MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG: Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013.

(1)

No. 662/FPBS/0251/2013

MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 2

Kasokandel Taun Ajaran 2012-2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Muhammad Naoval NIM 0902540

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAÉRAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2013


(2)

No. 662/FPBS/0251/2013

MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 2

Kasokandel Taun Ajaran 2012-2013)

Oleh

Muhammad Naoval

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Muhammad Naoval 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

No. 662/FPBS/0251/2013

LEMBAR PENGESAHAN MUHAMMAD NAOVAL

NIM 0902540

MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197810202003121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(4)

MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013) 1)

Muhammad Naoval 2) ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Modél Pangajaran Word Square dina pangajaran Ngaregepkeun Dongéng”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh rendahnya kemampuan menyimak dongeng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dalam mata pelajaran Bahasa Sunda. Tujuannya untuk mengetahui peningkatan hasil belajar dan efektivitas Model Pembelajaran Word Square dalam pembelajaran menyimak dongeng di kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel. Metode yang digunakan adalah kuasi eksperimen dengan desain penelitian pretes dan postes. Sumber data yang diambil yaitu kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel yang bejumlah 30 orang dengan rincian laki-laki 17 orang dan perempuan 13 orang. Variabel yang digunakan, yaitu penggunaan Modél Word Square sebagai variabel bebas, prestasi belajar menyimak dongeng sebagai variabel terikat. Metode yang digunakan dalam mengumpulkan data, yaitu tes pilihan ganda. Data yang diperoleh dianalisis menggunakan analisis statistika t test. Berdasarkan hasil penelitian, diketahui bahwa rata-rata hasil belajar menyimak dongeng siswa kelas VII-C sebelum menggunakan Modél Word Square yaitu 53, sedangkan rata-rata hasil belajar setelah menggunakan Modél Word Square adalah 81, Setelah dilakukan analisis statistika dengan t tes, diperoleh harga thitung = 12,68 > ttabel = 2,29. Dengan

demikian, terbukti bahwa Modél Word Square dapat meningkatkan hasil belajar menyimak dongeng pada kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel. Efektivitas penggunaan Modél Word Square dalam meningkatkan hasil belajar menyimak dongeng adalah 28,66%.


(5)

A TEACHING MODEL OF WORD SQUARE IN TEACHING A TALE-LISTENING COMPETENCE

(A Quasi-Experimental Study for Grade-VII-C Students of SMPN 2 Kasolandel in Academic Year of 2012/2013)1)

Muhammad Naoval2) ABSTRACT

The title of this research is “A Teaching Model of Word Square in Teaching a

Tale-Listening Competence”. The background of this research was the low competence of grade-VII-C student of SMPN Kasokandel in listening tales in Sundanese language course. It was intended to find out the increases in learning results and the effectiveness of Word Square Learning Model in learning a tale-listening competence at grade VII-C of SMPN 2 Kasokandel. The method used was a quasi-experiment by a research design of pretest and posttest. The data source was grade VII-C of SMPN 2 Kasokandel in amount of 30 students, consisting of 17 males and 13 females. The variables used were the use of Word Square Model as the independent variable and the achievement of learning of tale-listening as the dependent variable. The method used in data collection was a multiple choice test. The data obtained was then analyzed by using a statistic analysis of t-test. Based on the research findings, it was known that the average results of learning tale-listening of the grade-VII-C students before using the Word Square Model was 53, and that of after using the Word Square Model was 81. Based on a statistic analysis of t-test, it was found that the value of tcount =

12.68 > ttable = 2.29. Thus, it was proved that the Word Square Model could

enhance the results of learning tale-listening in grade VII-C of SMPN 2 Kasokandel in. The effectiveness of using the Word Square Model in enhancing the results of learning tale-listening was 28.66^.


(6)

DAFTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK...i

PANGJAJAP...ii

TAWIS NUHUN...iii

DAFTAR EUSI ...vi

DAFTAR TABÉL...x

DAFTAR SINGGETAN...xi

DAFTAR LAMPIRAN...xii

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang...1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah...4

1.2.1 Watesan Masalah...4

1.2.2 Rumusan Masalah...4

1.3Tujuan Panalungtikan...4

1.3.1 Tujuan Umum...4

1.3.2 Tujuan Husus...5

1.4Mangpaat Panalungtikan...5

1.4.1 Mangpaat Tioritis...5

1.4.2 Mangpaat Praktis...5

1.5Raraga Tulisan...6

BAB II MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE, PANGAJARAN NGAREGEPKEUN, JEUNG DONGÉNG 2.1 Ngaregepkeun ... 6

2.1.1 Wangenan Ngaregepkeun ... 6


(7)

2.1.3 Faktor-faktor Anu Mangaruhan Kana Kualitas Ngaregepkeun ... 9

2.1.4 Warna Ngaregepkeun ... 9

2.1.5 Kamampuh Ngaregepkeun ... 10

2.1.6 Prosés Ngaregepkeun ... 11

2.1.7 Fungsi jeung Mangpaat Ngaregepkeun ... 12

2.1.8 Papasingan Ngaregepkeun ... 12

2.2 Dongéng ... 14

2.2.1 Wangenan Dongéng ... 14

2.2.2 Papasingan Dongéng ... 15

2.2.3 Sajarah Kamekaran Dongéng ... 16

2.2.4 Unsur-Unsur Dongéng ... 17

2.3 Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng ... 20

2.4 Modél Pangajaran Word Square ... 20

2.4.1 Hakekat Modél Pangajaran ... 20

2.4.2 Rumpun Modél Pangajaran ... 21

2.4.3 Komponen Modél Pangajaran ... 22

2.4.4 Konsép Dasar Pangajaran Word Square...………...…....……….24 2.4.4.1 Wangenan Modél Pangajaran Word Square...24

2.4.4.2 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Word Square...26

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ... 28

3.2 Desain Panalungtikan ... 28

3.3 Métode Panalungtikan ... 28

3.4 Wangenan Operasional ... 29

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 30

3.5.1 Kisi-kisi Soal ... 31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 31


(8)

3.7.1 Teknik Ngolah Data ... 32

3.7.1.1 Ngolah Data Tés ... 32

3.7.2 Nguji Sipat Data ... 33

3.7.2.1 Uji Normalitas ... 33

3.7.2.2 Uji Homogénitas ...36

3.7.3 Ningkatna Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Word Square...37

3.7.4 Uji Béda Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Word Square...38

BAB IV MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG 4.1 Kamampuh Siswa Kelas VII-C SMPN 2 Majalengka dina Ngaregepkeun Dongéng saméméh Ngagunakeun Modél Word Square ... 40

4.2 Kamampuh Siswa Kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina Ngaregepkeun Dongéng sabada Ngagunakeun Modél Word Square...………42

4.3 Uji Béda Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Word Square...…..……….44 4.3.1 Uji Sifat Data... ...45

4.3.1.1 Uji Normalitas ... 45

4.3.1.1.1 Uji Normalitas Data Pretés... ..45

4.3.1.1.2 Uji Normalitas Skor Postés... ... 48

4.3.2 Uji Homogénitas ... 51

4.3.3 Uji Gain ... 52

4.3.4 Uji Hipotésis...54

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 56


(9)

DAPTAR PUSTAKA ... 58 LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 61


(10)

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sipatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Hal ieu luyu jeung pamadegan (Sudaryat, 1991: 1) anu nyebutkeun yén basa téh sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) di antara anggota masarakat. Lambang sora omongan mangrupa sistem anu miboga wangun jeung harti, éta lambang sora téh dihasilkeun ku pakakas ucap manusa. Dipakéna basa téh dumasar kana karageman atawa kasapukan masarakatna. Tujuan atawa pungsi utama dipakéna hiji basa nya éta pikeun pakakas atawa salaku alat komunikasi pikeun ngedalkeun pesen (rasa, pikiran, jeung kahayang) ka jalma lian atawa narima pesan ti nu lian. Basa miboga peran penting pikeun kahirupan manusa. Tanpa ayana basa, manusa moal bisa ngayakeun komunikasi.

Komunikasi, nya éta hiji kabutuhan fundaméntal jalma atawa individu dina kahirupan di masarakatna, sabab tanpa ayana komunikasi, masarakat moal bisa kawangun atawa moal aya wangun konkrit ayana masarakat. Sabalikna, tanpa ayana masarakat, komunikasi moal bisa dimekarkeun. Salaku mahluk sosial, manusa miboga kahayang pikeun ngayakeun hiji hubungan jeung manusa lianna. Manusa hayang mikawanoh rupa-rupa kaayaan anu aya di sabudeureunana. Salian ti éta, manusa ogé hayang mikawanoh naon baé anu geus karandapan. Manusa miboga kaparigelan kodrati pikeun basa anu dominan di lingkungana séwang-séwangan.

Basa miboga kalungguhan penting dina kahirupan manusa, lantaran manusa teu bisa leupas tina komunikasi jeung masarakat tina kahirupan sapopoéna, pikeun paélmuan, senu katut alat pikeun nepikeun rasa, kahayang, jeung gagasan manusa.

Kaparigelan basa ngawengku opat aspék nya éta: ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran di SMP sangakan murid nyangkem kana


(11)

2

opat kaparigelan basa. Ngaregepkeun mangrupa salahsahiji tina opat kaparigelan basa nu geus kasebut. Pangajaran ngaregepkeun sarua pentingna jeung maca, nyarita, atawa nulis.

Dina pangajaran basa Sunda di sakola, ngaregepkeun mangrupa kaparigelan basa anu ngawengku sababaraha kompetensi dasar. Salahsahijina kompetensi dasar ngaregepkeun dongeng. Hal ieu kaugel dina KTSP mata pelajaran basa Sunda nya éta pangajaran ngaregepkeun dongéng kelas VII semester 2.

Dina pangajaran ngaraegepkeun dongéng kapanggih yén masih kénéh loba siswa anu can bisa maham kana eusi dongéng anu geus diregepkeunna. Katitén nalika guru nanya ka siswa ngeunaan eusi dongéng anu diregepkeun, dina kanyataanna éta dongéng téh teu pati bisa kacangkem ku siswa. Loba sababaraha alesan anu ngalantarankeunna, salahsahijina bisa tina faktor pribadi siswa sarta kurangna kaparigelan guru ngagunakeun sababaraha stratégi diajar dina nepikeun pangajaran di kelas. Hal ieu nyababkeun suasana diajar jadi monoton.

Modél pangajaran kaitung réa wandana, salah sahijina Modél Word Square, ieu modél pangajaran téh kungsi digunakeun dina panalungtikan saméméhna nya eta dina pangajaran kandaga kecap basa Prancis kalawan judulna “Penggunaan Metode Word Square dalam Pemerolehan Kosakata Bahasa Prancis (Studi Eksperimen Semu Terhadap Siswa Kelas XII Program Bahasa SMAN 1

Rancaekek Tahun Ajaran 2011/2012)” (Neti Nurhidayah, 2012). basa Jepang kalawan judul “Efektivitas Metode Word Square dalam Penguasaan Kosakata Verba Bahasa Jepang: Penelitian Eksperimen Pada Siswa Kelas XI SMAN 2

Bandung”(Fitri Safarini, 2010). Sedengkeun dina pangajaran basa Sunda can kapaluruh aya panalungtik ngeunaan ieu modél.

Dumasar kana masalah di luhur, perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan modél pangajaran Word Square dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. Tujuan panalungtikan ieu nya éta pikeun mikanyaho kumaha kamampuh siswa dina ngaregepkeun dongéng antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Word Square. Ku kituna, panalungtikan anu dijudulan “Modél Pangajaran Word Square Dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng (Studi Kuasi


(12)

3

Éksperimen di Kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013)” perlu dilaksanakeun.

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan di identifikasi medar ngeunaan kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa ngagunakeun modél pangajaran Word Square. Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana sarta ieu panalungtikan anu dilaksanakeun bisa museur, mangka diperlukeun hiji watesan masalah. Ku kituna, ieu panalungtikan leuwih museurkeun kana objék panalungtikanana kana kaefektifan modél pangajaran Word Square dina ngaregepkeun dongéng di kelas VII SMP.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watésan masalah, panalungtikan ieu dirumuskeun dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap:

1) Kumaha kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina ngaregepkeun dongéng saméméh ngagunakeun modél pangajaran Word

Square?

2) Kumaha kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina ngaregepkeun dongéng sabada ngagunakeun modél pangajaran Word Square? 3) Naha aya bédana anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina ngaregepkeun dongéng saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Word Square?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar diluhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ningkatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun modél pangajaran Word Square.


(13)

4

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Kumaha kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina

ngaregepkeun dongéng saméméh ngagunakeun modél pangajaran Word

Square.

2) Kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina ngaregepkeun dongéng sabada ngagunakeun modél pangajaran Word Square.

3) Signifikan henteuna kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel dina ngaregepkeun dongéng saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Word Square.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta nambahan pangaweruh ngeunaan modél pangajaran anu éféktif dina pangajaran ngaregepkeun dongéng pikeun siswa SMP kelas VII.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Panalungtikan ieu mangpaat praktis, diantarana: 1) Pikeun Siswa

Ku digunakeuna modél pangajaran Word Square dina pangajaran ngaregepken dongéng, dipiharep siswa bisa aktif dina proses pangajaran sarta bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

2) Panalungtikan ieu bisa méré alternatif dina hal milih modél pangajaran sangkan aya varéasi dina ngajar jeung siswa bisa maham kana eusi materi pelajaran.

3) Pikeun Panalungtik

Panalungtik bisa mikanyaho kana salah sahiji kaéféktifan modél pangajaran nya éta model pangajaran Word Square.


(14)

5

1.5 Sistematika Penulisan

Sabada data panalungtikan diolah, hasilna disusun kalawan puguh éntép seureuhna dina wangun skripsi, dina bab I dipedar ngeunaan: ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan sacara tioritis jeung praktis, sarta sistematika penulisan.

Bab II ngawengku tiori ngeunaan tiori modél pangajaran, modél pangajaran word square, tiori ngaregepkeun, tiori dongéng, modél pangajaran Word Square dina pangajaran maca dongéng, anggapan dasar jeung hipotesis.

