Idéntifikasi Masalah Panalungtikan Rumusan Masalah Panalungtikan Tujuan Panalungtikan

3 Innasya Yudita Syamsudin, 2014 AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu mahasiswa pikeun ngaréngsékeun tugas ahir, di antarana: Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén , ku Fatimah 1997; Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Lémbang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP , ku Denny Indrayana Taufan 2007; Unsur Intrinsik Carita Rayat Kacamatan Cigasong Kabupatén Majalengka pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA , ku Aef Saeful Islam 2011, Carita Rayat nu aya di Kacamatan Talaga pikeun Bahan Pangajaran di SMP , ku Yopi Gunawan 2009, Rékontruksi Carita Rayat Situs Ciburuy di Kacamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP , ku Rini Sri Indriani 2006, jeung réa-réa deui. Sanajan kitu, tangtu loba kénéh dongéng anu can katalungtik jeung kainvéntarisir. Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji Kacamatan anu aya di Kabupatén Tasikmalaya anu perenahna mah aya di kiduleun Kabupatén Tasik. Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji daérah anu masih alami, sabab loba kénéh leuweung anu masih dijaga nepikeun ka ayeuna. Ku lantaran kondisi Kacamatan Cikatomas anu masih alami kénéh, tangtu loba dongéng-dongéng anu sumebar sarta bisa diinvéntarisir jeung bisa ditalungtik. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Atikan dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”. Panalungtikan ieu téh bisa dijadikeun salasahiji média pikeun bahan pangajaran maca di sakola hususna di SMP sarta diluyukeun jeung kurikulum.

1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan

Dumasar kasang tukang panalungtikan di luhur, ieu panalungtikan bisa diidéntifikasikeun jadi sababaraha masalah anu patalina jeung a perluna ngamumulé warisan kabudayaan anu sumebar di masarakat sangkan bisa 4 Innasya Yudita Syamsudin, 2014 AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dipikawanoh ku generasi ayeuna tur generasi nu bakal datang, b jenis warisan kabudayaan nu bisa diwanohkeun disaluyukeun jeung kurikulum anu dipaké, c dongéng mangrupa salasahiji média anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMP sarta jadi salasahiji tarékah dina ngamumulé warisan kabudayaan.

1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan

Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah panalungtikan anu aya di luhur aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan, masalahna dirumuskeun di handap ieu: 1 Kumaha déskripsi téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya? 2 Kumaha struktur carita dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya? 3 Ajén atikan naon waé anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya? 4 Téks dongéng mana waé anu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP? 5 Kumaha bahan pangajaran maca dongéng dumasar téks dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

1.4 Tujuan Panalungtikan

1 Ngadéskripsikeun téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya; 2 Ngaidéntifikasi struktur carita dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya; 3 Ngadéskripsikeun ajén atikan anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya; 5 Innasya Yudita Syamsudin, 2014 AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Ngaidéntifikasi téks dongéng mana waé anu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP; 5 Nyusun bahan pangajaran maca dongéng dumasar téks dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya.

1.5 MangpaatSignifikansi Panalungtikan