Rumusan Masalah Tujuan Panalungtikan

3 Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kalimah Paréntah dina Karangan Paguneman Persuasif Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 20102011 ” ku Dian Cesar Maharani, 2011. “Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Drama Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP ” ku Septiadi Angga Yuda, 2012. Panalungtikan di luhur miboga sasaruaan nya éta medar ngeunaan ma ’na jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun nya éta ieu panalungtikan henteu saukur ngulik adegan jeung ma’nana wungkul, tapi ogé jeung maksim kasopanan dina wacanaomongan sacara husus dina objék anu béda nya éta novél Baruang ka nu Ngarora. Dumasar masalah di luhur, yén panalungtikan ngeunaan kalimah impositif anu sacara husus can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan kalayan judul “Kalimah Impositif dina Novél Baruang ka nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan”.

1.2 Rumusan Masalah

Basa téh mangrupa alat komunikasi manusa. Dina maké basa dipangaruhan ku tata sora, tata kecap, tata kalimah, jeung tata wacana. Henteu saeutik panyatur basa Sunda anu masih kénéh mangmang dina maham maksud omongan ti panyatur dina wangun kalimah paréntah dumasar ma’na jeung kasopanan kalimah anu dipakéna. Ku kituna, ieu panalungtik leuwih museur kana kalimah impositif paréntah ditilik t ina adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan anu aya dina wacana. Kalimah impositif nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngedalkeun paréntah dumasar kana ma’na jeung adegan kalimahna dina omongan atawa wacana. Kalimah impositif mibanda adegan pragmatis nya éta wangunan nu ngéntép seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks omongan, sarta ngadumaniskeun adegan basa jeung nu makéna, éta adegan ngawujud pola-pola téknis. Dina kalimah impositif mibanda ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud paréntah anu dipatalikeun jeung kontéks situasi omongan anu jadi kasang tukangna. Jaba ti éta, dina kalimah impositif mibanda maksim kasopanan anu mangrupa tingkat kasopanan omonganwacana antara panyatur jeung pamiarsa dina maké basa. 4 Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan bisa dirumuskeun dina kalimah pananya di handap. a. Naon waé kalimah impositif anu kapanggih dina novél Baruang ka nu Ngarora? b. Kumaha adegan pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora? c. Kumaha ma’na pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora? d. Kumaha maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Sedengkeun sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun: a. kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora; b. adegan pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora; c. ma’na pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora; d. maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora.

1.4 Mangpaat Panalungtikan