Bab III ngawengku lokasi, populasi, jeung sample panalungtikan, métode panalungtikan, desain panalungtikan, teknik panalungtikan, instrumen panalungtikan jeung taknik ngolah data.

Bab IV ngawengku hasil data jeung analisis data modél pngajaran Word

Square dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

Bab V ngawengku kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.


(15)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi atawa tempat dilakukeunana ieu panalungtikan nya éta SMPN 2 Kasokandel. Subjék panalungtikanana nya éta sakabéh siswa kelas VII-C di SMPN 2 Kasokandel taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 30 urang, anu ngawengku 17 siswa lalaki jeung 13 siswa awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010: 123) aya tilu rupa desain kuasi ékspérimén nya éta (1) one shot case study, (2) pretest-postes, jeung (3) static group

comparison. Dina ieu panalungtikan, desain anu digunakeun nya éta pretés jeung

postés. Ieu panalungtikan dilakukeun ku cara méré prétés tuluy dibéré treatment ngalatih ngaregepkeun kalawan ngagunakeun Modél Word Square, tuluy diayakeun postés. Ka onjoyan tina ieu desain panalungtikan nya éta ngasupkeun prétés pikeun nangtukeun skor garis tukang (Fathoni, 2006: 99). Mékanisme panalungtikan kuasi ékpérimén ieu, baris digambarkeun dina bagan di handap.

O1 X O2

Katerangan: O1: prétés O2: postés

X: treatment (diajar ngaregepkeun ngagunakeun Modél Word Square)

3.3 Métode Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode ékspérimen. Nurutkeun Nazir (1988:74) dina Prastowo (2011: 143) métode ékspérimén nya éta métode


(16)

29

panalungtikan anu dilakukeun ku cara ngayakeun uji coba kana hiji objék panalungtikan. Nurutkeun Campbell & Stanley (Arikunto, 2010: 123) dumasar kana alus henteuna ékspérimén, atawa sampurna henteuna ékpérimén, sacara gurat badag aya dua rupa desain panalungtikan ékspérimén nya éta pre eksperimental

design jeung true eksperimental design. Dina ieu panalungtikan digunakeun

métode ékspérimén kalawan desain pre eksperimental design atawa panalungtikan kuasi ékspérimén anu desainna pre-test and post-test group.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu nimbulkeun salah tafsir kana ieu panalungtikan, ieu di handap ieu dipedar ngeunaan wangenan operasional dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Modél Pangajaran Word Square

Modél Word Square nya éta modél pangajaran pikeun nimu kekecapan anu aya dina téks dina wangun abjad acak dina kotak-kotak saperti TTS (Teka Teki Silang) anu bisa dibaca ti gigir jeung ti luhur. Léngkah-léngkah pangajaran dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap:

a. guru nepikeun apersépsi jeung méré motivasi ka siswa;

b. guru ngaluarkeun naskah dongéng, sarta macakeun éta naskah dongéng dihareupeun kelas;

c. siswa dibimbing sangkan kudu konséntrasi dina ngaregepkeun dongéng anu dibacakeun ku guru;

d. sanggeus bérés ngaregepkeun, guru ngayakeun tés awal (pretés); e. guru ngabahas eusi dongéng anu geus diregepkeun ku siswa; f. guru ngabagikeun soal Word Square;

g. guru ngabahas jawaban soal tés Word Square; h. guru ngayakeun tés ahir (postés);

i. guru méré pancén ka siswa pikeun ngeusian éta soal; jeung j. guru nutup pangajaran.


(17)

30

2) Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng

Nya éta pangajaran anu dijerona aya aktivitas siswa dina mirengkeun matéri dongéng boh anu dibaca boh anu diputer tina rékaman. Kagiatan ngaregepkeun ieu mangrupa kagiatan ngadangukeun kalawan saregep sarta miboga tujuan meunangkeun fakta atawa informasi ngeunaan hiji hal anu diregepkeunana. Ku kituna kagiatan ieu mikabutuh ayana konséntrasi anu hadé pikeun maham sagala hal anu nyangkaruk dina dongéng, salasahijina ngeunaan unsur instrinsikna anu ngawengku téma, latar (setting), palaku, galur jeung amanat.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu dina panalungtikan nya éta alat bantu dina ngagunakeun métode. Instrumén panaluntikan penting pisan lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instumén anu digunakeun. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés.

1) Tés

Tés digunakeun pikeun ngukur hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. Tés anu dibikeun ka siswa nya éta wangun Pilihan Ganda (PG). Hal ieu dilantarankeun sangkan panalungtik bisa objéktif dina méré peunteun. Soal-soal tés objéktif jumlahna aya 10 soal.

Tés dilakukeun dua kali nya éta saméméh jeung sabada meunang perlakuan atawa treatment. Tés dilakukeun dua kali nya éta saméméh jeung sabada meunang perlakuan atawa treatment. Tés ieu disebutna pretés jeung postést. Pretés miboga tujuan pikeun ngukur hasil diajar awal siswa dina nganalisis struktur dongéng saméméh meunang perlakuan, sedengkeun postés dilakukeun pikeun ngukur pangaruh perlakuan Modél Word Square kana hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa.


(18)

31

3.5.1 Kisi-kisi Soal

Kisi-kisi soal anu dipaké dina ieu panalungtikan tujuanana pikeun méré watesan ngeunaan instrumén anu bakal dibikeun ka siswa. Kisi-kisina saperti ieu di handap.

Tabél 3.1

KISI-KISI SOAL PRETÉS JEUNG POSTÉS

Aspék Indikator Nomor Soal

(1) (2) (3)

Eusi Nyebutkeun tokoh 1, 2

Nyebutkeun latar (setting) 3, 4

Nyebutkeun amanat 5

Nangtukeun galur 6, 7

Nangtukeun téma 8

Basa Bisa ngartikeun istilah anu aya dina eusi dongéng

9, 10

3.6 Teknik Ngumpulkeun Data

Teknik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta teknik tes. Teknik tes digunakeun pikeun meunangkeun data kamampuh awal (pretés) jeung kamampuh ahir (postés) hasil diajar ngaregepkeun dongéng.

Prosedur atawa léngkah-léngkah anu dilakukeun nalika ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan dimimitian ku tahap tatahar jeung pelaksanaan anu satukuyna analisis data, jeung kacindekan.

Dina tahap tatahar, kagiatan anu dilakukeun nya éta nataharkeun naon-naon anu kudu dipersiapkeun nya éta, nyusun sarta nyiapkeun RPP, nyusun


(19)

32

instrumén panalungtikan nya éta soal pretés jeung angkét, ogé nyieun lembar kerja siswa Word Square.

Dina tahap kadua nya éta tahap pelaksanaan anu kudu dipigawé nya éta nepikeun matéri luyu jeung bahan ngaregepkeun dongéng, ngayakeun pretés, ngalarapkeun modél pangajaran Word Square, tuluy ngayakeun postés.

Sanggeus tahap ngumpulkeun data pretés jeung postés tahap anu satuluyna nya éta analisis data, dina analisis data anu dipigawé nya éta uji sifat data ngawengku uji normalitas jeung homogénitas, uji gain, jeung uji hipotésis. Anu pamungkas nya éta nyusun laporan hasil panalungtikan.

3.7 Analisis Data

3.7.1 Teknik Ngolah Data

Teknik ngolah data digunakeun pikeun maluruh jawaban tina pasualan anu kapanggih dina panalungtikan. Data hasil pretés jeung hasil postés diolah deui sangkan kapaluruh bédana antara hasil pretés jeung postés. Sajaba ti éta, hasil tina kuisionér atawa angkét digunakeun pikeun ngadeudeul sarta ngalengkepan pamadegan anu bisa némbongkeun bener atawa heunteuna hipotésis anu geus dirarancang dina awal panalungtikan.

3.7.1.1 Ngolah Data Tés

Ngolah data tés dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu dihandap. 1) Mariksa hasil tés awal jeung tés ahir siswa

2) Méré peunteun hasil tés awal jeung tés ahir siswa. Mére peunteun ngagunakeun rumus:

P= ∑

∑ Katerangan:

P = peunteun

Ʃ Skor siswa = jumlah peunteun siswa


(20)

33

Peunteun anu dianggap mampuh ngaregepkeun dongéng nya éta minimal sarua jeung Kriteria Katuntasan Minimal (KKM) pelajaran basa Sunda kelas VII SMPN 2 Kasokandel, nya éta 70.

Kategori:

Peunteun 70-100, siswa dianggap mampuh ngaregepkeun dongéng. Peunteun <69, siswa dianggap can mampuh ngaregepkeun dongéng.

3) Tabulasi data nya éta ngasupkeun atawa ngaklasifikasikeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana ieu tabél di handap, kalawan disusun dumasar kana daftar absén siswa.

Tabél 3.2

ANALISIS DATA TÉS

KAMAMPUH AWAL (PRETÉS) JEUNG KAMAPUH AHIR (POSTÉS) NGAREGEPKEUN DONGÉNG SISWA KELAS VII-C SMPN 2

KASOKANDEL MAJALENGKA

No.

Siswa Kamampuh Awal (Pretés) Kamapuh Ahir (Postés)

Ʃ

̃

3.7.2 Nguji Sipat Data

Data meunang ngolah diuji sipatna ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.

