Instrumén Panalungtikan Téhnik Ngumpulkeun Data

Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara pikeun ngahontal tujuan dina panalungtikan. Sakumaha nu ditétélakeun ku Arikunto 2010: 192, yén métode dihartikeun minangka cara-cara nu bisa digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Ieu panalungtikan maké métode déskriptif nya éta métode anu dipaké pikeun ngaréngsékeun hiji masalah aktual nalika lumangsungna panalungtikan. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta perkara kalimah pananya dina novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono ditilik tina adegan, ma’na, jeung kontéks pragmatis.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan sarta udaganna, ogé teu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran, di handap baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. a Kalimah pananya nya éta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian, sipatna kudu di jawab ku éta jalma atawa miboga harepan keur dijawab ku batur, ngabogaan lentong dumasar kana eusina, sarta dipungkas ku tanda tanya. b Adegan pragmatis nya éta wawangunan nu ngéntép seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks tutur, sarta ngadumaniskeun adegan basa jeung makéna. c Ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud pananya nu dipatalikeun jeung kontéks situasi tutur nu jadi kasang tukangna. d Kontéks pragmatis nya éta sagala ciri saluareun basa nu ngahasilkeun ma’na omongan dina waktu komunikasi. e Novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian mangrupa salah sahiji novél karangan Tatang Sumarsono.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang tur Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang diolah Arikunto, 2010: 203. Sangkan leuwih gampang nganalisisna, instrumén nu dipaké nya éta kartu data. Dina unggal ungkara nu ngandung kalimah pananya dina novél Kolébat Kuwung- kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono disalin kana éta kartu data, sarta dieusian ku cutatan data kartu diébréhkeun kodé sumber data, kaca, alinéa, jeung jajaran. Sangkan leuwih anteb, contona saperti kieu: Katerangan kartu data: a R = kode kalimah pananya disusun dumasar alfabet b Rék ka mana, Gun? = kalimah pananya nu dicutat c K41631 = kode sumber cutatan  K4 = singgetan judul novél KARTU DATA R Rék ka mana, Gun? K41631 Adegan pragmatis : Kal Pany Kp + C + Tnd Pany Ma’na pragmatis : Pananya nu ngabogaan ma’na pragmatis tempat Kontéks pragmatis : a. Undak-usuk basa Sunda = basa kasarloma b. Nu maké basa : umur = rumaja jenis kelamin = lalaki c. Galur omongan = jawaban tina pananya “rék ngalongok barudak ka Aula PKM” d. Kasang tukang : tempat = ruang Sénat waktu = beurang e. Alat nu digunakeun = omongan kedaling ucap f. Rasa, nada, ragam basa : rasa = ragu-ragu nada = saujratna ragam basa = - g. Amanat omongan : panyatur miboga tujuan nanyakeun tempat Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu  16 = halaman novél  3 = paragraf novél  1 = kalimah novél d Analisis = adegan, ma’na, kontéks

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi. Téhnik dokuméntasi dipaké pikeun nyungsi informasi dina néangan jeung ngumpulkeun data nu mangrupa catetan, transkip, buku, majalah, naskah drama, jrrd. Aya sawatara prak-prakan dina ngumpukeun data, nya éta: a nangtukeun sumber data nya éta novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono; b maca sagemblengna novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono; c nyirian kalimah-kalimah nu rék dianalisis; d nyalin kalimah pananya nu geus dicirian kana kartu data; e nyusun kartu data sacara alfabetis; f nalaah kalimah pananya dumasar adegan, ma’na, sarta kontéks pragmatis; jeung g nyieun papasingan kalimah pananya dumasar adegan, ma’na, sarta kontéks pragmatis.

3.7 Téhnik Ngolah Data