Babasan nu sangaran jeung saharti Babasan nu ampir sangaran jeung saharti Aya oge babasan nu beda wangun tapi ampir sarua hartina.

C. Babasan dina Basa Jawa

Dina basa Jawa oge aya nu disebut babasan. Meh sarua jeung basa Sunda ngan beda aksara vokal anu kadua wungkul. Dina basa Jawa disebutna bebasan. Bebasan yaiku loro sing didadekane siji digunakake dadi siji lan duweni teges sing ora samistine. Lamun diSundakeun maha, babasan nyaeta dua kecap anu dijadikeun hiji sarta mibanda harti nu teu sabenerna. Ieu di handap babasan basa Jawa nu bisa dikumpulkeun ku panyusun. 1. adigung adiguna 2. dhadha manuk 3. ayem tengtrem 4. kurung bathok 5. malik pikire 6. panas atine 7. lancip cangkeme 8. manis ulate 9. cukeng wrengkeng 10. manis daging 11. enteng tangane 12. dawa tengene

B. Babandingan antara Babasan Basa Jawa jeung Basa Sunda

Sabada ngumpulkeun sababaraha conto babasan ti dua basa, kapanggih aya sababaraha siki babasan sarua pisan jeung aya oge nu meh sarua sarta aya nu teu sarua. Sarua di dieu maksudna dina wangunna. Hartina mah loba nu sarua.

1. Babasan nu sangaran jeung saharti

a. adigung adiguna BJ: Upama wis dadi wong mengkone aja nganti duweni sipat adigung adiguna arang sapapada. BS: Upama geus gede ulah boga sipat adigung adiguna ka papada sasama. b. Ayem tengtrem BJ: Negara Indonesia iku negara kang ayem tengtrem. BS: Nagara Indonesia teh nagara anu ayem tengtrem. c. Kurung batok BJ: Bapa iki wong kang kurung bathok dadi nganti saiki ya durung weruh Jakarta. BS: Bapa jalmana kurung batok nepika ayeuna teu acan terang kota Jakarta.

13. Babasan nu ampir sangaran jeung saharti

a. harigu manukeun jeung dhadha manuk Hartina : dadana nonjol ka hareup. BJ: Wong kang duwe dhadha manuk mesti bakal ora kuwat mlayu. BS: Jalma nu harigu manukeun biasana tara kuat lumpat. b. amis daging jeung manis daging Hartina: jalma nu gampang katerap panyakit. BJ: Bocah yen awit cilik kurang gizi mesti bakal manis daging. BS: Budak nu ti leuleutik kurang gizi bakal amis daging. c. hampang leungeun jeung enteng tangane Hartina: jalma nu sok tunggal- teunggeul. BJ: Dadi wong tuwa iku aja entheng tangane marang anak. BS: Jadi kolot teh ulah sok hampang leungeun ka budak. d. panjang leungeun jeung dawa tangane Hartina: jalma nu sok pulang paling BJ: Wong kang dawa tangane bakal ngrugekake wong liya. BS: Jalma nu panjang leungeun pasti ngarugikeun jalma sejen.

3. Aya oge babasan nu beda wangun tapi ampir sarua hartina.

Basa Sunda Basa Jawa 1. dug hulu pet nyawa adus kringet 2. getas harupateun panas atine 3. nyoo gado lancip cangkeme 4. balungbang timur manis ulate 5. buntut kasiran cukeng wrengkeng E. Conto BAB III PANUTUP LEMBAR PERBAIKAN PENGAYAAN NGOREKSI KARYA TULIS Karya tulis ilmiah nu disusun ku kelompok hidep, aya kamungkinan henteu lengkep atawa aya keneh kakuranganana. Upamana bae salah nuliskeun kecap-kecapna, salahkaliru ngalarapkeun tanda bacana, susunan BAB III PANUTUP A. KACINDEKAN Sabada diayakeun analisis kana babasan basa Sunda jeung basa Jawa, dibantun kacindekan : 1. Lian ti dina basa Sunda, dina basa Jawa oge aya istilah babasan bebasan. 2. Antara babasan dina basa Sunda jeung basa Jawa aya nu wangun jeung hartina sarua, aya nu wangunna beda hartina ampir sarua. Tina 12 conto babasan, 3 babasan nu sarua wangun jeung hartina; 4 babasan nu wangunna ampir sarua tapi hartina sarua; jeung 5 nu wangunna beda tapi hartina ampir sarua.

B. SARAN