Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Masarakat Kampung Naga lolobana jadi tukang tani jeung buruh di lahana masing-masing, anu gedena teu kawilang gede. Kusabab hasil tatanén kurang
nyukupan, masarakat Kampung Naga nyiar pakasaban anu lianna saluareun tatanén. Saperti, jadi tukang karajinan anyaman tina awi, karajinan rumah tangga,
jeung industri leutik sejenna. Hampir unggal pakasabanana ngokolakeun hasil alamna. Ku pakasaban saayana saperti anu ditétélakeun saméméhna, naha warga
masarakat Kampung Naga bisa hirup rahaja jeung ngarasa kacukupan atawa masih kénéh kakurangan.
Ku ayana sistem jeung konsép hirup anu béda antara masarakat modern saperti umumna jeung masarakat kampung adat saperti di Kampung Naga ku
kituna, perlu panalungtikan anu fokusna kana kaarifan budaya lokal di Masarakat Kampung Naga, hususna dina sitem pakasaban masarakat Kampung Naga. Ku
ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga anu raket jeung adat budayana.
1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Watesan Masalah
Dumasar kana kasang tukang nu geus diébréhkeun di luhur, sangkan bisa leuwih museur jeung puguh jujutanana, tur tangtu teu lega teuing ambahanana, ieu
panalungtikan diwatesan museur kana perkara sistem pakasaban anu diwariskeun sacara turun tumurun di masarakat Kampung Naga.
1.2.2. Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap:
a. Kumaha kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga?
b. Kumaha sistem pakasaban masarakat Kampung Naga?
c. Kumaha prosés ngawariskeun ajén-ajén atikan sistem pakasaban di masarakat
Kampung Naga? d.
Ajén-ajén lokal naon waé anu aya di Kampung Naga?
Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
e. Ajén-ajén lokal naon waé anu bisa dijadikeun landasan Sosial Budaya
Pendidikan Nasional?
1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nyaeta pikeun numuwuhkeun rasa reueus kana titinggal budaya karuhun hususna jeung maluruh katut meunangkeun konsép
hirup nu luyu jeung hadé ku cara neuleuman gaya hirupna masarakat Kampung Naga anu katelah harmonis jeung lingkungan alamna, utamana ngeunaan sistem
pakasaban atawa ekonomi masarakat Kampung Naga.
1.3.2. Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun: a.
Ngadéskripsikeun kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga. b.
Ngadéskripsikeun sistem pakasaban masarakat Kampung Naga. c.
Ngadéskripsikeun prosés ngawariskeun ajén-ajén atikan sistem pakasaban di masarakat Kampung Naga.
d. Ngadéskripsikeun ajén-ajén lokal anu aya di Kampung Naga.
e. Ngadéskripsikeun ajén-ajén lokal anu bisa dijadikeun landasan Sosial Budaya
Pendidikan Nasional
1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1.
Mangpaat Teoritis
Mudah-mudahan ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa leuwih ngeuyeuban jeung leuwih ngagambarkeun sacara jéntré ngeunaan tiori
kabudayaan, katut unsur-unsur kabudayaanana, hususna ngeunaan sistem pakasaban masarakat di Kampung Naga.
1.4.2. Mangpaat Praktis
Salian ti mangpaat teoritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis nyaéta mangpaat anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, saperti
Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
pikeun panalungtik sorangan, siswa atawa mahasiswa, guru, sarta bisa jadi bahan bacaan pikeun khalayak umum nu boga kapentingan kana ieu panalungtikan.
a. SiswaMahasiswa:
1 bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa jurusan Budaya dina
nyusun pancén ngeunaan sistem pakasaban; 2
bahan bacaan pikeun mahasiswa jurusan Sajarah, utamana ngeunaan sajarah Sunda;
3 bahan bacaan pikeun mahasiswa jurusan Antropologi dina nyieun
makalah atawa pancén ngeunaan unsur budaya. b.
Guru: 1
pikeun bahan ajar budaya di sakola. c.
Panalungtikpanulis: 1
nambah pangaweruh ngeunaan unsur-unsur budaya, hususna sistem pakasaban;
2 tafakur diri minangka makhluk Allah téh lain sakur nyiar dunyana
hungkul tapi jeung ngariksa ciciptaanana kaasup ibadahna. d.
Umum: 1
bisa ngamotivasi masarakat sunda hususna sangkan ngamumulé jeung ngajaga ajén-ajén kaarifan budaya lokal.
2 méré gambaran ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga
anu bisa dijadikeun pieunteungeun kana ngaraksa ngariksa kaarifan budaya lokalna.
3 méré kasadaran kana pentingna budaya anu dipimilik ku unggal sélér-
sumélér bangsa anu mangrupa titinggal karuhun urang.
1.5. Sistematika Tulisan