Kasang Tukang KALIMAH PANANYA DINA NOVÉL KOLÉBAT KUWUNG-KUWUNGAN KINASIH KATUMBIRIAN KARANGAN TATANG SUMARSONO.

Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Salah sahiji hal anu teu bisa leupas tina kahirupan manusa salaku mahluk individu jeung sosial nya éta basa. Basa mangrupa aspék penting pikeun kabutuhan manusa. Ngaliwatan basa, manusa bisa ngalakukeun hiji komunikasi jeung méré informasi. Basa dipaké pikeun pakakas komunikasi nu kawilang pentingna dina hirup kumbuh sapopoé di masarakat. Éta hal saluyu jeung nu dijéntrékeun ku Sudaryat 2004: 9 yén basa téh dipaké ku manusa pikeun alat komunikasi atawa patali marga di antara anggota masarakatna. Dina makéna basa, urang bisa nepikeun maksud sarta pamadegan ka nu lian. Salian ti éta, manusa bisa nepikeun ide jeung gagasan ngaliwatan basa. Kahirupan manusa moal bisa leupas tina pamakéan basa. Upama euweuh basa, manusa bakal hésé komunikasi jeung interaksi antar papadana. Pamakéan basa pikeun alat komunikasi bisa ditilik sacara lisan jeung tulisan. Salian ti bisa diébréhkeun dina wangun lisan jeung tulisan, basa ogé bisa diébréhkeun dina wangun basa tanda, isarat, jeung réa-réa deui. Fungsi utama basa kacida pentingna. Salian ti salaku média pikeun ngaéksprésikeun pikiran, gagasan, rasa, ogé salaku alat integrasi jeung adaptasi sosial antar manusa pikeun ngamekarkeun kamajuan jaman. Dina pamakéanana, basa bisa dipaké dina wangun fiksi jeung non fiksi. Basa dina wangun fiksi lain ngan saukur ngaitkeun tanda jeung naon nu dimaksudna wungkul, tapi ogé mangrupa wujud éksprési pangarang anu di jerona aya ide, gagasan, atawa amanat anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Pakaitna basa jeung sastra téh bisa katempo tina hasil karya sastra, boh dina wangun prosa, wangun puisi, boh dina wangun drama. Unggal basa nu dipaké ku panyaturna, pasti dipangaruhan ku rupa-rupa faktor, di antarana, saha nu nyarita jeung nu diajak nyarita, katut iraha jeung di mana lumangsungna prosés komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Yule 2006: 3 Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu yén “Pragmatik adalah studi tentang makna yang disampaikan oleh penutur atau penulis dan ditafsirkan oleh pendengar oleh pembaca . Pragmatik mangrupa salah sahiji tina tilu widang élmu anu dipaluruh ku élmu sémiotik. Salian ti pragmatik aya dua élmu séjén, nya éta sintaksis jeung sémantik. Sakumaha nu ditétélakeun ku Morris 1938 dina Tarigan 2009: 14 sémantik dibagi jadi tilu, nya éta sintaksis, sémantik, jeung pragmatik. Sintaksis maluruh patalina unsur basa nu sipatna formal, sémantik maluruh patalina unsur basa jeung objékna, sedengkeun pragmatik maluruh patalina unsur basa jeung nu napsirkeunana. Ulikan dina widang basa tangtuna bisa ditalungtik tina rupa-rupa objék, salah sahijina tina segi pragmatik. Situasi pragmatis raket patalina jeung adegan kalimah, saperti kalimah pananya, kalimah wawaran, jeung kalimah paréntah. Dina ieu panalungtikan dihususkeun medar ngeunaan kalimah pananya. Nurutkeun Sudaryat 2009: 264, kalimah pananya interogatif nya éta “Kalimah anu fungsi utamana pikeun nanyakeun. Kalimah pananya umumna miharep jawaban anu mangrupa omongan, jawaban vérbal atawa lingual.” Panalungtikan ngeunaan kabasaan bisa dina wangun média lisan atawa tulisan, fiksi atawa non-fiksi. Anu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta medar kalimah pananya nu aya dina wangun média tulisan nu mangrupa karangan fiksi nya éta novél. Ku kituna, panalungtikan ieu medar ngeunaan kalimah pananya nu aya dina novél. Panalungtikan ngeunaan adegan pragmatis kalimah pananya saméméhna geus aya, di antarana waé: “Adegan Kalimah Pananya dina Novél Lain Eta karangan Moh. Ambri” Tejaningrum, 2002, “Kalimah Pananya dina Novél Mércédés 190 karangan Moh. Rustandi Kartakusuma” Sukaesih, 2004, Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Béntang Pilem karangan Duduh Durahman” Irma Dewi Kharisma, 2008, jeung “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Naskah Drama Sunda karangan Siswa Kelas XII IPA SMAN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2010- 2011” Endhang Mardhayanty, 2011. Diky Arliana, 2013 Kalimah Pananya Dina Novél Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian Karangan Tatang Sumarsono Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Panalungtikan di luhur miboga sasaruaan jeung ieu panalungtikan nya éta sarua medar ngeunaan adegan jeung ma’na pragmatis dina kalimah pananya. Panalungtikan Tejaningrum jeung Sukaesih museur kana analisis kalimah pananya tina unsur-unsur fungsional nu aya dina novél. Ari Irma D.K jeung Endhang M museur kana analisis kalimah pananya tina segi hartina. Panalungtikan kalimah pananya tina segi pragmatis nu patali jeung kontéksna sarta dibarengan ku analisis adegan jeung hartina can aya. Jadi, bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan nu geus aya nya éta lebah analisisna leuwih lega ambahanana. Salian ti ngulik adegan jeung m a’na pragmatis, bédana ieu panalungtikan jeung saméméhna nya éta medar ngeunaan kontéks pragmatis kalimah pananya. Dumasar kana kasang tukang di luhur, bisa dicindekeun yén panalungtikan ieu dibéré judul “Kalimah Pananya dina Novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Kontéks Pragmatis.”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah