4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
120
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna,
tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawas Sadérék kana Matéri ajar.
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem
= x 100
5 Tahap nyangkem Matéri ajar nu dihontal ku Sadérék:
90 -
100 = alus pisan 80
- 89 = alus
70 -
79 = cukup
- 69
= kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék duanggap
geus ngawasa Matéri kana Kagiatan Diajar IV. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan jeung deui deres Matéri dina Kagiatan
Diajar IV, pangpangna Matéri nu can dicangkem.
Réfléksi jeung Lajuning Laku
Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru
dina ngamangpaatkeun hasil analisis wanda peniléyan oténtik, prosés, jeung hasil, Sadérék bisa nyontréng √ kolom ―Kahontal‖. Sabalikna, lamun can
kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom ―Can Kahontal‖.
No. Tujuan Pangajaran Kahontal
Can Kahontal
Kat. 1.
Ngalatih guru dina nganalisis matéri wanda peniléyan kalawan
ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK.
2. Ngalelempeng guru dina ngamang-
paatkeun hasil analisis wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun
ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
121
KONCI JAWABAN LATIHAN KAGIATAN DIAJAR
A. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 1
1. Harti peniléyan oténtik nyaéta peniléyan paripolah siswa sacara multi- diménsional dina situasi nyata. .Asésmen oténtik ngawengku tilu téhnik
peniléyan: 1 ngukur langsung kaparigelan siswa; 2 peniléyan kana papancén anu merlukeun karancagéan sarta kompléks; jeung 3 analisis
prosés pikeun ngahasilkeun réspon siswa ngeunaan sikap, kaparigelan, jeung pangaweruhna.
Peniléyan prosés nyaéta prosés meunteun nu museurkeun sasaran kana tingkat éféktivitas diajar ngajar dina raraga ngahontal tujuan pangajaran. Peniléyan
prosés diajar ngajar patali jeung meunteun kagiatan guru, kagiatan siswa, pola interaksi antara guru jeung siswa sarta lumangsungna prosés diajar ngajar.
Peniléyan hakékatna mangrupa alat ukur pikeun mikanyaho kahontal henteuna tujuan-tujuan pangajaran anu geus ditangtukeun ku siswa sanggeus
manéhna ngalaksanakeun Kagiatan diajar. Tujuan peniléyan aya opat, nyaéta 1 keeping track, 2 cheching-up, 3 finding out, jeung 4 summing-up
2. Mangpaat peniléyan oténtik nyaéta 1 numuwuhkeun rasa percaya diri siswa; 2 siswa jadi sadar kana kakuatan dan kahéngkéran dirina; 3 ngarojong,
ngabiasakeun, jeung ngalatih jujur; jeung 4 numuwuhkeun sumanget pikeun maju. 3. Rupa-rupa peniléyan asésmen oténtik, nyaéta:
a Peniléyan kinerja mangrupa hiji téknik peniléyan anu dilakukeun ku cara guru meunteun prosés gawé siswa pikeun ngukur tingkat kahontalna kompeténsi
kognitif, aféktif jeung psikomotor anu diulikna dina hiji mata pelajaran. b Peniléyan proyék mangrupa peniléyan kana tugas anu kudu diréngsékeun
ku siswa dina hiji periodeu atawa waktu. Siswa ngaréngsékeun éta tugas ku cara ngalakukeun léngkah-léngkah panalungtikan: ti mimiti nyieun
rarancang, ngumpulkeun data, ngelompokkeun, ngolah, nganalisis, jeung nyodorkeun data.
c Peniléyan portofolio mangrupa peniléyan kana kumpulan artéfak anu ngagambarkeun kamajuan hasil gawé nyata siswa. Peniléyan portofolio
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
122
bisa tina hasil gawé siswa sacara individual atawa diproduksi sacara kelompok.
d Tés tinulis meredih kamampuh ingetan, pamahaman, ngalarapkeun, nganalisis, ngagabungkeun, jeung ngaévaluasi matéri ulikan. Tés tinulis
wangun éséy sipatna kompréhéntif, nepi kagambarkeun sikap, kaparigelan, jeung kaweruh siswa. Tés tinulis obyéktif aya dua: wangun milih jeung
nyadiakeun jawaban. Milih jawaban upamana pikeun soal PG, BS, ngajodokeun, jeung sabab-akibat. Kagiatan nyadiakeun jawaban pikeun
soal ngeusian atawa ngalengkepan, jawaban singget, jeung éséy.
4. Léngkah-léngkah ngalaksanakeun peniléyan portofolio. a. Guru ngajéntrékeun sacara ringkes esensi peniléyan portofolio.
b. Guru bisa babarengan jeung siswa nangtukeun jenis portofolio anu rék dijieun. c. Siswa nyusun portofolio pangajaran.
d. Guru nunda, nyatet, jeung meunteun portofolio siswa. e. Guru ngajén portofolio siswa dumasar kana hiji kritéria.
f. Guru babarengan jeung siswa medar dokumén portofolio anu geus dihasilkeun. g. Guru méré umpan balik ka siswa kana hasil peniléyan portofolio.
5. Tés tinulis wangun éséy biasana meredih dua jenis pola jawaban, nyaéta jawaban bébas extended-response atawa jawaban kawatesanan restricted-
response. Ku cara tés tinulis éséy pola jawaban bebas, siswa dibéré lolongkrang pikeun ngajawab anu sabébas-bébasna; jawaban anu béda jeung
babaturanana tapi tetep boga hak pikeun meunang peunteun anu sarua. Tina puseur implengan anu béda, tinangtu bakal ngahasilkeun jawaban anu
béda-béda. Tapi tetep unggal jawaban bisa bener, asal analisisna ogé bener. Ieu jawaban téh gumantung kana bobot soal anu dibikeun ku guru. Ku kituna,
tés éséy bisa méré lolongkrang ka guru pikeun ngukur hasil diajar siswa kana tingkatan anu leuwih luhur atawa leuwih kompléks.
6. Tujuan peniléyan prosés nyaéta pikeun maluruh kagiatan diajar-ngajar, utamana éfésiénsi, kaéféktifan, sarta produktivitas pikeun ngahontal tujuan
pangajaran. Diménsi peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung komponén prosés pangajaran misalna tujuan pangajaran, métode, Matéri pangajaran,
kagiatan diajar ngajar sarta peniléyan.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
123
7. Komponén pangajaran minangka diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar. Komponén peniléyan prosés téh ngawengku sababaraha komponén nyaéta tujuan
intruksional, Matéri pangajaran, siswa, guru, alat, sumber diajar jeung peniléyan. 8. Kritéria peniléyan prosés ngawengku tujuh aspék nyaéta: 1 konsisténsi
kagiatan diajar ngajar maké kurikulum, 2 prak-prakan ku guru, 3 prak- prakanana ku siswa, 4 motivasi diajar siswa, 5 aktip henteuna siswa dina
kagiatan diajar, 6 interaksi guru jeung siswa, 7 kamampuh sarta kaparigelan guru sawaktu ngajar, sarta 8 kualitas hasil diajar nu dicangkem ku siswa.
9. Tés hasil diajar bisa dibagi tilu, nyaéta a tés lisan, b tés tulisan, dan c tés tindakan atawa perbuatan. Ngagunakeun tilu rupa anu kudu diluyukeun jeung
kawasan domain tingkah laku siswa anu rék diukur. Misilna, tés tulisan jeung tés lisan bisa digunakeun pikeun ngukur kawasan kognitif, sedengkan
kawasan psikomotor bisa diukur ku tés perbuatan, jeung kawasan aféktif biasana diukur ku skala peniléyan anu biasana disebut tés skala sikap.
Dina tés tulisan digunakan wangun 1 tés wangun éséy tés subyektif anu ngawengku tés éséy bebas jeung tés éséy kauger, jeung 2 tés wangun
objéktif, anu eusina ngawengku butir soal bener-salah, pilihan ganda, eusian singget, jeung ngajodokeun. Soal wangun éséy atawa uraian, sabab téstee
dipiharep ngajawab soal éséy uraian ku ngagunakeun basa téstee sorangan. Tés uraian mangrupa salah sahiji jenis tés tulisan anu umumna mangrupa
pertanyaan anu ngandung permasalahan tur merlukan pedaran dina ngajawabna. Ciri tés uraian méré kabébasan ka siswa pikeun nyusun
jawaban soal uraian dumasar kana puseur implenganana séwang-séwanan. Tés wangun obyéktif umumna jawabanana geus disadiakeun ku nu nyieun
soal. Siswa teu kudu mikir jero tapi ngan milih atawa ngajawab singget jeung ngalengkepan luyu jeung jawaban anu dipiharep tina soal obyéktif anu
wangunna rupa-rupa, nyaéta: wangun BS; PG; ngajodokeun; eusian singgetngalengkepan.
10. Peniléyan kompeténsi kamahéran ngagunakeun basa ngawengku tés kamampuh ngaregepkeun, tés kamampuh nyarita, tés kamampuh maca,
jeung tés kamampuh nulis. Tés ngaregepkeun mangrupa tés kamampuh pikeun nyangkem basa anu digunakeun sacara lisan komprehénsif lisan.
Matéri tés ngaregepkeun kudu ditepikeun sacara lisan pikeu ngukur aspék jeung kaédah ngagunakeun basa. Tés kamampuh maca pikeun ngukur tingkat
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
124
kamampuh dina nyangkem eusi bacaan. Tés kamampuh nulis dipaké pikeun ngukur kamampuh ngawasa unsur basa jeung luar basa dina karangan.
B. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 2