PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
5
1. Mekarkeun peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda anu ngawengku wanda, instrumén, prosédur, jeung prakték peniléyan;
2. Ngawasa aksara Sunda, sajak, jeung guguritan; 3. Maham tur biasa ngalarapkeun ajén-inajén karakter réligius, mandiri,
gotong royong, integritas, jeung nasionalis dina gawé jeung kahirupan sapopoé.
C. Péta Kompeténsi
Bagan 1. 1. Péta Kompetensi
Kagiatan Diajar Guru Pembelajar Basa Sunda Tahap H
D. Ambahan Matéri
Matéri anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Grade H nyoko kana Matéri peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda, aprésiasi carpon, jeung aksara
Sunda. Ari pidanganana diwangun ku 4 Kagiatan Diajar saperti ieu di handap.
Kompeténsi Pédagogik
Nyangkem jeung mampuh mekarkeun peniléyan oténtik, prosés jeung hasil diajar basa jeung sastra Sunda
2. Prosédur, Prakték, Instrumén Peniléyan,
jeung KKM 1. Peniléyan Oténtik, Prosés,
jeung Hasil
3. Aksara Sunda
Kompeténsi Profésional
Nyangkem aksara Sunda, sajak, jeung guguritan.
4. Sajak jeung Guguritan
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
6
Kagiatan Diajar I : Medar peniléyan oténtik, peniléyan proses jeung peniléyan hasil dina pangajaran basa sunda.
Kagiatan Diajar II : Medar cara nangtukeun KKM basa sunda, prosédur peniléyan, cara nyusun instrumén peniléyan, prakték
peniléyan, jeung cara ngolah hasil peniléyan basa sunda kalawan pinuh ku rasa tanggung jawab.
Kagiatan Diajar III : Medar pangaweruh, maca, jeung nulis aksara sunda. Kagiatan Diajar IV : Medar wangun jeung struktur sajak jeung guguritan.
E. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar
Aya sawatara hal anu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu narékahan
sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca. Katilu, Sadérék kudu niténan jeung migawé unggal latihan nu dipidangkeun dina unggal ahir pedaran. Titénan
jeung pigawé unggal bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina unggal matéri nu dipidangkeun. Ulah poho pigawé sakur latihan jeung
évaluasi dina unggal bagian modul. Kajaba ti éta, dina unggal kagiatan nu dilaksankeun dina ieu modul, kudu laksanakeun kalawan nyoko kana niley-niley
penguatan karakter anu ngawengku religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas
Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék kana Matéri ieu Kagiatan Diajar baris diniléy ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawengku 1 prinsip jeung cara
peniléyan, 2 wangun jeung struktur sajak, jeung 3 aksara Sunda. Dina ngulik ieu matéri kagiatan diajar téh, Sadérék kudu maca jeung migawé
latihan kalawan ngaruntuy. Ari sababna, matéri dina kagiatan diajar I jadi dasar pikeun matéri dina kagiatan diajar II, jsté.
Lamun manggihan kasulitan, boh nu patali jeung matéri, boh patali jeung latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kanca mitra séjénna atawa
nanyakeun ka instruktur.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
7
KOMPETENSI
PEDAGOGIK
PENILEYAN PANGAJARAN
BASA JEUNG SASTRA SUNDA
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
8
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
9
KAGIATAN DIAJAR 1
PENILÉYAN OTÉNTIK, PROSÉS, JEUNG HASIL
A. Tujuan