3.7.2.1 Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu miboga fungsi pikeun mikanyaho normal henteuna data populasi anu digunakeun dina panalungtikan. Uji normalitas


(21)

34

miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh mibanda distribusi anu normal. Hal ieu diperlukeun salaku sasrat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata. Dina ieu panalungtikan, pikeun nguji normalitas

ngagunakeun rumus Chi kuadrat (x2), léngkah-léngkahna nya éta: 1) nyieun tabél frekuensi niléy hasil pretés jeung niléy postés kalayan

ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.3

Frékuensi Peunteun Pretés jeung Postés

No. Peunteun (x) fi f.x fi2 fi xi2

1 2 3

Ʃ

2) ngitung rata-rata (mean) niléy hasil pretés jeung niléy postés kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap:

̌ = Katerangan:

̃ = rata-rata (mean)

Ʃ fi = jumlah data

Ʃ xi = nilai tengah

(Sudjana, 1992:70) 3) ngitung standar deviasi, kalawan rumus:

√ ∑ (∑ )


(22)

35

a. nangtukeun niléy panggedéna jeung pangleutikna b. ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap:

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna

c. nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus: k = 1 + 3,3 log N

d. nangtukeun panjang kelas interval, kalwan rumus: P =

e. nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) f. nangtukeun batas kelas interval (bk)

g. ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

Z = ̃

h. nangtukeun Ztabel

i. ngitung lega kelas interval (L) L = Z1 – Z2

j. ngitung frékuénsi ékspéktasi, kalawan rumus: Ei = n x L

k. nangtukeun niléy X2 (chi kuadrat), kalawan rumus:

X2=

Ei Ei Oi )2 (


(23)

36

Tabél 3.4

Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pretés jeung Postés

Interval Oi BK

Handap

BK

Luhur Z1 Z2 L E1 X

2

Ʃ

m. nangtukeun darajat kabébasan (dk) Dk = k – 3

n. nangtukeun harga X2tabel kalawan tingkat kepercayaan 99%

o. nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap: (a) Saupama X2itung < X2tabel, hartina data atawa populasi

distribusina normal.

(b)Saupama X2itung > X2tabel, hartina data atawa populasi distribusina teu normal.

Sanggeus dipigawé uji normalitas, tur data anu dihasilkun normal, kagiatan anu satuluyna nya éta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik anu luyu.

3.7.2.2 Uji Homogénitas

Uji Homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén heunteuna variasi sampel tina populasi anu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

1) ngitung variasi (S2)unggal kelompok, kalawan rumus: Variasi pretés

S1 =

Ʃ


(24)

37

F =

3) ngitung derajat kabébasan (dk), kalawan rumus: Dk = n – 1

4) nangtukeun harga Ftabél

5) nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap: a) lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén;

b) lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 1992:250)

3.7.3 Ningkatna Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Word Square

Pikeun nangtukeun naha aya ningkatna antara hasil pretés jeung hasil

postés dilaksanakeun uji gain. Hasil tina uji gain dipaké minangka gambaran ngeunaan éféktivitas modél pangajaran Word Square dina pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel taun ajaran 2012/2013. Pikeun nangtukeun uji gain ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.5 Uji Gain

No. Siswa

Peunteun Pretés Peunteun Postés D d2

Ʃ

̃

Tina tabél di luhur bakal katitén aya paningkatan kamampuh ngaregepkeun dongéng saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Modél Word Square.


(25)

38

3.7.4 Uji Béda Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Word Square

Pikeun nguji béda kamampuh ngaregepkeun dongéng saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Modél Word Square naha signifikan atawa henteu dilaksanakeun uji hipotésis. Hasil tina uji hipotésis dipaké minangka gambaran ngeunaan éféktivitas modél pangajaran Word Square dina pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel taun ajaran 2012/2013.

a. Pikeun nangtukeun uji hipotésis léngkah-léngkahna nya éta:

1) ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir kalawan rumus:

Md =

2) ngitung darajat kabénasan (dk) kalawan rumus: Dk = n – 1

3) ngitung jumlah kuadrat deviasi, kalawan rumus:

d = -

4) ngitung t, rumusna nya éta:

t =

Katerangan:

t = tés signifikansi


(26)

39

d = jumlah kuadrat deviasi

= jumlah subyék dina sampel

b. Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta: a) Saupama titung > ttabél hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis

nol (H0) ditolak, hartina modél pangajaran Word Square éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel.

b) Saupama titung < ttabél hartina hipotésis nol (H0) ditarima jeung hipotésis

kerja (Ha) ditolak, hartina modél pangajaran Word Square teu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel.


(27)

40

Daftar Pustaka Sementara

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Fathoni, A. 2006. Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: PT Rineka Cipta.


(28)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV aya sababaraha hal anu bisa di cindekeun.

1) Kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII saméméh pangajaran ngaregepkeun ngagunakeun Modél Word Square nya éta acan mampuh kalawan skor rata-rata 53. Sedeungkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel sanggeus pangajaran ngaregepkeun dongéng ngagunakeun Modél Word Square nya éta geus mampuh kalawan skor rata-rata 81.

2) Aya béda anu signifikan antara kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Modél Word Square , hal ieu bisa katitén tina uji gain nya éta 28,66.

3) Uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél, nya éta 12,68 > 2,29 bisa

dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0)

ditolak. Hal ieu nuduhkeun yén Modél Word Square éféktif dipake pikeun ngaronjtkeun ngaregepkeun dongéng ka siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel.

4) Dumasar kana jumlah siswa anu mampuh jeung teu mampuh nya éta pretés anu mampuh 6 siswa jeung anu can mampuh 24 siswa, ari postés anu mampuh 27 siswa jeung anu can mampuh 3 siswa.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sababaraha rékoméndasi pikeun lajuning laku panalungtikan Modél Word Square dina pangajaran ngaregepkeun dongéng kahareupna.


(29)

57

1) Modél Word Square anu geus kabukti éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregep dongéng. Ku kituna, Modél Word Square bisa dijadikeun alternatif pikeun pangajaran ngaregepkeun, hususna ngaregepkeun dongéng.

2) Dina pangajaran ngaregepkeun ngagunakeun Modél Word Square, diusahakeun guru kudu taliti dina nangtukeun kecap-kecap anu teu dipikaharti ku murid tur dijieun dina wangun Word Square.

3) Perlu diayakeun deui panalungtik anu ambahanana leuwih lega lain ngan saukur di tingkat SMP, sangkan meunang kacindekan anu leuwih jembar sarta bisa digunakeun di sakabéh tingkatan sakola.


(30)

DAPTAR PUSTAKA

Aminnudin, 2008. Pengantar Apresiasi Sastra. Bandung: sinar Baru Algesindo. Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: PT Rineka Cipta

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan.

Fathoni, A. 2006. Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Haerudin, Dingding. 2008. Tiori Ngaregepkeun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Iskandarwassid, dkk. 2009. Modél-modél Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Koswara, Dedi. 2009. Racikan Sastra (Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra

Sunda). Bandung: Dosen Jurusan Pen. Bahasa Daerah & PGSD UPI.

Rahman. 2007. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alaprint Jatinangor.

Ruhaliah. 2002. Diktat Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudaryat , Y. 1991. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. Spk, 2007. Makaya Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press.


(31)

59

Tarigan, H. Guntur. 1986. Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Sumber Skripsi:

Nurhidayah, Neti. 2012. Penggunaan Metode Word Square dalam Pemerolehan Kosakata Bahasa Prancis. Skripsi FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan. Safarani, Fitri. 2010. Efektivitas Metode Word Square Dalam Penguasaan

Kosakata Verba Bahasa Jepang. Skripsi FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Wurianingrum, Tri. 2007. Meningkatkan Hasil Belajar Siswa Melalui Metode

Observasi Yang Divariasikan Dengan LKS Word Square. Skripsi FPMIPA

UNS Semarang. Tidak diterbitkan.

Sumber Internét:

___________.(_______). Judul.[online]. Tersedia:

http://www.merriamwebster.com/dictionary/word%20square,. [26 Juni 2013]

__________.(_______). Judul. [online]. Tersedia:

http://puzzles.about.com/library/weekly/aa030528.htm. [26 Juni 2013]

Collins. (2003). Judul. [online]. Tersedia:

http://www.thefreedictionary.com/word+square. Collins English

Dictionary – Complite and Unabriged © HarperCollins Publishers 1991, 1994, 1998, 2000, 2003 [26 Juni 2013]

Harcourt, H.M (2010). Word Square. [online]. Tersedia:

http://www.yourdictionary.com/word-square Webster’s New World


(32)

60

Leanguage, 4th edition Copyright © 2010 by Houghton Mifflin Harcourt Publishing Company. Published by Houghton Mifflin Harcourt Publishing Company. All rights reserved. [26 Juni 2013]

Mifflin. (2009). Judul. [online]. Tersedia:

http://www.thefreedictionary.com /word+square.2003 The American Heritage® Dictionary of the English Language, Fourth Edition copyright © 2000 by Houghton Mifflin Company. Updated in 2009. Published by Hougthon Mifflin Company. All rights reserved. [26 Juni 2013]

Willey, Jhon & Sons. (2010). Word square. [online]. Tersedia:

http://www.yourdictionary.com/word-squareWebster’s New World College

Dictionary.[Copyright © 2010 by Willey Publishing, inc., Cleveland, Ohio. Used by arrangement with Jhon Willey & Sons, Inc. [26 Juni 2013]


(1)

40

Daftar Pustaka Sementara

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Fathoni, A. 2006. Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: PT Rineka Cipta.


(2)

56

Muhammad Naoval, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV aya sababaraha hal anu bisa di cindekeun.

1) Kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII saméméh pangajaran ngaregepkeun ngagunakeun Modél Word Square nya éta acan mampuh kalawan skor rata-rata 53. Sedeungkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel sanggeus pangajaran ngaregepkeun dongéng ngagunakeun Modél Word Square nya éta geus mampuh kalawan skor rata-rata 81.

2) Aya béda anu signifikan antara kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel Taun Ajaran 2012/2013 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Modél Word Square , hal ieu bisa katitén tina uji gain nya éta 28,66.

3) Uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél, nya éta 12,68 > 2,29 bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hal ieu nuduhkeun yén Modél Word Square éféktif dipake pikeun ngaronjtkeun ngaregepkeun dongéng ka siswa kelas VII-C SMPN 2 Kasokandel.

4) Dumasar kana jumlah siswa anu mampuh jeung teu mampuh nya éta pretés anu mampuh 6 siswa jeung anu can mampuh 24 siswa, ari postés anu mampuh 27 siswa jeung anu can mampuh 3 siswa.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sababaraha rékoméndasi pikeun lajuning laku panalungtikan Modél Word Square dina pangajaran ngaregepkeun dongéng kahareupna.


(3)

57

1) Modél Word Square anu geus kabukti éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregep dongéng. Ku kituna, Modél Word Square bisa dijadikeun alternatif pikeun pangajaran ngaregepkeun, hususna ngaregepkeun dongéng.

2) Dina pangajaran ngaregepkeun ngagunakeun Modél Word Square, diusahakeun guru kudu taliti dina nangtukeun kecap-kecap anu teu dipikaharti ku murid tur dijieun dina wangun Word Square.

3) Perlu diayakeun deui panalungtik anu ambahanana leuwih lega lain ngan saukur di tingkat SMP, sangkan meunang kacindekan anu leuwih jembar sarta bisa digunakeun di sakabéh tingkatan sakola.


(4)

58 Muhammad Naoval, 2013

DAPTAR PUSTAKA

Aminnudin, 2008. Pengantar Apresiasi Sastra. Bandung: sinar Baru Algesindo. Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: PT Rineka Cipta

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan.

Fathoni, A. 2006. Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Haerudin, Dingding. 2008. Tiori Ngaregepkeun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Iskandarwassid, dkk. 2009. Modél-modél Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Koswara, Dedi. 2009. Racikan Sastra (Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra

Sunda). Bandung: Dosen Jurusan Pen. Bahasa Daerah & PGSD UPI.

Rahman. 2007. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alaprint Jatinangor.

Ruhaliah. 2002. Diktat Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudaryat , Y. 1991. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. Spk, 2007. Makaya Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press.


(5)

59

Tarigan, H. Guntur. 1986. Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Sumber Skripsi:

Nurhidayah, Neti. 2012. Penggunaan Metode Word Square dalam Pemerolehan Kosakata Bahasa Prancis. Skripsi FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan. Safarani, Fitri. 2010. Efektivitas Metode Word Square Dalam Penguasaan

Kosakata Verba Bahasa Jepang. Skripsi FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Wurianingrum, Tri. 2007. Meningkatkan Hasil Belajar Siswa Melalui Metode

Observasi Yang Divariasikan Dengan LKS Word Square. Skripsi FPMIPA

UNS Semarang. Tidak diterbitkan.

Sumber Internét:

___________.(_______). Judul.[online]. Tersedia:

http://www.merriamwebster.com/dictionary/word%20square,. [26 Juni 2013]

__________.(_______). Judul. [online]. Tersedia:

http://puzzles.about.com/library/weekly/aa030528.htm. [26 Juni 2013] Collins. (2003). Judul. [online]. Tersedia:

http://www.thefreedictionary.com/word+square. Collins English

Dictionary – Complite and Unabriged © HarperCollins Publishers 1991, 1994, 1998, 2000, 2003 [26 Juni 2013]

Harcourt, H.M (2010). Word Square. [online]. Tersedia:

http://www.yourdictionary.com/word-square Webster’s New World


(6)

Muhammad Naoval, 2013

Leanguage, 4th edition Copyright © 2010 by Houghton Mifflin Harcourt Publishing Company. Published by Houghton Mifflin Harcourt Publishing Company. All rights reserved. [26 Juni 2013]

Mifflin. (2009). Judul. [online]. Tersedia:

http://www.thefreedictionary.com /word+square.2003 The American Heritage® Dictionary of the English Language, Fourth Edition copyright © 2000 by Houghton Mifflin Company. Updated in 2009. Published by Hougthon Mifflin Company. All rights reserved. [26 Juni 2013]

Willey, Jhon & Sons. (2010). Word square. [online]. Tersedia:

http://www.yourdictionary.com/word-squareWebster’s New World College

Dictionary.[Copyright © 2010 by Willey Publishing, inc., Cleveland, Ohio. Used by arrangement with Jhon Willey & Sons, Inc. [26 Juni 2013]