Kasang Tukang Panalungtikan AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

Innasya Yudita Syamsudin, 2014 AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa diciptakeun salaku mahluk sosial anu gumantung kana mahluk séjén di luar dirina boh éta sasama manusa, sato, tutuwuhan, jeung lingkunganana anu tangtu mangaruhan kana kahirupan anu dilakonan. Salasahiji élemén anu mangaruhan sacara dominan dina kahirupan manusa téh nya éta lingkungan. Lingkungan mangaruhan manusa dina nyiptakeun kabudayaan anu jadi salasahiji landasan hirup sangkan bisa nyumponan kabutuhan hirupna. Éta kabudayaan anu dilaksanakeun téh tangtu luyu jeung masarakat katut alam di sabudeureunana. Sacara umum, kabudayaan téh nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti generasi ka generasi. Dina kabudayaan ogé aya anu disebut folklor atawa adat-istiadat tradisional jeung carita-carita rayat, anu sarua diwariskeun sacara turun-tumurun di hiji kelompok masarakat. Jan Harold Brunvand dina Danandjaja, 2007, kc. 21 nétélakeun yén folklor téh dibagi jadi tilu, nya éta folklor lisan, folklor sabagéan lisan, jeung folklor nonlisan. Tina tilu babagian folklor éta, aya folklor anu pangbabarina leungit, nya éta folklor lisan. Anu kawengku dina folklor lisan téh salasahijina nya éta carita rayat atawa sakapeung mah sok disebut dongéng. Dongéng téh nya éta salasahiji karya sastra Sunda buhun anu diréka dina wangun lancaran prosa, biasana ngandung unsur pamohalan tur teu kaharti ku akal tapi loba ngandung unsur atikan anu bisa dilarapkeun kana kahirupan sapopoé. Lantaran dongéng mangrupa salasahiji karya sastra Sunda heubeul, tangtu dijieunna ogé jaman baheula, tur ku jalma-jalma anu hirup di jaman baheula. Dongéng-dongéng anu sumebar di sakuliah tatar Sunda téh beuki dieu 2 Innasya Yudita Syamsudin, 2014 AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu beuki ngaheureutan, sabab sumebarna ngan sacara lisan hungkul tur euweuh dokuméntasi tinulisna, anu ngabalukarkeun loba dongéng anu tungtungna leungit jeung teu dipikanyaho ku generasi ayeuna. Salian ti jadi warisan kabudayaan dina wangun folklor lisan, dongéng ogé mangrupa salasahiji karya sastra Sunda anu jadi bukti kabeungharan sastra Sunda. Sanajan jenisna folklor lisan, tapi kaayeunakeun dijieun dokuméntasina dina wangun tinulis sangkan bisa dijaga tur diwanohkeun ka generasi ayeuna jeung generasi nu bakal datang. Di sagigireun jadi warisan budaya anu kudu dijaga, dongéng ogé jadi salasahiji pangrojong kabeungharan karya sastra Sunda anu kadieunakeun miboga bukti oténtik dina wangun tinulis. Dongéng téh salian ti jadi salasahiji bukti kabeungharan sastra Sunda, ogé bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda di sakola, hususna di SMP. Ditilik tina wangunna, dongéng mibanda kaunikan anu bisa ngirut para siswa sangkan resep maca. Upamana waé katitén tina eusina, dongéng bisa mawa para siswa ka dunya imajinasi anu teu kawatesanan. Salian ti jadi bahan pangajaran, nepikeun dongéng ka para siswa ogé bisa dijadikeun média pikeun ngawariskeun kabudayaan ka generasi anyar. Lantaran, kiwari ogé jaman téh geus beuki modérn tur generasi kaayeunakeun mimiti ninggalkeun warisan budaya karuhunna. Jadi teu nutup kamungkinan lamun loba kolot ayeuna anu teu nyahoeun kana dongéng anu aya di tatar Sunda. Padahal dongéng miboga peranan anu penting dina kahirupan masarakat sabab salian ti nyuguhkeun hiburan ogé loba nyangkaruk ajén-inajén nu bisa dijadikeun conto dina kahirupan. Sarta dina kanyataanana, jaman ayeuna mah barudak masih kénéh resep kana dongéng. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan ngeunaan dongéng téh dilaksanakeun. Dongéng anu baris ditalungtik jeung diinvéntarisir nya éta dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya. Panalungtikan ngeunaan dongéng kawilang loba anu geus dilaksanakeun ku 3 Innasya Yudita Syamsudin, 2014 AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu mahasiswa pikeun ngaréngsékeun tugas ahir, di antarana: Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén , ku Fatimah 1997; Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Lémbang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP , ku Denny Indrayana Taufan 2007; Unsur Intrinsik Carita Rayat Kacamatan Cigasong Kabupatén Majalengka pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA , ku Aef Saeful Islam 2011, Carita Rayat nu aya di Kacamatan Talaga pikeun Bahan Pangajaran di SMP , ku Yopi Gunawan 2009, Rékontruksi Carita Rayat Situs Ciburuy di Kacamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP , ku Rini Sri Indriani 2006, jeung réa-réa deui. Sanajan kitu, tangtu loba kénéh dongéng anu can katalungtik jeung kainvéntarisir. Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji Kacamatan anu aya di Kabupatén Tasikmalaya anu perenahna mah aya di kiduleun Kabupatén Tasik. Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji daérah anu masih alami, sabab loba kénéh leuweung anu masih dijaga nepikeun ka ayeuna. Ku lantaran kondisi Kacamatan Cikatomas anu masih alami kénéh, tangtu loba dongéng-dongéng anu sumebar sarta bisa diinvéntarisir jeung bisa ditalungtik. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Atikan dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”. Panalungtikan ieu téh bisa dijadikeun salasahiji média pikeun bahan pangajaran maca di sakola hususna di SMP sarta diluyukeun jeung kurikulum.

1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan