27
Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan
Data  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta  kalimah  impositif  nu  disusun  tina adegan,  ma’na,  jeung  maksim  kasopanan.  Data  kalimah  impositif  dicokot  tina
sumber data. Sumber  data  panalungtikan  mangrupa  subjék  ti  mana  data  dimeunangkeun.
Ieu  panalungtikan  digunakeun  ragam  basa  tulis  tina  karangan  sastra  minangka sumber datana. Sumber datana nya éta novél “Baruang ka nu Ngarora” karangan
D.K.  Ardiwinata.  Ari  datana  Sakabéh  klausa  atawa  kalimah  anu  ngandung kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora.
Novél  Baruang  ka  nu  Ngarora  mangrupa  novél  Sunda  anu  munggaran,  anu medal ti taun 1914, ayeuna dikaluarkeun ku Kiblat Buku Utama nu perenahna di
jalan Gumuruh Bandung. Ieu novél kandelna 107 kaca, jeung ukuranana 22 cm x 15 cm x 1 cm. Eusina aya salapan épisode.
Ieu  novél  nyaritakeun  ngeunaan  kahirupan  asmara  budak  ngora.  Kawinna Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén anu pada-pada geulis jeung kasép, kacida bagjana
pangantén  anyar,  tapi  éta  kabagjaan  teu  lila,  dilantaranan  ayana  gogoda  ti  Aom Usman  anu  bogoh  ka  Nyi  Rapiah.  Rasa  bogoh  Aom  Usman  ka  Nyi  Rapiah  anu
gedé nyababkeun rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah burantak nepi ka pipisahanana.  Ahirna  Nyi  Rapiah  jeung  Aom  Usman  kawin,  sanajan  kulawarga
Aom Usman henteu panuju lantaran nganggap status Nyi Rapiah henteu sapantar jeung kolotna Aom Usman anu golongan ménak.
3.3 Ngumpulkeun Data 3.3.1  Instrumén Ngumpulkeun Data
Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang jeung hasil anu hadé,
dina harti lengkep jeung sistematis  nepi  ka gampang diolah Arikunto, 2006, kc. 160.
28
Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Ieu  panalungtikan  ngagunakeun  kartu  data  salaku  alat  atawa  instrumén panalungtikan.  Eusi  dina  kartu  data  nya  éta  cutatan  data  kalimah  impositif  dina
novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, saterusna dibéré nomer jeung kodeu  anu aya disajeroeun tanda kurung .... nya éta nomer urut data anu
ngawengku  judul  novél,  kaca,  jeung  no  pada,  kalimah  impositif    nu  aya  dina novél.
KARTU DATA
Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu, BKNN65 Adegan
: Pola 1: Kal Imp S         J – C – K + In Fi: 222
Ma’na : Kal impositif nyarék
Maksim Kasopanan: Maksim kawijaksanaan Katerangan kartu data:
a Ari  satadina  maksud  kuring  montong  popoharaan  kitu  =  kalimah
impositif nu dicutat b
BKNN651 =  ID sumber cutatan
BKNN =  singgetan judul novél
6 =  kaca dina novél
5 =  nomer pada dina novél
c Analisis
= adegan, ma’na, maksim kasopanan
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik studi pustaka. Téhnik studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun informasi
dina  néangan  jeung  ngumpulkeun  data  anu  mangrupa  buku,  nya  éta  karya  sastra novél nu judulna Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.
Léngkah-léngkah  pikeun  ngumpulkeun  data  anu  dibutuhkeun,  dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di handap.
1 Maca  buku  anu  rék  ditalungtik,  nya  éta  novél  Baruang  ka  nu  Ngarora
karangan D.K. Ardiwinata. 2
Nyirian kalimah anu kaasup kana kalimah impositif.
29
Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3 Nyalin kalimah impositif kana kartu data.
4 Nyusun kartu data dumasar alfabétis.
5 Nalaah kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan.
6 Nyieun  papasingan  kalimah  dumasar  kana  adegan,  ma’na,  jeung  maksim
kasopanan kalimah impositif.
3.4 Analisis Data
Téhnik anu dipaké pikeun analisis data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis  unsur  sacara  langsung.  Téhnik  analisis  unsur  langsung  dipaké  lantaran
sumber data panalungtikan mangrupa data tinulis, udaganana pikeun ngolah data anu  patali  jeung  déskrips
i  adegan,  ma’na,  jeung  maksim  kasopanan  kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D. K. Ardiwinata.
Téhnik ngolah jeung nganalisis anu dipaké dina ieu panalungtikan ngaliwatan
sababaraha tahapan anu ditétélakeun di handap.
1 Mariksa deui sakabéh data kalimah impositif anu geus disusun sacara alfabétis.
2 Nangtukeun papasingan kalimah impositif.
3 Nganalisis data tina papasingan kalimah  impositif.
4 Ngitung persentase papasingan kalimah impositif.
5 Ngadéskripsikeun  kalimah  impositif  dumasar  adegan,  ma’na,  jeung  maksim
kasopanan dina kalimah basa Sunda. 6
Napsirkeun jeung nyindekkeun perkara adegan jeung ma’na kalimah impositif.
Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan