Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Manusa  salaku  mahluk  sosial  jeung  mahluk  individu  salawasna  ngayakeun interaksi  enggoning campur gaul  di  masarakat.  Interaksi  nu lumangsung  téh bisa
antara individu jeung individu, antara individu jeung kelompok, atawa kelompok jeung kelompok.
Prosés  interaksi  hakékatna  mah  mangrupa  prosés  komunikasi.  Makéna  basa mangrupa kagiatan tumuluy anu dilakukeun ku manusa unggal waktu. Maké basa
dina  komunikasi  lain  kagiatan  anu  hésé,  unggal  manusa  mampuh  maké  basa pikeun  alat  komunikasi.  Ari  komunikasi  dina  enas-enasna  mah  nepikeun  amanat
ka nu lian maké basa. Ku kituna, basa minangka alat komunikasi anu dipaké dina rupa-rupa fungsi jeung naon anu hayang ditepikeun ku panyatur. Sangkan amanat
nepi ka pamiarsa luyu jeung pamaksudan panyatur sarta teu matak pasalia paham, basa nu dipaké kudu bener tur merenah. Basa anu bener nya éta basa anu dipakéna
kukuh  kana  aturan  atawa  kaédah  basa.  Ari  basa  anu  merenah  nya  éta  basa  anu keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna.
Basa  nya  éta  sistem  lambang  omongan  anu  dihasilkeun  ku  pakakas  ucap manusa  kalawan  puguh  éntép  seureuhna  sistematis  tur  ragem  konvénsional
antar anggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi Sudaryat, 2004, kc. 6.
Basa  mibanda  adegan  jeung  cara  makéna.  Adegan  basa  dipatalikeun  kana makéna  basa,  boh  lisan  nyarita  jeung  ngaregepkeun  boh  tulisan  nulis  jeung
maca,  ku  kaédah  husus  anu  disebut  pragmatik  Sudaryat  spk.,  2011,  kc.  10. Pragmatik  mangrupa  dahan  linguistik  anu  maluruh  ngeunaan  kumaha  basa
digunakeun dina komunikasi ogé salaku ulikan ngeunaan ma’na dina hubungana
jeung situasi-situasi ucapan atawa omongan speech situation Leech dina Nadar, 2009, kc. 5.
2
Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Kaédah  pragmatik  dipaké  geusan  nangtukeun  luyu  henteuna  adegan  basa jeung  makéna  basa  dina  hiji  kontéks  situasi,  nangtukeun  bener  jeung  merenah
henteuna  komunikasi  basa.  Pragmatik  ngalibetkeun  unsur  basa  pangjembarna  nu disebut  wacana.  Ku  kituna,  sistem  basa  ogé  ngawengku  pragmatik  atawa  tata
wacana Sudaryat spk., 2011, kc. 10. Dumasar wanda kalimah dina wacana, aya opat rupa kalimah atawa omongan
dina wacana, nya éta kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah  asértif.  Sangkan  leuwih  museur  ieu  panalungtikan  ngeunaan  kalimah
impositif  dina  wacana.  Kalimah  impositif  nya  éta  kalimah  anu  fungsina  pikeun ngedalkeun paréntah Sudaryat spk., 2011, kc. 291.
Mekarna basa hususna basa Sunda tumuwuh saluyu jeung mekarna kahirupan kabudayaan  masarakatna.  Mekarna  basa  Sunda  ébréh  pangpangna  tina  kandaga
kecapna.  Jaba  tina  kandaga  kecapna,  mekar  jeung  robahna  basa  Sunda  jeung adegan  basana  gumantung  panyaturna  Sudaryat  spk.,  2011,  kc.  7.  Kalimah
dipaké  pikeun  alat  komunikasi,  pikeun  ngébréhkeun  naon-naon  anu  aya  dina pikiran  atawa  rasa.  Ku  lantaran  kitu,  kalimah  téh  ngandung  naon-naon  anu
ditétélakeun,  diébréhkeun,  dituduhkeun,  jeung  dipikahayang  ku  panyaturna sangkan  aya  réspon  ti  pamiarsa.  Ku  sabab  omongan  ti  panyatur  ka  pamiarsa
nangtukeun  pesen  anu  ditepikeun,  sangkan  jadi  amanat  tur  ayana  timbal  balik  ti pamiarsa ka panyatur.
Teu saeutik panyatur basa Sunda anu hésé maham kana maksud bacaan atawa omongan  nalika  komunikasi.  Ku  kituna,  ieu  panalungtikan  salasahiji  tarékah
ngungkulan  pasualan  di  lapangan  sarta  pikeun  nambahan  pangaweruh katatabasaan, ieu panalungtikan ngeunaan kalimah impositif paréntah dina novél
“Baruang  ka  nu  Ngarora”  anu  loba  ngawengku  kalimah  miharep  jeung ngawawadian,
anu kaasup kana salasahiji ma’na kalimah impositif. Panalungtikan anu patali jeung pragmatis kalimah impositif paréntah kungsi
dilaksanakeun saméméhna, di antarana waé, “ Kalimah Paréntah dina Kumpulan
Carita  Pondok  Djurig  Karangan  Tini  Kartini “  ku  N  Ati  Rahmawati,  2002.
“Adegan  Pragmatis  Kalimah  Paréntah  dina  Kumpulan  Carpon  Dukun  Lepus Karangan  Ahmad  Bakri”  ku  Aryani  Purbasari,  2008.  “Adegan  Pragmatis
3
Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Kalimah  Paréntah  dina  Karangan  Paguneman  Persuasif  Siswa  Kelas  X  SMA Pasundan  8  Bandung  Taun  Ajaran  20102011
”  ku Dian Cesar Maharani, 2011. “Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Drama Budah Si Narko Karya Dadan
Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP ” ku Septiadi Angga Yuda, 2012.
Panalungtikan  di  luhur  miboga  sasaruaan  nya  éta  medar  ngeunaan  ma ’na
jeung  adegan  kalimah  pragmatis.  Bédana  jeung  panalungtikan  anu  baris dilaksanakeun  nya  éta  ieu  panalungtikan  henteu  saukur  ngulik  adegan  jeung
ma’nana  wungkul,  tapi  ogé  jeung  maksim  kasopanan  dina  wacanaomongan sacara husus dina objék anu béda nya éta novél Baruang ka nu Ngarora.
Dumasar  masalah  di  luhur,  yén  panalungtikan  ngeunaan  kalimah  impositif anu  sacara  husus  can  kungsi  aya.  Ku  kituna,  ieu  panalungtikan  kalayan  judul
“Kalimah  Impositif  dina  Novél  Baruang  ka  nu  Ngarora  Karangan  D.K. Ardiwinata Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan”.
1.2 Rumusan Masalah