Raraga Tulisan Data jeung Sumber Data

Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun ngeuyeuban kaédah-kaédah katatabasaan patali jeung kapragmatisan kalimah pananya. Ari sababna, dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan adegan, ma’na, jeung kontéks pragmatis kalimah pananya.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat: a pikeun panalungtik séjén, bisa dijadikeun bahan référénsi; b pikeun siswa, bisa ngalatih kaparigelan dina paguneman sapopoé; jeung c pikeun guru, bisa dijadikeun référénsi dina ngaronjatkeun kamampuh siswa dina raraga neuleuman ma’na nu aya dina kalimah pananya basa Sunda.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan dipidangkeun dina lima bab. Bab I bubuka, eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat sacara tioritis jeung mangpaat sacara praktis, sarta raraga tulisan. Bab II ulikan tiori, raraga mikir, jeung anggapan dasar. Eusi bab II medar ngeunaan tiori-tiori kapragmatisan, kalimah, kalimah pananya, jeung novél. Dina subbab ngeunaan kapragmatisan ngawengku kasang tukang historis pragmatik, kalungguhan pragmatik, jeung watesan jeung ciri pragmatik. Dina subbab kalimah ngawengku wangenan kalimah, unsur fungsional kalimah, jeung fungsi kalimah. Dina subbab kalimah pananya ngawengku wangenan kalimah pananya, adegan pragmatis kalimah pananya, ma’na pragmatis kalimah pananya, jeung kontéks pragmatis kalimah pananya. Dina subbab novél ngawengku wangenan novél jeung wanda novél. Bab III métode panalungtikan, eusina medar ngeunaan data jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data. Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bab IV hasil panalungtikan jeung bahasan, eusina medar ngeunaan data kalimah pananya, adegan pragmatis kalimah pananya, ma’na pragmatis kalimah pananya, jeung kontéks pragmatis kalimah pananya. Bab V kacindekan jeung saran, eusina medar ngeunaan kacindekan jeung saran panalungtikan. Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta kalimah pananya nu disusun tina adegan, ma’na, jeung kontéksna. Data kalimah pananya dicokot tina sumber data. Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék di mana data éta dimeunangkeun. Saupama panalungtik ngagunakeun téhnik dokuméntasi, mangka dokumén atawa catetan nu jadi sumber data, sedengkeun ari eusi catetan disebut subjék atawa variabel panalungtikan Arikunto, 2010: 172. Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta novél Kolébat Kuwung- kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono. Novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian mangrupa novél karangan Tatang Sumarsono. Ieu novél médal taun 1995 anu dikaluarkeun ku Geger Sunten nu perenahna di Bandung. Ieu novél kandelna 96 kaca, jeung ukuranna 20,6 cm x 14,5 cm x 0,5 cm. Ieu novél kungsi meunang panglélér ti Sastra Rancagé taun 2001. Ieu novél nyaritakeun ngeunaan kahirupan asmara rumaja di lingkungan kuliahan. Rasa cinta nu dirasa ku Buntari ka Gunadi kacida gedéna nepi ka ngabélaan mantuan sagala pangabutuh Gunadi. Ti mimiti ngalongok Gunadi nalika keur ngaospék, ngaluarkeun Gunadi ti penjara, nyumbang duit keur ngajieun skripsi jeung mantuan pas sidang skripsi. Najan geus katingali kumaha kanyaahna Buntari ka Gunadi, tapi Gunadi teu percaya kitu waé sabab Buntari pernah sakola di laur negeri anu nganggap pergaulanna tangtu bébas. Ngarasa kacintana henteu dibales ku Gunadi, Buntari mutuskeun pikeun tunangan jeung Tommy, kabogohna ti mangsa SMA nu harita sakolana di Amérika. Saminggu saacan kawin, Tommy maot alatan ngiluan balap mobil. Nyaho kajadian kitu, Buntari boga karep rék ngagugurkeun budakna, da geuning Buntari téh mémang geus ngandung budak Tommy. Ku Gunadi dicaram, nepi ka Gunadi réla jadi gaganti Tommy pikeun jadi bapa ti éta budak. Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan