Sistematika Tulisan Desain Panalungtikan

5 Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu b. Pikeun guru, ieu panalungtikan mangrupa bahan materi pikeun pangajaran kalimah. c. Pikeun nu maca, ieu panalungtikan mangrupa pangaweruh ngeunaan salasahiji wangun tatabasa Sunda nya éta kalimah impositif jadi leuwih jembar, sarta bisa ngalarapkeunana dina paguneman sapopoé nalika ngedalkeun kahayangna anu mangrupa kalimah paréntah pikeun jalma lian anu dilengkepan ku maksim kasopanan pikeun mikanyaho tingkat kasopanan wacanaomonganana.

1.5 Sistematika Tulisan

Raraga tulisan dina ieu panalungtikan ngawengku lima bab. Bab I mangrupa tahap bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan. Bab II mangrupa bab anu eusina ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tioritis panalungtikan. Tiori anu dipedar nya éta ngeunaan tiori kapragmatisan wacana, kalimah impositif, jeung maksim kasopanan. Bab III mangrupa bab anu eusina ngeunaan métode panalungtikan. Ieu bab mangrupa dadasarna pikeun nyusun bab IV, lantaran dina nyusun bab IV, kudu aya dadasar atawa strategi pikeun ngaréngsékeun pasualan anu aya dina ieu panalungtikan, dina bab III eusina ngeunaan desain panalungtikan, data jeung sumber data panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung analisis data hasil panalungtikan. Bab IV mangrupa bab anu inti dina ieu panalungtikan, lantaran dina ieu bab didéskripsikeun hasil panalungtikan jeung pedaranana. Dina ieu bab bakal dipedar sacara gembleng hasil tina ngolah atawa analisis data dina panalungtikan. Ku kituna, hasil jeung pedaran tina panalungtikan bakal katitén dina ieu bab. Bab V mangrupa bab anu eusina ngeunaan kacindekan tina sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékomendasi anu ditepikeun ku panulis ka pamaca. 6 Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa bagan guluyuran tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Dina ieu desain ngawengku métode panalungtikan. Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan Arikunto, 2006, kc. 160. Desain ieu panalungtikan nyoko kana desain kualitatif kalayan ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data Arikunto, 2006, kc. 239. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta data adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Ieu métode dipiharep bisa ngaréngsékeun pasualan kalimah impositif anu aktual ku cara papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data kalimah impositif. Dina desain panalungtikan, tahapan awal panalungtik néangan jeung nyusun masalah dumasar pasualan anu bakal ditalungtik, saenggeus nangtukeun masalah tahapan kadua nya éta ngumpulkeun data tina objék nu ditalungtik, ari dina ngumpulkeun data pikeun meunangkeun hasil ngagunakeun instrumén panalungtikan nya éta kartu data, tahapan katilu nya éta data hasil ngumpulkeun, diolah ku cara analisis unsur langsung sarta masing-masing data kalimah impositif didéskripsikeun sacara jéntré dumasar adegan, ma’na jeung maksim kasopanan, tahap pamungkas nya éta nyieun kacindekan tina hasil analisis panalungtikan. 26 Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tina déskripsi di luhur, bisa katitén desain pikeun ieu panalungtikan nu kagambar sakumaha bagan di handap. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Masalah: 1 Naon waé kalimah impositif nu kapanggih? 2 Kumaha adegan pragmatis kalimah impositif? 3 Kumaha ma’na pragmatis kalimah impositif? 4 Kumaha maksim kasopanan kalimah impositif? Nyieun kacindekan Instrumén panalungtikan: Kartu data Déskripsi data: 1 Adegan kalimah impositif 2 Ma’na kalimah impositif 3 Maksim kasopanan kalimah impositif Téhnik ngolah data: Analisis unsur langsung Téhnik ngumpulkeun data: Studi pustaka 27 Rahmalia Ulfah, 2015 Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan