Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan Wangenan Operasional

Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prak-prakan panalungtikan nepi ka patalékan-patalékan nu aya bisa kajawab. Dina ieu panalungtikan aya sawatara léngkah di antarana waé: 1 maca novél, 2 nyirian kalimah pananya, 3 nyalin kalimah pananya, 4 ngolah data kalimah pananya, 5 ngadéskripsikeun data, jeung 6 nyieun kacindekan. Katitén dina bagan ieu di handap. Bagan 3.2 Desain Panalungtikan Maca Novél Nyieun kacindekan Nyalin kalimah pananya Ngolah data kalimah pananya:  adegan pragmatis  ma’na pragmatis  kontéks pragmatis Nyirian kalimah pananya Ngadeskripsikeun data Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara pikeun ngahontal tujuan dina panalungtikan. Sakumaha nu ditétélakeun ku Arikunto 2010: 192, yén métode dihartikeun minangka cara-cara nu bisa digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Ieu panalungtikan maké métode déskriptif nya éta métode anu dipaké pikeun ngaréngsékeun hiji masalah aktual nalika lumangsungna panalungtikan. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta perkara kalimah pananya dina novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono ditilik tina adegan, ma’na, jeung kontéks pragmatis.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan sarta udaganna, ogé teu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran, di handap baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. a Kalimah pananya nya éta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian, sipatna kudu di jawab ku éta jalma atawa miboga harepan keur dijawab ku batur, ngabogaan lentong dumasar kana eusina, sarta dipungkas ku tanda tanya. b Adegan pragmatis nya éta wawangunan nu ngéntép seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks tutur, sarta ngadumaniskeun adegan basa jeung makéna. c Ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud pananya nu dipatalikeun jeung kontéks situasi tutur nu jadi kasang tukangna. d Kontéks pragmatis nya éta sagala ciri saluareun basa nu ngahasilkeun ma’na omongan dina waktu komunikasi. e Novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian mangrupa salah sahiji novél karangan Tatang Sumarsono.

3.5 Instrumén Panalungtikan