Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 92 Di Tatar Sunda kapanggih aya genep modél aksara nu kungsi digunakeun ku masarakatna, nya éta: aksara Pallawa, Nagari, Jawa Kuno, Sunda Kuno, Arab Pégon, Cacarakan Jawa-Sunda, jeung Latin. Ari aksara Sunda nyaéta aksara nu dipaké ku urang Sunda anu dirundaykeun tina aksara Pallawa, nyaéta aksara nu dipake nuliskeun basa India Kidul, anu béh dituna dirundaykeun tina aksara Brahmi, nyaéta aksara nu dipaké nuliskeun basa India Kuno. Mimitina mah aksara Sunda téh dipaké dina prasasti, piagam, jeung naskah kuno. Aksara Sunda kagolong kana aksara silabis lantaran saaksara ngalambangkeun saengang. Béda jeung aksara Latén anu sipatna fonétis lantaran tiap aksara ngalambangkeun sasora. Aksara Cina nu sipatna logosilabis lantaran tiap aksara ngalambangkeun sakecap. Aksara Sunda aya opat wangun, nyaéta a aksara swara, b aksara ngalagena, c aksara angka, jeung 4 rarangkén tanda vokalisasi.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 10. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui jeung deres bahan dina Kagiatan Diajar 9, pangpangna bahan nu can dicangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 93 KAGIATAN DIAJAR 4 SAJAK JEUNG GUGURITAN

A. Tujuan

Dina karya sastra Sunda aya nu disebut wangun ugeran puisi. Di antara karya sastra wangun puisi nyaéta sajak jeung guguritan. Sajak kagolong kana sastra Sunda modéren, ari guguritan kagolong kana sastra Sunda buhun. Sanajan duanana mangrupa karya sastra wangun ugeran puisi, tapi aya bédana. Sajak sok disebut puisi bébas lantaran teu kauger ku aturan guru lagu jeung guru wilangan saperti dina guguritan. Sanggeus réngsé ngulik kagiatan diajar IV, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun mikaweruh, ngaaprésiasi, jeung ngaékspréskeun sajak jeung guguritan kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta Sadérék dipiharep bisa 1. ngajéntrékeun wangenan sajak kalawan kukuh pamadegan; 2. ngaidéntifikasi kamekaran sajak Sunda kalawan disiplin; 3. nganganalisis struktur sajak kalawan gawé bareng; 4. ngaidéntifikasi hubungan pupuh jeung guguritan kalawan kréatif; 5. nganalisis struktur guguritan kalawan gawé bareng jeung kréatif; sarta 6. ngaéksprésikeun guguritan kalawan pinuh ku kawani.

C. Pedaran Matéri