Data jeung Sumber Data Analisis Data

Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data

Data mangrupa sagala hasil catetan panalungtik, boh fakta boh angka Arikunto, 2010, kc. 161. Dumasar kana judul panalungtikan, data anu ditalungtik nyaéta campur kode anu aya dina akun twitter, sedengkeun nu jadi sumber datana nyaéta tweet dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI anu aya dina daptar pengikut atawa followers akun diitadiit salaku panalungtik. Data dina ieu panalungtikan aya 821 akun anu aya dina daptar followers per tanggal 5 April 2015. Tina 821 akun twitter, teu sakabéh akun dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Dina média sosial bisa dipiboga ku saha waé. Ku kituna, populasi anu nu dipilih mangrupa akun twitter aktip nu dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Data nu dipilih pikeun sumber data diacak sacara random atawa acak ku cara diundi luyu jeung nu diébréhkeun ku Arikunto 2010, kc. 180 yén sangkan ngagampangkeun sampel random ku cara undian untung-untungan. Dina daptar followers panalungtik kapanggih aya 95 akun twitter nu dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Tina 95 akun twitter, panalungtik nyokot sampel 15 akun twitter 25 tina 60 akun twitter entragan 2011. Akun anu dipilih mangrupa akun aktip ti mimiti Januari 2014 nepi ka ahir Desember 2014. 3.3 Ngumpulkeun Data 3.3.1 Instrumén Panalungtikan Instrumén panalungtikan mangrupa alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih gampang tur meunangkeun hasil anu hade, dina harti anu leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan gampang diolah Arikunto, 2010, kc. 203. Nurutkeun Sudjana 2011, kc. 15 instrumén panalungtikan nyaéta alat pikeun ngadéskripsikeun dina ngumpulkeun data anu dipaké pikeun ngukur variable panalungtikan katut sarat-sarat anu kudu dicumponan. Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data. Dina unggal tweet anu ngandung kecap atawa kalimah anu kaasup kana campur kode disalin kana kartu data, diébréhkeun kode sumber data, tanggal, jeung déskripsi tina data nu kapanggih. Kartu data dina ieu panalungtikan bisa katitén ieu di handap: Gambar 3.1 Conto kartu data Katerangan: Makan bari tunduh = tweet ugitugit = ngaran akun twitter 050814 = tanggal, bulan jeung taun dikirimna

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik dokuméntasi. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis wanda, wujud campur kode, jeung adegan kecap dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Téhnik ngumpulkeun data kalawan léngkah-léngkah ieu di handap. a. Mariksa jeung nitétan data-data anu dina file gambar. b. Mindahkeun data campur kode tina file gambar kana microsoft word. c. Nyirian campur kode nu aya dina file microsoft word. d. Nyatet campur kode nu aya dina file microsoft word kana kartu data. e. Mindahkeun data campur kode nu aya dina kartu data kana tabél data. KARTU DATA Makan bari tunduh ugitugit 050814 Wanda Campur Kode: ka jero Wujud Campur Kode: kecap Wangun Campur Kode: kecap rundayan Warna Campur Kode: kecap pagawéan Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.4 Analisis Data

Téhnik analisis data mangrupa kagiatan ngaanalisis jeung ngolah data. Téhnik ngolah data dina ieu panalungikan nya éta ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung immediate constituent IC analysis, nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu langsung ngawangun unsur saluhureunana Hockett dina Sudaryat, 2004, kc. 32. Éta data diolah kalawan léngkah-léngkah ieu di handap. a. Niténan deui data campur kode nu geus dikumpulkeun. b. Nyieun papasingan data dumasar kana wanda campur kode, wangun campur kode, jeung adegan kecapna. c. Nganalisis campur kode. d. Ngadéskripsikeun campur kode. e. Nyieun tafsiran jeung kacindekan tina hasil ngolah data. Aditia Solehudin, 2014 CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun campur kode dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data, bisa dicindekkeun yén dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI kapanggih ayana campur kode kalawan jumlah 266 kalimah. Wanda campur kode ka jero mangrupa campur kode anu ngasupkeun unsur basa Indonesia kana basa Sunda. Campur kode ka jero ngagambarkeun asupna kecap- kecap basa Indonesia kana basa Sunda. Disawang tina unsur kecapna anu pacampur, campur kode ka jero téh bisa mangrupa campur kode kecap barang , campur kode kecap pagawéan, campur kode kecap sipat, campur kode kecap bilangan, jeung campur kode kecap pancén. Kitu ogé wanda campur kode ka luar disawang tina unsur kecapna anu pacampur, campur kode ka luar téh bisa mangrupa campur kode kecap barang , campur kode kecap pagawéan, campur kode kecap sipat, jeung campur kode kecap pancén. Campur kode nu ngawujud frasa mangrupa campur kode anu ngasupkeun unsur basa Indonesia atawa basa Asing kana basa Sunda. Dina ieu hal, anu lolobana dipaké ku mahasiswa nyaéta dina warna frasa barang. Campur kode nu ngawujud baster mangrupa campur kode anu ngasupkeun unsur basa Indonesia jeung basa Asing kana basa Sunda dina wujud baster. Campur kode nu ngawujud baster lolobana dipaké ku mahasiswa nyaéta dina pola campur kode wujud baster basa Inggris ditambah basa Indonesia. Campur kode nu ngawujud idiom mangrupa campur kode anu ngasupkeun unsur basa Indonesia atawa basa Asing dina wujud idiom. Campur kode nu ngawujud idiom lolobana dipaké ku mahasiswa nyaéta dina pola campur kode wujud idiom kecap barang ditambah kecap barang. Campur kode nu ngawujud klausa mangrupa campur kode anu ngasupkeun unsur basa Indonesia atawa basa Asing dina wujud