Uji Homogénitas MÉTODE PANALUNGTIKAN

44 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2. X 2 itung X 2 tabél , hartina distribusi data teu normal.

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua. Pikeun nguji homogénitas, aya léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun, nya éta saperti ieu di handap. 1 Ngitung variasi masing-masing kelompok. a. Variasi pratés S 1 2 Sudjana 2005, kc. 95 b. Variasi pascatés S 2 2 Sudjana 2005, kc. 95 2 Ngitung harga variasi F 3 Ngitung darajat kabébasan db S 1 2 S 2 2 db = n – 1 45 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Nangtukeun F tabél Nilai F tabél kalayan ngagunakeun taraf kapercayaan 99 5 Uji homogénitas, nangtukeun homogén henteuna data ngagunakeun kritéria ieu di handap. F itung F tabél , hartina variasi sampel homogén F itung F tabél , hartina variasi sampel teu homogén

3.7.3.2 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun mikanyaho naha aya béda anu signifikan antara pratés jeung pascatés. Tina hasil uji gain, bisa kagambaran ngeunaan kumaha pangaruh média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014. Rumusan pikeun ngajawab yén aya béda anu signifikan atawa henteu sanggeus dibéré treatment, bisa dirumuskeun saperti ieu di handap. 1 Ha : X tés awal ≠ X tés ahir , hartina aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pratés jeung jumlah rata-rata pascatés. 2 Ho : X tés awal = X tés ahir , hartina henteu aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pratés jeung jumlah rata-rata pascatés. Tabél 3.5 Uji Gain d Tingkat Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng No Siswa ∑ Pretés ∑ Pascatés d d 2

3.7.3.3 Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilakukeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun saacanna. Aya dua cara anu bisa digunakeun dina uji hipotésis. Kahiji, saupama 46 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu data hasil uji normalitas nunjukkeun yén éta data téh miboga distribusi data anu normal, éta data téh dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tést. Kadua, saupama data hasil normalitas nunjukkeun yén data téh miboga distribusi data anu teu normal, éta data téh dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun Uji Wilcoxon. 1 Statistik Paramétris Statistik Paramétris digunakeun pikeun nguji hipotésis kalawan distribusi data anu normal. Léngkah-léngkahna nya éta saperti ieu di handap. a. Nangtukeun rata-rata méan tina béda pratés jeung pascatés kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap. b. Ngitung darajat kabébasan db kalawan rumus c. Ngitung jumlah kuadrat deviasi d. Ngitung t kalawan rumus Arikunto 2010, kc. 349 Katerangan : Md : mean tina béda pretést jeung pascatés ∑x 2 d = ∑d 2 b = n-1 47 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xd : déviasi ∑x 2 d : jumlah kuadrat déviasi N : subjék dina sampel d.b : ditangtukeun ku N-1 ditarima henteuna hipotésis ngagunakeun kritéria ieu di handap. a Lamun t itung t tabél , hartina hipotésis ditarima, yén média audio-visual téh éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung. b Lamun t itung t tabél , hartina hipotésis ditarima, yén média audio-visual téh teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung. 2 Statistik Nonparamétris Statistik nonparamétris digunakeun pikeun nguji hipotésis kalawan distribusi data anu teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta Uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana dina Rhamdini 2013, kc. 49 léngkah-léngkah uji wilcoxon téh nya éta saperti ieu di handap. a. Asupkeun peunteun pratés siswa kana kolom ka-2 XA1. b. Asupkeun peunteun pascatés siswa kana kolom ka-3 XB1. c. Itung bédana antara pratés jeung pascatés ku cara XA1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4. d. Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 timimiti nilai béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna. e. Sanggeus diurutkeun, misalna aya nilai anu sarua. Pikeun nangtukeun jenjangna, éta niléy téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna. f. Sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5. g. Ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7 48 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu h. Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misalna jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5 Wtabél = 73. i. Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilcoxon ieu di handap. Tabél 3.6 Tabél Uji Wilcoxon No. siswa XA1 XB1 Béda Tanda jenjang XA1 – XB1 Jenjang + - Katerangan : XA1 = Peunteun pratés XB1 = peunteun pascatés j. Ditarima henteuna hipotésis k. Dina uji wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di handap. a Lamun W itung - W tabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditarima, yén média audio-visual boga pangaruh dina nngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng. b Lamun w itung - W tabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditolak, yén média audio-visual boga pangaruh dina nngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng. Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 74

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan kamampuh siswa dina ngaregepkeun dongéng ngagunakeun média audio-visual ka siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. 1 Kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng nya éta aya 28 siswa 80 anu meunang peunteun 75 kalawan katégori acan tuntas. Sésana nya éta aya 7 siswa 20 anu meunang peunteun 75 kalawan katégori tuntas. 2 Kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014 saenggeus ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng nya éta aya 20 siswa 57,1 anu meunang peunteun 75 kalawan katégori tuntas, sésana nya éta aya 15 siswa 42,8 anu meunang peunteun 75 kalawan katégori acan tuntas. 3 Ayana béda nu signifikan tina hasil rata-rata tés awal jeung tés ahir kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung saenggeus ngagunakeun média audio-visual. Hasil rata-rata tés awal nya éta 63,71 ngaronjat jadi 75 tina hasil tés ahir, anu ngahasilkeun rata-rata gain 11,28. Dumasar kana hasil data yén t itung 6,79 t tabél 2,44, hartina hipotésis kerja H a ditarima jeung hipotésis nol H ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén média audio- visual éféktif pikeun jadi média pangajaran dina ngaregepkeun dongéng di kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014. Dumasar kana hasil panalungtikan, bisa dicindekkeun yén media audio- visual éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran ngaregepkeun dongéng ka siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 20132014.