4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
118
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan Diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator hontalan diajar kalawan taliti. 2. Baca pedaran Matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran Matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung
Tingkesan Matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa diskusi jeung kancamitra séjénna.
E. LatihanPancén
Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap
1. Naon ari nu disebut sajak téh? 2. Naha sajak téh asli sastra Sunda?
3. Naon waé anu kagolong kana struktur batin sajak? 4. Naon sasaruaan katut bédana antara téma jeung amanat?
5. Kumaha ari basa dina sajak?
6. Terangkeun harti guguritan 7. Béré conto wangun guguritan
8. Terangkeun struktur guguritan 9. Tétélakeun bédana wawacan jeung guguritan
10. Pék analisis eusi guguritan ieu di handap dumasar kana unsur-strukturna KINANTI IMPIAN
Tina Buku ―Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan‖
Karya Dian Hendrayana Peuting dilimpudan Liwung
liwungna pageuh na jempling saéna tuang jungjunan
kersa rurumpaheun sumping ngalayadan ngalanglangan
jigrah teuing ieu ati Ati dirungruman bingung
bingungna maseuk na batin saéna tuang panutan
kersa rinéh naros lirih mapaykeun nu keur sungkawa
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
119
sungkawa teuing ku lami Lami diseundeuhan gandrung
gandrungna nyeumat na pikir saéna tuang salira
Kersa néang nu prihatin da cacak teu disindangan
tangtos nineung langkung nambih Tambih nineung janten lamun
lamunan eunteup na ngimpi saéna tuang pangersa
léah nyungsi najan demit ngademit dina impian
impian nu tanpa tepi
F. Tingkesan
Sajak nyaéta karangan fiksi pondok dina basa lancaran. Naon-naon anu dicaritakeun ku pangarang téh henteu kudu enya-enya kajadian ku dirina. Sanajan mangrupa fiksi,
carpon téh kudu nyindekel kana réalitas atawa kanyataan sapopoé. Kumpulan sajak Sunda nu judulna Dogdog Pangréwong karya G.S. 1930 kaasup
kumpulan carpon nu munggaran di Indonesia, malah genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carpon Teman Duduk karya M. Kasim 1936.
Sajak mibanda tilu unsur intrinsik, nyaéta 1 téma, 2 fakta carita galur, tokoh, jeung latar, katut 3 sarana sastra puseur sawangan, gaya, jeung judul.
Guguritan nyaéta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nyaéta
kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta
ilaharna eusina henteu ngawujud carita naratip. Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh éta. Atawa ngahaja
jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Guguritan diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta anu aya patalina jeung struktur jero struktur sarta
struktur luar unsur ékstrinsik. Struktur dina guguritan di antarana nyaéta: téma, rasa, nada, jeung amanat.
4
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
120
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku