PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
1
BUBUKA
A. Kasang Tukang
Évaluasi pangajaran téh kaasup salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran. Lima komponén séjénna nyaéta tujuan pangajaran,
kurikulum jeung Matéri ajar, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, sarta média jeung sumber diajar. Évaluasi pangajaran mangrupa salasahiji
komponén tina trisula atikan, dua komponén trisula atikan séjénna nyaéta ngararancang jeung pelaksanaan atikan.
Minangka salasahiji komponén pangajaran, peniléyan pangajaran ditujulkeun pikeun meunteun jeung ngukur tahap kahontalna tujuan pangajaran anu geus
ditarékahan ngaliwatan prosés pangajaran. Sakumaha nu kaunggel dina permendikbud nomer 23 taun 2016 ngeunaan standar penilaian, yén nu
dimaksud ku peniléyan téh nyaéta proses ngumpulkeun jeung ngolah inpormasi pikeun ngukur kahontal henteuna proses diajar siswa. Tina évaluasi atawa
peniléyan dipiharep bisa meunang wawaran anu bisa dipercaya ngeunaan hasil pangajaran, utamana mah tahap ngawasa jeung kamampuh pamilon atikan
siswa dina widang nu diulikna. Ku jalan museurkeun kana tahap hasil diajar siswa dina wangun peunteun niléy nu dicangking ku pamilon atikan,
komponén évaluasi pangajaran bisa méré wawaran ngeunaan segi séjén saperti kasaluyuan tujuan pangajaran, kualitas lumangsungna pangajaran,
kasaluyuan Matéri nu diajarkeun, jeung kualitas instrumén nu dipaké pikeun ngayakeun évaluasi pangajaran.
Dina peniléyan aya kagiatan meunteun atawa ngajén hiji obyék dumasar kritéria nu geus tangtu. Pikeun nangtukeun niléy atawa harga hiji obyék diperlukeun
ayana ukuran atawa kritéria. Peniléyan atikan ngawengku tilu sasaran utama nyaéta program atikan, prosés diajar ngajar, jeung hasil-hasil diajar. Wengkuan
évaluasi pangajaran téh nyoko kana téhnik peniléyan, wangun peniléyan, jeung instrumén peniléyan.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
2
Évaluasi nu sok disaruakeun jeung peniléyan mindeng dipatalikeun kana istilah pengukuran. Pengukuran téh mangrupa tarékah pikeun ngadadarkeun hiji
perkara sacara kuantitatif luyu jeung hakékat katut sipat barang anu diukur, upamana waé, méter keur ngukur panjang. Dadaran kuantitatif kalawan nyata
dilaksanakeun ku ngukur hasilna nu bisa dipaké Matéri keur peniléyan atawa
assesment. Ieu modul téh ngadumaniskeun antara tiori pédagogik jeung kaprofésionalan
kana konsép ngukuhan atikan karakter anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nyaéta religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Ajén
religiius bisa katingali tina paripolah ngalaksanakeun ibadah jeung kataatan kana ajaran agama nu dicepengna, ngajénan kana rupaning agama, tur
ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. Ajén nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa,
lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. Ajén mandiri bisa katitén tina sikep anu
teu gumantung ka nu séjén jeung daék mikir tur bajoang pikeun ngahontal harepan jeung angen-angen. Ajén gotong royong ébréh tina paripolah anu daék
gawé bareng, rempug jukung sauyunan dian nyanghareupan pasualan, resep nyarita jeung teu kurung batok, sarta daék nulung ka nu butuh nalang ka nu
susah. Panungtung, Ajén integritas mangrupa ajén anu ngadadasaran hiji jalma dina ngalaksanakeun pagawéan sangkan bisa dipercaya, boga komitmen jeung
tuhu kana ajén kamanusaan katut moral.
Lima ajén-inajén di luhur ngajanggélék dina proses pangajaran nu aya dina ieu modul. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep bisa ngaronjatkeun
kamampuhna tur ngalarapkeun ajén-inajén penguatan pendidikan karakter PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur dirina sorangan boh népakeun ka
nu séjén.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
B. Tujuan