota pamaké twitter kagenep pangaktipna saalam dunya taun 2012 forbes.com. Ku kituna, masarakat Indonésia umumna keur migandrung kana twitter, kaasup mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI ogé. Ngagunakeun twitter tangtuna baé loba méré pangaruh ka nu makéna, boh pangaruh hadé boh pangaruh goréng. Lantaran teu sakabéh akun twitter méré informasi anu mangpaat pikeun nu nempona. Anu tadina tujuan utamana pikeun komunikasi, iklan promosi, tapi ayeuna loba pisan dipaké keur daragang atawa muka usaha, jrrd. Tapi, nilik kana eusi nu diébréhkeun ku nu boga akun muncul hiji ragam basa Sunda nu kaindo-indoan ilaharna disebut kamalayon, atawa basa Sunda nu kainggris-inggrisan. Éta hal téh nimbulkeun fénoména campur kode. Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Nababan 1991, kc. 32 dina Aslinda jeung Syafyahya 2007, kc. 87 nétélakeun ciri anu pangmucunghulna dina campur kode nyaéta dina situasi rinéh atawa informal. Akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI saenyana mah émang keur aya dina kaayaan anu teu formal. Ku kituna, éta mahasiswa téh sacara teu sadar nyieun hiji status atawa tweet anu kaasup campur kode. Contona dina tweet salah sahiji akun “rianmantut atuh sateh ini masih suasana lebaran kudu weh ngajak padungdeng téh hahaha ” éta mangrupa campur kode basa Sunda ku basa Indonesia. Hal éta téh nuduhkeun yén akun twitter mawa pangaruh gedé kana kabeungharan kecap basa Sunda. Panalungtikan ngeunaan campur kode téh lain perkara anyar. Ari sababna, saméméhna kungsi aya ogé nu ngulik perkara campur kode, diantarana waé nu nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Siaran Tarucing Salasa Naker Tarsan I- radio 105,1 FM Bandung pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP Nita Novita Permatasari, 2010, Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMPN 1 Lembang Dian Astriani, 2013 jeung nu nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Siaran Béntang Parahyangan Bandung TV Nisa Siti Zakiyah, 2014. Éta tilu panalungtikan téh medar perkara campur kode dina makéna basa Sunda. Panalungtikan nu kahiji medar campur kode dina siaran radio acara tarucing salasa naker, panalungtikan nu kadua medar campur kode dina surat pribadi nu ditulis ku siswa SMPN 1 Lembang, ari nu katilu medar campur kode dina siaran Béntang Baranang di Bandung TV. Ieu panalungtikan téh ogé sarua pada-pada medar campur kode dina basa Sunda. Ngan pédah bédana téh, sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta akun twitter dina internet. Ari pangna dipilih média akun twitter , lantaran ieu média sipatna universal tur kiwari pohara dipikaresepna. Dumasar kana katerangan di luhur, panalungtikan campur kode dina akun twitter can aya nu ngagarap. Ku kituna, panalungtikan anu ngulik campur kode dina akun twitter dilaksanakeun. Ieu panalungtikan baris ngulik makéna basa Sunda katut campur kodena nu kapanggih dina akun twitter, utamana masalah kabasaan anu lumangsung di masarakat ngaliwatan akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI dina média sosial twitter. Panalungtik nilik kana kaayaan yén campur basa tinulis kawilang leutik, tapi lain hartina panalungtikan dipuseurkeun Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu kana salah sahiji wangun tinulis hungkul. Lantaran kabiasaan makéna basa lisan sok kababawa kana wangun tinulis. Kabiasaan éta sok kababawa ku dwibahasawan nalika nulis tweet dina twitter. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré judul “Campur kode dina Akun Twitter Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI ”.

1.2 Rumusan Masalah