Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1

BAB I BUBUKA

Dina ieu bab dipedar ngeunaan: 1 kasang tukang masalah, 2 watesan jeung rumusan masalah, 3 tujuan panalungtikan, 4 mangpaat panalungtikan, jeung 5 raraga tulisan.

1.1. Kasang Tukang Masalah

Dina sapanjang kahirupan, manusa moal bisa leupas tina prosés diajar, prosés diajar bisa lumangsung dimana waé tur iraha waé teu kawatesanan ku tempat jeung waktu. Prosés diajar mangrupa prosés balukar ayana interaksi antara hiji jalma jeung lingkunganana. Kitu ogé dina prosés diajar anu dilaksanakeun di sakola, éta prosés téh miboga tujuan pikeun ngarahkeun parobahan anu aya dina diri siswa boh dina aspék pangaweruhna, katerampilanna boh dina aspék sikepna. Nilik kana kaayaan kiwari yén ku ayana kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi, hususna dina dunya atikan, guru salaku pendidik diperedih pikeun ngamangpaatkeun parobahan-parobahan anu geus aya pikeun jadi modal penting dina kagiatan diajar-ngajar sangkan naon anu jadi tujuan pangajaran bisa kahontal kalawan maksimal. Salah sahiji carana nya éta guru kudu bisa milih, ngamangpaatkeun sarta nyiptakeun média pangajaran anu luyu. Salian ti bisa ngaéféktifkeun jeung mantuan guru dina nepikeun pangajaran, média pangajaran ogé bisa leuwih ngirut panitén siswa sangkan daék diajar. Média pangajaran nya éta naon-naon nu bisa dipaké pikeun nyalurkeun pesen ti nu ngirim ka nu narima, nepi ka bisa ngarangsang pikiran, perasaan, panitén, jeung karep siswa sangkan kagiatan diajar bisa lumangsung Sadiman, spk. 2011, kc. 7. Média pangajaran jeung métode pangajaran mangrupa dua hal penting anu kudu diperhatikeun ku guru dina waktu kagiatan diajar-ngajar. Éta dua hal téh raket patalina, misalna waé dina milih jeung nangtukeun jenis média pangajaran tangtu kudu luyu kana métode pangajaran nu digunakeun. Ku kituna, milih jeung 2 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nangtukeun média pangajaaran anu luyu jeung métode pangajaran penting pisan dilakukeun, ku sabab éta hal bakal mangaruhan kana ngaronjat henteuna kualitas pangajaran. Aya tilu komponén poko anu kudu diperhatikeun dina prosés komunikasi, di antarana panyatur, pamiarsa jeung pesen anu rék ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa. Kitu ogé dina kagiatan diajar-ngajar, prosés diajar kaasup kana prosés komunikasi anu ngalibetkeun tilu komponén poko, nya éta guru panyatur, siswa pamiarsa, jeung matéri pangajaran pesen anu rék ditepikeun ku guru ka siswa. Dina prosés komunikasi tangtu moal salawasna bisa lumangsung kalawan optimal, hartina pesen anu ditepikeun ku panyatur moal salawasna bisa katarima ku pamiarsana, aya sawatara faktor anu mangaruhanana, di antarana kaayaan lingkungan anu kurang kondusif ngabalukarkeun pamiarsa hésé nyangkem eusi pesen anu ditepikeun ku panyatur. Matak sok teu ahéng saupama dina kagiatan diajar-ngajar sok aya waé siswa anu masih kénéh teu ngarti kana eusi matéri anu ditepikeun ku guru. Pikeun ngungkulan pasualan di luhur, guru salaku pendidik dipiharep bisa nyusun stratégi kalawan ngamangpaatkeun média-média pangajaran nu geus aya. Tapi, dina kanyataan di lapangan, lian ti loba guru anu teu bisa ngawasa, ngamangpaatkeun jeung nyiptakeun média pangajaran, alat-alat téknologi anu aya di sakola-sakola ogé masih kénéh kawatesanan. Pikeun jadi tarékah sangkan kagiatan ngajar bisa lumangsung kalawan éféktif jeung éfisién, média pangajaran ogé loba jenisna, di antarana nya éta média audio-visual. Média audio-visual mangrupa hiji alatmédia anu eusi pesenna bisa ditarima ngaliwatan indra paninggal jeung indra pangdéngé. Média audio-visual biasana sok dipaké dina acara présentasi, seminar, perkuliahan, jsb. Aya opat kaparigelan dina ngagunakeun basa, di antarana ngaregepkeun nyarita, maca, jeung nulis. Éta opat kaparigelan téh raket patalina tur silih lengkepan. 3 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ngaregepkeun kaasup salah sahiji kaparigelan basa anu kacida pentingna lian ti tilu kaparigelan basa lianna. Nurutkeun Danadibrata 2006, kc. 574, ngaregepkeun téh asalna tina kecap regep anu hartina ngadéngé omongan batur bari dihartikeun. Ngaregepkeun nya éta hiji prosés kagiatan ngadéngékeun lambang- lambang lisan ku cara museurkeun panitén, maham, aprésiasi, sarta interpretasi pikeun nyangking informasi, nyangkem eusi atawa pesen, sart a maham ma’na komunikasi nu geus ditepikeun ku panyatur ngaliwatan basa lisan Tarigan, 1986, kc.31. Ngaregepkeun mangrupa kagiatan komunikasi dua arah sacara langsung, sarta miboga sifat reseptif narima, nya éta narima informasi tina kagiatan nyarita. Ku cara ngaregepkeun, urang bisa nyangkem informasi anu can kungsi dipikanyaho di antarana ngaliwatan TV, radio, atawa langsung ti nara sumberna saupama dina kagiatan seminar atawa kagiatan perkuliahan. Ku kituna, kagiatan ngaregepkeun téh mangrupa kagiatan anu kalintang pentingna, boh dina kagiatan sapopoé boh dina dina kagiatan diajar-ngajar. Aya sababaraha fakta dilapangan anu kapanggih, yén pangajaran ngaregepkeun téh dianggap pangajaran anu pikaboseneun, di antarana métode ngajar nu dipaké ku guru dina prosés diajar kurang variatif anu ngabalukarkeun siswa hésé maham kana pangajaran, lian ti éta, alat-alat téknologi anu kiwari masih kénéh kawatesanan di sakola-sakola, contona waé dina pangajaran ngaregepkeun dongéng, biasana éta dongéng téh dibacakeundidongéngkeun ku guruna tuluy didéngékeun ku siswana, atawa guruna anu nitah salah saurang siswa pikeun macakeun dongéng di hareupeun kelas, tuluy didéngékeun ku siswa lianna. Métode anu saperti kitu téh kurang éféktif pikeun ngirut karep siswa kana pangajaran ngaregepkeun dongéng. Ku kituna, pikeun ngungkulan éta pasualan, diperlukeun ayana média pangajaran anu bisa ngarojong kana pangajaran ngaregepkeun dongéng, salah sahiji média pangajaran anu bisa dipaké nya éta média audio-visual. 4 Winda Nur Pradilah, 2014 Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Aya sawatara kaonjoyan dina ngagunakeun média audio-visual nya éta bisa leuwih ngaronjatkeun daya inget siswa kana naon nu keur diregepkeunana, béda jeung ngaregepkeun dongéng maké média audiona wungkul. Lian ti éta, ngagunakeun média audio-visual ogé bisa mantuan guru anu teu bisa nepikeun pangajaran ngaregepkeun dongéng kalawan maksimal. Ku kituna, média audio- visual bisa dijadikeun alternatif média dina pangajaran ngaregepkeun dongéng sangkan naon anu jadi tujuan dina pangajaran ngaregepkeun bisa kahontal. Ku sabab pangajaran ngaregepkeun dongéng dina ngagunakeun audio-visual mangrupa média pangajaran anu kalintang pentingna, ieu skripsi dijudulan “Média Audio-Visual dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013201 4”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah