Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 68 2 KI-2 pikeun sakumna mata pelajaran, nyaéta lamun profil sikep pamilon atikan umumna aya dina katégori alus atawa B 3.00 dumasar kana standar anu ditangtukeun ku satuan pendidikan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui jeung deres bahan dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna bahan nu can dicangkem. Réfléksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis wanda peniléyan oténtik, prosés, jeung hasil, Sadérék bisa nyon tréng √ kolom ―Kahontal‖. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom ―Can Kahontal‖. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 69 No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis matéri wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 70 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 71 KOMPETENSI PROFESIONAL AKSARA SUNDA, SAJAK JEUNG GUGURITAN 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 72 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 73 KAGIATAN DIAJAR 3 AKSARA SUNDA

A. Tujuan

Masarakat Sunda mibanda kakayaan nu ngawujud basa jeung aksara Sunda. Aksara Sunda dirundaykeun tina aksara Pallawa. Wangun aksara Suda sipatna silabis, nyaéta hiji aksara ngalambangkeun saengang. Ayeuna Saderék bakal diajar perkara aksara Sunda. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 9, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh ngeunaan 1 wangenan jeung fungsi aksara Sunda; 2 raratan aksara Sunda; 3 tipologi aksara Sunda; 4 wangun aksara Sunda; 5 angka Sunda; jeung 6 rarangkén pananda vokaliasi kalawan religius, mandiri, gotong royong, integritas, jeung nasionalis.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar